• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK

DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN

KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

MACA DI SMA

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

EUIS SITI FATIMAH NIM 0902478

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Euis Siti Fatimah, 2013

Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak

Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan

Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran

Maca di SMA

Oleh Euis Siti Fatimah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Euis Siti Fatimah 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

EUIS SITI FATIMAH NIM 0902478

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

MACA DI SMA

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping 1,

Drs. Dede Kosasih, M.Si. NIP. 196307261990011001

Pangaping II,

Dian Hendrayana, S. S., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

MACA DI SMA1) EUIS SITI FATIMAH2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh beberapa hal, salah satunya ialah keprihatinan peneliti terhadap semakin berkurangnya kesadaran masarakat untuk memelihara dan melestarikan budaya. Salah satu wujud budaya yang harus tetap dijaga dan dilestarikan yaitu upacara Sidekah Tutulak. Oleh karena itu, penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) upacara Sidekah Tutulak di Desa Karangtawang, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan; (2) simbol-simbol dan nilai filosofis yang terkandung dalam upacara Sidekah Tutulak; (3) relevansi upacara Sidekah Tutulak dengan kehidupan masyarakat Karangtawang sekarang; dan (4) penerapannya pada bahan pengajaran membaca artikel kebudayaan di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode penelitian deskriptif dengan teknik telaah pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Sedangkan instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah pedoman wawancara, video shot, kamera digital, dan hp recorder. Dalam proses penelitian ini ditemukan hal-hal, yaitu upacara Sidekah Tutulak merupakan upacara tradisional yang dilaksanakan oleh masyarakat Desa Karangtawang setiap satu tahun sekali, yaitu pada bulan Sura. Tujuan dilaksanakannya upacara Sidekah Tutulak adalah sebagai tulak bala atau untuk meminta keselamatan kepada Tuhan YME. Dalam pelaksanaannya, upacara Sidekah Tutulak merupakan media untuk menjalin silaturahmi di antara masyarakat Karangtawang. Nilai filosofis yang terkandung dalam upacara Sidekah Tutulak merupakan warisan yang diberikan oleh leluhur kepada masyarakat Karangtawang. Adapun warisan tersebut berupa pepatah yang harus dilaksanakan agar manusia bisa selamat dunia dan akhirat. Upacara Sidekah Tutulak menyangkut tiga aspek kehidupan masyarakat Karangtawang yaitu: ideologi, sosial, dan budaya. Upacara Sidekah Tutulak masih relevan dengan kehidupan masyarakat Karangtawang. Penelitian ini bermanfaat untuk budaya Sunda, khususnya kebudayaan di Kabupaten Kuningan, serta bisa dijadikan alternatif pilihan bahan pembelajaran bahasa dan sastra Sunda, khususnya bahan pembelajaran membaca artikel kebudayaan di SMA/SMK/MA di kelas XII.

(5)

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Abstract: One of background study of this research is that the researcher

concerns to the least of society’s awareness to maintain and to conserve the

culture. One of the cultures that must be maintained and conserved is Sedekah Tutulak ceremony. Therefore the aim of the research is to give description about 1) Sedekah Tutulak ceremony in Karangtawang, Kuningan; 2) symbols and philosophical values containing in Sedekah Tutulak ceremony; 3) relevance of Sidekah Tutulak ceremony with Karangtawang society now; and 4) application to the material culture of teaching reading article in high school. The method that was used in this research was descriptive research method by discussing literature review, observation, interviews, and documentation. While the instruments that were used to collect the data were video shot, digital camera and recorder. In the process of this study was found some cases as follow: the ceremony Sedekah Tutulak a traditional ceremony performed by the Karangtawang society once a year, in Sura. The aim of the Sedekah Tutulak ceremony was to warding off misfortune or to ask salvation to God. In its implementation, the ceremony Sedekah Tutulak was a media to establish a relationship among the Karangtawang societies. Philosophical values containing in the Sedekah Tutulak ceremony was a legacy which was given by the ancestors to the Karangtawang society. The legacy in the form of a proverb which should be implemented in order that human can survive in the world and the hereafter.

Sedekah Tutulak ceremony concerned to three aspects of Karangtawang society’s

(6)

v SÉMIOTIK, UPACARA SIDEKAH TUTULAK, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA

2.6.2.1 Tujuan Upacara Sidekah Tutulak ... 26

2.6.2.2 Waktu Upacara Sidekah Tutulak ... 27

2.6.2.3 Tempat Upacara Sidekah Tutulak ... 27

(7)

vi

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.6.2.5 Pihak-pihak nu Kalibet dina Upacara Sidekah Tutulak ... 28

2.7 Bahan Pangajaran ... 28

2.7.7 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) Maca di SMA/SMK/MA Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 34

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ... 36

3.1.1 Letak Géografis ... 36

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya Désa Karangtawang ... 36

3.1.2.1 Démografi ... 36

3.1.2.2 Pakasaban ... 37

3.1.2.3 Atikan ... 38

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ... 39

3.1.2.5 Basa ... 40

3.1.3 Sistem Kekerabatan jeung Organisasi ... 40

3.1.3.1 Sistem Kekerabatan ... 40

BAB VI ANALISIS UPACARA SIDEKAH TUTULAK JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA 4.1 Prak-pakan Upacara Sidekah Tutulak ... 48

4.1.1 Pra Upacara ... 48

4.1.2 Prakna Upacara ... 50

4.1.3 Pasca Upacara ... 51

4.1.4 Pakakas Kalengkepan dina Upacara Sidekah Tutulak ... 52

4.1.4.1 Sasajén ... 52

4.1.4.2 Wédang atawa Susuguh ... 55

4.2 Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Sidekah Tutulak Dumasar Hasil Wawancara ... 56

(8)

Euis Siti Fatimah, 2013

4.4 Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya (Upacara Sidekah Tutulak) di SMA

Kelas XII ... 72

4.4.1 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar ... 72

4.4.2 Maca Artikel Budaya ... 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 80

5.2 Saran ... 82

DAPTAR PUSTAKA ... 83

(9)

1

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Globalisasi teu salawasna méré mangpaat keur kahirupan manusa, saperti: sarwa gancang, sarwa babari, jeung sarwa nembrak, tapi aya kalana globalisasi ogé méré pangaruh négatif pikeun manusa. Salasahiji pangaruh négatif tina globalisasi nya éta beuki nyirorotna ajén-inajén budaya karuhun, ngésér kasilih ku budaya deungeun. Kiwari masarakat leuwih milih kabudayaan anyar nu holna ti nagara Barat, anu ceuk maranéhna leuwih maju, luhur géngsina, tur bisa ngigelan jaman, sarta leuwih praktis dibandingkeun jeung kabudayaan lokal (www.kumpulanmakalahdanartikel.com).

