• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA CIMINDI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA KELAS X.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA CIMINDI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA KELAS X."

Copied!
43
0
0

Teks penuh

(1)

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA

DI DÉSA CIMINDI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA KELAS X

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat pikeun Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku IIS AISAH NIM 0902510

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Halaman Hak Cipta

Analisis Struktural Puisi Mantra

di Désa Cimindi Kacamatan Cigugur

Kabupatén Ciamis

Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi

Puisi di SMA Kelas X

oleh

Iis Aisah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi

salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada

Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Iis Aisah 2013

Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian,

(3)
(4)

i Iis Aisah, 2013

Analisis Struktural Puisi Mantra Di Desa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Puisi Di SMA Kelas X

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA

DI DÉSA CIMINDI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA KELAS X 1)

IIS AISAH 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Analisis Struktural Puisi Mantra di Désa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA Kelas X.Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya ragam sastra lisan di Desa Cimindi, di antaranya puisi mantra. Puisi mantra perlu dikaji sebagai wujud dari pelestarian kekayaan sastra daerah, dengan cara dijadikan alternatif bahan pembelajaran apresiasi puisi di sekolah. Tujuan dilakukannya penelitian ini adalah untuk mengumpulkan puisi mantra yang ada di Désa Cimindi, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Ciamis, mendeskripsikan struktur dan isi puisi mantra (bahasa, rima (purwakanti), bangun dan irama (wirahma), serta citraan). Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan teknik telaah pustaka, wawancara, dan dokumentasi. Sumber data penelitian ini adalah manusia (narasumber). Data yang diperoleh berupa puisi mantra yang harus ditransliterasi ke bentuk tulisan, yaitu sebanyak 107 mantra dari 19 narasumber yang terdiri atas: 20 jangjawokan, 31 asihan, 10 ajian, 8 singlar, 27 jampe, dan 11 rajah.

Pengelompokan tersebut dilakukan berdasarkan teori Rusyana yang membagi mantra berdasarkan tujuan dan fungsi pemakaiannya, serta konsep Isnendes yang membagi mantra berdasarkan tujuan dipakainya (T); makhluk halus yang dipanggil (MH); dan syarat menguasai mantra (S). Data yang dianalisis dalam penelitian ini adalah 28 mantra yang mencakup: 5 jangjawokan, 8 asihan, 3ajian,

2 singlar, 7 jampe, dan 3 rajah. Adapun unsur yang dianalisis dalam penelitian ini yaitu unsur pembangundan isi puisi mantra itu sendiri yang mencakup bahasa, rima, bangun dan irama, serta citraan. Isi puisi mantra tersebut adalah untuk tujuan baik, dengan bahasa yang digunakan umumnya bahasa Sunda, sedangkan rima yang digunakan kebanyakan rima huruf vokal (purwakanti maduswara). Jumlah bait dan irama tiap mantra tidak tetap dan beragam, serta citraan yang banyak ditemukan adalah citraan penglihatan dan perasaan. Mantra yang dianalisis semuanya bisa dijadikan alternatif bahan pembelajaran apresiasi puisi. Berdasarkan penelitian yang telah dilakukan, diharapkan akan ada lagi pendokumentasian puisi mantra oleh masyarakat dan lembaga pemerintahan lainnya sebagai wujud dari pelestarian kekayaan budaya daerah.

(5)

ii Iis Aisah, 2013

Analisis Struktural Puisi Mantra Di Desa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Puisi Di SMA Kelas X

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Skripsi di bawah bimbingan Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum dan Agus Suherman S.Pd., M.Hum

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

Abstract: The research of this title is “the structural of analysis magic poetry in Cimindi villages kecamatan Cigugur Kabupaten Ciamis. According to this research it’s because of many things happened about poetry in Cimindi villages, they are mantra of poetry. Poetry is very important for analysis as the riches of culture symbols, and poetry will be use for apretiation of poetry in every school, and to description the structural of magic poetry ( They are includes content,language,rima (Purwakanti). To build up and melody (Wirahma), with images). This research using descriptive analytic method with literatures by comparison of ethnics, Interview and documentation. The subject for this research sources is human. And the data has been taking is magic poetry and should using distraliteration to writing, they are : 107 magic from 19 sources and they are : 20 Jangjawokan, 31 asihan, 10 ajian, 8 singlar,27 Jampe and 11 Rajah. All the groups should have theory of Rusyana and has been dividing magic according to the goal and also of the functions. This reserach is needed use consep of Isnendes and it will be dividing magic according to the goal.( T) ; Ghost will be called ( MH) : and the rules of the humanscan be handled in magic (S). All about the data’s has been used analysis in to this research.The magic poetry including are : content,language,rima,get up and melody with the images.The content from this poetry is for having a goal. By using Sunda language traditional with Rima and using rima vokal alphabets (Purwakanti maduswara). Account and melody in every magic is not always constants, with a lot of images it will be has been founded images and feeling.Magic will be using analysis everything and for being alternative with education poetry apresitiations.According to this research has been done, human and the governments will be developing this traditional culture’s from the villages.

(6)

DAFTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ...i

PANGJAJAP ...ii

TAWIS NUHUN ...iii

DAFTAR EUSI ...vi

DAFTAR SINGGETAN ...x

DAFTAR TABÉL ...xi

DAFTAR LAMBAR ...xiv

DAFTAR BAGAN ...xv

DAFTAR GAMBAR ...xvi

DAFTAR LAMPIRAN ...xvii

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang...1

1.2Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah ...5

1.2.2 Watesan Masalah ...5

1.2.2 Rumusan Masalah ...5

1.3 Tujuan Panalungtikan...5

1.3.2 Tujuan umum ...5

1.3.3 Tujuan Husus ...6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...6

1.4.2 Mangpaat Tioritis...6

1.4.3 Mangpaat Praktis ...6

1.5 Rangkay Penulisan Skripsi ...7

BAB II PUISI MANTRA, STRUKTURALISME, JEUNG BAHAN PANGAJARAN 2.1 Puisi Mantra ...8

2.1.1 Wangenan Puisi ...8

2.1.2 Wangenan Puisi Mantra ...9

(7)

