i DAFTAR EUSI
PANGJAJAP ………. i
DAFTAR EUSI ……….. iii
ABSTRAK ………... v
DAFTAR TABEL JEUNG POTO-POTO ……….. vi
DAFTAR LAMPIRAN ……… vii
BAB I BUBUKA ……… 1
1.1 Kasang Tukang ……….. 1
1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan ……….. 3
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ……….. 3
1.2.2 Rumusan Masalah ………. 4
1.3 Tujuan Panalungtikan ……… 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ……….. 5
1.5 Anggapan Dasar ………. 6
1.6 Définisi Operasional ………... 6
BAB II UPACARA ADAT NIKAH, STRUKTUR, JEUNG SEMIOTIK … 8 2.1 Upacara Adat …….……… 9
2.2 Upacara Adat Nikah ……….. 12
2.3 Struktur ………. 14
2.3.1 Harti Strukturalisme ……….. 14
2.3.2 Konsep-konsep Dasar Strukturalisme ……… 15
2.4 Semiotik ……… 24
2.4.1 Harti Semiotik ……… 24
ii
BAB III METODE PANALUNGTIKAN ……….. 29
3.1 Metode Panalungtikan ……… .. 30
3.2 Tehnik Panalungtikan jeung Ngolah Data ……….……… 31
3.2.1 Tehnik Panalungtikan ………. 31
3.2.2 Tehnik Ngolah Data ……… 31
3.3 Sumber Data ………... 31
3.3.1. Populasi ……….. ………. 35
3.3.2 Sampel ………. 36
BAB IV ULIKAN STRUKTUR JEUNG SEMIOTIK UPACARA ADAT NIKAH SUNDA ………. 37
4.1 Pedaran Upacara Adat Nikah Sunda ………. 37
4.2 Susunan Upacara Adat Nikah Sunda ……… 45
4.2.1 Saméméh Nikah………... 45
4.2.2 Prungna Nikah ……… 47
4.2.3 Sabada Nikah ……….. 48
4.3 Susunan Upacara Adat Nikah Sunda dina Buku …….………. 51
4.4 Susunan Upacara jeung Ma’na Adat Nikah di Masarakat Sunda ……….. 53
4.5 Ma’na Simbol-simbol dina Upacara Adat Nikah Sunda ……… 90
4.6 Kreasi dina Upacara Adat Nikah Sunda ………. 99
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ………. …… 104
5.2 Saran ………. .. 109
DAFTAR PUSTAKA ………. 110
LAMPIRAN-LAMPIRAN ………. 113
iii
DAFTAR TABEL JEUNG POTO-POTO
Tabel/Poto-poto Kaca
1. Tabel 1 Runtuyan Upacara Adat Nikah Sunda dina Buku 52
2. Tabel 2 Runtuyan Upacara Adat Nikah Sunda Masarakat Jawa Barat 55
3. Poto 1 Mapag pipanganténeun lalaki 48
4. Poto 2 Pangantén sungkem ka ibu rama kalih mertua 49
5. Poto 3 Upacara nyawér kiwari leuwih ngutamakeun sora jeung dedegan 50
6. Poto 4 Pangantén meuleum harupat 51
7. Poto 5 Seserahan Pipanganténeun lalaki sakalian jeung masrahkeun babawa 65 8. Poto 6 Upacara ngeuyeuk seureuh ti dua tempat anu béda 68 9. Poto 7 Palita sumbu 7 jeung sumbu 7 anu dijieun tina sumbu kompor 73 10.Poto 8 Mayang jambé jeung barang-barang séjénna dina ngeuyeuk seureuh 84 11.Poto 9 Mapag pipanganténeun lalaki 100
12.Poto 10 Conto maskawin dina akad nikah kiwari 100
13.Poto 11 Tina kokolot robah jadi léngsér 101
14.Poto 12 Panari jeung ponggawa anu mawa umbul-umbul atawa payun 102
[image:3.595.114.523.233.635.2]iv DAFTAR LAMPIRAN
Lampiran Kaca
1. Surat Keputusan Direktur Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan
Indonesia nomor: 0233/H40.7/PI/2011 tentang Pengangkatan Pembimbing
Penulisan Tesis Program Magister (S2) Sekolah Pascasarjana Universitas
Pendidikan Indonesia Angkatan Tahun 2009 ……… 112
2. Conto Pertanyaan Wawancara ka nara sumber ………. 114
3. Conto Hasil Wawancara ……… 115
4. Identitas Nara Sumber ……… 118
5. Conto Runtuyan Acara Upacara Adat Nikah Sunda ……….. 120
6. Conto Naskah Siraman ………... 124
7. Poto-poto Ngeuyeuk Seureuh ………. 129
8. Poto-poto Siraman ……….. 132
9. Poto-poto Akad Nikah ……… 136
10.Poto-poto Resepsi ……… 147
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Pangaruh pangwangunan nu teu bisa ditolak, nya éta ayana parobahan ajén-ajén
kahirupan di masarakat. Dina kaayaan saperti kitu, ajén budaya anyar tacan ngawujud,
sedengkeun di sisi séjén rupa-rupa unsur jeung ajén-ajén heubeul geus mimiti ngurangan
atawa laleungitan, balukarna masarakat jadi teu ajeg lantaran leungiteun ajén anu jadi
cecekelan sarta ageman dina nyorang tujuan hirupna.
