• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN FALSAFAH IKET SUNDA : Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN FALSAFAH IKET SUNDA : Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung."

Copied!
35
0
0

Teks penuh

(1)

AJÉN FALSAFAH IKET SUNDA

(Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat Cikondang

Kabupatén Bandung)

SKRIPSI

Diajéngkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

Ujian Sidang Sarjana Pendidikam

Ku:

Dadan Mulyana 0906317

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

(2)

AJÉN FALSAFAH IKET SUNDA

(Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa,

Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat

Cikondang Kabupatén Bandung)

Oleh Dadan Mulyana

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Dadan Mulyana 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

AJÉN FALSAFAH IKET SUNDA

(Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung)1)

Dadan Mulyana 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “AJÉN FALSAFAH IKET SUNDA (Tilikan Semiotik Kana

Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung)”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya pengetahuan manusia dalam hal kebudayaan, terutama nilai falsafah yang terdapat dalam suatu benda hasil cipta, karya, dan karsa manusia seperti iket Sunda. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemekaran iket Sunda, bahan, motif dan warna iket, nilai falsafah iket Sunda, peran dan fungsi iket, serta bentuk iket yang digunakan di Kampung Adat Cikondang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan menggunakan teknik observasi, dokumentasi, dan wawancara. Berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan bahwa iket Sunda di Kampung Adat Cikondang mengandung banyak nilai falsafah untuk kehidupan. Bahan dan motifnya pun bermacam-macam, serta mempunyai nilai-nilai yang tersembunyi dalam simbol-simbol motif batik maupun iket amotif di Baduy. Bentuk iket yang ada di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung ada tiga, yaitu iket Paros Nangka untuk orangtua, iket Barangbang Semplak untuk pemuda, dan iket Kolé Nyangsang untuk anak-anak. Nilai Falsafah yang ada pada iket dimulai dari empat unsur alam yang ada di dalam diri manusia serta konsep Tri Tangtu yang ada di Sunda, serta peran dan fungsi iket mengandung makna yang sangat mendalam untuk kehidupan manusia.

(5)

THE PHILOSOPHY OF SUNDANESE BAND

(The Semiotics Approach at Motives, Appearance, Color, and Function in Cikondang Traditional Village)1)

Dadan Mulyana 2)

ABSTRACT

This research paperentitled THE PHILOSOPHY OF SUNDANESE BAND (The Semiotics Approach at Motives, Appearance, Color, and Function in Cikondang Traditional Village)”. This research is motivated byt he importance of human knowledge in terms of culture, especially the value of philosophy in an object as results copyrights, work, and human intention as iketSunda. This study aimed to describe the efflore scence of iketSunda, materials, its motifs and colors, its value of philosophy, its role and function, and forms used in Cikondang Indigenous Village. The method used in this research is descriptive method using observation, documentation, and interviews. Based on theresults, it can be concluded that iket Sundain Cikondang Indigenous Village contains many value of philosophy to life. Materials and motifs also vary, as well as having the values hidden in batik motif symbols or amotif, motif inBaduy. There are three forms of iket in Cikondang Indigenous Village, namely iket Paros Jackfruitf or parents, iket Barangbang Semplak for youth, and iket Kole Nyangsang for children. The value of philosophy that existed in iket starts from the four natural elements that existin man as well as the concepts that existin the Tri Tangtu Sunda, as well as the role and function of iket contains a very deep meaning for human life.

(6)

DAPTAR EUSI

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

2.2.2 Cabang-Cabang Filsafat ... 11

2.2.3 Ajén Falsafah ... 13

2.3 Budaya ... 17

2.3.1 Wangenan Budaya ... 17

2.3.2 Wujud Budaya ... 18

(7)

2.4.1 Wangenan Folklor ... 21

2.5.3. Konsép Semiotik Charles Sanders Peirce ... 24

2.6 Iket ... 25

2.6.1 Iket Sunda ... 25

2.6.2 Bentuk Iket Sunda ... 25

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data ... 29

3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ... 29

3.1.1.1 Lokasi Geografis ... 29

3.1.2 Kaayaan Sosial Ekonomi Masyarakat di Kampung Cikondang ... 31

3.1.2.1 Demografi ... 31

3.1.2.2 Pakasaban ... 32

3.1.2.3 Pendidikan ... 32

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ... 32

3.1.2.5 Sistem Pamarentahan jeung Kamasarakatan ... 35

3.1.2.6 Sistem Tehnologi ... 38

3.1.2.7 Sajarah Kampung Cikondang ... 38

3.2 Desain Panalungtikan ... 39

3.3 Métode Panalungtikan ... 39

3.4 Wangenan Operasional ... 40

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 40

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 41

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 41

(8)

BAB IV DÉSKRIPSI HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG ANALISIS DATA

4.1 Kamekaran Iket Sunda ... 43

4.2 Ajén Falsafah Dina Motif Jeung Rupa Iket ... 45

4.2.1 Motif Iket ... 45

4.2.2 Rupa Iket ... 55

4.3 Ajén Falsafah tina Wangun Iket Sunda ... 66

4.3.1 Wangun Pasagi ... 67

4.3.2 Wangun Segitilu ... 70

4.4 Ajén Falsafah tina Warna Iket ... 71

4.5 Pungsi Iket Nu Dipaké Ku Urang Sunda ... 72

4.6 Ajén Falsafah Iket Kampung Adat Cikondang ... 79

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 84

5.2 Rékoméndasi ... 85

DAPTAR PUSTAKA ... 87

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 90

(9)

BAB 1

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina kahirupan, manusa teu bisa leupas tina budaya. Budaya nu mangrupa hasil karya diri manusa ngandung ajén-inajén nu jadi sipat atawa kabiasaan hiji

kelompok masarakat. Ciri husus dina kabudayaan bisa katémbong dina kahirupan anu béda-béda, tapi bisa ogé masarakat nganut hiji téma budaya anu husus (Koentjaraningrat, 1990: 263).

