• Tidak ada hasil yang ditemukan

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA: ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA: ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH

KABUPATÉN MAJALENGKA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

TÉSIS

disusun pikeun nyumponan salasahiji sarat

nyangking gelar Magister Pendidikan

ku

REKHA ROSDIANA DEWI

NIM 1202201

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

LEMBAR PENGESAHAN

REKHA ROSDIANA DEWI NIM 1202201

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH

KABUPATÉN MAJALENGKA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr.H.Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Dr.H.Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Kauninga ku

Ketua Program Studi

(3)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

==================================================================

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH

KABUPATÉN MAJALENGKA

(ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK)

Oleh

Rekha Rosdiana Dewi

S.Pd UPI Bandung, 2014

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Rekha Rosdiana Dewi 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(4)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BABARIT TRADITION AT VILLAGES IN SUB-DISTRIC OF PALASAH ON DISTRICT OF MAJALENGKA

(STRUCTURAL - SEMIOTIC ANALYSIS)

Oleh

Rekha Rosdiana Dewi

S.Pd UPI Bandung, 2014

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Rekha Rosdiana Dewi 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(5)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

(Ulikan Struktural-Sémiotik)

Rekha Rosdiana Dewi 1202201

e-mail: rekharosdianad@yahoo.com

ABSTRAK

Ieu tésis dijudulan “Tradisi Babarit Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)”. Disusun pikeun sarat ujian sidang

Magister Pendidikan Prodi Bahasa dan Budaya Sunda. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan budaya ngeunaan upacara tradisi Babarit Désa anu dilaksanakeun ku masarakat Désa Waringin. Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngungkab hal-hal anu aya di lapangan. Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun datana nya éta téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. Sedengkeun cara nu digunakeun pikeun ngulik data-datana nya éta ku cara ulikan struktural-sémiotik. Ieu ulikan digunakeun pikeun ngungkab simbol-simbol anu aya dina sasajén upacara tradisi Babarit Désa. Dina ieu panalungtikan kapanggih data, nya éta upacara tradisi Babarit Désa mangrupa salasahiji tradisi warisan karuhun Désa Waringin. Ieu tradisi dilaksanakeun sataun sakali saméméh usum panén. Tujuanana sangkan sawah-sawah disinglarkeun tina mamala anu bakal ngabalukarkeun panénna gagal. Tradisi Babarit Désa mangrupa ungkapan rasa sukur masarakat Désa Waringin ka Gusti Allah sangkan Gusti Allah salawasna ngalimpahkeun sagala kani’matan ka masarakat Désa Waringin. Ieu tradisi miboga tilu fungsi nya éta pikeun fungsi spiritual, sosial, jeung kamekaran pariwisata. Dina ieu tradisi aya dua rupa wangun sasajén. Tilu rupa wangun pakakas sasajén jeung 16 rupa wangun bahan sasajén. Ieu sasajen-sasajén téh mangrupa bukti ungkapan rasa sukur ka Gusti Allah jeung unggal sasajén miboga masing-masing simbol di jerona. Ahirna, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh utamana ngeunaan budaya Sunda jeung dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan simbol-simbol nu aya di jerona.

(6)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DESA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATEN MAJALENGKA

(Kajian Struktural-Sémiotik)

Rekha Rosdiana Dewi 1202201

e-mail: rekharosdianad@yahoo.com

ABSTRAK

Tesis ini berjudul “Tradisi Babarit Desa di Kacamatan Palasah Kabupaten Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)”. Disusun untuk memenuhi syarat ujian sidang Magister Pendidikan Prodi Bahasa dan Budaya Sunda. Penelitian ini merupakan penelitian budaya mengenai upacara tradisi Babarit Desa yang dilaksanakan setahun sekali oleh masarakat Desa Waringin. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui latar belakang, fungsi, struktur, dan simbol-simbol yang terkandung di dalamnya. Adapun metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah menggunakan metode deskriptif. Metode ini digunakan untuk mengungkapkan gejala-gejala empirik yang ada di lapangan. Teknik yang digunakan dalam pengumpulan data adalah teknik observasi, teknik wawancara, dan teknik dokumentasi. Sedangkan cara yang digunakan untuk menganalisis data-datanya adalah dengan cara analisis Struktural-Sémiotik. Analisis ini digunakan untuk mengungkapkan simbol-simbol yang terdapat pada sesajen yang digunakan pada upacara Tradisi Babarit Desa. Dalam proses penelitian ini ditemukan data, yaitu upacara tradisi Babarit Desa merupakan salah satu tradisi yang diwariskan oleh para karuhun Desa Waringin. Tradisi ini dilaksanakan setahun sekali sebelum musim panen tiba dan bertujuan agar sawah-sawah terhindar dari marabahaya yang mengakibatkan gagalnya panen. Tradisi Babarit Desa merupakan gambaran rasa sukur masarakat Desa Waringin kepada Tuhan YME agar Tuhan YME selalu melimpahkan segala kenikmatan kepada masarakat Desa Waringin. Upacara tradisi ini mempunyai tiga fungsi yaitu fungsi spiritual, sosial, dan perkembangan pariwisata. Dalam upacara tradisi ini, terdapat dua bentuk sesajen yang disediakan yaitu tiga macam sesajen yang berbentuk alat dan 16 macam sesajen yang berbentuk bahan. Sesajen-sesajen ini merupakan bukti ungkapan rasa sukur terhadap Tuhan YME dan pada setiap sesajen mempunyai simbol masing-masing di dalamnya. Pada ahirnya, penelitian ini bermanfaat untuk menambah ilmu pengetahuan mengenai budaya Sunda dan diharapkan bisa menambah pengetahuan tentang simbol-simbol yang terkandung di dalamnya.

