KITAB TAOHID
H. AMILIN ABDUL JABBAR
Panerbit Teu acan aya Cover Desaen Iwa Kartiwa
Cetakan ka
I, Januari 2010 (Muharam 1431)
Hak Cipta Kangungan Alloh Ta’ala
CARIOS PANGATEUR
Assalamu’alaikum War. Wab
Dzat Alloh Ta’ala hanteu tiasa ku urang di contokeun jeung sifat-sifat mahlukna kusabab sakabeh sifat-sifat eta ciptaan nana sareng kagungan nana ku kitu teu aya perkara naon bae atawa misil naon bae anu bisa nyaruan atawa ngamisilkeun sabab sakabeh perkara eta mahlukna (ciptaan nana). Alloh atos ngadawuh dina Al Qur’an dina surat Asy Syuraa ayat 11
Laesa kamisylihi syaeun“Hanteu aya pikeun contona atawa misilna ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”.
Kumargi kitu sakur anu manganut Islam kudu to’at ka Dzat Alloh Ta’ala didawuhkeun dina surat Al Baqarah ayat
Wabudulloha Walatusriku Bihi Sae’an
“Jeung maraneh kabeh ulah nyarieun babandingannana anu nyarupakeun ka Dzat Anjeuna saperkara oge.”
Deui didawuhkeun dina surat An Nahl ayat 74
Fala tadhribu lillahi amsyala innalloha ya’lamu wa antum latu’lamun“Mangka poma ulah nyarieun misil maraneh kabeh ka Dzat Alloh karana saenyana ari Alloh eta anu uninga jeung ari maraneh kabeh hanteu nyaraho.”
Atuh kumaha pibisaeun nyieun misil atawa conto kana perkara anu hanteu nyaho ?...
kumargi kitu boh itikod, boh ucapan, boh kalakuan sareng seueur keneh anu matak jadi musyrik. Ieu mah sakadar panggeuing atawa paringatan ka jalma-jalma anu ngamaksud ninggalkeun perkara anu matak jadi kamusyrikan ka Dzat Alloh Ta’ala.
Karana ari musyrik eta parantos didawuhkeun dina surat An Nisa ayat 48 :
Innalloha la yaqfiru an yusyroka bihi wa yaqfiruma duna dalika liman yasau wa man yusrik billahi faqodiftaro isyma ‘adhima
“Saenyana Alloh Ta’ala moal ngahampura kanu sok nyieun conto-conto nyarupakeun ka Dzat Anjeuna jeung baris ngahampura kanu salian tiperkara anu kitu mah kasaha bae
anu dikersakeun jeung sing saha anu sok nyonto-nyontokeun nyasamaan ka Alloh Ta’ala mangka nyata migawe dosa anu kacida gedena.” Anu Nyusun Iwa Kartiwa Mukadimah Audzubillahiminas syaitonirrozim
Ari satiap jalma anu iman jeung Islam dina pamadeganana estu sok mayunkeun kayakinan, moal kersa udar tina hal anu alus komo ieu masalah hirup ku melip dialam dunya seueur halangan rintangan, ujian cobaan silih gunta ganti lamun pikeun jalma anu iman tur Taohid ka Alloh SWT moal gimbir sanajan peurih atina, sanajan loba benturan saba pikeun jalma anu iman bisa tahan bantingan ku margi apal perlindungan, sadayana kagungan Alloh jeung tetep tara leupas tina aturan Alloh SWT.
Koncina nyaeta kalimah Taohid “Audzu billahi minas syaetonir rozim “ hartosna” abdi nyalindung ka Alloh SWT tina panggoda syetan anu ngarajam”
Datang pertarosan “nyalindung ka Alloh teh kana naonana ? nyalindung ka Alloh SWT nyaeta nyalindung kana rahmatna, aturana tegesna kana pertulunganana.
Maksuna sanajan loba anu ngahina, moyok, mitnah, eta panghina teh henteu matak jadi kanyeunyeurian sanajan nyeurimah aya da manusa bisaa, tapi hanteu teras terasan nyeuri sabab apal resepna
Qul qullu min ‘indillah “hartosna ”Ucapkeun’ sakabeh-kabeh ti Alloh nu Alloh”
Jalma anu bisa nyalindung nyaeta jalma anu sadar sabab dimana aya panyaci, panghina, ngaledek moyok tara dilawan saruana sabab ngarti eta teh sabenerna nu mitnah, moyok, jeung sabangsana geuning sacara hanteu langsung nanyakeun kana jiwa urang “saha pangeran Anjeun”
“Man Robbuka “ mun di hina di poyok ngajawab Alloh SWT pasti moal saruana komo
hayang males kanyeuri kunu leuwih nyeuri.
Jadi jalma Iman jeung Islam jiwana di pake nyalindung kana Aturan Alloh Ta’ala. Dimana loba jalma anu aral pedah ku panghina moyok panyaci eta teh jalma anu ngaku pangeran Alloh SWT mung sabatas dina omongannana wungkul. Atuh moal bisa ngajawab pertanyaan tadi “saha pangeran Anjeun” mun ngahina dilawan ngahina deui, aya anu moyok dilawan ku poyokan deui berarti pangeran teh dendam lain Alloh.
Urang nyalindung ka Alloh sing apal jawaban datang hujan geus sayogi payung, datang panas geus sayogi payung, bisa ngiuhan tina perkara anu hanteu di pikaharep ku urang jeung cocok aturan. Minangka ka hujan, panas, teh ujian ti Alloh mun teu bisa ngajawab berarti kahujanan, kapanasan, oh jadi baturna syetan sabab teu bisa nyalindung. Alloh Ta’ala ngadawuh dina surat An Nahl ayat 98 :
“Faida koro’tal Qur’ana fastaid billahi minas syaetoni rozim”
Hartosna “mangka dimana rek maca Qur’an keur maca qur’an atawa geus maca
Dimana jalma anu bisa taudz pasti di gerak jeung lampah katut lisannana teu lepas dina aturan Alloh jeung pedoman hirupna Al-Qur’an.
Ciri-ciri jalma anu Taudz bisa di nyatakeun :
1. Tekadna panceug, sabab indit tina kapastian dirina anu nyalindung, ciri teu sanggup lepas tina undang-undang ka imanan jeung ka islaman.
2. Ucapannana pertela, sababna kaluar eta lisan tina hasil ka panceugan dirina anu teu lepas tina panyalindungan rohmat sareng pertulungan Alloh SWT.
3. lampahna nyata, sabab kabuktian yen ku lampah cocok jeung aturan meningka bukti tina ka taohidan, lepas tina pangajakna syetan anu ngarajam.
Hartosna “Saestuna syetan moal aya tangan pangawasa ka jalma anu iman jeung
tawakal ka pangerana” anu mawi teutp panceug jadi jalma anu bisa taudz”
Bissmillahirrohmanirrohim
Alhamdulillah assolatu wassalamu ala syayidina muhammadin wa alla ali wasobihi ajmain ama badu.
Ari kalimah Al bassmallah anu di serat jadi ngawitan upami bade didamel terutama bade ibadah atawa bade ngajalankeun amal hade. Margi Al Qur’an anu dibagi jadi tilu puluh (30 juz) eusina aya saratus opat welas (114 serat) anu jumlahna ayatna genep rebu genep ratus genep puluh genep (6666 ayat), ari sadaya kalimahna aya tujuh puluh tujuh rebu salapan ratus tilu puluh opat (77934 kalimah) eta kabeh wahyu Alloh Ta’ala anu diturunkeun ka kanjeng Nabi Muhammad Saw saperti : Jabur, Taurat, Injil nyaeta wahyu anu parantos di turunkeun ka para nabi-nabi anu ti heula di wahyukeun deui ka kanjeng Nabi Muhammad Saw nyaeta Al-Qur’an.
Lamun di ringkeskeun hakekatna eta Qur’an jadi sasurat nyaeta surat Al-fatihah anu ayatna aya tujuh ayat. Eta anu tujuh ayat teh diringkeskeun deui hakekatna jadi saayat nyaeta kalimah Al-Bassmallah, ari ringkesna atawa hakekatna kalimah basmallah teh nyaeta titik Ba.
