• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tradisi Ngaruat Jagat Di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang : ulikan semiotik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Tradisi Ngaruat Jagat Di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang : ulikan semiotik."

Copied!
21
0
0

Teks penuh

(1)

TRADISI NGARUAT JAGAT DI DÉSA SITURAJA KECAMATAN SITURAJA KABUPATÉN SUMEDANG

(Ulikan Sémiotik)

SKRIPSI

disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

WAHYUDI EKA PRADJA

1105196

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

LEMBAR PENGESAHAN

WAHYUDI EKA PRADJA 1105195

TRADISI NGARUAT JAGAT DI DÉSA SITURAJA KECAMATAN SITURAJA KABUPATÉN SUMEDANG

(ULIKAN SÉMIOTIK)

Disaluyukeun jeung disahkeun ku: Pangaping I

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP. 195906141986011002

Pangaping II

Drs. Dede Kosasih, M. Si. NIP 196307261990011001

Kauningakeun ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia

(3)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Tradisi

Ngaruat Jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang (Ulikan

Sémiotik)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara tidak sesuai dengan étika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 16 Mei 2015 Yang membuat pernyataan

(4)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panalungtikan

Métode nya éta cara anu kauger jeung puguh tujuanana pikeun ngahontal maksud (dina élmu pangaweruh), sakabéh hal dina métode kaatur pikeun ngagampangkeun prak-prakanana kagiatan anu tujuanana pikeun ngahontal tujuan anu tangtu (KBBI, 1995, kc. 652). Métode panalungtikan nya éta cara pikeun ngungkulan masalah panalungtikan anu dilaksanakeun sacara taliti jeung kasusun, pikeun nyangking fakta sarta kacindekan supaya bisa maham, ngaramalkeun, ngajelaskeun, jeung ngendalikeun kaayaan. Métode disebut ogé cara pikeun

maham sarta neuleuman objék anu jadi sasaranana (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 14).

Panalungtikan ieu téh kaasup panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu data-data hasil panalungtikanana henteu dumasar kana prosedur atawa wangun itungan. Dina panalungtikan kualitatif mah biasana panalungtik téh ilubiung kana kaayaan sarta fenoména anu keur ditalungtik. Panalungtik leuwih nyiapkeun instrument jalma tibatan instrument séjénna. (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 74).

(5)

Désain panalungtikan nya éta bagan guluyurna tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Désain dina rarancang panalungtikan antukna bisa nyiptakeun hiji logikan. Désain anu digunakeun dina ieu panalungtika bisa katitén dina ieu bagan di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

Masalah panalungtikan

Ngumpulkeun data ngagunakeun téhnik: 1) Studi pustaka

2) Obsérvasi 3) Wawancara 4) Dokuméntasi

Kacindekan Deskripsi data Téhnik analisis data: Téhnik analisis unsur langsung

Instrumén panalungtikan:

(6)

3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja ngagunakeun téhnik kualitatif. Nurutkeun Lofland dina Moleong (2007, kc. 157) sumber utama dina kualitatif nya éta kekecapan jeung kalakuan, saterusna mangrupa data tambahan saperti dokumén, jrrd. Anu jadi sumber data atawa sumber informasi dina ieu panalungtikan nya éta jalma anu dianggap kokolot/sesepuh di éta lembur jeung jalma anu apal kana éta tradisi ti jaman baheula tepi ka ayeuna, ogé buku sumber nu patali jeung ieu panalungtikan.

Dumasar kana éta hal, data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Kekecapan sarta kalakuan ti informan nu diwawancara anu mangrupa sumber

data utama. Sumber data utama ditulis, direkam, atawa difoto. Data hasil panalungtikan mangrupa hasil kagiatan ningali, ngaregepkeun, jeung

wawancara. Moleong (2007, kc. 158) nétélakeun yén panalungtikan dilaksanakeun dina kaayaan sadar jeung puguh topikna, puguh topikna lantaran teu sakabéh informasi nu aya bakal ditalungtik, kudu luyu jeung rumusan masalah.

b. Sumber atawa référénsi tinulis anu miboga katégori ilmiah, misalna buku, skripsi, buku terbitan pamaréntah, jurnal ilmiah, sumber informasi di Lembaga Pemerintahan, jrrd.

c. Foto mangrupa data panalungtikan anu biasana dipaké dina panalungtikan sangkan hasilna bisa dianalisis. Kiwari lantaran téknologi geus beuki maju, sumber data panalungtikan lain ukur foto, tapi bisa wangun rékaman sora atawa rékaman video. aya dua katégori foto nu bisa dimangpaatkeun dina panalungtikan, nya éta foto hasil moto batur, jeung foto hasil moto panalungtik (Bogdan jeung Biklen dina Moleong, 2007, kc. 160).

