• Tidak ada hasil yang ditemukan

FUNGSI PRAGMATIS TÉKS LAKU BASA SUNDA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "FUNGSI PRAGMATIS TÉKS LAKU BASA SUNDA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

viii

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... vi

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR TABÉL ... xi

DAFTAR BAGAN ... xii

DAFTAR GAMBAR ... xiii

DAFTAR GRAFIK ... xiv

Bab I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 WatesanjeungRumusan Masalah Panalungtikan ... 5

1.2.1WatesanMasalah Panalungtikan ... 5

1.2.2Rumusan Masalah Panalungtikan ... 6

1.3Tujuan Panalungtikan ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.5WangenanOperasional ... 8

1.6AnggapanDasar ... 10

Bab II TÉKS VERBAL DINA ROHANG STATUS FACEBOOK MINANGKA LAKU BASA DINA KAGIATAN KOMUNIKASI VERBAL TINULIS ... 12

2.1 KomunikasiVérbalTinulis ... 12

2.2 Téks ... 23

2.3 LakuBasa ... 33

2.3.1KontéksLakuBasa ... 33

2.3.1.1UndakUsukatawaTatakrama Basa ... 33

2.3.1.2Nu MakéBasajeung Nu Dicaritakeun ... 36

2.3.1.3KasangTukangTempat, waktu, jeungSuasana... 37

2.3.1.4Alat Nu Digunakeun ... 37

2.3.1.5Rasa, Nada, jeungRagamBasa ... 38

2.3.1.6AmanatjeungTujuanOmongan ... 46

2.3.2Warna Laku Basa ... 47

(2)

ix

2.4 TéhnikMétaforis ... 55

2.5 Rohang Status dinaFacebook ... 62

Bab III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 64

3.1 Métode Panalungtikan ... 64

3.2 ParadigmaPanalungtikan ... 65

3.3 Sumber Data ... 66

3.4 InstruménPanalungtikan ... 69

3.5 ProsédurNgumpulkeun Data ... 73

3.6ProsédurAnalisis Data ... 74

Bab IV FUNGSI PRAGMATIS LAKU BASA DINA ROHANG STATUS FACEBOOK ... 77

4.1 Déskripsi Data ... 77

4.2 KontéksLakuBasadinaRohang Status Facebook ... 79

4.2.1UndakUsukatawaTatakramaBasa ... 80

4.2.2Nu MakéBasa ... 83

4.2.3Nu Dicaritakeun ... 84

4.2.4KasangTukangTempat, waktu, jeungSuasana... 87

4.2.5Rasa jeung Nada ... 89

4.3 WarnaLakuBasadinaRohang Status Facebook ... 93

4.3.1Laku Basa Répréséntatif ... 94

4.3.2Laku Basa Direktif ... 95

4.3.3Laku Basa Éksprésif ... 96

4.3.4Laku Basa Komisif ... 100

4.4Wanda Laku Basa dina Rohang Status Facebook... 104

4.4.1Laku Basa LangsungTeu Literal ... 104

4.4.2Laku Basa TeuLangsungTeu Literal ... 106

4.5 FungsiLakuBasadinaRohang Status Facebook ... 112

4.6 TéhnikMétaforisTéksLaku Basa dinaRohang Status Facebook ... 118

4.6.1 AspékPabanding ... 118

4.6.2AspékPangbanding ... 119

4.6.3Aspék Motif ... 121

4.6.4AspékPanyambungBabandingan ... 121

4.6.4 Ma’naMétaforis ... 122

4.7Pedaran Hasil Panalungtikan... 133

Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 143

5.1 Kacindekan ... 143

(3)

x LAMPIRAN-LAMPIRAN:

1.Data TéksdinaRohang Status Facebook... 157

2.Korpus Data ... 162

3.Format Kartu Data ... 164

4.SK PembimbingTésis ... 165

(4)

xi

Tabél Kaca

2.1 Modus KalimahdinaLakuBasa 51

3.1 Conto Data Tékstual 67

3.2 Format TabélKontéksUndakUsukLakuBasadinaRohang Status

Facebook 70

3.3 Format TabélKontéks Nu MakéBasadinaLakuBasadinaRohang

Status Facebook 70

3.4 Format TabélKontéks Nu DicaritakeundinaLakuBasadinaRohang

Status Facebook 70

3.5 Format TabélKontéksKasangTukangTempat, Waktu, jeungSuasanaLakuBasadinaRohang Status Facebook

70 3.6 Format TabélKontéks Rasa LakuBasadinaRohang Status

Facebook 71

3.7 Format TabélKontéks Nada LakuBasadinaRohang Status Facebook

71 3.8 Format TabélKontéksRagamBasadinaLakuBasadinaRohang

Status Facebook 71

3.9 Format TabélKontéksAmanatOmonganLakuBasadinaRohang Status Facebook

71 3.10 Format TabélWarnaLakuBasadinaRohang Status Facebook 72 3.11 Format Tabél Wanda LakuBasadinaRohang Status Facebook 72 3.12 Format TabélFungsiLakuBasadinaRohang Status Facebook 72 3.13 Format TabélAspékMétaforisLakuBasadinaRohang Status

