• Tidak ada hasil yang ditemukan

INVÉNTARISASI DONGÉNG DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "INVÉNTARISASI DONGÉNG DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP"

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

1

INVÉNTARISASI DONGÉNG

DI KACAMATAN NAGRAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP

Habli Rohmat Hadid

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI Jl. Dr. Setiabudhi 229, Bandung

Abstrak

Skripsi ini berjudul “Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP”. Skripsi ini merupakan penelitian yang bertujuan untuk mengumpulkan dongeng yang ada di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi. Tujuan utama yang ingin dicapai dalam penelitian ini adalah mendeskripsikan teks dongeng yang ada di Kecamatan Nagrak, menganalisis struktur dalam dongeng, yang mencakup tema, alur, tokoh, latar dan ketidakmungkinan (pamohalan) juga memilih dan mengklasifikasikan dongeng apa saja yang bisa dijadikan bahan ajar. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan tehnik studi pustaka, observasi, dan wawancara. Data yang berhasil dikumpulkan kemudian dideskripsikan dan sebagian dianalisis strukturnya. Populasi dalam penelitian ini menggunakan populasi wilayah, sedangkan sumber datanya adalah seluruh dongéng. Dongeng yang berhasil dikumpulkan jumlahnya adalah 39 dongéng dari enam narasumber, jenis dongeng tersebut ialah 19 dongeng sasakala, tujuh dongeng mite, lima dongeng legenda, empat dongeng parabel, tiga dongeng hantu, dan satu dongeng hewan. Sepuluh dongeng yang dianggap memenuhi kriteria untuk dijadikan bahan pembelajaran menyimak kemudian diananalisis strukturnya. Aspek-aspek yang dianalisis dalam penelitian ini adalah 1) deskripsi teks, yang meliputi jenis dongeng, 2) analisis struktur yakni: tema, alur, tokoh, latar, dan ketidakmungkinan (pamohalan). Dongeng yang dianggap refresentatif diajarkan di SMP ada 10 dongéng. Saran dari penelitian ini adalah terus dilakukannya upaya pendokumentasian dongeng oleh masyarakat atau lembaga pemerintahan, supaya nilai-nilai kebudayaan terus terjaga.

(2)

2 Abstract

This thesis is titled "Inventory fairytale In District Nagrak for Listening Instructional Materials in the Junior High School". This thesis is a study that aims to collect tales that exist in District Nagrak Sukabumi. The main goal to be achieved in this research is to describe the existing fairytale text in District Nagrak, analyzing the structure of the tale, which includes the theme, plot, characters, settings and impossibility also select and classify what tales might serve as teaching material. This study uses descriptive analytic techniques of literary study, observation, and interviews. The data collected then described and partially analyzed structures. The population in this study used a population areas, while the data source is the whole tale. Tales collected amount is 39 tales of six informant, the kind of legend(sasakala in Sunda language) fairy tale is 19, seven fairy myths, fables tales five, parables tales four, three tales of ghosts, and one animal tales. Ten tales are considered to meet the criteria to be used as learning to listen and then structure analyzed. The aspects analyzed in this study were 1) the text description, which includes the type of tale, 2) analysis of the structure are: theme, plot, characters, settings, and the impossibility. There are 10 tales considered refresentatif taught in junior high school. Suggestions of this research is to continue documenting the fairy tales by villager or government agency, so cultural values maintained.

Keyword: Inventory, Fairytale

BUBUKA

Sapir nétélakeun yén basa atawa omongan nya éta kagiatan manusa anu rinéka warna tanpa wates, anu hésé ditangtukeun salila urang pipindahan ti hiji kelompok masarakat ka kelompok masarakat séjénna. Ari sababna, omongan téh mangrupa warisan historis éta kelompok tur produk nu lumangsung lila nu dipaké masarakat. Omongan téh rinéka warna luyu jeung karancagéan nu bisa jadi katitén langsung tina agama, kapercayaan, adat kabiasaan, jeung seni masarakatna. Mun leumpang kaasup kana paripolah organis tur insting, ari basa mah lain, sabab kapanggih tina fungsi budaya (Sudaryat, 2004: 5)

. Basa salaku pakakas komunikasi ogé salaku unsur kabudayaan hiji masarakat. Koentjaraningrat netelakeun yén unsur-unsur universal kabudayaan téh aya tujuh, nyaéta: 1) sistem religi jeung upacara kaagamaan; 2) sistem organisasi jeung kamasarakatan; 3) sistem pangaweruh; 4) basa; 5) kasenian; 6) sistem pakasaban hirup; 7) sistem teknologi jeung pakakas.

