• Tidak ada hasil yang ditemukan

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL).

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL)."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

665/FPBS/0251/2014 No. …/FPBS/0251/2014

Ina Eka Sulastri, 2014

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI

KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP

(Ulikan Struktural)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Ina Eka Sulastri 1002622

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

665/FPBS/0251/2014 No. …/FPBS/0251/2014

Ina Eka Sulastri, 2014

Adegan Pupujian di Désa Sirnasari

Kacamatan Suradé Kabupatén

Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran

Ngaregepkeun di SMP

(Ulikan Struktural)

Oleh Ina Eka Sulastri

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ina Eka Sulastri 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Januari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

665/FPBS/0251/2014 No. …/FPBS/0251/2014

Ina Eka Sulastri, 2014

LEMBAR PENGESAHAN

INA EKA SULASTRI NIM 1002622

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP

(Ulikan Struktural)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

Kauninga ku

Ketua Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Ina Eka Sulastri, 2014

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP

(ULIKAN STRUKTURAL)1

Ina Eka Sulastri2

ABSTRAK

Skripsi ini bertujuan untuk mengumpulkan pupujian yang ada di Desa Sirnasari Kecamatan Surade Kabupaten Sukabumi, mendeskripsikan struktur lahir pupujian (bentuk, rima, dan gaya bahasa) dan struktur batin pupujian (isi, tema, rasa, nada, amanat), fungsi, dan bahasa yang digunakan dalam pupujian. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan teknik telaah pustaka, studi dokumentasi, observasi, dan wawancara. Data yang diperoleh berupa pupujian dalam bentuk lisan dan tulisan. Pupujian yang berhasil dikumpulkan berjumlah 110 pupujian. Pupujian tersebut diambil dari 13 narasumber, diantaranya dari guru mengaji, muadzin, dan ibu-ibu pengajian. Dari 110 pupujian yang terkumpul, diambil 30 pupujian untuk dijadikan sebagai sampel. Berdasarkan hasil analisis dapat diketahui bahwa pupujian yang ada di Desa Sirnasari Kecamatan Surade Kabupaten Sukabumi rata-rata menggunakan bahasa Sunda dan campuran (Sunda-Arab). Pupujian yang menggunakan bahasa Sunda berjumlah 20 pupujian, sedangkan yang menggunakan bahasa campuran (Sunda-Arab) berjumlah 9 pupujian. Selain itu, terdapat satu pupujian yang menggunakan bahasa campuran (Sunda-Jawa). Umumnya, pupujian di Desa Sirnasari Kecamatan Surade Kabupaten Sukabumi dinyanyikan oleh anak-anak santri yang akan belajar mengaji, ibu-ibu pengajian dan muadzin yang menunggu jamaah lain untuk melaksanakan shalat berjamaah di mesjid.

Kata kunci: pupujian, struktural, bahan pangajaran ngaregepkeun

1Skripsi di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

(5)

Ina Eka Sulastri, 2014

PRAISES SCENE AT SIRNASARI VILLAGE OF SURADE, SUKABUMI FOR LISTENING INSTRUCTION MATERIAL IN JUNIOR HIGH

SCHOOL

(STRUCTURAL STUDY)1

Ina Eka Sulastri2

ABSTRACT

This research was aimed at collecting praises which exist in village of Sirnasari, Surade, Sukabumi, describing external structure of the praises (kind of rhyme and language style) and the praises internal structure (content, theme, sense, tone, and message) function and language used in the praises. This research mainly used analytical description with the technique of reviewing literature, documentation, observation, and interview. The data obtained in this study were the praises which were in the form of oral and written text. The praises which were successfully compiled were in the total of 110 praises. Those praises were gained from 13 sources, which were Koran reading teacher, muezzin, and the participants of Koran recitation. From 110 successfully collected praises, 30 of them were taken to be the sample in this research. The result of analysis in this study revealed that the praises which exist in the village of Sirnasari, Surade, Sukabumi, highly used Sundanese and the mixing of Sundanese and Arabic. The praises which purely used Sundanese reached the total number of 20 out of 30 praises, and 9 of them frequently used the mixing of Sundanese and Arabic. Furthermore, there was merely 1 praise which used the mixing of Sundanese and Javanese. In general, the praises in Sirnasari Village of Surade, Sukabumi, are sung by students who are going to learn to read Koran, the participants of Koran recitation, and muezzin who is waiting for other congregation to do the congregational prayer.

Keywords: praises, structural study, listening instruction material

1This research is under the guidance of Dr. Dedi Koswara, M.Hum. and Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

(6)

Ina Eka Sulastri, 2014

DAPTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

ABSTRAK ... vi

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR BAGAN ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

DAPTAR SINGGETAN ... xvi

BAB I: BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II: STRUKTURALISME, PUPUJIAN, JEUNG BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP ... 8

