• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1003318 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1003318 Chapter1"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa salaku mahluk sosial moal leupas tina prosés interaksi sosial, boh interaksi individu jeung individu, boh individu jeung masarakat, atawa sabalikna. Salian ti éta, manusa ogé ngarandapan pangalaman empirik dina kahirupanana. Sajeroning nyorang hirup kumbuh, manusa mindeng nyurahan rupaning masalah dina kahirupanana. Salah sahiji hasil tina éta prosés nyurahan hirup téh nya éta karya seni.

Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén karya seni raket patalina jeung kahirupan masarakat. Salah sahiji wangun karya seni nya éta karya sastra. Minangka salah sahiji wangun seni, karya sastra moal leupas tina pangaruh masarakat jeung kabudayaanana. Duanana miboga hubungan resiprokal nu gumulung. Ku kituna, karya sastra jadi salah sahiji wujud éksprési idé, tur jadi salah sahiji bagian tina kabudayaan masarakat.

Anapon perkara wangenan sastra, rada hésé ditangtukeun watesanana. Ari anu jadi sabab, lantaran réa définisi sastra nu heureut teuing. Sabalikna, teu saeutik ogé définisi sastra nu lega teuing. Salian ti éta, karya sastra téh kaasup kana widang seni anu mibanda sipat subjéktif. Karya sastra lain élmu éksak anu objéktif tur puguh watesanana. Sok sanajan kitu, di handap aya sababaraha harti sastra nu dipedar ku sawatara ahli.

Koswara (2011, kc. 2), nétélakeun yén di Jerman dipikawanoh istilah schrifftum jeung dichtung. Schrifftum ngawengku sagala perkara anu tinulis, sedeng dichtung mah ngawengku tulisan anu euweuh patalina sacara langsung jeung kanyataan, tur miboga sipat rékaan, sedeng Tamsyah & Purmawati (1999, kc. 219), ngajéntrékeun yén kecap sastra asalna tina basa Sansakerta, anu

(2)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

suci’. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan. Anu kiwari disebut sastra nya éta

karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan. Sacara umum, sastra mibanda fungsi dulce et utile, hartina éndah sarta boga daya guna (Horace dina Wellek jeung Warren, 1990, kc. 25). Éndah ngandung harti miboga ajén éstétik, sedeng boga daya guna hartina méré mangpaat pikeun kahirupan. Salian ti éta, sastra ogé boga fungsi didactic heresy, hartina ngahibur nu maca (Poe dina Wellek jeung Warren, 1989, kc. 25).

Upama nilik kana wujudna, karya sastra bisa dipasing-pasing jadi tilu bagian, nya éta puisi, prosa, jeung carita drama. Salah sahiji wangun karya sastra nya éta novel. Tamsyah & Purmawati (1999, kc. 159) nétélakeun yén novel minangka salah sahiji karya sastra prosa miboga ciri-ciri: méré kesan lir enya-enya kajadian, sarta ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Dina novel aya sababaraha kajadian anu sambung-sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih (upama dibandingkeun jeung carita pondok, upamana). Atuh palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung palaku panambah (figuran), sanajan henteu mutlak kitu.

Karya sastra mémang miboga sipat imajinatif, tapi karya sastra lain dongéng nu ngumbar imajinasi, atawa fantasi nu kaleuleuwihi. Cindekna, Teeuw (Nurgiyantoro, 1998, kc. 6) ngadadarkeun yén dina karya sastra aya gurat nu nganteng antara hal nu faktual jeung hal nu imajinatif.

Sastra salaku pangwangun ajén kamanusaan teu kudu dipihamham deui. Lantaran ngan manusa nu mibanda rasa linuhung, minangka hiji mahluk nu diciptakeun ku Pangéran pinuh ku budi akal. Nya ngan manusa nu mampuh nepikeun sipat-sipat kamanusaanana dina karya sastra (Isnendes, 2007, kc. 14).

(3)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

gemet tur kompleks. Ku kituna, novel nu ngagambarkeun realitas sosial baris merenah ditalungtik ku pamarekan sosiologi sastra.