Ku sabab kitu, saméméh kabudayaan nasional ngawujud tur ngarekahan, kudu aya
upaya pikeun ngawanohkeun jeung mekarkeun ajén-ajén kabudayaan daérah ka masarakat.
Salahsahiji kabudayaan daérah anu masih kénéh dimumulé jeung dilaksanakeun ku
masarakatna, nya éta upacara adat nikah Sunda. Lengkep henteuna éta upacara adat nikah
Sunda anu dilaksanakeun ku masarakat Sunda, dilantarankeun ku sababaraha hal, di
antarana kamampuh jalma nu mingpin éta upacara adat atawa kaayaan pangaboga jalma nu
ngayakeun éta upacara adat.
Hal séjénna nu mangaruhan lengkep henteuna upacara adat nikah Sunda, nya éta
kondisi lingkungan. Bakal béda lumangsungna hiji upacara adat antara di kota jeung di
désa-désa. Beuki deukeut ka kota beuki réa upacara adat nu laleungitan. Ieu hal téh bisa
jadi, upamana balukar tina sikep jeung kendorna pamingpin adat dina mageuhan tali
karuhun, lantaran ngindung ka waktu, mibapa ka jaman téa.
Sifat kabudayaan téh dinamis, kitu deui masarakatna baris nyaluyukeun jeung
kamekaran jaman. Rupa-rupa parobahan nu dilakukeun dina kabudayaan ku masarakat
jaman, sangkan bisa ngigelan jeung ngigelkeun pajamanan. Kitu deui dina upacara adat nikah
Sunda, sajaba ti nyaluyukeun jeung kamekaran panéka jaman ogé aya tarékah pikeun
mageuhan, ngamumulé jeung mekarkeun ajén-inajén warisan ti karuhun Sunda.
Ngipuk jeung mekarkeun kabudayaan nasional, kudu dimimitian ku ngayakeun
inventarisasi unsur-unsur budaya anu masih kénéh hirup sarta diparaké ku masarakatna.
Salahsahiji unsur budaya anu masih kénéh dipaké ku masasrakatna, nya éta upacara adat
nikah Sunda.
Upacara adat nikah Sunda miboga fungsi di antarana pikeun mageuhan norma-norma
jeung ajén budaya anu geus diparaké tur lumangsung turun-tumurun. Norma jeung
ajén-ajén budaya anu disodorkeun sacara simbolis dina wangun upacara adat nikah, dilaksanakeun
kalawan daria ku masarakat Sunda nu makéna, sarta dianggap hiji bagian gembleng (utuh) tur
komunikatif dina kahirupan kulturalna.
Upacara adat nu miboga simbol, minangka hiji cara pikeun ngaronjatkeun
lumangsungna sosialisasi. Ogé dina éta upacara adat téh, nyangkaruk ungkapan-ungkapan
émosional nu mangeuhan norma-norma jeung ajén-ajén di antara anggota masarakat.
Panalungtikan kalawan ngembleng anu nyawang tina unsur struktur jeung semiotikna
dina upacara adat nikah Sunda tacan aya anu ngalaksanakeun. Kakara mangrupa pedaran
ngeunaan runtuyan adat nikah Sunda, sarta ngan dijojoan harti jeung maksudna saliwatan baé
anu perluna wungkul pikeun kaperluan upacara nikah.
Dumasar kana hal éta, panalungtikan ajén-ajén nu nyangkaruk satukangeun runtuyan
upacara adat nikah Sunda, kaasup barang-barang nu digunakeun dina éta upacara, boh
disawang tina strukturna, boh disawang tina semiotikna dianggap perlu. Nu jadi
margalantaranana, yén sugri réngkak pari polah, nu ngawujud dina upacara adat nikah téh
ngandung harti, ma’na jeung tujuan. Pikeun mesek naon ma’nana, nya maké élmu semiotik
2001), jeung ku filsafat (palasipah, palsapah), nya éta élmu ngeunaan téori nu nalungtik dasar
pikiran manusa pangna boga kagiatan atawa polah saperti kitu. Pikeun urang Sunda mah, teu
anéh teu sing nu disebut semiotik téh, da kapan karuhun Sunda mah tos wanoh kana 5 S
(silib, sindir, simbul, siloka, jeung sasmita), éta téh perlambangan. Anu kudu disanghareupan
ku manusa nu surti, lantip, nastiti, wawuh kana semu, apal kana basa. Éta pisan nu hayang
jadi udagan dina ieu panalungtikan, cenah dina prakna nyabit-nyabit ngeunaan moral, filsafat,
atikan, jeung kapercayaan, ieu hal téh pikeun leuwih ngalengkepan kana pedaran ngeunaan
semiotik hususna, hasil panalungtikan dina umumna.