2.1 Harti Strukturalisme... 8

2.2 Larapna Pamarekan Strukturalisme dina Karya Sastra ... 9

2.3 Harti, Fungsi, jeung Wangun Sastra ... 10

2.3.1 Harti Sastra ... 10

2.3.2 Fungsi Sastra ... 12

2.3.3 Wangun Sastra ... 13

2.3.3.1 Sastra Indonésia ... 13

(7)

viii

2.4.1.5 Vérsifikasi (Rima, Ritma, jeung Metrum) ... 22

2.4.1.6 Tata Wajah (Tipografi) ... 24

2.6 Sajarah Kamekaran Pupujian ... 28

2.7 Wangun jeung Eusi Pupujian... 29

2.7.1 Wangun Pupujian ... 29

2.7.2 Eusi Pupujian ... 30

2.8 Basa dina Pupujian ... 31

2.9 Hakékat Kaparigelan Ngaregepkeun ... 32

2.9.1 Tujuan Kaparigelan Ngaregepkeun ... 33

2.9.2 Pangajaran Ngaregepkeun di Sakola ... 34

2.9.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 35

BAB III: MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 37

3.1 Lokasi, Populasi, jeung Sampel Panalungtikan ... 37

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 37

3.1.2 Populasi ... 38

3.1.3 Sampel ... 38

3.2 Desain Panalungtikan ... 39

3.3 Métode Panalungtikan ... 39

3.4 Wangenan Operasional ... 40

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 41

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data... 42

3.7 Analisis Data ... 45

BAB IV: HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 47

4.1 Hasil Panalungtikan ... 47

4.1.1 Sajarah Désa Sirnasari ... 47

(8)

ix

Ina Eka Sulastri, 2014

4.1.3 Data Narasumber ... 48

4.1.4 Daptar Judul Pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi ... 50

4.2 Pedaran ... 53

4.2.1 Analisis Struktural Pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi ... 53

4.2.1.1 Pupujian “Manaaqib Rasulullah Saw” ... 53

4.2.1.2 Pupujian “Pépéling pikeun Umat Islam Sadunya” ... 59

4.2.1.3 Pupujian “Pépéling” ... 66

4.2.1.4 Pupujian “Ya Nabi Salam Alaika” ... 75

4.2.1.5 Pupujian “Adab Kulem” ... 83

4.2.1.6 Pupujian “Anak Yatim” ... 87

4.2.1.7 Pupujian “Ya Rabbibil Mustofa” ... 94

4.2.1.8 Pupujian “Solawat Badriyyah” ... 101

4.2.1.9 Pupujian “Ngeusian Waktu Kosong” ... 108

4.2.1.10 Pupujian “Lalakon Poé Qiyamah” ... 112

4.2.1.11 Pupujian “Ménta Hujan” ... 116

4.2.1.12 Pupujian “Nadom Cita-cita” ... 121

4.2.1.13 Pupujian “Carita Poé Qiyamah” ... 127

4.2.1.14 Pupujian “Kawajiban Tolab Élmu” ... 132

4.2.1.15 Pupujian “Nyumponan Panggilan Adzan” ... 138

4.2.1.16 Pupujian “Solat Berjamaah” ... 142

4.2.1.17 Pupujian “Tumut ka Ibu Rama” ... 148

4.2.1.18 Pupujian “Sapa’at Ulama” ... 153

4.2.1.19 Pupujian “Adab Campur Gaul” ... 158

4.2.1.20 Pupujian “Jalma nu Talédor Solatna” ... 164

4.2.1.21 Pupujian “Lalakon Siksa Kubur” ... 172

4.2.1.22 Pupujian “Nu Ngabatalkeun kana Wudu” ... 178

4.2.1.23 Pupujian “Isro Mi’raj” ... 182

4.2.1.24 Pupujian “Pépéling Tolab Élmu” ... 190

4.2.1.25 Pupujian “Adab Gugah tina Kulem” ... 195

4.2.1.26 Pupujian “Kautamaan Solat Berjamaah” ... 199

4.2.1.27 Pupujian “Sarat Sah Wudhu” ... 204

4.2.1.28 Pupujian “Anu Ngocor ka Alam Kubur” ... 210

4.2.1.29 Pupujian “Nadom Sahadatain” ... 215

4.2.1.30 Pupujian “Tariku Solat” ... 225

4.2.2 Rékapitulasi Hasil Analisis ... 231

4.2.2.1 Rékapitulasi Struktur Lahir Pupujian... 231

4.2.2.2 Rékapitulasi Struktur Batin Pupujian... 239

4.2.2.3 Rékapitulasi Fungsi Pupujian ... 248

4.2.2.4 Rékapitulasi Basa Pupujian... 249

4.2.3 Nyusun Bahan Pangajaran Pupujian di SMP ... 250

4.2.3.1 Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar ... 250

(9)

x

Ina Eka Sulastri, 2014

BAB V: KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 272

5.1 Kacindekan ... 272

5.2 Saran ... 273

DAPTAR PUSTAKA ... 274

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 277

(10)

Ina Eka Sulastri, 2014

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Ayana kréativitas masarakat Sunda ngabalukarkeun datangna rupa-rupa budaya Sunda nu nyangkaruk ku ajén-inajén kahirupan manusa. Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda nu salawasna kudu dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih rupa-rupa kamajuan jaman. Ngariksa tur nanjeurkeun tradisi warisan karuhun urang Sunda, geus jadi pancén sakumna jalma nu hirup kumbuh di tatar Sunda.

Budaya Sunda raket pisan patalina jeung ajaran Islam. Asupna Islam ka tatar Sunda, mangaruhan kana sababaraha kabudayaan Sunda. Bisa katangén tina paripolah sapopoé, tradisi nu dipatalikeun jeung ajaran kaislaman, najan teu sagemblengna milu robah. Ieu hal katitén tina laku lampah urang Sunda dina sapopoéna nu teu leupas tina rupa-rupa ajaran kaislaman. Contona waé dina hirup kumbuh jeung papada manusa nu kudu silih mikanyaah, ngaraketkeun duduluran, tur mikawanoh jalma sabudeureunana, dipahing pisan tina sipat adigung lantaran urang Sunda katelahna jalma nu daréhdéh, soméah ka papada manusa. Hal éta

luyu jeung ajaran agama Islam nu aya dina Qur‟an surat Al-Hujurot ayat 10 yén

papada umat Muslim téh duduluran.

