• Tidak ada hasil yang ditemukan

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA

KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Euis Nur Amalia 0906094

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA

KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII

Oleh Euis Nur Amalia

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Asaretkha Adjane 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA

KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII 1)

Euis Nur Amalia 2)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Simbol-simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di Blok Kampék Désa Salawana Kacamatan Dawuan Kabupatén Majalengka pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII”. Skripsi ini bertujuan untuk 1) mendeskripsikan jalannya pelaksanaan upacara tradisi guar bumi, 2) mendeskripsikan simbol-simbol dan makna yang ada di dalamnya, 3) mendeskripsikan relevansinya dengan kehidupan jaman sekarang, 4) mengimplikasikan hasil panelitian terhadap bahan pembelajaran membaca di SMA dalam bentuk artikel budaya. Penelitian ini menggunakan metode deskripsi. Data dikumpulkan melalui teknik telaah pustaka, wawancara, observasi, dan dokumentasi. Data dalam penelitian ini adalah upacara tradisi guar bumi, sedangkan sumbernya adalah masarakat, panitia, dan sesepuh désa. Upacara tradisi guar bumi adalah salah satu jenis upacara yang berhubungan dengan bidang pertanian, yaitu upacara dalam rangka menyambut datangnya musim mengolah sawah dan musim penghujan, serta mengharapkan benih yang ditanam kelak hasilnya melimpah. Dari hasil penelitian ditemukan 37 simbol berdasarkan hasil wawancara. Dari simbol tersebut terdapat 29 simbol dalam perlengkapan upacara, 7 simbol dari tingkah laku dalam upacara, dan 1 lagi dari tempat upacara. Selain simbol berdasarkan hasil wawancara, terdapat 2 indeks dan 7 simbol berdasarkan analisis semiotik C.S. Peirce yang terkandung di dalamnya. Penelitian ini bermanfaat untuk menambah khazanah kebudayaan Sunda sebagai bentuk tertulis. Selain itu, penelitian ini juga bisa dijadikan salah satu alternatif bahan pembelajaran membaca artikel budaya Sunda di SMA.

1) Skripsi ini dibawah bimbingan Drs. Ruswendi Permana, M.Hum. sebagai pembimbing satu dan Agus Suherman, S.Pd. M.Hum. sebagai pembimbing dua.

(5)

SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI DI BLOK KAMPÉK DÉSA SALAWANA

KACAMATAN DAWUAN KABUPATÉN MAJALENGKA PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII

ABSTRACT

The study is titled "A Sybols from traditional ceremony Guar Bumi in Blok Kampek Desa Salawana Kecamatan Dawuan Kabupaten Majalengka For Altrenative Learning Materials Reading Article Culture in Senior High School Grade XII". This thesis aims to 1) describe the course of the ceremony tradition guar bumi, 2) describing symbols and meaning in it, 3) describing the relevance at this period 4) implies the result panelitian to read in high school instructional materials in forms of cultural articles. This study uses the description. Data were collected through literature review techniques, interviews, observation, and documentation. The data in this study is a ceremonial tradition Guar Bumi, while the source is masarakat, committees, and village elders.

Ceremony tradition guar bumi is one of the rites associated with agriculture, the ceremony in order to welcome the coming season and the rainy season rice processing, and expect results later planted seed abundance. From the results of the study found 37 symbols based on interviews. Of these there are 29 symbols in the symbol of ritual instruments, seven symbols of behavior in the ceremony, and one more from the ceremony. In addition to the symbols based on the results of interviews, there are 2 and 7 symbols index based semiotic analysis of CS Peirce contained therein.

This study to increase vocabulary Sundanese culture as a form of writing. In addition, this study also can be used as an alternative material to read article

Sundanese culture learning in high school.

(6)

vi

DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP………. i

TAWIS NUHUN………... ii

ABSTRAK………. v

DAPTAR EUSI………. vi

DAPTAR SINGGETAN……….. ix

DAPTAR TABÉL... x

DAPTAR BAGAN……… xi

DAPTAR LAMPIRAN……… xii

BAB I BUBUKA………. 1

1.1Kasang Tukang Masalah……….. 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah………... 4

1.3Tujuan Panalungtikan……….. 5

1.4Mangpaat Panalungtikan……….. 5

1.5Raraga Tulisan………. 5

BAB II KABUDAYAAN, SÉMIOTIK JEUNG PANGAJARANANA……… 7

2.1 Kabudayaan...………. 7

2.1.1 Budaya……….. 7

2.1.1.1 Wangenan Budaya………. 7

2.1.1.2 Wujud Budaya……….. 8

2.1.1.3 Unsur Budaya………... 9

2.1.2 Kapercayaan………... 10

2.1.3 Tradisi………... 10

2.1.3.1 Wangenan Tradisi………... 10

(7)

vii

2.1.4 Upacara……… 12

2.1.4.1 Ngaran Upacara……… 12

2.1.4.2 Tujuan Upacara……… 12

2.1.4.3 Waktu Upacara……….. 13

2.1.4.4 Tempat Upacara……… 14

2.1.4.5 Pakakas/Kalengkepan Upacara……… 14

2.1.4.6 Pihak anu Kalibet dina Upacara………. 15

2.2 Sémiotik………. 15

2.2.1 Wangenan Sémiotik………. 15

2.2.2 Kamekaran Sémiotik……… 16

2.2.3 Konsep Sémiotik Modél Charles Sander Peirce……….. 17

2.2.4 Simbol………. 18

2.3 Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda………... 19

2.3.1 Bahan Pangajaran………. 20

2.3.2 Pangajaran Maca………. 21

2.3.3 Artikel... 22

2.3.4 Tujuan jeung Fungsi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda………… 23

2.3.5 Kritéria Milih Bahan Pangajaran……… 24

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 27

3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan... 27

3.1.1 Lokasi Panalungtikan... 27

3.1.1.1 Déskripsi Kaayaan Géografis Désa Salawana... 27

3.1.1.2 Sosial Budaya... 28

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan... 32

3.2 Métode, jeung Desain Panalungtikan………... 32

3.1.1 Métode Panalungtikan……… 32

3.1.2 Desain Panalungtikan………. 32

(8)