2.1.2.2 Papasingan Puisi Mantra ...12

2.1.2.2.1 Asihan ...12

2.1.2.2.2 Jangjawokan ...12

2.1.2.2.3 Ajian ...13

2.1.2.2.4 Singlar ...13

2.1.2.2.5 Rajah ...13

2.1.2.2.6 Jampé ...14

2.1.2.3 Idéntifikasi Puisi Mantra ...14

2.2 Strukturalisme ...15

2.2.1 Eusi Puisi Mantra ...16

2.2.2 Basa dina Puisi Mantra...16

2.2.3 Purwakanti ...16

2.2.3.1 Fungsi Purwakanti ...17

2.2.3.2 Papasingan Purwakanti ...18

2.2.4 Wangun jeung Wirahma ...20

2.2.5 Pencitraan ...22

2.2.5.1 Jenis-jenis Pencitraan ...22

2.3 Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi ...23

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ...23

2.3.2 Tujuan Pangajaran ...23

2.3.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ...24

2.3.4 Nyusun Bahan Pangajaran ...25

2.3.5 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ...25

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ...28

3.2 Téhnik Panalungtikan...29

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ...29

3.2.2 Téhnik Ngolah Data ...30

3.3 Instrumén Panalungtikan ...30

(8)

viii

3.5 Lokasi, Sumber Data, jeung Data Panalungtikan...35

3.5.1 Lokasi ...35

3.5.2 Sumber Data ...37

3.5.3 Data Panalungtikan ...41

3.6 Wangenan Operasional ...48

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ...48

BAB IVANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA CIMINDI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN CIAMIS 4.1 Invéntarisasi Puisi Mantra di Désa Cimindi...50

4.2 Analisis Struktural Puisi Mantra ...51

4.2.1 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan Caang Pikir ...51

4.2.2 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan paranti Dibaju ...54

4.2.3 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan paranti Diuk ...56

4.2.4 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan paranti Leumpang ...58

4.2.5 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan paranti Susuci ...60

4.2.6 Analisis Struktur Mantra Asihan Cokél Tapak ...63

4.2.7 Analisis Struktur Mantra Asihan Si Leugeut Teurep ...66

4.2.8 Analisis Struktur Mantra Asihan Si Beunteu Weuleu I ...68

4.2.9 Analisis Struktur Puisi Mantra Asihan VI ...71

4.2.10 Analisis Struktur Mantra Asihan Pangorégan ...74

4.2.11 Analisis Struktur Mantra Asihan IX ...77

4.2.12 Analisis Struktur Mantra Asihan XII ...79

4.2.13 Analisis Struktur Mantra Asihan XIV ...82

4.2.14 Analisis Struktur Mantra Ajian Pigeueuman ...85

4.2.15 Analisis Struktur Mantra Ajian Pangabaran III ...88

4.2.16 Analisis Struktur Mantra Ajian Pangabaran Oray Welang ...91

4.2.17 Analisis Struktur Mantra Singlar I ...94

4.2.18 Analisis Struktur Mantra Singlar Angin Gedé ...96

4.2.19 Analisis Struktur Mantra Jampé Tajam ...99

(9)

4.2.21 Analisis Struktur Mantra Jampé Kabeuleum I ...104

4.2.22 Analisis Struktur Mantra Jampé Bunghak Beuteung I ...106

4.2.23 Analisis Struktur Mantra Jampé Rieut Sirah ...108

4.2.24 Analisis Struktur Mantra Jampé Seungseureudan ...110

4.2.25 Analisis Struktur Mantra Jampé Kabeureuyan ...112

4.2.26 Analisis Struktur Mantra Rajah Tumbal I ...114

4.2.27 Analisis Struktur Mantra Rajah Pamunah I ...118

4.2.28 Analisis Struktur Mantra Rajah Tumbal Ngala Batu ...121

4.3 Larapan Puisi Mantra ...124

4.3.1 Larapan Puisi Mantra pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA Kelas X ...124

4.3.2 Matéri, Évaluasi, Silabus, jeung Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ...127

4.3.2.1 Matéri pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi ...127

4.3.2.2 Évaluasi (Latihan Soal) ...132

4.3.2.3 Silabus ...135

4.3.2.4 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ...137

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ...146

5.2 Saran ...147

DAFTAR PUSTAKA ...148

LAMPIRAN ...150

(10)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Sakabéh manusa gumelar ka alam dunya dibekelan ku poténsi-poténsi, boh poténsi internal ogé poténsi éksternal. Éta poténsi-poténsi tangtuna digunakeun ku manusa pikeun ngajalankeun kahirupanana, kaasup nyiptakeun kabudayaan katut ngajalankeun éta kabudayaan dibarung ku ajén-inajén anu nyangkaruk di jerona.

Kumpulan manusa anu cicing di hiji wewengkon sarta maranéhna migawé interaksi atawa campur gaul jeung manusa séjénna disebut masarakat. Unggal kelompok masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan anu ngabédakeun hiji kelompok jeung kelompok masarakat séjénna.

Nurutkeun élmu antropologi, budaya téh nya éta sakabéh sistem gagasan, paripolah, jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat anu dijadikeun milik dirina ku cara diajar. Kabudayaan mangrupa hasil tina cipta, karsa, jeung rasa. Jadi, kabudayaan mangrupa sakabéh hasil karya, cipta manusa (tindakan, norma, adat-istiadat, artéfak jrrd.) dina hirup kumbuh di masarakat anu dicangking tina prosés diajar (Koentjaraningrat, 2009:144-146).