Dina nepikeun informasi ka jalma lian, tangtu manusa ngagunakeun basa pikeun komunikasi sapopoé. Ku lantaran kitu, teu anéh upama basa dijadikeun hal nu pangutamana dina kahirupan manusa di alam dunya. Saperti nu nyampak dina salah sahiji paribasa: hadé ku basa, goréng ku basa, hartina manusa salaku mahluk sosial salawasna ngagunakeun basa minangka ébréhan rasa sangkan taya kasalahpahaman papada manusa. Ngaliwatan basa ogé, unsur-unsur éstétis dina sastra bakal kaguar tur kapanggih rupa-rupa ajén-inajén nu nyangkaruk pikeun dilarapkeun dina kahirupan sapopoé.

Sastra dina basa Indonésia hartina „alat pikeun ngajar, buku pituduh, buku

instruksi atawa pangajaran‟. Aristoteles nganggap yén sastra téh mangrupa

(11)

2

Ina Eka Sulastri, 2014

kagiatan séjénna saperti agama, élmu pangaweruh, jeung filsafat (Partini dina Koswara, 2011:4). Sok sanajan kacida lobana pamadegan ngeunaan tiori sastra, hal nu pangutamana nya éta milih tiori nu rék dipaké nu sakirana cocog jeung karya sastra nu rék diguar.

Salah sahiji karya sastra nu kiwari geus nyirorot di masarakat Sunda nya éta pupujian. Ditilik tina wangunna, pupujian téh kaasup kana puisi buhun nu eusina teu ngawujud lalakon. Pupujian gelar di tatar Sunda lantaran ayana pangaruh tina sastra Arab. Ilaharna, gelar di lingkungan pasantrén anu nyebarna ngaliwatan para santri jeung satuluyna ka tempat-tempat pangajian. Sumebarna sacara lisan, tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna. Cara macana dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna sok dibaca di lingkungan pasantrén, madrasah, atawa di acara-acara nu aya patalina jeung kaislaman.

Pupujian minangka salah sahiji titinggal karuhun Sunda, kacida pentingna pikeun dimumulé tur dijaga ku masarakat Sundana sorangan. Ayana kamekaran jaman nu ngaronjat ti waktu ka waktu, ngabalukarkeun pupujian nu hirup di masarakat saeutik-eutik tumpur. Kiwari pupujian téh geus teu dipikawanoh deui ku barudak sakola, utamana barudak nu hirupna di kota. Padahal, baheula mah pupujian téh réa pisan dinadomkeun di madrasah, masjid, atawa tempat pangajian séjénna. Malahan teu ngan saukur dinadomkeun saméméh adan wungkul, pupujian dinadomkeun ogé babarengan di sakola agama atawa dina situasi kaélmuan séjénna.

Réa pisan asumsi di masarakat anu nyebutkeun yén pangajaran pupujian dianggap énténg ku para guru nepi ka teu kudu ditepikeun deui ka barudak sakola. Malahan, teu sakabéh guru ngasupkeun kompeténsi dasar pupujian dina pangajaran basa Sunda. Nilik kana éta pasualan, panalungtik boga kahayang anu kuat pikeun ngayakeun panalungtikan ngeunaan pupujian, pangpangna pupujian nu aya di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

(12)

3

Ina Eka Sulastri, 2014

gaya basa), struktur batin (eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi jeung basa dina pupujian. Analisis struktur pupujian ieu dipiharep bisa jadi bongbolong pikeun ngaguar karya sastra Sunda kalayan telik tur pertéla. Sarta jadi bukti nu kuat yén sastra Sunda téh nyangkaruk rupa-rupa ajén bebeneran pikeun dilarapkeun dina kahirupan manusa sapopoé.

Aya sababaraha panalungtikan ngeunaan pupujian anu geus dilaksanakeun anu dipatalikeun jeung pangajaran nya éta skripsi anu judulna:

1). Adegan Puisi Pupujian di Désa Cicadas Kabupaten Purwakarta pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP ku Rike Nurandini (2012, analisisna ngeunaan wangun, eusi, jeung unsur harti pupujian);

2). Pupujian di Kampung Cikulung Désa Cipenjo Kacamatan Cileungsi Kabupatén Bogor pikeun Bahan Pangajaran di SMP ku Dania Partika Dewi (2012, analisisna ngeunaan wangun pupujian);

3). Pupujian di Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP ku Didin Solehudin (2012, analisisna ngeunaan wangun, eusi, harti, purwakanti, fungsi, jeung basa dina pupujian);

4). Pupujian di Kampung Manis Désa Garawangi Kacamatan Garawangi Kabupatén Kuningan pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Ngaregepkeun

Pupujian di Kelas VII SMP ku Olivia Sandy Nakahinda (2013, analisisna ngeunaan wangun, eusi, harti, jeung fungsi pupujian);

5). Pupujian di Désa Panyindangan Kacamatan Pakénjéng Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII ku Ayi Surtani (2013, analisisna ngeunaan wangun, eusi, jeung unsur-unsur pupujian).