viii

3.4 Instrumén Panalungtikan………...… 34

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data……… 35

3.6 Téhnik Ngolah Data……… 37

BAB IV SIMBOL-SIMBOL DINA UPACARA TRADISI GUAR BUMI SARTA IMPLIKASINA DINA BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA……….... 39

4.1 Prak-prakan Upacara Tradisi Guar Bumi...……….. 39

4.1.1 Upacara Tradisi Guar Bumi………...………. 39

4.1.2 Prak-prakan Upacara...………. 39

4.1.2.1 Pra-upacara……….. 39

4.1.2.2 Prakna Upacara………. 41

4.1.2.3 Pasca Upacara………... 45

4.2 Déskripsi Simbol jeung Ma’na nu Nyangkaruk dina Upacara Tradisi Guar Bumi………. 45

4.2.1 Simbol jeung Ma’na dina Aspék-aspék Upacara Tradisi Guar Bumi... 46

4.2.2 Simbol jeung Ma’na dumasar Analisis Sémiotik kana Simbol Upacara Tradisi Guar Bumi... 54

4.2.3 Rekapitulasi Data Simbol jeung Ma’na... 56

4.2.4 Tafsir Analisis... 61

4.3 Rélévansi Upacara Tradisi Guar Bumi dina Kahirupan Mangsa Kiwari……….. 61

4.4 Implikasi Upacara Tradisi Guar Bumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya………...……. 63

4.4.1 Silabus... 67

4.4.2 Rencana Pelaksanaan Pelajaran (RPP)... 69

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN………. 77

(9)

ix

5.2 Saran……….. 78

DAPTAR PUSTAKA... 80

LAMPIRAN-LAMPIRAN... 83

(10)

1 BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan teu bisa lepas ti masarakat nu aya dina sabudeureunana. Sabab kabudayaan téh diciptakeun jeung digunakeun ku masarakatna sorangan. Dumasar Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2006:108), kabudayaan nya éta hasil, tanaga, karep, pikiran sarta parasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kani’matan ku rupa-rupa akal jelema. Lian ti éta, saumpama nilik kana kabudayaan nu aya di masarakat sabudeureunana, éta kabudayaan téh mangrupa hasil tina kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat nu hirup saheulaeunana sarta diturunkeun ti hiji generasi ka generasi séjénna. Nu antukna éta kabiasaan téh jadi tradisi atawa budaya nu hirup di masarakat.

Kabudayaan nu aya di masarakat Indonésia téh éstuning réa pisan. Éta hal katitén tina kabeungharan sélér bangsana. Saban sélér bangsa miboga kabudayaan séwang-séwangan, kitu deui dina kabudayaan téh réa rupana. Éta hal luyu jeung nu ditétélakeun ku Koentjaraningrat (1990:203-204) yén kabudayaan téh universal tur miboga tujuh unsur, nya éta sistem kapercayaan, organisasi kamasarakatan, élmu pangaweruh, bahasa, kasenian, sistem mata pencaharian (pakasaban), jeung téhnologi.

(11)

2

kagoréngan, gumantung kana cara manusa dina ngajén roh karuhun atawa nu dipercaya miboga kakuatan goib ngaliwatan upacara ritual.

Éta hal katitén pisan dina kabiasaan masarakat Sunda nu umumna hirup tina hasil tatanén, sok ngalakukeun upacara salametan boh saméméh boh sabada tatanén. Luyu jeung katerangan Herlina Lubis (2011:289) yén ti mimiti ngahuma masarakat Sunda geus miboga rupa-rupa salametan atawa upacara anu patali jeung tatanén. Malahan masarakat Sunda bakating ku ngajén pisan kana paré, nepi ka miboga sesebutan ka paré téh salaku simbol Nyi Pohaci atawa Déwi Sri.

Kitu deui dina ngamimitian tatanén, masarakat nu aya di Majalengka, hususna masarakat nu aya di Désa Salawana Blok Kampék rutin unggal taun sok ngalakukeun upacara tradisi guar bumi. Ieu tradisi guar bumi nu dilakukeun ku masarakat Salawana téh miboga tujuan utama nya éta salian ti rasa sukur sarta harepan datangna usum tatanén jeung usum hujan, ieu upacara tradisi guar bumi gé miboga tujuan sangkan binih nu dipelak téh hasilna mucekil sarta pikeun ngébréhkeun rasa hormat ka sesepuh (karuhun).

Dina sawatara upacara tradisi budaya Sunda téh teu ngan saukur padu waé ngalakukeunana. Biasana dina prak-prakanana miboga sipat nu sakral. Sipat sakral di dieu lain ngan ukur ngandung kakuatan magis, tapi miboga ajén-inajén pikeun kahirupan. Kitu deui dina tradisi upacara guar bumi, ieu ogé loba pisan simbol-simbol nu miboga ajén-inajén pikeun kahirupan.

