• Tidak ada hasil yang ditemukan

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII: Ulikan Sémiotik."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SIMBOL-SIMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII (Ulikan Sémiotik)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat

Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Usép Nandang SM 0906599

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2013

Simbol-simbol Kasenian Goong

Rénténg di Désa Cisarua Kacamatan

Cisarua Kabupatén Sumedang

Pikeun Bahan Pangajaran Maca

Kelas XII

(Ulikan Semiotik)

Oleh

Usep Nandang S.M.

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Usep Nandang S.M. 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

(3)

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(4)

i

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SIMBOL-SOMBOL KASENIAN GOONG RÉNTÉNG DI DÉSA CISARUA KACAMATAN CISARUA KABUPATÉN SUMEDANG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA KELAS XII (Ulikan Sémiotik) 1)

Usep Nandang S.M. 2)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Simbol-simbol Kasenian Goong Rénténg di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas

XII: Ulikan Sémiotik”. Penelitian ini bertujuan untuk mengungkapkan dan membahas nilai-nilai luhur yang terkandung di dalam kesenian Goong Renteng yang berada di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Sumedang. Cara yang digunakan untuk menganalisa nilai-nilai luhur tersebut yaitu menggunakan analisis semiotik. Melalui analisis ini, dapat diketahui simbol atau makna dan nilai filosofi yang terkandung dalam kesenian Goong Renteng, baik dalam pelaksanaannya maupun property yang digunakannya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan tekniknya menggunakan teknik telaah pustaka, observasi, wawancara dan dokumentasi. Dari hasil penelitian ditemukan data, yaitu kesenian Goong Renteng merupakan seni tradisi yang diwariskan oleh para karuhun. Pementasan kesenian Goong Renteng Desa Cisarua dipentaskan secara rutin pada malam 12 Mulud, 14 Rewah, 10 Rayagung dan 1 Syawal, yang bertujuan untuk memperingati hari kelahiran Nabi Muhammad SAW. juga sebagai ungkapan rasa syukur atas nikmat yang diberikan Allah SWT. Adapun simbol-simbol yang ditemukan dalam penelitian ini yaitu terdapat pada pementasan dan property yang digunakan dalam kesenian Goong Renteng, yang meliputi pakaian nayaga, waditra atau alat musik yang digunakan dan sesajen. Secara umum, makna dari kesenian Goong Renteng yaitu sebagai pewarisan nilai dan norma keagamaan. Penelitian ini bermanfaat untuk menambah pengetahuan tentang kebudayaan Sunda khususnya yang ada di Kabupaten Sumedang. Selanjutnya, hasil dari penelitian ini bisa digunakan sebagai alternatif bahan pembelajaran membaca di SMA kelas XII.

Kata kunci : Simbol, Kasenian Goong Rénténg dan Bahan Pangajaran

(5)

ii

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SYMBOLS IN GOONG RENTENG ART IN CISARUA VILLAGE,

CISARUA SUB-DISTRICT, SUMEDANG DISTRICT AS A MATERIAL OF READING LESSON FOR GRADE XII

(A Semiotic Analysis)

Usep Nandang S.M.

ABSTRACT

The title of this research was “Symbols in Goong Renteng Art in Cisarua Village,

Cisarua Sub-District, Sumedang District as a material of Reading Lesson for

Grade XII: A Semiotic Analysis”. The purpose of this research was to reveal and discuss the honorable values contained in Goong Renteng Art in Cisarua Village, Cisarua Sub-Distric, Sumedang Distric. The method used to analyze the honorable values was by using a semiotic analysis. Through the analysis, it could be known the symbols or meaning and the philosophical values contained in Goong Renteng art, both in its performance and in property used. The research method used was a descriptive method, whereas the research technique used were library study, observation, interview, and documentation. From this research result some data was found, that is, Goong Renteng art in Cisarua Village was performed routinely on the nights of 12 Mulud, 14 Rewah, 10 Rayagung, and 1 Syawal, intended to celebrate the birthday of Prophet Muhammad SAW. it was also intended as an expression of gratitude for the blessing of Allah SWT. The symbols found in the research were in both performance and property used in the Goong Renteng art, including musicians costum, waditra or music instruments used and sesajen (ritual offerings). In general, the meaning of Goong Renteng art was the inheritance of religious values and norms. This research was beneficial in enriching knowledge on Sundanese cultures, practicularly those ones existing in Sumedang District. Moreover, the research results could be utilized as an alternative for the reading learning material in Grade XII of Senior High School.