1.2. Idéntifikasi Masalah Panalungtikan
1.2.1. Idéntifikasi Masalah
Nikah téh ku urang Sunda mah dianggap hiji kajadian nu kacida sucina sarta luhungna
(sakral, religius). Dina mapagna atawa tataharna tug nepi ka lekasanana ogé kudu aya dina
situasi nu pinuh ku kasakralan, pinuh harepan jeung paneda sangkan nu nikah téh aya dina
lulus banglus, jauh balahi parek rejeki, aya dina karidoan Alloh Subhanahuwataala.
Pikeun ngawujudkeun angen-angen paneda dina nikah, nya diwujudkeun dina
tingkah laku budaya anu kongkrit (prak-prakan lahiriahna). Sok sanajan budaya mah
robah-robah numutkeun nu ngajamanana. Tapi ari enas-enasna mah (inti sarina) nu
mangrupa sistem ajén (niléy, valué) kudu ditaluntik deui. Disaring mana nu kudu dipiceun,
nu bisa dioméan. Malah béh dituna kudu bisa ngayakna, mana ajén budaya nu kudu
diwariskeun (transformasi ajén budaya) ka anak incu.
Upacara adat nikah Sunda téh nurutkeun kaayaanana bisa dibagi jadi tilu bagian:
1) Saméméh nikah (pramarital),
2) Prungna nikah (Ijab kabul),
1.2.2. Rumusan Masalah
Dumasar kana babagian di luhur tangtuna baris kapanggih aya sababaraha pasualan
nu patali jeung upacara adat nikah Sunda sakumaha dina kalimah pananya ieu di handap.
1. Kumaha runtuyan upacara adat nikah Sunda anu ngawengku saméméh nikah, prungna
nikah jeung sabada nikah sarta bagian mana baé nu salawasna kudu aya jeung bagian
mana anu bisa diganti atawa dileungitkeun?
2. Ajén-ajén naon nu nyangkaruk satukangeun upacara adat nikah Sunda jeung naha
enya réngkak paripolah, kaasup barang-barang dina upacara adat nikah Sunda téh
ngandung harti, ma’na jeung tujuan, anu miboga silib, sindir, simbul, siloka, jeung
sasmita?
1.3. Tujuan Panalungtikan
Tujuan ieu panalungtikan nya éta:
1. Ngadéskripsikeun runtuyan upacara adat nikah Sunda anu ngawengku saméméh
nikah, prungna nikah jeung sabada nikah sarta bagian mana nu salawasna kudu aya
jeung bagian mana anu bisa diganti atawa dileungitkeun.
2. Ngadéskripsikeun ajén-ajén nu nyangkaruk dina upacara adat nikah Sunda jeung
réngkak paripolah, kaasup barang-barang anu dipaké disawang tina harti, ma’na
jeung tujuan, dumasar silib, sindir, simbul, siloka, jeung sasmita.
3. Ieu panalungtikan ogé hayang ngaweuweugan buku-buku anu medar ngeunaan
upacara adat nikah Sunda anu geus aya jeung pedaran-pedaran atawa panaluntikan
1.4. Mangpaat Panalungtikan
Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré mangpaat boh akademis boh praktis, nya
éta:
1. Mangpaat tioritis, pikeun ngabeungharan jeung ngalengkepan widang paélmuan
ngeunaan upacara adat nikah Sunda.
2. Mangpaat praktis, sangkan bisa dijadikeun cecekelan ka balaréa dina ngayakeun
hajatan nikah, utamana dina prak-prakan upacara adat nikah Sunda kalawan saluyu
jeung ajén atikan moral, harti, ma’na jeung tujuanana.
1.5. Anggapan Dasar
Upacara adat nikah Sunda mangrupa hasil karancagéan budaya manusa Sunda,
dinamis turta teu luntur ku usum, teu suda ku jaman,tetep aya bari hirup diparaké ku sabagian
gedé urang Sunda.
Upacara adat nikah Sunda ngandung ajen atikan, moral, harti, ma’na jeung tujuan.
Sok sanajan ngalaman parobahan, tapi ari enas-enasna mah angger tetep dijaga.
1.6. Définisi Operasional
Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun
sacara operasional sakumaha ieu di handap.
1) Ulikan Struktur, nya eta panalungtikan anu patali jeung runtuyan (struktur) upacara adat
2) Ulikan Semiotik, nya éta cara ngukur masalah anu patali jeung ajén-inajen moral, filsafat,
atikan, jeung kapercayaan anu nyangkaruk dina upacara adat nikah Sunda ditilik tina
semiotikna, (harti, ma’na jeung tujuan)
3) Upacara, hartina: “rangkaian tindakan atau perbuatan yang terikat kepada
aturan-aturan tertentu menurut agama atau adat” (Kamus Besar Bahasa Indonesia, 2001).