(7)

3.2.1 Informan

Panalungtikan tradisi upacara ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang ngagunakeun téhnik anu nangtukeun tujuan sarta jumlah sampel dumasar kana udagan husus, anu teu méngpar tina ciri-ciri sampel anu ditangtukeun. Kritéria informan dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Urang jero atawa asli warga Désa Situraja jeung sabudeureunana. b. Boga kalungguhan husus di Désa Situraja jeung sabudeureunana. c. Individu nu sadia méré informasi nu dibutuhkeun.

Tabél 3.1 Informan anu jadi sumber data dina panalungtikan

No. Wasta Jenis kelamin Umur Kalungguhan

1 Enep Suryamana Lalaki Alm. Kokolot lembur

2 Endut Lalaki 50 taun Kokolot lembur

(8)

Kecamatan Cisitu jeung Kecamatan Tomo dibeulah wétan, sarta Kecamatan Cibugel dibeulah kidul.

Kecamatan Situraja miboga luas wilayah 54,03 km², anu kabagi jadi 15 Désa. Salah sahiji désa anu aya di wilayah Kecamatan Situraja nya éta Désa Situraja. Desa Situraja minangka puseur pamaréntahan Kecamatan Situraja.

Sacara géografis wates administratif Désa Situraja téh diwatesan ku sababaraha

Désa, saperti dibeulah kidul ngawates jeung Désa Mekarmulya, beulah kaler

ngawates jeung Désa Situraja Utara, beulah kulon ngawates jeung Désa Sukatali,

sarta ngawates jeung Désa Jatimekar di palebah Wétan. Jumlah penduduk di Désa

Situraja téh nya éta kurang leuwih aya 3842 jiwa anu ngawengku 1910 jiwa lalaki,

sarta 1932 jiwa awéwé. Salian ti éta pikeun mikanyaho wincikan jumlah

penduduk dumasar kana papasingan umur bisa katitén dina tabél ieu di handap.

(9)
(10)
(11)
(12)

3.3 Ngumpulkeun data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Sugiyono (2012, kc. 102) nétélakeun yén instrumén panalungtikan téh nya éta alat ukur dina prosés panalungtikan, salaku alat anu digunakeun pikeun ngukur fénoména alam jeung fénoména sosial anu ditalungtik. Sacara husus éta fénoména

téh disebut variabel panalungtikan.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta catetan lapangan, pedoman wawancara, sarta alat rekam (handphone, jeung kaméra). catetan lapangan jeung pedoman wawancara nya éta catetan leutik sarta runtuyan pananya nu bakal ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék anu ditalungtik. Dina ieu pedoman wawancara biasana ngawengku idéntitas réspondén sarta

poko-poko patalékan anu baris ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék anu rék ditalungtik, nya éta ngeunaan tradisi ngaruat jagat anu aya di Désa Situraja, anu

baris diulik ngeunaan sémiotikna. Narasumber anu diwawancara kudu ditulis idéntitasna. Informan dipilih dumasar kana tinimbangan husus. Di antarana miboga kalungguhan husus di Désa Situraja jeung sabudeureunana, sarta sadia méré informasi anu dibutuhkeun pikeun panalungtikan. Poko-poko patalékan anu digunakeun téh nya éta gurat bagadna hungkul anu ditulis dina wangun pernyataan, patalékan-patalékan anu ditanakeun téh leuwih ngalegaan luyu jeung kaayaan atawa situasi wawancara. Ieu poko-poko patalékan anu ditulis dina wangun pernyataan téh gunana sangkan patalékan-patalékan anu ditanyakeun téh henteu mengpar tina objék anu rék ditalungtik. Format laporan wawancara panalungtikan sarta poko-poko patalékan téh bisa ditingali dina tabél di handap.