Simbol mangrupa bagian tina tanda. Élmu anu ngabahas ngeunaan tanda jeung simbol disebut sémiotik. Numutkeun C.S Peirce dina (Santosa, 1990:11) simbol nya éta hiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat. Maksudna nya éta hiji hal atawa kaayaan anu ngawakilan pamahaman hiji jalma kana hiji objék. Salian ti éta, C.S Peirce nétélakeun yén tanda téh ngawengku indék, simbol, jeung ikon.

(12)

3

kahirupan. Ku kituna, penting pikeun dipikanyaho ku masarakat sabudeureunna ngeunaan ma’na simbol dina éta budaya.

Ku lantaran kitu, kawilang penting pikeun mikanyaho ma’na dina simbol -simbol nu nyangkaruk dina éta tradisi upacara guar bumi pikeun disurahan sangkan dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Salian ti éta ogé, éta upacara tradisi guar bumi bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran di sakola pikeun nambahan pangaweruh siswa, nu geus disaluyukeun jeung “SK-KD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda” nya éta ngaliwatan artikel budaya.

Panalungtikan ngeunaan simbol-simbol dina kabudayaan, saméméhna geus aya nu nalungtik, di antarana:

1) Fungsi Simbol dina Upacara Salametan Solok Coblong di Kampung

Cirateun Kecamatan Sukasari Kodya Bandung.

(Ganjar Anoegrah, 2008)

2) Fungsi Simbol dina Upacara Labuh Saji Nelayan Kecamatan Palabuhan

Ratu Kabupatén Sukabumi.

(Andika Nugraha, 2009)

3) Simbol Budaya nu Nyampak dina Tradisi Sambel Séréh Sabada

Nalahirkeun di Kampung Cikonéng Langkob Désa Alam Endah

Rancabali Kabupatén Bandung.

(Fany Oktavia, 2010)

4) Simbol nu Nyampak Upacara Adat Sérén Taun di Désa Sinar Resmi

Kecamatan Cisolok Kabupaten Sukabumi.

(Nining Restiani winarti 2010)

5) Ajén Falsafah dina Simbol-Simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung

Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikaum

Kabupatén Subang:

Ulikan Struktural Sémiotik

(Deasy Haspari Suciati, 2012)

(13)

4

Kacamatan Dawuan, Kabupatén Majalengka, ti mimiti prak-prakan upacara, sarta simbol-simbol nu nyangkaruk di jerona pikeun alternatitf pangajaran maca di SMA kelas XII.

Ku kituna dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan di judulan Simbol-simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di Blok Kampék Désa

Salawana Kacamatan Dawuan Kabupatén Majalengka pikeun Alternatif

Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1. Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, pasualan anu baris dipedar dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan tanda-tanda nu aya dina upacara tradisi guar bumi. Saperti anu gues dipedar saacanna, yén tanda téh ngawengku simbol, ikon jeung indeks. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan diwatesanan leuwih muser medar ngeunaan Simbol-simbol dina tradisi upacara guar bumi nu aya di Blok Kampék, Désa Salawana, Kacamatan Dawuan, Kabupatén Majalengka.

1.2.2. Rumusan Masalah

Masalah-masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan saperti ieu dihandap:

1) Kumaha prak-prakanana upacara tradisi guar bumi?

2) Simbol jeung ma’na naon waé nu nyangkaruk dina upacara tradisi guar bumi?

3) Naha éta upacara tradisi guar bumi masih relevan dina kahirupan mangsa kiwari?

(14)

5

1.3. Tujuan Panalungtikan

1.3.1. Tujuan Umum

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan ngagambarkeun kumaha prak-prakan upacara tradisi guar bumi sangkan bisa dipikanyaho ku masarakat lianna, sarta pikeun ngamumulé kabudayaan Sunda.

1.3.2. Tujuan Husus

Sacara husus tujuan ieu panalungtikan, nya éta:

1) Ngadéskripsikeun prak-prakan jalanna upacara tradisi guar bumi

2) Ngadéskripsikeun simbol-simbol jeung ma’na nu nyangkaruk dina upacara tradisi guar bumi

3) Ngadéskripsikeun relevansi Upacara tradisi guar bumi dina kahirupan mangsa kiwari

4) Implikasi upacara tradisi guar bumi pikeun alternatif bahan pangajaran maca artikel budaya

1.4. Mangpaat Panalungtikan

1.4.1. Mangpaat Téoritis

Pikeun ngeuyeuban hasanah kasundaan dina widang budaya nya éta ngeunaan tradisi masarakat Sunda jaman baheula, sarta ngeuyeuban bahan pangajaran dina pangajaran basa Sunda ngeunaan artikel budaya pikeun alternatif bahan pangajaran maca kelas XII.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Pikeun nambahan pangaweruh sarta usaha dina ngamumulé kabudayaan Sunda atawa bisa dijadikeun inventaris budaya.

1.5. Raraga Tulisan

(15)

6

1) BAB I: Mangrupa bab munggaran anu pedaranana ngawengku kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, sarta sistematika tulisan.

2) BAB II: Medar tiori-tiori anu aya dina ieu panalungtikan sacara leuwih jembar jeung jero, nya éta medar ngeunaan wangenan kabudayaan, tradisi, upacara, guar bumi, jeung téori semiotika.

3) BAB II: Medar métode anu digunakeun dina panalungtikan kaasup sababaraha komponén, nya éta: lokasi jeung sumber panalungtikan, desain panalungtikan, wangenan operasional, téhnik ngumpulkeun data, sarta analisis data.