Facebook 72

4.1 Data TékstualLakuBasadinaRohang Status Facebook 78 4.2 KontéksUndakUsukLakuBasadinaRohang Status Facebook 80 4.3 Kontéks Nu DicaritakeunpatalijeungSipatdina

LakuBasadinaRohang Status Facebook

84 4.4 Format TabélKontéks Nu DicaritakeunpatalijeungSituasi

dinaLakuBasadinaRohang Status Facebook

86 4.5 KontéksKasangTukangTempat, Waktu,

jeungSuasanaLakuBasadinaRohang Status Facebook

88 4.6 Kontéks Rasa LakuBasadinaRohang Status Facebook 89 4.7 Kontéks Nada LakuBasadinaRohang Status Facebook 92

4.8 WarnaLakuBasadinaRohang Status Facebook 102

(5)

xii

Bagan Kaca

2.1 ProsésKomunikasiBasajan 13

2.2 ModélKomunikasinurutkeun Johnson 13

2.3 Modél Uses and Gratifications Rosengren 16

2.4 Modél Komunikasi Liniér 21

3.1 Paradigma Panalungtikan 65

3.2 Tehnik Analisis Interaktif 74

(6)

xiii

Gambar kaca

1.1 Tepas jeung rohang status dina situs facebook 3 3.1 Conto Data Intertékstual jeung Sosio-Kultural 68

[image:6.595.116.510.196.628.2]
(7)

xiv

Grafik Kaca

4.1 KontéksUndakUsukLakuBasadinaRohang Status Facebook 81 4.2 KontéksNu

DicaritakeunpatalijeungSipatdinaLakuBasadinaRohang Status Facebook

85 4.3 KontéksNu DicaritakeunpatalijeungSituasiLakuBasadinaRohang

Status Facebook 86

4.4 KontéksKasangTukangLakuBasadinaRohang Status Facebook

89 4.5 Kontéks RasaLakuBasadinaRohang Status Facebook 90 4.6 Kontéks Nada LakuBasadinaRohang Status Facebook 93

4.7 WarnaLakuBasadinaRohang Status Facebook 103

[image:7.595.114.512.187.627.2]
(8)

1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Salian ti digunakeun dina komunikasi sirkulér (gunem catur sapopoé), basa Sunda kiwarigeus digunakeun dina komunikasi massa. Laku basa dina situasi komunikasi massa di antarana nyampak dina rohang status ramatloka (website; situs) jaringan sosial (social network) facebook. Kagiatan nuliskeun rupa-rupa

perkara dina rohang status téh enas-enasna mah mangrupa kagiatan laku basa dina komunikasi vérbal wangun tinulis. Dina kontéks komunikasi tinulis, lakubasadina rohang status facebook miboga fungsi pragmatik, patali jeung pamakéan basa sacara naratif jeung aktif pikeun komunikasi dina kahirupan sapopoé. Sedengkeun dina prosés komunikasina sorangan, bisaditilik tina jihat psikologis jeung mékanistis.

Kamekaranfacebookmawapangaruhpositifkeurpamiarsana.Konsép facebook mangrupa viral marketing1anu bisa nyebar samakta kalawan gratis, méré pangaruh positif pikeun pamiarsana enggoning ngaraketkeun duduluran, mikawanoh jeung némbongkeun poténsi diri, sarana pikeun promosi, sarana diskusi, jeung sarana nepikeun angen-angen atawa sawangan.

Ilaharna ramatloka media sosial, ayana facebook téh mantuan urang dina ngayakeun interaksi atawa komunikasi jeung sing saha waé di sakuliah dunya,

1 Kecap viral ma’nana ‘mibanda sipat kawas virus’. Viral Marketing nyaéta sistem pamasaran anu

(9)

kalawan biaya nu diperlukeun kaitung murah dibandingkeun misalna jeung ngagunakeun telepon. Salian ti éta, ngaliwatan facebook ogé dimungkinkeun pisan sumebarna informasi bisa lumangsung kalawan leuwih gancang.

Salian ti mangpaat positif, facebook ogé mawa pangaruh nu négatif. Ku ayana facebook, kagiatan interaksi interpersonal sacara langsung (face to face) beuki ngurangan, sabab aya anggapan yén komunikasi ngaliwatan facebook karasa leuwih praktis. Dina ambahan nu leuwih lega, nurutkeun www.laksamana12.wordpress.com (diaksés 1 Séptémber 2010)facebookbisangabalukarkeunpasualan hukum. Di antarana jadi sarana pikeun ngahina atawa ngagoréngkeun ngaran, nipu, prostitusi, nyulik, salingkuh, alesan pikeun maéhan manéh, ngaganggu produktifitas gawé, jeung nyebarkeun paham-paham atawa idéologi anu pasalia jeung konsép nagara, adat-istiadat, atawa agama.