(6)

vii

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR TABÉL ... xii

DAPTAR GAMBAR ... xiii

DAPTAR BAGAN ... xvii

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2. Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1. Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2. Rumusan Masalah ... 5

1.3. Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1. Tujuan Umum ... 5

1.3.2. Tujuan Husus ... 5

1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1. Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2. Mangpaat Praktis ... 6

1.5. Struktur Organisasi Skripsi ... 6

BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Filsafat ... 8

2.1.1 Wangenan Filsafat ... 8

2.1.2 Objék Filsafat ... 10

2.1.3 Cabang Filsafat ... 10

(7)

viii

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2 Kabudayaan …. ... 13

2.2.1 Wangenan Kabudayaan ... 13

2.2.2 Wujud Kabudayaan ... 14

2.2.3 Unsur-unsur Kabudayaan ... 15

2.2.4 Sistem Religi jeung Upacara Kaagamaan ... 17

2.3 Sémiotika Kabudayaan ... 19

2.3.1 Wangenan Sémiotika ... 19

2.3.2 Sémiotik Modél Charles S. Peirce ... 20

2.4 Kasenian Goong Rénténg ... 22

2.4.1 Wangenan Kasenian ... 22

2.4.2 Kamekaran Kasenian ... 25

2.4.3 Kasenian Goong Rénténg ... 27

2.4.3.1 Rupa Waditra Kasenian Goong Rénténg ... 27

2.4.3.2 Pungsi Kasenian Goong Rénténg ... 33

2.5 Bahan Pangajaran Maca ... 34

2.5.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 34

2.5.2 Wangenan Maca ... 35

2.5.2.1 Tujuan Maca ... 36

2.5.2.1 Téhnik Maca ... 36

2.5.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran Maca ... 37

2.5.4 Pangajaran Maca dina SKKD ... 38

BAB III MÉTODE JEUNG LOKASI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan ... 41

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 41

3.2.1 Sosial Budaya Lokasi Panalungtikan ... 41

3.2.2 Sumber Data Panalungtikan ... 43

3.2 Desain Panalungtikan ... 44

3.3 Métode Panalungtikan ... 45

3.4 Wangenan Operasional ... 46

(8)

ix

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 48

3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 48

3.3.2 Téhnik Ngolah Data ... 49

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ... 49

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Déskripsi Kasenian Goong Rénténg di Désa Cisarua ... 51

4.1.1 Aspék Sajarah Kasenian Goong Rénténg Désa Cisarua ... 51

4.1.2 Pihak-pihak nu Kalibét dina Pintonan Kasenian Goong Rénténg ... 54

4.2 Pakakas atawa Property dina Kasenian Goong Rénténg ... 55

4.2.1 Pakakas Waditra ... 55

4.2.2 Pakéan Nayaga ... 55

4.2.3 Pakakas Ngebakan ... 56

4.2.4 Kalengkepan Sasajén ... 57

4.3 Runtuyan Prak-prakan Pintonan Kasenian Goong Rénténg ... 58

4.3.1 Pra Pintonan ... 58

4.3.2 Prakna Pintonan ... 58

4.3.3 Pasca Pintonan ... 62

4.4 Déskripsi Simbol-simbol jeung Ajén Falsafah Kasenian Goong Rénténg ... 63

4.4.1 Pakakas Waditra ... 63

4.4.2 Pakéan Nayaga ... 68

4.4.3 Pakakas Ngebakan ... 69

4.4.4 Prak-prakan Pintonan ... 69

4.4.5 Lalaguan dina Pintonan ... 71

4.4.6 Déskripsi Simbol jeung Ajén Falsafah dina Lagu Ayun Ambing jeung Géboy ... 73

4.4.7 Sasajén ... 76

4.4.7.1 Sasajén Kadaharan ... 76

4.4.7.1 Sasajén Non-Kadaharan ... 92

(9)

x

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.6 Impleméntasi Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA ... 103

4.6.1 Bahan Pangajaran Maca Bahasan Kasenian ... 103

4.6.2 Matéri Ajar ... 104

4.6.3 Latihan Soal ... 107

4.6.4 Silabus Pangajaran Maca Bahasan Kasenian ... 109

4.6.5 Conto RPP Pangajaran Maca Bahasan Kasenian ... 111

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekan ... 116

5.2 Saran ... 117

DAPTAR PUSTAKA ... 119

(10)

1

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Indonésia mangrupa nagara nu kawéntar beunghar ku sélér bangsa jeung budaya. Éta kabeungharan budaya téh tangtuna kudu dimumulé, diriksa jeung dimekarkeun sangkan heunteu tumpur.

Kabudayaan nya éta sakumna kabiasaan manusa dina kahirupan sapopoé jeung alam sabundeureunana nu dicangkem ngaliwatan prosés diajar. Koentjaraningrat (2009: 144), nétélakeun yén kabudayaan téh nya éta “keseluruhan sistem gagasan, tindakan dan hasil karya manusia dalam kehidupan masyarakat yang dijadikan milik diri manusia dengan belajar”. Dumasar kana éta pamadegan, katitén yén sagala rupa pamikiran-pamikiran, laku lampah jeung hasil karya manusa dina kahirupan di lingkungan masarakatna kaasup kana kabudayaan.