Sedengkéun harti adat, nya éta “wujud gagasan kebudayaan yang terdiri atas nilai-nilai
budaya, hukum, norma dan aturan-aturan yang satu dengan lainnya berkaitan menjadi
suatu sistem” (Kamus Besar Bahasa Indonesia, 2001). Upacara adat téh hasil tina
kabudayaan manusa. Pangna gelar kabudayaan kadorong ku opat tanaga nu jadi fitrah
manusa, nya éta: cipta, rasa, karsa, jeung karya.
4) Nikah, nya éta hiji iketan nu suci jeung jangji nu pageuh minangka fitrah ogé katangtuan
sariah. Ku nikah bakal timbul rasa cinta, tresna, kanyaah, jeung katrentreman dina
nyanghareupan kahirupan laki rabi.
Dina pandangan hirup urang Sunda mah nikah téh éstu jodo ti Pangeran, sarta dianggap
hiji kajadian nu kacida sucina sarta luhungna (sakral, religius). Ku kituna, mapagna atawa
tataharna tug nepi ka lekasanana ogé kudu aya dina situasi nu pinuh ku kasakralan, pinuh
harepan jeung paneda sangkan nu nikah téh aya dina lulus banglus, jauh balahi parék
BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
Panalungtikan (research) mangrupa usaha sangkan faham kana fakta sacara rasional
émpiris nu dilaksanakeun ngaliwatan prosedur kagiatan nu tangtu, luyu jeung cara nu
ditangtukeun ku panalungtik. Dina kontéks panalungtikan istilah “fakta” miboga harti teu
sarua jeung kanyataan, tapi leuwih condong kana hiji hal tina kanyataan éxact, sarta éta hal
téh dumasar kana kasadaran, pangalaman, jeung pamahaman hiji jalma kana hal anu
dipikirkeunana.
Anu dipikirkeun ku hiji jalma tacan tangtu sacara konkrit bisa di tempo atawa
kapanggih dina kahirupan nyata nu sabenerna. Upamana sifat hiji jalma kagambarkeun dina
ucapan jeung paripolahna. Riwayat hirupna kagambarkeun dina hasil rekaman dokumen
tinulis atawa lisan anu sok disebut autobiografi atawa biografi. Dua istilah kasebut
mangrupakeun dokumén penting pikeun ulikan widang-widang sajarah, sosiologi, jeung
budaya.
Hakékatna panalungtikan kabudayaan mangrupakeun usaha sangkan paham kana
fakta jeung kaayaanana. Upamana dina nalungtik ideologimasarakat Sunda di
pangumbaraaan, geus tangtu barang anu disebut ideologitéh moal kapanggih dimana baé
ogé, lantaran fakta anu disebutideologi ayana diwakilan ku kanyataan anu béda-béda. Ku
sabab kitu, dina kontéks panalungtikan kabudayaan, They always think reflectively,
historically, and biographically (Denzin jeung Lincoln, dina Maryaéni, 2008: 2). Eta cutatan
téh mangrupa konsep, yén dina ulikan budaya panalungtik kudu ngalaksanakeun prosés mikir
sacara réfléktif. Lebah dieu miboga harti, yén pikeun ngagambarkeun fakta, panalungtik kudu
ngalaksanakeun sababaraha kali déskripsi dumasar kana kanyataan langsung anu bisa
Dumasar kana kompléksitas masalah anu digarap, dina metode panalungtikan
kualitatif kudu dilaksanakeun sababaraha tahapan sakumaha pedaran ieu di handap.
3.1. Metode Panalungtikan
Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan budaya anu
ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan nekenkeun kana
perkara struktur jeung semiotik dina upacara adat nikah Sunda. Ieu panalungtikan kaasup
kana studi kasus tunggal (embedded case study) ku sabab pasualan jeung fokus
panalungtikanana geus ditangtukeun saméméh panalungtik ancrub ka lapangan (Sutopo,
2002:112).
Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif.
Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), metode déskriptif mangrupa metode pikeun
ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh
jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan,
karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna.Nu
didéskripsikeun dina ieu panalungtikan, nya éta runtuyan jeung ma’na atawah harti
simbol-simbol anu nyampak dina upacara adat nikah Sunda kalawan objektif dina hiji
déskripsi situasi.
1.2. Téhnik Panalungtikan jeung Ngolah Data
Téhnik panalungtikan anu digunakeun nya éta observasi, dilaksanakeun sangkan
paham substantif boh ka individu, boh ka kelompok anu ngalaksanakeun upacara adat nikah
Sunda. Ari wawancara digunakeun pikeun meunangkeun data ngaliwatan wawancara
terstruktur jeung teu terstruktur ka nara sumber anu dianggap paham tur nyaho runtuyan
jeung ma’na upacara adat nikah Sunda. Sedengkeun talaah pustaka atawa analisis eusi
(content analysis) digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya patalina
jeung pasualan anu ditalungtik. Analisis dina upacara adat nikah Sunda dumasar pamarékan
struktur jeung, sémiotik, pikeun ditafsirkeun jeung dima’naan tina aspék atikan, moral,
filsafat, jeung kapercayaan.