Salian ti minangka salah sahiji unsur kabudayaan, pungsi tina basa nu kacida pentingna pikeun kahirupan manusa nya éta pikeun ngedalkeun gagasan, emosi, kahayang, jeung sajabana ti éta. Basa ogé bisa dipaké pikeun ngedalkeun éksprési jiwa ngaliwatan karya sastra, sakaligus jadi alat atawa media dina karya sastra boh lisan boh tulisan.

Karya sastra atawa susastra téh mangrupa bagian tina seni, saluyu jeung nu ditétélakeun Sumarjo jeung Saini K.M, yén sastra lain ilmu tapi seni (1991:1).

(3)

3

Saperti hasil seni, umumna karya sastra mibanda unsur kaéndahan anu ngaragem ajén éstétis, ajén moral jeung ajén konsépsional. Anu ahirna éta ajén téh bisa nimbulkeun rasa kagagas, kataji, éndah, resep, ni’mat sarta rasa lianna nu patalina jeung kasugemaan anu maca.

Sastra téh asalna tina basa sangsekerta anu hartina buku pangajaran; élmu pangweruh; naskah; buku-buku suci. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan, anu disebut sastra kiwari nya éta karya seni anu digelarkeunnana ngagunakeun alat basa boh lisan boh tulisan. Dumasar kana gunggungan perwujudanana sastra Sunda dibagi tilu, nya éta prosa, puisi, jeung drama. Sedengkeun ari nilik kana warnana nya éta klasifikasi dumasar kana periode mangsa/waktu gelarna, sastra Sunda dibagi dua nya éta (1) sastra Sunda heubeul jeung (2) sastra Sunda anyar (baca Isnendes, 2010: 88).

Karya sastra Sunda nu heubeul dina wangun prosa nya éta dongéng. Dongéng mangrupa karya sastra Sunda heubeul wangun prosa anu sumebarna ngaliwatan lisan, salah sahiji ciri dongéng nya éta eusi caritana ngandung unsur pamohalan. Contona waé dina sababaraha dongéng anu jadi tokohna téh sato anu bisa ngomong, jalma sakti, jeung réa réa deui. Lian ti éta, dongéng ogé teu dipikanyaho saha nu ngarangna (anonim). Dina sababaraha dongéng urang bakal manggihan yén tokoh protagonisna pasti miboga ahir carita nu hadé, kitu ogé tokoh antagonis miboga ahir anu goréng. Hal ieu téh jadi bukti yén dina dongéng si pengarang anu anonim téa miboga tujuan pikeun ngabejaan masarakat/generasi kahareupna mana hal alus nu kudu dipilampah jeung hal goréng nu kudu disingkahan, nunjukeun dongéng mangrupa karya sastra Sunda heubeul anu euyeub ku ajén-inajén dina kahirupan sapopoé.

Dongéng sumebar lain di hiji wewengkon wungkul, tiap wewengkon di tatar Sunda bisa jadi mibanda réa-réa dongéng anu béda jeung wewengkon séjénna. Barudak kiwari anu geus kataji ku éra globalisasi tangtu leuwih apal kana dongéng-dongéng Eropa/luar negri kawas Cinderela, Putri Salju jeung réa-réa deui tibatan dongéng-dongéng nu aya di wewengkonna séwang-séwangan.

Dongéng ogé mangrupa salah sahiji sastra Sunda anu diajarkeun di sakola, hal ieu sangkan murid-murid wanoh kana sastra lokal anu hirup di tatar Sunda (Jawa Barat). Mikawanoh dongéng hartina mikawanoh sastra dina basa Sunda anu antukna mikawanoh budaya Sunda sarta nyaho ajén-inajén budaya anu nyangkaruk dina sastra Sunda.