Salian ti éta, sok sanajan eusining rohang status facebook henteu miboga maksud atawa tujuan anu sipatna négatif, pamahaman anu béda-béda ti séwang-séwang pamiarsa réa anu ngabalukarkeun munculna pacogrégan, boh sacara pribadi boh sacara hukum. Contona, status jeung koméntar anu maksudna heureuy bisa dianggap serius atawa ngahina, nganyerikeun haté, jeung ngagogoréng, anu béh dieuna bisa dipasualkeun ngaliwatan hukum pidana jeung perdata.

(10)

kontéks, nepi ka warna, wanda, fungsi, jeung maksud ungkarana mibanda hubungan kontékstual. Patali jeung éta hal, pesen nu hayang ditepikeun téh aya kalana nyamuni ngaliwatan rupa-rupa laku basa ngagunakeun téhnik métaforis, sok sanajan bisa jadi komunikatorna sorangan teu sadar geus ngalakukeun polah sarupa kitu.

[image:10.595.114.513.251.626.2]

Sangkan komunikasi ngaliwatan rohang status facebook bisa lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif, perlu pisan simbol-simbol téks vérbal basa Sunda anu digunakeunana dina rohang status facebook téh dima’naan kalawan teleb.

Gambar 1.1: Tepas jeung rohang status dina situs facebook (Foto: www.facebook.com)

(11)

pamikiran, atawa kahayangna ngaliwatan ungkara-ungkara basa nu disumputsalindungkeunmaksudna. Aya ogé nu najan dipertélakeun, saméméhna direumbeuy heula ku omongan-omongan lianna nu ceuk pangrasana bisa nganteurkeun kana maksud saenyana, nu dina istilah masarakat Sunda sok disebut malapah gedang. Kedalna ungkara-ungkara nu nyamunikeun maksud sarupa kitu

téh biasana dina laku basa (speech act) ménta (requesting), nganuhunkeun (complimenting), nolak (refusing), jeung humandeuar (complaining).Saliantiéta, ayaogé nu mangrupanitah, ngajak, kritik, ngambek, jsté.

Patali jeung laku basa ménta, nganuhunkeun, nolak, atawa humandeuar, geus réa panalungtikan nu dilaksanakeun, boh nu dipuseurkeun kana hiji basa, boh nu sipatna lintas-budaya. Dina kontéks basa Sunda, panalungtikan perkara laku basa nu kungsi dilaksanakeun di antarana: 1) “The Language of Refusals in Sundanese Society: A Workplace Case”, ku É. Aminudin Azis (1996), mangrupa tésis di Univérsitas Monash, Australia; 2) “Deskripsi Maksud Tuturan Sindiran Nyungkun dalam Bahasa Sunda Dialek Priangan”, ku Yudi Permana (2001), skripsi di Universitas Gadjah Mada; jeung 3) “Realisasi Tindak Tutur Poyok Ungkal (TTPU) Pada Masyarakat Desa Ungkal Kecamatan Conggeang Kabupaten Sumedang: Kajian Sosiopragmatik dan Pemanfaatannya Sebagai Bahan Ajar Di SMPN 1 Jatinunggal Kabupaten Sumedang”, ku Dadan Andana (2009), tesis di Program Studi Pendidikan Bahasa Indonésia SPS UPI.

(12)

dumasar kana prinsip kasopanan. Data panalungtikanana mangrupa ungkara basa Sunda nu digunakeun dina situasi komunikasi sirkulér sacara langsung.

Panalungtikan perkara ma’na téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook tacan kungsi dilaksanakeun. Ku kituna, panalungtikan perkara

fungsipragmatistéks lakubasa Sunda dina rohang status facebooktéh perlu pikeun dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan 1.2.1 WatesanMasalahPanalungtikan

Laku basa dina rohang status facebooktéh némbongkeun ciri atawa karakteristik anu tangtu, boh patali jeung adeganana boh patali jeung ma’nana. Salian ti éta, aya ogé pangaruh-pangaruh intertékstual jeung sosio-kultural anu milu marengan medalna status dinafacebook.Aya atawa henteuna tujuan-tujuan anu tangtu dina prakna laku basa dina rohang status facebook, ngagelarkeun sawatara pangaruh positif jeung négatif.Pamahaman anu béda-béda ti papada pamiarsa dina ngama’naan téksdinarohang status facebook, ngabalukarkeun tujuan positif bisa robah ma’nana jadi négatif, pon kitu deui sabaliknatujuan négatif bisa robah jadi positif.

(13)

atawa ngabandingkeun karakteristik anu béda; jeung 3) waktu jeung biaya panalungtikan anu samporét; sangkan teu lega teuing, pasualan anu baris ditalungtik téh diwatesanan, perkara laku basa ngaliwatan téhnik métaforis dina status facebook anu mangrupa téks vérbal basa Sunda.

1.2.2 Rumusan Masalah Panalungtikan

Nyoko kana watesan di luhur, pasualan anu baris ditalungtik dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

1) Kumahakontékslaku basa dina rohang status facebook? 2) Kumahawarnalaku basa dina rohang status facebook? 3) Kumahawandalaku basa dina rohang status facebook? 4) Kumahafungsilaku basa dina rohang status facebook?jeung

5) Kumahatéhnikmétaforis nu digunakeundinatékslakubasadina rohang status facebook?