Ditilik tina wujudna, kabudayaan miboga tilu wujud kayaning: (1) ideas, (2)

activities jeung (3) artifacts. Ideas nya éta wujud kabudayaan salaku kumpulan gagasan, ide, norma, papagon-papagon, jsb. Activities nya éta wujud kabudayaan salaku kompleks aktivitas atawa tingkah paripolah manusa di sabundeureun masarakat. Artifacts nya éta wujud fisik kabudayaan nu ngawujud dina pakakas-pakakas jieunan manusa (Koentjaraningrat, 2009: 150). Anapon ditilik tina unsur-unsur pangwanguna, Koentjaraningrat (1985: 2) ngabagi kabudayaan jadi tujuh unsur universal, nya éta: (1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, (2) sistem organisasi kamasarakatan, (3) sistem paélmuan, (4) basa, (5) kasenian, (6) sistem pakasaban jeung (7) sistem téknologi.

(11)

2

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyiptakeun éta karya seni ka masarakat salaku aprésiatorna. Manusa mikabutuh ayana kasenian, ku kituna kasenian bakal hirup saupama aya pihak-pihak nu ngarojong kana éta kasenian, nya éta pelaku seni jeung aprésiator seni.

Masarakat Indonésia hususna sélér Sunda miboga rupa-rupa kasenian nu can tangtu dipikawanoh ku anggota masarakatna. Salasahiji kasenian Sunda nya éta Kasenian Goong Rénténg. Kasenian Goong Rénténg nya éta salasahiji kasenian Sunda buhun. Goong Rénténg nya éta sebutan pikeun sagemblengan waditra gamelan has masarakat Sunda nu gelarna geus heubeul. Sahenteuna Goong Rénténg geus dipikawanoh ku masarakat Sunda dina abad ka-16 (Kurnia & Nalan, 2003: 35).

Numutkeun Jaap Kunst dina Kurnia & Nalan (2003: 35), kasenian Goong Rénténg ayana di wilayah Cileunyi (Kab. Bandung), Cikebo (Tanjungsari, Kab. Sumedang), Lebakwangi (Pameungpeuk, Kab. Bandung), Karaton Kanoman (Cirebon). Lian ti éta, kasenian Goong Rénténg bisa kapaluruh di wewengkon Cigugur (Kab. Kuningan), Talaga (Kab. Majalengka), Ciwaru (Ds. Cisarua, Kab. Sumedang) Tambi (Kab. Indramayu), Mayung Suranengah jeung Tegalan (Cirebon).

Waditra nu dipaké dina kasenian Goong Rénténg teu sarua antara nu hiji jeung nu lianna, kitu deui tembang-tembang atawa gending-gendingna jeung surupan larasna. Contona waé, Atmadibrata (1977: 61) ngawincik waditra kasenian Goong Rénténg dumasar kana daérah sumebarna ieu kasenian. Dina kasenian Goong Rénténg nu aya di daérah Lebak Wangi, waditra nu dipakéna nya éta: (1) bonang, (2) cécémprés, (3) jenglong, (4) kendang, (5) béri jeung (6) goong rénténg dua siki. Sedengkeun kasenian Goong Rénténg di daérah Guradog Banten waditra nu dipakéna nya éta: (1) koromong 12 siki, (2) saron genep wilah, (3) jenglong, (4) goong gedé dua siki jeung (5) kendang sarta kulantér.

(12)

3

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tanggal 12 Mulud, 14 Rewah, 10 Rayagung jeung 1 Syawal. Dipagelarkeuna ieu kasenian minangka sarana pikeun ngareuah-reuah jeung miéling poé dibabarkeunana Nabi Muhammad saw. ogé mangrupa sarana pikeun ngébréhkeun rasa sukur ka Alloh swt. Dina prak-prakanana, kasenian Goong Rénténg nu nu aya di Désa Cisarua mangrupa gabungan dina seni musik jeung séni tari nu gumulung jadi hiji beungkeutan seni tradisional.

Salian ti unsur kasenianana, kasenian Goong Rénténg miboga unsur séjén nu bisa dipedar nya éta ajén filosofisna. Naon-naon nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg tangtuna miboga maksud jeung udagan nu disilokakaeun ngaliwatan simbol-simbol. Aya kahariwang saupama maksud jeung udagan nu disilokakeun ngaliwatan simbol-simbol teu kaguar jeung teu katepikeun ka balaréa, ngurangan kana nilai sakral kasenian Goong Rénténg. Éta hal didadasaran kana kaayaan kasenian Goong Rénténg nu kiwari teu pati populer dikalangan masarakat umum. Ieu kasenian ngan saukur dipikawanoh ku sabagéan masrakat, utamana masarakat adat jeung rombongan kasenian Goong Rénténg wungkul.

Pikeun nyangkem ma’na nu nyangkaruk dina simbol-simbol nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg perlu dilaksanakeun panalungtikan pikeun nyurahan tanda-tandana. Anapon widang paélmuan nu dijadikeun sisindekelan pikeun nyurahan ma’na-ma’na simbolik nya éta semiotik.