4) BAB IV: Ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan ngeunaan simbol-simbol nu aya dina tradisi upacara guar bumi salaku alternatif bahan pangajaran.

(16)

27 BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1.Lokasi jeung Sumber Panalungtikan

3.1.1. Lokasi Panalungtikan

Lokasi anu dijadikeun pikeun tempat panalungtikan upacara tradisi guar bumi nya éta pernahna di Blok Kampék Désa Salawana. Éta désa téh kaasup ka wewengkon Kacamatan Dawuan kabupatén Majaléngka. Anapon déskripsi kaayaan di éta désa bisa katitén ieu di handap.

3.1.1.1 Déskripsi Kaayaan Géografis Désa Salawana

Désa Salawana ngawengku 25 RT jeung 7 RW, sedengkeun di Blok Kampékna miboga 6 RT. Anapon wates Désa Salawana nya éta:

 Di Beulah kulon ngawates jeung Désa Karanganyar

 Di Beulah kalér ngawates jeung Désa Cibogor

 Di Beulah wétan ngawates jeung Désa Jatisura

 Di Beulah kidul ngawates jeung Désa Jatiwangi

Éta wilayah Désa Salawana sacara géografis aya dina 25 m tina beungeut laut (dpl). Bentuk wilayahna aya dina kemiringan < 5%. Wilayah Désa Salawana miboga curah hujan antara 1945 mm – 3140 mm, nu jumlah poé hujanna bisa dirata-ratakeun 168 poé. Suhu rata-rata unggal poéna di ieu wilayah nya éta 36̊ C. Jenis taneuhna andisol nu kasuburan taneuhna sedeng, PH taneuh antara 5,5 – 6,5, tekstur taneuhna lempung aya keusikan.

(17)

28

3.1.1.2. Sosial Budaya

a. Penduduk

[image:17.595.116.510.220.748.2]

Dumasar kana data nu aya di Désa Salawana taun 2009, jumlah penduduk ieu désa téh nya éta 3387 jiwa, nu ngawengku 1701 lalaki jeung 1686 awéwé. Kaayaan jumlah penduduk dumasar kana jenis kelamin bisa katitén dina tabel 3.1.

Tabel 3.1. Kaayaan Penduduk Dumasar Jenis Kelamin

No. Desa KK Jenis Kelamin Ket

Lalaki Awéwé Jumlah 1. Salawana 1684 1701 1686 3387

Jumlah 1684 1701 1686 3387

Sumber : Buku Poténsi Désa Salawana 2012

Lian ti éta ogé, pikeun mikanyaho wincikan jumlah penduduk dumasar kana klasifikasi umur bisa katitén dina tabel 3.2.

Tabel 3.2. Penduduk Dumasar Klasifikasi Umur

No. Kelompok Umur

Jumlah Penduduk

Ket Lalaki Awéwé Jumlah

1. 0 – 5 121 147 268

2. 6 – 10 131 143 274

3. 11 – 15 165 141 306

4. 16 -20 90 147 237

5. 21 – 25 110 143 253

6. 26 – 30 116 144 260

7. 31 – 35 120 141 261

8. 36 – 40 115 148 263

9. 41 – 45 145 120 265

10. 46 – 50 139 120 259

11. 51 – 55 147 119 266

12. ≥ 56 302 173 475

(18)

29

Sumber : Buku Potensi Désa Salawana 2012 b. Pakasaban

Masarakat Salawana nu jumlahna aya 3387 jiwa téh, pakasabanana réréana kana tani. Lian ti éta, aya ogé nu kasab di séktor industri, séktor jasa, PNS/ABRI/TNI, dagang, pamong désa, jsb. Anapon wincikanana katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3. Jumlah Penduduk Dumasar Pakasaban

No. Pakasaban Jumlah Ket

1. Séktor Pertanian 1080

2. Séktor Industri 466

3. Séktor Jasa 419

4. PNS/ABRI/TNI 74

5. séktor Perdagangan 10

6. Pamong Désa 9

7. Buruh Tani 652

8. Pensiun 19

9. Lain-lain 539

Sumber : Data Poténsi Désa Salawana Tahun 2012

c. Atikan

Nilik kana widang atikan, masarakat Désa Salawana bisa kawilang dina tingkatan anu sedeng. Éta hal katitén tina data nu aya di désa, yén masarakat Salawana lolobana neruskeun ka SMP jeung SMA, malah aya sababaraha urang nu neruskeun nepi ka perguruan tinggi.

Upama nilik kana sarana pendidikan di ieu désa bisa kaliwang tinggalaeun. Éta hal katitén di Désa Salawana ngan aya hiji Sakola Dasar jeung hiji PAUD/TK. Tabélna saperti ieu di handap:

Tabél 3.4. Jumlah Penduduk Dumasar kana Atikan

No. Tingkat Atikan Jumlah Ket

(19)

30

2. Teu tamat sakola 6

3. Tamat SD 1944

4. Teu tamat SD 41

5. Tamat SMP 624

6. Teu tamat SMP 5

7. Tamat SMA 338

8. Teu tamat SMA _

9. Tamat Perguruan Tinggi 95

Sumber : Data Poténsi Désa Salawana Taun 2012

d. Agama jeung Kapercayaan

Sakabéh masarakat Salawana ngagem agama Islam. Éta hal katitén yén tina 3387 wargana taya saurang gé nu non-muslim. Kagiatan kaislaman nu aya di éta désa, antarana aya kagiatan pangajian rutin ibu-ibu tiap mingguna, unggal poé barudakna sabada sakola sok ngiluan sakola madrasah, sarta sabada magrib barudak sok aya nu ngaraji. Pikeun ngarojong éta kagiatan, di éta désa geus aya dua masjid, jeung hiji madrasah.