Dongéng-dongéng anu jadi bahan pangajaran kiwari kacida lobana, éta dongéng téh hasil tina panalungtikan-panalungtikan séjén anu geus kungsi dilaksanakeun. Sabangsaning dongéng sasakala, dongéng sasatoan, jeung sajabana ti unggal wewengkon. Ngan hanjakal, masih kénéh aya anu maké dongéng pikeun bahan ajar nu asal dongéngna téh lain ti wewengkonna sewang-sewangan.

Panalungtikan ngeunaan dongéng kawilang loba, aya anu dilaksanakeun ku mahasiswa pikeun ngaréngsékeun tugas ahirna, ogé aya nu dilaksanakeun ku lembaga pamaréntahan pikeun kapentingan proyék pembinaan jeung pengembangan basa.

Sawatara panalungtikan ngeunaan dogéng anu dilaksanakeun ku mahasiswa nya éta: Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén (Fatimah, 1997); Invéntarisasi Carita Rayat di

(4)

4

Cipunagara (Héri Hérmawan, 2002); Invéntarisasi Carita Rayat di Kacamatan Kadungora Kabupatén Garut (Néni Rohaéni, 2004); Struktur, Fungsi, jeung Unsur Budaya dina Dongéng-dongéng di Désa Rancakalong kabupatén Sumedang (Lina Ratna Wati, 2006); Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Lémbang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP (Denny Indrayana Taufan, 2007); jeung Dongéng anu sumebar di Kacamatan Kadudampit Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Bahasa Sunda di SMP (Opih Latipah, 2007). Panalungtikan anu dilaksanakeun ku lembaga pamaréntahan pikeun kapentingan proyék salasahijina nya éta Sastra Lisan Sunda ku Yus Rusyana (1978).

Masing lobana panalungtikan ngeunaan dongéng, tangtu aya waé dongéng-dongéng anu acan kainvéntarisir. Ku ayana panalungtikan dongéng di wewengkon-wewengkon nu tacan kacatet, éta mangrupa tarékah dina ngeuyeuban pangaweruh sastra lisan utamana dongéng anu aya di tatar Sunda.

Kiwari di Kacamatan Nagrak anu geus mimiti kalindih ku proyék-proyék komersial, aya asumsi yén barudakna teu arapaleun kana dongéng-dongéng anu aya di wewengkonna. Barudak téh apalna ngan kana dongéng-dongéng nu aya dina buku ajar atawa situs-situs web dina internét. Saenyana dongéng anu aya dina buku ajar jeung internet mah mangrupa dongéng-dongéng anu asalna lain ti wewengkon Sukabumi utamana lain ti Kacamatan Nagrak. Memang aya hiji buku ajar nu judulna Sagara Basa nu ngasupkeun dua dongeng nu judulna “Sasakala Batu Kinyang” di kelas hiji semester hiji jeung “Putri Kadita” di kelas hiji semester dua nu jenisna mangrupa carita babad asal-usul Pajampangan. Éta buku téh hasil usaha MGMP Kabupatén Sukabumi nu ngawarnaan buku ajar ku pulas lokal. Anapon kitu, hiji dongeng can bisa ngarepresentasikeun Kabupatén Sukabumi bari sakitu lobana dongéng-dongéng nu bacacar di masarakat teu kapaliré.

Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan nu judulna “Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP” kudu dilaksanakeun, salian ti bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda di sakola ogé bisa dijadikeun tarékah pikeun ngamumulé sastra Sunda heubeul anu sumebar di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi nu kiwari beuki teu dipikawanoh baé boh ku barudak ngorana boh ku para kolotna.

METODE

Métode nu digunakeunpikeunngahontaltujuangumantung kana tujuanpanalungtikan, sipatmasalah nu digarap, sartaalternatif-alternatif séjén nubisadipaké.Dumasar kana éta pamadegan, ieu panalungtikanngagunakeun métode déskriptif analitis. Kusababdina ieu panalungtikan mibogatujuan ngadeskripsikeun dongéng-dongéng nu kapanggih di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi tur hasil panalungtikanana mangrupa hasil tina analisis.