Panalungtikan saacana ngeunaan kasenian Goong Rénténg nya éta:

1) Khasanah Kesenian Jawa Barat (buku) karangan Enoch Atmadibrata nu ngabahas ngeunaan kasenian-kasenian nu aya di Jawa Barat kaasup kasenian Goong Rénténg sacara umum;

2) Deskripsi Kesenian Jawa Barat (buku) karangan Ganjar Kurnia jeung Artur S. Nalan nu ngabahas ngeunaan kasenian-kasenian nu aya di Jawa Barat kaasup kasenian Goong Rénténg sacara umum;

(13)

4

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sumedang. Goong Koromong mindeng disaruakeun jeung Goong Rénténg. Nu jadi bahasanana nya éta dina segi musikalitas jeung aplikasi dina pembelajaran seni musik jeung

4) Perkembangan Kesenian Goong Rénténg Embah Bandong Kec. Arjasari Kab. Bandung Pada Tahun 1983-2004. Ieu tulisan mangrupa hasil panalungtikan Karimudin Keri Ahmad dina wangun skripsi. Eusina mangrupa tilikan historis atawa kasajarahan kasenian Goong Rénténg Embah Bandong.

Dumasar katerangan di luhur, kasenian Goong Rénténg hususna nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang saupama ditilik dina segi filosofis simbol-simbolna can aya nu nalungtik.

Saréngséna ngaguar ma’na-ma’na simbolik nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg, panulis miboga karep pikeun nyieun tulisan ngeunaan ieu kasenian anu satuluyna bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran. Pangajaran ngeunaan kasenian nyampak dina SKKD SMA kelas XII. Ku kituna, ieu panalungtikan nu dijudulan “Simbol-simbol Kasenian Goong Rénténg di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII : Ulikan Semiotik” perlu dilaksanakeun. Ieu hal mangrupa salasahiji tarékah dina ngamumulé, ngariksa jeung ngamékarkeun kasenian Sunda hususna kasenian Goong Rénténg sangkan heunteu tumpur.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

(14)

5

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2.2 Rumusan Masalah

Dina unggal panalungtikan tangtuna aya masalah-masalah nu baris diguar. Rumusan masalah dipiharep jadi pituduh pikeun ngumpulkeun data. Dumasar kana idéntifikasi masalah, aya sawatara rumusan masalah nu disusun dina wangun patalékan saperti ieu di handap:

1) Kumaha asal-usul kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang?

2) Kumaha prak-prakan kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang?

3) Pakakas (property) naon waé nu digunakeun dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang?

4) Ajén falsafah naon waé nu nyangkaruk dina simbol-simbol kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang? 5) Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca di kelas

XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya tur kasenian nu aya di masarakat Sunda, hususna kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

(15)

6

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sacara husus ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Asal-usul kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan

Cisarua Kabupatén Sumedang.

2) Prak-prakan kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

3) Pakakas (property) naon waé nu digunakeun dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

4) Ajén falsafah nu nyangkaruk dina simbol-simbol kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang, jeung:

5) Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca di kelas XII.

1.4 Mangfaat Panalungtikan 1.4.1 Mangfaat Tioritis

1) Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngabeungharan panalungtikan jeung pangaweruh ngeunaan kasenian.

1.4.2 Mangfaat Praktis

1) Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré pangaweruh ngeunaan simbol/ma’na jeung ajén falsafah nu nyangkaruk dina kasenian.

2) Nambahan pangaweruh siswa kana kasenian Sunda.

3) Pikeun guru, bisa dimangpaatkeun jadi pangdeudeul pangajaran kasenian jeung budaya Sunda di sakola.

1.5 Struktur Organisasi Skripsi

(16)

7

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun téori-téori ngeunaan falsafah, kabudayaan, kasenian, Goong Rénténg, sémiotik jeung bahan ajar.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh métode panalungtikan boh prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, wangenan operasional, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta prosedur dina ieu panalungtikan.

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, ngaanalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ngeunaan ajén falsafah nu nyangkaruk dina simbol-simbol kasenian Goong Rénténg pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca kelas XII.

(17)

41

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Désa Cisarua mangrupa salasahiji désa nu aya di Kacamatan Cisarua. Désa Cisarua perenahna aya di wétaneun pusat pamaréntahan Kabupatén Sumedang. Désa Cisarua diwatesanan ku Désa Kebon Kalapa (beulah kulon), beulah wétan diwatesanan ku Désa Ciuyah, beulah kalér diwatesanan ku Désa Mandala Hérang jeung beulah kidul diwatesanan ku Désa Ciuyah.