Unsur-unsur kabudayaan miboga sifat universal, hartina mangrupa unsur-unsur anu pasti dipiboga ku sakabéh kabudayaan anu aya di alam dunya, boh kabudayaan nu hirup di masarakat kota boh kabudayaan nu hirup di masarakat pilemburan. Éta unsur-unsur kabudayaan téh ngawengku basa, sistem pangaweruh, organisasi sosial/kamasarakatan, sistem pakakas hirup jeung téhnologi, sistem pakasaban, sistem réligi, jeung kasenian. Dina unsur-unsur kabudayaan éta, basa nyekel peran pangpentingna di masarakat (Koentjaraningrat 2006:149; 2009:165).

(11)

Salian ti éta, nurutkeun Jakobson basa mibanda fungsi puitis nya éta pikeun nepikeun amanat anu sipatna éstétis patali jeung karya sastra (Sudaryat, 2004:17). Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun médium basa. Nilik kana wangunna, karya sastra Sunda bisa dibagi jadi tilu golongan nya éta: prosa atawa wangun lancaran, puisi atawa wangun ugeran, jeung carita drama. Dumasar kana warna karanganana: (a) prosa téh ngawengku: dongéng, skétsa, carita pondok, roman atawa novél; (b) puisi ngawengku: puisi anu ngawujud carita/naratip (carita pantun jeung wawacan) jeung teu naratip (puisi mantra, kakawihan, sisindiran, sa’ir, guguritan, sajak); (c) drama nu ngawengku: rupa-rupa carita drama dina ungkara dialog wanda prosa jeung ungkara dialog wanda puisi (kawih, tembang). Nilik kana médiana, aya sastra lisan jeung sastra tinulis. Sastra lisan nya éta sastra anu hirupna (tumuwuhna, mekarna, jeung sumebarna) dina média lisan, sakurang-kurang dina mangsana. Sabalikna, sastra tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis (Iskandarwassid, 2003:138).

Rusyana ngabagi sastra jadi dua bagian nya éta sastra lisan jeung sastra tulisan. Sastra lisan sok dipatalikeun kana sastra balaréa (folk literature), demi sastra tulisan sok dipatalikeun kana seni sastra atawa istilahna literature of art. Dina sastra Sunda kapanggih hasil-hasil sastra anu mangrupa sastra balaréa, di antarana nya éta dina wangun puisi lisan. Puisi lisan téh kabagi jadi lima golongan nya éta: puisi anu eusina carita, puisi anu mangrupa paguneman, puisi didaktis, puisi anu patali jeung upacara, jeung puisi panglipur (1970:1).

Puisi nya éta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung diksina, lain dina ungkara kalimah cara basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Kitu deui mantra, Iskandarwassid nétélakeun yén mantra téh warnaning puisi (ugeran) buhun (tradisional) anu eusina jajampéan, jangjawokan, parancah, singlar, asihan, jsté (Iskandarwassid, 2003:118).

(12)

3

basa sarta miboga maksud nu tangtu. Mantra bakal miboga kakuatan gaib lamun dina ngucapkeunana maké ritual husus.

Dina hirup kumbuhna, mantra mangrupa bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé jeung diriksa, sabab éta téh salasahiji warisan titinggal budaya karuhun urang Sunda nu luhung budayana. Isnéndés nétélakeun yén lian ti mantra téh unik jeung buhun, ogé ngagambarkeun paripolah jeung moral manusa sacara umum. Éta hal bisa dijadikeun landasan sikep sarta acuan moral positif manusa anu kiwari nyebut dirina salaku manusa modérn (2010:100).

Pikeun ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan daérah, Undang-Undang Dasar 1945 dina BAB XIII Pasal 32 Ayat 1 jeung 2 nandeskeun yén:

“(1) Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah

peradaban dunia dengan menjamin kebebasan masyarakat dalam memelihara dan mengembangkan nilai-nilai budayanya; (2) Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional.”

Salasahiji tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah pangpangna anu mangrupa sastra lisan nya éta ku cara ngayakeun panalungtikan. Ku ayana éta panalungtikan, sastra lisan baris didokuméntasikeun dina wangun tinulis tur bisa dianalisis nepi ka bisa kanyahoan struktur pangwangunna. Sanggeus didokuméntasikeun sarta dianalisis struktur pangwangunna, éta data bisa digunakeun pikeun bahan pangajaran, hususna pangajaran aprésiasi puisi.

Dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Basa Sunda taun 2007 anu dimedalkeun ku Dinas Provinsi Jawa Barat, katitén yén di SMA kelas X diajarkeun perkara maca puisi. Sacara jelas katémbong tina standar kompeténsi nomor 10.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi wacana yang berupa sejarah lokal/cerita babad, puisi, dan berita dari surat kabar/majalah/media elektronik.

(13)

Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks jeung Kontéks” meunang Rétty Isnéndés (1998); “Invéntarisasi Puisi Jangjawokan di Kampung Anggacarang Kacamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” meunang Kiki Maria Hodijah (2003); “Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kecamatan Naringgul Kabupatén Cianjur” meunang Dadang Gunawan (2004); “Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang Kabupatén Garut: Invéntarisasi jeung Analisis Ajén Estétis Struktur” meunang Aneu Nurléla (2008); “Jangjawokan di Désa Nagrak Kacamatan Buahdua Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Ajar Aprésiasi Sastra Sunda di Kelas XII SMA Negeri I Cicaléngka: Ajén Struktur” meunang Élis Nurhayati (2009); “Analisis Struktural Puisi Mantra di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA” meunang Ayu Aningsih (2013).

(14)

5

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kasang tukang di luhur, masalah dina ieu panalungtikan téh ngeunaan puisi mantra. Sangkan pedaran leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanana, masalah ieu panalungtikan baris diwatesanan ngeunaan ulikan sacara struktural puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, dipatalikeun jeung bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap.

1) Puisi mantra naon baé anu aya di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, sarta kumaha wincikan éta puisi mantra dumasar jenis-jenisna?

2) Kumaha adegan (struktur) jeung eusi (basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis?