HASIL PANALUNGTIKAN

Dongéng anu kainvéntarisir ti opat désa di Kacamatan Nagrak téh jumlahna aya 39 dongéng, beunang mupu ti genep narasumber. Tina 39 dongéng tuluy dipasing-pasing, 19 mangrupa dongéng sasakala, sésana lima dongéng

(5)

5

kaasup legénda, tujuh dongéng kaasup mite, opat kaasup parabel, hiji dongéng sato, jeung tilu kaasup dongéng jurig. Tingali tabel.

No Judul Dongéng Jenis Dongéng

Sasakala Mite Legénda Parabel Jurig Sato 1 Sasakala Nagrak 1 V 2 Sasakala Nagrak 2 V 3 Sasakala Nagrak 3 V 4 SasakalaSordog V 5 Sasakala Tanjakan Dérédéd V 6 Sasakala Teluk Sigung V 7 Sasakala Kancah

Nangkub

V 8 Sasakala Guling Jawa V 9 Sasakala Paragajén

jeung Pasir Jeungjing

V 10 Sasakala Darmaga jeung Turbin V 11 Sasakala Jalan Pahlawan V 12 Sasakala Leuwi Éréng V 13 Sasakala Pasir Kerud V 14 Sasakala Cijengkol V 15 Sasakala Cibadak-Bungur Sarang V 16 Sasakala Kalaparéa V 17 Sasakala Pawenang V 18 Sasakala Legok Tepus V 19 Sasakala Curug Jajang V

20 Pangcalikan V

21 Kawung Awisan V

22 Citra Bangsa jeung Tangsi Tentara V 23 Kutawesi V 24 Cigunung Geulis V 25 Prasasti Karajaan Pasundan V 26 Kuta V

27 Mama Lurah Sakti Tara Baseuh ku Kahujanan

V

28 Mama Lurah Sakti Néwak Bangsat

V 29 Mama Lurah Sakti

Ngubaran Panyakit Teluh

V

(6)

6

No Judul Dongéng Jenis Dongéng

Sasakala Mite Legénda Parabel Jurig Sato Dilélér Bintang Oranye

31 Mama Lurah Béntang V

32 Éyang Aput V

33 Ama Sési V

34 Ahmad Jago Kawih V

35 Pa Jaham V

36 Ririwa V

37 Jalan Pindah V

38 Putri Tangkal Jéngkol V

39 Monyét Mandahong V

Jumlah 19 7 5 4 3 1

Dina ieu artikel panalungtikan ditulis hiji conto deskripsi dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak Sukabumi.

Sasakala Nagrak 1

Ieu sasakala ti Rd. Djohar Efsa (62) taun 1998. Baheulaning baheula, wewengkon Sukabumi téh aya dina kakawasan Karajaan Cikundul (Cianjur Kiwari). Salah sahiji wilayah éta karajaan nya éta kademangan Ciheulang, anu puseurna di Désa Ciheulang. Karang Tengah Kacamatan Cibadak kiwari.

Kademangan harita tangtu baé dipimpin ku hiji raja leutik nu masih kénéh réréhan wiratanudatar I. Kademangan téh ngawengku wewengkon Sukabumi ayeuna.

Di éta Kademangan hiji mangsa keur diayakeun program ngukur jalan désa, kaasup jalan-jalan satapak anu masih kénéh rembet ku kakayon jeung gerembel, teu tinggaleun diukur ku abdi-abdi pamongpraja. Lantaran harita mah puseur dayeuhan mah haeub interaksi jeung Walanda geus kacida haneutna, atuh dina urusan ngukur jalan gé ngondang ahlina, rombongan para ahli Walanda dina widang “culture” alias widang agraria jeung pertanian.