(13)

4

Ina Eka Sulastri, 2014

Sunda utamana pupujian. Tangtuna, bakal aya bédana ti unggal wewengkon di tatar Sunda boh tina rumpakana, eusi, boh lagamna.

Sajaba ti éta, aspék ngaregepkeun pupujian kapanggih dina Kompeténsi Dasar SMP kelas VII. Tangtuna, raket pisan patula-patalina ieu panalungtikan jeung éta Kompeténsi Dasar téh. Dina harti, hasil pupujian nu ditalungtik téh bisa dijadikeun bahan pikeun pangajaran sastra Sunda di sakola, upamana ngeunaan pupujian.

Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan baris museurkeun panitén kana invéntarisasi pupujian tur dianalisis tina struktur lahir (jumlah padalisan, jumlah engang, purwakanti, jeung gaya basa), struktur batin (eusi saujratna, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi jeung basa dina pupujian. Ku kituna, ieu

panalungtikan téh dijudulan “Adegan Pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan

Suradé Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP (Ulikan Struktural).”

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Luyu jeung kasang tukang, masalah nu diidéntifikasi dina ieu panalungtikan nya éta nganalisis tur ngadéskripsikeun struktur pupujian nu nu ngawengku struktur lahir (jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa), struktur batin (eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi jeung basa dina pupujian nu aya di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap:

1) Pupujian naon waé nu aya di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi?

(14)

5

Ina Eka Sulastri, 2014

3) Naha pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi bisa dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah-masalah nu geus dirumuskeun, tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngawanohkeun deui sastra Sunda buhun nu masih kénéh hirup di masarakat upamana pupujian nu aya di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nya éta:

1) Ngadéskripsikeun pupujian nu aya di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi;

2) Ngadéskripsikeun struktur pupujian nu ngawengku struktur lahir (jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa), struktur batin (eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi, jeung basa dina pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi;

3) Nyusun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh dina widang sastra Sunda buhun, utamana pupujian. Ogé bisa dijadikeun salah sahiji référénsi pikeun kaperluan-kaperluan nu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan utamana ngeunaan pupujian.

1.4.2 Mangpaat Praktis

(15)

6

Ina Eka Sulastri, 2014

bisa ngalarapkeun ieu pupujian dina kahirupan sapopoéna. Lian ti éta, bisa nambahan pangaweruh siswa kana widang sastra Sunda tur dijadikeun pangdeudeul pikeun ngeuyeuban matéri dina pangajaran pupujian di SMP.

1.5 Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkahna. Anapon raraga panulisan ieu skripsi dijéntrékeun saperti ieu di handap.

BAB I: Bubuka

Bab I mangrupa bagian awal dina nulis ieu skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat praktis boh mangpaat tioritis, jeung raraga panulisan skripsi.

BAB II: Strukturalisme, Pupujian, jeung Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP

Bab II ngajelaskeun rupaning tatapakan tiori nu ngawengku tiori struktural (harti jeung larapna pamarekan strukturalisme), sastra (harti, fungsi, jeung wangun), puisi (harti, struktur lahir, jeung struktur batin), pupujian (harti, sajarah, fungsi, wangun, eusi, jeung basa), jeung pangajaran ngaregepkeun (hakékat, tujuan, jeung kritéria milih bahan ajar).

BAB III: Métode Panalungtikan

(16)

7

Ina Eka Sulastri, 2014

BAB IV: Hasil Panalungtikan jeung Pedaran

Bab IV eusina mangrupa hasil panalungtikan nu ngawengku sajarah lokasi panalungtikan, kaayaan alam sacara geografis, daftar judul pupujian nu kapanggih, jeung data narasumber. Ari dina pedaran eusina ngadéskripsikeun analisis struktural 30 judul pupujian, rékapitulasi hasil analisis, jeung nyusun bahan pangajaran pupujian di SMP.

BAB V: Kacindekan jeung Saran

Bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran atawa rékoméndasi-rékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis dumasar hasil analisis struktur pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

(17)

Ina Eka Sulastri, 2014

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi, Populasi, jeung Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi. Désa Sirnasari mangrupa désa hasil pamekaran tina désa indukna nya éta Désa Citanglar. Sacara géografis, désa Sirnasari aya di antara 1.060˚ Bujur Timur jeung 6061˚-70041˚ Lintang Selatan.

Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi ngawengku 4 (opat) dusun, nya éta 1) dusun Cipancur nu luas wilayahna 434.24 Ha, 2) dusun Munjul luas wilayahna 375.25 Ha, 3) dusun Cigadog luas wilayahna 435.20 Ha, jeung 4) dusun Cijambé nu luas wilayahna 926.51 Ha.

Ngaran kampung nu jadi lokasi utama dina ieu panalungtikan nyampak dina tabél ieu di handap:

Tabel 3.1.

Data Kampung di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi

No. Ngaran Kampung Dusun RT RW

1. Cipancur 01 (Cipancur) 003 01

2. Linggajaya 01 (Cipancur) 004 01

3. Munjul 02 (Munjul) 002 02

4. Lembur Sawah 02 (Munjul) 004 02

5. Citarajé 03 (Cigadog) 001 03

6. Bojongsémpor 01 (Cipancur) 010 01

7. Cibadak 02 (Munjul) 007 02

8. Kalangsari 01 (Cipancur) 008 01

9. Cigadog 03 (Cigadog) 006 03

10. Pamoyanan 02 (Munjul) 005 02

11. Nyalindung 01 (Cipancur) 007 01

(18)

38

Ina Eka Sulastri, 2014

3.1.2 Populasi

Nu disebut populasi nya éta wilayah generalisasi anu ngawengku objék/subjék nu miboga kualitas jeung karakteristik nu tangtu dilarapkeun ku panalungtik pikeun dipaluruh jeung dijieun kacindekanana (Sugiyono, 2008:80).