Eta kalimah kumarga titik ba tea jadi wahyu Al-qur’an dina bakalna mah dilungsurkeun ka kanjeng nabi Muhammad Saw teu sakaligus, ngan dohirna jadi hidayah, dina jaman dua puluh tilu taun ditungtut numutkeun kaperyogiannana.
Ari titik ba teh nyaeta “Bariul Baroya” tegesna kumpulna kholik jeung mahluk, sundana mah kumpulna nu ngajadikeun jeung nu di jadikeun.
Kenging di contokeun saperti manusa (mahluk) anu di mulyakeun Alloh ta’ala nyaeta elmu jeung akal sarua dibisakeun cumarita tur disina ngagawean kaayaan alam dunya, anu matak di aherat aya surga jeung naraka pikeun manusa, ceuk kateranganana oge :
Al insanu sirri waana siruna hartosna “Ari manusia rusiah Kami ari Kami rusiah manusa” nyaeta anu ngadawuhkeun ku Alloh ta’ala, kumargi titik ba aya dina kalimah
Bassmallah, ari Bassmalah hakekatna jadi sajilid nyaeta Al qur’an ari Al qur’an eta pituduh pokona anggaran dasar agama islam.
Ana kitu kalimah bassmallah teh upama walungan lir ibarat sirahna jadi lamun anu diajar agama islamna, diajar heula ngahartikeun kalimah bassmallah eta lir ibarat anu ngungsi walungan tina sirahna ka hilirkeun tangtu moal sasab.
Tapi lamun anu diajar agama islam hanteu ngahartikeun heula kalimah Bassmallah eta lir ibarat anu nyungsi walungan ti hilir ka girangkeun eta tangtu kana sasabna lamun nyungsi sirahna teh. Margi pirang-pirang walungan anu ngamuara kana eta walungan teh anu di papay tea susah nepina kana sirahna lamun urang henteu aya nu nuduhkeun mah.
Nya kitu deui lamun terjemahan kalimah Al Bassmallah jadi jembatan elmu Usuludin. Barang elmu Usuludin eta fardu ‘aen, anu wajib dikanyahokeun ku sakur anu manganut agama islam, nyaeta anu bade ngalakonan ibadah (kumawula) kana parentah Alloh Ta’ala, cara ceuk keterangan :
“Lianal asla walusasa huwa ma’rifatul ma’bud koblal ibadah”
“karana saenyana dapuranana jeung dadasaranna agama eta kudu ngarti kanu dikawulaan samemeh kumawula”
Deui ceuk keterangan :
Awaludin marifatullohi
“Mimitina agama eta kudu ngarti heula ka Alloh Ta’ala nyaeta ngarti ku akal jeung faham”
Keterangannana :
Aklu nurun pilkolbi yupariku baenal hakki wal batili
“ari akal eta cahaya dina leubeting ati anu sok bisa misahkeun antara hak jeung batal (bener jeung salah).”
Tapi sanajan geus kaharti ku akal oge kudu tetela pisan benerna Ceuk keterangan :
Awwalu wajibin alal insani marifatullahi bistikon
“ari mimiti wajib ka manusa anu geus islam kudu ngarti heula ka pangeran kalawan yakin, ari geus yakin eta tetela’”
Aya keterangan pituduh wahyu Alloh Ta’ala anu kaunggel dina Al Qur’an nu sundana :
“Barang ari mimitina pikeun Taohid ka Alloh Ta’ala nyaeta kudu ngarti heula eusina kalimah Al Bassmallah, margina dina eta kalimah teh aya jenengan-jenengan tina sawarehna jenengan Dzat Alloh Ta’ala.
Ari anu di ngaranan kalimah Al Bassmallah teh nyaeta kalimah Bismillahirohmanirohim, anu asalna tina lafazd : Bi Ismin, Alloh, Arrohmanu jeung
Arrohimi.
Bi ismin sundana kalawan nyebat jenengan atawa dengan nama nyaeta
jenenganana teh lafazd Alloh.
Lapad Arrohmani jeung lapad Arrohimi nyaeta jenengan-jenengan tea ceuk arab mah Asma.
Barang anu kagungan eta jenengan mah nyaeta numutkeun waktu kangjeng nabi Muhammad Saw yuswa 40 taun, Anjeunna bisa ngalakonan ibadah ka Alloh Ta’ala numutkeun sacara ibadahna anu parantos dilampahkeun ku kanjeung Nabi Ibrohim As.
Harita kangjeng Nabi Muhammad aya di guha hiro nuju ngalakonan ibadah kaleresan kaping 17 Ramadhon, mimiti ku Alloh Ta’ala di turunkeun wahyu :
Ikro bismirobbikalladi kholaq kholakol insan min alaq
“mangka baca kalawan nyebat jenengan pangeran Anjeun Muhammad, Dzat anu ngajadikeun sakabeh mahluk (anu geus ngajadikeun manusa) tina satetes getih kenteul”
Kangjeng nabi Muhammad dugi ka tilu kali dipiwarang maos nyebut jenengan Dzat anu geus ngajadikeun sakabeh mahluk. Tapi kangjeng nabi Muhammad tetep ngawalerna henteu tiasa maos. Atuh dugi ka tilu kali didakep bari dirangkul ku jibril Alaihi salam.
Barang kaopat kalian dipiwarang maos nya teras gusti rasulullah, lawan wahyuna Alloh Ta’ala tiasa ngawaler nyaeta maos teh :
Bismillahirohmanirrohim
“kalawan nyebat jenengan Dzat anu ngajadikeun sakabeh mahluk yakni Alloh, Arohmani, arrohimi.
Kumargi eta, jadi lapad Alloh, lapad arrohmani jeung lapad arrohimi teh eta nyatana jenengan-jenengan Dzat anu geus ngajadikeun sakabeh mahluk, ceuk keteranganana
Layakunu illahan illa manyahluku.
“henteu aya deui pangeran anu wajib diibadahan ku sabenerna angina Dzat anu ngajadikeun sakabeh mahluk.”
Ari tegesna mahluk nyaeta anu dijadikeun, barang ari anu jenenngan Alloh, Arrohmani, Arrohimi mah eta kholik tegesna anu ngajadikeun. Sarta ari kalimah Al Basmallah eta ceuk keteranganana teh
Bismillahirrohmanirrohim, aedi kulli ismin min asma idadatillohi
ta’ala jadi bismillahirrohmanirrohim eta ku ayana saban-saban
jenengan tina sawareh jenengan Dzat Alloh ta’ala nyaeta kuayana jenengan lapad Alloh, lapad Arrohmani jeung lapad Arrohimi tea.
Barang anu kagungannana eta jenengan-jenengan teh nyaeta Dzat anu ngajadikeun sakabeh mahluk. Anu Anjeuna parantos ngadawuh dina surat Al Ikhlas ayat 4
Walam yakullahu kupuwan ahadun“jeung hanteu aya pikeun contona ka Dzat Alloh Ta’ala hiji perkara oge.”
Kumargi teu aya hiji perkara bisa di contokeun ka Dzat Alloh mah dina keteranganana :
Layari fulohi ilallohu kullu mahatoro billahi fallahu hilafa dalika”
“Moal aya anu nyaho ka Dzat Alloh mah angina anu uninga teh Ajeunna bae, saban-saban perkara anu dikeretegkeun ku ati mangka Dzat Alloh mah sulaya jeung kumeretegna ati.”
Kumargi kitu, kumeretegna sakabeh mahluk eta dikeretegkeun ku kudrat Ajeungna wungkul, atuh yakin Dzat Alloh mah moal bisa dicita-cita ku ati tegesna moal kacipta, ari margina anu sok kacipta mah nyaeta anu geus kapangih wujudna atawa geus katingali contona, jeung ari anu kacipta mah eta tangtu bisa digambar seperti mahluk. Karana ari Dzat Alloh Ta’ala mah Anjeuna ngadawuhkeun dina surat An’am Ayat 103
Ladrikuhu absoru wahuwa yudriku absoro wahuwal lathifu khobir
“hanteu aya anu tepi ka Dzat Alloh awasna sakabeh paninggal kana Anjeuna teh anu kagungan anu nganepikeun awasna sakabeh paninggal jeung Anjeuna teh anu kagungan sifat lemes tur anu kagungan sifat waspada.”