Bari pohara legegna urang-urang Walanda ngetrukeun kamampuhna. Maranéhna dibagundalkeun ku urang pamongpraja ti kademangan nu seja nganteut ka wewengkon-wewengkon nu sakirana kudu diukur. Sanajan aya ahlina –Walanda—jeung pamongpraja, tapi nu ngaresangna mah anggeur rahayat leutik, cacah. Hal éta sabab dina prakna ngukur jalan masih ngagunakeun téhnologi anu kawilang basajan turta merlukeun kesang pikeun nyumponan gawéna.

Jalan désa téh diukurna ku tambang ukuran 100 méter. Ari nu mamawa tambang nya éta pamongpraja, sedengkeun cacah mah tugasna ’ukur’ lumpat. Walanda? Tangtu baé gawéna ukur maréntah. Kieu cara digawéna éta rombongan téh.

Hulu tambang téh dipatokan. Unggal ceb patok hulu tambang dicecebkeun kana taneuh ku pamongpraja téa, nu ngukur –Walanda— téh maréntah: “Nah yah... gerak”. Atuh berebet nu nyekel buntut tambang nu 100 méter téa –cacah— téh lumpat mantengkeun tambang bari nyirian watesna ku patok kai.

(7)

7

Sanggeus panjangna kanyahoan 1000 méter, watesna téh dicirian ku paal. Polah jeung paréntah kitu téh tuluy baé dipigawé ti mimiti nepi ka réngséna ngukur jalan désa.

Kecap “Nah yah... gerak” nu terus-terusan diparéntahkeun ka cacah téa, ku urang-urang lembur nu niténan éta pagawéan ti jauhna mah lataran sieun jeung ajrih kadéngéna mah nahgrak, nahgrak. Lila-lila kagegenahan jadi na(h)grak (h-na leungit), kacapangan jadi nagrak. Nya jadi ngaran éta pilemburan. Pilemburan téh jadi ramé, ahirna jadi padésaan. Tuluyna mah jadi ngarékahan; kiwari jadi hiji kacamatan, Kacamatan Nagrak katelah!

Informan: Chye Retty Isnendes (39 taun)

PEDARAN

Dongéng anu dianalisis unsurna dina ieu panalungtikan jumlahna aya 10 dongéng. Ieu dongéng nu 10 téh dianggap refreséntatif pikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP.

Dongéng ieu luyu pikeun bahan ajar kusabab dianggep nyumponan kriteria di handap ieu:

1) relevensi jeung kurikulum (KTSP), anu ngawengku standar kompeténsi (SK) jeung kompeténsi dasar (KD);

2) nangtukeun matéri nu nyantél kana SKKD;

3) nangtukeun indikator (udagan nu kudu dihontal ku murid);

4) milih eusi wacana, anu eusina tuladeneun, jauh tina sara, relevan jeung kamampuh murid, jeung ngawewegan ajén/norma kahirupan;

5) basa wacana anu éjahana bener tur diksina merenah, adegan kecap jeung kalimah baku, ogé komunikatif; jeung

6) adegan/struktur wacana anu hubungan antar bagian jeung paragrafna kohérén, ogé teu panjang teuing.

Dina tabél dihandap dipasing-pasing mana dongéng anu refrentatif jeung teu refresentatif pikeun dijadikeun bahan ajar ngaregepkeun.

No Judul Dongéng Refreséntatif Teu Refreséntatif

1 2 3 4 1 Sasakala Nagrak 1 V 2 Sasakala Nagrak 2 V 3 Sasakala Nagrak 3 V 4 SasakalaSordog V 5 Sasakala Tanjakan Dérédéd V

6 Sasakala Teluk Sigung V

7 Sasakala Kancah Nangkub

V

8 Sasakala Guling Jawa V

(8)