(7)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BABARIT TRADITION AT VILLAGES IN SUB-DISTRIC OF PALASAH ON DISTRICT OF MAJALENGKA

(Structural - Semiotic Analysis)

Rekha Rosdiana Dewi 1202201

e - mail : rekharosdianad@yahoo.com

ABSTRACT

This thesis entitled "Babarit Village Tradition in Sub-Distric of Palasah, Majalengka (Structural-Semiotic Analysis)" is written to fulfill the exam session requirement of Education Magister of Sundanese Language and Culture Department. This study aims to determine the background, functions, structures, and symbols contained in Babarit Village tradition. This study used a descriptive method, framed in a structural-semiotic analysis to reveal the symbols contained in an offering that is used in Babarit village tradition ceremony. The techniques used in data collection are observation, interview, and documentation. The data were the Babarit Village tradition ceremony which is one of the traditions inherited by the ancestor of Waringin Village. This tradition is held annually before the harvest season and aims to avoid the rice fields from distress which results crop failure. Babarit Tradition at the Village is a picture of the village ancestor to show grateful to the almighty God so that He always bestows all the pleasures to people of Waringin Village. This traditional ceremony has three functions, namely the function of spiritual, social, and tourism development. In this tradition ceremony, there are two forms of provided offerings; 3 kinds of offerings in the form of tools and 16 kinds of offerings in the form of materials. The offerings is a grateful expression to the Almighty God and each offering has each symbol in it. In the end, this research was useful to increase knowledge about the Sundanese culture and expected to increase knowledge about the symbols contained in the Babarit Village Tradition.

(8)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

PANGBAGÉA ... vi

DAPTAR EUSI... ix

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR TABÉL ... xiii

DAPTAR GAMBAR ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan Masalah ... 3

1.3 Rumusan Masalah ... 4

1.4 Tujuan Panalungtikan... 4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.6 Raraga Nulis ... 5

BAB II ULIKAN TIORI TRADISI BABARIT JEUNG STRUKTURAL-SÉMIOTIK 2.1 Tradisi ... 6

2.1.1 Wangenan Tradisi ... 6

2.1.2 Fungsi Upacara Tradisi ... 7

2.1.3 Struktur Upacara Tradisi ... 8

2.1.4 Wanda Upacara Tradisi ... 9

2.1.5 Tradisi Salaku Bagian Tina Budaya ... 10

2.2 Babarit Désa ... 13

2.2.1 Wangenan Babarit ... 13

(9)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

2.2.3 Waktu jeung Tempat Pelaksanaan ... 14

2.2.4 Palaku dina Tradisi Babarit Désa ... 15

2.2.5 Pakakas dina Tradisi Babarit Désa ... 15

2.3 Struktural Sémiotik ... 15

2.3.1 Ulikan Struktural ... 16

2.3.2 Strukturalisme dina Ulikan Kabudayaan ... 16

2.3.3 Sémiotik ... 17

2.3.4 Sémiotik Modél Charles Peirce ... 18

2.3.5 Simbol dina Upacara ... 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data ... 22

3.1.1 Data Panalungtikan ... 22

3.1.2 Sumber Data ... 22

3.1.3 Lokasi Panalungtikan ... 23

3.1.3.1Lokasi Géografis ... 23

3.1.3.2Sosial, Budaya, jeung Ékonomi ... 23

3.2 Désain Panalungtikan ... 28

3.3 Métode Panalungtikan ... 29

3.4 Wangenan Operasional ... 30

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.6 Instrumén Panalungtikan ... 31

3.6.1 Alat Rékam... 31

3.6.2 Pedoman Wawancara ... 32

3.6.3 Pedoman Obsérvasi ... 32

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 33

BAB IV TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA 4.1 Kasang Tukang jeung Pungsi Upacara Tradisi babarit Désa ... 34

(10)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

4.1.2 Pungsi Upacara Tradisi Babarit Désa ... 35

4.2 Struktur Upacara Tradisi Babarit Désa ... 37

4.2.1 Tempat, Waktu, jeung Tata Cara Pelaksanaan Upacara Tradisi Babarit Désa ... 37

4.2.2 Pakakas atawa Properti dina Upacara Tradisi Babarit Désa ... 38

4.2.2.1Pakakas Waditra Mantun ... 38

4.2.2.2Pakakas dina Sasajen... 39

4.2.2.3Runtuyan Pelaksanaan Upacara Tradisi Babarit Désa ... 40

4.2.3 Para Pelaku dina Pelaksanaan Upacara Tradisi Babarit Désa ... 46

4.3 Déskripsi Simbol-simbol anu Nyampak dina Sasajén Tradisi Babarit Désa ... 46

4.3.1 Simbol dina Pakakas Sasajén ... 47

4.3.2 Simbol dina Bahan Sasajén ... 51

4.4 Pedaran ... 69

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 71

5.2 Saran ... 72

DAPTAR PUSTAKA ... 73

LAMPIRAN ... 77

(11)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa disebut mahluk nu ngabogaan budaya sabab paripolahna kauger

sarta dipangaruhan ku budi jeung akalna. Pikeun ngabédakeun antara manusa

jeung mahluk séjénna bisa katitén tina paripolahna. Koentjaraningrat (1990, kc. 9)

nétélakeun yén “kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah,

mangrupa wangun jamak tina budhi anu hartina budi atawa akal”. Jadi,

kabudayaan bisa dicindekkeun sakumna gagasan, paripolah jeung hasil karya

manusa dina tatanan kahirupan masarakat ku jalan diajar.

Unggal kabudayaan anu aya di masarakat tangtuna merlukeun prosés

ngawariskeun ka unggal generasi sangkan éta kabudayaan téh tetep kajaga. Prosés

ngawariskeun budaya anu sipatna turun-tumurun tur geus jadi kabiasaan di

masarakatna disebut salaku tradisi. Ieu hal luyu jeung katerangan Esten (1999, kc.