Luyu jeung ngagalurana globalisasi, kasadaran masarakat kana pentingna ngamumulé kabudayaan téh beuki dieu beuki ngésér, hal ieu katangén tina ayana parobahan pola hirup masarakat anu leuwih modéren. Éta pangaruh globalisasi téh tumiba ogé kana éksisténsi budaya Sunda nu kiwari geus teu pati dipaliré. Budaya Sunda dipikawanoh minangka budaya anu pohara ngajungjung luhur tradisina, ti mimiti manusa aya dina kandungan, gubrag ka dunya, disunat atawa digusar, nikah, sarta maot kabéhanana teu leupas tina sagala rupa tradisi (upacara-upacara tradisional). Hal ieu nétélakeun yén budaya Sunda miboga ciri has anu tangtu, anu ngabédakeunana jeung budaya séjén, sakumaha anu kaunggel dina idiom Sunda

ciri sabumi cara sadésa.

Ari kabudayaan nya éta “keseluruhan gagasan dan karya manusia, yang harus dibiasakannya dengan belajar, beserta keseluruhan dari hasil budi dan

karyanya itu”, kitu nurutkeun Koentjaraningrat (1985: 9). Ditilik tina sawangan sosiologis, kabudayaan téh miboga ambahan anu kacida legana, ngawengku sakabéh hasil cipta, rasa, karsa jeung karya manusa boh dina wangun matéril atawa nonmatéril.

(10)

Euis Siti Fatimah, 2013

atawa upacara adat. Sedengkeun budaya dina wangun nonmatéril nya éta hasil cipta, rasa, jeung karsa anu teu katempo bungkeuleukanana, upamana waé: adat-istiadat, pangaweruh, sistem kapercayaan, jrrd (Raga, 2007: 28).

Dina pedaran saterusna Koentjaraningrat (1985: 2) nétélakeun yén unsur-unsur kabudayaan miboga sipat universal. Hartina, éta unsur-unsur nyampak jeung bisa dipaluruh dina unggal kabudayaan bangsa nu aya di sakuliaheun dunya.

Aya tujuh unsur kabudayaan, di antarana waé: 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan; 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan; 3) sistem élmu pangaweruh; 4) sistem basa; 5) kasenian; 6) sistem pakasaban; sarta 7) sistem téhnologi jeung pakakas hirup manusa (Koentjaraningrat, 1990: 205).

Tina tujuh unsur kabudayaan, sistem réligi aya dina urutan kahiji, hal ieu ku sabab sistem réligi mangrupa unsur budaya anu panghéséna robah, atawa kapangaruhan ku kabudayaan séjén. Sistem réligi mangrupa bentuk kayakinan ka Nu Maha Kawasa (Gusti, déwa, naraka, sawarga, jrrd). Sistem kapercayaan éta ngajanggélék dina upacara tradisional, kasenian, jeung ritual, boh anu dilaksanakeun sacara rutin, boh anu ukur kakapeungan. Dina enas-enasna éta upacara tradisional téh mangrupa wujud tina interaksi antara manusa jeung pribadina, manusa jeung masarakat sabudeureunana, manusa jeung alamna, sarta manusa jeung Nu Maha Kawasa. Éta interaksi tujuanana taya lian pikeun ngahontal kasalametan jeung kabagjaan. Salasahiji wangun upacara tradisional nya éta Sidekah Tutulak anu aya di Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan. Sakumaha ilaharna upacara tradisional séjénna, upacara Sidekah Tutulak ogé miboga maksud jeung tujuan anu tangtu, nya éta pikeun tulak balai atawa pikeun ménta kasalemetan ka Nu Maha Kawasa.

Istilah Sidekah Tutulak diwangun ku dua kecap, nya éta sidekah jeung

tutulak. Kecap sidekah nurutkeun Danadibrata (2006: 636) asalna tina basa Arab

sadakah anu hartina barangbéré kalayan iklas. Sedengkeun tutulak masih dina

(11)

3

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nyebutkeun upacara Sidekah Tutulak, nya éta tarékah has anu sipatna tradisional, dilaksanakeun ku masarakat Karangtawang dina raraga ngaraksa jeung ngariksa kaamanan lemburna.

Upacara Sidekah Tutulak perlu dijaga tur diriksa sabab salian dianggap bisa nyalametkeun masarakat Karangtawang tina balai, ogé bisa ngaraketkeun tali mimitran papada masarakatna. Lian ti éta, ngariksa tur ngajaga upacara Sidekah Tutulak ogé mangrupa bagéan tina ngamumulé ajén-inajén budaya bangsa sacara gembleng.

Ulikan ngeunaan Sidekah Tutulak kungsi dilaksanakeun ku Edi S. Ékadjati. Hasil kajianana ditepikeun (dipréséntasikeun) dina Konférénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I di Bandung taun 2001, anu tuluy dipublikasikeun dina buku anu judulna Tulak Bala (Sistim Pertahanan

Tradisional Masyarakat Sunda) Sundalana I, wedalan Pusat Studi Sunda. Éta

ulikan medar perkara kasang tukang kasajarahan Sidekah Tutulak.

Sok sanajan objékna sarua, tapi puseur paniténna mah béda. Dina ieu panalungtikan lian ti nalungtik prak-prakan upacara Sidekah Tutulak sacara gembleng, ogé ngeunaan simbol-simbol jeung ajén falsafah anu nyampak dina upacara Sidekah Tutulak, sarta rélevansi upacara Sidekah Tutulak jeung kahirupan masarakat Karangtawang kiwari.