3) Kumaha larapna hasil analisis puisi mantra ti Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, pikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta ngawengku: 1) tujuan umum; 2) tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

(15)

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

1) Ngumpulkeun jeung ngadokuméntasikeun puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, sarta mikanyaho jenis puisi mantra anu geus dikumpulkeun.

2) Ngadéskripsikeun adegan (struktur) jeung eusi (basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis.

3) Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku: 1) mangpaat tioritis; 2) mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan puisi mantra hususna dina analisis struktural.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun dunya atikan, bisa dijadikeun salasahiji bahan pangajaran di sakola; 2) pikeun masarakat, sangkan teu mopohokeun budaya titinggal karuhun, sarta

bisa ngaprésiasi éta titinggal budaya karuhun;

(16)

7

1.5Rangkay Panulisan Skripsi

Rangkay panulisan skripsi eusina ngeunaan wincikan runtuyan tulisan tina unggal bab jeung bagian bab, ti mimiti bab hiji nepi ka bab ahir.

BAB I: Bubuka eusina pedaran ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta rangkay panulisan skripsi.

BAB II: Kajian pustaka eusina pedaran tiori-tiori atawa bahasan ngeunaan hal nu aya pakuat-pakaitna jeung panalungtikan nu dilaksanakeun nu ngawengku: wangenan puisi, mantra (wangenan mantra, tujuan mantra, papasingan mantra), analisis struktural (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan), jeung bahan pangajaran aprésiasi puisi (wangenan bahan pangajaran, tujuan pangajaran, kriteria nyieun bahan pangajaran, nyusun bahan pangajaran, SKKD pangajaran basa jeung sastra Sunda).

BAB III: Métodologi panalungtikan eusina pedaran ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku: lokasi panalungtikan, sumber data, data, métode jeung téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, analisis data, jeung wangenan operasional.

BAB IV: Hasil panalungtikan jeung pedaran eusi kumpulan data hasil panalungtikan sarta analisis struktural ngeunaan data hasil panalungtikan.

(17)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa hiji cara ilmiah pikeun nyangking data kalayan tujuan sarta kagunaan anu tangtu. Unggal panalungtikan salawasna merlukeun métode anu luyu pikeun ngahontal tujuan panalungtikan.

Arikunto (dina Fitriyasih, 2012:40) nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data dumasar kana tujuan nu hayang dihontal. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitik.

Nurutkeun Margono (2009:39) dina panalungtikan déskriptif analitik data anu dicangking (mangrupa kecap-kecap, gambar, paripolah) lain mangrupa wilangan atawa angka statistik, tapi mangrupa wangun kualitatif anu mibanda harti leuwih euyeub ti batan angka atawa frékuénsi. Nawawi nétélakeun yén métode déskriptif nya éta:

‘Metode deskriptif dapat diartikan sebagai prosedur pemecahan masalah

yang diselidiki dengan menggambarkan atau melukiskan keadaan subjek atau objek penelitian (novel, drama, cerita pendek, puisi) pada saat sekarang berdasarkan fakta-fakta yang tampak atau sebagaimana adanya.’

Ku métode déskriptif, panalungtik sastra diperedih pikeun ngébréhkeun fakta-fakta atawa data anu témbong kalayan cara méré déskripsi. Fakta atawa data mangrupa sumber informasi anu jadi basis analisis (Siswantoro, 2010:56-57).

(18)

41

3.5.3 Data Panalungtikan

Data mangrupa sumber informasi anu bakal diseléksi salaku bahan analisis (Siswantoro, 2011:70). Data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh mantra anu dikumpulkeun ku panyusun ti Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis. Data nu rék dianalisis nya éta puisi mantra anu strukturna (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, citraan) bisa dianalisis sarta dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

Data anu kakumpul ti Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, kabéhna aya 107, anu satuluyna digolongkeun jadi genep jenis mantra anu ngawengku: 20 jangjawokan, 31 asihan, 10 ajian, 8 singlar, 27 jampé, jeung 11 rajah. Ieu papasingan mantra ditangtukeun dumasar téori Rusyana, anu ngabagi mantra dumasar kana fungsi atawa tujuan makéna mantra, sarta konsép Isnéndés anu ngabagi mantra dumasar kana tujuan, mahluk lemes, sarta sarat mibanda mantra. Anapon cara nangtukeun sampel panalungtikanana nya éta ngagunakeun sistem perséntase. Data anu dipilih pikeun dianalisis nya éta 25% tina jumlah mantra tiap golongan. Anapon hasil perséntasena, ngahasilkeun jumlah mantra pikeun dianalisis anu ngawengku: 5 jangjawokan; 8 asihan; 3 ajian; 2 singlar; 7 jampé; jeung 3 rajah.

(19)

3.2 Téhnik Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngawengku dua téhnik nya éta, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik wawancara, talaah pustaka, jeung téhnik dokuméntasi.

1) Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa hiji paguneman anu dilaksanakeun ku nu ngawawancara (interviewer) pikeun meunangkeun informasi ti pihak nu diwawancara (informan) (Arikunto, 2010:198).

Téhnik wawancara dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngawawancara sesepuh lembur, tokoh, jeung masarakat Désa Cimindi anu dianggap mibanda pangaweruh ngeunaan puisi mantra.

2) Talaah Pustaka

Talaah pustaka mangrupa téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data atawa bahan-bahan anu rék ditalungtik ku cara macaan sarta neuleuman eusi buku anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. Talaah pustaka digunakeun salian pikeun néangan data, ogé pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung subjék panalungtikan anu keur ditalungtik (Isnéndés, 1998:30).

3) Téhnik Dokuméntasi

Dokuméntasi mangrupa catetan kajadian-kajadian anu penting. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu bisa mangrupa tulisan, gambar, atawa karya-karya monuméntal.

(20)

30

3.2.2 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan ngawengku ieu di handap.

1) Ngatransliterasi data tina lisan kana tulisan.

2) Ngelompokkeun data puisi mantra dumasar kana tiori Yus Rusyana jeung konsép Isnéndés, jeung méré kode mantra dumasar penomeran Isnéndés.