Sacara topografi, Désa Cisarua ayana di dataran handap. Jarak ka Ibu kota/Kacamatan nya éta ± 0,5 km jeung jarak ka Ibu kota/Kabupatén ± 5 km. Warga Désa Cisarua bulan Januari 2013 jumlahna aya 4.606 urang/jiwa nu ngawengku 2.324 urang lalaki jeung 2.282 urang awéwé. Jumlah kepala keluargana (KK) nya éta 1.509 urang/jiwa. Éta jumlah warga téh sumebar di genep RW nu ngawengku 26 RT (profil Désa Cisarua, 2013).

3.1.2 Sosial Budaya Lokasi Panalungtikan 1) Warga

Interaksi antar masarakat di Kacamatan Cisarua hususna Désa Cisarua kawilang alus. Masarakat Désa Cisarua masih kénéh mentingkeun kahirupan sosialna. Hal éta katitén dina masih nerapna budaya gotong-royong. Ieu budaya

(18)

42

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Agama jeung Kapercayaan

Sakabéh warga Désa Cisarua umumna nganggem agama Islam. Hal éta lantaran di ieu désa wargana can pati hétérogén. Hampir sakabéh warga nu aya di ieu désa mangrupa sélér Sunda nu nganggem agama Islam. Kagiatan kaagamaan kayaning pangajian rutin, solat berjamaah jeung lain sajabana masih kénéh dilaksanakeun. Husus dina kagiatan pangajian, di Désa Cisarua sok disebut rutinan. Ieu kagiatan pangajian téh diayakeun saminggu sakali di unggal masjid nu aya di Désa Cisarua. Hal éta miboga maksud pikeun ngajaga interaksi warga masarakat ogé ngaraketkeun tali silaturahmi. Sarana ibadah nu aya di Désa Cisarua nya éta dalapan mesjid gedé (jami) jeung 12 mushola.

3) Basa

Basa nu dipaké ku warga Désa Cisarua dina kahirupan sapopoéna nya éta basa Sunda. Hal éta lantaran masarakat Désa Cisarua can pati hétérogén. Basa Sunda salian dipaké dina hirup kumbuh warga Désa Cisarua ogé mangrupa ciri warga Désa Cisarua nu mangrupa sélér Sunda. Dipakéna basa Sunda dina hirup kumbuh warga Désa Cisarua ogé mangrupa tarékah dina ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan Sunda di Désa Cisarua.

4) Pakasaban

(19)

43

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.3 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké meunangkeun data (Arikunto, 2010: 172). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sagemblengan prosés pintonan kasenian Goong Rénténg jeung katerangan hasil wawancara ti:

1) Pupuhu rombongan kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua anu leuwih apal kana kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua sangkan panalungtik bener-bener wanoh kana hal anu baris ditalungtikna.

2) Sesepuh masarakat Désa Cisarua nu apal kana kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

3) Aparatur Désa Cisarua, pikeun nambahan référénsi dina ieu panalungtikan.

Gambar 3.1

(20)

44

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan digambarkeun dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Tujuan Panalungtikan

Ngadéskripsikeun:

1. Asal-usul kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

2. Prak-prakan kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

3. Pakakas (property) naon waé nu digunakeun dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

4. Ajén falsafah nu nyangkaruk dina simbol-simbol kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang, jeung:

5. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca di kelas XII.

Idéntifikasi Masalah

Nangtukeun Métode jeung Téhnik Panalungtikan

(21)

45

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa tata aturan gawé panalungtikan nu gunana pikeun meunangkeun data (Arikunto, 2010: 203). Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Istilah “déskriptif” asalna tina basa Inggris to describe nu hartina ngagambarkeun hiji hal, misalna waé kaayaan, kondisi, situasi, kajadian, kagiatan, jsb (Arikunto, 2010: 3). Ku kituna, panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan nu udagannana pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, atawa hal-hal lain nu geus ditataan di luhur nu hasilna dipaparkeun dina wangun laporan panalungtikan.

Métode deskriptif nya éta salasahiji métode dina nalungtik status kelompok manusa, hiji objék, hiji kaayaan, mngrupa sistem pamikiran atawa kaayaan dina mangsa ayeuna (Nazir, 1988: 63). Métode deskriptif miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun, nyieun gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal-hal nu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang, hususna dina aspék kasajarahan, simbol-simbol jeung ajén falsafahna. Simbol-simbol jeung ajén falsafah nu diséskripsikeun dina kasenian Goong Rénténg misalna waé dina prak-prakan pintonannana, waditrana, sasajén jeung pakakas kalengkepan séjéna nu nyampak dina ieu kasenian. Satuluyna, hasil déskripsi simbol-simbol jeung ajén falsafah nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang dilarapkeun dina bahan pangajaran “Maca Bahasan Kasenian” di SMA kelas XII. Dina ngadéskripsikeun simbol-simbol nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg nyindekel kana téori Sémiotik Charles S. Peirce (indéks, ikon jeung simbol). Ieu

Ngolah Data

(22)

46

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu panalungtikan leuwih nyindekel kana simbolisasina.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan henteu ngabalukarkeun tafsiran ngeunaan hal-hal nu béda-béda kana ieu panalungtikan, mangka dijéntrékeun wangenan oprasionalna.