Kumargi ka Dzat Alloh Ta’ala mah hanteu aya anu bisa nepi awasna sakabeh paninggal, jadi moal aya anu nyaho ka Dzat Alloh Ta’ala mah, moal aya anu bisa nyaksian saperti Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina surat :
Wallohu ala kulli sai’in sahidun
“jeung ari Alloh Ta’ala eta anu geus nyaksian kana saban-saban perkara.”
Kumargi sama sakali oge hanteu aya anu nyaho, hanteu aya anu bisa nyaksian ka Dzat Alloh Ta’ala, jadi Dzat Alloh Ta’ala mah kasebut Dzat mutlak. Barang ari mahluk mah bisa disaksi ku mahluk deui disebut Dzat mukoyad. Kumargi kitu kudu tumut kana dawuhan hadist :
Tafakaru filkholki walatafakarohu filkhofihi
“Maraneh kabeh kudu mikiran teh dina hal anu dijadikeunana bae, jeung maraneh kabeh ulah mikiran dina hal anu ngajadikeunnana”
Nyaeta mikiran Dzat Alloh Ta’ala sabab Dzat Alloh Ta’ala mah hamo moal kapikiran. Margi pikirananana sakabeh mahluk eta dibisakeunana mikir teh ku kudrat Irodatna Alloh Ta’ala, ari anu disebut kudu mikiran dina hal anu dijadikeunana nyaeta mikiran mahluk.
Karana ceuk dawuhan hadist :
Wanadru fihokihi yujibul imani biholikihi
“jeung ari ngalirik dina hal anu dijadikeun ku Alloh Ta’ala mastikeun iman kanu ngajadikeunana”. Nyaeta ka Dzat ka Alloh
Ta’ala.
Kumargi hanteu aya hiji-hiji acan pikeun contona ka Dzat Alloh Ta’ala mah, atuh poma ulah rek nyieun misil-misil atawa conto-conto ka Dzat Alloh Ta’ala. Karana Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina Al Qur’an
Wabudulloha walatusriku bihi sae’an.
“jeung kudu kumawula maraneh kabeh kana parentahna Alloh, tapi poma maraneh kabeh ulah nyontokeun ka Dzatna Alloh Ta’ala ku saperkara oge,”
Surat An Nahl ayat 74
Falatadribu lillohil amsala innallohi ta’alamu wa antum la ya’lamuna
“mangka maraneh kabeh ulah nyarieun pirang-pirang misil atawa pirang-pirang conto ka Dzat Alloh Ta’ala ku naon bae oge, saenya Alloh Ta’ala eta anu uninga ari maraneh eta anu hanteu nyaraho.”
Karana ceuk keteranganana kitu, atuh kumaha pibisaeunana nyieun misil atawa conto-conto kana perkara anu hanteu nyaho, deui ceuk katerangan dina surat Al Baqarah ayat 22
Fala taj’alulillahi andadan wa antum ta’lamun
“mangka poma maraneh kabeh ulah nyontokeun ka Dzat Alloh Ta’ala sedeung maraneh nyaho yen moal bisa nyontokeun kana perkara anu hanteu nyaho.”
Barang ari ngamisilkeun ka Dzat Alloh Ta’ala atawa ngarupa-rupakeun eta hukumna musyrik. Saperti dawuhan Alloh Ta’ala dina surat an Nisa ayat 48
Innallohi layaq’firu anyusroka bihi wayaqfiru ma duna dalika liman yasau wamanyusrik billahi aktaro isma’adzima
“Saenya Alloh Ta’ala eta moal ngahampura ka jalma anu sok nyarupakeun ku misil-misil atawa ku conto-conto ka Dzat Anjeuna jeung Anjeuna baris ngahampura kanu salian tinu kitu mah kasaha bae sakersana jeung sing saha anu sok nyarupa-rupakeun ka Dzat Alloh eta mangka nyata migawe dosa anu kacida gedena.”
Ari musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala eta aya 3 bagian nyaeta : 1. Musyrik Itikod (Niat)
2. Musyrik Pangucap
3. Musyrik Pagawe (perbuatan)
Di handap ieu diterangkeun hal Itikod atawa hal pangucap anu tumiba kana kamusyrikan ka Dzat Alloh Ta’ala.
1. Lamun nyontokeun atawa nyebutkeun yen Alloh Ta’ala teh linggih disawarga atawa linggih di naraka.
Jadi ana kitu mah Dzat Alloh teh dicontokeun misil jelema margi ari anu kasipatan kalinggih eta sok kasipatan ku ngadeg atawa kungedeng . barang anu kasipatan ku eta perkara nyaeta jelema, ari jelema eta mahluk.
2. Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh teh Langgeng Bae. Eta lamun kitu mah Dzat Alloh teh dicontokeun misil gunung atawa batu saperti Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina surat Ar Ra’d ayat 2
Summastawa alal arsi ari sundana numutkeun faham taohid
nyaeta usuludin nujukeun (ngersakeun) kalungguhanana kana aras, tegesna kadudukan atawa jabatan salah sahijina jenengan anu alus (asma husna) anu ditetepkeun kadudukanana kana aras saperti ngajelaskeun dina Alqur’an surat Tohaa ayat 5
Arrohmanu Alal Arsistawa
“Dzat Alloh anu kagungan ni’mat gede”
Ari ni’mat gede kana aras ditujukeunana (kalungguhanana) ari ngaran ni’mat gede nyaeta iman jeung islam anu pusatna di aras (mustawan). Jadi eta yakin lain linggih tapi kalungguhanana, anu pusat ni’mat gede nyaeta iman jeung islam.
Kumargi kitu atuh Dzat Alloh eta ulah dicontokeun misil jelema karana eta hukumna musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala
3. Lamun nyontokeun yen ieu bumi langit uteuk tongo walang taga dadamelan Alloh Ta’ala, eta lamun kitu Dzat Alloh Ta’ala dicita-cita dicontokeun jijieunan atawa dadamelan heuheureuyan. Jadi Alloh Ta’ala teh dicontokeun misil budak mangka ari Dzat Alloh Ta’ala sama sakali hanteu jijieunan atawa didamel heuheureunyan/kaulinan karana Anjeuna ngadawuh dina surat Ad Dukhan ayat 38-39
Wama kholaqna assamawati al ardi wama baenahuma la’ibina ma kholaqnahuma ila bilhaqi walakina aksarohum la ya’lamuna
“Jeung kami hanteu ngajadikeun sakabeh langit jeung bumi kuheureuyan jeung sakabeh perkara eusina antara langit jeung bumi tapi kami ngajadikeun langit jeung bumi teh angina kusabenerna.”
Kumargi kitu atuh poma Dzat Alloh teh ulah rek dicontokeun misil budak nyaeta sok jijieunan atawa dadamelan heuheureuyan.
4. Lamun dicontokeun yen Dzat Alloh mah anu ngadamel tegesna anu ngagawean. Jadi ana kitu mah Dzat Alloh teh dicita-citakeun ku misil jelema anu kasipatan ku meta, ku cicing, ku usik, ku ngangur, kugarap ku eureun.
Barang anu ngadamel mah lamun nyieun rupa barang eta sok digegentenkeun hanteu bisa dibaringkeun jeung ari anu ngadamel mah lamun geus anggeus sok eureun, tah kasipatan kitu teh mahluk saperti misil jelema.
Mangka ari Alloh mah anu geus ngusikkeun anu nyicingkeun tegesna anu ngersakeun usik, anu ngersakeun cicing kasakabeh mahluk saperti keterangan dina surat :
Fa’alullima yuridu
“ari Alloh eta anu ngadamelkeun kana sakabeh perkara anu di kersakeunana.”