Panalungtikan anu ngaguar budaya hiji daérah geus réa ditalungtik ku mahasiswa anu boga minat kana budaya. Di handap ieu baris ditataan judul-judul skripsi ngeunaan budaya:

1) Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VII Ngagunakeun Métode Démontrasi, ku

Temmy Widyiastuti taun 2008;

2) Ajén Falsafah nu Aya dina Simbol-simbol Prosés Hatam Al-Qur’an dina Upacara Kawinan Désa Citanglar Kecamatan Suradé Kabupatén Sukabumi,

ku Risna Setiani taun 2008;

3) Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung Urug Tonggoh Désa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupatén Bogor,

(12)

Euis Siti Fatimah, 2013

4) Fungsi Ajén Palsapah dina Upacara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung Banceuy Kecamatan Ciater Kabupatén Subang, ku Virda Sufia Haetami taun

2011.

Panalungtikan ngeunaan Sidekah Tutulak dipiharep bisa méré mangpaat pikeun bahan dina ngajembaran budaya jeung tradisi. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep para nonoman bisa leuwih wanoh, nyaah, jeung ngabogaan tarékah pikeun ngamumulé tradisi titinggal karuhunna.

Salasahiji cara ngawanohkeun tradisi karuhun ka para nonoman nya éta ngaliwatan pendidikan formal di sakola. Hal ieu dumasar kana sistem pewarisan budaya anu aya dua cara, nya éta: 1) sacara tradisional, anu ngawengku kulawarga, masarakat, lembaga adat, jeung lembaga agama; 2) sacara modérn, ngawengku organisasi kelompok sosial siga lembaga atikan formal, jeung média masa (Brata, 2007: 64). Luyu jeung SKKD (2007: 124) SMA kelas XII ngeunaan budaya, nya éta Standar Kompeténsi (SK) mampu membaca untuk memahami dan

menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan. Kompeténsi

Dasar (KD) nya éta membaca artikel tentang budaya. Ku kituna, lian ti nepikeun informasi, ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa jadi pangdeudeul pikeun kaweruh siswa, sangkan siswa apal jeung nyangkem kana upacara Sidekah Tutulak sarta weruh kana ajén-inajén anu nyangkaruk dina éta upacara.

Dumasar kana pedaran di luhur, utamana pikeun ngawewegan pangajaran basa Sunda, ieu panalungtikan baris dilaksanakeun tur dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca di SMA. Ku kituna ieu panalungtikan baris dijudulan “Ajén Falsafah Upacara Sidekah Tutulak Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan

Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1Watesan Masalah

(13)

5

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sidekah Tutulak, simbol-simbol jeung ajén falsafah anu nyampak dina upacara Sidekah Tutulak, rélevansi upacara Sidekah Tutulak jeung kahirupan masarakat Karangtawang, sarta ngalarapkeunana kana bahan pangajaran basa Sunda, nya éta maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.

1.2.2Rumusan Masalah

Masalah-masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan siga ieu di handap:

1) Kumaha prak-prakan upacara Sidekah Tutulak nu aya di Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan?

2) Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina simbol-simbol upacara Sidekah Tutulak?

3) Kumaha rélevansina upacara Sidekah Tutulak jeung kahirupan masarakat Karangtawang kiwari?

4) Bahan pangajaran maca artikel kabudayaan nu kumaha anu luyu tur cocog dipaké di SMA kelas XII ngeunaan upacara Sidekah Tutulak di Désa Karangtawang, Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngawanohkeun upacara Sidekah Tutulak anu aya di Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan, sarta wujud tina tarékah ngamumulé salasahiji budaya anu sumebar di tatar Sunda.

1.3.2Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) Prak-prakan upacara Sidekah Tutulak nu aya di Désa Karangtawang

Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan.

(14)

Euis Siti Fatimah, 2013

3) Rélevan atawa teuna éta upacara Sidekah Tutulak jeung kahirupan masarakat Karangtawang kiwari.

4) Rarancang bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII ngeunaan upacara Sidekah Tutulak di Désa Karangtawang, Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun balaréa hususna pikeun anu mikacinta kana budaya Sunda, sangkan leuwih reueus deui kana budayana.

1.4.2Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan di antarana:

1) Pikeun panalungtik, dipiharep bisa nambahan pangaweruh kana tradisi lokal anu aya di masarakat Sunda, salasahijina upacara Sidekah Tutulak sangkan bisa ancrub langsung dina usaha ngariksa budaya Sunda.

2) Pikeun masarakat Karangtawang, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan kareueus kana budaya anu dipimilikna, nya éta upacara Sidekah Tutulak. 3) Pikeun guru, ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan ajar dina pangajaran

basa Sunda di kelas XII SMA.

4) Pikeun siswa, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan tradisi anu aya di masarakat Sunda. Dipiharep tina ieu panalungtikan bisa méré motivasi ka siswa pikeun ngarojong usaha ngariksa budaya Sunda.

1.5Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina ieu skripsi, nya éta:

(15)

7

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) BAB II: Kajian tiori medar ngeunaan filsafat, sistem ajén, budaya, sistem réligi, sémiotika dina kabudayaan, upacara sidekah tutulak, jeung bahan pangajaran maca.

3) BAB III: Gambaran umum lokasi panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngumpulkeun data.

(16)

36

Euis Siti Fatimah, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Letak Géografis

Lokasi anu dipaké panalungtikan nya éta di Désa Karangtawang wewengkon tutugan suku Gunung Ciremai. Sacara géografis Désa Karangtawang kaasup kana wewengkon Kecamatan Kuningan, Kabupatén Kuningan. Désa Karangtawang perenahna kurang leuwih 3,5 km ka beulah wétan ti puseur kota. Ku sabab deukeut, ngan butuh waktu 10 menit ka puseur Kota Kuningan mun maké motor atawa mobil, sarta butuh waktu 45 menit mun leumpang.

Lega Désa Karangtawang kira-kira 18,7903 héktar, diapit ku dua walungan gedé nya éta walungan Cigedé di beulah kidul jeung walungan Surakatiga atawa Tangkis di beulah kalér. Lian ti jadi wates alami jeung désa séjén, ayana walungan (Cigedé jeung Surakatiga) ogé mangaruhan kana taneuh Désa Karangtawang anu subur jeung cocog pikeun sababaraha rupa pepelakan.