Sedengkeun kabudayaan nurutkeun Tylor nu dicutat ku Harsojo (1998: 6), nya éta:

”Kebudayaan adalah salah satu kesatuan yang kompleks, yang di dalamnya

terkandung pengetahuan, kepercayaan, kesenian, moral, hukum, adat istiadat dan berbagai kemampuan lain serta kebiasaan yang didapat oleh manusia sebagai anggota satu masyarakat”.

Nurutkeun Koentjaraningrat (1990: 205) budaya miboga unsur-unsur. Aya tujuh unsur budaya di sakabéh bangsa di dunya (universal). Tujuh unsur kabudayaan universal téh ngawengku (1) sistem religi, (2) organisasi sosial, (3) sistem pengetahuan/filsafat, (4) basa, (5) kasenian, (6) sistem pakasaban, (7) sistem pakakas hirup jeung teknologi. Éta unsur budaya téh mangrupa ciri masarakat nu miboga

budaya.

Loba hal nu bisa dititénan dina tiap kabudayaan, di antarana sora, gerak, kaéndahan, adat, jeung pakéan. Tina éta sakabéh wanda kabudayaan téh, aya hiji hal nu teu kungsi leupas dina unggal prak-prakanana, nya éta pakéan. Saban ritual nu aya patalina jeung kabudayaan, tangtu tara leupas tina pakéan pikeun ngarojong lumangsungna éta acara. Saperti dina pagelaran seni sora, katangkasan, upacara adat, tug dugi ka acara kawinan ogé teu leupas tina pakéan adat.

(10)

keur saukur gagayaan wungkul, ogé lain saukur pamantes. Tapi sabenerna iket miboga falsafah nu némbongkeun jati diri nu makéna.

Pungsi filsafat dina kabudayaan nya éta sarana nu hadé pikeun ngaguar kabeungharan kabudayaan jeung tradisi-tradisi. Anu leuwih hususna ngeunaan filsafat kabudayaan téh ngaguar iket Sunda. Saupama balik deui kana unsur budaya anu tujuh téa, di dieu pakuat-pakaitna jeung filsafat téa.

Iket nu aya di Sunda mangrupa salasahiji warisan kabudayaan Sunda buhun. Teu sagawayah jalma nu maké iket. Iket nu jadi tradisi masarakat Sunda bisa nangtukeun darajat nu makéna. Aya ungkara caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket nu hartina kudu waspada jeung siap siaga (Ensiklopédi Sunda, 2000: 286). Iket miboga ma’na sacara élmu jeung kapercayaan, iket raket patalina jeung unsur kapercayaan katut budaya. Iket ogé biasa disebut totopong nu asal kecapna tina tepung nu hartina panggih. Tepung di dieu mangrupa simbol tina tungtung kaén nu

ditepungkeun ku cara nalikeun tungtung kaén belah katuhu jeung tungtung kaén belah kénca. Éta téh miboga lambang silaturahmi. Objék nu diiketna nya éta sirah (lalaki). Sirah téh miboga ma’na salaku pamingpin nu aya dina awak. Dina jero sirah aya uteuk. Uteuk mangrupa tempat pikiran sarta organ manusa salaku mahluk ciptaan Allah SWT. Uteuk manusa miboga cipta, karsa, jeung rasa (http://botn.or.id/berita-persib/2012/02/totopong-trend-baru-bobotoh/).

Cipta, karsa, jeung rasa nu aya dina uteuk manusa diolah sangkan ngahasilkeun hiji wangun nu cindekna disebut kabudayaan. Jadi budaya teh mangrupa hasil tina pikiran. Bangsa Indonesia, beunghar ku arkeologi pikiran. Sedengkeun arkeologi nurutkeun Sumardjo (2009: 3) nya éta:

“Arkeologi adalah ilmu yang mempelajari benda-benda kuno”.

Eta sakabéh benda kuno (artéfak) mangrupa produk masarakat dina waktu jeung ruang nu tangtu. Ku sabab mangrupa produk masarakat nu tangtu, ku kituna

(11)

Sakumaha nu geus dipedar di luhur, budaya téh mangrupa hasil tina pikiran. Ari pikiran mimiti nu kaluar tina insting manusa, nya éta kumaha carana pikeun mertahankeun sangkan bisa terus hirup. Ekologi alam di Indonesia nangtukeun cara mikir manusa Indonesia pertama (nenek moyang) nya éta sacara tatanén. Bangsa Indonesia hususna manusa Sunda ngamangpaatkeun alam pikeun mertahankeun hirupna. Budaya Sunda béda jeung budaya Éropa nu miboga cara mikir sacara

nomaden, nya éta pundah-pindah tempat. Ku kituna budaya Éropa leuwih kana tiori dominasi, yén saupama hayang hirup, kudu ngéléhkeun batur. Pikeun budaya Éropa, ngan ukur aya hiji, meunang atawa éléh, hirup atawa paéh, teu bisa hirup babarengan. Teu jiga budaya Indonesia, ku sabab manusa Indonesia rata-rata hirup sacara tani, ku kituna hirup lain kudu éléh jeung meunang tapi leuwih kana kahirupan. Hirup téh ngahirupkeun, saperti dina tatanén, ti mimiti melak, miara, jeung ngala hasilna. Hirup kudu produktip, ngahasilkeun kahirupan tina alam lingkungan (Sumardjo, 2009: 13).

Masih nurutkeun Sumardjo (ibid), dina falsafah Sunda aya konsép trias politika Sunda atawa sok disebut tri tangtu bumi. Dina eta konsép loba ajén inajén anu nyampak ngaliwatan simbol-simbol saperti kaén tinun jeung pakakas perang. Kitu ogé iket Sunda nu mangrupa salasahiji hasil kabudayaan urang Sunda miboga simbol-simbol sarta ajén inajén nu nyangkaruk dina éta iket.