60) anu nétélakeun yén ”tradisi nya éta kabiasaan turun-tumurun sakelompok

masarakat nurutkeun ajén budaya”. Tapi teu sakabéh tradisi nu aya di masarakat

salawasna bisa langsung diwariskeun tur ditarima ku generasi saterusna. Perlu

ayana gawé bareng antara generasi kolot jeung generasi ngora pikeun prosés

pewarisan éta tradisi. Ku ayana pintonan-pintonan, konsisténsi pelaksanaan acara,

tur pelatihan-pelatihan mangrupa cara pikeun ngajaga pewarisan hiji tradisi.

Masarakat Sunda miboga sababaraha tradisi nu dijaga sarta terus dimekarkeun ku

masarakatna. Salasahiji tradisi anu aya di Sunda hususna di Désa Waringin

Kacamatan Palasah Kabupatén Majaléngka nya éta Babarit Désa.

Ieu tradisi téh diayakeun pikeun acara-acara salametan. Saperti babarit

pikeun salametan nikahan, salametan nu keur kakandungan, salametan lembur,

jrrd. Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun sataun sakali pikeun mapag panén.

Sangkan panénna berhasil tur ngajauhkeun lembur tina mamala. Aya sababaraha

acara dina Babarit Désa, nya éta tahlilan, mintonkeun carita pantun, sarta nyieun

(12)

2

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

“Babarit nya éta dikir bareng, maksudna nyinglarkeun panyakit nular nu meujeuhna keur nerekab”. Nurutkeun Faturohman spk (2007, kc. 42-43) anu

disebut ku babarit téh nya éta hajat nyalametkeun (salametan) lembur. Carana,

salembur nyangu kawas rék lebaran, diantarana nya éta nyieun tumpeng jeung

rupa-rupa bubur ketan. Dipupuhuan ku kokolot lembur, ngariung dihij tempat

atawa ngajajar sisi-sisi jalan désa sanggeus kokolot nyeungeut menyan, terus ngadu’a supaya lembur reujeung pangeusina dijaga tina rupa-rupa musibat. Acara saterusna nya éta dalahar balakécrakan

Tradisi Babarit Désa kaasup kana tujuh unsur universal kabudayaan ku

sabab ieu tradisi téh mangrupa sistem réligi jeung upacara kaagamaan sarta

ngandung unsur kasenian. Salian ti unsur kabudayaan jeung kasenianana, dina

Babarit Désa aya unsur séjén anu bisa dipedar, nya éta ajén palsapahna. Dina

Babarit Désa aya ajén filosofis simbol jeung ajén mitos nu dipercaya ku

masarakat, tur can kapaluruh sagemblengna. Naon-naon nu nyampak dina Babarit

Désa tangtu miboga kasang tukang, maksud, jeung tujuan anu disilokakeun

ngaliwatan simbol-simbol.

Pikeun nyangkem ma’na simbolik anu aya dina éta acara, tangtu waé kudu nyurahan ogé tanda-tandana. Demi élmu nu maluruh ngeunaan tanda nya éta

sémiotik. Nurutkeun Zoest (1993, kc. 1), “sémiotik nya éta élmu nu maluruh

ngeunaan tanda jeung sagala hal nu aya hubunganana jeung tanda”. Kiwari,

widang sémiotik salaku élmu tanda beuki populér jeung beuki ngalegaan. Teeuw

(2003, kc. 40) nétélakeun, yén “widang garapan sémiotik lain ngan semet ngulik

élmu jeung sastra wungkul, tapi ogé aspék atawa pamarekan nu tangtu dina élmu

seni (éstétika), antropologi budaya, filsafat, jeung nu lianna”.

Kaitanana antara budaya jeung sémiotika, Dumazier jeung Ripert (dina

Zoest, 1993, kc. 124) nétéla keun yén “tingkat kabudayaan nya éta simbol-simbol

aféktif, kognitif, jeung konatif anu ngahubungkeun manusa jeung dunya,

masarakat jeung dirina sorangan dina mangsa peradaban nu tangtu”. Anu

(13)

3

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dipiboga ku masarakat pikeun mikanyaho, ngainterprétasikeun, jeung

ngahasilkeun tanda-tanda”.

Sangkan ajén-ajén nu aya dina Babarit Désa kaungkab sagemblengna, perlu

diulik ngagunakeun élmu struktural-sémiotik. Nurutkeun Teeuw (1984, kc. 135),

struktural mangrupa sipat tina struktur. Ulikan anu didadasaran ku struktur disebut

strukturalisme,anu asal kecapna”struktur”, hartina nya éta ayana hubungan anu

tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (elements). Ieu hubungan téh

digelar ku panalungtik hasil tina pangamatan. Éta kaitan atau hubungan téh

saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtik.

Panalungtikan ngeunaan Babarit kungsi dilakukeun ku Andri ti Prodi S2 Pendidikan Bahasa Indonesia nu judulna “Mantra Ritual Babarit: Nilai Budaya, Struktur, Konteks Penuturan, Proses Penciptaan, dan Fungsi serta Pelestariannya sebagai Bahan Ajar Apresiasi Sastra di SMA”. Ieu tésis téh medar ngeunaan mantra anu dipaké dina tradisi Babarit nu aya dina acara nikahan.

Sanajan objék anu ditalungtikna sarua ngeunaan Babarit, tapi ulikanana

tangtu béda pisan. Dumasar kana kasang tukangna, panalungtikan anu bakal

ditalaksanakeun téh ngeunaan tradisi Babarit Désa nu diayakeun di Kacamatan

Palasah Kabupatén Majalengka saméméh musim panén. Dina ieu panalungtikan,

teu saukur nalungtik prak-prakkan acarana wungkul, tapi ogé ngagambarkeun simbol/ma’na anu nyangkaruk dina éta acara nu satuluyna dipatalikeun jeung kahirupan mangsa kiwari. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Tradisi Babarit

Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)”.