Sacara administratif, wates wilayah Désa Karangtawang nya éta: beulah kalér ngawates jeung Kelurahan Windusengkahan, beulah kidul ngawates jeung Kelurahan Citangtu, beulah wétan ngawates jeung Désa Léngkong, tur beulah kulon ngawates jeung Kelurahan Winduhaji.

Ditilik tina kondisi topografina, Désa Karangtawang kaasup daérah

dataran rendah nya éta aya dina ketinggian 137,7 dpl. Sok sanajan kitu, iklim di

ieu désa teu panas, Désa Karangtawang miboga iklim 18° C - 27° C, hal ieu dipangaruhan ku ayana pasir (bukit kecil) anu ngurilingan Désa Karangtawang. Lian ti ayana pasir, jumlah bulan hujan ogé mangaruhan kana iklim di Désa Karangtawang, jumlah bulan hujan di ieu désa nya éta aya genep bulan.

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya Désa Karangtawang 3.1.2.1 Démografi

(17)

37

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jumlahna aya 2.144 urang. Jumlah penduduk nu 4.239 jiwa kabagi kana 1.125 Kepala Keluarga (KK), sumebar di tilu kampung atawa dusun nya éta: Dusun Pasawahan, Dusun Babakan, jeung Dusun Jatinunggal.

3.1.2.2 Pakasaban

Mayoritas pakasaban utama masarakat Karangtawang nya éta tani, tapi aya ogé anu jadi tukang dagang, tukang ternak, Pegawai Negeri Sipil (PNS) jeung dosén swasta. Tina sajumlahing pakasaban nu aya, rata-rata masarakat Karangtawang miboga pakasaban ganda, hartina nu jadi tani teu ngandelkeun waé hasil tatanénna, tapi maranéhna boga pakasaban séjén, upamana waé industri rumah tangga nyieun emping tangkil (melinjo), dagang, jeung ternak. Ku kituna jumlah wiraswasta di ieu désa leuwih loba tibatan jumlah tanina.

Wincikan jumlah penduduk dumasar kana pakasaban bisa katitén dina ieu tabel di handap:

Tabél 3.1

Jumlah Penduduk Dumasar kana Pakasaban

Pakasaban Lalaki Awéwé

Patani 523 235

Buruh Tani 152 83

Pegawai Negeri Sipil (PNS) 59 49

Pangrajin industri rumah tangga 34 25

Pedagang keliling 23 8

Peternak 3 -

Pembantu Rumah Tangga (PRT) - 12

TNI 1 -

Pensiunan TNI/ Polri 95 67

Pengusaha kecil dan menengah 13 5

Jasa pengobatan alternatif 1 -

Dosén swasta 5 -

(18)

Euis Siti Fatimah, 2013

Wiraswasta 954 867

Sumber: Pendataan Désa Karangtawang taun 2011

3.1.2.3 Atikan

Minat masarakat Karangtawang kana atikan kawilang hadé. Hal ieu dipangaruhan ku sarana jeung prasana nu ngarojong kana atikan geus lengkep, boh sarana atikan formal, boh sarana atikan non formal.

Wincikan sarana atikan formal nu aya di Désa Karangtawang bisa katitén dina ieu tabél di handap:

Tabél 3.2

Sarana Atikan Formal Désa Karangtawang

No Sarana

Atikan Jumlah Ngaran Sakola

Status Kepemilikan

Sumber: Pendataan Désa Karangtawang taun 2011

Atikan non formal di Désa Karangtawang ngawengku Pondok Pasantrén nu aya di Dusun Pasawahan nya éta: Pondok Pasantrén Darul Ulum, Al Amin, jeung Al Abshori.

(19)

39

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ku masarakat Karangtawang. Widang atikan anu dihontal ku masarakat Désa Karangtawang di antarana: TK, SD, SMP, SMA, nepi ka paguron luhur.

Sangkan leuwih jéntré, wincikan jumlah penduduk dumasar kana atikan anu dihontal bisa katitén dina ieu tabél di handap:

Tabél 3.3

Tingkat Pendidikan di Désa Karangtawang

Tingakat Pendidikan Laki-Laki Perempuan

Usia 3-6 tahun yang belum masuk TK 36 58

Usia 3-6 tahun yang sedang TK/Play Group 42 45 Usia 7-18 tahun yang sedang sekolah 588 812

Tamat SD/ Sederajat 231 174

Tamat SMP 264 182

Tamat SMA 213 203

Tamat DI 11 19

Tamat D2 4 5

Tamat D3 7 6

Tamat SI 57 16

Tamat S2 3 1

Sumber: Pendataan Désa Karangtawang taun 2011

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Désa Karangtawang 100% ngagem agama Islam. Hal ieu kagambar ku dilaksanakeunana saréat Islam anu sakumaha mistina upamana waé: solat, puasa, jeung mayar jakat. Kagiatan kaagamaan anu sipatna babarengan ogé masih dilaksanakeun kalayan rutin ku masarakatna, saperti solat Jumaah, pangajian ibu-ibu, yasinan, pangajian keur barudak anu rutin dilaksanakeun ba’da magrib, sarta miéling poé anu dianggap penting dina agama Islam, siga Muludan (Maulid Nabi) jeung Rajaban (Isra Miraj).

(20)

Euis Siti Fatimah, 2013

Pikeun ngarojong masarakatna ngalaksanakeun ibadah, diunggal RT diwangun masjid leutik anu disebut tajug.

3.1.2.5 Basa

Basa anu dipaké ku masarakat Désa Karangtawang dina hirup kumbuh sapopoéna nya éta basa Sunda wewengkon Kuningan. Hal ieu bisa kaharti, sabab kasang tukang masarakat Karangtawang 100% sélér Sunda. Kamekaran téhnologi, saperti geus asupna aksés internet ka ieu désa, sarta réana penduduk désa anu geus ngasaan bangku sakola teu mangaruhan kana basa anu dipakéna. Masarakat Karangtawang nepi ka kiwari masih ngagunakeun basa Sunda, sanajan aya sababaraha urang anu geus parigel maké basa Indonésia jeung basa Inggris, tapi angger basa Sunda anu dipaké ku maranéhna dina hirup kumbuh sapopoéna.