3) Nangtukeun puisi mantra nu rék dianalisis.

4) Nganalisis data puisi mantra dumasar unsur struktur pangwangunna nu ngawengku: (1) eusi mantra; (2) basa dina mantra; (3) purwakanti; (4) wangun jeung wirahma; jeung (5) citraan.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih cermat, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih babari dikokolakeunana (2010:203). Instrumén salaku alat ngumpulkeun data kudu dijieun sarta dirancang sahadé-hadéna, nepi ka bisa ngahasilkeun data anu émpiris. Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta, 1) kaméra digital, 2) netbook, 3) recorder (format MP3 handphone), 4) pedoman wawancara, jeung 5) tabél penggolongan mantra.

1) Kaméra digital digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar (moto) barang-barang anu aya patalina jeung panalungtikan.

2) Netbook digunakeun pikeun ngatransliterasi data tina wangun lisan kana tulisan.

3) Recorder digunakeun pikeun ngarékam obrolan nalika wawancara lumangsung.

4) Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para informan (sesepuh, masarakat) di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis. 5) Tabél penggolongan mantra, nya éta tabél anu digunakeun pikeun nganalisis

(21)

Lambar 3.1

Format Patalékan (Wawancara)

Ngumpulkeun Puisi Mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis

A.DATA NARASUMBER

a) Wasta :

b) Umur :

c) Jenis kelamin :

d) Status perkawinan :

e) Alamat :

f) Pakasaban :

g) Atikan :

h) Kalungguhan di masarakat :

B.DATA MANTRA

a) Judul mantra :

b) Warna mantra :

c) Téks mantra :

d) Asal mantra

 Ti saha :

 Iraha :

 Dimana :

 Naon sarat pameulina :

e) Fungsi mantra :

f) Cara makéna

 Kumaha :

 Iraha :

 Dimana :

 Naon saratna :

(22)

Iis Aisah, 2013

Jangjawokan Asihan Ajian Singlar Jampé Rajah

Tujuan

 Ngawasa jiwa/ sukma nu lian

(23)

Iis Aisah, 2013

Hal

Jenis Mantra

1 2 3 4 5 6

Jangjawokan Asihan Ajian Singlar Jampé Rajah

Sarat (S)  Hampang pisan (teu kudu puasa)  Satengah hampang

(puasa sapoé)  Hampang (puasa

sababaraha poé)

 Hampang

 Beurat (puasa gumantung kana weton, ngiket jeung wajib

 Beurat

 Beurat pisan (puasa mati geni, puasa mutih, puasa wisu salila 40 poé)

 Beurat  Rada beurat

(puasa mati geni dina itungan nu tangtu)

 Hampang  Rada beurat

(24)

34

3.4 Désain Panalungtikan

Désain anu dipaké dina ieu panalungtikan digambarkeun dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Invéntarisasi puisi mantra sarta wincikan puisi mantra dumasar jenis-jenisna

2. Struktur (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, jeung citraan)

3. Larapan hasil panalungtikan puisi mantra pikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X

Ngarumuskeun masalah Nangtukeun masalah

Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan

Ngumpulkeun data

Ngolah data

(25)

3.5 Lokasi, Sumber Data, jeung Data Panalungtikan 3.5.1 Lokasi

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di Kampung Nagrak jeung Kampung Mekarjaya anu diwengku ku Désa Cimindi. Sacara géografis, Désa Cimindi aya di wilayah Kacamatan Cigugur Kabupatén Ciamis, Provinsi Jawa Barat. Sacara umun Désa Cimindi mangrupa daérah pagunungan anu aya dina ketinggian 125 m ti permukaan laut. Lega daratanana ± 689.256 ha, sedengkeun lega pagununganana ± 1.033.884 ha.

Nurutkeun data monografi taun 2010, jauhna ka ibu kota kacamatan kira-kira 2 km. Sedengkeun jauhna ka ibu kota kabupatén nya éta kira-kira-kira-kira 149 km. Sacara administratif, Désa Cimindi miboga wates beulah kalér nya éta Désa Cigugur, Kacamatan Cigugur; beulah kidul nya éta Désa Cibanten, Kacamatan Cijulang; beulah wétan nya éta Désa Parakan Manggu, Kacamatan Parigi; jeung wates beulah kulon nya éta Désa Bunisari, Kacamatan Cigugur.

Jumlah penduduk nu aya di Désa Cimindi ngawengku 1.953 urang lalaki jeung 2.044 urang awéwé, anu kabagi kana 1.407 Kepala Keluarga (KK). Nurutkeun data monografi désa taun 2010 jumlah penduduk Désa Cimindi katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.2

Jumlah Penduduk Désa Cimindi

Jumlah Jenis Kelamin

Lalaki Awéwé

Jumlah penduduk taun 2010 1.953 urang 2.044 urang

Sumber: Data Monografi Désa Cimindi Taun 2010

(26)

36

Salian ti tani, masarakat Désa Cimindi ogé aya nu jadi Pegawai Negeri Sipil

(PNS), pagawé swasta, buruh, tukang dagang, pangusaha, jeung séktor jasa saperti ojég.

Masarakat Désa Cimindi umumna ngagem agama Islam. Kagiatan-kagiatan rutin saperti pangaosan dilaksanakeun ku ibu jeung barudak. Pangaosan ibu-ibu di tiap kampung, ilaharna dilaksanakeun unggal poé Jumaah ti isuk-isuk nepi ka saméméh wanci jumaahan. Pangaosan barudak rutin dilaksanakeun unggal geus magrib, tapi aya ogé sabagéan madrasah di sabaraha kampung anu ngayakeun sakola agama anu waktuna ti lohor nepikeun ka asar. Salian ti éta, aya ogé pangaosan anu rutin diayakeun tiap tilu bulan sakali atawa nu sok disebut triwulanan. Éta pangaosan biasana diiluan ku ibu-ibu jeung bapa-bapa, sarta dilaksanakeun sacara bagilir di tiap kampung nu aya di Désa Cimindi.

