Waid qola luqmanu ibnihi wahuwa yaidhuhu labunan latusyrik billahi inna syirka ladhulmun ‘adhim
“jeung tatkala ngadawuh syeh lukman putrana jeung Ajeuna teh sok ngomatar ka putrana :”Hey putra, poma ulah nyasamakeun ka Dzat Alloh saenyana anu musyrik ka Anjeuna teh yakni nganiaya ka dirina anu kacida gedena.”
Kumargi kitu boh itikod, boh pangucap, boh panggawe ka Dzat Alloh mah kudu dipaham bilih musyrik ka Anjeuna karana ceuk keterangan
Fafhamu Ya ayyuhal akilun
“mangka kudu diparahamkeun ku maraneh kabeh : Hey inget sasakabeh jalma anu Ariman mangka kudu ngalarti tur anu pada diayaan akal karana geus di dawuhkeun
dina surat Az zhukhruf ayat 3 :
Inna ha’alnahu qur’ana ‘arbiyal la’alakum ta’qilun
“Saenyana kami nurunkeun kitab-kitab ku bacaan bahasa arab supaya maraneh pada daraek ngakalan (nu baris ngahartikeun)
ASMA HUSNA
Ayeuna nerangkeun jenengannana Dzat Mutlak anu geus ngajadikeun sakabeh mahluk anu disebut lapad Jalalah nyaeta Alloh.
Ari Alloh eta alam, karana ceuk keterangannana.
Alohu alamun alal mabud bihakki.
“Ari Alloh eta hiji alam kana Dzat anu wajib diibadahkeun kusabenerna.”
Kumargi Alloh eta hiji alam tegesna hiji ciri atawa hiji alamat atawa hiji address. Jadi Alloh eta hiji jenengan, ari eta jenengan mahluk keneh ngan jenengan Dzat Mutlak anu kagungan sakabeh mahluk mah eta mahluk kodim tegesna anu dijadikeun pangheulakeun.
Saperti urang mimiti solat maca takbiratul ihram nyaeta maca ALlohu Akbar anu sundana Alloh anu kagungan Agung atawa Alloh anu ngersakeun agung. Atawa Alloh anu ageing hampura.
Eta kalimah teh hiji ciri (hiji alam) karana anu kagungan cirri mah nyaeta didawuhkeun dina surat Al an’am ayat 79 :
Inni wajahtu wahiya lilladi fathoras samawati wal ardo hanifan wama anna minal musrikin.
“Sayaktosna abdi madep kana undang-undang Dzat anu ngajadikeun sakabeh langit jeung bumi abdi sumerah pisan sareng abdi sanes nyasamaan ku ieu pituduh”.
Jadi yakin yen anu kagungan alam mah Allohu Akbar nyaeta Dzat anu ngajadikeun sakabeh alam langit jeung bumi tegesna mah nyaeta Dzat anu ngajadikeun sakabeh alam atawa anu kagungan sakabeh mahluk.
Barang ari Alloh mah aya mimitina tegesna aya asal usulna nyaeta ari asalna Alloh eta Lahun sanggeus ditambah alif jadi Ilahun, terus di laan tanwinna sarta ditambah ku alif jeung lam nyaeta di panjingan ku atangrip ngaran taphim cara kamaripatan jadina Al Ilahun, terus di Idgomkeun nyaeta hurup lam anu tiheula di tasjidkeun kana hurup lam anu pandeuri jadi Alloh, tah kitu eta teh mimitina atawa asal usulna jeung ari Alloh eta aya sasamana tegesna aya bangsana saperti anu geus didawuhkeun dina surat Tahaa ayat 8
Allohu la ilaha illa huwa lahu asmaul husna
“Ari Dzat Alloh eta hanteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan ku sabenerna anging Dzat Anjeuna bae tur anu kagungan Anjeuna teh pirang-pirang jenengan anu aralus.”
Barang seueurna eta jenengan nyaeta sasamana Alloh tea ka unggel tina kitab istirobadi
Innaddatallohi Ta’ala Arba’atun ala pismin
“saenyana Dzat Alloh Ta’ala eta aya opat rebu jenengannana.”
Barang eta kabeh jenengan-jenengan teh lain meunang ngajenengkeun mahluk tapi estu kengin ngajenengkeun Anjeuna bae, sarta eta kabeh jenengan aralus kabeh pada Jalajalahu tegesna sami pada maha luhur kabeh pada agung kabeh hanteu aya anu hina hanteu aya aya bedana ngan pada beda lapadna wungkul karana ceuk katerangan :
Abtadiul Imla abismidatil aliyah
Ngan aya jenengan anu pangmashurna anu kaunggel dina AL Qur’an sarta anu lazim disebut eling kana eta jenengan nyaeta jenenganana numutkeun katerangan :
Wallohul asmaul husna wa asharuna lapadlul Jalalah wa huwallohu
“jeung kagungannana teh pirang-pirang jenengan anu aralus jeung ari anu pangmashurna eta jenengan lapad jalalah nyaeta Alloh.”.