Sabenerna iket geus rada leungit saprak datang jaman modérn. Ieu mangrupa pangaruh Barat saperti tiori dominasi téa. Iket dianggap kampungan, sarta kuno. Masarakat Sunda teu loba nu maké iket, ngan ukur tukang nabeuh gamelan, aki-aki, jeung nu masih reueus kana budaya iket. Bah Ilin salaku pupuhu di Kampung Adat Cikondang méré sawangan yén iket di jaman modern éléh ku topi, pét, atawa kopéah. Hususna urang Sunda sorangan leuwih milih maké topi ti batan maké iket. Padahal

mah topi téh budaya bangsa deungeun, geus tangtu iket mah budaya Sunda sorangan. Di saluareun éta, iket Sunda mimiti dipikareueus deui ku masarakatna.

(12)

Masarakat Sunda ngarasa reueus deui kana kabudayaanana sorangan. Hususna dina iket. Masarakat Sunda geus reueus sarta bisa ngaronjatkeun budayana. Loba kénéh masarakat Sunda nu hayang nanjeurkeun budaya Sunda. Komo deui nu ngaronjatkeunana téh para nonoman Sunda. Ku kituna Ki Sunda téh moal keueung teuing, sabab miboga generasi nu bisa ngajaga kana budayana.

Saupama para nonoman Sunda geus ngarasa reueus nalika maké iket. Tapi di

saluareun éta loba kénéh masarakat Sunda nu teu apal naon ajén inajén nu nyampak dina éta iket. Sabenerna loba simbol-simbol nu nyangkaruk dina iket pikeun kahirupan urang Sunda. Saperti simbol dina warna, motif, jeung wanda iket nu nyilokakeun sangkan manusa handap asor, hadé tata hadé basa, hadé gogog hadé tagog ka papada manusa. Saupama ieu téh jadi generasi pikeun nanjeurkeun Ki

Sunda, atuh para nonoman nu mimiti geus reueus nanjeurkeun deui budayana ngaliwatan iket téh lain reueus ku reueusna wungkul. Sajaba ti éta masarakat téh kudu miboga pangaweruh nu luhung ngeunaan ajén inajén nu nyampak dina éta iket. Aya ungkara jauh ka bedug nu hartina bodo lamun hiji jalma teu miboga pangaweruh kana hiji hal. Saupamana aya kareueus kana kabudayaan tapi teu apal kana ajénna. Balukarna nalika maké iket téh ku sabab teu apal ajén falsafahna, nepi ka aya nu salah maké. Masarakat saperti para inohong loba nu maké iket barangbang semplak, atawa para nonoman maké iket paros nangka. Nurutkeun sababaraha tokoh adat, saperti bah Ilin salaku pupuhu Kampung Adat Cikondang, barangbang semplak téh biasa dipaké ku nonoman atawa jawara. Ari para para inohong atanapi sepuh mah leuwih hadé maké iket parékos jéngkol atawa paros nangka.

Panalungtikan ngeunaan pakéan, boh pakéan adat Sunda boh iket Sunda geus aya nu nalungtik, di antarana ngeunaan:

1) Thesis anu judulna “Desain Iket Sunda di Bandung dan Sumedang Periode Tahun 1968-2006” ku Suciati mahasiswa ITB dina taun 2007.

(13)

Apriliyani dina taun 2012.

3) komunitas-komunitas Sunda saperti Pulasara Iket, Komunitas Iket Sunda (KIS), jeung Komunitas Tumaritis, dina taun 2012.

Komunitas nu aya kungsi ngayakeun panalungtikan ka sababaraha kampung adat ngeunaan iket Sunda. Tapi, panalungtikan ngeunaan Ajén Falsafah Iket Sunda Di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung can aya nu nalungtik. Sok sanajan

komunitas-komunitas Sunda kungsi ngayakeun panalungtikan di Kampung Adat Cikondang ogé henteu nepi ka dijieun karya ilmiah.

Ku kituna dina ieu panalungtikan bakal dibahas leuwih jero deui ngeunaan ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung. Nu dipiharep masarakat nyaho kana ajén inajén nu nyampak dina iket. Teu sagawayah deui dina makéna, sabab generasi Ki Sunda nu hadé téh lain ukur ku reueus kana budaya Sundana wungkul, tapi kudu miboga pangaweruh kana budayana. Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan baris dijudulan “Ajén Falsafah

Iket Sunda (Tilikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi Di

Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung).

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang nu ditepikeun di luhur, ieu panalungtikan téh diwatesanan sangkan teu méngpar ti nu geus ditangtukeun. Watesan masalah dina ieu panalungtikan nya éta nalungtik motif, rupa, warna, jeung pungsi iket Sunda sacara umum nu ditungtungan ku medar ajén falsafah iket Sunda di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

1.2.2 Rumusan Masalah

Masalah nu baris dipedar dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina wangun patalékan-patalékan saperti ieu di handap:

(14)

2) Naon baé bahan, motif, jeung warna nu sok dipaké dina iket? 3) Ajén falsafah naon baé nu aya dina iket nu dipaké ku urang Sunda? 4) Kumaha pungsi jeung kalungguhan iket nu dipaké ku urang Sunda?

5) Aya sabaraha rupa iket nu digunakeun di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan ajén falsafah iket Sunda di kampung adat Cikondang Kabupatén Bandung miboga tujuan pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya nu aya di masyarakat. Ieu panalungtikan dina hakékatna miboga tujuan.

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Kamekaran iket Sunda

2) Bahan, motif jeung warna nu sok dipaké dina iket. 3) Ajén falsafah iket Sunda

4) Pungsi jeung kalungguhan iket.