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara Terbuka

No. Rumusan Poko-poko pertanyaan dina wangun pernyataan

1 Sajarah

1. Sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

(13)

2 Prak-prakanana tradisi ngaruat jagat

3. Runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

4. Naon waé properti anu digunakeun dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

3 Tujuan, jeung mangpaat

5. Tujuan diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

6. Mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

4

Bahan-bahan jeung kalengkepan tradisi ngaruat jagat

7. Bahan-bahan sarta kalengkepan anu dipaké

dina ngalaksanakeun tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

8. Ma’na anu nyampak dina pakakas atawa simbol-simbol anu dipaké dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

5 Waktu tradisi

ngaruat jagat 9. Waktu lumangsungna tradisi ngaruat jagat.

6 Tempat

10.Tempat lumangsungna tradisi ngaruat jagat.

7 Pelaku Utama

11.Pelaku utama dina tradisi ngaruat jagat.

a. Pananya ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situjara Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang.

1. Kumaha sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja? 2. Iraha pelaksanaanana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja?

3. Dimana tempat ngalaksanakeun tradisi ngaruat jagat téh?

4. Kumaha runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa

Situraja?

5. Saha palaku utamana dina tradisi ngaruat jagat téh?

(14)

7. Naon balukarna saupama éta tradisi teu dilaksanakeun?

8. Naon waé nu geus karasa salila tradisi ngaruat jagat dilumangsungkeun di éta lembur?

9. Naon waé kalengkepan/properti anu kudu diayakeun dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja?

10. Ma’na jeung simbol naon waé nu nyampak dina pakakas sarta runtuyan acara ngaruat jagat di Désa Situraja?

b. Format laporan wawancara saperti ieu di handap. - Idéntitas informan sarta handphone pikeun ngarekam sora.

a. Kaméra Digital

Kaméra digunakeun salaku alat pikeun nyokot gambar atawa ngadokuméntasikeun data-data anu sipatna penting.

b. Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarekam caritaan atawa data-data hasil

(15)

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data a. Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan anu gunana pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan.

b. Téhnik Obsérvasi

Marshall dina (Sugiyono, 2010, kc. 316) ngajelaskeun yén dina obsérvasi

panalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah sarta ma’na tina éta paripolah.

Obsérvasi ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja dilakukeun ku cara niténan dokuméntasi sarta lumangsungna acara atawa hal nu aya patalina jeung

panalungtikan.

c. Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma atawa leuwih pikeun néangan informasi jeung idé ngaliwatan kagiatan tanya jawab nepi ka

kapanggih hiji ma’na tina hiji topik. Pamadegan Esteberg (dina Sugiyono, 2010, kc. 317).

d. Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi nya éta salaku panglengkep kana kaabsahan ieu panlungtikan anu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakanana éta panalungtikan. Sugiyono (2010, kc. 329) nétélakeun yén hasil panalungikan bakal leuwih bisa dipercaya upama dieuyeuban ku foto atawa karya tulis akademik jeung seni nu geus aya saméméhna.

3.4 Téhnik Analisis Data

Sakabéh data anu geus ditéangan saterusna dihijikeun sarta dipilah-pilah. Data anu geus dikumpulkeun éta tuluy dianalisis maké téhnik unsur langsung. Téhnik analisis unsur langsung léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

(16)

3. Nganalisis data

4. Ngadéskripsikeun data.

(17)

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Rumusan masalah anu dijawab dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan kasang tukang ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, tujuan jeung mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, sarta analisis unsur sémiotik anu aya dina tradisi ngaruat jagat numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode déskriptif-kualitatif. Metode déskriptif-kualitatif téh nyaéta metode panalungtikan anu

dipedar ku cara ngadéskripsikeun hasil panalungtikan dina wangun narasi sarta data hasil panalungtikanana téh lain dina wangun itungan. Téhnik ngumpulkeun

jeung ngolah datana nyaéta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Anapon instrumén panalungtikan anu digunakeun nyaéta pedoman wawancara, catetan lapangan, handphone, jeung kamera.