1.2Watesan Masalah

Pedaran ngeunaan unsur budaya anu aya dina tradisi Babarit Désa téh lega

pisan ti mimiti sajarah, prak-prakan, ajén-inajénna, pakakas, prosés ngawariskeun,

(14)

4

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

teuing, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan nalungtik pungsi, struktur, jeung

simbol-simbol nu aya dina sasajén nu dipaké dina upacara tradisi Babarit Désa.

1.3 Rumusan Masalah

Sangkan anu dianalisis jeung dipedar dina ieu panalungtikan puguh

ambahanana, ieu di handap diébréhkeun rumusan masalahna.

1) Kumaha kasang tukang jeung pungsi tradisi Babarit Désa nu aya di Desa

Waringin Kac. Palasah Kab. Majalengka?

2) Kumaha struktur upacara tradisi Babarit Désa nu aya di Desa Waringin Kac.

Palasah Kab. Majalengka?

3) Simbol-simbol naon anu nyampak dina sasajén nu dipaké dina upacara tradisi

Babarit Désa?

1.4Tujuan Panalungtikan.

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun

acara Babarit Désa di Kecamatan Palasah Kabupatén Majalengka. Ari déskripsina

ngawengku:

1) kasang tukang jeung pungsi upacara tradisi Babarit Désa;

2) struktur upacara tradisi Babarit Désa; jeung

3) simbol-simbol anu nyampak dina sasajén nu aya dina upacara tradisi Babarit

Désa.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat tioritis jeung praktis. Pedaran

ngeunaan mangpaat tina ieu panalungtikan diébréhkeun di handap.

1.5.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh ngeunaan

(15)

5

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan dipiharep bisa nyangking gemblengan jeung pungsi nu nyangkaruk

dina upacara tradisi Babarit Désa.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep boga mangpaat pikeun:

a. wisata budaya anu bisa dijadikeun asét daérah sangkan ngirut wisatawan lokal

jeung deungeun;

b. ngamumulé budaya Sunda sangkan bisa diwariskeun ka unggal generasi;

c. inventarisasi budaya pikeun kapentingan masarakat jeung pamaréntah;

d. pangajaran seni budaya sangkan generasi ngora wanoh kana budayana.

1.6 Raraga Nulis

Raraga nulis dina ieu tésis, nya éta:

BAB 1: Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah,

watesan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan. Dina ieu bab, eusina

ngeunaan kontéks tina masalah anu baris ditalungtik.

BAB 2: Ulikan tiori medar ngeunaan tiori-tiori anu aya patalina jeung acara

Babarit Désa pikeun tatapakan analisisna.

BAB 3: Métode panalungtikan ngabahas ngeunaan métode panalungtikan, desain

panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, instrumén panalungtikan,

prosedur panalungtikan, téhnik ngumpulkeun, jeung analisis data.

BAB 4: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan.

(16)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

3.1.1 Data Panalungtikan

Wangun data dina ieu panalungtikan ngeunaan tradisi Babarit Désa di

Désa Waringin Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka mangrupa rekaman

vidéo prak-prakkan upacara, poto-poto prak-prakkan upacara jeung poto-poto

pakakas jeung sasajén nu dipaké dina upacara Babarit Désa, sarta hasil

wawancara.

3.1.2 Sumber Data

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta kokolot Désa

salaku pupuhu dina éta acara, narasumber-narasumber nu apal kana éta acara,

hasil rekaman tina acara Babarit Désa di Désa Waringin Kacamatan Palasah

Kabupatén Majalengka, jeung data ti masarakat Désa Waringin.

Tina pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan

bisa dipasing-pasing kana tilu rupa, nya éta:

1) Jalma, mangrupa katerangan jeung hasil wawancara ti kokolot désa jeung

masarakat Désa Waringin nu apal kana upacara Babarit Désa;

2) Tempat, nya éta di Désa Waringin mangrupa tempat lumangsungna upacara

Babarit Désa; jeung

3) Kertas atawa dokumén, mangrupa catetan hasil wawancara, rekaman video,

(17)

23

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.1.3 Lokasi Panalungtikan

3.1.3.1 Lokasi Géografis

Désa Waringin pernahna di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka,

legana 516.000 Ha/ , 35 mdl ti permukaan laut. Ieu désa téh pernahna di bagian

Wétan Kalér (Tenggara) ti kabupatén Majalengka. Jarak ti Kabupatén ka Désa

Waringin téh kurang leuwih 15 km. Daérah-daérah anu ngawatesan Désa

Waringin nya éta:

1) Beulah kalér ngawates jeung Désa Karamat/Pasir Kacamatan Palasah;

2) Beulah kidul ngawates jeung Désa Tarikolot/Weragati Kacamatan Palasah;

3) Beulah kulon ngawates jeung Désa Leuweung Gedé Kacamatan Jatiwangi;

4) Beulah wétan ngawates jeung Désa Tarikolot/Pasir Kacamatan Palasah.

(Masriah, 2013, kc. 1)

Désa Waringin miboga tilu dusun, nya éta Linggawangi, Pangarangsari,

jeung Tajurwangi. Ieu désa ogé miboga salapan RW, 44 RT, jeung salapan

anggota BPD. Sacara umum, kaayaan lingkungan alam di Désa Waringin masih

asri ku sabab masih loba kénéh sawah jeung kebon.

3.1.3.2 Sosial, Budaya, jeung Ékonomi Masarakat Désa Waringin

Medar ngeunaan penduduk, pakasaban, atikan, agama jeung kapercayaan,

basa, sarta sistem pancakaki.

