• Tidak ada hasil yang ditemukan

Makalah tentang sisindiran Bahasa sunda

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2018

Membagikan "Makalah tentang sisindiran Bahasa sunda"

Copied!
9
0
0

Teks penuh

(1)

Makalah tentang sisindiran

Bahasa sunda

Nama :

Tia Oktaviani Dewi

Kelas :

▸ Baca selengkapnya: babasan mah aya dina wangun

(2)

MATA PELAJARAN BASA SUNDA

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.

Sisindiran teh mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku purwakanti jeung guru wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bisa disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Ari nu disebut purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar,

sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti the maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan

maksudna tea.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN

Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan

(3)

Purwakanti anu aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-akecap anu dipindo (dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti

mindoan kawit teh antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku padalisan sejen, nepi siga nu pacorok

Contona:

Rarakitan di luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina.

Kecap anu aya dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua eusi nyaeta nyiar-nyiar.

Salian ti eta, purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge murwakanti antara cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimerangeun murwakanti jeung pimelangeun.

Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung lulucon.

(4)

Contona:

Mun teu tulus ka paseukna,

ka pancirna oge hade.

Mun teu tulus ka lanceukna,

ka adina oge hade.

Batur mah dibaju hideung,

kuring mah kabaya bae.

Batur mah dipikatineung,

kuring mah sangsara bae.

Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat. Contona:

Peupeujeuh ari ka Bandung,

ulah meuli hayam kate.

Peupeujeuh ari ka indung,

ulah nganyerikeun hate.

Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun urat.

Sing getol neangan elmu,

nu guna dunya aherat.

Rarakitan sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti eta.

Contona:

Majar maneh cengkeh koneng,

kulit peuteuy dina nyiru.

Majar maneh lengkeh koneng,

(5)

Sok haying nyaba ka Bandung,

sok haying nyaho nanjakna.

Sok haying nanya nu pundung,

sok haying nyaho nyentakna.

Unggal padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah anu opat padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae

jumlahna kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana ti eta.

PAPARIKAN

Paparikan teh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina

puhuna.

Contona:

Boboko ragrag ti imah,

ninggang kana pileuiteun.

Nya bogoh ulah ka semah,

lamun anggang sok leungiteun

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut sorana jeung kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah. Kitu deui padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi. Kecap ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun

padeukeut sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas (purwakanti engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.

(6)

Daun pulus dilulunan,

jojodog ti Tarikolot.

Sugan tulus lalaunan,

aya jodo pakokolot.

Baju hideung kancing tangan,

dikaput ku merang awi.

Nu hideung matak teunangan,

sing emut ka diri abdi.

Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat. Contona:

Lauk emas ngakan ganggeng,

disamberan ku japati.

Boga emas moal langgeng,

Teu cara boga pangarti.

Meuli kurupuk sadacin

diwadahan kana kalo

Nu dipupuk ku prihatin

eta diasih ku Alloh

Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.

Contona:

Jeruk purut Cikaruncang,

jambu aer Wanayasa.

Camerut haying kabujang,

(7)

Piring katuruban sendok,

ngawadahan rujak huni.

Kuring ge baheula denok,

Ayeuna mah nini-nini

Umumna paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur dina sapadana henteu diwangun ku dalapan engang.

Contona:

Dengkleung dengkleung dengdek,

buah kopi raranggeuyan.

Ingkeun anu dewek,

ulah pati diheureuyan.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing,

nyeredet hate ningali herang caina.

Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing,

nyeredet hate ningali sorot socana.

Dina conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadana. Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana paparikan teh, anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding, biasana sapada cangkang sapada eusi.

WAWANGSALAN

Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna the tara ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal the sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.

Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,

(8)

Padalisan kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir dina wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah jeung wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalna the sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna

murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut

Conto sejenna:

Reregan sabudeur imah,

Kasangsara siang wengi.

Naon ari reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun wangsalna kudu diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon ari reregan sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara? Jawabanana: kasang.

Upama nilik kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Ari jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan aya patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:

Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi.

(oray)

Imah ngambang di sagara,

ulah kapalang nya bela.

(kapal cai)

Manuk tukung saba reuma,

uyuhan daek ka abdi.

(9)

Teu beunang ditiwu leuweung,

teu beunang sipikasono.

Referensi

Dokumen terkait

Standar Kompetensi : Mampuh ngebrehkeun eusi pikiran, rarasaan jeung kahayang dina wangun tulisan anu mangrupa teks biantara, caritan pendek, resensi buku, laporan kegiatan jeung teks

Sajaba ti wirahma atawa purwakanti, ajén éstétika séjénna nu diébréhkeun ku panyajak nya éta malikan deui nuliskeun kecap-kecap nu sarua dina unggal pada

Bab IV ngawengku hasil panalungtikan ngeunaan kecap pagawéan dina fiksimini basa Sunda tina sumber data fiksimini nu aya dina fikminsunda.com, jeung dina bab

unsur runtuyan (struktur) jeung unsur semiotik anu aya dina upacara adat nikah Sunda. Format

Lamun urang keur aya dina pasamoan, urang kudu bisa ngajaga tatakrama dina ucapan, bisi aya jalma nu teu sapamadegan jeung diri urang.. Kecap pasamoan

Ari tegesna anu ngadamelkeun mah eta beda deui jeung anu ngadamel, ari anu ngadamelna mah mahluk nyaeta mahlukna anu sifat latif jeung sifat Maojud eta

Ajén-inajén nu aya dina éta wujud mibanda pungsi salaku palasipah, sawangan hirup (Weltanschauung) hiji kelompok masarakat. Kitu ogé aya patalina jeung kapercayaan sarta

Kecap rajékan dwimadya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" anu hartina "dua" jeung "madya" anu hartina "tengah,” jadi kecap rajékan dwimadya nyaéta kecap anu dirajék engang tengahna.. 