Pikeun nalungtik hiji karya sastra, réa téori jeung pamarekan nu bisa digunakeun. Malah teu saeutik élmu-élmu séjén nu dipatalikeun jeung élmu sastra pikeun ngahontal pangabutuh panalungtikan, atawa mibanda sipat intertekstual. Upamana baé, élmu sosiologi, psikologi, sajarah, jeung cultural studies.

Pon kitu deui pamarekan sosiologi sastra, taya lian ti dua widang élmu nu dihijikeun. Nurutkeun Swingewood dina bukuna The Sociology of Literature (Faruk, 2012, kc. 1), sosiologi nya éta pamarekan anu ilmiah tur objéktif ngeunaan manusa dina hirup kumbuhna di masarakat, sarta studi ngeunaan lembaga-lembaga tur prosés-prosés sosial. Sedeng sastra bisa disebut salasahiji lembaga sosial nu ngagunakeun basa minangka médiumna. Cindekna, sosiologi sastra nya éta ulikan sosiologi ngeunaan karya sastra dumasar prinsip élmu sosiologi jeung sastra.

Pamarekan sosiologi sastra béda jeung pamarekan nu neueulkeun kana prinsip otonomi sastra. Pamarekan sosiologi sastra miboga pamadegan yén karya sastra jeung kasang tukang sosial téh lain dunya nu séwang-séwangan, patukang tonggong, sarta taya gurat badag nu nganteng. Sosiologi sastra miboga pamadegan yén antara karya sastra, pangarang, jeung kasang tukang sosial téh mibanda hubungan anu sipatna silih pangaruhan atawa resiprokal.

Pamarekan sosiologi sastra miboga pamadegan yén karya sastra téh narima pangaruh ti masarakat, sakaligus mampuh méré pangaruh pikeun masarakat. Malah masarakat mindeng nangtukeun ajén karya sastra dina hiji jaman. Sedeng sastrawan taya lian ti anggota masarakat nu teu bisa leupas tina pangaruh ti lingkungan masarakat di sabudeureunana (Semi, 2012, kc. 92)

(4)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

profésionalisme pangarang dina pakasabanana, tepi ka mana pangarang nganggap pakasabanana minangka hiji profési; (c) masarakat nu kumaha nu ditujul ku pangarang. Kadua, sastra minangka eunteung masarakat. Ieu kontéks maluruh tepi ka mana karya sastra bisa jadi eunteung kahirupan masarakat. Utamana ieu kontéks nalungtik: (a) tepi ka mana karya sastra jadi eunteung masarakat, sabab ciri-ciri masarakat nu ditulis dina karya sastra, bisa jadi geus teu lumaku deui dina mangsa pangarang nulis karya sastra; (b) pangarang mindeng milih fakta-fakta sosial nu tangtu, cindekna tepi ka mana pangaruh sipat pangarang kana karya nu ditulisna; (c) génre sastra mindeng jadi sikep sosial hiji kelompok, lain sikep sosial nu universal, cindekna tepi ka mana génre sastra bisa ngawakilan masarakat; (d) karya sastra nu satékah polah ngagambarkeun kaayaan sosial kalawan gemet, bisa jadi teu bisa dipercaya ku masarakat sacara gembleng. Katilu, fungsi sosial sastra. Dina ieu kontéks, aya tilu hal nu jadi bahan panalungtikan: (a) kaom Romantik nganggap yén karya sastra téh sarua jeung karya nabi, hartina tepi ka mana pangaruh karya sastra kana ajén sosial; (b) dina jihat séjén, karya sastra dianggap sakadar panglipur, tepi ka mana karya sastra dianggap minangka panglipur; (c) aya hiji kompromi klasik: sastra kudu ngajarkeun hiji hal ku cara nu ngalipur.

Sacara umum, pamarekan sosiologi sastra raket patalina jeung konsép mimesis. Hartina karya sastra dianggap minangka eunteung tina kahirupan masarakat. Sok sanajan kitu, karya sastra teu sagemblengna minangka hasil tina mindahkeun kahirupan nyata kana karangan. Karya sastra mangrupa hasil rékaan pangarang dina nyurahan kahirupan kalawan jihat sawangan nu teu ragem. Salian ti éta, sosiologi sastra ogé nalungtik ajén-ajén sosial, ajén-ajén bebeneran, kabudayaan, interaksi sosial, lembaga sosial, sarta masalah sosial dina karya sastra.