1.2.2. Tehnik Ngolah Data
Data intertékstual jeung datasosio-kultural patali jeung budaya populér, dipaluruh tina
rupa-rupa tulisan anu mangrupa buku-buku atawa makalah ngeunaan upacara adat nikah
Sunda jeung informasi atawa warta dina média masa, boh citak, internét, boh éléktronik, anu
medal taun 2010 jeung 2011. Data anu kakumpulkeun diréduksi dumasar kana kritéria ayana
unsur kajadian-kajadian atawa pasualan-pasualan social budaya, boh anu sipatna pribadi,
kelompok masarakat nu tangtu, boh masarakat umum.
Dina waktu ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké nyaéta catetan jeung rékaman
prak-prakan upacara adat nikah Sunda. Catetan pikeun ngalengkepan hasil rékaman anu
dijadikeun sumber data. Sabada éta, unggal runtuyan prak-prakan upacara adat nikah Sunda
nu geus jadi sumber data panalungtikan, dibandingkeun jeung runtuyan upacara adat nikah
Sunda tina hasil telaah pustaka. Saterusna dicurahan ma’na, harti, jeung tujuan nu
nyangkaruk dina runtuyan upacara adat nikah Sunda kaasup barang-barang katut
simbul-simbul nu dipaké.
Linguistik jadi panitén poko dina ieu panalungtikan, sedengkéun aspék motif jeung
ajén-inajén anu lumaku. Prosédur analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis
interaktif, nyaéta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur kagiatan (réduksi data,
midangkeun data, katut nyindekkeun jeung vérifikasi) nu dilaksanakeun sacara babarengan,
sakumaha bagan ieu di handap.
Bagan 1: Téhnik Analisis Interaktif (Miles jeung Huberman, 1992:16)
Saméméh nganalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan
téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada diklasifikasikeun, data
diréduksi ngaliwatan prosés seléksi, museurkeun, ngabasajankeun, jeung abstraksi data kasar.
Data téh diseléksi ku jalan milah-milah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu
tangtu ditilik tina puseur pasualan panalungtikan. Sedengkéun midangkeun data
mangrupa hiji prosés nyusun (ngarakit) atawa ngaorganisasikeun informasi nu kapaluruh
patali jeung kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi.
Kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés
panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didadasaran ku kagiatan
ngaorganisasikeun informasi nu dicangking dina kagiatan analisis data. Sabada éta,
Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan, prosédur analisis data téh ngawengku
léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap.
1) Maca sakabéh data,
2) Ngarékap data upacara adat nikah Sunda,
3) Ngaidéntifikasi jeung nalaah karakteristik upacara adat nikah Sunda, anu patali jeung
perkara:
a. Ngaidéntifikasi jeung nalaah kasang tukang sosial budaya nu nyampak dina upacara
adat nikah Sunda, patali jeung aspék lokatif (lokasi kajadianana di wewengkon
pasantrén, masarakat biasa, atawa komunitas adat nu tangtu), aspék wengkuan jejer
(kajadian atawa pasualan téh sipatna tradisional atawa modéren), aspék eusi jejer
(kajadian atawa pasualan téh mangrupa jolna tina alam nyata atawa alam hayalan),
jeung aspék gender (karakteristik basana has di lingkungan awéwé, atawa lalaki),
b. Ngaidéntifikasi jeung nalaah wangun struktur upacara adat nikah Sunda,
c. Ngaidéntifikasi jeung nalaah upacara adat nikah Sunda, patali jeung atikan
kapercayaan, jeung moral,
d. Nalaah upacara adat nikah Sunda patali jeung unsur semiotikna sangkan meunang
gambaran perkara ma’na anu nyangkaruk di jerona, patali jeung ma’na silib, sindir,
simbul, siloka, jeung sasmita.
e. Nyusun kacindekan,
Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih nyoko kana udagan kalawan lengkép jeung
bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero, digunakeun triangulasi. Ieu tahap
dilaksanakeun ngaliwatan koréspondénsi jeung wawancara ka sababaraha
narasumber.
Luyu jeung rumusan sarta watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan baris museur
jeung unsur semiotik nu ngawengku silib, sindir, simbul, siloka, jeung sasmita.
Anujadisumber data primer dina ieu panalungtikan, nya étasakabéh data anu ngandung
unsur-unsur runtuyan (struktur) jeung unsur-unsur semiotik anu aya dina upacara adat nikah Sunda.
Format Tabel 1
Struktur Upacara Adat Nikah Sunda dina Buku/Masarakat
No Runtuyan UANS dina Buku
Bab Adat2 Oerang Priangan jeung Oerang Soenda Lian ti Éta (1913).
Upatjara Adat di Pasundan (1964)
Modana (1977)
1 2 3 4
Format Tabel 2
Barang/Pakakas Upacara Adat Nikah Sunda dina Buku/Masarakat
No Ngaran Barang/ Barang/Pakakas UANS di Masarakat
Pakakas dina Buku UANS 1 UANS 2 UANS 3 UANS 4
1 2 3 4 5 6
Katerangan:
UANS : Upacara Adat Nikah Sunda
UANS 1 : Upacara Adat Nikah Sunda Analisis kahiji
Hasil ulikan anu ngagunakeun Format Tabel 1 jeung 2 aya dina Bab IV
1.3. Sumber Data
3.3.1. Populasi
Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan gumantung kana runtuyan analisis
jeung runtuyan mikir anu geus ditangtukeun. Pikeun nohonan kabutuhan sakumaha anu
kaunggel dina runtuyan analisis jeung runtuyan mikir kasebut, diperlukeun data anu
mangrupa data tékstual, intertékstual, jeung sosio-kultural.