e. Basa

Masarakat Salawana dina kahirupan sapopoéna ngagunakeun basa Sunda. Basa Sunda nu digunakeun kaasup basa Sunda loma kasar, malah aya nu nyebut yén basa nu digunakeun ku masarakat Salawana téh nya éta Jawaréh (Jawa sawaréh). Éta hal katitén tina kaayaan daérah nu méh watesan jeung daérah Indramayu sarta Cirebon. Salian ti éta ogé, dumasar kana data désa yén masarakat Salawana miboga dua suku/étnis nya éta sabagian loba asli suku Sunda jeung aya sababaraha urang nu suku Jawa.

(20)

31

f. Sistem Kekerabatan

Luyu jeung kahirupan masarakat tradisional séjénna, di ieu désa sok sanajan masarakatna miboga dua suku nu béda nya éta suku Sunda jeung Jawa, tapi dina kahirupan sapopoéna mah éta masarakat téh hirup sauyunan (harmonis), teu silih bédakeun, sarta silih ajénan. Kaayaan nu saperti kitu téh dirojong ku ayana kagiatan-kagiatan nu sifatna babarengan di éta désa,saperti masih ayana gotongroyong nu dilakukeun ku masarakatna di unggal RT nu ngagambarkeun hirup sauyunan papada masarakatna. Lian ti kagiatan éta, upama aya masarakat séjén nu boga gawé/hajatan, nu kapapaténan, musibah, jalma gering, jeung sajabana, masarakat di éta désa silih bantuan. Salasahiji contona, katitén nalika diayakeunna hajat guar bumi, ti mimiti tatahar nepi ka bérés masarakatna kompak silih bantuan atawa gawé bareng sangkan lumangsung kalayan lancar.

g. Sisitem Organisasi Sosial

Sistem pamaréntahan di Désa Salawana teu jauh béda jeung sistem pameréntahan anu digunakeun di Désa séjéna. Pikeun ngarojong kana kamekaran Désa, aya sababaraha organisasi pamaréntahan nya éta aya 7 RW/dusun, aya 25 RT, aya 9 urang Badan Perwakilan Désa. Sedengkeun di Blok Kampékna ngawengku 6 RT.

Lian ti ayana organisasi pamaréntahan, di éta désa gé aya organisasi kamasarakatanana. Organisasi kamasarakatan nu aya di éta Désa nya éta PKK nu jumlah anggotana 47 urang, Organisasi Karang Taruna nu jumlah anggotana 65 urang, jeung LPM nu anggotana 14 urang.

h. Sistem Téhnologi jeung Pakakas

(21)

32

jsb. kitu deui dina widang pertanian, masarakatna geus teu ngagunakeun deui tanaga sato pikeun molah sawah téh tapi ayeuna mah geus ngagunakeun traktor. 3.1.2. Sumber Data Panalungtikan

Data anu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan data nu aya patalina jeung upacara guar bumi. Sedengkeun nu dimaksud sumber dina ieu panalungtikan nya éta sumber (informan) pikeun nyangking data atawa informasi téa. Sumber dina ieu panalungtikan nya éta ditangtukeun dumasar kana tempat lumangsungna upacara tradisi guar bumi nya éta di Désa Salawana Blok Kampék. Anapon sumberna nya éta sesepuh désa Salawana, pamong désa, pihak-pihak anu kalibet dina upacara tradisi guar bumi, sarta masarakat anu apal kana upacara tradisi guar bumi.

3.2.Métode, jeung Desain Panalungtikan

3.2.1. Métode Panalungtikan

Numutkeun Fathoni (2011:99), métode panalungtikan ilmiah nya éta cara anu digunakeun dina ngalakukeun hiji panalungtikan. Sedengkeun sacara umum numutkeun Sugiyono (2012:3) métode panalungtikan dihartikeun salaku cara ilmiah pikeun nimukeun data nu miboga tujuan jeung aya guna nu tangtu.

Jadi bisa dicindekkeun yén métode panalungtikan nya éta mangrupa cara anu digunakeun panalungtik pikeun nimukeun data atawa informasi ngeunaan hiji hal nu rék ditalungtik sacara ilmiah.

Dina ieu panalungtikan, métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif mangrupa cara pikeun nimukeun data jeung informasi anu bisa karasa langsung ku pancra indra nalika lumangsungna panalungtikan. Ieu métode miboga tujuan pikeun méré gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta sarta sipat-sipat populasi atawa daérah nu aya patalina jeung kagiatan panalungtikan (Suyatna, 2002:14).

(22)

33

Dina ngalakukeun hiji panalungtikan, tangtu panalungtik kudu nataharkeun sagala anu dibutuhkeun dina prosés panalungtikan sangkan lumangsung kalawan lancar. Ku kituna, dina ngalakukeun panalungtikan diperlukeun hiji desain sangkan dina ngalakukeun panalungtikan lumangsung sacara sistematis sarta aya cecekelan.