8 jeung Pasir Jeungjing

10 Sasakala Darmaga jeung Turbin V 11 Sasakala Jalan Pahlawan V 12 Sasakala Leuwi Éréng V

13 Sasakala Pasir Kerud V

14 Sasakala Cijengkol V 15 Sasakala Cibadak-Bungur Sarang V 16 Sasakala Kalaparéa V 17 Sasakala Pawenang V

18 Sasakala Legok Tepus V

19 Sasakala Curug Jajang V

20 Pangcalikan V

21 Kawung Awisan V

22 Citra Bangsa jeung Tangsi Tentara V 23 Kutawesi V 24 Cigunung Geulis V 25 Prasasti Karajaan Pasundan V 26 Kuta V

27 Mama Lurah Sakti Tara Baseuh ku Kahujanan

V

28 Mama Lurah Sakti Néwak Bangsat

V 29 Mama Lurah Sakti

Ngubaran Panyakit Teluh

V

30 Mama Lurah Sakti Dilélér Bintang Oranye

V

31 Mama Lurah Béntang V

32 Éyang Aput V

33 Ama Sési V

34 Ahmad Jago Kawih V

35 Pa Jaham V

36 Ririwa V

37 Jalan Pindah V

38 Putri Tangkal Jéngkol V

39 Monyét Mandahong V

Jumlah 10 29

KACINDEKAN

Ieu panalungtikan didasaran tina ayana asumsi yén di Kacamatan Nagrak anu geus mimiti kalindih ku proyék-proyék komersil barudakna teu arapaleun kana dongéng-dongéng anu aya di kacamatan éta. Barudak téh apalna ngan kana

(9)

9

dongéng-dongéng nu aya dina buku ajar atawa situs-situs web dina internét. Saenyana dongéng anu aya dina buku ajar jeung internet mah mangrupa dongéng-dongéng anu asalna lain ti wewengkon Sukabumi utamana lain ti Kacamatan Nagrak.

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta hayang nyangking gambaran luyu-henteuna dongéng nu aya di Kacamatan Nagrak pikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP. Sedengkeun tujuan hususna nya éta, ngumpulkeun dongéng naon waé nu aya di Kacamatan Nagrak, nganalisis dongéng anu aya di Kacamatan Nagrak, jeung nyusun bahan ajar ngaregepkeun tina dongéng anu kapanggih di Kacamatan Nagrak.

Dina ieu panalungtikan dilarapkeun téori ngeunaan dongéng, ngaregepkeun, jeung bahan ajar. Métodé anu digunakeunana nya éta métodé deskriptif analitis, sedengkeun téhnikna nya éta observasi, wawancara, jeung talaah pustaka.

Dongéng anu kainvéntarisir ti opat désa di Kacamatan Nagrak téh jumlahna aya 39 dongéng, beunang mupu ti genep narasumber. Tina 39 dongéng éta 19 diantarana kaasup kana dongéng sasakala, dongéng-dongeng séjénna lima dongéng kaasup kana legénda, tujuh dongéng kaasup kana mite, opat dongéng kaasup kana parabel, hiji dongéng kaasup kana dongéng sato, jeung tilu dongéng kaasup kana dongéng jurig. Jenis dongéng sasakala mangrupa jenis dongéng panglobana anu aya di Kacamatan Nagrak, disusul ku mite, legenda, parabel, jurig, jeung sato.

Tina 39 dongéng anu kainvéntarisir, aya sapuluh dongéng anu dianalisis. Sapuluh dongéng ieu dianggap luyu jeung kritéria pikeun dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun. Tina hasil analisis struktur, kapanggih yén dongéng-dongéng anu dianalisis sakabéhna miboga unsur karya sastra wangun prosa nya éta tema, alur, palaku, latar, jeung unsur tambahan pamohalan. Téma dina dongéng nu dianalisis téh aya anu ngeunaan perjuangan, kasaktian hiji jalma, ogé ngeunaan kahirupan jaman baheula. Dongéng anu dianalisis ogé euyeub ku ajén-inajén kamanusaan, diantarana dina dongéng “Sasakala Ngaran Nagrak” aya amanat yén urang kudu mibanda rasa nasionalis bela ka negara jeung kudu pinter ambéh teu dijajah ku bangsa séjén.