1.3 Tujuan Panalungtikan

(14)

kahirupan urang Sunda. Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) kontékslaku basa dina rohang status facebook; 2) warnalaku basa dina rohang status facebook; 3) wandalaku basa dina rohang status facebook; 4) fungsilaku basa dina rohang status facebook;jeung

5) téhnikmétaforis nu digunakeundinatékslakubasadina rohang status facebook.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun usaha ngamumulé kahirupan basa Sunda dina rupaning widang. Sedengkeun sacara husus, dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap.

1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna, utamana dina mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif anu didadasaran ku sikep méntal positif. Ku éta hal, status jeung koméntar facebook anu ngagunakeun basa Sunda dipiharep teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan dina hirup kumbuh sapopoé, boh pasualan pribadi, sosial budaya, boh pasualan hukum.

(15)

3) Pikeun élmu basa Sunda sorangan bisa dijadikeun dokuméntasi dina hirup-kumbuhna ngawarnaan kamekaran kahirupan masarakat Sunda.

4) Pikeun dunya atikan basa Sunda di sakola, bisa dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaranmaca, nyarita, jeungnulis. Kalawan ngagunakeun bahan pangajaran anu deukeut jeung dunya siswa atawa nu diajar basa Sunda, dipiharep kagiatan diajar basa Sunda téhbisa leuwih narik ati.Béh dituna bisa numuwuhkeun sikep hadé enggoning ngamumulé hirup-huripna basa Sunda.

1.5 Wangenan Operasional

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional dumasar kana watesan-watesan sakumaha ieu di handap.

1) Laku Basa

Laku basa nyaéta kontéks kawacanaan nu mangrupa paripolah omongan (ungkara) nu digunakeun ku pamaké basa nalika lumangsungna komunikasi, kalawan diébréhkeun dina wangun téks pérformatif ngaliwatan pamakéan vérba dina kalimah-kalimah komisif, impositif, éksprésif, jeung asértif. Ku Austin (1962) dirumuskeun dina tilu wengkuan: 1) laku basa lokusi; 2) laku basa ilokusi; jeung 3) laku basa perlokusi; sedengkeun nurutkeun Searle, ngawengku: laku basa répréséntatif, laku basa diréktif, laku basa éksprésif, laku basa komisif, jeung laku basa déklarasi. Laku basa aya dina dua

(16)

basa kasebut, dina prakna bisa pagalo ngawangun interséksi: langsung-literal, langsung-teu literal, teu langsung-literal, jeung teu langsung-teu literal.Salasahijitéhnik nu digunakeundinalakubasanyaétatéhnikmétaforis, mangrupa téhnik pikeun nyiptakeun asosiasi ngaliwatan analogi nu ngabandingkeun dua hal sacara langsung dumasar fungsi laku basa nu dipilih ku panyatur, disungsi wangun, gaya, jeung ma’nana tina téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook. Pikeun nyungsi ma’na dina ungkara nu ngagunakeun métafora, perlu dianalisis opat hal nu ngawengku pangbanding(ékuivalén jeung penanda), pabanding(ékuivalén jeung petanda),

motif, jeung kecap panyambungbabandingan.

2) Rohang Status Facebook

Rohang status facebook mangrupa rohang atawa kaca (page) bagian tina fasilitas news feed dina ramatloka jaringan sosial facebook, digunakeun pikeun nuliskeun rupa-rupa hal jeung ngirimkeun atawa némbongkeun gambar jeung pilem. Dina ieu panalungtikan, rohang status facebook téh ditekenkeun kana rohang nu digunakeun pikeun medalkeun téks-téks vérbal.

3) FungsiPragmatis

(17)

1.6 Anggapan Dasar

Tujuan ieu panalungtikan henteu nekenkeun kana nguji hipotésis anu tangtu. Parandéné kitu, dina prak-prakanana mah anu nalungtik teu bisa leupas tina ayana wawasan anu nganteurkeun, jadi kasang tukang, jeung ngawewegan ieu panalungtikan. Sok sanajan, éta wawasan téh sabisa-bisa diusahakeun teu ngaganggu dina ngobét jeung ngarumuskeun timuan-timuan anu dianggap penting dina ieu panalungtikan.

Patali jeung hal di luhur, di antarana bisa didadarkeun wawasan-wawasan sakumaha ieu di handap.