3.1.3 Sistem Kekerabatan jeung Organisasi 3.1.3.1 Sistem Kekerabatan

Sistem kekerabatan masarakat Karangtawang sarua jeung sistem kekerabatan masarakat Sunda umumna. Sistem kulawarga anu dipakéna nya éta sistem kulawarga bilateral, hartina garis katurunan dicokot ti pihak bapa jeung ti pihak indung. Kulawarga mangrupa organisasi sosial anu pangdeukeutna, dina jero kulawarga bapa miboga kalungguhan salaku kepala kulawarga.

Masarakat Karangtawang mikawanoh sistem pancakaki. Pancakaki nya éta perenahna jalma ka jalma deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Aya tilu sistem pancakaki nu dipaké ku masarakat Karangtawang, (1) sistem pancakaki vertikal anu mertélakeun turunan ti luhur ka handap sacara langsung. Upamana waé: anak, incu, buyut, bao, janggawaréng, udeg-udeg, kait siwur, jeung bau sinduk; (2) sistem pancakaki horizontal anu mertélakeun dulur atawa baraya ti gigir. Upamana waé: emang, bibi, ua, kapiadi, jeung kapilanceuk; (3) sistem pancakaki anu mertélakeun dulur atawa baraya séjénna anu taya hubungan sacara langsung. Upamana waé: warang atawa bésan, mitoha, jeung adi beuteung.

(21)

41

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngabalukarkeun masarakat Karangtawang hirup dina kaayaan harmonis jeung sauyunan. Sikep gotong royong anu mangrupa ciri masarakat tradisional, masih kenéh dicekel pageuh ku masarakatna, bisa katitén mun aya warga anu keur ngawangun imah, rék nyieun kariaan, atawa anu keur kapapaténan masarakat Karangtawang mah geus teu kudu dipénta bantuanana, tapi maranéhna hideng daratang sorangan.

3.1.3.2 Sistem Organisasi

Dumasar kana statusna minangka hiji désa, Désa Karangtawang dipingpin ku saurang kepala désa anu disebut kuwu. Kuwu dipilih sacara langsung ku masarakat Karangtawang unggal lima taun sakali. Dina ngalaksanakeun tugasna kuwu dibantuan ku sekretaris désa (sékdés), kepala dusun atawa lurah, pamong désa nya éta: késra, raksabumi, jeung hansip. Iwal ti sékdés, kalungguhan kuwu jeung pamong désa lain Pegawai Negeri Sipil (PNS). Maranéhna digajih ku sawah bengkok anu legana gumantung kana luhur handapna kalungguhanana.

Di sahandapeun kuwu aya kepala dusun atawa kepala kampung anu biasa disebut lurah. Lurah ogé dipilih sacara langsung ku masarakat diunggal dusun. Di Désa Karangtawang aya tilu dusun nya éta: Dusun Jatinunggal, Dusun Pasawahan jeung Dusun Babakan, ku kituna jumlah lurahna ogé aya tilu urang.

Unggal kampung ngawengku hiji RW (Rukun Warga). RW diwangun ku sababaraha RT (Rukun Tatangga). RT mangrupa struktur pamaréntahan panghandapna. Unggal RT dipingpin ku saurang ketua RT. Struktur lengkep susunan pamaréntahan Désa Karangtawang nya éta:

1) Kampung Pasawahan (RW 1) diwangun ku 10 RT (RT 1 nepi ka RT 10); 2) Kampung Babakan (RW 2) diwangun ku 10 RT (RT 11 nepi ka RT 20); 3) Kampung Jatinunggal (RW 3) diwangun ku 8 RT (RT 21 nepi ka RT 28).

Lembaga-lembaga kamasarakatan anu aya di Désa Karangtawang di antarana waé: BPD, LPM, PKK.

(22)

Euis Siti Fatimah, 2013

masarakat, sedengkeun cara milih pupuhuna nya éta dipilih sacara langsung ku anggota BPD-na.

Lembaga Pemberdayaan Masarakat (LPM), nya éta lembaga kamasarakatan anu tumuwuh ti masarakat, ku masarakat, sarta pikeun masarakat. LPM mangrupa wadah pikeun partisipasi sarta alat pikeun nepikeun aspirasi masarakat dina ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngadalikeun pangwangunan désa. Pancén LPM nya éta nyusun rarancang pangwangunan anu partisipatif, numuwuhkeun sikep gotong royong di masarakat, sarta ngadalikeun pelaksanaan pangwangunan

Pembinaan Kesejahteraan Keluarga (PKK), nya éta organisasi kamasarakatan anu ngokolakeun wanoja sangkan ilu biung dina pangwangunan Indonesia. Aya sapuluh program poko PKK, nya éta: 1) penghayatan dan

pengamalan Pancasila; 2) gotong royong; 3) pangan; 4) sandang; 5) perumahan

dan tatalaksana rumah tangga; 6) pendidikan dan keterampilan; 7) kesehatan; 8)

pengembangan kehidupan berkoperasi; 9) kelestarian lingkungan hidup; jeung

10) perencanaan sehat.

Tina pedaran di luhur bisa sebutkeun minangka hiji désa, Désa Karangtawang geus boga struktur organisasi nu lengkep.

3.2 Sumber Data

Sumber data panalungtikan nya éta nu jadi subjék dina meunangkeun data panalungtikan. Saupama dina panalungtikan, panalungtik ngagunakeun kuésioner atawa wawancara pikeun ngumpulkeun datana, mangka sumber datana disebut

réspondén, nya éta jalma anu ngaréspon kana patalékan-patalékan panalungtik,

boh patalékan dina wangun lisan boh dina tulisan. Saupama dina panalungtikan, panalungtik ngalaksanakeun obsérvasi mangka sumber datana bisa mangrupa banda, gerakan, atawa prosés nu tangtu. Sedengkeun mun panalungtik ngagunakeun dokuméntasi, mangka dokumén atawa catetan bisa jadi sumber datana (Arikunto, 2010: 172)

(23)

43

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Person atawa jalma nya éta sumber data anu bisa méré jawaban lisan dina

wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.

2) Place atawa tempat nya éta sumber data anu mangrupa objék pikeun métode

obsérvasi, boh mangrupa tampilan dina kaayaan cicing (rohangan, alat, wujud banda, warna, jrrd) boh mangrupa tampilan dina kaayaan gerak (aktivitas,

kinerja, ritme nyanyian, gerak tari, jrrd).