Data tékstual anu digunakeun mangrupa naskah upacara adat nikah Sunda anu dipilih
didadasarkeun kana ayana unsur ajén-inajén budaya. Kaitung réa pisan upacara adat nikah
Sunda téh boh anu mangrupa buku, boh rékaman upacara adat nikah Sunda anu
dilaksanakeun ku masarakat Sunda. Pikeun kaperluan ieu panalungtikan digunakeun
sababaraha upacara adat nikah Sunda nu lumangsung di Kota Bandung, Kota Cimahi
jeung Kabupaten Garut antara taun 2010 jeung taun 2011. Unggal runtuyan upacara adat
nikah Sunda nu dijadikeun sumber data, tacan tangtu ngawakilan sakabéh upacara adat
nikah Sunda anu aya di éta daérah. Sok sanajan kitu, mudah-mudahan katitén jeung
kapaluruh sasaruan atawa bédana runtuyan prak-prakan upacara adat nikah Sunda, ogé
ma’na anu nyangkaruk dina simbul-simbul anu digunakeun dina upacara adat nikah Sunda
3.3.2. Sampel
Patali jeung waktu, waragad, katut kasempetan meunangkeun sumber data, tangtuna
wewengkon, boh komunitas panalungtikan, ku kituna minangka sumber data
diwatesanan dina runtuyan jeung harti atawa ma’na nu nyangkaruk dina runtuyanana
katut barang-barang anu digunakeun dina upacara adat nikah Sunda ti kulawarga Bapa H.
Eka Santosa (Kota Bandung), Kulawarga Bapa H. Aa Sasmita (Kota Cimahi), jeung
1
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
1.1 Kacindekan
Hasil panalungtikan ngeunaan upacara adat nikah Sunda disawang tina
struktur jeung semiotikna, ngagambarkeun kamekaran budaya Sunda anu masih
dipiara jeung diparaké kénéh ku masarakatna. Sok sanajan dina upacara adat
nikah Sunda ngalaman parobahan jeung kamekaran diluyukeun jeung situasi
panéka jaman. Ari maksudna sangkan éta budaya téh teu luntur ku waktu, teu
léah ku jaman, tapi kudu ngigelan jeung ngigelkeun pajamanan.
Dumasar hasil ngolah data jeung analisis, bisa dicindekkeun:
1) Runtuyan upacara adat nikah Sunda kabagi kana tilu bagian, nya éta (a)
Saméméh nikah (pra marital), (b) Prungna nikah (Ijab kabul), (c) Sabada nikah
(post marital).
2) Dina saméméh nikah di antarana sok aya (a) Totoongan/téténjoan, (b) Neundeun
omong, (c) Nyeureuhan/nanyaan/tunangan, (d) Ngajadikeun, (e) Seserahan, (f)
Ngaos, (g) Ngaras, (h) Siraman/ngebakan, (i) Ngerik/neukteuk rambut, jeung (j)
Ngeuyeuk seureuh. Eta runtuyan dina saméméh nikah téh bisa kabéhanana
dilaksanakeun atawa sabagian baé, dipilih dumasar kana kabutuhan atawa
kamampuh` nu ngalaksanakeun hajat upacara adat nikah Sunda. Biasana mah anu
remen kapanggih jeung dilaksanakeun dina runtuyan saméméh nikah téh, nya éta
2
3) Runtuyan prungna nikah nya éta: (a) Mapag pipanganténeun lalaki, (b) Akad
nikah, anu ngawengku: ngaos ayat suci Al qur’an, hotbah nikah, ijab kabul, nanda
surat nikah, maca talik talak, masrahkeun mas kawin, jeung do’a. Hal anu poko
dina bagian prungna nikah, nya éta ayana pipanganténeun lalaki, wali, ijab kabul
jeung maskawain anu jaman kiwari mah sok dibayar kontan, sarta patugas KUA.
4) Runtuyan sabada nikah nya éta: (a) Sembah sungkem, (b) Mindahkeun ali,
(c) Piwejang ti sepuh atawa patugas KUA, (d) Nyawér, (e) Meuleum harupat, (f)
Nincak endog jeung élékan, (g) Buka pintu, (h) Huap Lingkung, (i) Ngeureut
kuéh pangantén, (j) Resepsi, (k) Numbas, jeung (l) Ngunduh mantu. Sarua jeung
dina saméméh nikah, runtuyan sabada nikah ogé bisa dilaksanakeun
sagemblengna atawa sabagian dumasar kabutuh jeung kamampuh anu boga hajat
dina ngayakeun upacara adat nikah Sunda. Ngan biasana mah sembah
sungkem jeung nyawér mah pasti aya sanajan hajatna leutik ogé.