1) Basa Sunda geus digunakeun pikeun nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status ramatloka jaring sosial facebook;

2) Kagiatan nuliskeun rupa-rupa perkara dina rohang status téh enas-enasna mah mangrupa kagiatan laku basa dina komunikasi vérbal wangun tinulis;

3) Basa Sunda anu digunakeun pikeun nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status ramatloka jaring sosial facebookgayana mangrupa ragam lisan anu ditulis; 4) Kagiatan nuliskeun rupa-rupa hal dina rohang status facebookbisa ditilik tina

(18)

5) Dina tujuanana pikeun komunikasi, eusining rohang status facebook dipangaruhan ku aspék motif. Pikeun tujuan-tujuan anu tangtu luyu jeung motifna, wacana anu nyampak réa anu ngagunakeun simbol-simbol; jeung 6) Kaayaan sosial budaya dina pajamanan atawa dangka waktu eusining rohang

(19)

143 5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis patali jeung kontéks, warna, wanda, jeung fungsi laku basa, sarta ma’na métaforis téks laku basa dina rohang facebook sakumaha dipedar dina bab IV, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap. 1. Kontéks laku basa dina rohang status facebook ngawengku:

(a) Kontéks undak usuk basa nu digunakeun dina téks laku basa dina rohang status facebook ngawengku dua ragam basa loma jeung hormat. Ragam basa loma digunakeun dina 13 téks (86,7%), sedengkeun ragam basa hormat digunakeun dina 2 téks (13,3%). Ragam basa loma leuwih réa digunakeun ku panyatur pikeun nuliskeun téks statusna ti batan basa hormat. Éta hal bisa némbongkeun yén dina pajaman kiwari panyatur facebook kaasup kana masarakat modéren anu muka dirina sacara sosial

jeung kultural. Demi masarakat modéren mah mangrupa masarakat basa nu kaétang terbuka, dina ngagunakeun basa téh leuwih nyoko kana rupaning variasi dina basa anu sarua atawa satata. Ragam basa loma téh némbongkeun basa nu sarua atawa satata.

(20)

maké basa téh bisa lalaki, awéwé, malah bisa ogé banci. Ditilik tina ngaran-ngaran dina profilna, 15 téks laku basa dina rohang status facebook dina ieu panalungtikan dipedalkeun ku panyatur lalaki. Facebook mekar salasahijina jadi sarana pikeun nepikeun kritik perkara rupa-rupa pasualan. Gerakan-gerakan nu diwangun dina facebook dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. Dina nepikeun kritik téh remen digunakeun ungkara basa nu némbongkeun ciri kasopanan négatif. Sedengkeun umumna basa nu digunakeun ku wanoja mindeng némbongkeun ciri kasopanan nu leuwih positif ti batan basa nu digunakeun ku lalaki. Salian ti éta, dibandingkeun jeung lalaki, dina prakna komunikasi téh panyatur wanoja mah umumna leuwih nekenkeun kana tinimbangan parasaan pamiarsa nu jadi lawan nyaritana.

(21)

dongéng, mitos, atawa angen-angen. Kontéks nu dicaritakeun patali jeung latar situasina nu kapaluruh dina laku basa dina rohang status facebook jolna tina situasi alam nyata (14 téks; 75,9%), ari nu jolna tina situasi alam hayalan mah ukur 1 téks (6,7%). Alam nyata nu dicaritakeun téh katitén tina eusi jejer pasualan nu nyaritakeun kahirupan sapopoé di lingkungan diri jeung sabudeureunana, boh dina kontéks lokal, nusantara, boh global, kayaning pasalia paham (pacéngkadan papada manusa atawa sistem), kaasih, seni tradisi, hukum (perkara korupsi hakim), olah raga (perkara wasit sepakbola), hujan, usum halodo, pangalaman, ruang jeung waktu, kapamingpinan, jeung harta. Sedengkeun alam hayalan nu dijadikeun kontéks eusi jejer pasualan, gelar tina angen-angen perkara asih.

(22)

geus kawengku dina kasang tukang global. Tina ieu hal, bisa disebutkeun yén rupa-rupa pasualan dina rohang status facebook nu diréspon atawa ditepikeun ku panyaturna téh karéréanana mangrupa pasualan-pasualan nu gelar dina kasang tukang budaya jeung kahirupan masarakat dunya.

(e) Rasa nu aya dina téks laku basa dina rohang status facebooknyaéta rasa keuheul, yain, sedih, jeung ningnang. Rasa keheul, yakin, jeung sedih, séwang-séwang aya dina opat téks (26,7%), sedengkeun rasa ningnang aya dina tilu téks (20%). Rasa keuheul mangrupa sikep panyatur nu pusing, jéngkél, kesel, jsté. kana rupa-rupa pasualan, boh jeroeun dirina boh luareun dirina. Rasa yakin mangrupa sikep nyaho bener. Rasa sedih bisa ogé disebut salaku nalangsa atawa ngenes. Sedengkeun Rasa ningnang mangrupa représéntasi tina kaayaan nu teu surup, teu pantes, atawa janggal. Nada téks laku basa dina rohang status facebook nyaéta sinis, reueus, jeung nyungkun. Nada reueus jeung nyungkun séwang-séwang aya opat téks (26,7%), sésana 7 téks (46,6%) nadana sinis. Dina téks laku basa dina rohang status facebook, nada sinis aya patalina jeung rasa keuheul katut ningnang. Nada reueus aya patalina jeung rasa yakin. Sedengkeun nada nyungkun aya patalina jeung rasa sedih.