1) Simbol, nya éta tanda nu ngahubungkeun antara tanda jeung objék atawa udaganana ditangtukeun ku aturan nu lumaku; disapukan; diheueuhan ku balaréa (peirce dina Sobur, 2009: 41).

2) Falsafah (filsafat), sacara gurat badagna mangrupa élmu ngeunaan alam nyata nu nalungtik ngeunaan bebeneran hiji hal.

3) Kasenian, nya éta éksprési manusa kana kaéndahan nu ngawengku; (1) seni rupa jeung (2) seni swara (Koentjaraningrat, 2009: 298).

4) Goong Rénténg, asalna tina kecap goong jeung rénténg. Goong mangrupa istilah basa Sunda kuno nu hartina gamelan jeung rénténg nya éta cara nempatkeun penclon-penclon kolenang (bonang) nu dirénténgkeun (Kurnia & Nalan, 2003: 35).

5) Bahan Ajar/ Bahan Pangajaran Maca. Sacara gurat badagna diwangun ku pangaweruh, kaparigelan, sarta sikep nu kudu dicangkem ku siswa dina raraga ngahontal standar kompetensi nu geus ditangtukeun, hususna dina pangajaran maca.

(23)

47

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atwa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis (Arikunto, 2010: 203). Instrumén dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Hand Phone

Hand phone digunakeun pikeun ngarékam prosés wawancara jeung informan.

2) Video Shoot

Video shoot digunakeun ngadokuméntasikeun prak-prakan pintonan kasenian Goong Rénténg dina wangun audio visual.

3) Kaméra Digital

Kaméra digitan digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan jeung sagala rupa nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg dina wangun gambar.

4) Padoman Wawancara

Padoman wawancara nya éta runtuyan patalékan-patalékan nu baris ditanyakeun ka informan. Runtuyan patalékan-patalékan wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih dilegaan atawa diheureutan gumantung kana situasi jeung kondisi.

Tabél 3.1

1. Dumasar sajarahna, kumaha mimitina aya kasenian Goong Rénténg di ieu désa téh? 2. Dina acara naon waé kasenian Goong

(24)

48

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu narasumber di masarakat nu tangtu atawa heunteu?

3. Kumaha ari prak-prakan pagelaran kasenian Goong Rénténg téh?

4. Naon waé pakakas kalengkepan dina kasenian Goong Rénténg téh?

5. Ari dina kasenian Goong Rénténg téh aya simbol-simbol husus teu?

6. Dina simbol-simbol éta aya ajén falsafah atawa ngandung siloka nu tangtu teu?

7. Kumaha fungsi jeung mangfaat dipintonkeunana ieu kasenian Goong Rénténg keur masarakat?

8. Upamana kasenian Goong Rénténg heunteu dipagelarkeun dina waktu-waktu nu geus ditangtukeun téa bakal aya akibatna teu? 9. Kumaha réspon masarakat jaman kiwari kana

kasenian Goong Rénténg, naha aya bédana jeung baheula?

10. Kumaha prosés regenerasi atawa pewarisan kasenian Goong Rénténg téh? Naha aya tata cara husus dina milih nayaga/nu nabeuh ieu waditra?

3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara jeung téhnik dokuméntasi.

(25)

49

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik talaah pustaka digunakeun pikeun meunangkeun data panalungtikan nu patali jeung tiori-tiori dina wangun tulisan nu aya patalina jeung objék panalungtikan.

2) Téhnik Obsérvasi

Tehnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun sagemblengan data ti lapangan ngeunaan kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang. téhnik obsérvasi digunakeun lantaran panalungtik bisa museurkeun panitén ngaliwatan pancaindera kana gemblengan pintonan kasenian Goong Rénténg.

3) Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara digunakeun pikeun meunangkeun data sacara lisan. Anapon nu jadi sasaran wawancara nya éta informan nu nyaho kana kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

4) Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu mangrupa gambar jeung rekaman audio visual pintonan kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

(26)

50

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

di SMA kelas XII. Sanggeus éta nyieun kacindekan tina hasil ngolah data anu geus didéskripsikeun jeung dianalisis.

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Sangkan panalungtikan miboga tatapakan anu écés, tangtuna kudu nataharkeun rarancang panalungtikanana. Anu dijadikeun rarancang dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Tahap Tatahar

Léngkah-léngkah dina tahap tatahar, nya éta: (1) ngajukeun judul panalungtikan, (2) nyusun rarancang panalungtikan, (3) ngumpulkeun sumber bahan ulikan, (4) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan. (5) nyieun proposal panalungtikan, (6) ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan, jeung (7) konsultasi ka dosén pangaping.