Masarakat Désa Situraja téh bisa disebut masarakat anu euyeub ku kabudayaan. Hal éta bisa katitén tina unsur-unsur budaya anu masih kénéh aya di masarakatna, nya éta dina: (1) upacara-upacara kaagamaan anu masih kénéh sok dilaksanakeun ku masarakat; (2) sistem kekerabatan masarakat anu diébréhkeun ngaliwatan gotongroyong; (3) sistem pangaweruhna ngeunaan itung-itungan waktu (palintangan), cara ngolah sawah, jeung atikanana; (4) basa anu digunakeun dina kahirupan sapopoéna, nya éta basa Sunda; (5) ayana kasenian tradisional anu masih kénéh dilaksanakeun diantarana jaipongan, ketuk tilu, terebang, dogdog, sarta tayuban; (6) pakasaban anu leuwih nyoko kana tatanén, sarta; (7) sistem téhnologi jeung pakakas hirup masarakatna kiwari geus loba anu ngagunakeun téhnologi modern, sarta masih kénéh aya anu ngagunakeun pakakas tradisional, upamana dina wangun imah, pakakas tatanén, jeung pakakas sapopoé.

(18)

kolot-kolot baheula anu geus ngababakan éta lembur, nata jeung ngolah taneuh pikeun kahirupanana. Ku kituna, pikeun ngahormat jeung ngadoakeun kana jasa-jasa karuhun baheula anu geus nyieun éta lembur, sarta sangkan masarakatna teu mopohokeun kana éta jasa karuhunna, masarakat Désa Situraja tiap taun miélingna ku cara ngayakeun tradisi ngaruat jagat. Masarakat Désa Situraja museurkeun éta tradisi ngaruat lembur pikeun ménta kasalametan ka Pangéran, sarta salaku wujud rasa sukur ka Pangéran lantaran geus dipaparin mangrupa-rupa ni’mat. Dina prak-prakanana éta tradisi ngaruat jagat téh sok dilaksanakeun ku cara ngariung sukuran bari maké sasajén sarta ngukus anu seungit-seungit (menyan), ngintunkeun solawat jeung doa ka Kanjeng Nabi, dahar babarengan, sarta sok dipungkas ku acara hiburan.

Ulikan ngeunaan unsur sémiotik (ikon, indéks, jeung simbol) anu aya dina tradisi ngaruat jagat téh bisa katitén tina runtuyan acarana, pakakas-pakakas

kalengkepan, sarta bahan-bahan (sasajén) anu digunakeun dumasar kana hasil wawacara sabada panalungtikan. Ikon anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh aya opat nya éta tumpeng, jawér kotok, jambé, jeung sawén. Indeks anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh dalapan nya éta tradisi ngaruat jagat, sasajén, daun awi, seungitna menyan, seungitna cai kopi, seungitna haseup roko, sora anu ngadoa, jeung sora tatabeuhan. Simbol anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh aya dua puluh nya éta parukuyan, roko surutu, menyan, rampé/seuseungitan, cai herang, cai kopi pait jeung cai kopi amis, bubur beureum jeung bubur bodas, tumpeng, seupaheun, jukut palias, bakakak, rurujakan, dewegan, tangtang angin, bungbuahan jeung beubeutian, nyiru, hanjuang, sawén, leuit, sarta paré geugeusan.

(19)

5.2 Implikasi

Tradis ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang mangrupa salah sahiji upacara tradisi anu beunghar kabudayaanana sarta ngeuyeuban rupaning budaya di tatar Sunda. Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja tangtu ngabutuhkeun sababaraha elemen masarakat pikeun jadi objék sarta narasumber dina ieu panalungtikan. Kabeungharan budaya di tatar Sunda hususna dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja ditalungtik sangkan bisa méré mangpaat, salah sahijina mangpaat pikeun dokuméntasi kabudayaan.

Dokuméntasi kabudayaan lian ti miboga mangpaat sangkan entragan saterusna apal kana adat-istiadat jeung kabudayaan éntragan saméméhna, ogé bisa

dimangpaatkeun keur kabutuhan séjén, saperti pikeun ngeuyeuban data atawa dadasar panalungtikan anu aya patalina jeung budaya, sarta bisa dijadikeun

udagan atawa babandingan pikeun panalungtikan ngeunaan kabudayaan hususna di tatar Sunda.