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI, 2002:889) dijéntrékeun harti populasi anu unina saperti kieu.

Populasi 1 seluruh jumlah orang atau penduduk di suatu daerah; 2 jumlah

orang atau pribadi yang mempunyai ciri-ciri yang sama; 3 jumlah penghuni, baik manusia maupun makhluk hidup lainnya pada suatu satuan ruang tertentu; 4 sekelompok orang, benda, atau hal yang menjadi sumber pengambilan sampel; suatu kumpulan yang memenuhi syarat tertentu yang berkaitan dengan masalah penelitian.

Dumasar kana éta katerangan, populasi dina ieu panalungtikan nya éta sajumlahing pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi nu jumlahna 110 judul pupujian.

3.1.3 Sampel

Sampel mangrupa bagian tina jumlah jeung karakteristik nu dipiboga ku éta populasi (Sugiyono, 2008:81). Upamana data nu kapupu dina populasi kaitung loba, katambah panalungtik moal mungkin maluruh sakabéh data, mangka panalungtik bisa ngagunakeun sampel tina éta populasi. Ilaharna, hal nu ngalantarankeunana bisa kawatesanan tina dana, tanaga, jeung waktu. Antukna, data nu dimeunangkeun tina hasil panalungtikan téh ditangtukeun sampelna.

(19)

39

Ina Eka Sulastri, 2014

3.2 Desain panalungtikan

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (2002:257) diébréhkeun yén desain téh nya éta “Kerangka bentuk; rancangan.” Desain panalungtikan mangrupa rarancang dina panalungtikan nu dijieun kalayan sistematis.

Desain dina ieu panalungtikan dijelaskeun saperti dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1. Desain Panalungtikan

3.3 Metode Panalungtikan

Istilah métode dina basa Indonésia, asalna tina basa Latin methodos nu akar kecapna meta jeung hodos. Meta hartina ‘ngaliwatan, miluan, sabada’, ari hodos hartina ‘jalan, cara, arah’. Dina harti nu leuwih jembar, istilah métode dianggap minangka cara-cara, stratégi pikeun maham réalitas, léngkah-léngkah sistematis

Idéntifikasi Masalah

Ngarumuskeun tur ngawatesanan masalah

Obsérvasi ka lapangan

Ngumpulkeun data

Ngolah jeung nganalisis data

Nyieun kacindekan tina hasil ngolah jeung

(20)

40

Ina Eka Sulastri, 2014

pikeun nganggeuskeun runtuyan sabab akibat nu satuluyna. Métode miboga fungsi pikeun ngajadikeun pasualan kalayan leuwih basajan, nepi ka bisa dibéréskeun tur dipikaharti (Ratna, 2010:34).

Métode mangrupa cara gawé pikeun maham jeung neuleuman objék nu jadi sasaran (Syamsuddin, 2011:14).

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (2002:740) diébréhkeun ngeunaan harti métode anu unina saperti kieu.

Metode 1 cara teratur yang digunakan untuk melaksanakan suatu pekerjaan

agar tercapai sesuai dengan yang dikehendaki; cara kerja yang bersistem untuk memudahkan pelaksanaan suatu kegiatan guna mencapai tujuan yang ditentukan.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitik. Ratna (2010:53) nétélakeun yén métode déskriptif analitik dilaksanakeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta nu satuluyna disusul ku analisis.

Anapon nu baris didéskripsikeun dina ieu panalungtikan téh nya éta bakal nganalisis pupujian dumasar struktur lahir (jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa), struktur batin (eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi jeung basa dina pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

3.4 Wangenan Operasional

Pikeun ngagampangkeun dina ngalaksanakeun panalungtikan, ieu di handap baris dipedar kalayan rinci sababaraha wangenan operasional ngeunaan variabel-variabel nu dipaké dina ieu panalungtikan, di antarana:

1. Pupujian

(21)

41

Ina Eka Sulastri, 2014

Nurutkeun Rusyana (1971:9), eusi pupujian téh kabagi kana genep golongan, nya éta (1) muji kaagungan Pangéran, (2) solawat ka Kangjeng Nabi Muhammad, (3) ngadu’a jeung tobat ka Pangéran, (4) ménta safaat ka Kangjeng Nabi Muhammad, (5) mépélingan ka umat sangkan ngajalankeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan kama’siatan, jeung (6) mére pangajaran ngeunaan bagbagan agama, saperti kaimanan, rukun Islam, pikih, ahlak, taréh, tafsir Qur’an, sorof, jeung lianna.

2. Bahan Pangajaran Ngaregepkeun

Jamaluddin (2003:16) nétélakeun yén salah sahiji komponén utama dina prosés diajar ngajar di kelas téh nya éta ayana bahan ajar nu rék ditepikeun ka siswa. Bahan pangajaran éta sorangan nya éta matéri nu baris ditepikeun ka para siswa dina kagiatan diajar ngajar pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

Ngaregepkeun mangrupa salasahiji aspék kaparigelan basa nu sipatna receptif (narima informasi) ngaliwatan lisan sangkan siswa paham kana naon nu diregepkeunanana. Kaparigelan ngaregepkeun kacida pentingna dikawasa ku siswa lantaran ngaliwatan prosés ngaregepkeun nu hadé, mangka informasi nu ditarima ku siswa bakal tumerap luyu jeung nu diregepkeunana. Pikeun ngaronjatkeun kaparigelan ngaregepkeun, tangtuna siswa kudu daria dina prosés ngaregepkeunana.