Ari tegesna anu ngadamelkeun mah eta beda deui jeung anu ngadamel, ari anu ngadamelna mah mahluk nyaeta mahlukna anu sifat latif jeung sifat Maojud eta pada ngadaramel sanasib-nasib, sapak-pakna saanleh-anlehna kalawan kudrat irodatna Alloh Subhanawata’alla lapad yuridu teh eta hartina lain anu ngadamel tapi dina sundana anu ngersakeun nyaeta nuduh kana irodatna, karana dina Al-Qur’an hanteu kasebut jenengan-jenengan Anjeuna.
Alpa Ilu = anu sundana anu ngadamel, aya oge jenenganana dina
al-qur’an Ya kholiku = anu sundana “hey Dzat anu ngajadikeun”. Jadi nyata Dzat Alloh mah lain anu didamel atawa anu ngadamel tapi Dzat Alloh Ta’ala mah anu ngajadikeun atawa nu ngersakeun cenah eta anu nyebutkeun ngadamel soteh ngan samet lisan ari dina itikod mah hanteu pisan padamelan Alloh dicontokeun misil padamelan mahluk.
Eta sing emut, ari musyrik ka Alloh teh aya tilu bagian pokona nyaeta diantara musyrik Pangucap jeung Itikod, jadi lamun nyebut Dzat Alloh Ta’ala sok ngadamel teh eta hukumna musyrik pangucap margi ari anu sok ngadamel mah eta mahluk, ngan ari mahluk mah eta hanteu bisa ari ngajadikeunana mah. Karana ceuk katerangan nana:
Masya Alloh Kanawama Lamyasa lamyakun
“Sakabeh perkara anu dikersakeun ku Alloh Ta’ala eta jadi, jeung anu sakabeh perkara anu hanteu dikersakeun mah euweuh (Hanteu jadi).
5. Lamun nyontokeun yen Alloh Ta’ala mah anu ngadamelna oge hanteu kalawan pakakas jeung hanteu aya anu ngarencangan nyaeta hanteu aya anu ngabaturan. Eta lamun kitu Dzat Alloh Ta’ala teh dimisilkeun siga mahluk lantaran ari anu ngadamelna
hanteu make pakakas jeung make parabot jeung hanteu aya anu ngarancangan atawa hanteu aya anu ngabantuan, tah anu lacuna kitu teh mahluk nyaeta lancah kumargi kitu atuh poma Dzat Alloh teh ulah dicontokeun misil lancah
jadi nyatana Dzat Alloh Ta’ala mah eta anu ngajadikeun saperti Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina al Qur’an Surat Qaaf ayat 38
Walaqod kholqnas samawati wal ardi wama baenahum fisitati ayaumin wama masana min lugubbin
“Jeung Saenyana Pangeran Anjeun Dzat anu geus ngajadikeun langit jeung bumi jeung sakabeh perkara antara langit jeung bumi dina genep mangsa nu teu ka sifatan sifat cape”.
Ari margina paham dina genep mangsa, karana sakabeh mahluk anu dijadikeun ku Alloh Ta’ala eta pada kawengku ku umur sarta pada nyorang lantaran mangsa
Contona saperti urang mimiti ti rama ka ibu aya dina pirang-pirang mangsa. Nyakitu deui sanggeus dibabarkeun nyorang mangsa nyaeta mangsa orok, mangsa budak, mangsa baleg, mangsa dewasa, jeung saterusna. Jadi sakur mahluk eta pada kasorang kumangsa.
Nyaeta saperti bumi katut eusina kayaning sato hewan atawa tutuwuhan eta kabeh pada nyorang mangsa. Sarta dina eta mangsa, eta samangsa-mangsana teh pada aya ngarana saperti ngadawuhkeun dina Surat Nuh ayat 14
Wakod kholakum at waron
“Jeung, Yakni geus dijadikeun maraneh kabeh anu digunta-ganti.”
Jadi yakin mahluk eta pada kasorang mangsa. Karana fisitati
ayaumin eta sundana dina genep mangsa”, deui lamun dina
genep poe mah siga pisan Alloh teh kasorang ku beurang kahalangan kupeuting, padahal beurang jeung peuting eta dikersakeun ku Anjeuna.
Deui Alloh eta anu ngersakeun karana Anjeuna paratos ngadawuhkeun dina surat Yasin ayat 82
Innama amruhu ida aroda saean an yaquulalahu kun fayakun
“Saenyana sakabeh perkara urusannana Alloh eta dimana ngersakeun salah sahijina perkara sok ngadawuh kagungan Anjeuna jadi mangka jaradi”.
Ayeuna yakin, Alloh teh anu kagungan atawa anu ngersakeun lain anu ngadamel karana sundana ‘Ida Aroda” teh ngersakeun, lamun nyata-nyatakeun misil jelema, mangka Dzat Alloh ceuk kateranganana :
Bilasaotin Walhardin
“kalawan hanteu kusowara jeung teu ku Aksara”
Mangka ari sundana Ayyakulu : “mangka sok ngadamel” lahu :
kagungan Alloh Nyaeta Lapadna (kecapna) jadi lapad Kun eta
isarah kana sakabeh sowara anging Alloh anu uninga contona Saperti Meletekna mata kelong tina siki nalika mimiti jadi atawa sowara peupeusana enog nalika mimiti megar.
Tah eta kabeh sowara teh estu kagungan Alloh Ta’ala ari dina wahyu mah nuduhkeun ku lapad isarah bae nyaeta ku lapad Kun tea. Kumargi kitu poma Alloh teh ulah dicontokeun misil jelema nyaeta nyoara Kun saban-Saban isuk dina lebet genep poe.
Lamun nyata-nyata Dzat Alloh ngadawuh Kun dina lebet genep poe. Jadi nepi ka genep kali ngadawuh kun sarta saban-saban ngadawuh kun jleg bae aya mahluk.
Jadi ana kitu Dzat Alloh Ta’ala teh dicontokeun siga mahluk nyaeta jelema tukang sulap, jeung deui lamun kun jleg atuh mahluk oge moal tina leutik heula, saperti tina johar piri anu jadi johar
morokab jeung mahluk-mahluk moal aya parobahan gonta-ganti
saperti tina pitik kana jajangkar nepi ka jadi jago barang ari lapad
kun eta ceuk katerangannana : Wamruhu Baenalkafi Wa nun
“Jeung Ari urusanana Alloh Ta’ala eta antara Kop Jeung Nun “.
Ari eta anu antara kop jeung nun teh anu abadilabad barang di runtuykeunana Kop jeung Nun teh nya jadi Lapad Kun. Eta kecap
Kun teh jadi isarah kana sakabeh kudrat irodat Alloh Ta’ala anu
tanpa wates wangena nyaeta anu dua hurup jadi lapad Kun eta dina antara dua aksara hanteu aya wates wangena hanteu aya pegatna hanteu aya hahalangna, jeung hanteu aya lowongna eta teh jadi isarah kana sakabeh perkara pangersa Alloh Ta’ala.
Anu Abadilabad nyaeta saperti urang ti mimiti dikandung ku indung nepi ayeuna pisan. Eta tetep masih terus dijadikeun atawa dikersakeun ku Alloh Ta’ala anu hanteu aya eureuna sadetik oge nepi ka hanteu karasa gunta ganti parobahannana. Karana Dzat
Alloh Ta’ala ngajadikeun atawa ngersakeunana mahluk anu tetep terus hanteu aya eureuna eta teh nyatana lapad Kun tea.
6. Lamun Nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala eta hanteu diluhur, hanteu dihandap, hanteu di wetan, hanteu dikulon, hanteu dikidul, hanteu dikaler, eta lamun kitu jadi nepak dada nuduh kana diri sorangan ngaku Alloh.
Lamun nyontokeun yen Alloh mah hanteu ditengah-tengah hanteu dimana-mana eta lamun kitu Dzat Alloh Ta’ala dimisilkeun kana lowong atawa suwung, sedang ari lowong atawa suwung eta mahluk keneh.
Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh Ta’ala teh Teu Warna, teu rupa, teu beureum, teu hideung, teu bodas, teu kayas, teu kulitan, teu lamadan, teu dagingan teu tulangan. Eta lamun kitu Dzat Alloh teh di misilkan kana hawa atawa angin seudeung ari hawa atawa angin eta teh mahluk keneh. Mangka Ari Dzat Alloh Ta’ala mah Anjeuna ngadawuhkeun dina surat Al Imron Ayat 6 :
Huwalladi yushowwirukum fi arhami kaefa yasau
“ ari Dzat Alloh eta anu ngersakeun rupa maraneh kabeh dina piaraeunana sakumaha anu dikersakeunana ku Anjeunna bae”.
Jadi numutkeun keterangan mah Dzat Alloh eta anu kagungan sakabeh rupa, anu kagungan sakabeh warna atawa anu ngarupakeun anu ngawarnakeun, anu ngersakeun warna.
7. lamun nyontokeun yen Alloh teh hanteu ibuan, hanteu Ramaan, hanteu Putraan, lain awewe, lain lalaki, tara dahar, tara leueut, tara sare, salawasna. Eta lamun kitu Dzat Alloh teh dicontokeun misil malaikat, jadi nganggap Ka Dzat Alloh teh Malaikat.
Barang ari Malaikat teh Mahluk, terang ari Alloh Ta’ala teh Anu kagungan sakabeh para malaikat.
Deui Dzat Alloh Ta’ala teh anu kagungan, anu teu ramaan, hanteu ibuan tapi putraan nyaeta kanjeng Nabi Adam Alaihi salam.
Deui Dzat Alloh Ta’ala teh kagungan, Teu ibuan tapi ramaan nyaeta kanjeng nabi Sis Alaihi salam, jeung
Deui Dzat Alloh Ta’ala teh anu kagungan anu hanteu ramaan tapi ibuan nyaeta Kanjeng Nabi Isa Alaihi mu solatu wassalam
Mangka Dzat Alloh ta’ala mah ngadawuh dina surat Asy syuura ayat 11
Laesa kamisli saeun
“ Hanteu aya pikeun contona atawa ngamisilkeun ka Dzat Alloh Ta’ala mah Saperkara oge”
Ari margina sakabeh perkara oge kagunganana saperti pituduh Anjeuna dina surat Al Baqarah ayat 284 :
Lillahi mafissamawati wama fil ardi
“Kagungan Alloh eta sakabeh perkara anu disakabeh langit jeung sakabeh perkara anu dibumi.”
Kumargi kitu atuh Dzat eta ulah dicontokeun atawa dimisilkeunkeun kawas sakabeh mahluk, sakumaha pituduh Anjeuna dina surat Ath Thuur 43
Subhanallohi amma yusrikun
“ari kagungan Maha bersih atawa Suci Dzat Alloh tina sakabeh perkara anu sok dicontokeun (disasamakeun) ku maraneh kabeh”
8. Lamun nyontokeun yen Dzat Alloh teh sifat Murah
Eta lamun kitu Dzat Alloh Ta’ala teh dimisilkeun kana barang rupa banda anu hargana pangrendahna, sedeung anu sifat murah teh lawanna mahal, mangka ari Dzat Alloh mah anu kagungan Maha bersih tina sifat-sifat lalawanan. Karana Anjeun parantos ngadawuhkeun dina surat Yasin ayat 36. anu ngersakeun lalawanan :
Subhanaladi kholakol ajwaja kullaha mimma tunbitu ardu wamin anfusihim wamimma layalamuna.
“ari Kagungan Maha Suci Dzat anu geus ngajadikeun jojodoan (lalawan) tina sakabeh perkara anu ku maraneh sok jaradi (tumbuh) dina bumi, jeung tina maraneh oge jeung tina perkara anu maraneh henteu nyaho.”
Cenah eta sifat murah soteh dumeh urang aya ceuli, aya irung, aya panon jeung saterusna, tah eta oge hanteu kaharti sabab eta lain meunang meulian meunang nyurup karana anu sok disebut murah atawa mahal teh nyaeta anu menang meulian. Lamun kitu
jadi Dzat Alloh teh misilkeun tukang dagang jeung siga pisan urang teh aya kaboga anu lain kagungan Dzat Alloh paranti ngurup atawa paranti nukeuran ka Dzat Alloh Padahal urang hanteu ngagaduhan naon-naon sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina surat An Nisa ayat 78
…..
Kul kullum min indilohi
“caritakeun ku Anjeun Muhammad yen sakabeh perkara eta kagungan Alloh Ta’ala wungkul.”
Dina pepelakan oge saperti bangsal sasiki jadi saranggey eta lain, Dzat Alloh sifat murah, margi urangna, taneuhna, jeung bibit-bibitna estu kagungan Dzat Alloh Ta’ala, jeung lamun dina pepelakan nyontokeun yen Dzat Alloh teh Sifat Murah atuh kumaha lamun pepelakan tea teh keuna kuhama meureun Dzat Alloh teh sifat mahal, cenah eta lamun amal hade sok panen hade jeung anu amal goreng sok panen goreng. Eta lain Dzat Alloh sifat murah karana bisana ngajalankeun amal hade atawa amal goreng, tah eta teh ku kudrat irodatna Dzat Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhanana dina surat fathir ayat 8 :
..…
Fainnalloha yusholu man yasyau wayahdi man yasau
“Mangka saenyana Dzat Alloh Ta’ala eta anu baris nyasarkeun kasaha anu dikersakeunana jeung Alloh Ta’ala anu baris nuduhkeun ka saha bae anu dikersakeunanan.”
Ari dina buahna amal eta Dzat Alloh parantos ngersakeun pituduhna dina surat Al Baqarah Ayat 286 :
……
……
Laha makasabat wa ‘alaiha maktasabat
“Pikeun Awakna teh naon-naon anu di kasabna (pigawe) bae jeung ka awakna teh boh mangfaatna boh madorotna sakumaha anu geus di kasabna (diparigawe)
Jadi numutkeun ieu katerangan mah nyaeta nyata Anjeuna teh kagungan jenengan anu ka unggel dina Al-qur’an Al adlu, upami di ango ngundang Ka Anjeuna Ya Adlu. “Hey Dzat anu
kagungan sifat adil”
Nya jadi nyata aya wawales sakumaha numutkeun amalna, tah eta mah sifat adilna kagungan Dzat Alloh Ta’ala saperti anu Parantos didawuhkeun dina. Al Imran ayat 18 :
“Dzat Alloh Ta’ala eta anu ngadegkeun sakabeh urusannana kalawan kaadilan (kukaadilan)”.
Karana eta lain Alloh sifat murah tapi Dzat Alloh eta anu kagungan sifat murah jeung anu kagungan sifat mahal.
9. lamun nyontokeun yen diri katut rezeki teh eta titipan ti Alloh eta lamun kitu Alloh teh dicontokeun misil jelema karana sok nitipkeun jeung anu katitipan teh nyaeta jelema jeung jelema anu patepung pa adu lawung.
Deui lamun di aku titipan tangtu urang kudu katempuhan dimana aya anu ruksak atawa aya anu leungit atawa aya anu robah kudu sanggup ngaganti. Margi ari titipan mah tegesna amanat anu hanteu meunang ilang atawa ruksak. Lamun nyata-nyata. Dzat Alloh sok nitipkeun, ana kitu mah Dzat Alloh Ta’ala teh siga anu kapanggih jentulna pajonghok bari jeung nitipkeun jeung lamun kitu Dzat Alloh teh dimisilkeun siga jelema.
Lantaran ari jelema anu sok nitipkeun teh nyaeta jelema anu karepotan mangka ari Dzat Alloh mah Anjeuna parantos ngadawuhkeun dina surat al Baqarah ayat 255 :
……
…….