Dina ngajalankeun komunikasi, masarakat Désa Cimindi ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoéna. Lian ti Basa Sunda, sabagéan masarakat Désa Cimindi ogé aya nu ngagunakeun basa Jawa lantaran sabagéan masarakatna mangrupa pendatang ti Jawa Tengah.

(27)

Gambar 3.1 Péta Wilayah

3.5.2 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010:172) sumber data mangrupa subyék ti mana asal dicangkingna data. Dina panalungtikan sumber data bisa dibagi jadi tilu, nya éta: 1) jalma anu bisa méré data mangrupa jawaban boh sacara lisan boh sacara tinulis; 2) tempat anu némbongkeun kaayaan cicing atawa gerak; 3) tulisan atawa dokumén anu ngagambarkeun tanda-tanda mangrupa hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol.

(28)

Tabél 3.3

Data Narasumber Puisi Mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis

No. Ngaran Umur Atikan Kalungguhan/

Pakasaban Alamat Nomer Info

(29)
(30)

No. Ngaran Umur Atikan Kalungguhan/Pakasaban Alamat Nomer Info Jumlah Mantra

Waktu Mupu Mantra

1 2 3 4 5 6 7 8 9

16 Dédé M.Nur 27 S1 PNS RT 03/RW 11

Dusun 04

16.01.093 nepi ka 16.02.094

2 25 Maret

2013

17 Omih 37 SD tukang ngurut, tani RT 03/RW 11 Dusun 04

17.01.095 nepi ka 17.02.096

2 25 Maret 2013

18 Rasjim 80 SR tani RT 03 /RW 09 Dusun 05

18.01.097 nepi ka 18.08.104

8 26 Maret 2013

19 Éboh 80 SR tani RT 03/RW 09 Dusun 05

19.01.105 nepi ka 19.03107

3 26 Maret 2013

(31)

3.5.3 Data Panalungtikan

Data mangrupa sumber informasi anu bakal diseléksi salaku bahan analisis (Siswantoro, 2011:70). Data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh mantra anu dikumpulkeun ku panyusun ti Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis. Data nu rék dianalisis nya éta puisi mantra anu strukturna (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, citraan) bisa dianalisis sarta dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

Data anu kakumpul ti Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, kabéhna aya 107, anu satuluyna digolongkeun jadi genep jenis mantra anu ngawengku: 20 jangjawokan, 31 asihan, 10 ajian, 8 singlar, 27 jampé, jeung 11 rajah. Ieu papasingan mantra ditangtukeun dumasar téori Rusyana, anu ngabagi mantra dumasar kana fungsi atawa tujuan makéna mantra, sarta konsép Isnéndés anu ngabagi mantra dumasar kana tujuan, mahluk lemes, sarta sarat mibanda mantra. Anapon cara nangtukeun sampel panalungtikanana nya éta ngagunakeun sistem perséntase. Data anu dipilih pikeun dianalisis nya éta 25% tina jumlah mantra tiap golongan. Anapon hasil perséntasena, ngahasilkeun jumlah mantra pikeun dianalisis anu ngawengku: 5 jangjawokan; 8 asihan; 3 ajian; 2 singlar; 7 jampé; jeung 3 rajah.

(32)

Tabél 3.4

Data Puisi Mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis

No. Kode Mantra Jangjawokan Asihan Judul Mantra Ajian Singlar Jampé Rajah

1 01.01.001 Ajian Pigeueuman

2 01.02.002 Asihan Cokél Tapak

3 01.03.003 Asihan I

4 01.04.004 Asihan Pangliaran

5 01.05.005 Jampé Hileudeun

6 01.06.006 Jampé Tajam

7 01.07.007 Ajian Pangabaran I

8 01.08.008 Ajian Pangabaran II

9 01.09.009 Ajian Pangabaran III

10 01.10.010 Asihan Dagang

11 01.11.011 Jampé Alasan

12 01.12.012 Rajah Tumbal I

13 02.01.013 Jangjawokan paranti Disamping I

14 02.02.014 Jangjawokan paranti Digelung

15 02.03.015 Jampé Kakadék

16 03.01.016 Singlar I

17 03.02.017 Rajah I

18 03.03.018 Rajah Pamunah I

(33)

No. Kode Mantra Jangjawokan Asihan Judul Mantra Ajian Singlar Jampé Rajah

20 03.05.020 Rajah Sulaéman

21 03.06.021 Rajah Tumbal II

22 03.07.022 Asihan Kaparéntah

23 03.08.023 Asihan Si Leugeut Teureup

24 03.09.024 Jampé Puru

25 03.10.025 Jampé Kabeuleum I

26 03.11.026 Jampé Bunghak Beuteung I

27 03.12.027 Jampé Sasalad

28 03.13.028 Ajian Pamotan

29 03.14.029 Jangjawokan paranti Ngala Paré

30 03.15.030 Jangjawokan paranti Melak Paré

31 03.16.031 Jangjawokan paranti Ngukus

32 03.17.032 Jampé Gateul Suku

33 03.18.033 Jampé Rieut Sirah

34 03.19.034 Jampé Tuju Roroké

35 03.20.035 Asihan Kumawula

36 04.01.036 Asihan Kasemaran I

37 04.02.037 Asihan Kasemaran II

38 04.03.038 Jangjawokan paranti Dangdan I

39 04.04.039 Asihan Si Beunteu Weuleu I

(34)