3) Paper nya éta sumber data anu mertélakeun tanda-tanda huruf, angka, gambar,

jeung simbol-simbol séjénna.

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kagiatan dina upacara Sidekah Tutulak anu aya di lingkungan Syeh, Dusun Babakan Désa Karangtawang, diwewegan ku data ti narasumber atawa informan, anu dina ieu panalungtikan nya éta sesepuh Désa Karangtawang anu weruh jeung apal kana upacara Sidekah Tutulak.

3.3 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang tur pelaksanaan panalungtikan. Desain dina rarancang panalungtikan boga tujuan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan nepi ka nyangking hiji logika, boh dina nguji hipotésa, boh dina nyieun kacindekan. Desain rarancang panalungtikan anu hadé baris bisa nerjemahkeun modél-modél ilmiah, kana operasional panalungtikan sacara praktis (http://rinakusniawati.blogspot.com /2010/04/desain-penelitian.html).

Sacara leuwih singget bisa disebutkeun yén desain panalungtikan téh mangrupa peta konsép, atawa rarancang sangkan panalungtikanana bisa nyumponan kana tujuan nu hayang dihontal.

(24)

Euis Siti Fatimah, 2013

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan

3.4 Métode Panalungtikan

Cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan disebut métode panalungtikan (Arikunto, 2010: 192).

Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu dipaké pikeun ngagambarkeun, ngajelaskeun, ngajawab pasualan-pasualan ngeunaan fénoména jeung peristiwa kiwari sakumaha ayana, atawa analisis hubungan antara variabel dina hiji fénoména (Arifin, 2011: 140).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun, ngajelaskeun, jeung ngumpulkeun data ngeunaan upacara Sidekah Tutulak. Ieu panalungtikan museurkeun paniténna kana prak-parakan

Idéntifikasi Masalah

Ngarumuskeun jeung Ngawatesanan Masalah

Obsérvasi ka Tempat Upacara Sidekah Tutulak

Ngumpulkeun Data Hasil Telaah Pustaka, Obsérvasi, jeung Wawancara

Ngolah Data

(25)

45

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

upacara Sidekah Tutulak, simbol-simbol jeung ajén falsafah nu nyampak dina upacara Sidekah Tutulak, rélevansi upacara Sidekah Tutulak jeung kahirupan masarakat Karangtawang kiwari, sarta ngalarapkeunana kana bahan pangajaran basa Sunda nya éta maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.

3.5 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih jéntré sarta henteu nimbulkeun persépsi anu béda-béda kana judul panalungtikanana, mangka perlu dirumuskeun ngeunaan wangun-wangun operasional, istilah-istilah atawa kecap-kecap nu dipaké dina ieu judul panalungtikan nya éta:

1) Ajén falsafah, nya éta nilai anu nyangkaruk boh dina properti panglengkep upacara Sidekah Tutulak, boh dina parak-prakan upacara Sidekah Tutulak, anu mangrupa hasil tina mikir teleb masarakat Karangtawang pikeun néangan hakékat bebeneran tina kahirupan.

2) Upacara Sidekah Tutulak, nya éta upacara tradisional anu aya di Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan. Upacara Sidekah Tutulak minangka salasahiji tarékah nu dilaksanakeun ku masarakat Karangtawang pikeun tulak balai.

3) Bahan pangajaran, nya éta sakabéh bahan atawa komponén pangajaran anu ngawengku matéri jeung eusi pangajaran anu baris ditepikeun dina kagiatan diajar-ngajar, mangrupa élmu pangaweruh anu kudu dicangkem ku guru jeung murid.

4) Pangajaran maca, nya éta salasahiji tina opat aspék kaparigelan basa (ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis) anu aya dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) pangajaran basa Sunda.

3.6 Instrumén Panalungtikan

(26)

Euis Siti Fatimah, 2013

1) Pedoman wawancara mangrupa patalékan ngeunaan data réspondén jeung

patalékan ngeunaan éta upacara. Runtuyan patalékan wawancara anu aya di handap ukur mangrupa konsép awal, hartina dina prak-prakan wawancarana mah bisa waé ieu patalékan téh leuwih ngajembaran.

a) Data informan:

1. Ngaran narasumber 2. Umur narasumber 3. Alamat narasumber 4. Pakasaban narasumber 5. Jenjang atikan narasumber

6. Kalungguhan narasumber di masarakat b) Pedoman patalékan dina wawancara:

1. Kumaha asal-usul aya upacara Sidekah Tutulak?

2. Ku naon upacara Sidekah Tutulak téh dilaksanakeunana di lingkungan Syéh? Makam saha anu aya di lingkungan Syéh téh?

3. Kumaha prak-prakan upacara Sidekah Tutulak? 4. Iraha lumangsungna upacara Sidekah Tutulak? 5. Saha anu mingpin upacara Sidekah Tutulak?

6. Naon waé kalengkepan upacara anu kudu aya dina Sidekah Tutulak? 7. Dina simbol-simbol éta ngandung siloka nu tangtu teu?

8. Naon mangpaat tina dilaksanakeunana upacara Sidekah Tutulak pikeun masarakat Désa Karangtawang?

9. Kumaha balukarna mun upacara Sidekah Tutulak téh kaliwat atawa teu dilaksanakeun ku masarakat Désa Karangtawang?

2) Video Shot, digunakeun pikeun ngarekam prosés lumangsungna Sidekah

Tutulak.

3) Kaméra foto, digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina prosés wawancara

sarta prak-prakan Sidekah Tutulak.

4) Hapé rekorder, digunakeun pikeun ngarekam prosés ngumpulkeun data dina

(27)

47

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7 Téhnik Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan bisa lumangsung kalawan lancar, ku kituna kudu maké téhnik panalungtikan. Téhnik panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.7.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik telaah pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Telaah pustaka nya éta néangan réferénsi tina buku-buku anu aya patalina jeung pasualan anu rék ditalungtik. Syaodih dina Satori (2012: 105) mertélakeun obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan kagiatan anu keur lumangsung. Ari wawancara masih dina Satori (2012: 130) nya éta téhnik ngumpulkeun data pikeun meunangkeun informasi ti sumber data sacara langsung ku cara ngajukeun patalékan-patalékan anu tuluy dijawab ku sumber data atawa narasumber. Dokuméntasi nya éta prosés nyimpen data, boh data anu mangrupa tulisan, rekaman, atawa gambar (foto) pikeun kaperluan panalungtikan.