Wasyi’a kursyiyuhussamawati wal ardi wala yaududu hifdhuma
“Jembarkeun karajaan kagungan Dzat Alloh Ta’ala ngageugeuh sakabeh langit jeung bumi jeung hanteu karepotan Anjeuna teh ngaraksa sakabeh langit jeung bumi”
Tah kumargi Dzat Alloh hanteu kasipatan kukarepotan, jadi tangtu Anjeuna moal nitipkeun ka jelema, jeung deui urang oge ulah arek ngecapkeun ka Alloh nitipkeun deui Ka Alloh kumargina kabeh oge kagunganana jeung lamun urang nitipkeun naon Dzat Alloh Ta’ala jadi ka Dzat Alloh teh nganggap sasama nyaeta dimisilkeun siga jelema pada jelema deui.
10. lamun nyontokeun yen diri katut rezeki teh paparin ti Alloh Ta’ala, eta oge lamun kitu Dzat Alloh Ta’ala teh eta dimisilkeun jeung jelema margi ari anu sok masihan teh eta jelema jeung jelema anu sok pajonghok. Jeung ari jelema mah sok silih pasihan soteh eta kasipatan kueweuh atawa sok kasipatan kuloba kakurang. Jadi nyontokeun Dzat Alloh sok masihan ana kitu mah nuding ka Dzat Alloh tineung kanu hideung, ponteng kanu koneng margi masihannana teh hanteu sarua nyaeta diwilah-wilah. Jeung lamun nyita-nyita Alloh Sok maparin nuding ka Alloh sulaya jangji geus maparinan sok dipundut deui atawa sok dihilian deui saperti maparin huntu pangpadeurina dipundut huntu pangheulana
padahal Alloh Ta’ala mah Anjeuna ngadawuh dina Al qur’an surat Ar Raad ayat 31
.…
Innalloha layukholiful mi’ada
“Saenyana Alloh eta moal Sulaya jangji”
Jeung lamun Alloh maparinan ka urang diri katut rejeki eta moal diwajibkeun ibadah, taat kana parentahan undang-undang Anjeuna. Jeung lamun Alloh geus maparin mah tangtu moal diparioskeun deui dina poe kiyamah (akherat), seperti Anjeuna ngadawuh dina surat Attakasur ayat 8 :
Summa latus’alunna yaumaidin anil na’im“Terus nyata diparioskeun dina poe akherat tina hal kanikmatan”.
Jeung lamun Dzat Alloh maparinan atuh lamun urang geuring tangtu moal dihilian ku cageur, lamun ruksak moal dihilian ku wteuh da puguh geus dipaparinkeun padahal nyatana mah Dzat Alloh teh lain nitipkeun jeung lain anu maparinan kaurang tapi saenyana mah kabeh oge diri manusa katut rejeki eta kagunganana sakumaha Anjeuna geus ngadawuhkeun dina keterangannana
Kulla amliku finafsihi naf’an walanadaron illa masya Alloh” “Caritakeun ku Anjeun Muhammad yen hanteu ngamilik kana diri dina manfaatna jeung hanteu ngamilik madoratna anging sakabeh perkara oge anu geus dikersakeun ku Dzat Alloh Ta’ala”
Deui pituduh dina ketranganana
Layamliku linafsihi dorow walanafa awwalam maotan walanusuro.
“hanteu ngamilik mangfaatna jeung hanteu ngamilik kana hirupna jeung kana paehna jeung kana gelarna.”
Jadi numutkeun ieu katerangan estu sagala-gala teh kagungan Anjeuna wungkul. Kumargi kitu atuh hanteu aya pamaparin hiji perkara oge. Aya jenengan dina al Qur’an Al muti lamun dianggo nyambut ka Anjeuna, Ya Muti : “hey Dzat anu maparinkeun” ari tegesna nu maparinkeun mah eta beda deui jeung kecap nu maparinan ari hartina nu maparinkeun mah nyaeta anu ngersakeun ku Dzat Alloh Ta’ala.
Ieu dihandap nerangkeun sakadar conto pikeun sundana jenengan-jenengan Anjeuna supaya dina nyundaanana ulah matak jadi musyrik nyaeta saperti :
Ya kholiku : “Hey Dzat anu ngajadikeun, (Hey Dzat anu kagungan jajadian)
Ya Rojaku : “Hey Dzat anu ngarizkian, (Hey Dzat anu kagungan rizki)
Ya Wajidu : “Hey Dzat anu ngayakeun, (Hey Dzat anu kagungan sifat Aya)
Ya Muhyi : “ Hey Dzat anu ngahirupkeun, (Hey Dzat anu kagungan hitup)
Ya Mumitu : “Hey Dzat anu maehkeun , (Hey Dzat anu kagungan anu paeh)
Ya Hayyu : “ Hey Dzat anu ngahirupkeun, (Hey Dzat anu kagungan hirup)
Ya Koyumu : “Hey Dzat anu ngadegkeun, (Hey Dzat anu kagungan ngadeg)
Tah aya sundana teh ulah ditambahan ku kecap numasihan tambahna teh kudu kecap anu kagungan atawa anu ngersakeun. 11. Lamun ngalakonan ibadah ngaitikodkeun kasangakeun ka Alloh Ta’ala.
Eta lamun kitu jadi ngamisilkeun ka Dzat Alloh teh saperti ka sasama papada jelema sarta siga pisan urang teh aya kaboga atawa aya kabisa sorangan padahal kabeh oge kagungan Anjeuna jeung pitulung Alloh Ta’ala. Sakumaha parantos didawuhkeun dina surat Al an’am ayat 162 :
Kul inna sholati wanusuki wamahyaya wa mamati lillahirobil ‘alamina
“Caritakeun ku Anjeun Muhammad :”Saenyana abdi sholat, jeung abdi ibadah, sareng abdi hirup jeung paehna estu kagungan Alloh anu mangurus sakebeh Alam.
Lamun ngaitikodkeun ari diri katut rezeki pamaparin ti Alloh ari ibadah kasanggakeun ka Alloh Tah eta jadi nganggap ka Alloh teh sasama saperti ka papada manusa lantaran anu sok silih haturanan silih kiriman teh sifat jalma jeung jalma anu sok timbang tarima. Karana ari jelema mah sok kasifatan ku leuwih atawa ku kurang, sok kasipatan ku untung ku rugi, ku aya ku euweuh.
Barang ari Dzat Alloh Ta’ala mah moal kasipatan ku untung lamun dibaktian, jeung moal kasipatan ku senang lamun dikawulaan jeung moal kasipatan kuripuh lamun hanteu dikawulaan sarta ulah dicontokeun misil jelema nyaeta sok senang lamun dikawulaan. Ari saenyana kumawula (Ibadah) ka Dzat Alloh Ta’ala mah angin taat kana parentahan undang-undangna bae, sakumaha parantos didawuhkeun dina surat Al An’am ayat 163 :
Lasarikalahu wabidalika umirtu wa anna awalul muslimin “Hanteu ngasamaan ka Dzat Alloh kumargi kitu ibadah teh di parentah karana ibadah langkung tipayun ngaku anu pada sumerah (ngaku manganut) kana agama islam”.
Ari ibadah (kumawula) eta lain ngabantuan atawa ngahaturanan ka Dzat Alloh Ta’ala, sakumaha parantos didawuhkeun dina surat Lukman ayat 12 :
Waman yasku fainama yaskuru linafsihi waman kafara fainnalloha qoniyun hamid
“Jeung sing saha anu sok syukuran keur kana awakna manehna jeung sing saha anu ingkar tina toat syukuran mangka saenyana Dzat Alloh eta anu kagungan sifat sugih tur anu kagungan sifat puji.”
Kumargi kitu jadi amal ibadah lain ngahaturanan ka sanggakeun ka Alloh Ta’ala tapi seja turut kana parentahan undang-undangna wungkul sarta sumerah estu kagungan Anjeuna bae dibisakeunana ibadah oge estu pitulung Alloh Ta’ala.
12. Lamun nyata-nyata atawa nyangka yen Dzat Alloh sok bendu, lamun hanteu dikawulaan. Eta ana kitu mah Dzat Alloh teh ngamisilkeun siga mahluk atawa siga jalma ogoan. Barang eling ka Anjeuna eta diparentah, karana didawuhkeun dina surat Al Muzzamil ayat 8 :
Wadkurisyma robbaka wa tabatal ilaehi tabtiylan
“Jeung kudu eling ka Anjeuna teh anu kacida tamplokna”
Deui didawuhkeun dina surat ayat 23 :
Wakurisma robbika bukrotawa wa asilan
“Jeung kudu eling ka jenengan pangeran Anjeun Muhammad berang jeung peuting”.
