ADAT ISTIADAT SUNDA
Disusun ku : 1. Nisa Ayu Lestari 2. Rosmiati Saskya 3. Aprilia
4. M. Nur Cahya
Kelas XII IPS 3
PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN
SMA NEGERI 1 CISAGA
Jl. Raya Cisaga-Ciamis No.814 (0265)2730940 Dsn. Sembungjaya Desa Mekarmukti Kec.Cisaga
i
KECAP PANGJAJAP
Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT,nu miboga kaagungan. Nuparantos masihan rahmat sareng karunia ka urang sadayana,oge nu maparinan kasehatan ka urang sadayana.
Makalah basa sunda ieu,nu judulna "Adat Istiadat Sunda” ieu teh ditujukeun pikeun ngahontal kompetensi dasar pangajaran basa sunda.nu parantos didugikeun ku Guru Pangajaran Basa Sunda SMAN 1 CISAGA.
Pamudah-mudahan ieu makalah tiasa masihan elmu sareng wawasan anu langkung seer sareng mangpaat kangge urang sadayana. Sanajan ieu makalah ngabogaan kaunggulan jeung kakurangan kukituna simkuring saparakanca nyuhunkeun di hapunteun pisan sateacana.Hatur nuhun.
ii
DAFTAR EUSI
KECAP PANGJAJAP ... i
DAFTAR EUSI ... ii
BUBUKA ... 1
A. Kasang Tukang ... 1
EUSI ... 2
REFERENSI ... 5
1
BUBUKA
A. Kasang Tukang
Adat istiadat tèh nya èta tata-cara atawa kabiasaan sapopoè hiji masarakat. Upama urang Sunda, kabiasaan sapopoè masarakat Sunda.
Gemblengna, adat istiadat Sunda mangrupa sistem kabudayaan anu kompleks sarta mangrupa bagian integral tina kahirupan masarakat Sunda nepi ka kiwari. Ieu mangrupa cerminan jati diri jeung jati diri urang Sunda.
Adat istiadat Sunda mangrupa cara-cara kabiasaan anu diwariskeun sacara turun-temurun sarta langgeng ti hiji generasi ka generasi anu séjénna minangka warisan. Adat istiadat Sunda biasana dilaksanakeun dina momen- momen anu paling penting dina kahirupan, saperti kalahiran orok, panén paré, jeung kawinan. Adat istiadat Sunda tujuanana pikeun ngucapkeun sukur, nyuhunkeun karaharjaan sareng kasalametan dunya akherat.
Adat-istiadat anu aya dina kabudayaan Sunda, diantarana aya tradisi dahar babarengan, tradisi nginum tea, jeung upacara kawinan:
➢ Botram: Tradisi dahar babarengan dina daun cau atawa tikar
➢ Seren Taun: Tradisi urang Sunda ngedalkeun rasa sukur kana naek-naek anu geus kaalaman dina widang tatanén dina taun nu geus kaliwat jeung taun nu bakal datang. Upacara Seren Taun dilaksanakeun saban tanggal 22 sasih Rayagung minangka bulan pamungkas dina kalénder Sunda.
➢ Neundeun Omong: Prosesi kawinan adat Sunda munggaran anu katelah ogé nedunan jangji atawa paribasa
➢ Narosan atawa Nyeureuhan: Prosesi lamaran anu lumangsung sanggeus Neundeun Omong
➢ Nyanggakeun: Prosesi serah terima
➢ Ngeuyeuk Seureuh: Prosesi Pernikahan Adat Sunda Kawinan
➢ Ngebakan atanapi Siraman: Prosesi Pernikahan Adat Sunda
➢ Ngecakeun Aisan: Prosesi Pernikahan Adat Sunda
➢ Ngaras: Prosesi kawinan a
Jeung masih loba keneh adat istiadat sunda anu rupa-rupa.
2
EUSI
A. Bahasan 1. Babarit
Nya èta hajat nyalametkeun (salametan) lebur. Carana, salembur nyangu kawas rèk lebaran. Diantarana nyieun tumpeng jeung rupa-rupa bubur ketan. Dipingpin ku kokolot lembur, ngariung di hiji tempat, atawa ngajajar sisi jalan dèa. Sanggeus kokolot lembur ngeungeut menyan, terus mènta-mènta ka karuhun, supaya lembur reujeung pangeusina dijaga tina rupa-rupa misibat. Cara saterusna daar balakecrakan
2. Ngaliwon Orok
Waktuna unggal jumaah kaliwon. Orok umur bubulnan atawa mimingguan tèh, isuk-isuk dibawa ku paraji atawa dukun. Tuluy dimandian cai kembang tujuh rupa. Biasana sakalian dicekok, diinuman peresan konèng meunang marud. Berès dimandian tuluy dijampean.
Maksudna, supaya ulah babari katerap panyakit.
3 3. Tujuh Bulanan
Nya èta salametan nu kakandungan tujuh bulan. Biasana nu keur kakandungan dimandian cai tujuh rupa. Lian ti eta sok nyieun rurujakan, rujak bebek. Rujakna tuluy dijual, ari duit jang talawèngkar (sesemplèkan kentèng atawa gagarabah). Engkèna duduitan ladang rujak kunu kakandungan dipiceun ka parapatan jalan. Cenah, lamun rujakna lada, anakna pasti lalaki. Upama semu amis, awewè.
Lian ngarujak bebek, bapana orok nu dikandung ngagambaran dawegan kalapa konèng, make bedog. Biasana gambar wayang Arjuna atawa Subadra. Kudu dawegan konèng, supaya kulit anakna engke koneng. Dawegan dibeulah dua ku bapana orok nu dikandung. Upama beulahna sarua, pasti anakna kasèp atawa geulis. Munlalaki kembaran Arjuna, upama awèwè kembaran subadra.
4. Hajat laut
Urang basisir kidul, umumna percaya, yèl laut tèh aya nu ngarajaan, nya èta Nyi Roro Kidul. Ku kituna hasil-henteuna maranèhna ngala lauk, kumaha ceuk Nyi Roro Kidul. Supaya Nyi Ratu bageur,
4
saban taun, unggal tempat waktuna bèda-bèda, biasana mangsana gegedèna ombak, sok diayakeun hajat laut.
Anu dihajatkeunana, lian ti tumpeng salengkepna, sok ditambahan ku hulu munding. Cara nyanggakeunana ka Nyi Ratu, ku jalan dipalidkeun ka tengah laut. Bareng jeung hajat laut, sok aya raramèan, biasana sok nanggap wayang atawa ronggèng.
5. Seren Taun
Seren Taun miboga harti pasrah ti taun ka tukang nepi ka taun nu bakal datang minangka panerusna. Bisa ogé dihartikeun sabagé rasa sukur masarakat ka Gusti Nu Maha Suci kana sagala hasil tatanén anu dimeunangkeun. Jeung miharep ka hareupna hasil tatanén anu dimeunangkeun bakal nambahan atawa leuwih hadé ti saméméhna.
Sacara husus, upacara ieu mangrupa cara masrahkeun hasil tatanén anu mangrupa béas anu dihasilkeun ku warga salila sataun tuluy disimpen di lumbung atawa dina basa Sunda “Leuit”.
5
REFERENSI
https://www.infobudaya.net/2017/09/seren-taun-upacara-adat-panen-masyarakat- sunda/
https://www.dailysia.com/5-tradisi-adat-istiadat-orang-sunda-diwariskan-turun- temurun/
https://www.scribd.com/document/429404578/Adat-Istiadat-Sunda