Desain panalungtikan téh nya éta mangrupa gambaran ngeunaan raraga panalungtikan. Anapon desain panalungtikan anu digunakeun nya éta:

Désain Panalungtikan

Ngaidéntifikasi Masalah :

 Kasang tukang masalah

 Ngarumuskeun masalah

 Tujuan jeung mangpaat

panalungtikan

Ngumpulkeun Data:

 Study pustaka  Observasi

 Ngalakukeun wawancara

 Dokuméntasi

Ngolah Data :

 Ngadéskripsikeun data

 Analisis simbol-simbol nu nyangkaruk dina guar bumi

 A alisis a’ a ti a si bol-simbol nu

nyangkaruk dina guar bumi  Ngaimplikasikeun kana bahan

pangajaran

(23)

34

3.3. Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta Simbol-Simbol dina Upacara Tradisi Guar Bumi di Blok Kampék Désa Salawana Kacamatan Dawuan Kabupatén

Majalengka.

Sangkan aya gambaran tina éta judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah anu digunakeun, nya éta:

1) Simbol, nya éta pananda anu geus umum digunakeun ku masarakat. Simbol dina ieu panalungtikan nya éta tanda nu nyangkaruk dina upacara tradisi guar bumi.

2) Upacara tradisi guar bumi, nya éta hiji paripolah nu geus biasa dilaksanakeun ku masarakat hususna masarakat Désa Salawana dumasar kana aturan adat karuhun, nu miboga maksud salaku kapercayaan pikeun mapag datangna usum hujan jeung ngamimitian ngolah sawah.

3) Bahan pangajaran maca, nya éta matéri nu rék ditepikeun ka siswa pikeun ngahontal tujuan pangajaran ku cara maca hiji tulisan nu geus ditangtukeun saméméhna ku guru.

3.4. Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa alat anu digunakeun dina panalungtikan pikeun nyangking data nu keur ditalungtik. Anapon instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kaméra video, kamera foto, recorder, jeung pedoman wawancara.

3.4.1. Kaméra Video Hp

Kaméra video mangrupa alat anu digunakeun pikeun ngarékam gambar lumangsungna upacara tradisi guar bumi.

3.4.2. Kaméra Foto

(24)

35

Kaméra foto mangrupa alat pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal nu aya patalina jeung upacara guar bumi hususna ngeunaan simbol-simbol dina upacara ku cara dipotret.

3.4.3.Recorder

Ieu alat digunakeun pikeun ngarékam info ti narasumber nu diwawancara. Jadi panalungtik teu kudu nyalin atawa nulis waktu ngawawancara naon anu ditepikeun ku narasumber.

3.4.4.Pedoman Wawancara

Sangkan dina prakna wawancara bisa lumangsung kalayan lancar, ku kituna perlu ayana padoman pikeun nungtun ka panalungtik dina ngalakukeun wawancara jeung narasumber. Anapon padoman wawancara dina ieu panalungtikan nya éta:

I. Data Narasumber

Jenengan :

Yuswa :

Atikan :

Pakasaban :

II. Daptar Patalékan

1. Naon maksud tina upacara tradisi guar bumi ?

2. Naon tujuan tina ngalaksanakeun upacara tradisi guar bumi?

3. Iraha waktu dilaksanakeun guar bumi, naha aya itungan nu pasti dina nangtukeun upacara tradisi guar bumi?

4. Dimana tempat pikeun lumangsungna upacara tradisi guar bumi? 5. Naha pangna diayakeun guar bumi, kumaha sajarahna?

6. Kumaha prak-prakan upacara tradisi guar bumi? 7. Aya simbol naon waé dina guar bumi?

8. Aya ma’na naon waé dina éta simbol-simbol?

(25)

36

3.5. Téhnik Ngumpulkeun Data

Numutkeun Suyatna (2002:18), téhnik panalungtikan nya éta mangrupa salasahiji tarékah atawa cara nu kudu dilakukeun dina métode nu tangtu, sangkan tujuan anu dituju dina hiji panalungtikan bisa kahontal. Anapon téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Téhnik Study Pustaka

Téhnik Study pustaka mangrupa cara pikeun nyangking tiori-tiori anu aya patalina jeung hal anu keur ditalungtik. Dina ieu talaah diperlukeun babanding atawa cecekelan dina ngalakukeun panalungtikan. Ieu study pustaka bisa dilakukeun ku cara ngumpulkeun data-data nu sumberna ti perpustakaan nu mangrupa buku-buku, dokumén-dokumén, jeung sajabana pikeun dijadikeun pangdeudeul dina nyusun laporan.

Aya tilu kritéria dina study pustaka (Sugiyono, 2012:398), nya éta relevansi (tiori nu digunakeun saluyu jeung masalah nu keur ditalungtik), kemutakhiran (tiori atawa référénsi anu digunakeun nya éta nu masih anyar), jeung kaaslian (sumber nu asli).

2) Téhnik Obsérvasi

Téhnik Obsérvasi nya éta panalungtikan anu dilakukeun sacara langsung kana naon-naon anu katempo jeung karasa ku panca indra di lapangan (tempat lumangsungna panalungtikan). Dina ngalakukeun obsérvasi tangtuna kudu aya objékna. Objék obsérvasi (Sugiyono, 2012:314) nya éta:

a) Place, tempat lumangsungna kagiatan interaksi sosial. b) Actor, palaku atawa jalma-jalma nu miboga peran nu tangtu.

c) Activity, kagiatan nu dilakukeun ku palaku dina kaayaan sosial nu keur lumangsung.

