• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105226 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105226 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kabudayaan jembar pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat anu ngagem kana éta budaya. Kabiasaan masarakat anu dilakukeun sacara turun-timurun disebut ogé tradisi. Ku kituna, budaya jeung tradisi téh aya pakaitna, sarta kudu di jaga sangkan ulah nepi ka leungit ku sabab tradisi nu jadi ciri bangsa urang. Nilik kaayan barudak ayeuna nu geus teu pati maliré kana pamalina éta sorangan, malah aya nu teu apal naon ari pamali.

Budaya téh asalna tina basa Sansakerta tina kecap “budhi” jeung “daya” anu

hartina usaha, tanaga, karep, pikiran jeung parasaan jelema. Sedengkeun harti kabudayaan nyaéta hasil, tanaga, karep, pikiran, sarta parasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kani’matan jelema ku rupa-rupa akal jelema (dina Danadibrata, 2009, kc.108).

Koentjaraningrat (2009, kc.144) nétélakeun yén kabudayaan nya éta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaaan kacida mangaruhan kana ajén atikan masarakatna. Kitu ogé sabalikna kabudayaan mangaruhan kana kamekaran kabudayaan éta sorangan. Dina kabudayaan nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék

(2)

dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Koentjaraningrat (2009, kc. 145) nétélakeun yén kabudayaan téh mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu dina budaya bakal managaruhan kana kamekaran atikan.

Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain hartina harga nu bisa diukur ku angka tapi ajén di dieu nu aya patalina jeung norma atawa aturan kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk aturan-aturan nu aya patalina jeung atikan, ngatik manusa sangkan aya dina norma-norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc. 39) nya éta pangajaran kana jalan kahadéan, méré matikan, warah, jeung ngaping.

Dina kahirupan masarakat Sunda, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning cara pikeun ngaaplikasikeun naon nu dimaksud atikan. Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal nu dipahing atawa dilarang, sabab saupama dilakonan atawa dirempak pasti bakal aya balukarna. Salasahiji hal anu mindeng dijadikeun alat dina ngadidik téh nya éta ngaliwatan dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan.

(3)

sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nya éta folklor anu wangunna

kapamalian ogé, miboga simbol jeung tanda (sémiotik) anu ma’nana nyamuni.

Sémiotik nya éta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu nu nganggap yén pénoména sosial jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Sémiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvénsi-konvénsi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti. Tegesna tanda téh lain ngan saukur dina basa wungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc. 119).

Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang pentingna pikeun maluruh sarta maham ajén atikan tina éta pamali, nu satuluyna bakal mangaruhan kana sikep

(4)

kungsi dilaksanakeun ku sadérék Diani Permasih (2010), kalayan judul “Ajén Atikan dina Istilah Kapamalian Anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka

Kabupatén Bandung (Tilikan Sémiotik)”, Sri Mulyani “Ajén Atikan Dina Kaulinan

Barudak Lembur Di Désa Sukamaju Kecamatan Cigedug Kabupatén Bogor Pikeun Bahan Pangajaran Di SD”, Ayu Mustika Maya Sinta “Ajén atikan Dina Sisindiran Nu Aya Di Kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut

Pikeun Bahan Pangajaran Di SMP”.

Sedengkeun panalungtikan ngeunaan ajén atikan kapamalian sa-kécamatan hususna Kecamatan Subang mah can aya nu nalungtik . Ku kituna, perlu diayakeun

panalungtikan kana éta hal nu dijudulan “Ajén Atikan dina Folklor Kapamalian nu

Aya di Kécamatan Subang Kabupatén Subang (Ulikan Sémiotik)”.

1.2. Rumusan Masalah

Sangkan masalah-masalah dina ieu panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Aspék kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang?

2) Unsur sémiotik naon waé nu aya dina folklor kapamalian di Kecamatan Subang,

Kabupatén Subang?

3) Ajén atikan naon waé nu nyampak dina folklore kapamalian nu aya di

Kecamatan Subang, Kabupatén Subang?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1.Tujuan Umum

(5)

1.3.2.Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

1) Aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.