Jeung didawuhkeun dina surat Al A’la ayat 14-15
“ nyata leuwih bagja jalma anu bebersih tina dosana, jeung eling kana jenengan Dzat Pangeran sarta sok ngalakonan sholat.”
Numutkeun ieu katerangan mah jadi eling kana jenengan Dzat pangeran anu kagungan sakabeh mahluk, tah eta nurutkeun kana parentah wungkul, saperti maca asmaul husna, Ismuladom, tauzd, Al Bassmallah, maca kalimah toyibah, tasbeh, tahjid, tahlil, takbir, takdis, istiqfar jeung saterusna. Kumargi kitu atuh poma Dzat Alloh teh ulah dimisilkeun siga jelema gumede jadi pangkat sok bendu lamun hanteu dikawulaan.
13. lamun ngaitikodkeun yen Dzat Alloh leuwih deukeut ka manusa tibatan urat beuheung” eta ana kitu Dzat Aloh teh dicontokeun misil roh sakumaha anu didawuhkeun dina surat Qaaf ayat 16
Wanahnu akrobu ilaehi min habli warid
“Jeung urang sarerea leuwih deukuet ka manusa tibatan urat beuheung”.
Aya anu ngadawuh “urang sarerea” teh moal nyalira tangtu kana seuerna marga lamun nyalira mah tangtu ngadawuh nyebut kami. Ari saenyana anu ngadawuh “urang sarerea” teh nyaeta
asmaul husna nyaeta jenengan-jenengan anu aralus saperti : Arrohmanu, Arrohimu, Al jabbar, Assalamu, Al latifu, Al Alimu, Al kodiru, jeung sajabana ti eta.
Nyatakeun jenengan anu mana bae anu cumantel dipika ingeut atawa di pieling anu diaos dianggo riyadoh nyaeta dipelakeun dipuhit anu matuh, ari hikmahna jadi akrab yaeta leuwih deukeut atawa leuwih deuheus ceuk jawana mah leuwih pareh kana eta jenengan-jenengan ana dipuhit tea lamun geus akrab jeung jenengan Dzat Mutlak nu mana bae tangtu ka acikan karamat barokah kaagunganana jenengan-jenengan anu diaos tea. Barang ari Dzat anu kagungan jenengan mah (Dzat Alloh Ta’ala) hanteu kasipatan ku deukeut, ku jauh margi ari anu kasipatan kudeukeut jeung jauh mah eta mahluk.
Ari jenengan teh eta oge mahluk ngan mahlukna mahluk kodim tegesna nu dijadikeun pangheulana. Jadi lamun nyontokeun yen Dzat Alloh leuwih deukeut tibatan urat nadi anu nganteng tina beuheungna eta tumiba musyrik. Margi Dzat Alloh Ta’ala dimisilkeun siga mahluk nyaeta dicontokeun misil jenengan-jenenganana atawa dimisilkeun saperti roh (nyawa).
14. Lamun nyontokeun yen nu bisa ngaijabah teh si itu atawa nyebutkeun hanteu ditulungan ku si itu atawa nyebutkeun hanteu di tulungan ku kuring.
Eta ana kitu jadi jelema atawa diri sorangan / manehna nyasamaan ka Dzat Alloh Ta’ala, karana ari mahluk mah didawuhkeun dina keterangan
Yadullohi faoko Aedihiem
“Kudrat Irodatna Alloh ngaubah kana usaha maraneh kabeh.”
Padahal ari manusa mah ngan sakadar ihtiar dumeh diayakeun akal jeung faham. Karana numutkeun anu didawuhkeun dina surat Al Kahfi ayat 84-85
Min kuli syain sababan faatba’a sababan
“Tina saban-saban perkara eta aya marga lantaranana mangka kudu tumut kata metakeun marga lantaranana.”
Deui didawuhkeun dina surat Ar Rad ayat 11
Innalloha layuqoyiru ma bikoumi hatta yuqoyiruma bianfusihim
“Saenyana Alloh moal ngarobah kana naon-naon perkara hiji kaomna sahingga sok ngarobah kana sakabeh perkara teh ku awak maranehanana.”
Dina surat Yasin ayat 54 :
Falyauma latudhlamu nafsun syaean wala tujzauna illa ma kuntum ta’malun
“Mangka dina poe anu baris kasorang moal aya hiji baris nganiaya kana awak saperkara oge jeung moal aya nu baris ngaganjar anging sakumaha kaayaan maranehanana sakumaha anu sok diparigawe bae.”
Numutkeun ieu katerangan, jadi urang kudu ihtiar pikeun turut marga lantaran. Ari diri kagungan Dzat Alloh Ta’ala anu diayaan ilmu jeung akal, atuh jadi moal putus pangharepan tapi dina hakekatna enggoning ihtiar teh kudu turut atawa tumarima, yen dibisakeunanan ihtiar jeung dina hasilna atawa hanteu hasilna anging ku kersana pitulung Alloh Ta’ala, karana didawuhkeun dina surat Al Baqarah ayat 255 :
255. Allah, tidak ada Tuhan (yang berhak disembah) melainkan Dia yang hidup kekal lagi terus menerus mengurus (makhluk-Nya); tidak mengantuk dan tidak tidur. Kepunyaan-Nya apa yang di langit dan di bumi. tiada yang dapat memberi syafa'at di sisi Allah tanpa izin-Nya? Allah mengetahui apa-apa yang di hadapan mereka dan di belakang mereka, dan mereka tidak mengetahui apa-apa dari ilmu Allah melainkan apa yang dikehendaki-Nya. Kursi[161] Allah meliputi langit dan bumi. dan Allah tidak merasa berat memelihara keduanya, dan Allah Maha Tinggi lagi Maha besar.
“Hanteu aya nu boga nu sok bisa nulungan anging bisana nulungan teh ku idin ayeuna bae.”
Deui ceuk Kateranganana dina
Masya Allohu kanawama lamyasa lamyakun
“sakabeh perkara anu dikersakeunnana ku Alloh eta jadi jeung sakabeh perkaran anu hanteu dikersakeun mah eta hanteu jadi.”
Jadi anu kagungan ijabah (pelaksanaan) mah anging Dzat Alloh Ta’ala. Karana jenengan Anjeuna anu kaunggel dina Alqur’an Al
Mujibu lamun dianggo nyambut Ya Mujibu “Hey Dzat anu Kagungan Pelaksana atawa “Hey Dzat anu ngalaksanakeun”
Ari nyatana mahluk mah Lahaola walakuwata illa billahi hartina hanteu gaduh daya upaya sareng hanteu gaduh kakuatan
anging dayana kakuatan eta kagungan Alloh Ta’ala. Jadi hakekatna
dina ngajalankeun ihtiar eta bikudratilloh – Biidnilloh sakuma geus didawuhkeun dina Keterangan
Kullan yusiban illa makataballohu Lana
“Caritakeun ku Anjeun Muhammad taya lian nasib abdi sadaya teh anging naon anu geus ditetepkeun ku Alloh ka abdi sadaya.
Deui didawuhkeun dina surat Insaan ayat 30
Wama tasauna illa anyasa’allohu
“Jeung Hanteu aya anu baroga karep anging anu dikersakeun ku Alloh Ta’ala.”
Ari Itikodna nurutkeun ieu katerangan mah ngarana Torekat Jabbariyah anu hikmahna supaya ulah musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala. Jadi lamun hasil tina ihtiar teh moal ujub ria jeung takabur rasa bisa sorangan tangtu baris syukuran ka Dzat Alloh Ta’ala Jeung Lamun dina Ihtiarna teh hanteu hasil tangtu jadi Sabar, jadi bisa baresih tina aral jeung subaha, rumasa sarta hanteu gaduh naon-naon bari ngimankeun.