Sapuluh dongéng anu dianalisis sakabéhna bisa dijadikeun bahan ajar ngaregepkeun di SMP hususna bahan ajar kaparigelan ngaregepkeun, umumna pikeun bahan ajar séjén saperti kaparigelan maca, jeung kaparigelan nyarita, sabab éta sapuluh dongéng nyumponan kritéria dongéng anu bisa dijadikeun bahan ajar saperti euyeub ku ajén kamanusaan, bahasa anu dipakéna alus, jeung réa-réa deui.

DAFTAR PUSTAKA

Danadibrata, R.A.2006. KamusBasaSunda. PT KiblatBukuUtama. Bandung. Danandjaja, James.1994. FolklorIndonesia. PustakaUtamaGrafiti. Jakarta. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan

Sastra Sunda. Bandung.

Endraswara, Suwardi.2009. MetodologiPenelitianFolklor.Media Pressindo. Yogyakarta.

(10)

10

Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra. Djatnika. Bandung.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Geger Sunten. Bandung. Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra. JPBD FPBS UPI. Bandung. Isnendes, Chye, Retty. 2010. Kajian Sastra. Daluang. Bandung.

Koentjaraningrat. 1993. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Gramedia Pustaka Utama. Jakarta.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. JPBD FPBS UPI. Bandung.

Mukhtar. 2009. Bimbingan Skripsi, Tesis dan Artikel Ilmiah. Gaung Persada. Jakarta.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. JPBD FPBS UPI.Bandung. Rusyana, Yus. 1984. Panyungsi Sastra. Gunung Larang. Bandung. Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Ganaco. Jakarta

Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Istilah Elmuning Basa Sunda. Karya Iptek. Bandung.

Tamsah, Budi. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Pustaka setia. Bandung.

UniversitasPendidikan Indonesia. 2008. PedomanPenulisanKaryaIlmiah. UniversitasPendidikan Indonesia. Bandung.

Wibisana, dkk., Wahyu. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Geger Sunten. Bandung.

Widyamartaya, Al. dan Veronica Sudiati. 2000. Dasar-dasar Karya Ilmiah. Grasindo. Jakarta.

TAWIS NUHUN Tawis nuhun sacara akademis dihaturkeun ka:

1. Bapa Dr. Dedi Koswara, M.Hum. salaku pangaping kahiji, anu parantos ngaping sareng maparin élmu, salami kuliah sareng ngaréngsékeun ieu skrpsi;

2. Ibu Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. salaku pangaping kadua anu parantos ngaping sareng maparin élmu ka sim kuring, salami kuliah sareng ngalereskeun skripsi sim kuring.

3. réngréngan dosén Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., Drs. H. Ano Karsana, M.Pd., Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd., Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd., Drs. Ruswendi Permana, M.Hum., Dr. Yayat Sudaryat, M.Pd., Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd., Dr. Ruhaliah, M.Hum., Drs. Dede Kosasih, M.Si., Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd., Ade Sutisna, S.Pd., Agus Suherman, S.Pd., M.Hum, Hernawan, M.Pd., Temmy Widiastuti, M.Pd., sareng Dian Hendrayana, S.S, M.Pd. anu parantos masihan élmu salami sim kuring nyuprih élmu di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah;

(11)

11

4. stap TU Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Pa Wawan, Pa Apan, sareng Pa Dede anu salami nyusun skripsi sok diririweuh ku sim kuring.

Tawis nuhun non akademis dihaturkeun ka:

1. pun biang sareng pun bapa anu ngarojong dina sagala rupa pangabutuh sim kuring salami kuliah di UPI. Du’ana marengan sim kuring unggal menit, unggal detik, salila kuring hirup di dunya. Hatur Nuhunnya Mah, Pa, jazakumulloh khair mugya Gusti Allah maparin rejeki anu seueur, dipanjangkeun yuswana, sareng salamina aya dina kasehatan. Aamiin; 2. pun lanceuk anu tilu, Téh Chye anu pangmindengna diririweuhna ku sim

kuring salami kuliah di UPI, Téh Ayung anu sanajan jauh di Riau tapi tetep merhatoskeun sim kuring. Kitu deui, Téh Endéh ogé anu tetep nyumangetan ka sim kuring;