A. Penduduk

Nurutkeun data tina Masriah (2013, kc. 15) jumlah penduduk Désa

Waringin nya éta 7.604 urang, lalaki aya 3.832 urang jeung awéwé aya 3.772

urang. Jumlah kapala kulawarga aya 2.338 KK. Tina jumlah penduduk nu sakitu

téh geus kaasup penduduk nu ngumbara (pindahan ti daérah séjén) 33 urang,

lalaki 23 urang jeung awéwé sapuluh urang. Demi wincikan jumlah penduduk

(18)

24

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Tabél 3.1

Jumlah Penduduk Dumasar Klasifikasi Umur

UMUR JUMLAH

0-4 Taun 512

5-9 Taun 540

10-14 Taun 654

15-19 Taun 632

20-24 Taun 550

25-29 Taun 508

30-45 Taun 1.907

46-55 Taun 857

56-65 Taun 565

66-75 Taun 414

75 Taun ka luhur 465

Jumlah 7.604

Sumber: Profil Désa Taun 2013

B. Pakasaban

Masarakat Désa Waringin mangrupa masarakat agraris tradisional. Ku

kituna, masarakat Désa Waringin umumna hirup tina hasil tatanén atawa tani.

Salian ti tatanén, masarakat Désa Waringin ogé aya nu miboga pakasaban séjén

saperti: PNS, buruh, dagang, karyawan, dukun, jeung sajabana.

Dumasar hasil sénsus kantor Désa Waringin taun 2013, perséntaseu

(19)

25

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Tabél 3.2

Pakasaban Masarakat Désa Waringin

Pakasaban Jumlah

Patani 649

Buruh tani 366

Buruh Migran 8

PNS 74

Pengrajin Industri RT 8

Tukang dagang 145

Ternak 24

Montir 7

Perawat Swasta 10

TNI 3

POLRI 3

Pensiunan

PNS/TNI/POLRI 30

Pengusaha

leutik/menengah 24

Dukun kampong 1

Arsitéktur 1

Seniman/Artis 8

Karyawan perusahaan

swasta/pamaréntah 183

Pengrajin 235

Wiraswasta 210

(20)

26

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

C. Atikan

Dina widang atikan, masarakat Désa Waringin umumna sarakola. Ieu hal

bisa katitén tina tamatan sakolana, nya éta SD/MI (3.303 urang), SMP (1.295

urang), SMA (613 urang), Diploma 1-3 (101 urang), tamat S1-S3 (76 urang),

jeung SLB saurang.

Lobana jumlah ti tamatan sakola di ieu Désa alatan dirojong ku sarana

jeung prasarana atikan anu aya. Sarana jeung prasarana atikan di Désa Waringin

kawengku atikan formal jeung nonformal. Atikan formal kawengku tina Play

Group aya hiji , TK aya opat, SD aya opat, jeung SMP aya hiji. Sedengkeun

atikan nonformal kawengku RA (Raudhatul Athfal) aya tilu, MI (Madrasah

Ibtidaiyah) aya tilu, jeung pondok pesantrén aya hiji.

D. Agama jeung Kapercayaan

Sakabéh masarakat Désa Waringin ngagem agama Islam. Pikeun

ngarojong kana ibadahna, di Désa Waringin disadiakeun tempat ibadah anu

mangrupa hiji masjid, 32 langgar, hiji pondok pesantrén, jeung genep TPA. Najan

masarakat Désa Waringin kabéh ngagem agama Islam, masarakat Désa Waringin

ogé masih percaya kana dunya klenik (élmu goib jeung ayana roh mahluk goib).

Éta kapercayaan téh bisa katitén tina paripolah masarakatna saperti datang

ka tempat-tempat karamat jeung masih réana jalma anu sok tatamba ka jalma anu dianggap “bisa” nalika katerap kasakit katut hal-hal séjénna. Tapi sanajan masarakat Désa Waringin percaya ka nu hal-hal goib, kapercayaan masarakat

(21)

27

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

E. Basa

Basa nya éta sistem lambang sora nu arbitrér anu dipaké pikeun

komunikasi manusa (Sudaryat, 2000, kc. 6).

Désa Waringin mangrupa Désa anu aya di tatar Sunda, pernahna di

Kabupatén Majalengka. Ku kituna basa sapopoé anu digunakeun ku masarakat

Désa Waringin nya éta basa Sunda. Tapi pikeun kulawarga anu pindahan utamana

kulawarga anu asalna ti luar pulo Jawa Barat, biasana sok maké basa Indonésia,

sarta lamun aya tamu anu teu bisa ngomong maké basa Sunda, masarakat Désa

Waringin ogé sok ngagunakeun basa Indonésia.

F. Sistem Pancakaki

Sistem pancakaki di Désa Waringin miboga sipat parental. Hartina nya éta

nyokot garis katurunan ti indung jeung ti bapa. Di kulawarga, bapa salaku kapala

kulawarga. Rasa kakulawargaan masarakatna raket pisan sarta kaagamaana gedé

pisan pangaruhna kana adat-istiadat masarakat Désa Waringin. Masarakat Désa

Waringin ogé apal kana pancakaki/silsilah kulawarga. Rasa kakulawargaan di

Désa Waringin karasa pisan, ieu hal bisa katitén tina sipat masarakat Désa

Waringin anu masih miboga sipat silih asih jeung gotong-royong dina kahirupan

(22)

28

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.2 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

TUJUAN PANALUNGTIKAN

Mikaweruh jeung ngadéskripsikeun:

1) Struktur acara Babarit Désa;

2) Pakakas (properti) anu dipaké dina Babarit Désa;

3) Simbol-simbol anu nyampak dina acara jeung pakakas Babarit Désa.

NGUMPULKEUN DATA

Téhnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta: 1)Téhnik obsérvasi;

2)Téhnik wawancara; jeung 3)Téhnik dokuméntasi.

ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA

Anu dianalisis jeung didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta data ngeunaan:

1) Struktur acara Babarit Désa;

2) Pakaks nu aya dina Babarit Désa; jeung

3) Simbol-simbol nu aya dina acara jeung pakakas Babarit Désa.