3.7.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis maké téhnik déskripsi. Anu didéskripsikeunana nya éta: prak-prakan upacara Sidekah Tutulak, simbol-simbol jeung ajén falsafah anu nyampak dina upacara Sidekah Tutulak, rélevansi upacara Sidekah Tutulak jeung kahirupan masarakat Karangtawang kiwari, sarta ngalarapkeunana kana bahan pangajaran basa Sunda, nya éta maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.

Léngkah-léngkah pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Ngumpulkeun data hasil telaah pustaka;

2) Ngumpulkeun data hasil obsérvasi ka lapangan; 3) Ngadéskripsikeun upacara Sidekah Tutulak;

4) Ngalarapkeun upacara Sidekah Tutulak kana bahan pangajaran maca artikel kebudayaan di SMA kelas XII;

(28)

80

Euis Siti Fatimah, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan upacara Sidekah Tutulak, bisa dicindekkeun sababaraha hal siga ieu di handap:

1) Sidekah Tutulak nya éta upacara tradisional anu dilaksanakeun ku masarakat Désa Karangtawang Kecamatan Kuningan Kabupatén Kuningan. Sidekah Tutulak mangrupa salametan anu tujuanana pikeun ngajaga diri katut lemburna tina balai, minangka pameredih ti sakabéh masarakat Désa Karangtawang sangkan bisa hirup waluya tur dijauhkeun tina balai nu matak mawa kasusahan hirup. Dilaksanakeun unggal bulan Sura, ba’da asar, kira-kira jam 16.00 nepi ka jam 17.00, dina poé Kemis malem Jumaah Kaliwon. Di Désa Karangtawang aya 26 tempat anu ngalaksanakeun upacara Sidekah Tutulak nya éta, sapuluh tempat di Dusun Pasawahan, dalapan tempat di Dusun Babakan, jeung dalapan tempat di Dusun Jatinunggal. Salasahiji tempat anu ngalaksanakeun upacara Sidekah Tutulak nya éta lingkungan Syéh Dusun Babakan. Ti beurang mula, ibu-ibu anu aya di lingkungan Syéh sibuk nyieun kaolahan jeung panglengkep upacara (sasajén). Bapa-bapana sibuk ngaberesihan jeung nyiapkeun tempat pikeun upacara. Jam satengah lima (16.30) upacara kakara dimimitian, inti tina upacara nya éta ngadu’a

babarengan ménta kasalametan ka Alloh SWT, du’ana dipingpin ku sesepuh atawa imam tajug. Du’a anu dibacana nya éta: solawat, hadoroh, tahlil, jeung

du’a salamet. Upacara Sidekah Tutulak ditutup ku ngariung ngadahar sangu

tumpeng, sangu bungkus, jeung kaolahan séjénna babarengan.

(29)

81

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sababaraha hal anu kudu dilaksanakeun atawa dipilampah ku manusa dina hirupna, di antarana: manusa kudu hirup dina jalan kahadéan (tumpeng), manusa kudu wani jeung rajin digawé (tangtang angin), manusa kudu hirup sauyunan (raginang), manusa kudu beresih haté jeung pikiran (cai hérang), manusa kudu siap nyanghareupan hirup nu teu salawasna lungsur langsar

(bubur beureum, bubur bodas), manusa kudu ngadu’a jeung usaha dina

nyanghareupan kasusah (cara beureum, cara bodas), manusa kudu hadé laku lampahna sangkan dipikaresep ku sasama (rujak cau raja), manusa ulah takabur atawa sombong nalika keur bagja (cai kopi amis), manusa kudu rikrik gemi jeung apik kana rejeki (kupat keupeul), manusa kudu terus sukuran ka Pangéran (endog asin jeung samara dapur), sarta manusa kudu ngajaga sikepna, bisa hirup kalayan hadé (kembang tujuh rupa).

3) Upacara Sidekah Tutulak rélevan jeung kahirupan masarakat Karangtawang kiwari. Kalungguhan jeung fungsi upacara Sidekah Tutulak mangrupa média pikeun silaturahmi masarakat Karangtawang dina raraga ngaraketkeun tali mimitran. Upacara Sidekah Tutulak ngawengku kana tilu aspék kahirupan masarakat Karangtawang, nya éta: idéologi, sosial, jeung budaya. Minangka idéologi (ide atawa gagasan), upacara Sidekah Tutulak mapagahan ka masarakat Karangtawang sangkan bisa salamet dunya ahérat aya hal-hal anu kudu dilaksanakeun, di antarana waé: kudu percaya ka Alloh SWT, kudu daék sedekah, kudu hirup dina jalan anu lempeng, kudu beresih haté jeung pikiran, sarta kudu rajin daék usaha. Disawang tina sosialna, upacara Sidekah Tutulak mangrupa media silaturahmi pikeun ngaraketkeun tali mimitran di antara masarakat Karangtawang. Sedengkeun disawang tina budayana, upacara Sidekah Tutulak mangrupa asét budaya anu ngabalukarkeun masarakat Karangtawang unik, béda jeung masarakat séjénna.

(30)

Euis Siti Fatimah, 2013

Kompeténsi Kompeténsi Dasar pangajaran maca di SMA/SMK/MA, nya éta nomber 12.3 Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan

yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan, poin 12.3.1 Membaca artikel

tentang budaya.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan katangén yén upacara Sidekah Tutulak lain ukur ritual biasa anu dilaksanakeun sataun sakali ku masarakat Karangtawang, tapi dina upacara Sidekah Tutulak aya ma’na anu luhung pikeun kahirupan manusa sangkan bisa salamet dunya ahérat. Ieu panalungtikan sacara pribadi nambahan kareueus panalungtik salaku pituin urang Karangtawang.

Dipiharep ku ayana ieu panalungtikan bisa nambahan kareueus masarakat Karangtawang kana budayana nya éta upacara Sidekah Tutulak, sarta bisa ngajaga jeung ngariksa budayana. Sabab ayana upacara Sidekah Tutulak mangrupa hal anu ngabédakeun masarakat Karangtawang jeung masarakat séjénna.