(5)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Banten; (2) ayana gurat nu nganteng antara gaya basa dialék Banten jeung carita nu dipidangkeun dina ieu novel; sarta (3) ngandung kritik jeung ajén sosial.

Hadi AKS geus kasohor minangka pangarang nu kritis, tur karya-karyana euyeub ku unsur lokalitas basisir Banten. Hadi lahir 16 Méi 1965 di Citapis, pasisian kulon Pandéglang. Sanggeus lulus ti SPGN Pandéglang taun 1984, Hadi nuluykeun kuliah di Jurusan Pendidikan Basa & Sastra Sunda IKIP Bandung. Ti harita Hadi mimiti katarik kana dunya sastra Sunda. Mimiti resep nulis taun 1985. Éta karesep téh beuki ngagalura sanggeus milu kursus ngarang Sundanologi taun 1986. Karangan nu munggaran dimuat nya éta sajak Bandéra Hideung nu dimuat dina Kalawarta Kujang. Sedeng carponna nu munggaran nya éta Nu Mulang Pasosoré, dimuat dina majalah Katumbiri.

Hadi ogé mindeng kasinugrahan pangajén dina widang sastra. Di antarana Hadiah Sastra LBSS, D.K. Ardiwinata, Anugrah Soeria Di Radja, Hadiah Sastra R.H. Oeton Moechtar, Hadiah Sastra Paguyuban Pasundan, sarta Pinunjul 1 Pasanggiri Nulis Fiksimini di Unpad taun 2011. Anapon karya-karyana nu geus medal mangrupa buku di antarana kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan sajak Ombak Halimun (2002), kumpulan carpon Kalapati (2011), jeung novel

Saéni (2014). Kiwari Hadi nganjrek di Lembang. Salian ti ngajar di SMPN 3 Lembang, Hadi jeung istrina, Ai Koraliati, ngokolakeun Saung Sastra Lembang.

Opat karya Hadi di luhur, utamana novel Saéni, ngandung ajén-ajén budaya sarta masalah-masalah sosial nu kawilang kompleks tur jembar. Warna lokalitas dina novel Saéni teu saukur jadi papaés atawa ornamen wungkul, tapi éstu dalit ngahiji jeung lelembutan pangarang katut karyana. Ieu novel ogé ngandung gejala-gejala sosial nu teu konvensional. Ku kituna, geusan nalungtik éta perkara, perlu dilaksanakeun panalungtikan kalawan ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra.

(6)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(Fery Timorocmadi, 2005); “Kajian Sosiologi Sastra kana Novel Carios Agan Permas Karya Joehana” (Amelia Fauziah); ”Aspék Sosiologi Sastra dina Novel

Kembang-Kembang Petingan Karangan Holisoh M.E.” (Dewi Supriyatin Imanti, 2005); “Analisis Perspéktif Biografis kana Antologi Sajak Jiwalupat Karya Godi Suwarna: Panalungtikan Sosiologi Sastra” (Dea Lugina, 2009) ”Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon (Murang-Maring jeung Serat Sarwasatwa) jeung Novel (Sandékala jeung Déng) Karangan Godi

Suwarna” (Ari Andriansyah, 2009); ”Sosiologi Sastra kana Kumpulan Carpon

Oknum Karangan Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” (Tika Yuanita, 2011); jeung “Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu

Harayang Dihargaan karya Darpan” (Arif Abdillah, 2013).

Salian ti panalungtikan dina wangun skripsi di luhur, sawatara masarakat sastra sakaligus sastrawan jeung kritikus ogé kungsi nulis éséy ngeunaan novel Saéni karangan Hadi AKS, di antarana baé: (1) Teddi Muhtadin: Miindung ka

Laut, Mibapa ka Sagara (panganteur novel Saéni, 2014); (2) Popon Saadah:

Carnyam ”Saéni” Hasil Kréatifitas Pangarangna? (Lir Cahya Nyorot Eunteung,

2014); (3) Saini K.M., Duduh Durahman, Karno Kartadibrata: Béjér Pangajén

Hadiah Sastra Sayembara Ngarang R. Oeton Moechtar (Majalah Manglé No. 1844, 10-16 Januari 2002); (4) Abdullah Mustapa: Saéni jeung Ijan, Antara