5) Wangun/rupa-rupa iket nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat nu dipiharep dina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat anu sipatna praktis jeung tioritis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Hasil panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh hususna ngeunaan kabeungharan budaya Sunda jeung ajén falsafahna; jeung

1.4.2 Mangpaat Praktis

a. Sangkan mikaweruh ajén falsafah nu aya dina iket Sunda. Sangkan leuwih

reueus deui dina nanjeurkeun budayana.

(15)

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab. Dina Bab I mangrupa pedaran nu ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang masalah nu rék ditalungtik, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan boh sacara tioritis boh praktis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.

Dina Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun tiori-tiori ngeunaan

sistem nilai, tiori filsafat, budaya, folklor, semiotika jeung iket.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun lokasi jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, sarta téhnik panalungtikan nu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data,.

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ajén falsafah iket Sunda (Tolikan Semiotik Kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung).

Bab V mangrupa bagian panutup skripsi nu ngébréhkeun kacindekan jeung rékoméndasi tina hasil panalungtikan.

(16)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data

Lokasi panalungtikan nya éta tempat di mana panalungtikan baris dilaksanakeun. Lokasi anu rek dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta di Kampung Adat Cikondang. Sacara administratif Kampung Adat Cikondang aya di

wilayah Désa Lamajang, Kecamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung.

Nurutkeun Arikunto (2010: 172) ari nu dimaksud sumber data téh nya éta:

Sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data diperoleh. Apabila peneliti menggunakan kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti, baik pertanyaan tertulis maupun lisan”.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, tokoh masarakat, sesepuh, aparat désa.

3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan

3.1.1.1 Lokasi Geografis

(17)

Gambar 3.1

Sanajan asup ka Kacamatan Pangaléngan, tapi ti Kampung Cikondang mah masih rada jauh ka Pangaléngan téh, Cikondang leuwih deukeut ka Kacamatan Cimaung. Jarakna ka pusat pamarentahan Kacamatan Pangaléngan kurang leuwih 11 km. Ka pusat pamarentahan Kabupaten Bandung jauhna kurang leuwih 19,5 km. Ti Kota Bandung ka Kampung Cikondang jauh na kurang leuwih 30,9 km. Kampung Cikondang ka belah kidul ngaliwatan Kacamatan Dayeuhkolot, Kacamatan Pameungpeuk, Kacamatan Banjaran, jeung Kacamatan Cimaung. Jauhna ti jalan Bandung-Pangalengan ngaliwatan Kampung Cibiana ka Kampung Cikondang téh

(18)

sa-kilometer. Saupama naék kandaraan umum, bisa naék angkot jurusan Tegallega-Banjaran turun di terminal Tegallega-Banjaran. Ti terminal Tegallega-Banjaran bisa naék élf Pangaléngan-Tegallega, beus Pangaléngan-Kebon Kalapa, atawa angkot Cikalong-Banjaran. Ti jalan gedé ka Kampung Cikondangna bisa naék ojég.

3.1.2 Kaayaan Sosial Ekonomi Masyarakat di Kampung Cikondang

3.1.2.1 Démografi

Kampung Cikondang aya di wilayah administrasi RT 03, RW 03, Desa Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupaten Bandung. Dumasar kana data taun 2010 jumlah penduduk di RW 3 teh aya 315 jalma. Sedengkeun di RT 03 aya 131 jalma.

Tabél No. 3.1

Jumlah Penduduk Kampung Cikondang RW 03

Désa Lamajang Bulan Januari 2013

No. Jenis Jumlah Katerangan

1 Lalaki 186 -

2 Awéwé 185 -

Jumlah 371 -

Tabél No. 3.2

Jumlah Penduduk Kampung Cikondang RT 03

Désa Lamajang Bulan Januari 2010

No. Jenis Jumlah Katerangan

1 Lalaki 82 -

2 Awéwé 74 -

Jumlah 156 -

(19)

3.1.2.2 Pakasaban

Pakasaban masarakat kampung Cikondang lolobana nya éta jadi patani. Kayaning palawija legana 1007 ha, jagong 112 ha, kedelé 79 ha, bawang beureum 591 ha, bungbuahan 8,25 ha, sayur 57 ha, kopi 72, 62 ha, jeung cengkéh 5 ha. Salian tina tatanén, aya ogé tina ternak kayaning sapi, munding, hayam kampung, éntog, domba, embé, jeung kelinci. Anu ka tilu nya éta tina perikanan nu ngahasilkeun 11,60

ton/taun tina émpang nu legana 2,85 ha.

3.1.2.3 Pendidikan

Pendidikan masarakat Cikondang rupa-rupa. Di sabudeureunana loba sakola-sakola sangkan masarakat teu pati jauh dina nyiar élmuna. Aya sakola-sakola SD, Madrasah Ibtidaiyah, MTS Al-Jihad, jeung SMEA Al-Jihad.

Tabél No. 3.3

Dumasar Tingkat Pendidikanana

No. Jenis Pendidikan Jumlah Katerangan

1 Teu tamat SR/SD 19 Sakola Rakyat

2 Tamat SD 57 -

3 Tamat SMP 31 -

4 Tamat SMA/SMK 41 -

5 Paguron Luhur 8 -

Jumlah 156 -

Sumber: Catetan Ketua RW 03 Kampung Cikondang

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Cikondang ngagem agama Islam. Sajaba ti éta, masarakatna masih

(20)

Pameget jeung Uyut Istri nu dipercaya ku masarakat yén karuhunna salah saurang wali nu nyebarkeun agama Islam, hususna di kampung Cikondang. Dicaritakeun Uyut Pameget jeung Uyut Istri téh leungit tapakna, masarakat percaya yén karuhunna tilem.