2) Unsur sémiotik dina éta istilah pamali di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.

3) Ajén atikan nu nyampak dina istilah pamali nu aya di Kecamatan Subang,

Kabupatén Subang.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembaran dina dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.3.3.Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna dina widang istilah kapamalian. Pikeun pamaréntah (nu mutuskeun kawijakan), hasil tina ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan dina mutuskeun hiji kawijakan

1.4.2. Mangpaat pikeun Kawijakan

Kapamalian ngeunaan hiji hal mangrupa salah sahiji kabeungaran budaya nu nepi ka kiwari masih aya, malah geus jadi hiji warisan budaya nu kudu dipertahankeun. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang katut

kereteg masarakat pikeun mikanyaho deui aspék kapamalian nu aya

disabudeureunanna. Ngaliwatan ieu panalungtikan dipiharep pamaréntah bisa nyieun hiji kawijakan nu antukna bisa mertahankeun budaya kapamalian.

.

1.4.3. Mangpaat Praktis

(6)

masarakat Kecamatan Subang Kabupaten Subang, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.4.4. Mangpaat Aksi Sosial

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang sacara jelas, sarta dipiharep bisa jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya nu aya di Kecamatan Subang. Utamana ngeunaan unsur-unsur kapamalian.

1.4. Raraga Tinulis

Sistematika penulisan dina prakna nyusun skripsi baris ébréh katingali saperti di handap ieu.

1) BAB I : bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah,

tujuan jeung mangpaat panalungtikan, raraga tinulis. Dina bab ieu eusina ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik.

2) BAB II : dina ieu bab diguar ngeunaan kajian tiori, panalungtikan saméméhna,

jeung kalungguhan tiorotis. Dina bagian kajian tiori, diguar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké ku panalungtik dina prak-prakan nganalisis data panalungtikan. Éta tiori téh ngawengku tiori ngeunaan kabudayaan, folklor, pamali, sémiotik, sarta tiori ngeunaan ajén atikan. Dina bagian panalungtikan saméméhna, ditétélakeun ngeunaan panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa Departemen Bahasa Daerah, nu pakait boh jeung ajén atikaanna boh pakait

jeung kapamalianana. Dina bagaian kalungguhan tioritis dijelaskeun

kalungguhan tiori-tiori dina ieu panalungtikan.

3) BAB III : metodologi panalungtikan, medar ngeunaan metode panalungtikan,

intrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data

4) BAB IV : ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan, di

(7)

fungsi aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, sémiotik nu aya dina aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang Kabupatén Subang, sarta analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang.

5) BAB V : eusina ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung

Referensi

Dokumen terkait

Puji dan Syukur kita panjatkan ke hadirat Tuhan Yang Maha Esa karena berkat, rahmat, dan karunia-NYA, peneliti dapat menyelesaikan skripsi ini dengan judul “CELEBRITY ENDORSE

ditambah garam 1%. Panaskan minyak pada wajan, hingga mencapai suhu 180 O C. Masukkan bahan yang telah diiris kedalam minyak panas. Goreng hingga bahan kering, tiriskan hingga

Biodiesel yang dibuat dari bahan baku sludge palm oil (SPO) pada umumnya dilakukan dalam dua tahap reaksi, yaitu esterifikasi yang kemudian dilanjutkan dengan

Kandidat bahan obat harus memiliki rasa yang enak, memiliki stabilitas yang baik dalam air dan saliva dan dosis yang kecil.. Berbagai kategori obat seperti antiemetic,

yang lama dengan beban yang cukup, tanpa mengalami kelelahan yang berarti. Untuk dapat melakukan aktivitas sehari-hari dengan baik, maka diharapkan seorang.. siswa

[r]

Sejauh ini baik, konsumen menerima dengan baik dengan hadirrnya Doorsmeer Pianggu ini oleh karena itu kami akan terus memaksimalkan pelayanan kami sehingga konsumen yang

Pengujian Hipotesis Beda Tiga Proporsi Atau Lebih.. 1 Pengujian Hipotesis