(26)

37

3) Téhnik Wawancara

Téhnik Wawancara mangrupa cara pikeun nyangking data sacara lengkep. Wawancara anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta wawancara semiterstruktur. Dina lumangsungna ieu wawancara dilakukeun sacara leuwih bébas upama dibandingkeun jeung wawancara terstruktur. Tujuan dilakukeunna ieu wawancara nya éta sangkan bisa nimukeun data atawa informasi anu leuwih jero deui sarta narasumber bisa dipénta sawangan jeung ide-idena.

4) Téhnik Dokuméntasi

Téhnik Dokuméntasi mangrupa catetan tina kajadian anu geus lumangsung. Ku sabab kitu, dina ieu panalungtikan perlu ayana dokuméntasi pikeun ngarojong kana hal-hal anu ditaluntik. Anapon dokuméntasi dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa dokuméntasi poto atawa gambar nu aya patalina jeung guar bumi, boh ti mimiti properti nepi ka paripolah manusa nu kalibet dina ieu upacara.

Anapon léngkah-léngkah nu dilakukeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan, nya éta:

1) Saméméh ka lapangan

 Nganalisis masalah nu aya dilapangan

 Nganalisis data nu aya patalina jeung masalah nu rék ditalungtik  Nganalisis tempat pikeun dilakukeunana panalungtikan

2) Nalika di lapangan

 Nganalisis masalah nu geus disiapkeun saacana, naha luyu jeung kaayaan  Niténan jalana upacara tradisi guar bumi

 Ngalakukeun wawancara jeung narasumber

 Ngadokuméntasikeun data ku cara dipotrét jeung dirékam gambar lumangsungna upacara tradisi guar bumi

3.6. Téhnik Ngolah Data

(27)

38

téhnik nganalisis data. Kecap analisis miboga harti cara mikir. Jadi, dina analisis mangrupa hal anu bangga pikeun panalungtik.

Numutkeun Bogdan (Sugiyono, 2012:334), analisis data nya éta prosés néangan jeung nyusu data anu geus kakumpul tina hasil wawancara sacara sistematis, catetan nalika di lapangan, jeung bahan-bahan lianna, sangkan bisa dipikapaham, sarta timuan/hasil panalungtikanana bisa ditepikeun ka jalma lian. Ku kituna, sabada bérés ti lapangan panalungtik mimiti museurkeun uteuk pikeun nganalisis data anu geus dikumpulkeun saméméhna. Anapon léngkah-léngkahna nya éta:

1) Data-data anu geus ngumpul dipariksa sarta dipilah-pilah. Terus dianalisis naha éta data-data nu geus dikumpulkeun téh lengkep atawa henteu, saluyu jeung nu dipikabutuh atawa henteu.

2) Ngaklasifikasikeun data. Maksudna, milah-milah data anu geus ngumpul disaluyukeun jeung bagian-bagianana.

3) Ngadéskripsikeun data anu geus dianalisis

4) Ngaimplikasikeun kana pangajaran maca ku cara dijieun artikel tina hasil analisis data

(28)

77 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Sabada réngsé ngolah data, bisa dicindekkeun aya sababaraha data nu kapaluruh. Data anu kapaluruh, di antarana ngeunaan prak-prakan lumangsungna upacara tradisi guar bumi nu dilaksanakeun di Désa Salawana geus ngalaman parobahan. Parobahan kahiji nya éta tempat lumangsungna upacara nu mimitina di Kabuyutan kiwari mah tempatna di balé désa, nu kadua nya éta runtuyan upacara nu tadina saméméh lumangsungna upacara aya hiburan wayang kulit, kiwari mah jadi hiburan tari topéng. Jadi sabada diayakeun sababaraha parobahan, runtuyan upacara tradisi guar bumi nu dilaksanakeun di Désa Salawana kiwari nya éta, mimiti diayakeun pintonan tari topéng babakan salaku hiburan pikeun masarakat, acara tradisi masarakat désa nya éta numpeng, acara inti hajat guar bumi, jeung dipungkas peutingna ku pintonan wayang kulit salaku hiburan pikeun masarakat sarta ruwatan éta désa. Upacara tradisi guar bumi miboga tujuan pikeun ménta widi dina ngamimitian ngolah sawah sarta ménta binih nu alus sangkan hasilna mucekil.

(29)

78

Dina lumangsungna upacara tradisi guar bumi leuwih nyoko kana aturan adat karuhun, tapi ogé dibarung ku unsur kaislaman, di antarana sok diayakeun heula

tawasul, tahlil, sarta du’a. Lian ti éta, kiwari mah éta upacara tradisi guar bumi téh

salaku salasahiji tarékah dina ngamumulé jeung ngariksa budaya Sunda sangkan teu tumpur. Ku kituna, éta upacara tradisi guar bumi téh masih rélévan dilaksanakeun dina kahirupan mangsa kiwari, hususna masarakat Désa Salawana.

Dumasar kana hasil analisis yén simbol-simbol nu yangkaruk dina upacara

tradisi guar bumi réa ma’na nu penting pikeun disurahan, sarta dumasar kana SK

-KD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda nya éta dina pangajaran maca, aya kaparigelan maca artikel kabudayaan. Ku kituna, ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran basa Sunda nya éta ku cara ngajieun bahan pangajaran dina wangun artikel.

5.2. Saran

Dina ieu panalungtikan upacara tradisi guar bumi, réa pisan mangpaatna pikeun nu nalungtik. Éta hal katitén dina ieu upacara tradisi guar bumi euyeub ku ajén-inajénna. Ku kituna, dipiharep hasil ieu panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan tradisi-tradisi nu aya di tatar Sunda hususna dina upacara tradisi nu aya patalina jeung widang tatanén.