Lian ti éta, dipiharep ogé aya tarékah ti masarakat Karangtawang pikeun ngadokuméntasikeun upacara Sidekah Tutulak, sangkan upacara Sidekah Tutulak bisa leuwih dipikawanoh ku masarakat umum.

(31)

83

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

1. Buku

Achmadi, jeung Alek. (2010). Bahasa Indonesia Untuk Perguruan Tinggi. Jakarta : Kencana Penada Media Grup.

Achmadi, Asmoro. (1997). Filsafat Umum. Jakarta : PT RajaGrafindo Persada. Arifin, Z. (1997). Ekspresi Penelitian. Jakarta : Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta : Rineka Cipta.

Brata, Nugroho Trisnu. (2007). Antropologi untuk SMA dan MA Kelas XI. Jakarta : Esis.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung : Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung : Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Fathurrohman, Pupuh jeung Sobry Sutikno. (2007). Strategi Belajar Mengajar. Bandung : Rineka Cipta

Gintings, Abdorrakhman. (2008). Esensi Praktis Belajar & Pembelajaran. Bandung : Humaniora.

Iskandarwassid, jeung Dadang S. (2010). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung : PT Remaja Rosdakarya

Isnendes, Retty. (2009). Panyawang Sastra. Hand Out Perkuliahan Teori Sastra FPBS UPI Bandung : tidak diterbitkan.

. (2010). Kajian Sastra. Bandung : Daluang Publishing.

Koenjaraningrat. (1985). Kebudayaan, Mentalitas Dan Pembangunan. Jakarta : PT Gramedia.

. . (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta : Rineka Cipta. Kosasih, Dede. (2007). Kabudayaan Sunda. Hand Out Perkuliahan Budaya Sunda

FPBS UPI Bandung : tidak diterbitkan.

Majid, Abdul. (2007) Perencanaan Pembelajaran Mengembangkan Standar

(32)

Euis Siti Fatimah, 2013

Raga, R.M. (2007). Manusia dan Kebudayaan Dalam Perspektif Ilmu Budaya

Dasar. Jakarta : Rineka Cipta.

Rosidi, A spk. (2000). Ensiklopedi Sunda. Jakarta : Pustaka Jaya.

Rosidi, A spk. (2003). Tulak Bala; Sistim Pertahanan Tradisional Masyarakat

Sunda dan Kajian Lainnya mengenai Budaya Sunda : Bandung : Pusat

Studi Sunda.

Satori, Djam’an. (2012). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung : Alfabeta.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung : CV Walatra. Sudaryat, Y spk. (2007). Makaya Basa. Bandung : Sonagar Préss.

Sudjiman, Panuti, dan Zoest, Aart Van. 1991. Serba-serbi Semiotika. Jakarta : Gramedia Pustaka Utama.

Sulaeman, Munandar. (2012). Ilmu Budaya Dasar. Bandung : PT Refika Aditama. Suryalaga, Hidayat. (2010). Filsafat Sunda. Bandung : Yayasan Nur Hidayah. Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pangajaran Bahasa. Bandung : FPBS UPI.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung.

Tarigan, Henry Guntur. (1979). Membaca (Sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa). Bandung : Angkasa.

. .. (2008). Membaca (Sebagai Suatu Keterampilan

Berbahasa). Bandung : Angkasa.

2. Sumber dari Internet

Tanpa Nama, (2012). Budaya. [Online]. Tersedia : http://kumpulan-makalah-dan- artikel.blogspot.com/2012/09/Makalah-Tentang-Perubahan-Kebudayaan-Karena-Pengaruh-Dari-Luar.html [19 Desember 2012]

Tanpa Nama. (2012). Tujuan Umum Pembelajaran. [Online]. Tersedia : http://sainsmatika.blogspot.com/2012/03/pengertian-dan-tujuan-dari-belajar-dan.html [20 Desember 2012]

(33)

85

Euis Siti Fatimah, 2013

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

[22 Desember 2012]

Natakembahang, Diandra. (2012). Jenis Upacara Adat [Online] Tersedia :

http://batinbudayapoerba.blogspot.com/2012/04/upacara-tradisional-masyarakat-adat.html [17 januari 2013]

Tanpa Nama. (2011). Islam dan Sunda [Online] Tersedia : http://www.knowledge-leader.net/2011/01/agama-islam-dan-budaya-sunda-2/ [17 Januari 2013]

G.P. Wira Saputra. (2011). Sistem Nilai [Online] Tersedia : http://wirasaputra.wordpress.com/2011/10/13/nilai-budaya-sistem-nilai-dan-orientasi-nilai-budaya/ [13 Februari 2013]

Dahlia. (2011) Wangenan Bahan Pangajaran [Online] Tersedia : http://diarydahlia.blogspot.com/2011/09/pengertian-pengajaran.html [14 Februari 2013]

Gambar

tabel di handap:
Gambar 3.1 Desain Panalungtikan

Referensi

Dokumen terkait

Komponen utama padahydraulic pump bekerja sesuai putaran engine, dan diatur oleh Electronic Control Unit (ECU) yang mengatur besar kecilnya debit aliran yang dihasilkan

PENYUSUNAN,PELAKSANAAN DAN PENGENDALIAN KEGIATAN e-Government e- Musrenbang e- Musrenbang Layanan Informasi Pemerintah Kota Surabaya (LIPS) Layanan Informasi Pemerintah Kota

Pengaruh penerapan metode cooperative learning tipe stad terhadap keterampilan sosial dan kemampuan berfikir kritis peserta didik sd pada mata pelajaran IPS.. Universitas

PENGGUNAAN APLIKASI POWER POINT UNTUK MENINGKATKAN KOSA KATA PADA SISWA TUNARUNGU KELAS 4 SDLB DI SLB ANGKASA SULAIMAN KABUPATEN BANDUNG. Universitas Pendidikan Indonesia |

Eksistensi Bank Umum Syariah di Indonesia, Sumatera Utara dan Tanjung Balai Tahun 2015 No Bank Umum Syariah Indonesia. Sumatera

Adapun permasalahan yang dibahas dalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan perjanjian kredit oleh lembaga perbankan di Indonesia, bagaimana hubungan hukum klausul

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%