Biheung jeung Rémpan (Awal Ramadhan 1425 H); (5) Ajip Rosidi: Hadiah Sastra Rancagé 2008, Karya Sastra Sunda: Buku Roman “Sandékala” Karya

Godi Suwarna Baris Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2008 (www.sundanews.com, 2012); (6) Hawe Setiawan: Nu Goréng Patut Teu Alus Milik (www.sundanews.com, 2012); sarta (7) M. Taufan Musonip: Arti Mitologi Bagi Kreatifitas Kita (www.mtaufanmusonip.blogspot.com, 2007)

(7)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

ngawujud dina wangun éséy. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Aspék Sosiologi Sastra dina Novel Saéni Karangan Hadi AKS” perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana, ambahan ieu panalungtikan perlu diwatesanan. Ku sabab, upama ambahan ieu panalungtikan teu diwatesanan, tangtu ieu panalungtikan bakal picawérangeun. Ku sabab ambahan sosiologi sastra kawilang lega, ieu panalungtikan téh rék diwatesanan luyu jeung pamadegan Wellek jeung Warren (1989: 111), nu medar: (1) sosiologi pangarang, nu nalungtik status sosial, ideologi politik, jeung hal-hal nu patalina ngeunaan pribadi pangarang; (2) sosiologi karya sastra, nu nalungtik karya katut ma’na, tujuan, jeung kontéks karya sastra; jeung (3) sosiologi pamaca, nu nalungtik pamaca jeung pangaruh karya sastra pikeun masarakat.

1.3 Rumusan Masalah

Sangkan ambahan panalungtikan teu lega teuing, ieu panalungtikan tangtu perlu diwatesanan. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya di handap.

1) Kumaha aspék sosiologi pangarang dina novel Saéni? 2) Kumaha aspék sosiologi karya sastra dina novel Saéni?

3) Kumaha sawangan masarakat (sastrawan, kritikus) kana novel Saéni?

1.4 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kasang tukang katut rumusan masalah anu di luhur, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) aspék sosiologi pangarang dina novel Saéni;

2) aspék sosiologi karya sastra dina novel Saéni; jeung

(8)

PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu 1.5 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat sakumaha nu dipedar di handap.

1) pikeun panalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung pangalaman panalungtik;

2) pikeun référénsi, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi pikeun lembaga, sarta sastra Sunda; jeung

3) pikeun masarakat, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan référénsi ngeunaan kasang tukang sosial hiji karya sastra, sarta mikanyaho yén karya sastra téh dalit jeung kahirupan masarakat

1.6 Sistematika Penulisan

Referensi

Dokumen terkait

Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Nu Nyusuk dina Sukma nya éta 4 hakékat manusa salaku pribadi, 2 hakékat manusa jeung masarakat, 5 hakékat manusa jeung

Desain panalungtikan nyaéta rarancang, runtuyan, jeung stratégi invéstigasi salaku tungtunan atawa arahan ngeunaan eusi patalékan panalungtikan nu geus dijieun

Laku basa dina rohang status facebooktéh némbongkeun ciri atawa karakteristik anu tangtu, boh patali jeung adeganana boh patali jeung ma’nana. Salian ti éta, aya

Sagala rupa nu diciptakeun ku manusa, boh anu sifatna konkrit boh abstrak éta mangrupa kabudayaan (dina Widagdho dkk, 2010, kc. Sakumaha nu geus ditétélakeun ku para

sacara lisan. Dina prosés panalungtikan kapanggih sawatara ajén éstétika saperti ajén éstétis atawa ajén murni jeung ajén ékstra éstétis atawa ajén tambahan. Éta ajén

3) salaku barang-barang tina hasil karya manusa. Wujud kahiji nyaéta wujud idéal tina kabudayaan, sipatna abstrak, teu bisa dicabak atawa dipoto, ayana dina jero alam pikiran

Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Nu Nyusuk dina Sukma nya éta 4 hakékat manusa salaku pribadi, 2 hakékat manusa jeung masarakat, 5 hakékat manusa

operasional istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.. Tarucing cakra salaku alat évaluasi nya éta salah sahiji aternatif dina prosés