No. Kode Mantra Jangjawokan Asihan Judul Mantra Ajian Singlar Jampé Rajah

41 04.06.041 Asihan III

42 04.07.042 Asihan IV

43 04.08.043 Asihan V

44 05.01.044 Asihan VI

45 05.02.045 Rajah Pamunah II

46 05.03.046 Rajah Tumbal Ngala Batu

47 05.04.047 Asihan VII

48 05.05.048 Singlar II

49 05.06.049 Jampé Muriang

50 05.07.050 Singlar Patutulak

51 05.08.051 Singlar III

52 05.09.052 Jangjawokan Caang Pikir

53 05.10.053 Singlar Angin Gedé

54 05.11.054 Ajian Pangabaran Pupu

Bayu

55 05.12.055 Ajian Pangabaran

Oray Welang

56 06.01.056 Asihan Pangorégan

57 06.02.057 Asihan Hudang Cahya

58 06.03.058 Asihan VIII

59 07.01.059 Ajian Pangabaran IV

60 07.02.060 Asihan Semar Mésem I

(35)

No. Kode Mantra Jangjawokan Asihan Judul Mantra Ajian Singlar Jampé Rajah

62 07.04.062 Jangjawokan paranti Dibaju

63 07.05.063 Jangjawokan paranti Diuk

64 07.06.064 Jangjawokan paranti Leumpang

65 07.07.065 Jangjawokan paranti Mandi I

66 07.08.066 Singlar Pajagiling

67 07.09.067 Jangjawokan paranti Mandi II

68 07.10.68 Jangjawokan paranti Disamping II

69 08.01.069 Asihan Semar Mésem II

70 09.01.070 Asihan IX

71 10.01.071 Jampé Kabeuleum II

72 10.02.072 Jampé Bunghak Beuteung II

73 11.01.073 Jampé Kabeuleum III

74 12.01.074 Asihan X

75 13.01.075 Ajian Pupul Bayu

76 13.02.076 Jampé Dipupul Bayu

77 13.03.077

(36)

No. Kode Mantra Jangjawokan Asihan Judul Mantra Ajian Singlar Jampé Rajah

78 13.04.078 Singlar Pibungkeman

79 13.05.079

Jampé Nambaan Sapi

80 13.06.080 Asihan Pangirutan

81 14.01.081 Asihan XI

82 14.02.082 Jampé Sulaéman Pasal

83 15.01.083 Asihan XII

84 15.02.084 Asihan Si Beunteu Weuleu II

85 15.03.085 Jangjawokan paranti Dangdan II

86 15.04.086 Jangjawokan paranti Keupat

87 15.05.087 Asihan XIII

88 15.06.088 Asihan Pangemat

89 15.07.089 Rajah Pamunah III

90 15.08.090 Rajah Pakalungan

91 15.09.091 Rajah Isim

92 15.10.092 Rajah Malageni

93 16.01.093 Jampé Seungseureudan

94 16.02.094 Ajian Katimbulan

95 17.01.095 Jampé Bondang Bandung (ngurut)

98 17.02.096 Asihan XIV

(37)

No. Kode Mantra Jangjawokan Asihan Judul Mantra Ajian Singlar Jampé Rajah

98 18.02.098 Jampé pinggan Bodas

99 18.03.099 Jampé Baraja

100 18.04.100 Jangjawokan paranti Magawé

101 18.05.101 Singlar Pangangonan

102 18.06.102 Jangjawokan Nyampurnakeun Dahareun

103 18.07.103 Jangjawokan paranti Susuci

104 18.08.104 Jangjawokan paranti Meuncit Hayam

105 19.01.105 Jampé Kabeuleum IV

106 19.02.106 Jampé Kurap

107 19.03.107 Jampé Kabeureuyan

(diropéa tina tabél Isnéndés, 2010: 105)

Katerangan tina Tabél 3.4

 Angka 01.01.001 = (1) 01, (2) 01, (3) 001 (1) 01 = Nomer Narasumber

(38)

48

3.6 Wangenan Operasional 1) Analisis Struktural

Analisis struktural nya éta analisis puisi kana unsur-unsur jeung fungsina, sarta péréléan unggal unsur éta baris miboga ma’na lamun dipakaitkeun jeung unsur séjénna, kitu ogé dumasar tempat atawa posisina dina struktur .

2) Puisi Mantra

Puisi mantra téh nya éta warnaning puisi (ugeran) buhun (tradisional) anu dianggap miboga kakuatan magis, kayaning jajampéan, jangjawokan, parancah, singlar, asihan, jsté.

3) Bahan Pangajaran

Bahan pangajaran bisa dihartikeun salaku perangkat bahan anu dijerona ngabogaan matéri jeung eusi pangajaran, dipidangkeun ngaliwatan métode-métode anu husus pikeun ngarojong prosés pangajaran sangkan bisa ngahontal tujuan anu geus ditangtukeun.

4) Aprésiasi Puisi

Aprésiasi puisi nya éta méré pangajén kana puisi minangka hasil tina kagiatan niténan, nyangkem, napsirkeun, neuleuman, jeung ngarasakeun éta karya sastra nu dirojong ku kapekaan batin kana ajén-ajén nu nyangkaruk dina éta puisi.

3.7 Léngkah-Léngkah Panalungtikan

Anu dijadikeun rarancang dina ieu panalungtikan, nya éta: tahap tatahar; tahap ngumpulkeun data; tahap ngolah data; tahap nyususn laporan panalungtikan. Satuluyna dipedar leuwih jéntré saperti ieu di handap.

1) Tahap tatahar

(39)

2) Tahap ngumpulkeun data

Léngkah-léngkah dina tahapan ngumpulkeun data, nya éta (1) wawancara ka sesepuh lembur, tokoh, jeung masarakat Désa Cimindi anu dianggap mibanda pangaweruh ngeunaan puisi mantra; (2) telaah pustaka pikeun meunangkeun pamahaman awal ngeunaan puisi mantra; (3) ngadokuméntasikeun barang-barang anu aya patalina jeung panalungtikan.