Aya sababaraha pantrangan nu aya di masarakat kampung Cikondang. Éta pantrangan téh aya patalina jeung karuhun, di antarana:

1) Ngaléngkahan tumpeng utamana pikeun kagiatan upacara. Kitu ogé konca, susudi, jeung takir;

2) najong dawegan, utamana dawegan pikeun sajén, nu ngalanggar bakal meunang musibah;

3) Masarakat nu ngala daun cau manggala ka leuweung keur kaperluan upacara adat teu meunang misahkeun diri tina rombongan. Saupama dilanggar sok nyasab, sok sanajan geus ngawasa situasi jeung kaayaan di éta leuweung; 4) indit-inditan ka leuweung dina poé Kemis;

5) nangunjar ka belah kidul;

6) Saupama kiih teu meunang nyanghareup ka belah kidul, kudu ka kulon. Saupama ka belah wétan jeung kalér mah kurang hadé;

7) nincak parako; 8) nincak bangbarung;

9) migawé kagiatan dina poé Juma’ah, kajaba poé Saptu pikeun netepkeun poé

H upacara;

10) Dina mangsa kagiatan nutu paré, teu meunang poé Salasa jeung Juma’ah. Nutu paré lulugu kudu ping 13 Muharam, mun ping 13 Muharam ieu poé Salasa, ku kituna kudu dipindahkeun ka poé isukna; hartina mun dina poé

Salasa, kagiatan bakal dipindahkeun ka poé Rebo, kitu ogé mun ninggang

dina poé Juma’ah, kagiatan kudu dilakikeun poé Saptu;

11) imah penduduk teu meunang nyanghareup ka Belah imah adat, kajaba padumukan di peuntaseun jalan désa;

(21)

13) Awéwé nu keur kareseban jeung nu keur nipas teu meunang asup ka imah adat. Saupama aya kaperluan ka bumi adat atawa hayang nanyakeun hiji perkara ka kuncén, disadiakeun balé-balé hareupeun bumi adat;

14) bumi adat teu meunang aya parabotan tina beling jeung barang éléktronik (modérn) saperti radio, listrik, jeung tv;

15) imah adat teu meunang maké kaca jeung teu meunang ditambahan ku bahan

bangunan lianna;

16) Kadaharan nu dijieun pikeun kaperluan upacara teu meunang diasaan heula. Masarakat Cikondang miboga anggapan yén kadaharan nu diasaan heula saacan réngsé upacara sarua jeung nyadiakeun kadaharan nu geus bari; 17) nincak kai atawa suluh dina waktu nyieun tumpeng lulugu;

18) daun cau manggala nu diala ti leuweung karamat teu meunang murag kana taneuh;

19) mulungan kadaharan nu murag tuluy diasupkeun deui kana wadahna; 20) ngomong kasar atawa sompral;

21) meuncit hayam, salian ti hayam kampung;

22) kaping 14 Maséhi sasih naon baé tara dipaké barang gawé; 23) teu meunang ngala suluh di lahan adat;

24) teu meunang aya tatabeuhan nu sipatna gandéng;

25) tamu, saha baé teu meunang saré di bumi adat, kajaba ti kuncén jeung pamajikanna;

26) aya opat amanat ti kabuyutan;

a. Hateup imah teu meunang maké kenténg jeung kudu nyanghareup ka

kulon. Ma’nana nya éta ulah poho kana asal muasal kajadian manusa nu

dijieun tina taneuh jeung tilar dunya ogé bakal jadi taneuh deui;

b. Saupama naék haji kudu jadi mabrur, nya éta haji nu miboga kamampuh

lahir jeung batin;

c. Teu meunang jadi jalma beunghar, sabab mun jadi jalma beunghar bisi teu

(22)

d. Teu meunang jadi pajabat di pamaréntahan, ma’nana nya éta bisi teu bisa jadi pamingpin anu teu bisa ngaping ka masarakatna.

3.1.2.5 Sistem Pamaréntahan jeung Kamasarakatan

a. Sistem Pamaréntahan

Kampung adat Cikondang miboga struktur pamaréntahan jeung adat.

Masarakat kudu taat kana aturan hukum adat ogé taat ka pamaréntahan désa. Struktur pamaréntahan jeung adat di antarana:

1) Kapala Désa (Lurah), tetua adat salaku tokoh; 2) Kapala Dusun (Bapa Olot), tetua adat kampung; 3) P3N (Lebé), sesepuh irigasi solokan;

4) Rukun Warga, tetua adat kampung;

5) Rukun Tetangga, aparat désa panghandapna kaasup tetua adat ogé; 6) Posyandu;

7) Paraji sunat, tetua adat;

8) Paraji lahir, ngurus nu rék ngalahirkeun, tetua adat; 9) Punduh, tetua adat tradisi Imam melak pare jeung panén; 10) Pupuhu Poktan (Kelompok Tani), tokoh tani tetua adat; 11) Kuncén juru kunci karamat Cikondang, tetua adat; 12) Tukang Bas, arsiték imah panggung, tetua adat; 13) Dalang tahlilan, tetua adat;

14) Imam Khotib di tajug, tetua adat; 15) MUI, tokoh ulama Islam;

16) Tukang du’a adat, tetua adat; jeung

17) Tukang ruwatan, tetua adat.

Nepi ka kiwari aya tujuh kuncén nu geus miara imah adat nya éta:

(23)

4) Anom Rukmana, 5) Anom Rumya, 6) Anom Samsa, jeung 7) Anom Juhana.

Aya sawatara sarat pikeun jadi kuncén di ieu bumi adat, nya éta lalaki, turunan ti sesepuh Cikondang (Ma Empuh) anu geus masagi (sawawa) jeung dipilih

dumasar kana wangsit, hartina saupama kuncén tilar dunya, anakna teu bisa langsung jadi kuncén saacan meunang wangsit. Anu jadi kuncén ogé kudu miboga ali wulung hideuung. Éta ali wulung téh kapanggih sorangan ku kuncén nu anyar di sabudeureun bumi adat. Ali wulung bisa disebut mahkota pikeun kuncén. Saupama geus manggih ali wulung, kakara dilantik ku karamat disebutna juru kunci.