(23)

éksprésif mangrupa laku basa nu pangréana kapaluruh digunakeun dina téks rohang status facebook. Éta hal bisa jadi alatan béh dieuna, rohang status facebook réa dimangpaatkeun pikeun tujuan-tujuan nu leuwih lega tina saukur

nuliskeun kagiatan sapopoé. Kiwari réa anggota facebook ngamangpaatkeun rohang status pikeun nyusun gerakan-gerakan atawa oganisasi alumni, kalangenan, jeung organisasi sosial. Salian ti ngudag tujuan kalangenan, gerakan-gerakan nu diwangun dijadikeun sarana oposisi kana kawijakan-kawijakan pamaréntah atawa hal-hal nu dianggap leupas tina prinsip kaadilan sosial. Kagiatan oposisi téh diwujudkeunana réa dina kritik. Kritik nu ditepikeun dina rohang status facebook kaitung bébas, teu kasengker ku palanggeran éditorial sakumaha dina wangun média massa lianna kayaning koran, majalah, televisi, atawa radio.

3. Tina opat wanda laku basa nu mangrupa interséksi téh ukur dua wanda laku basa nu kapaluruh dina rohang status facebook, nyaéta laku basa langsung teu literal jeung laku basa teu langsung teu literal. Aya 6 téks (40%) mangrupa laku basa langsung teu literal, sedengkeun nu mangrupa laku basa teu langsung teu literal aya 9 téks (60%). Jejer pasualan nu dicaritakeun dina status facebook aya nu ditétélakeun sacara langsung (kauni) jeung aya ogé nu teu langsung (nyamuni). Jejer pasualan nu langsung jeung teu langsung téh ditepikeun ngaliwatan ungkara basa nu teu literal. Kekecapan nu digunakeun miboga ma’na nu konotatif.

(24)

tur mibanda fungsi gabungan nu ngawengku fungsi informatif-manipulatif, informatif-éstétik, jeung informatif-kayakinan. Aya 1 téks (6,7%) mangrupa laku basa nu mibanda fungsi informatif, 6 téks (40,0%) mibanda fungsi manipulatif, 2 téks (13,3%) mibanda fungsi kayakinan, 3 téks (20,0%) mibanda fungsi gabungan informatif-manipulatif, 2 téks (13,3%) mibanda fungsi gabungan informatif-éstétik, sarta 1 téks (6,7%) mibanda fungsi gabungan informatif-kayakinan. Laku basa nu mibanda fungsi éstétik sacara mandiri mah teu kapaluruh. Fungsi laku basa dina rohang status facebook réréana mangrupa fungsi manipulatif. Fungsi manipulatif téh pikeun ngagerakkeun atawa mangaruhan jalma nu bisa narima idé-idé nu ditepikeun, boh luyu jeung sikep sarta ajén dirina boh henteu; kritik; ngarobah sawangan, pamikiran, atawa opini; ngarobah sikep, laku lampah, jeung paripolah; ngarobah masarakat. Éta hal luyu jeung warna laku basana nu réréana mangrupa kritik. Kritik ditepikeun biasana sangkan pihak nu dikritik ngarobah sikepna, sawanganana, atawa pamikiranana. Bisa jadi kritik nu ditepikeun téh sipatna subjéktif.

5. Sangkan komunikasi ngaliwatan rohang status facebook bisa lumangsung kalawan hadé jeung teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif, perlu pisan simbol-simbol dina téks anu digunakeunana dina rohang status facebook téh dima’naan. Ungkara-ungkara métaforis dina téks laku basa dina rohang status facebook téh mibanda ma’na nu bisa disungsi ngaliwatan niténan pabanding, pangbanding, motif, jeung panyambung babandingan. Tina sakumna téks nu dianalisis, 11 téks (73,4%) aspék

(25)

(53,3%) ngagunakeun pangbanding barang, 5 téks (33,4%) ngagunakeun pangbanding pagawéan, jeung 2 téks (13,3%) ngagunakeun pangbanding sifat. Aspék motif dina 15 téks (100%) disamunikeun. Aspékpanyambungbabandinganaya nu mangrupakecapjeungayaogé nu

mangrupatandakoma. Saliantiéta, ayaogétéks nu

teungagunakeunpanyambungbabandingan.Panyambungbabandingan nu mangrupakecapdigunakeundina 4 téks (26,6%), ngawengkukecapsaruajeung,

jiga, lir, jeungibarat. Panyambungbabandingan nu

ngagunakeuntandabacakoma (,) digunakeundina 5 téks (33,4%). Sésana, 6 téks (40%) teu ngagunakeun panyambung babandingan.Patali jeung fungsina salaku kritik, aspék pabanding jeung motif nu nyamuni téh bisa ditétélakeun dina dua hal. Kahiji, sanajan téks status dina facebook teu kasengker ku palanggeran nu tangtu, panyaturna napak kénéh dina kasadaran kana ajén-inajén nu nyampak dina norma sosial jeung hukum. Tujuanana bisa jadi pikeun ngajaga parasaan pamiarsa nu disasarna, nyingkahan pacogrégan, jeung nyingkahan pitenah. Kadua, ma’na ungkara-ungkara métaforis téks laku basa dina rohang status facebook, patali tur dipangaruhan ku kontéks, warna, wanda, jeung fungsi laku