5) Jadi anu nangtukeun runtuyan upacara adat nikah Sunda, utamana bagian saméméh
jeung sabada nikah lengkep henteuna gumantung ka nu boga hajat dina
ngalaksanakeunana, ari nu jadi lantaranana mah biasana masalah waktu jeung
waragad.
6) Ma’na anu jadi simbul dina upacara adat nikah Sunda gumantung kana kaayanana
baé. Bisa dipilih tina sajumlahna pancarakén nu disebut di luhur, atawa ditambahan
ku pancarakén sejénna gumantung kana kabutuhan jeung kondisi daérah
lumangsungna upacara adat nikah baé. Sakabéh simbul-simbul dipedarna téh
dumasar kana falsafah Sunda nu ngandung harti, ma’na jeung tujuan, anu miboga
3
7) Ma’na dina upacara adat saméméh nikah Sunda, nya éta (a) Totoongan/téténjoan,
hartina proses awal awéwé lalaki silih taksir, (b) Neundeun omong, hartina pihak
lalaki mapay kaayaan awéwé ka sepuhna, (c) Nyeureuhan/nanyaan/tunangan,
hartina pihak lalaki ngalamar mojang ka sepuhna, (d) Ngajadikeun, hartina sepuh
pihak lalaki jeung awéwé, badami sagala hal pikeun nangtukeun iraha-irahana
nikahkeun, (e) Seserahan, hartina sepuh pihak lalaki, ngajajapkeun putrana (calon
pangantén lalaki) ka sepuhna awéwé , (f) Ngaos, hartina maksudna neneda ka Alloh
SWT, mugi-mugi pernikahan téh aya dina kasalametan, (g) Ngaras, hartina tanda
bakti anu anak ka ibu ramana atawa “ mulangkeun cisusu”, husus putra lalaki ka
nu jadi ibuna, (h) Siraman/ngibakan, maksudna ngabersihan pangantén raga
sukmana, (i) Ngerik/neukteuk rambut, maksudna miceun halangan harungan,
kokotor batin, jeung (j) Ngeuyeuk seureuh, hartina méré gambaran atawa
mapatahan ka pipanganteneun dina urusan campur gaul lalaki jeung awéwé (séx
éducation), boh keur paduduaan, boh jeung kulawarga atawa masarakat
sabudeureun éngké pangantén tumetep hirup laki rabi
8) Ma’na anu nyangkaruk dina runtuyan prungna nikah nya éta (a) Mapag
pipanganténeun lalaki, hartina ngabagéakeun pipanganténeun lalaki ku
ngangkalungkeun manglé malati ngandung harti seja meungkeut calon mantu
ati sanubarina ku kanyaah jeung kadeudeuhti ibu rama pipanganténeun awéwé,
(b) Akad nikah silih cekelan leungeun dina ngalaksanakeun ijab kobul antara
pipanganténeun lalaki jeung rama pangantén awéwé, ngadung harti serén
sumérén tanggung jawab pipanganteneun awéwé ka nu jadi salakina kalawan
pinuh ku rasa percaya bisa ngajaga jeung nalingankeun dina kahirupan saterusna.
4
Dina waktu sasalaman sakapeung sok aya rama pangantén awéwé anu pageuh
tipepereket nyekel leungeun pangantén lalaki, ieu ogé ngandung harti banget ku
beurat dina masrahkeun anu jadi budak awéwéna bakat ku nyaah.
9) Ari ma’ana anu nyangkaruk dina runtuyan sabada nikah Sunda, nya éta:
(a) Sembah sungkem hartina pamajikan seja satuhu ka salaki nu bener-bener
jadina pamingpin kulawargana, (b) Mindahkeun ali, hartina geus robah anu
tadina ngan sakadar béné-beureuh kiwari geus jadi salaki pamajikan, (c) Piwejang
ti sepuh atawa patugas KUA, eusina mangrupa papatah atawa pituah pikeun
ngambah hirup laki rabi salaku salaki jeung pamajikan, (d) Nyawér tawis
kabingah, piwuruk ka pangantén awéwé lalaki secara simbolik, yén hirup kudu
daék méré mawéh ka sasama, (e) Meuleum harupat, hartina hirup kudu sumanget
(hurung), tapi ulah getas harupateun. Upama salaki ngaberung napsu, nya
pamajikan anu kudu nyéos napsu salakina, nu matak harupat nu hurung téh di
pareuman ku pamajikanna, (f) Nincak endog jeung élékan, hartina ngalambangkeun
yén pangantén awéwé jeung pangantén lalaki nu nikah téh tétéla masih kénéh
beresih. Ngawasuh sampéan salaki nembongkeun sang awéwé seja tumut ka salaki,
asal salaki leumpang dina jalan nu suci bersih, (g) Buka pintu, hartina
ngalambangkeun kataraptian atawa ati-atina pamajikan. Teu sagawayah nampi
tamu nu sumping. Dalah salaki ogé kudu ati-ati, bisi aya anu nyamur, jeung
disuhunkeun maca sahadat téh, siloka yén nu badé lebet ka imah kudu beresih
itikadna, (h) Huap lingkung, hartina nembongkeun karukunan nu rumah
tangga, (i) Ngeureut kuéh pangantén, hartina sauyuna dina ngatur jeung
makayakeun rejeki, (j) Resepsi, hartina rasa sukur jeung béwara ka sakumna