Kuncén nu geus kapilih, dina sapopoéna kudu maké pakéan adat Sunda lengkep jeung iket. Baju nu dipaké ku kuncén warnana bodas, nyilokakeun cai nu miboga harti suci tur bersih, jeung calanana warna hideuung nu nyilokakeun bumi hartina kuncén kudu nurut kana aturan adat istiadat, agama, jeung darigama (pamaréntah). Sedengkeun iketna maké rupa iket paros nangka.

Kuncén dianggap sok meunang wangsit, biasana sok nyaho kana sagala hal nu bakal kajadian di Kampung Cikondang. Salasahijina saupama aya nu rék tilar dunya, biasana sok ditandaan ku rungkadna tatangkalan. Saupama rungkadna ka belah wétan, hartina nu tilar dunya téh di belah wétan. Kitu deui saupama nu rungkadna ka belah kulon, hartina nu tilar dunya téh aya ti belah kulon.

b. Kondisi Sosial Budaya

Aya sawatara sistem kamasarakatan nu aya di Kampung Adat Cikondang, di

antarana dina basa, stratifikasi sosial, jeung sistim kawin. 1) Basa

(24)

atawa ka sepuh kudu maké basa Sunda nu lemes, sarta dipaké undak usuk basa Sundana.

2) Sistim Stratifikasi Sosial

Nurutkeun Engku Sumitra salaku sesepuh Cikondang, sistim stratifikasi sosial di masarakat Kampung Adat Cikondang dipasing-pasing dumasar kana katurunan, umur, jeung ékonomi. Dumasar umur, lapisan sosial

dipasing jadi tilu nya éta sesepuh/tetua adat, kaum ngora, jeung budak. Tetua adat nya éta jalma nu dianggap miboga pangaweruh anu luhung, umurna kudu 50 taun ka luhur, jeung biasana masarakat sok loba tunyu-tanya ka tetua adat. Tetua adat bisa jadi panengah anu keur parebut harta warisan, tanah, irigasi tatanén, aya mangsa ogé dipénta keur nguruskeun acara kawinan, lahiran, maot, jeung upacara kaagamaan. Kuncén atawa tetua adat miboga pancén pikeun mingpin upacara sarta méré wejangan sangkan hajat bisa lumangsung kalawan lancar tur salamet. Aya anggapan ti masarakat yén kuncén miboga pangalaman hirup tur sikep nu wijaksana.

Salian ti kuncén jalma nu dianggap penting di masarakat nya éta ustad jeung jalma beunghar. Ustad dianggap jalma nu miboga pangaweruh nu luhung dina widang kaagamaan. Sedengkeun jalma beunghar dianggap jalma nu bisa mantuan jalma nu keur susah sacara materi.

3) Sistim Kawin

Sistim kawin di Kampung Cikondang nganut sistim exogami, nya éta bisa kawin jeung warga luar Cikondang. Tapi kudu nyumponan kana sarat, sirit, jeung sorot. Sarat hartina miboga kamampuh materi atawa boga pagawéan jeung harta, sirit hartina bisa nyumponan napkah batin, sarta sorot

hartina miboga wibawa anu hadé. Éta pasaratan kudu dicumponan hususna pikeun lalaki.

(25)

nurut ka salaki, ngaraksa kahormatan, tur ngajaga rusiah rumah tangga. Hartina boh lalaki boh awéwé kudu nyomponan kawajibanana sewang-séwangan.

3.1.2.6 Sistem Téhnologi

Sistim téhnologi nya éta tata cara hiji masarakat dina maké pakakasna pikeun

kahirupan. Aya sawatara pakakas nu dipaké di Kampung Cikondang, di antarana nya éta pakakas pikeun nyumponan sajumlahing pakasaban masarakatna. Aya pakakas pikeun tatanén, ternak, kitu ogé perikanan.

Salian ti pakakas, aya ogé sandang jeung pangan. Ilaharna, sandang nu dipaké di Kampung Cikondang kiwari tina kaén katun atawa sarua jeung masarakat kota. Iwal ti para sesepuh atawa kuncén nu sok maké pangsi jeung iket. Masarakat yakin yén baheula Uyut Pameget sok maké iket.

3.1.2.7 Sajarah Kampung Cikondang

Nurutkeun Abah Ilin, di ieu lembur téh aya séké (ci liang) nu disabudeureunana loba tangkal gedé, nu ngaranna Kondang. Ku kituna ieu lembur dingaranan Cikondang atawa Kampung Cikondang. Kecap ci asalna tina cai nu miboga harti cai, sedengkeun Kondang nya éta ngaran tatangkalan.

Kampung Cikondang mimiti aya kurang leuwih taun 1800-an. Iéu imah adat téh diadegkeun ku Uyut Pameget jeung Uyut Istri. Bisa dikira-kira yén umur Kampung Cikondang ayeuna kurang leuwih 200 taun. Masarakat yakin yén Uyut Pameget jeung Uyut Istri ngagem agama Islam.

Baheula, Kampung Cikondang mangrupa leuweung. Tapi dina taun 1911

Lurah Lamajang, nu ngaranna Lurah Sepuh Adiwinata (lurah ka-3) ngabukbak ieu leuweung pikeun nyambungkeun walungan Cisangkuy jeung Cikondang. Harita

(26)

Abah Kulisi. Tungtungna walungan Cisangkuy bisa asup ka désa Lamajang, nyaian sérang 225 ha. Pungsi éta walungang téh pikeun sumber cai keur urusan tatanén.