Wabilkodri hoerihi wasarrihi minallohi ta’ala
“Jeung hasilna jadi percaya kana papasten goreng jeung hade tea kodratna Alloh Ta’ala”
Eta torekat pikeun gunakeun dohir jeung bathin, karana ari lapad Al qodariyah jeung Jabarru teh eta sami-sami jenengan Dzat Anu mutlak anu ngajadikeun sakabeh mahluk.
15. lamun ngakukeun yen agama islam teh agama urang atawa agama kuring atawa agama urang arab.
Eta lamun kitu jadi jelema teh disamikeun jeung Dzat Alloh margi siga pisan agama islam teh beunang ngatur atawa beunang ngarancana manusa, jeung lamun agama islam teh agama arab atuh waktu kangjeng rosul ngebrehkeun agama islam teh tangtu urang arab moal ngewa ka kangjeng rasul.
Malah kangjeng Rosul oge uningana kana agama islam teh saparantos diturunkeun wahyu ku Alloh Ta’ala. Barang ari agama islam mah geus didawuhkeun dina surat Al Imran Ayat 19
Innaldina ‘indallohil islam
“Saenyana agama kagungan Alloh teh nyaeta agama islam”
Jeung geus didawuhkeun dina surat An Nashr ayat 2
Waroaetan nasayad khuluna fidiynillohi afwajang
“Jeung tangtu nenjo Anjeun Muhammad ka manusa-manusa baris pada arasup agama islam anu pohara abrul-abrulanana.
Numutkeun ieu katerangan mah jadi yakin yen agama islam teh lain boga manusa tapi agama kagungan Dzat Alloh Ta’ala ari manusa jeung jin anu iman mah ngan manganut wungkul kana agama islam teh, kumargi kitu lamun ngaku ngabogaan agama teh eta hukum musyrik lantaran ngasamaan ka Dzat Alloh Ta’ala.
16. Lamun nyontokeun elmu si et amah elmu syetan
Eta lamun kitu jadi syetan teh di sasamakeun jeung Alloh Ta’ala padahal boro-boro setan boga agama atawa elmu, manusa oge anu dimulyakeun ku Alloh Ta’ala hanteu ngabogaan elmu karana geus di dawuhkeun dina surat Al Mulk ayat 26
Qul innamal ‘ilmu ‘indallohi wa innama nadiyrun mubin
“Caritakeun kuAnjeun Muhammad Saenyana sakabeh perkara elmu eta kagungan Alloh jeung Saenyana perkara kaula mah anu ngelingan bae anu nyata.”
Kumargi sakabeh elmu kagungan Alloh Ta’ala jadi anu nyebutkeun ilmu setan teh eta hukumna musyrik margi setan disasamakeun jeung Dzat Alloh Ta’ala.
17. Lamun nyontokeun urang mah boga Alloh si itu mah atawa golongan itu mah hanteu ngabogaan Alloh.
Eta lamun kitu jadi Dzat Alloh teh dimisilkeun barang benda atawa dimisilkeun ingon-ingon margi Alloh anu dibogaan ku jelema, barang dawuhanana dina surat Ar Rum ayat 26
Walahu man fissamawati wal ardi kullulohu qonituna
“Ari kagungan Alloh teh sing saha bae anu aya disakabeh langit jeung bumi eta oge kabeh kagungan bae pada sumujud.”
Jadi yakin lain urang anu ngabogaan Alloh, cenah eta disebutkeun hanteu ngabogaan Alloh soteh dumeh ingkar tina iman jeung islam. Eta oge geus didawuhkeun dina al Qur’an surat Ataghaabun ayat 2
Huwalladi kholaqokum faminkum kafirun waminkum mumin “Alloh eta anu geus ngajadikeun maraneh kabeh mangka tisawarehna maraneh anu ingkar tina iman jeung islam jeung tisawarehna maraneh anu iman.”
Jeung deui didawuhkeun dina surat An Nahl ayat 93 :
Walau sya’allohu laja’alakum ummatan wa hidatan walakin yudilu min yasau wayahdi man yasyau
“Sanajan Alloh geus ngersakeun nyata geus ngajadikeun maraneh kabeh umat anu sagolongan tapi bae anu baris sasar sing saha bae anu di kersakeunana jeung anu baris meunang pitulung (pituduh) sing saha bae anu dikersakeunana.”
Jadi anu matak numutkeun katerangan mah anu pada ingkar jeung anu pada iman teh eta kabeh dua golonganana kagungan Dzat Alloh Ta’ala.”
18. Lamun Nyontokeun dimana bae urang aya didinya Dzat Alloh aya.
Eta lamun kitu ka Dzat Alloh teh dicontokeun misil hawa anu kuurang diango ngambekan, nganggap ka Dzat Alloh Ta’ala teh kana hawa.
Padahal ari hawa eta lain Dzat Alloh Ta’ala tapi mahluk, ari nyatana anu ngabarengan ka urang mah anu dimana bae urang ayana nyaeta elmuna, kodratna jeung Rohmatna saperti anu didawuhkeun dina surat Al hadid ayat 4 :
Ya’lamuma yaliju fi ardi wama yakhruju minha wama yangjilu minassama’I wama ya’ruju fiha wahuwa ma’akum aenama kuntum wallohu bima ta’maluna basyirun
“Bari Alloh eta anu uninga kana naon anu asup ka jero bumi jeung kana naon-naon anu kaluar ti jero bumi jeung kana naon-naon anu turun ti langit jeung kana naon-naon anu naek ka langit jeung ari ka uningana Alloh Ta’ala Ngabarengan ka maraneh kabeh dimana bae ayana maraneh.”
Tah ieu mah nganyatakeun anu ngabarengan teh kauninga Alloh jeung elmu Alloh Margina lapad Huwa tea domir kana lapad
Yalamu, contona saperti urang ngagawean hiji perkara anu acan
ngarti sarta hanteu aya gunana, tapi kalah kutemen wekel mah tangtu kana bisana tah eta nyatana dibarengan, sakumaha
Inna Rohmatallohi koribun minal muslimn
“Saenyana Rohmatna Alloh Ta’ala deukeut tina sawarehna anu ngajalankeun kahadean.”
19. Lamun ngalakonan ibadah aya padangan saluyu jeung hawa nafsuna
Eta lain toat karana parentahanana undang-undang Alloh Ta’ala tapi Alloh Ta’ala teh dianggap hawa nafsu bae sabab ibadahna teh ngawula kana hawa nafsu. Barang ari hawa nafsu eta mahluk, jadi anu ibadahna milihan anu cocog jeung hawa nafsu eta hukumna musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala nyaeta saperti anu parantos didawuhkeun dina surat Al Jaatsiyah ayat 23 :
Afaro aeta manitakhoda ilahahu huwahu
“Naha hanteu nenjo Anjeun Muhammad jalma-jalma anu nganggap pangeran kan nafsu”
Jadi ana kitu mah anu nganggap Dzat Alloh Ta’ala kana hawa nafsu teh tumiba musyrik ka Dzat Alloh Ta’ala ;
20. Lamun anu ngalakonan ibadah agama islam nurutkeun piwuruk guruna anu hanteu make katerangan Alqur’an.
Eta ana kitu mah jadi rukun imana teh sanes wakutubihi tapi waguruhi, mangka geus didawuhkeun dina surat Al Kahfi ayat 110
Qul innama ana yasarun misylukum yuuha ilaya annama ilahukum ilahun wa hidun faman kana yarju liqo’a robihi falyamal ‘amalan sholihan wala yusrik bi’ibadati robihi ahada’
“ caritakeun ku Anjeun Muhammad saenyana perkara kaula anu diwahyuan saenyana pangeran maraneh kabeh tepung jeung rohmat pangeran maraneh, mangka perkara migawe amal hade jeung poma ulah nyarupakeun dina ibadah kapangeran maneh ku hiji perkara oge”
Kumargi kitu mangka manganut agama islam teh kudu ngalakonan kumawula ka Alloh Ta’ala nurut piwuruk guru anu make katerangan Al Qur’an