3) Tahap ngolah data

Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data, nya éta (1) ngatransliterasi puisi mantra tina lisan kana tulisan; (2) ngelompokkeun data puisi mantra dumasar kana tiori Yus Rusyana jeung konsép Isnéndés, jeung méré kode mantra dumasar penomeran Isnéndés; (3) nangtukeun puisi mantra nu rék dianalisis; jeung (4) Nganalisis data puisi mantra dumasar unsur struktur pangwangunna nu ngawengku: eusi mantra; basa dina mantra; purwakanti; wangun jeung wirahma; jeung citraan. 4) Tahap nyusun laporan panalungtikan

(40)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Puisi mantra nu kainvéntarisir di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis jumlahna aya 107, hasil ngumpulkeun ti 19 narasumber nu réana ngawengku: 20 jangjawokan, 31 asihan, 10 ajian, 8 singlar, 27 jampé, jeung 11 rajah. Ieu papasingan mantra ditangtukeun dumasar téori Rusyana, anu ngabagi mantra dumasar kana fungsi atawa tujuan makéna mantra, sarta konsép Isnéndés anu ngabagi mantra dumasar kana tujuan, mahluk lemes, sarta sarat mibanda mantra.

Dina nangtukeun sampel panalungtikanana, nya éta ngagunakeun sistem perséntase. Data anu dipilih pikeun dianalisis nya éta 25% tina jumlah mantra tiap golongan. Anapon hasil perséntasena, ngahasilkeun jumlah mantra pikeun dianalisis anu ngawengku: 5 jangjawokan; 8 asihan; 3 ajian; 2 singlar; 7 jampé; jeung 3 rajah. Sampel nu dipilih téh mangrupa mantra anu strukturna (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, citraan) bisa dianalisis sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA kelas X.

Unsur-unsur puisi mantra anu dianalisis tina sampel panalungtikan nya éta: (1) téks mantra, judul mantra, nomer mantra; jeung (2) analisis struktur mantra nu ngawengku: eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, sarta citraan. Purwakanti nu dipedar ngawengku: pangluyu, maduswara, cakraswara, laraspurwa, mindoan kawit, laraswekas, mindoan wekas, larasmadya, margaluyu, jeung mindoan kecap. Citraan nu dipedar nya éta citraan panénjo (visual), citraan pangrungu (auditif), jeung citraan rasa (taktil).

(41)

maké basa Sunda arkais, nya éta basa kuno nu geus jarang dipaké dina mangsa kiwari. Wangun jeung wirahma mantra nu dianalisis teu angger. Mantra nu dianalisis réana diwangun ku 6, 8, jeung 9 padalisan. Wirahma mantra polana henteu matok ogé, jumlah randegan unggal padalisan réana teu angger. Tapi, randegan nu réa kapanggih dina mantra mah nya éta anu 2 randegan, nu diwangun ku 8 engang, jeung paparoan wirahma nu réréana 4-4, 3-5, jeung 2-6. Purwakanti nu mindeng kapanggih dina mantra nu dianalisis, nya éta purwakanti maduswara (purwakanti vokal dina unggal padalisan). Citraan nu mindeng kapanggih dina mantra nu dianalisis, nya éta citraan rasa jeung citraan panénjo.

Puisi mantra nu geus dianalisis bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi (maca) puisi di SMA. Éta puisi mantra bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi lantaran nyumponan sababaraha kritéria nu geus didadarkeun di bab II jeung bab IV.

5.2 Saran

Sabada nyindekkeun hasil analisis puisi mantra, aya sababaraha saran pikeun sababaraha pihak saperti ieu di handap:

1) pikeun masarakat, puisi mantra di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, mangrupa salasahiji karya sastra lisan, warisan karuhun urang baheula. Ku kituna, sangkan ieu warisan budaya teu leungit, kudu dijaga jeung dimumulé;

2) pikeun lembaga atikan, puisi mantra nu geus diinvéntarisir di Désa Cimindi, Kacamatan Cigugur, Kabupatén Ciamis, bisa dijadikeun bahan pangajaran dina widang sastra hususna dina widang aprésiasi puisi buhun;

(42)

DAFTAR PUSTAKA

Aningsih, Ayu. (2013). Analisis Struktural Puisi Mantra pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA. Skripsi Sarjana pada JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Bahri Djamarah, S. & Aswan Zain. (2010). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar. Bandung.

Djoko Pradopo, R. (2010). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Fathurrohman, P. jeung Sobry, S. (2011). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: Refika Aditama.

Ginting, A. (2010). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Isnendes, R. (1998). Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi. Skripsi Sarjana pada JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

---.. (2010). Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

J. Waluyo, R. (1995). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

JPBD UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

(43)

Koswara, D. (2001). Racikan Sastra:Pangdeudeul Perkkuliahan Sastra Sunda.

Bandung: JPBD FPBS UPI.

Nurléla, Aneu. (2008). Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang Kabupatén Garut: Invéntarisasi jeung Analisis Ajén Éstétis Struktur. Bandung.

Rahayu Tamsyah, B. (1996). Pangajaran Sastra Sunda: Pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Rusyana, R. (1970). Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun & Folklore Sunda.

Siswantoro. (2011). Metode Penelitian Sastra: Analisis Struktur Puisi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Yayat. Spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: Tidak Diterbitkan.

Gambar

Gambar 3.1 Péta Wilayah

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa.. Métode

Numutkeun C.S Peirce dina (Santosa, 1990:11) simbol nya éta hiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat.

Rustandi Kartakusuma pikeun bahan ajar basa Sunda di SMA (tilikan stuktur jeung semantis) nya éta déskipsi ngeunaan jumlah, wangun, fungsi, jeung harti kecap

Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik) ” , anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kamekaran longsér anu jarang

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

diwatesanan, nya éta: unsur eusi ngawengku: poko tulisan jeung amanat; unsur basa ngawengku: kecap jeung kalimah; unsur pupuh ngawengku: guru lagu jeung guru

Kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh masarakat Désa Rancakalong Kacamatan Rancakalong Kabupatén Sumedang, hususna ngeunaan seni

(Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. Tujuan poko tina panalungtikan kualitatif nya éta ngagambarkeun, neuleuman, sarta ngajelaskeun fenoména anu ditalungtik. Pamahaman