Kampung Cikondang kabagi dua wilayah, nya éta Cikondang jero jeung Cikondang luar. Ieu dibédakeun dina pola arsitéktur imahna. Cikondang jero miboga ciri has dina imah tradisional. Dina taun 1942, kurang leuwih aya genep puluh imah adat. Ku lantaran kahuruan, kiwari ngan ukur aya hiji imah adat. Cikondang luar nya

éta taun 1955 dina mangsa arsitéktur imah ngalaman parobahan. Parobahanana nya éta teu tradisional deui, lantaran aya kawatesanan dina néang bahan-bahan nu aya di leuweung. Ku kituna masarakat nyieun imah sacara modern atawa nu basajan. Ieu parobahan disaluyuan ku kuncén, tapi kudu tetep miara imah adat nu ngan ukur hiji deui.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain nya éta rarancang, sajaba ti éta desain ogé miboga harti pola, bentuk, modél, tujuan jeung maksud (Echols dan Shadily, 1976: 177). Nurutkeun Guba (1984) dina Suharsaputra (2012: 194) desain panalungtikan nya éta rarancang, susunan, jeung strategi investigasi salaku tuntunan atawa arahan pikeun meunangkeun jawaban, atawa nyieun kacindekan.

Dina ieu panalungtikan dimimitian ku ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun tur ngawatesanan masalah, obsérvasi ka lapangan, nyieun instrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, ngolah data, nepi ka ngadéskripsikeun data hasil panalungtikan.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif.

Métode deskriptif nya éta métode anu biasa dipaké pikeun nalungtik jalma atawa hiji objék nu tujuanna ngagambarkeun sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan

(27)

Métode deskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah nu nyampak dina iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan panalungtikan leuwih jéntré, sacara operasional istilah-istilah anu patali jeung panalungtikan nya éta:

1) Ajén Falsafah

Ajén nurutkeun KUBS hartina nya éta pangaji atawa harga. Falsafah nurutkeun KBBI (idem) mibanda harti (1) gagasan; (2) sikap batin yang paling dasar yang dimiliki oleh orang atau masyarakat; (3) pandangan hidup.

2) Iket Sunda

Iket Sunda mangrupa panutup sirah lalaki urang Sunda. Bahanna tina kaén batik atawa polos, bentukna pasagi.

3) Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung

Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung nya éta ngaran tempat anu dijadikeun objék panalungtikan.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta handphone, kaméra foto, pedoman wawancara.

3.5.1 Handphone Rekorder

Handphone gunana pikeun ngarékam proses wawancara ka tokoh masarakat,

sesepuh, atawa aparatur désa ngeunaan iket Sunda.

3.5.2 Kaméra Foto

Kaméra foto gunana pikeun ngadokuméntasikeun gambar nu aya patalina jeung iket Sunda.

3.5.3 Pedoman Wawancara

(28)

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa salasahiji usaha anu dilakukeun kalawan ngagunakeun métode anu tangtu, sangkan udagan anu dipiharep dina hiji panalungtikan bisa kahontal (Nurani, 2003: 39). Téhnik panalungtikan ngawengku kana téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta telaah pustaka, wawancara, observasi, jeung dokuméntasi (Arikunto, 2010: 263). 1) Téhnik Telaah Pustaka

Ieu téhnik gunana pikeun néangan bahan-bahan keur dijadikeun dasar tiori anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik.

2) Téhnik Wawancara

Ieu téhnik gunana pikeun néangan informasi ngaliwatan lisan ku cara méré sababaraha patalékan ka tokoh masarakat atawa sesepuh nu dianggap mikanyaho kana ajén falsafah iket Sunda.

3) Téhnik Obsérvasi

Ieu téhnik gunana pikeun ngumpulkeun data-data jeung informasi nu leuwih akurat ti sumber data ngeunaan ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat

Cikondang Kabupatén Bandung. 4) Téhnik Dokuméntasi

Ieu téhnik gunana pikeun ngarojong inpormasi data. Datana bisa mangrupa gambar atawa hasil foto salaku bukti yén panalungtikan téh bener-bener dilaksanakeun.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

(29)

Léngkah-lengkah pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Obsérvasi ka lapangan ngeunaan iket Sunda nu aya patalina jeung sajarahna, ajén falsafahna, simbol-simbolna, nu diayakeun di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

2) Ngadokuméntasikeun hasil data nu dipibeunang ngeunaan ajén falsafah iket Sunda. 3) Nganalisis ajén falsafah nu aya dina iket Sunda.

(30)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana rumusan masalah nu aya, hasil panalungtikan Ajén Falsafah Iket Sunda (Tilikan Semiotik kana Motif, Rupa, Warna, jeung Pungsi di Kampung

Adat Cikondang Kabupatén Bandung bisa dicindekkeun yén:

1) Nepi ayeuna can aya nu bisa maluruh ti iraha mimiti mekarna iket. Tapi dumasar kana bahanna nu dipakéna sahenteuna urang bisa maluruh ti iraha-irahana ayana iket. Sababaraha naskah Sunda nu aya ogé bisa jadi bahan rujukan mekarna iket. 2) Bahan jeung motif nu sok dipaké dina iket nya éta tina kapas nu dijieun sacara

tinun, jeung tina kaén nu dijieun ngaliwatan prosés batik. Ari dina motifna dipasing-pasing kana sababaraha motif, nya éta amotif nu teu miboga motif atawa polos, motif batik, motif kontemporer, motif idéntitas, motif kolaborasi. Dina motif batik aya struktur sacara visual nya éta pager, modang, waruga jeung juru. 3) Ajén falsafah nu aya dina iket Sunda di Kampung Adat Cikondang di antarana

nyampak dina simbol-simbol bentuk pasagi, segi tilu, jeung rupa iket nu dipakéna. Dina bentuk pasagi aya opat unsur alam nu disebut cai, taneuh, angin jeung seuneu. Éta opat unsur alam téh aya dina diri manusa. Ku kituna sok disebut opat kalima pancer. Dina bentuk segi tilu, aya filosofi Tri Tangtu, nya éta Rasa, Raga jeung Ing Sun atawa Nu Maha Kawasa. Saupama dilarapkeun kana kanagaraan, Tri Tangtu téh nya éta Resi, Ratu Rama.