2) Tahap Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngumpulkeun data, nya éta: (1) telaah pustaka pikeun meunangkeun pamahaman awal ngeunaan kasenian Goong Rénténg, (2) obsérvasi ka tempat kasenian Goong Rénténg nu ditalungtik, nya éta Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang, (3) wawancara ka pupuhu rombongan Kasenian Goong Rénténg jeung ka masarakat Désa Cisarua nu apal kana Kasenian Goong Rénténg nu aya di ieu désa, jeung (4) ngadokuméntasikeun kagiatan panalungtikan.

3) Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data, nya éta (1) mariksa data nu geus dikumpulkeun. (2) ngadéskripsikeun data ngeunaan kasenian Goong Rénténg nu aya si Désa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang, (3) nganalisis simbol-simbol jeung ajén falsafah dina ieu kasenian kalayan maké téori sémiotik Peirce (ikon, indéks jeung simbol) nu leuwih nyindekel kana simbolisasina.

(27)

51

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(28)

116

116

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Panalungtikan ngeunaan simbol-simbol jeung ajén falsafah dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua, Kacamatan Cisarua Kabupatén Sumedang ngahasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta:

1) Kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua mangrupa kasenian buhun warisan karuhun Sumedang. Ieu kasenian mangrupa kasenian masarakat agraris tradisional Sunda nu kapangaruhan ku agama Islam. Hal éta katitén dina pungsi awalna nu aya patalina jeung masalah muka lahan pilemburan jeung tatanén. Dina kamekaran saterusna, kasenian Goong Rénténg dipintonkeun pikeun ngareuah-ngareuah poé gumelarna Nabi Muhammad SAW, ruwatan, salametan lembur atawa hiburan masarakat saupama aya nu nanggap.

2) Dina prak-prakanana, pintonan Kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua diwangun ku sababaraha prosési. Nu kahiji nya éta pra pintonan, nu mangrupa prosés nataharkeun sarat kalengkepan pintonan jeung nyieun rupa-rupa sasajén. Nu kadua nya éta prakna pintonan nu diwangun ku sababaraha runtuyan acara, nya éta: (1) tawasulan, (2) ngebakan/jamasan, (3) Hajat Mulud, (4) ijab jeung (5) pintonan inti. Dina pintonan inti, aya 14 lagu nu ditabeuh. Nu katilu nya éta pasca pintonan nu disebut ogé huripan.

(29)

117

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kahiji ngawadahan lima penclon bonang, sedengkeun ancak nu kadua ngawadahan 12 penclon bonang, (b) 14 wilah gambang, (c) sapenlon jenglong/ketuk, (d) kendang, (e) goong géde jeung (f) dua pasang kecrék. (3) Sasjén dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua kabagi jadi dua rupa, nya éta sasajén nu mangrupa kadaharan jeung sasajén non-kadaharan.

4) Sabada dititénan, dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua leubeut ku simbol-simbol jeung miboga ajén falsafah. Ajén falsafah dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua nyangkaruk dina simbol-simbol nu nyampak dina ieu kasenian. Éta simbol-simbol-simbol-simbol téh kapaluruh dina runtuyan acara jeung pakakas kalengkepan nalika pintonannana.

Kasenian Goong Rénténg ogé mangrupa sarana ngawariskeun nilai ti para karuhun Désa Cisarua sangkan bisa dijadikeun papagon hirup ku generasi saterusna.

5) Simbol-simbol jeung ajén falsafah nu nyampak dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran Basa Sunda hususna matéri ngeuanaan “Maca Bahasan Kasenian” nu saluyu pikeun pangajaran siswa SMA kelas XII.

5.2 Saran

Saréngséna nalungtik kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua, Kacamatan Cisarua, Kabupatén Sumedang, karasa réa pisan mangpaatna pikeun panyusun.

Sangkan kamangpaatanana bisa karasa ku balaréa, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

(30)

118

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu kasenian mangrupa warisan titinggal karuhun nu kudu diriksa jeung dimumulé ku masarakat. Dina ieu kasenian nyangkaruk rupa-rupa hal nu positif. Ku kituna, ieu acara ulah nepi ka mawa manusa kana kamusrikan. 2) Pikeun penyelenggara

Ieu kasenian téh hadé pisan pikeun dijaga tur dipintonkeun unggal waktuna sabab ieu kasenian miboga ajén-inajén nu positif.

3) Pikeun pamaréntah setempat

Dina kasajarahanana, kasenian Goong Rénténg diwariskeun ka sing saha waé nu ngajabat jadi Kuwu (Kadés atawa Lurah) Désa Cisarua. Ku kituna, pihak pamaréntah Désa Cisarua saheunteuna kudu miboga anggaran husus pikeun ngariksa ieu kasenian.

Pikeun pamaréntahan Kabupatén Sumedang, kasenian Goong Rénténg mangrupa warisan titinggal karuhun Sumedang nu kiwari geus kurang populer. Ku kituna, kacida hadéna saupama ieu kasenian leuwih dipublikasikeun sajalan jeung moto Kabupatén Sumedang salaku “Puseur

Budaya Sunda”.