Réngséna ieu panalungtikan, panyusun miboga saran ka sawatara pihak ngawengku:

1. Pihak Lembaga Kabudayaan

Ka pihak lembaga kabudayaan, panulis miharep sangkan bisa terus ngarojong sagala hal nu aya patalina jeung widang kabudayaan (kasundaan) sangkan kabudayaan-kabudayaan nu aya di tatar sunda téh bisa terus hirup.

2. Pihak Sakola

(30)

79

3. Pihak Guru

Ieu panalungtikan upacara tradisi guar bumi bisa dijadikeun salasahiji bahan pangajaran alternatif ngeunaan kabudayaan nu digunakeun ku guru. Sangkan siswa teu bosen dina kagiatan diajar, dipiharep guru kudu kréatif dina nepikeun pangajaran sangkan siswa bisa paham kana matéri ngeunaan kabudayaan.

4. Pihak Siswa

Panulis miharep siswa kudu maliré kana kabudayaan sorangan nya éta budaya Sunda, jeung kudu bisa ngamumulé sarta ngariksa kabudayaan Sunda sabab dina kabudayaan miboga ajén-inajén nu réa mangpaatna pikeun disurahan dina kahirupan sapopoé.

5. Pihak Masarakat

Ieu upacara tradisi guar bumi mangrupa salasahiji kabudayaan Sunda nu masih hirup di masarakat Sunda, hususna masarakat Désa Salawana. Ku kituna, panulis miharep sangkan ieu tradisi bisa dilaksanakeun unggal taunna salaku tarékah dina ngamumulé ulah nepi ka kabudayaan Sunda téh tumpur.

6. Pihak Panalungtik

(31)

80

DAPTAR PUSTAKA

Danadibrata. (2006). Kamus Besar Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.

Ekadjati, Edi S. (2009). Kebudayaan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Fatharoni, Abdurrahmat. (2011). Metodologi Penelitian & Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Harjanto. (2010). Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Herlina Lubis, Nina, Spk. (2011). Sejarah Kebudayaan Sunda. Bandung: Yayasan Masyarakat Sejarawan Indonesia.

Isnendes , Retty. (2009). Hand Out Teori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Jumeiri, Siti R, Spk. (1992). Upacara Tradisional Saparan Daerah Gamping dan Wonolelo Daerah Istimewa Yogyakarta. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Koentjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

CV. Geger Sunten.

Lestari, Ika. (2012). Pengembangan Bahan Ajar Berbasis Kompetensi. Padang: Akademia Permata.

Martiyono. (2012). Perencanaan Pembelajaran. Yogyakarta: Aswaja Pressindo. Musthofa, Abdulllah. (2006). Budaya Sunda. Bandung: Kencana Utama.

Parera, J.D. (2004). Teori Semantik. Jakarta: Erlangga.

(32)

81

Rosidi, Ajip, Spk. (2002). Ensiklopedia Sunda Alam, Manusia, dan Budaya Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.

Salim, Yeni & Peter Salim. (2002). Kamus Bahasa Indonesia Kontemporer. Jakarta: Modern English Press.

Santosa, Puji. (1990). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

---, Spk. (2007). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press.

Sudjiman, Panuti & Aart Van Zoest. Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sumardiria, AS Haris. (2011). Menulis Artikel dan Tajuk Rencana. Bandung: Simbiosa Rekatama Media.

Sumardjo, Jakob. (2009). Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda. Bandung: Kelir. Supriyadi, Bambang & Totok Djuroto. (2005). Menulis Artikel & Karya Ilmiah.

Bandung: PT. Remaja Rosda.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Basa Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional UPI FPBS.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Widagdho, Djoko, Spk. (1991). Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: PT. Bumi Aksara. Widyosiswono, S & Ed. A. vidiyanti. (2009). Ilmu Budaya Dasar. Bogor: Ghalia

Indonesia.

(33)

82

Sumber ti Internet

Helena. Pengertian dan Definisi Simbol Menurut Para Ahli

Tersedia:http://carapedia.com/pengertian_definisi_simbol_menurut_para_ah li_info946.html

Disporbudpar. Sedekah Bumi

Gambar

Tabel 3.1. Kaayaan Penduduk Dumasar Jenis Kelamin

Referensi

Dokumen terkait

PENGGUNAAN APLIKASI POWER POINT UNTUK MENINGKATKAN KOSA KATA PADA SISWA TUNARUNGU KELAS 4 SDLB DI SLB ANGKASA SULAIMAN KABUPATEN BANDUNG. Universitas Pendidikan Indonesia |

Oleh karena itu penelitian ini bertujuan untuk mengetahui apakah model pembelajaran kooperatif tipe Team Game Tournament (TGT) Memberikan Pengaruh Terhadap

Blend sampling and testing plans are revised to be more explicit (for example, when replicate blend samples should be assayed), and statistical approaches are used for the analysis

Adapun permasalahan yang dibahas dalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan perjanjian kredit oleh lembaga perbankan di Indonesia, bagaimana hubungan hukum klausul

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

1 Perilaku sosial dalam kecenderungan perilaku peran remaja tunadaksa yang menggunakan jejaring sosial facebook di sekolah. Menurut pandangan ibu, bagimanakah siswa

Tujuan penelitian adalah: (1) mengungkap kemampuan foto udara pankromatik hitam putih skala 1:50.000 dalam mendukung kajian gerak massa; (2) mengetahui potensi,

dengan prevalensi PPOK dan Bronkitis kronik di Balai Besar Kesehatan Paru.