5
geus sah jadi salaki pamajikan, (k) Numbas, hartina sepuhna pangantén awéwé,
ngébréhkeun kabungah manahna, pédah putrana kaayaanana masih kénéh suci,
jeung (l) Ngunduh mantu, hartina hajatan di pihak lalaki tanda kabungah manah
10)Kréatifitas anu diayakeun dina upacara adat nikah Sunda, saperti (a) mapag
pangantén maké léngser, nu tari, ponggawa anu mawa umbul-umbul atawa
payung, (b) nyawér, jeung (c) buka pintu, kabéhanana teu leupas sangkan
upacara adat nikah Sunda tetep dipikaresep jeung diparaké ku masarakat
Sunda dina nikahkeun
Tina hasil wawancara jeung observasi kapanggih yén kiwari runtuyan
upacara adat Sunda leuwih nyoko kana unsur hiburan, utamana runtuyan
saméméh jeung sabada nikah. Sakapeung sok aya pembawa acara (MC) anu medar
ma’na simbul-simbul pancarakén anu dipaké dina upacara adat Sunda, tara ieuh
dibarandungan kalawan daria, kitu baé dianggap panglengkep dina upacara adat
nikah. Ieu hal téh bakal karasa pisan upama ngabandungan upacara ngeuyeuk
seureuh anu geus leungit kasakralanana.
5.2 Saran
Upacara adat nikah Sunda minangka kabudayaan anu turun-tumurun, teu
kapaluruh iraha jeung saha anu ngamimitianana sarta kiwari masih dipiara jeung
diparaké kénéh ku masarakat Sunda. Jadi, dina ngamumulé jeung mekarkeun budaya
upacara adat nikah Sunda anu dumasar tina hasil ieu panalungtikan téh aya sababaraha
saran nu baris ditepikeun.
Padoman atawa cecekelan keur juru rias, pembawa acara, wedding organizer,
6
anu lengkep, lantaran bisi masarakat geus leungiteun ma’na jeung tujuanana dina
ngayakeun upacara adat nikah Sunda, lain ngan sakadar hiburan ngaramékeun dina
hajatan nikah. Bisi keuna ku paribasa Cul dogdog tinggal igel.
Pikeun panalungtik satuluyna, pedaran upacara adat nikah Sunda dina ieu
panalungtikan téh kakara nepi ka hal anu sipatna umum, nya éta ngeunaan runtuyan
jeung ma’na upacara adat nikah Sunda. Ku kituna, perlu kénéh panalungtikan
upacara adat nikah Sunda nu patali jeung widang-widang séjénna saperti widang
DAFTAR PUSTAKA
Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge.
Departemen Pendidikan Nasional. 2001. Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Ketiga
Jakarta: Balai Pustaka
Hasim, Moch E. 1984. Rupa-rupa Upacara Adat Sunda Jaman Ayeuna. Bandung: Sumur
Bandung.
Koentjaraningrat. 1974. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Jambatan.
Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda
dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.
Maryaeni. 2008. Metode Penelitian Kebudayaan. Jakarta: Bumi Aksara.
Mustapa, H. Hasan. Penerjemah: M. Maryati Sastrawijaya. 2010. Adat-istiadat Sunda.
Bandung: P.T. Alumni
Mustapa, H. Hasan. 1913. Bab Adat-adat Urang Priangan jeungUrang Sunda Lian ti Eta.
Batawi: Kantor Citak Kangjeng Gupernemen
Padmosusastra, Ki. 1980. Tata Cara. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan,
Proyek Penerbitan Buku Bacaan Sastra Indonesia dan Daerah
Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Besar Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Prawirasuganda, A. 1964. Upatjara Adat di Pasundan. Bandung: Sumur Bandung.
Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung:
Alfabeta.
Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.
Sopandi, M, jeung Sukarna Sastrapriyadi. 1993. Upacara Adat Pangantenan. Bandung
Sudaryat, Yayat. 1987. Ulikan Sémantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Sukardja, H. Djadja. 2002. Panata Acara Karesmen Adat Jatukrami di Tatar Galuh Ciamis.
Ciamis: SGBS.
Surjadi, A. 2010. Masyarakat SundaBudaya dan Problema. Bandung: P.T. Alumni
Suryalaga, R. Hidayat. 1997. Kumpulan Makalah Nikah Sunda. Bandung: Universitas
Pasundan
Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2010.
Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Warnaen, Suwarsih, dan Yus Rusyana. 1987. zs. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan
Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi)
Zaimar, Okke K.S. 2008. Semiotik dan Penerapannya dalam Karya Sastra. Jakarta Pusat