4) Pikeun lembaga pendidikan jeung panalungtikan

(31)

119

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Buku

Achmadi, Asmoro. (2011). Filsafat Umum. Jakarta: Rajawali Pers. Amir, dkk. (2007). Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: BASEN Press.

Atmadibrata. (1977). Khasanah Kesenian Daerah Jawa Barat. Bandung: Pelita Masa.

Bakker. (1984). Filsafat Kebudayaan Sebuah Pengantar. Jakarta: Pustaka Filsafat.

Danandjaja, James. (1984). Folklore Indonesia; Ilmu Gosip, Dongeng, dal lain-lain. Jakarta: Grafitipers.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Isnendes, Retty. (2010). Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

---.(2010). Kajian Sastra Aplikasi teori & Kritik Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung : Daluang.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. ---.(1994). Kebudayaan Mentalis dan Pembangunan. Jakarta:

Gramedia.

Koswara, Dedi. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Kubarsah, Ubun. (1994). Waditra (Mengenal Alat-alat Kesenian Daerah Jawa Barat). Bandung: Sempurna.

(32)

120

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Latief, R. Abdul. (2008). Sumedanglarang.Sumedang: Yayasan Pangeran Sumedang.

LBSS. (1997). Kamus U Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Maran, Rafael Raga. (2007). Manusia dan kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

Nazier, Mohammad. (1988). Metode Penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia.

Pradopo, Rachmat Djoko. (2010). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rahman. (2000). Perencanaan Pengajaran Bahasa. Bandung: FPBS. Sastrawijaya. (2010). Kamus Idiom Sunda-Indonesia. Bandung: Kiblat. Semi, Atar. (1984). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Sobur, Alex. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya. Soepandi & Atmadibrata. (1977). Khasanah Kesenian Daerah Jawa Barat.

Bandung: pelita Masa.

Sudaryat, Yayat. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: JPDB FPBS UPI.

Suharsimi, Arikunto. (2010). Prosedur Penelitian : Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta : Rineka Cipta.

Sumardjo, Jakob. (2000). Filsafat Seni. Bandung: ITB.

---. (2003). Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda; tafsir-tafsir Pantun Sunda. Bandung: Kelir.

Suparlan, Suhartono. (2005). Filsafat Ilmu Pengetahuan. Jogjakarta: Arr-Ruzz. Tarigan, Henry Guntur. (2008). Membaca; Sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Teeuw. (2003). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya.

UPI. (2012). Pedoman Penulisan karya Ilmiah. Bandung: Universitas pendidikan Indonesia.

Wellek & Warren. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

(33)

121

Usep Nandang, 2013

Simbol-Simbol Kesenian Goong Renteng Di Desa Cisarua Kecamatan Cisarua Kabupaten Semedang Pikeun Bahan Pengajaran Maca Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tesis

Sutisna, Romy Hidayat. (2012). Pembelajaran Gamelan Koromong sebagai

Upaya Pewarisan Nilai-nilai Budaya Lokal di SMPN I Rancakalong Kabupatén Sumedang: Studi Kasus Pembelajaran Gamelan Koromong Teradap Peserta Didik Kelas 8. Tesis Magister di Program Pascasajarna Seni Upi Bandung: tidak diterbitkan.

Skripsi

Kusdiansyah, C. (2008). Ajén Falsafah dina Kasenian Kuda Rénggong (Lingkung

Seni Citra Kencana) Désa Pangunsérab Kacamatan Katapang Kabupatén Bandung. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan. Oktaviani, Virginia. (2012). Ajén Falsafah dina Upacara Sérén Taun di

Kelurahan Cigugur Kacamatan Cigugur Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Skripsi Sarjana di JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Rosdiana, Rekha. (2012). Ajén Falsafah dina Kasenian Tarawangsa. Skripsi Sarjana di JPBD PFBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Internet

http://filsafat.kompasiana.com/2012/11/20/tiga-filosofi-air-karena-air-tahu-kemana-ia-bermuara-509790.html

http://crcsjurnal.blogspot.com/2009/10/filsafat-dan-mitos-mitos-air-dalam.html

(

http://rah-toem.blogspot.com/2012/09/perkembangan-kesenian-mulai-dari-seni.html)

(http://id.wikipedia.org/wiki/Goong_renteng)

Gambar

Gambar 3.1 Peta Wilayah Désa Cisarua

Referensi

Dokumen terkait

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

Adapun permasalahan yang dibahas dalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan perjanjian kredit oleh lembaga perbankan di Indonesia, bagaimana hubungan hukum klausul

[r]

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Dengan menggunaan komputer, kegiatan akan b erjalan 1ebih e fisien dan efektif dibandingkan dengan cara manual yang dalam menghitung transaksi penjualan baju

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori

Pada bagian Kontak Kami berisikan alamat email yang dapat dihubungi langsung ke agen TiKon. Dalam pembuatan website ini penulis menggunakan PHP, MySQL dan macromedia dreamweaver MX