Dumasar kana wangenan-wangenan nu geus disebutkeun di luhur, ieu panalungtikan téh bakal ngadéskripsikeun struktur lahir pupujian (jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa), struktur batin (eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi jeung basa dina pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi sangkan bisa dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

3.5 Instrumén Panalungtikan

(22)

42

Ina Eka Sulastri, 2014

Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan ngawengku format observasi, padoman wawancara, sarta média-média nu ngarojong kana prosés panalungtikan saperti kaméra, alat pikeun ngarékam sora, jeung sajabana.

Ieu di handap mangrupa tabél format obsérvasi jeung padoman wawancara ngeunaan pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

Tabel 3.2. Format Observasi

No.

Narasumber Wasta Padumukan Umur Pakasaban Atikan

Tabél 3.3.

Numutkeun Bapa/Ibu, naon ari pupujian téh?

Kumaha kaayaan pupujian di Désa Sirnasari ayeuna? Iraha meunang informasi ngeunaan éta pupujian? Ti saha? Dina raraga naon ayana pupujian di Désa Sirnasari téh? Iraha waktu nganadomkeun pupujian di Désa Sirnasari? Ku saha waé dinadomkeunana?

Kumaha cara ngajarkeun pupujian ka barudak sakola/santri? Naon fungsi pupujian nu aya di Désa Sirnasari?

Pupujian naon waé nu mindeng dinadomkeun? Basa naon nu digunakeun dina éta pupujian?

Naha Bapa/Ibu satuju upama pupujian téh diajarkeun di SMP kelas 7? Numutkeun Bapa/Ibu, kumaha tarékahna sangkan pupujian hirup di masarakat, utamana pikeun barudak sangkan apal kana pupujian?

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

(23)

43

Ina Eka Sulastri, 2014

upamana waé wawancara, kuesioner, rékaman, statistik, dokumén, angkét, téhnik kartu data, jeung sajabana.

Anapon téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka, dokuméntasi, obsérvasi, jeung wawancara.

a. Téhnik Talaah Pustaka

Téhnik talaah pustaka digunakeun pikeun néangan sumber-sumber anu aya patalina jeung pupujian. Éta sumber téh bisa dimeunangkeun tina buku, média masa, internét, jeung média-média séjén nu bakal ngeuyeuban kana subjék panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngalengkepan informasi jeung data nu ngarojong kana subjék panalungtikan, utamana waé ngeunaan tiori sastra jeung pupujian. Tiori sastra museur kana sawangan Herman J.Waluyo (1987), sedengkeun tiori pupujianana museur kana sawangan nu ditétélakeun ku Yus Rusyana (1971).

b. Téhnik Studi Dokuméntasi

Dokuméntasi nya éta néangan data ngeunaan hal-hal nu mangrupa catetan, transkrip, buku, koran, majalah, prasasti, notulén rapat, lengger, agénda, jeung sajabana (Arikunto, 2010:274). Nu dipaluruh dina téhnik dokuméntasi nya éta barang-barang teu hirup nu ngawengku dokumén jeung rékaman. Nu dimaksud ‘rékaman’ nurutkeun Lincoln jeung Guba (dina Syamsuddin, 2011:108) nya éta unggal tulisan atawa ungkara nu ditataharkeun ku atawa pikeun individu atawa organisasi nu tujuanana ngabuktikeun ayana hiji kajadian.

Téhnik studi dokuméntasi dina ieu panalungtikan mangrupa catetan jeung buku ngeunaan pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

c. Téhnik Obsérvasi

(24)

44

Ina Eka Sulastri, 2014

jeung psikologis. Bagian nu kacida pentingna dina téhnik obsérvasi nya éta prosés pengamatan jeung ingetan.

Cara éféktif dina ngalaksanakeun téhnik observasi nya éta dilengkepan ku format atawa blangko pengamatan salaku instruménna (Arikunto, 2010:272). Kacida alusna upama dina téhnik obsérvasi téh ngagunakeun alat bantu saperti kaméra, rékaman sora, video, jeung alat séjénna sangkan hasil panalungtikanana bisa dibuktikeun kalayan objéktif.

Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun alat bantu saperti kaméra, vidéo tape, jeung audio-tape recorder pikeun ngarékam gambar jeung sora nara sumber sangkan bisa diputer deui dina waktuna nganalisis.

d. Téhnik Wawancara

Wawancara nya éta paguneman antara dua jalma atawa leuwih anu medar hiji perkara, lumangsung antara pananya jeung narasumber (nu ngajawab). Téhnik wawancara digunakeun pikeun mikanyaho pasualan kalayan nyosok jero ngaliwatan jawaban ti réspondén/narasumber. Wawancara bisa dilaksanakeun kalayan terstruktur jeung teu terstruktur (dina Sugiyono, 2008:138).