Barang ari Alloh eta ceuk keterangannana :
Allohu IsmunkliDzatil wajibil wujud
“ari Alloh eta hiji jenengan kana Dzat anu wajib ayana eta jenengan”
Barang ari eta jenengan kabeh diterangkeun dina kitab Istirobadi nyaeta :
- Di sawarga aya 1000 jenengan - Di Naraka aya 1000 jenengan - Di Langit aya 1000 jenengan
- Di Alam Dunya aya 1000 jenengan Jumlahna kabeh aya 4000 jenengan
Ari anu sarebu jenengan anu aya di alam dunya nyaeta di daratan aya opat ratus (400) jenengan jeung dilautan aya genep ratus (600) jenengan. Ari sakabeh jenengan anu di alam dunya kaunggel dina :
- kitab jabur aya 300 jenengan - kitab Taurat aya 300 jenengan - kitab Injil aya 300 jenengan
- kitab Al Qur’an aya 100 jenengan
Jadi jumlah saeusining eta jenengan kabeh digundukeun diserat dina kitab Hirjijaosah aya sarebu punjul hiji jenengan, lamun hanteu aya jenengan Anjeun sakabeh perkara anu aya dibumi.
Jeung moal madorot atawa ruksak sakabeh perkara anu aya dilangit jeung dibumi. Ari Dzat Anjeuna teh anu kagungan sifat ngadangu tur anu kagungan sifat uninga. Barang anu jadi tawis dina Al Qur’an aya saratus punjul hiji jenengan nyaeta di deui digundukeun nu diserat disebut du’a Asmaul Husna. Aya oge anu nyebut Hijib Alamdaruna. Nya ieu lapad :
Bismillahirrohmanirrohimi1. Allohuma inni As aluka Ya Jabbaru, Ya Hakimu, Ya koharu, ya Wadudu, Ya Salamu taparodat pijubbarutika bihikmatika ya koharu takoda sat aniddana ati wal amsali ya wadudu ya mu’ta ali laillaha illa anta ya allohu ya rohmanu ya rohimu.
2. Ya maliku. Yakudusu, ya salamu, yamuminu, Ya muhaeminu, ya ajiju, ya jabbaru.
3. Ya mutakabbiru, ya kholiku, ya bari’u. ya musowiru, ya goparu, ya koharu, ya wahabu, ya rojjaku ya pattahu ya alimu. 4. Ya kobidu, ya basitu, ya hofidu, Ya Rofi’u, Ya Muiju, Ya Mudillu, Ya Samiu, Ya Basiru.
5. Ya Hakamu, Ya Adlu, Ya latifu, Ya Kobiru, Ya Halimu, Ya Adimu, Ya Gofaru, Ya Sakuru.
6. Ya Aliyyu, Ya Kabiru, Ya Hafidu, Ya Mukitu, Ya Hasibu, Ya Jaulu, Ya Karimu, Ya Mujibu, Ya Musiu, Ya Hakimu.
7. Ya Wadudu, Ya Majidu, Ya Baisu, Ya Sahidu, Ya Haqqu, Ya Wakilu, Yakowiyyu Ya Matinu.
8. Ya Waliyu, Ya Hamidu, Ya Muhsi, Ya Mubdiu, Ya Muhyi, Ya Mumitu, Ya Hayu, Ya Koyyumu.
9. Ya Wajidu, Ya Majidu, Ya Wahidu, Ya Ahadu, Ya Somadu, Ya Kodiru, Ya Muktadiru, Ya Mukoddimu, Ya Muahiru, Ya Awwalu, Ya Ahiru, Ya Dohiru, Ya Batinu, Ya Waliyyu, Ya Muta Ali.
10. Ya Barru, Ya Tawwabu, Ya Munimu, Ya Muntakimu, Ya Aduwwu, Ya Roudu, Ya Malikul Mulki, Ya Dzal Jalali Wal Ikrom.
11. Ya Muksitu, Ya Jamiu, Ya Goniyyu, Ya Mugni, Ya Muti, Ya Maniu, Ya Doru, Ya napiu, Ya nuru.
12. Ya Hadi, Ya Badiu, Ya Bakki, Ya Wakisu, Ya Rosidu, Ya Soburu.
13. As Aluka, Bisamaikal, Husna Ma Alimtu, Minna wam lam alam antaspirli dunubi, watastar ujubi waksifli, kurubi ya jabbaru, ya koharu bijahinnabiyil muhtar as aluka bisamaikal adimi
antahfadna hafidun salamun bihakki balhuwa kuranun majidun filaohim mahfud walahaola walakuwata illa billahi aliyyil adim.