KACINDEKAN

INSTRUMEN PANALUNGTIKAN: 1) Alat rekam

(23)

29

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.3 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Bogdan jeung

Taylor (dina Muhammad, 2011, kc. 19) nétélakeun, yén “panalungtikan kualitatif

nya éta panalungtikan nu hasilna data déskriptif mangrupa kekecapan tinulis

atawa lisan tina tingkah polah jalma-jalma anu ditalungtik”. Dumasar jenisna,

dina panalungtikan kualitatif aya anu disebut panalungtikan déskriptif.

Panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun mariksa

jeung ngukur gejala nu tangtu. Ieu panalungtikan kaasup kana panalungtikan

déskriptif. Dina ieu panalungtikan, landasan tiori dibutuhkeun tapi teu digunakeun

salaku dasar pikeun nangtukeun kritéria pengukuran kana gejala anu ditalungtik

(Fathoni, 2006, kc. 97).

Satuluyna Danim (2002, kc. 41) nétélakeun, yén” panalungtikan déskriptif

nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun hiji kajadian

atawa daérah populasi nu tangtu sarta mibanda sipat faktual sacara sistematis

jeung akurat”. Saluyu jeung pamanggih Suyatna (2002, kc. 14), “métode

panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data

dasar ku cara déskriptif wungkul; teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan/prédiksi, atawa teu nyangking ma’na implikasi”.

Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, panalungtik kudu maké métode

panalungtikan anu cocog. “Métode panalungtikan nya éta métode anu digunakeun

nalika panalungtikan” (Fathoni, 2006, kc. 98). Satuluyna Arikunto (1996, kc. 150)

nétélakeun, yén “métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku

panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan”. Dumasar kana tujuan nu

hayang dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode

déskriptif. “Métode déskriptif nya éta métode anu digunakeun pikeun ngayakeun

pemeriksaan jeung ngalakukeun pengukuran-pengukuran kana gejala émpirik anu ditalungtik” (Fathoni, 2006, kc. 100).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun

ngadéskripsikeun simbol-simbol nu aya dina sasajén tradisi Babarit Désa. Ieu

panalungtikan museur kana runtuyan, pakakas (properti), jeung simbol-simbol

(24)

30

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Tradisi Babarit Désa di Kacamatan

Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik). Sangkan aya

gambaran, perlu dijéntrékeun wangenan operasional dina ieu panalungtikan, nya

éta:

a. Tradisi, nya éta tradisi téh mangrupa kalakuan/paripolah anu dianggap bener

jeung geus biasa dilakukeun ku masarakat sarta éta kabiasaan téh lumangsung

sacara turun tumurun ti hiji generasi ka generasi saterusna;

b. Babarit Désa, nya éta upacara anu dilaksanakeun di désa Waringin Kacamatan

Palasah Kabupatén Majalengka. Ieu upacara téh dilaksanakeun sataun sakali

méméh usum panén pikeun nyinglarkeun mamala, hususna mamala anu

ngabalukarkeun gagalna panén. Dina ieu upacara aya sababaraha acara anu

dilaksanakeun nya éta tahlilan, mintonkeun carita pantun ngeunaan Déwi Sri,

nyieun rujak babarit, jeung mayor. Ieu upacara Babarit Désa dilaksanakeun di

Balé Désa.; jeung

c. Struktural-sémiotik nya éta salasahiji kajian anu dipaké pikeun medar

simbol-simbol nu nyampak dina upacara Babarit Désa sacara terstruktur

unsur-unsurna. Ieu unsur-unsur hasil tina pengamatan panalungtik pikeun

ngécéskeun tanda-tanda jeung sagala hal anu aya dina upacara Babarit Désa.

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya

éta téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

a. Téhnik Obsérvasi

“Téhnik obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sarta nyatet hasil tina obsérvasi” (Fathoni, 2006, kc. 104). Ieu téhnik digunakeun

pikeun meunangkeun data-data ngeunaan Babarit Désa sacara émpiris. Jadi

(25)

31

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015 b. Téhnik Wawancara

Wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara prosés tanya jawab lisan saarah. Hartina pertanyaan ti pihak nu ngawawancara jeung jawaban ti

pihak nu diwawancara” (Fathoni, 2006: 105). Ieu téhnik digunakeun pikeun

néangan informasi langsung ti narasumber ngeunaan upacara Babarit Désa;

jeung

c. Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha

prak-prakanana éta panalungtikan, jeung ngadokuméntasikeun naon waé anu aya

jeung ditalungtik ti mimiti nepi ka ahir upacara Babarit Désa.

Dumasar kana téhnik di luhur, proses ngumpulkeun data dilaksanakeun

ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Pengamatan sarta ngumpulkeun data sacara obsérvasi langsung dina waktu aya

acara Babarit Désa;

2) Ngadokuméntasikeun sarta inventarisasi data nu aya di lapangan; jeung

3) Ngayakeun wawancara ka para palaku jeung aprésiator acara Babarit Désa.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara anu digunakeun

dina panalungtikan. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, instrumén anu

digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta mangrupa alat rékam, pedoman

wawancara, jeung pedoman obsérvasi.

3.6.1 Alat Rékam

Alat-alat rékam anu dipaké salila panalungtikan nya éta kaméra digital jeung

kaméra SLR.

a. Kaméra Digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun poto-poto

struktur upacara Babarit Désa jeung pakakas atawa kalengkepan anu dipaké

(26)

32

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015 b. Kaméra SLR

Kaméra SLR digunakeun pikeun ngarékam pidio struktur upacara Babarit

Désa ti awal nepi ka ahir.

3.6.2 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para palaku jeung

narasumber-narasumber nu aya dina upacara Babarit Désa di Désa Waringin

Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka sangkan meunangkeun

informasi-informasi nu akurat ngeunaan éta upacara.