4) Kalungguhan hiji jalma di jaman harita bisa katitén tina cara maké iketna. Aya salapan pola iket nu nuduhkeun salapan pola kahirupan manusa. Éta salapan pola

kahirupan manusa téh nya éta 1) ngahérang, 2) lumunggang, 3) gumulung, 4) gumeter, 5) usik, 6) ngarupa, 7) kolot, 8) ngora, jeung 9) medal. Iket ogé miboga

(31)

kolot, anu mawi embun-embunanana ditutup sangkan pangaweruhnana dijaga, sabab aya mustika dina mastaka. Dina pola iket nu ka dalapan éta hartina ngora deui, sabab angka dalapan mah teu aya tungtungna. Ku kituna rupa iket nu ka dalapan nya éta udeng saperti hahayaman nu sok dipaké di Bali. Éta iket sok dipaké ku para resi. Anu ka salapan nya éta rupa iket julang ngapak nu sok dipaké ku Ki Léngsér. Angka salapan téh mangrupa angka nu sarua jeung angka genep,

jadi tina angka tujuh téh balik deui kana angka genep, anu mawi sok disebut léngsér. Iket di jaman kiwari mibanda pungsi dasar pikeun nutupan sirah tina panas jeung hujan, ngarapihkeun buuk, jeung nuduhkeun éksprési diri nu makéna 5) Rupa iket nu dipaké di Kampung Adat Cikondang nya éta iket paros nangka,

barangbang semplak, jeung kolé nyangsang. Iket paros nangka dipaké ku kolot atawa sepuh, sabab ieu rupa iketna nutupan embun-embunan. Iket barangbang semplak dipaké ku nonoman, sabab ieu iket luhurna muka nu hartina masih kénéh suwung. Iket kolé nyangsang mah sok dipaké ku murangkalih, sabab pangaweruhna masih kénéh saeutik.

5.2 Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan Ajén Falsafah Iket Sunda di Kampung Adat Cikondang, aya sababaraha rékoméndasi saperti ieu di handap, nya éta:

1) Masarakat Sunda kudu miboga pangaweruh ngeunaan ajén inajén nu nyangkaruk dina iket.

2) Masarakat kudu nanjeurkeun deui budayana sorangan nya éta budaya Sunda. Tradisi maké iket kudu hirup deui di masarakat, dina enas-enasna masarakat ulah

éra maké iket.

3) Dina ieu panalungtikan masih loba kénéh kakuranganana. Éta kakurangan téh

(32)
(33)

DAPTAR PUSTAKA

Buku

Adiwidjaja, RA., dkk. (1976). Kamus Umum Basa Sunda. Lembaga Basa jeung Sastra. Sunda. Bandung: Tarate.

Alwi, Hasan. (2007). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendeketan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Echols, John M. Dan Hasan Sadily. (1977). Kamus Inggris-Indonesia. Jakarta: PT Gramedia.

Ekadjati, S. Edi. (1984). Masyarakat Sunda Dan Kebudayaannya. Jakarta: PT Girimukti Pasaka.

Isnéndés, Rétty. (2009). Téori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Koentjaraningrat. (1999). Manusia Dan Kebudayaan Di Indonesia. Jakarta: Djambatan.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

Rosidi, Ajip. (2005). Babasan jeung Paribasa Kabeungharan Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama Bandung.

Rosidi, Ajip, dkk. (2000). Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia, dan Budaya Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya.

Soelaeman, M. Munandar. (2010). Ilmu Budaya Dasar Suatu Pengantar. Bandung: PT Refika Aditama.

Suharsaputra, Uhar. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan Tindakan. Bandung: PT Refika Aditama.

Sumardjo, Jakob. (2009). Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda, Tafsir-Tafsir Pantun Sunda. Bandung: Kelir.

(34)

Suryalaga, R. Hidayat. (2010). Filsafat Sunda Sekilas Interpretasi Folklor Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.

Wiramihardja, Sutardjo A. (2009). Pengantar Filsafat. Bandung: PT Refika Aditama.

Zoes, Van. (1996). Serba Serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka.

Karya Ilmiah

Destari, Luckyta A. (2010). Ajén Budaya Dina Arsitéktur Imah Adat Kampung Cikondang Désa Lamajang Kacamatan Pangaléngan Kabupatén Bandung. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Harsono, Deasy Hapsari Suciati. (2012). Ajén Falsafah Dina Simbol-Simbol Tradisi Hajat Makam Di Kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikaum Kabupaten Subang – Ulikan Struktural Semiotik. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

(35)

Internet

http://www.indonesiaberprestasi.web.id/pembangunan-bangsa/headline/serba-serbi-tenun-indonesia-bagian-2/

http://www.indonesiaberprestasi.web.id/warisan-budaya-nusantara/serba-serbi-tenun-indonesia-bagian-1/

http://www.vikingpersib.net/index.php?topic=4012.0

http://akanglii.multiply.com/photos/album/4/Cara_Pake_Iket_sunda

http://sosbud.kompasiana.com/2009/12/21/iket-penutup-kepala-khas-pulau-jawa-41092.html

http://bandung.detik.com/read/2010/06/27/094008/1387675/687/disun-kenalkan-iket-kepala-sunda-untuk-kaum-muda

http://primbondonit.blogspot.com/2012/03/cara-pake-iket-sunda-dan-filosofinya.html

http://botn.or.id/berita-persib/2012/02/totopong-trend-baru-bobotoh/

http://www.diciamis.com/mengenal-iket-sunda.php

http://merahmarunluck.blogspot.com/2011/10/iket-sunda.html

Gambar

Gambar 3.1 Sanajan asup ka Kacamatan Pangaléngan, tapi ti Kampung Cikondang mah
gambar atawa hasil foto salaku bukti yén panalungtikan téh bener-bener

Referensi

Dokumen terkait