5.3 Rékomendasi

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang tangtu loba kénéh kurangna, kawatesanan ku waktu, cara ngumpulkeun data sarta sampel masarakat anu jadi narasumber ogé hal-hal séjén anu patali jeung metode ngeunaan panalungtikan masih kénéh kudu dilengkepan. Kabeungharan budaya dina ieu tradisi sabenerna loba kénéh, lantaran ieu panalungtikan kawatesanan jeung museur kana hiji hal, ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan anu leuwih daria kana hal-hal séjén anu patali jeung ieu tradisi.

(20)

DAPTAR PUSTAKA

Abdulah, T. (2011). Menyingkap Nilai Moral Budaya Sunda. Jakarta: Pustaka Utama

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Berger, A. (2010). Pengantar Semiotik. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama.

Disparbud. (2011). Ensiklopedia Jawa Barat. Jakarta: Lentera abadi.

Ensiklopedi Sunda. (2000). Bandung: Pustaka Jaya.

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1990). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta:

PT Gramedia Pustaka Utama.

Koentjaraningrat. (1993). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta.

PT Djambatan

Moleong, L. J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja

Rosda Karya.

Mustapa, H. (1991). Adat Istiadat Sunda. Bandung: Alumni.

Poerwanto, H. (2010), Kebudayaan Dan Lingkungan Dalam Perspektif Antropologi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daerah. (1989). Adat Istiadat Daérah Jawa Barat. Jakarta: Depdikbud.

Ratna, N. K. (2010). Metodologi Penelitian. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Santosa, P. (2013). Ancaman Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung:

(21)

Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semiotik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D.

Bandung: Alfabeta.

Sukyadi, D. (2011). Teori Dan Analisis Semiotika. Bandung: Rizqi Press.

Sulasman jeung Gumilar, S. (2013). Teori-teori Kebudayaan. Bandung: Pustaka Setia.

Sumitra. (2013). Cara Pandang Orang Sunda Terhadap Lingkungannya. [Online]

Aya dina: http://bapeda.sumedangkab.go.id/artikel-1kearifan-lokal--

tradisi-hajat-lembur-dalam-perspektif-dinamika-cara-pandang-orang-sunda-terhadap-lingkungannya.html. Diaksés 14 Februari 2015.

Syamsuddin jeung Damaianti, V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman Penelitian Karya Ilmiah UPI Tahun Akademik 2014 & 2015.

Wikipedia. (2013). Tradisi. [Online]

Gambar

Gambar 3.1 Rekap Jumlah Penduduk Désa Situraja
Gambar 3.2 Peta Kabupatén Sumedang
Gambar 3.3 Peta Kecamatan Situraja
Gambar 3.4 Peta Désa Situraja

Referensi

Dokumen terkait

lantaran kitu, ieu panalungtikan téh dibéré judul “Kasenian Genyé di Kabupatén Purwakarta Ulikan Struktural Sémiotik jeung Étnopedagogik ”. Bédana panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi, ulikan pustaka, jeung wawancara. Téhnik dokuméntasi digunakeun ogé pikeun analisis struktur-semiotik

Numutkeun Arikunto (2010, kc.172) sumber data nyaéta subjék data-data panalungtikan anu dibeunangkeun ku panalungtik. Dina panalungtikan merlukeun sumber data pikeun

1) Sémiotik nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1999: 907) nya éta sagala hal anu raket patalina jeung sistem tanda katut lambang dina kahirupan manusa.

Data nu rék dianalisis nya éta puisi mantra anu strukturna (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, citraan) bisa dianalisis sarta dijadikeun bahan

Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis maké téhnik déskripsi. Anu didéskripsikeunana nya éta: prak-prakan upacara Sidekah Tutulak, simbol-simbol jeung ajén falsafah anu

Mangpaat tioritis tina panalungtikan ieu nya éta pikeun nambahan bahan pangajaran basa Sunda di sakola, sarta bisa nambahan élmu pangaweruh sastra hususna kana

Kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh masarakat Désa Rancakalong Kacamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang, hususna ngeunaan seni