1. Wawancara Terstruktur

Wawancara terstruktur digunakeun salaku téhnik ngumpulkeun data upamana panalungtik geus mikanyaho informasi nu bakal kapanggih. Ku kituna, panalungtik geus nataharkeun patalékan-patalékan tinulis. Unggal réspondén atawa nara sumber diajukeun patalékan nu sarua, tuluy panalungtik nyatet sakumna jawabanana. Ngaliwatan wawancara terstruktur, ngumpulkeun data bisa waé ti sababaraha narasumber sangkan bisa ngeuyeuban data.

2. Wawancara Teu Terstruktur

(25)

45

Ina Eka Sulastri, 2014

nu bakal kapanggih. Antukna, panalungtik ukur ngadéngékeun sakumna jawaban nu dicaritakeun ku narasumber.

Téhnik wawancara nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta wangun semi terstruktur. Aya 12 pananya geus disiapkeun kalayan sistematis ngeunaan pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi. Satuluyna, éta pananya téh dilengkepan deui ku pananya tambahan nalika narasumber ngadadarkeun jawabanana.

3.7 Analisis Data

Bogdan (dina Sugiyono, 2008:244) nételakeun yén analisis data téh nya éta prosés néangan jeung nyusun data kalayan sistematis nu dimeunangkeun tina hasil wawancara, catetan lapangan, jeung bahan-bahan séjénna, nepi ka bisa dipikaharti tur éta pamanggih téh bisa ditepikeun ka balaréa. Analisis data dilaksanakeun ngaliwatan organisasi data, penjabaran unit-unit, sintétis data, nyusun pola, dipilih mana nu penting jeung nu bakal dipaluruh tur nyieun kacindekan.

Ieu panalungtikan ngagunakeun analisis data kualitatif nu sipatna induktif, nya éta nganalisis data nu kapanggih ti lapangan, tuluy dipilih data-data nu bakal dijadikeun sampel panalungtikan. Prosésna dilaksanakeun saméméh ancrub ka lapangan jeung sanggeus di lapangan (Sugiyono, 2008:245).

1. Analisis Saméméh ka Lapangan

Analisis dilaksanakeun dumasar data sékundér, nya éta data nu digunakeun pikeun nangtukeun fokus panalungtikan. Ieu data sékundér téh sipatna masih sementara tur bakal robah saupama panalungtik ancrub ka lapangan.

Data sékundér nu aya dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan pupujian nu aya di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

2. Analisis Data di Lapangan (Model Miles and Huberman)

(26)

46

Ina Eka Sulastri, 2014

Léngkah-léngkah dina nganalisis data di lapangan ngawengku: a. réduksi data (data reduction)

Ku lantaran data nu kapanggih téh kacida lobana, mangka kudu dicatet kalayan telik tur rinci. Dina ieu hal, penting pisan ayana prosés réduksi data. Nu disebut réduksi data berarti ngaragum, milih hal-hal poko, fokusna kana hal-hal penting, ditéangan téma jeung polana. Ku kituna, data geus diréduksi bakal ngagampangkeun panalungtik pikeun méré gambaran nu leuwih jéntré.

Prosés ngaréduksi data dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ku cara milah-milah pupujian nu saluyu jeung papasinganana. Pupujian nu sakirana kurang nyumponan kana kritéria nu geus ditangtukeun, mangka teu diasupkeun kana analisis pupujian.

b. penyajian data (data display)

Sanggeus data diréduksi, léngkah satuluyna nya éta tahap penyajian data ngagunakeun téks naratif (uraian singget). Penyajian data kacida pentingna lantaran bakal ngagampangkeun panalungtik maham kana naon nu ditalungtikna.

Tahap penyajian data dina ieu panalungtikan didadarkeun ngaliwatan analisis pupujian kalayan nyosok jero dumasar struktur lahir (jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa), struktur batin (eusi saujratna, téma, rasa, nada, jeung amanat), fungsi jeung basa dina pupujian.

c. nyieun kacindekan (conclusion drawing/verification)

Léngkah pamungkas sanggeus penyajian data nya éta nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan. Ieu kacindekan téh bisa ngajawab rumusan masalah nu geus ditangtukeun saméméhna.

Kacindekan dina panalungtikan kualitatif mangrupa pamanggih anyar nu saméméhna tacan kungsi aya. Éta pamanggih téh mangrupa déskripsi atawa gambaran hiji objék nu ngajadikeun jéntré sanggeus ditalungtik.

(27)

Ina Eka Sulastri, 2014

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Pupujian nya éta wangun sastra Sunda heubeul nu masih kénéh hirup di sabudeureun masarakat. Sok sanajan teu loba, tapi geus sakuduna salaku masarakat Sunda ngajaga tur gamumulé titinggal karuhun urang. Saperti pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

Hasil panalungtikan pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi jumlahna aya 110. Data pupujian dikumpulkeun ti 13 narasumber, di antarana ti ibu-ibu pangajian, guru ngaji, jeung muadzin.

Tina 110 pupujian, ditangtukeun 30 pupujian pikeun dianalisis dumasar kana struktur lahir, struktur batin, fungsi, jeung basa nu dipaké dina pupujian. Struktur lahir pupujian ngawengku jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa. Ari struktur batin pupujian ngawengku eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat.

Sabada dianalisis, pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi bisa dirumuskeun kacindekan saperti ieu di handap. 1) Struktur Lahir Pupujian (Jumlah engang jeung jumlah padalisan, purwakanti,

jeung gaya basa)

Jumlah engang nu kapanggih dina pupujian nu dianalisis, réréana aya dalapan engang anu ngawengku opat padalisan saban padana. Purwakanti nu mindeng kapanggih nya éta purwakanti maduswara nu jumlahna aya 30. Lian ti éta, kapanggih 10 rupa purwakanti runtuyan pungkas dina wangun rumusan anyar. Ari gaya basa nu dipaké dina pupujian nu dianalisis téh jumlahna aya tujuh.