Aya ogé pertanyaan-pertanyaan anu dipaké dina pedoman wawancara nya éta:

1) Saha nami Bapa atawa Ibu téh sareng kalungguhan di ieu acara salaku naon?

2) Naon anu dipikanyaho ku Bapa/Ibu ngeunaan Babarit Désa?

3) Kumaha kasang tukang jeung fungsi acara Babarit Désa?

4) Naha aya ritual husus saacan jeung sabada prakna ieu acara?

5) Kumaha struktur upacara Babarit Désa téh?

6) Dimana digelarkeunna ieu acara? Naha di jero atawa di luar ruangan?

7) Iraha waktu pikeun ngayakeun upacara Babarit Désa?

8) Saha waé anu bisa miluan jeung saha waé anu teu meunang miluan dina ieu

acara?

9) Naon waé pakakas atawa properti anu digunakeun dina upacara Babarit Désa?

10)Saha waé palaku nu aya di ieu acara?

11)Simbol-simbol naon waé nu aya dina struktur acara jeung pakakas Babarit

Désa?

12)Kumaha prosés pewarisan ieu acara kanggo ka payunna?

3.6.3 Pedoman Obsérvasi

Pedoman obsérvasi anu digunakeun miboga pungsi pikeun niténan sacara

langsung hal-hal anu aya kaitanana jeung upacara Babarit Désa ti mimiti nepi ka

(27)

33

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

a. lokasi dilaksanakeunna upacara Babarit Désa;

b. struktur upacara jeung pakakas anu dipaké dina Babarit Désa; jeung

c. para palaku jeung peran-peranna dina éta upacara.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung ka

lapangan dibantuan ku métode Hermeneutika. “Sacara historishermeneutika

mangrupa bagian tina filsafat. Sacar léksikal hermeneutika asal kecapna tina

hermeneuen anu hartina nafsirkeun” (Kutha, 2010, kc. 312). Jadi ieu métode

digunakeun pikeun nafsirkeun hal-hal anu nyampak tina data-data anu hasil

panalungtikan dina upacara Babarit Désa. Di handap diébréhkeun léngkah ngolah

data, nya éta:

a. mariksa sarta niténan data-data anu geus kakumpulkeun;

b. milihan data nu kapaké pikeun nyusun laporan;

c. nganalisis jeung ngadéskripsikeun data; jeung

(28)

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran dina bab saméméhna, bisa dicindekkeun opat hal anu

patali jeung tradisi Babarit Désa saperti ieu di handap.

1) Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun di Désa Waringin Kacamatan Palasah

Kabupatén Majalengka. Ieu tradisi mangrupa salasahiji upacara penting nu

kudu dilaksanakeun ku Kuwu anu keur ngajabat di éta Désa.

2) Acarana Babarit Désa dilaksanakeun sataun sakali saméméh usum panén. Ku

kituna, ieu acara sok disebut “Babarit melak paré”. Tujuan diayakeunana ieu

upacara nya éta sangkan sawah-sawah anu aya di Désa Waringin

disinglarkeun tina mamala anu bakal ngabalukarkeun gagalna panén.

Tradisi Babarit Désa miboga fungsi anu kawilang penting pikeun kahirupan

masarakat Désa Waringin. Fungsi ti ieu acara nya éta mangrupa gambaran

rasa sukur masarakat Désa Waringin ka Allah SWT, ngamumulé warisan

budaya karuhun, sarta hal anu penting nya éta pikeun ngajaga rasa gotong

royong jeung rasa sauyunan unggal masarakat Désa Waringin. Ieu

fungsi-fungsi téh nyoko kana fungsi-fungsi upacara tradisional salaku fungsi-fungsi spiritual, sosial,

jeung pikeun kamekaran pariwisata.;

3) Struktur upacara anu dilaksanakeun dina upacara Babarit Désa bisa katempo

tina tempat, waktu, tata cara pelaksanaan, pakakas, jeung para palaku

pelaksanaan upacara Babarit Désa. Struktur runtuyan acarana nya éta ngadu’a,

mantun (ngadongéngkeun sajarah paré), nyieun rujak babarit, jeung mayor

(dahar balakécrakan bareng). Unggal struktur acara leubeut ku ajén-inajén anu

bisa kacangkem tur dijadikeun cecekelan dina kahirupan sapopoé;

4) Aya dua rupa sasajén anu kapanggih dina upacara tradisi Babarit Désa.

Sasajén, nya éta tilu rupa pakakas sasajén jeung 16 rupa bahan sasajén.

(29)

72

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA

manusa. Sacara umum, sasajén mangrupa simbol rasa sukur tina hasil alam

anu aya di Désa Waringin. ari tujuanana sangkan panén anu saterusna bakal

sarua leuwih alus jeung mulus rahayu ti saméméhna.

5.2 Saran

Sabada nalungtik ngeunaan tradisi Babarit Désa, karasa loba pisan

mangpaatna pikeun panyusun. Di sagigireun ngaguar tradisi, ogé bisa nambahan

élmu pangaweruh kana widang agama. Tétéla geuning, acara anu dianggap sakral

téh miboga ajén-inajén kaagamaan anu luhung dina simbol-simbolna.

Sangkan ajén kamangpaatan tina ieu acara téh bisa karasa ku sakumna

pihak, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun pihak lembaga atikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif

bahan ajar, sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén atikan hususna ajén

kabudayan;

2) Pikeun pihak masarakat, tradisi Babarit Désa téh mangrupa tradisi anu

diwariskeun ti para karuhun urang Sunda hususna karuhun Désa Waringin, ogé

miboga ajén positif di jerona. Ku kituna, ieu acara ulah nepi ka mawa pikiran

masarakat kana kamusrikan jeung ieu tradisi kudu dimumulé tur dilaksanakeun

unggal taun;

3) Pikeun pihak penyelenggara, lian ti ajén positif, dina ieu acara téh sumebar ogé

kapercayaan-kapercayaan jeung mitos anu geus némpél dina diri masarakat. Ku

kituna, ka pihak penyelenggara dipiharep bisa ngalelempeng paradigma sangkan henteu ngahudangkeun sikep “penyimpangan akidah” di masarakat sarta bisa ngawariskeun ieu budaya ka generasi saterusna;

4) Pikeun lembaga panalungtikan, panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh jauh

kénéh tina kasampurnaan. Ku kituna, kacida hadéna upama panalungtikan

samodél kieu dituluykeun deui dina widang ulikan séjénna deui sangkan

(30)

73

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

DAPTAR PUSTAKA

Arifin, Z. (1997). Ekspresi Semiotik. Jakarta: Departemen P&K.