(26)

5.2 Saran

Sacara métodologi, ieu panalungtikan didadasarkeun kana sumber data nu kawatesanan. Téks vérbal basa Sunda dina rohang status facebook saéstuna kawilang réa pisan, ngan baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh ukur téks nu ditulis dina dangka waktu sabulan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, boh tina jihat jumlah téksna sorangan. Salian ti éta, ramatloka média sosial téh lain facebook hungkul, hadé pisan saupama ambahan panalungtikan lianna nu sarupa dilegaan ku ngalibetkeun ramatloka média sosial lianna kayaning twitter, MySpace, Bebo, Flicker, Netlog, Hi5, jsté. Hadé ogé saupama

dibandingkeun jeung ramatloka umum, utamana blog-blog pribadi.

Pon kitu deui ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik téks laku basa nu pangpangna ngagunakeun téhnik métaforis dina asosiasi ma’nana. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan, hadéna ambahan ulikanana dilegaan kalawan ditambahan ku téhnik asosiasi ma’na lianna kayaning téhnik élipsis, ma’na ganda (ambigu), jsté.

(27)

dipatalikeun jeung pamangpaatanana pikeun bahan pangajaran basa Sunda di sakola.

(28)

152

Adler, Ronald B. jeung George Rodman. 2006. Understanding Human Communication. Oxford: Oxford University Press.

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan

Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Andana, Dadan. 2009. “Realisasi Tindak Tutur Poyok Ungkal (TTPU) pada Masyarakat Desa Ungkal Kecamatan Conggeang Kabupaten Sumedang”. Tésis di Sekolah Pascasarjana Univérsitas Pendidikan Indonésia.

Aslinda, jeung Leni Syafyahya. 2007. Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.

Aubusson, Peter J., Alan G. Harrison, jeung Stephen M. Ritchie (Éditor). 2006. Metaphor and Analogy in Science Education. Dordrecht, Belanda: Springer.

Austin, J. L. 1962. How To Do Thing With Word. Oxford: Oxford University Press.

Aziz, E. Aminudin. 1996. “The Language of Refusals in Sundanese Society: A Workplace Case”. Tésis di Monash University, Australia.

Baldwin, John R., Spk. (Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines. New Jersey: Lawrence Erlbaum Associates Publisher.

Barton, Will jeung Andrew Beck. 2005. Get Set for Communication Studies. Edinburgh: Edinburgh University Press.

Bavin, Edith L. 2009. The Cambridge Handbook of Child Language. New York: Cambridge University Press.

Cameron, Lynne jeung Graham Low. 1999. Researching and Applying Metaphor. New York: Cambrige University Press.

Carnap, Rudolf. 1947. Meaning and Necessity: A Study in Semantics and Modal Logic. Chicago: The University of Chicago Press.

Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: PT Rineka Cipta.

(29)

153

Danesi, Marcel. 2002. Understanding Media Semiotics. London: Arnold Publisher.

Djojosuroto, Kinayati. 2007. Filsafat Bahasa. Yogyakarta: Pustaka Book Publisher.

Eckert, Penelope jeung Sally McConneell-Ginet. 2003. Language and Gender. New York: Cambridge University Press.

Effendy, Onong Uchyana. 2007. Ilmu, Teori dan Filsafat Komunikasi. Bandung: Citra Aditya Bakti.

Facebook Inc. 2010. Facebook Confidential and Proprietary. USA: Facebook Inc. Fairclough, Norman. 2003. Analysing Discourse: Textual Analysis for Social

Research. London: Routledge.

Findlay, Michael Shaw. 1998. Language and Communication: A Crosscultural Encyclopedia. California: ABC-CLIO Inc.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Hadi W.M., Abdul. 2008. Hermeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta: Pusat Bahasa.

Hayder, Hasin jeung Mark Alexander Basin. 2010. Learning Facebook Application Development. USA: PACT Publishing.

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave Macmillan.

Holmes, Janet. 1995. Women, Men and Politeness. New York: Longman. Hudson, R.A. 1962. Sociolinguistics. New York: Cambridge University Press. Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007.

Semantics: A Coursebook. New York: Cambridge University Press.

(30)

154

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan. Keraf, Gorys. 1994. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia

Kovecses, Zoltan. 2000. Methapor and Emotion: Language, Culture, and Body in Human Feeling. New York: Cambridge.

Kovecses, Zoltan. 2002. Methapor: A Practical Introduction. New York: Routhledge.

Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia. Lakoff, George jeung Mark Johnson. 1980. Metaphor We Live By. Chicago: The

University of Chicago Press.

Leezenberg, Michiel. 2001. Contexts of Metaphor. Oxford: Elsevier Science Ltd. Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York: Cambridge University Press. Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York:

Cambridge University Press.

Luxemburg, Jan Van. 1989. Tentang Sastra. Jakarta: Intermasa.

Luxemburg, Mieke Bal jeung Willem G. Westeijn. 1992.Pengantar Ilmu Sastra. (tarjamahan Dick Hartoko). Cit. Ka-IV. Jakarta: Gramedia.