Wangun pupujianana mangrupa wangun sa’ir nu jumlahna 23.

2) Struktur Batin Pupujian (Eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat)

(28)

273

Ina Eka Sulastri, 2014

nu dipaké pangarang dina 30 pupujian nu dianalisis téh nya éta nada umajak ngalakonan amalan anu hadé. Ari amanat nu hayang ditepikeun pangarang réréana sangkan nu maca atawa nu ngaregepkeun nyumponan tur ngalarapkeun eusi pupujian dina laku lampahna sapopoé.

3) Fungsi Pupujian

Fungsi pupujian nu dianalisis réréana dinadomkeun dina nepikeun pangajaran agama ka barudak santri di madrasah atawa masjid.

4) Basa Pupujian

Basa nu réa dipaké dina pupujian nu dianalisis nya éta basa Sunda. Tapi aya ogé basa campuran (Sunda-Arab), jeung Sunda-Jawa, sarta nu diwuwuhan ku basa séjén, upamana basa Indonésia.

5.2 Saran

Sanggeus ngayakeun panalungtikan tur nganalisis pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi, aya sababaraha hal nu hayang ditepikeun minangka saran.

1) Pupujian nu kapanggih di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi mangrupa titinggal karuhun urang Sunda nu kudu dijaga tur dimumulé;

2) Pikeun pamaréntah daérah Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi dipiharep bisa ngaramékeun deui pupujian nu masih kénéh dinadomkeun ku masarakatna;

3) Pikeun sakola atawa lembaga atikan séjénna dipiharep bisa ngamangpaatkeun sastra daérah nu dijadikeun bahan pangajaran kalayan menarik;

(29)

Ina Eka Sulastri, 2014

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Danasasmita, M. (2001). Wacana Bahasa dan Sastra Lama. Bandung: STSI

Press.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Sunda SMA/SMK/MA. Bandung: Depdikbud.

Haerudin, D. (2012). Handout Telaah Buku Ajar. Bandung: Teu Dipedalkeun Isnendes, R. (2010). Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Jamaluddin. (2003). Problematik Pembelajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: Adicita Karya Nusa.

Kartini, Tini., Spk. (1986). Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Keraf, G. (2010). Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. Koswara, D. (2011). Racikan Sastra. Bandung: Teu Dipedalkeun.

Koswara, D. (2010). Racikan Sastra (Bahan Ajar). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Koswara, D. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Nurgiyantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarata: Gadjah Mada University Press.

Pradopo, R.D. (2012). Pengkajian Puisi. Yogyakarata: Gadjah Mada University Press.

(30)

275

Ina Eka Sulastri, 2014

Ratna, N.K. (2010). Teori, Metode dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, A. (2009). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Rosidi, A. (2011). Sawér jeung Pupujian. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Rusyana, Y. (1971). Bagbagan Puisi Pupujian Sunda. Bandung: Proyek

Penelitian Pantun jeung Folklor Sunda.

Salmun, M.A. (1963). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco N.V. Siswantoro. (2010). Metode Penelitian Sastra Analisis Struktur Puisi.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Solehudin, D. (2008). Pupujian di Kampung Manis Désa Haur Kuning Kecamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP. Skripsi Sarjana Pendidikan di UPI Bandung: Teu Dipedalkeun.

Staf Pengajar JPBD FPBS UPI. (2004). Raksarasa. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Sudjana, N. (2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sugiyono. (2008). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R & D. Bandung: Alfabeta.

Sumardjo, J. dan Saini, K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia.

Syamsuddin, A.R. dan Vismaia, S.D. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Tamsyah, B.R. An’Nur., dan Tati, P. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV.Pustaka Setia.

Tamsyah, B.R., Spk. (2010). Kamus Lengkep Sunda~Indonesia, Indonesia~Sunda, Sunda~Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

(31)

276

Ina Eka Sulastri, 2014

Teeuw, A. (1984). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya. Waluyo, H.J. (1987). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Wellek, R. dan Austin, W. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia. Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Gambar

Tabel 3.1.
Tabel 3.2.

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa.. Métode

ngan ukur saajén. Anapon data sawangan hirup urang Sunda nu kapanggih dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna aya 5, nyaéta sawangan hirup urang Sunda

Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis maké téhnik déskripsi. Anu didéskripsikeunana nya éta: prak-prakan upacara Sidekah Tutulak, simbol-simbol jeung ajén falsafah anu

Notosoejitno, Olah Raga Pencak Silat (2008) disusun ku Nur Dyah Naharsari, Menyelami Pencak Silat disusun ku Ir. Tina éta judul-judul panalungtikan tacan aya

Mangpaat tioritis tina panalungtikan ieu nya éta pikeun nambahan bahan pangajaran basa Sunda di sakola, sarta bisa nambahan élmu pangaweruh sastra hususna kana

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Salian ti éta, hal séjén nu ngabédakeun jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina ieu panalungtikan téh diguar struktur caritana (téma, fakta carita, jeung

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Nilik tina kasang tukang panalungtikan, masalah anu kapanggih dina ieu panalungtikan nyaéta kieu: 1 masarakat umum