Arikunto, S . (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Badudu, J spk. (1996). Kamus Umum Bahasa Indonesia. Jakarta: Pustaka Sinar

Harapan.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dananjadja. (2002). Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Danim, S. (2002). Menjadi Peneliti Kualitatif. Bandung: Pustaka Setia.

Esten, M. (1999a). Kajian Transformasi Budaya. Bandung: Percetakan

Angkasa

Esten, M. (1999b). Desentralisai Kebudayaan. Bandung: Percetakan Angkasa.

Fathoni, A. (2006). Metodologi Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi.

Jakarta: Rineka Cipta.

Faturohman, T spk. (2007). Pamager Basa XI. Bandung: CV. Geger Sunten &

PT. Tiga Serangkai Pustaka Mandiri.

Hoed, H. (2011). Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Depok: Komunitas

Bambu.

Koentjaraningrat. (1981). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Aksara Baru.

(31)

74

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Kutha, N.R. (2010). Metodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial

Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Koswara, D. (2003). Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Lubis, H.N spk. (2011). Sejarah Kebudayaan Sunda. Bandung: Yayasan

Masarakat Sejarawan Indonesia.

Luxemburg, J.V. (1992). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: PT. Gramedia.

Masriah I. (2013). Format Laporan Profil Desa dan Kelurahan. Majalengka:

Badan Pemberdayaan Masyarakat Desa, Perempuan dan Keluarga

Berencana (BPMDPKB).

Muhammad. (2011). Paradigma Kualitatif Penelitian Bahasa. Yogyakarta:

Liebe Bokk Ekspres.

Noviadi, A. (2012). Mantra Ritual Babarit: Nilai Budaya, Struktur, Konteks

Penuturan, Proses Penciptaan, dan Fungsi serta Pelestariannya

sebagai Bahan Ajar Apresiasi Sastra di SMA. Tesis, Sekolah

Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Nur Amalia, E. (2013). Simbol-simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di

Blok Kampek Désa Salawana Kacamatan Dawuan Kabupatén

Majalengka pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya

di SMA Kelas XII. Skripsi Sarjana, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Panitia Kamus LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV. Geger

(32)

75

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Pateda, M. (2001). Semantik Leksikal. Jakarta: Rineka Cipta.

Pradopo, R.D. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode, Kritik, dan

Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rakhman, F. (2014). Carita Wayang Rahwana Pejah (Tilikan Struktur jeung

Psikologi Sastra). Tesis, Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan

Indonesia, Bandung.

Ranjabar, J. (2006). Sistem Sosial Budaya Indonesia Suatu Pengantar. Bogor:

Ghalia Indonesia.

Rosidi, A spk. (2000). Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, A spk. (2008). Kujang, Bedog, dan Topeng. Bandung: Yayasan Pusat

Studi Sunda.

Rosidi, A. (1970). Tjarita Sri Sadana atau Sulandjana. Bandung: Proyek

Penelitian Pantun.

Rosyiati, A spk. (1995). Fungsi Upacara Tradisional Bagi Masyarakat

Pendukungnya. Bandung: Depdikbud, Dirjen Sejarah dan Nilai

Tradisional Proyek Penelitian, Pengkajian, dan Pembinaan Nilai-nilai

Budaya Jawa Barat.

Sobur, A. (2001). Analisis Text Wacana. Jakarta: Gramedia.

Sudaryat, Y. (2000). Élmuning Basa. Bandung. Walatra.

Sufia, V.H. (2011). Fungsi Simbol dina Acara Tradisi Ruatan Bumi di

Kampung Banceuy Kecamatan Ciater Kabupaten Subang. Skripsi

Sarjana, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan

(33)

76

REKHA ROSDIANA DEWI, 2015

Sumardjo, J. (2000). Filasafat Seni. Bandung: Pustaka Setia.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pengajaran Bahasa. Bandung: Jurusan Pndidikan Pendidikan Bahasa

Daerah UPI.

Teeuw, A. (2003). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya.

Universitas Pendididkan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI PRESS

Referensi

Dokumen terkait

lantaran kitu, ieu panalungtikan téh dibéré judul “Kasenian Genyé di Kabupatén Purwakarta Ulikan Struktural Sémiotik jeung Étnopedagogik ”. Bédana panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif, kalayan pamarekan étnografi, maké métode déskriptif analitik. Métode panalungtikan digunakeun

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi, ulikan pustaka, jeung wawancara. Téhnik dokuméntasi digunakeun ogé pikeun analisis struktur-semiotik

Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun

faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu didéskriptifkeun dina ieu panalungtikan nya éta istilah-istilah kasenian penca silat anu aya di Kacamatan

Saluyu jeung pamanggih Suyatna (2002: 14) anu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara

Ieu desain dipaké pikeun ngadéskripsikeun asal-muasal upacara adat gusaran nu aya di Désa Tambakmekar Kacamatan Jalancagak Kabupatén Subang, prak-prakan upacara adat

Sangkan museur kana masalah anu baris ditalungtik, ieu tésis téh diwatesanan kana perkara kasenian anu hirup di masarakat, bahasan utama dina ieu panalungtikan nyaéta