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Mesthrie, Rajend, Spk. 2009. Introducing Sociolinguistics (2nd Edition). Edinburgh: Edinburgh University Press.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik: Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Nasution, Khairina. 2008. “Metafora dalam Bahasa Mandailing: Persepsi Masyarakat Penuturnya”, dina Linguistik Indonesia, Taun ka-26, No. 1, Pébruari 2008.

Nuccetelli, Susana. 2003. New Essays on Semantic Externalism and Self-Knowledge. Massachusetts: The MIT Press.

(31)

155

Prasetijo. 2009. Etnisitas [Online]. URL: http://www.prasetijo.wordpress.com [18 September 2009].

Purnanto, Dwi. 2009. Etnografi Komunikasi dan Register [Online]. URL: http://www.dwipur_sastra.staff.uns.ac.id/2009/06/03/etnografi-komunikasi-dan-register/ [18 September 2009].

Purwo, Bambang Kaswanti (Éditor). 2000. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton Moeliono Pereksa Bahasa. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia.

Rakhmat, Drs. Jalaluddin. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Ratna, Nyoman Kutha. 2009. Stilistika: Kajian Puitika Bahasa, Sastra, dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ricoeur. 1977. The Rule of Methapor. New York: Routhledge.

Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York: Cambridge University Press.

Samuél, Énrico Élizar jeung Andhika Rahmayanto. 1997. Microsoft Internet Solution: Menguasai Internet dengan Cepat dan Mudah. Jakarta: Elex Media Komputindo.

Santoso, Edi jeung Mite Setiansah. 2009. Teori Komunikasi. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Santoso, Slamet. 2010. Penerapan Psikologi Sosial. Bandung: Refika Aditama. Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta.

Searle, John R. 1975. “Indirect Speech Acts” dina Syntax and Semantics, Vol. 3, éditor P. Cole jeung J. L. Morgan. New York: Academic Prss.

Stefanowitsch, Anatol jeung Stefan Th. Gries (Éditor). 2006. Corpus-Based Approaches to Metaphor and Metonymy. Berlin: Mouton de Gruyter.

Stern, Josef. 2000. Metaphor in Context. Massachusetts: MIT Press.

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.

(32)

156 Bandung.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. Sudaryat, Yayat, H. Abud Prawirasumantri, jeung H. Karna Yudibrata. 2007. Tata

Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoest (Éditor). 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sunarto, Priyanto. 2008. ”Metafora Visual Kartun Editorial pada Surat Kabar Jakarta 1950-1957. Disertasi Doktor Program Studi Ilmu Seni Rupa dan Desain Institut Teknologi Bandung.

Suprapto, Tommy. 2009. Pengantar Teori dan Manajemen Komunikasi. Jakarta: MedPress.

Supratiknya. 1995.Tinjauan Psikologis Komunikasi Antarpribadi.Jakarta: Kanisius.

Suryabrata, Sumadi. 2008. Psikologi Kepribadian. Jakarta: Rajagrafindo Persada. Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret

University Press.

Suwito. 1983. Soiolinguistik: Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret.

Tarigan, Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.

Teubert, Wolfgang. 2010. Meaning, Discourse and Society. New York: Cambridge University Press.

Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2010. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Tompkins, Gail E. Jeung Kennet Hoskisson. 1991. Language Arts: Content an Teaching Strategies. New York: Macmillan Publishing Company.

Woodworth, Katheryn A. 2010. Facebook for Beginners [Online]. URL: http://www.facebook.com/katheryn.woodworth [1 September 2010].

(33)

Gambar

Gambar  Tepas jeung rohang status dina situs facebook Conto Data Intertékstual jeung Sosio-Kultural
Grafik  4.1 KontéksUndakUsukLakuBasadinaRohang Status
Gambar 1.1: Tepas jeung rohang status dina situs  facebook (Foto: www.facebook.com)

Referensi

Dokumen terkait

The method is by using Qual2E Software for BOD and mass balance for COD afterwards compared with the standard in accordance with PP no 82 in 2001 about the water quality

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran

Bahkan, merebak sampai kesegala lapisan masyarakat, dari yang berstatus sosial tinggi sampai rendah, dari yang usia belasan tahun sampai usia puluhan tahun, dari yang siswa

Menurut Zethaml dan Bitner (1996) kualitas pelayanan adalah tingkat keunggulan yang diharapkan dan pengendalian atas tingkat keunggulan tersebut untuk memenuhi

Pengaruh Sport Education Model dan Direct Instruction Terhadap Keterampilan Bermain Tenis Meja Siswa Sekolah Dasar. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Johan Suhada sehingga dapat mengurangi kegiatan tulis menulis secara manual dengan demikian mempercepat dalam pelayanan informasi yang dibutuhkan pada

Untuk memperoleh profitabilitas yang tinggi pada perusahaan, perlu adanya upaya untuk meningkatkan Customer Retention karena merupakan kunci profitabilitas penelitian

Dengan hanya meng-klik sebuah tombol link atau teks pilihan dari menu yang ada maka pengguna akan langsung memperoleh informasi