3. pun alo, nu di Bandung Néng Puspa, A Ipan, Enung Arum, jeung anu pangkasepna Si Dang Aris, sing geura ageung jantén jalmi anu sukses, soléh ogé bakti ka kolot, ku Mamang didu’akeun. Anu di Riau, Airi sareng Hanif, iraha atuh badé ka Sukabumi hoyong jadi urang Riau waé ieu téh? ka anu cakeut di Jakarta, Balqis sareng Rama sing barageur nya, Lo!; 4. Ua Edi sareng Bi Lilis anu tos kersa diririweuh ku sim kuring salami

nyusun ieu skripsi;

5. HAS anu pernah eunteup dina ati anu kantos masihan kabungah;

6. masarakat katut stap instansi Kacamatan Nagrak anu teu tiasa disebutan hiji-hiji

7. pupuhu sakola katut stap-guru ogé anu parantos ngabantosan salami PPL di SMK Pasundan 1;

8. Pa Néndi salaku guru basa Sunda di SMK Pasundan 1;

9. siswa-siswi SMK Pasundan 1, utamina kelas X AP 1, X AP 2, XI PS 1, sareng XI PS 4 (taun ajaran 2011-2012);

10. sobat PPL sareng KKN, mugia sosobatan téh teu pegat salamina; 11. pun dulur anu saangkatan, Acep, Aa, sareng Ibni;

12. sobat dalit di Nagrak, Ardi, Asep, Wisnu, jeung Galung. Sob urang S.Pd ayeuna, nuhun du’ana nya!;

13. sobat alumni SMA Nagrak 2007, Cecep saparakanca;

14. entragan 2008, utamina kelas A, Ayieh, Didin, Ari, Dimas, Fadil, Fahmi, Nano, Andi, jeung sadayana kelas A. Nuhun kana kaendahanana dina waktu salami ieu urang sasarengan, 2008 Sarasa, Sajiwa, jeung Sawirahma;

15. sobat di rohis jurusan, Kang Amar, Fajar, Setiadi, Adit, Akhdi, Téh Imas, Téh Réni, Téh Lita, Téh Lilis, Téh Siti, Téh Dania, Tatsa pokona Jazakumulloh;

16. sobat di Unit Kegiatan Dakwah Mahasiswa, utamina anu di Departement Kaderisasi & Pembinaan, Kang Jajang, Akh Ersan, Téh Nova, Téh Melta, Téh Muti, Téh Fiska, Téh Pipit sareng teu hilap ka Akh Dede, hapunten pisan bilih salami ieu sim kuring masih kurang dina kontribusina di organisasi.

(12)

12

Sareng ka sakumna pihak anu teu tiasa diwincik hiji-hijina, nu tos ngarojong kanggo réngséna ieu skripsi jeung salami kuliah. Mugia kasaéan anu parantos dipasihkeun ka nu nulis janten ibadah sareng diganjar ku rupi-rupi kasaéan ti Gusti Pangéran anu Maha Asih.

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan penelitian ini untuk menggetahui perbedaan pengaruh antara metode gaya mengajar dan kemampuan awal terhadap hasil belajar keterampilan sepakbola yang memiliki tingkat

Mahasiswa tersebut dinyatakan Lulus/Tidak Lulus dengan nilai huruf ...

Dari uraian diatas dapat disimpulkan bahwa pelayanan publik adalah segala bentuk kegiatan pelayanan umum yang dilaksanakan oleh instansi pemerintah pusat atau

[Nama Ketua

BupatiMalikota dan Wakil BupatiM/akil WaliKota, yang diselenggarakan bersamaan dalam daerah yang sama, dilakukan pendanaan bersama antara pemerintah provinsi dan

SKRINING FITOKIMIA, UJI AKTIVITAS ANTIOKSIDAN DAN ANTIBAKTERI EKSTRAK METANOL DAN ETIL ASETAT DAUN PIRDOT ( Saurauia vulcani Korth) DARI..

Aktivitas antibakteri untuk ekstrak metanol dikategorikan lemah terhadap bakteri S.aureus, S.epidermidis, S.thypi dan E.coli pada konsentrasi 50 % dengan zona hambat

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu