• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN-INAJÉN SOSIAL BUDAYA DINA KUMPULAN CARPON GURIANG TUJUH JEUNG SURAT KEUR KA SAWARGA KARYA SASTRAWATI SUNDA PATREM: Tilikan Struktural,Semiotik,jeung Sosiologi Sastra.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN-INAJÉN SOSIAL BUDAYA DINA KUMPULAN CARPON GURIANG TUJUH JEUNG SURAT KEUR KA SAWARGA KARYA SASTRAWATI SUNDA PATREM: Tilikan Struktural,Semiotik,jeung Sosiologi Sastra."

Copied!
583
0
0

Teks penuh

(1)

TÉSIS

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Barkatun Nisa Alfia NIM 1202017

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

▸ Baca selengkapnya: carpon sunda tentang babaturan

(2)
(3)

xv

Abstrak (Basa Sunda) ... iii

Abstrak (Basa Indonésia) ... v

Abstract (Basa Inggris) ... vii

Pangjajap ... ix

Tawis Nuhun ... xi

Daptar Eusi ... xv

Daptar Tabél ... xxi

Daptar Bagan ... xxix

Daptar Singgetan ... xxxi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.1 Idéntifikasi Masalah ... 7

1.2 Rumusan Masalah ... 7

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 8

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 8

1.4.1 Mangpaat Teoritis ... 8

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 8

1.5 Struktur Organisasi Tésis ... 9

BAB II CARPON, AJÉN-INAJÉN SOSIAL BUDAYA, STRUKTURAL, SEMIOTIK, SOSIOLOGI SASTRA, JEUNG APRÉSIASI SASTRA ... 11

2.1 Carpon ... 11

2.1.1 Kamekaran Carpon dina Sastra Sunda ... 13

(4)

xvi

2.3 Semiotik ... 36

2.3.1 Wangenan Semiotik ... 36

2.3.2 Kamekaran Semiotik ... 38

2.3.3 Unsur Semiotik ... 40

2.4 Sosiologi Sastra ... 43

2.4.1 Wangenan Sosiologi Sastra ... 44

2.4.2 Téori Sosiologi Sastra ... 46

2.4.3 Fakta Sosial dina Carpon ... 49

2.5 Aprésiasi Sastra ... 55

2.5.1 Wangenan Aprésiasi Sastra ... 55

2.5.2 Aprésiasi Sastra dina Widang Atikan ... 56

2.6 Panalungtikan anu Rélevan ... 57

2.7 Raraga Mikir ... 58

2.8 Anggapan Dasar ... 59

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 61

3.1 Data jeung Sumber Data ... 61

3.2 Desain Panalungtikan ... 64

3.3 Metode jeung Pamarekan Panalungtikan ... 65

3.4 Wangenan Operasional ... 67

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 69

3.5.1 Pedoman Analisis Téks ... 69

3.5.2 Kartu Data ... 70

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 75

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 75

(5)

xvii

4.2 Analisis Data ... 99

4.2.1 “Emang jeung Alo” (GT-01)... 99

4.2.2 “Nu Beunghar” (GT-02) ... 119

4.2.3 “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03) ... 139

4.2.4 “AnginSawah” (GT-04) ... 159

4.2.5 “GuriangTujuh” (GT-05) ... 182

4.2.6 “Harga Hiji Surat” (GT-06) ... 205

4.2.7 “Kanyaah” (GT-07)... 239

4.2.8 “Kiplik-kiplik” (GT-08) ... 264

4.2.9 “Gagak Ngelak di Majingklak” (GT-09) ... 285

4.2.10 “Deudeuh Teuing” (GT-10) ... 308

4.2.11 “Indung” (GT-11) ... 323

4.2.12 “Nyiram” (GT-12) ... 332

4.2.13 “Korsi Hoé” (GT-13) ... 344

4.2.14 “Milangkala” (GT-14)... 353

4.2.15 “Gurat-gurat Dampal Leungeun” (GT-15) ... 364

4.2.16 “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” (GT-16) ... 380

4.2.17 “Ngobor” (GT-17) ... 394

4.2.18 “Mama Haji” (GT-18) ... 406

4.2.19 “Tatangga” (GT-19) ... 418

4.2.20 “Aki Sasmita” (SKKS-01) ... 430

4.2.21 “Surat Keur Ka Sawarga” (SKKS-02) ... 444

4.2.22 “Dongéng Sakotrét” (SKKS-03) ... 456

4.2.23 “Mulang” (SKKS-04) ... 472

4.2.24 “Wasiat Ti Pa Mantri” (SKKS-05) ... 483

4.2.25 “Handapeun Langit Hideung” (SKKS-06) ... 492

(6)

xviii

4.3 Hasil Analisis ... 578

4.3.1 Struktur Carita ... 578

4.3.2 Unsur Semiotik ... 585

4.3.3 Ajén Sosial Budaya ... 590

BAB V MODÉL KAGIATAN APRÉSIASI CARPON DI PANGLAWUNGAN 13 ... 597

5.1 Aprésiasi Carpon ... 597

5.2 Rarancang Kagiatan ... 598

5.2.1 Ngaran Kagiatan ... 598

5.2.2 Pamilon Kagiatan ... 598

5.2.3 Tujuan Kagiatan ... 598

5.2.4 Tempat jeung Waktu ... 598

5.3 Modél Aprésiasi Carpon ... 599

5.3.1 Bubuka ... 599

5.3.2 Sawala Struktur Carpon ... 610

5.3.3 Panutup ... 611

BAB VI KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 613

6.1 Kacindekan ... 613

6.1.1 Struktur ... 613

6.1.2 Semiotik ... 614

6.1.3 Ajén-inajén Sosial Budaya ... 614

6.1.4 Aprésiasi Sastra ... 615

6.2 Saran ... 615

(7)

xix

(8)
(9)

iii

Barkatun Nisa Alfia NIM 1202017

ABSTRAK

Dina sastra Sunda modéren, aya dua kumpulan carpon anu ditulis ku para wanoja pangarang Sastrawati Sunda Patrem, nya éta Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua kumpulan carpon jadi sumber utama panalungtikan. Kalawan ngagunakeun métode déskriptif analisis, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun struktur carpon, unsur-unsur semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk di jerona. Lantaran kitu, téhik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun datana nya éta studi dokuméntasi. Data anu geus kapanggih, tuluy diolah ngagunakeun téhnik struktural, semiotik, jeung sosiologi sastra. Dumasar kana panalungtikan anu geus dilakukeun, téma anu digunakeun ku Sastrawati Sunda Patrem leuwih loba ngagunakeun téma kamanusaan jeung kaadilan sosial. Galur campuran jeung galur maju/mérélé mangrupa pola galur carita anu paling loba digunakeun ku Sastrawati Sunda Patrem dina mekarkeun eusi jeung konflik carita. Dina carpon-carpon karya Sastrawati Sunda Patrem, leuwih loba ngagunakeun wanoja salaku palaku utamana. Kompléksitas kahirupan, pamikiran, résiko kaputusan, jeung pasualan-pasualan lianna dirojong ku watek-watek anu variatif dina diri hiji wanoja anu kalungguhanna lain saukur salaku pamajikan atawa indung, tapi ogé salaku bagian ti masarakat. Ieu hal dirojong ku digunakeunna latar tempat di lingkungan sabudeureun imah. Kahirupan masarakat menengah ka handap ngadominasi latar sosial masarakat dina carpon-carpon karya Sastrawati Sunda Patrem, boh di kota, boh di désa. Tina tilu unsur semiotik anu kapanggih dina ieu panalungtikan, unsur indéks leuwih loba dipaké ku pangarang tibatan unsur ikon jeung simbol. Ajén-inajén sosial budaya anu kapanggih dina ieu panalungtikan nya éta ajén bebeneran, kaéndahan, moral, jeung kaagamaan. Sedengkeun ajén budaya anu kanggih nya éta ajén téori, ékonomi, agama, seni, kawasa, jeung solidaritas. Ngaliwatan ieu panalungtikan, pamadegan anu nétélakeun yén karya sastra mangrupa eunteung kahirupan sosial masarakat, kabuktian benerna. Salian ti éta, ieu panalungtikan ogé ngabuktikeun yén karya sastra anu ditulis ku para wanoja, teu saukur miboga ajén-inajén féminis anu ngutamakeun gender salaku asas pamikiranna, tapi ogé miboga ajén-inajén sosial budaya anu bisa diaprésiasi di dunya atikan, bari lain saukur di lembaga-lembaga atikan formal, tapi ogé dina hiji komunitas nulis saperti di Panglawungan 13.

Kata kunci: ajén-inajén sosial budaya, struktural, semiotik, sosiologi sastra, Guriang Tujuh, Surat keur ka Sawarga

__________________________________________________________________ 1) Ieu tésis diaping ku Dr. Ruhaliah, M.Hum kalih Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

(10)
(11)

v NIM 1202017

ABSTRAK

Dalam sastra Sunda modern, ada dua kumpulan cerpen yang ditulis oleh para wanita pengarang yang tergabung dalam Sastrawati Sunda Patrem, yaitu Guriang Tujuh dan Surat keur ka Sawarga. Dua kumpulan cerpen ini menjadi sumber utama penelitian. Dengan menggunakan metode deskriptif analisis, penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan struktur cerpen, unsur-unsur semiotik, dan nilai-nilai sosial budaya yang terkandung di dalamnya. Oleh karena itu, teknik yang digunakan untuk mengumpulkan datanya yaitu studi dokuméntasi. Data yang sudah diperoleh kemudian diolah dengan menggunakan teknik struktural, semiotik, dan sosiologi sastra. Berdasarkan penelitian yang telah dilakukan, tema yang digunakan oleh sastrawati Sunda Patrem lebih banyak menggunakan tema kemanusiaan dan keadilan sosial. Alur campuran dan alur maju merupakan pola alur cerita yang paling banyak digunakan oleh sastrawati Sunda Patrem dalam mengembangkan isi dan konflik cerita. Dalam cerpen-cerpen karya sastrawati Sunda Patrem, lebih banyak menggunakan wanita sebagai tokoh utamanya. Kompleksitas kehidupan, pemikiran, resiko keputusan, dan masalah-masalah lainnya dikemas dengan dukungan watak-watak yang variatif dalam diri seorang wanita yang kedudukannya bukan hanya sebagai istri atau ibu, tapi juga sebagai bagian dari masyarakat. Hal ini didukung oleh digunakannya latar tempat di lingkungan rumah dan sekitarnya. Kehidupan masyarakat menengah ke bawah mendominasi latar sosial masarakat dalam cerpen-cerpen karya sastrawati Sunda Patrem, baik itu di kota ataupun di desa. Dari tiga unsur semiotik yang ditemukan dalam penelitian ini, unsur indeks lebih banyak digunakan pengarang dibandingkan dengan unsur ikon dan simbol. Nilai sosial yang ditemukan dalam penelitian ini adalah nilai kebenaran, keindahan, moral, dan keagamaan. Sedangkan nilai budaya yang ditemukan dalam penelitian ini adalah nilai teori, ekonomi, agama, seni, kuasa, dan solidaritas. Melalui penelitian ini, pendapat yang menyatakan bahwa karya sastra merupakan cerminan kehidupan sosial masyarakat, terbukti benar. Selain itu, penelitian ini juga membuktikan bahwa karya sastra yang ditulis oleh para wanita tidak hanya mempunyai nilai-nilai feminis yang mengutamakan gender sebagai asas pemikirannya, tapi juga mengandung nilai-nilai sosial budaya yang bisa diapresiasi di dunia pendidikan, yang tidak hanya di lembaga-lembaga formal, tapi juga dalam sebuah komunitas menulis saperti di Panglawungan 13.

Kata kunci: nilai-nilai sosial budaya, struktural, semiotik, sosiologi sastra, Guriang Tujuh, Surat keur ka Sawarga

__________________________________________________________________

1) Tesis dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M.Hum dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

(12)
(13)

vii NIM 1202017

ABSTRACT

In modern Sundanese literature, there are two short story books collection written by sundanese Patrem women poet Guriang Tujuh and Surat Keur Ka Sawarga. The two short story books are used as the main resource of this story. By using an analytical descriptive method, this study is aimed at describing the short story structure, semiotic elements, and socio-cultural values that exist in that story. This study is based on sociological-literature study using analytical descriptive method in attempt to describe the data gained before interpreting the data. Documentation study is used as the technique to collect the data. Then, the data gained is analyzed using structureal, semiotic, and sociological-literature technique. The data were obtained from the two short story book collection entitled “Guriang Tujuh” and “Surat Keur Ka Sawarga” written by Sundanese Patrem Women Poet. Based on the result of the study, the theme that used by the Sudanese Patrem women poet are mostly about humanity and social justice. The Sundanese Patrem women poet almost use a mix plot and advanced plot to develop the content of the story and its conflict raised. In the short stories, women are mostly used as the main character. The life complexity, decision risk, and other problems are wrapped by a variety of women’s characters whether they play role as a wife or as a mother even as a part of society. This issue is supported by the setting taken around their house and their environment. The social setting mostly exposes the description of middle- low society who live in the city or in the rural area or country side. From the three semiotic elements (index, icon, and symbol), this study found that index element is mostly used in the story than icon and symbol element. The social value noticed in this study is mostly about the truth, aesthetic, moral, and religion. Besides, cultural values found in this study is related with theoretical value, economical value, religion value, art value, power value, and solidarity. Through this study, the opinions which state that the literature written by women is not merely contains feminist values that place gender as their foundation of their idea but also consists of socio-cultural value that deserve to be appreciated and become a good reference in the process of applying socio-cultural values. This study does not only investigate the issues raised above but also contain the socio-cultural values that can be appreciated in educational setting such as formal institutes but also in writing community like Panglawungan 13.

Key words: socio-cultural values, structural, semiotic and sociological-literature, Guriang Tujuh and Surat Keur Ka Sawarga.

__________________________________________________________________ 1) Supervised by Dr. Ruhaliah, M.Hum and Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

(14)
(15)

1

Kaayaan sosial masarakat Sunda mangrupa puseur inspirasi anu nyata pikeun pangarang dina prosés nyipta hiji karya. Dina téori anu ditétélakeun ku Gramsci ngeunaan téori hégémoni, seni jeung sastra bisa digunakeun salaku alat pikeun ngalakukeun hégémoni ku cara ngadominasi budaya jeung idéologi masarakat.

Karya sastra mangrupa salah sahiji eunteung ajén-inajén budaya anu teu leupas tina sosial budaya sarta kahirupan masarakat anu digambarkeunna. Sastra nembrakkeun gambaran kahirupan anu lolobana diwangun dumasar kana kanyataan sosial. Dina ieu hal, kahirupan ngawengku hubungan antarmasarakat, antarmanusa, antarkajadian anu lumangsung dina batin hiji jalma (tokoh). Ku kituna, kritéria/palanggeran utama pikeun nétélakeun yén karya sastra mangrupa

gambaran dunya jeung kahirupan manusa nya éta konsép “bebeneran” ngeunaan

gambaranna atawa anu rék digambarkeunna.

Sastra salaku eunteung kahirupan masarakat, disusud ku cara maluruh fungsi sosial sastra sarta patalina jeung ajén-inajén sosial masarakat. Salah sahiji cara anu bisa digunakeun pikeun maluruhna nya éta ngagunakeun téhnik interprétasi karya kana wangun simbol-simbol sacara semiotik.

Sifat sastra anu éndah jeung miboga mangpaat jadi salah sahiji alat pikeun méré gambaran nyata dina dunya fiksi atawa rékaan. Basa éndah anu diréka ku pangarang mangrupa média pikeun nepikeun ideu sarta pikiran pangarang anu ngainterprétasikeun situasi nyata kana wangun fiksi.

(16)

kana karyana sorangan, pamarekan éksprésif anu nyoko ka nu nulis éta karya, pragmatik anu nyoko ka nu maca jeung pamarekan mimétik anu matalikeun karya sastra jeung kaayaan sabudeureunana. Pikeun maluruh karya sastra anu miboga hubungan jeung alam ogé kahirupan sabudeureun éta karya, dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan mimétik.

Pamarekan mimétik dumasar kana asumsi yén kahirupan dina karya sastra bisa miboga istem sosial anu bisa disaruakeun jeung sistem sosial masarakat. Sastra bisa disawang salaku gejala sosial. Sastra anu ditulis dina waktu anu tangtu patali jeung norma-norma sarta adat kabiasaan dina éta jaman.

Karya sastra mangrupa dunya fiksi anu nyoko kana kanyataan. Sacara praktis euweuh karya sastra anu sacara gembleng nyoko kana kanyataan, tapi euweuh ogé anu gembleng fiksi. Saperti halna carpon anu bisa ngawakilan kanyataan kahirupan anu teu gembleng, éta hal nyamuni dina diksi katut galur, ogé téma carita anu nembrak atawa nyamuni.

Nilik kana sajarah kamekaran carita pondok di tatar Sunda, carpon mangrupa karya sastra wangun prosa anu konvénsional. Salian ti mangrupa gambaran fakta di masarakat, carita pondok ogé bisa ngagambarkeun ajén-inajén sosial-budaya di masarakatna. Dina ieu hal masarakat anu dimaksud nya éta masarakat Sunda. Kahirupan sosial masarakat Sunda anu dinamis sarta luyu jeung kamekaran jaman, jadi gambaran mekarna aspék sosial-budaya. Sanajan kitu, dina enas-enasna prinsip-prinsip kasundaan teu leungit kitu waé. Éta hal digambarkeun dina carpon-carpon anu dipublikasikeun dina média citak.

(17)

ieu panalungtikan nyawang kahirupan jalma/manusa salaku faktor anu nangtukeun parobahan dina karya sastra. Ulikanna bisa katitén sacara individu (subjék) atawa kelompok/masarakat.

Objéktivitas ma’na lain saukur milik pangarang, tapi upama éta karya geus dibaca ku masarakat, prosés nyangking harti tina éta karya sagemblengna mangrupa kakawasaan nu maca. Individu-individu anu aya dina hiji kelompok masarakat anu miboga integrasi dina hiji struktur. Prosés interprétasi dina ieu pamarekan dilakukeun ku cara ningali parobahan masarakat sacara struktur.

Struktur sosial dina hirup kumbuh sapopoé bisa mangaruhan prosés kréatif pangarang dina nulis karyana. Ku kituna, diperlukeun interprétasi ékstra pikeun maham hiji karya sastra. Interprétasi mindeng pisan datang tina pamikiran subjék/panalungtik. Lantaran kitu, ampir sakur harti karya sastra dihasilkeun tina runtuyan subjék-subjék anu dimodifikasi.

Prosés modifikasi ma’na tina situasi sosial mangrupa prosés interprétasi

kasus atawa pasualan-pasualan konkrit di masarakat. Éta pasualan-pasualan nyata disawang tina jihat sastra jeung élmu-élmu anu aya patalina jeung sastra.

Salian ti kasus-kasus sosial anu nembrak dina karya sastra wangun carpon, situasi jeung ajén-inajén budaya ogé teu bisa leupas tina éta karya sastra. Kaayaan budaya sarta ajén-inajénna mangrupa bagian tina fakta–fakta anu aya di masarakat sarta bisa dipaluruh tina karya sastra kalawan ngagunakeun pamarekan mimétik.

(18)

integrasi dina élmu budaya disebut salaku téma séntral tina budaya. Upama téma séntralna geus kapanggih, prosés maluruh gejala budaya sacara gembleng atawa mangrupa babagianna bakal leuwih gampang.

Patalina situasi sarta ajén-inajén sosial jeung budaya kana prosés interprétasi carita pondok bisa ditilik tina ayana katégori ajén anu ngawengku sakur aspék kahirupan. Ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina carita pondok perlu dipaluruh pikeun meunangkeun konsép téoritis ngeunaan hubungan langsung jeung teu langsung antara kahirupan nyata jeung kahirupan fiksi anu disusun ku pangarang.

Salian sacara téoritis, kalawan nyoko kana kapraktisan élmu pangaweruh, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré kontribusi pikeun dunya atikan, basa, sastra jeung budaya Sunda sacara umum. Sistem atikan anu dipaké pikeun prosés pangajaran, raragana geus nyampak dina wengkuan kurikulum. Tapi pikeun kapentingan ogé konsép atikan anu leuwih lega, atikan ngawengku atikan moral, norma, jeung tata kalakuan atawa cara hirup di masarakat salaku makhluk sosial. Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan pikeun kagiatan aprésiasi carpon di masarakat. Kagiatan aprésiasi carpon teu saukur lumangsung di sakola, tapi ogé di komunitas-komunitas widang tinulis, utamana nulis karya sastra wangun carpon. Salah sahiji komunitasna nya éta Panglawungan 13, komunitas nulis carpon asuhan Aam Amilia.

(19)

Pikeun ranah sastra, tangtuna waé mangrupa udagan inti dina ieu panalungtikan lantaran objék kajianna carita pondok salaku salah sahiji karya sastra modéren wangun prosa. Lantaran kitu, ieu panalungtikan bisa dijadikeun salah sahiji panglengkep ulikan sastra.

Pangarang parigel ngainterpétasikeun kahirupan sosial budaya di dunya nyata kana wangun fiksi, lantaran alam jeung lingkungan sabudeureun mangrupa salah sahiji sumber inspirasi anu paling mangaruhan kana prosés gumelarna hiji karya. Loba pangarang–pangarang Sunda anu ngagunakeun téknik konkrit pikeun méré pangalaman nyata ka nu maca. Prosés kréatifna teu saukur aya dina wengkuan pangarang sacara umum, boh pangarang wanoja boh pangarang lalaki.

Pangarang wanoja miboga cara anu has dina nyusun runtuyan carita pikeun nyieun visualisasi kahirupan nyata dina carpon. Puseur sawangan anu dipakéna salian ti sawangan féminis salaku pangarang wanoja, ogé miboga kalungguhan salaku wanoja pangarang anu prosés kréatifna teu leupas tina hal-hal sosial jeung budaya. Kritik-kritik para wanoja pangarang teu leupas tina kaayaan alam tempat hirup kumbuh masarakat Sunda.

Para pangarang wanoja (salaku wanoja pangarang) anu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta pangarang-pangarang anu ngahiji dina beungkeutan

Paguyuban Sastrawati Sunda “Patrem”. Patrem nya éta ngaran paguyuban sastrawati Sunda anu resmi ngadeg dina ping 18 Nopémber 1982 ku Tini Kartini. Ieu paguyuban geus medalkeun dua buku antologi carpon, nya éta Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga.

(20)

dilaksanakeun dina wangun skripsi ku Anggi Remainatatit taun 2002, kalawan jejer Visi jeung Misi Tokoh Wanoja Sunda dina Antologi Carita Pondok Guriang Tujuh karangan Sastrawati Sunda Patrem (Analisis Struktural-Semiotik). Remainatatit nalungtik genep carpon sarta museurkeun panalungtikanna kana palaku-palaku wanoja dina éta genep carpon.

Taun 2006, Yessi Hermawati ogé nalungtik buku Surat keur ka Sawarga, kalawan jejer Ulikan Semiotik kana kumpulan carpon Surat keur ka Sawarga karangan Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem. Ulikan semiotik Hermawati ngan disebutkeun saliwat-saliwat, tina sajudul carita pondok aya anu ngan hiji atawa dua unsur semiotik.

Panalungtikan kana ajén sosial dina carpon kungsi ditalungtik ku Caca Danuwijaya dina wangun tésis taun 2012, kalawan jejer panalungtikan Ajén-inajén Sosial Politik Mangsa Réformasi Masarakat Sunda dina Carita Pondok Majalah Manglé jeung Cupumanik. Danuwijaya miboga fokus kajian kana ajén sosial politik dina carita pondok, hususna carpon-carpon anu medal dina mangsa réformasi.

Bédana jeung panalungtikan-panalungtikan saméméhna, dina ieu panalungtikan fokus kajianna leuwih museur kana ajén–inajén sosial budaya minangka hasil tina prosés interprétasi karya sastra wangun carpon. Lian ti éta, dina buku Guriang Tujuh aya 19 judul carpon anu ditalungtik, béda jeung panalungtikan Remainatatit anu ngan genep carpon. Ulikan semiotikna ogé dipedar leuwih gemet tina panalungtikan Hermawati.

(21)

miboga kalungguhan anu penting pikeun dijadikeun ulikan panalungtikan. Struktur, ma’na (semiotik), jeung ajén-inajén anu nyangkaruk dina carpon perlu ditalungtik pikeun kamekaran paélmuan. Struktur carpon ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita. Semiotik dina karya sastra carpon ngawengku tilu unsur, nya éta ikon, indéks, jeung simbol. Ajén-inajén anu aya dina carpon, diantarana aya ajén sosial budaya. Ajén sosial ngawengku tilu aspék, nya éta ajén matérial, ajén vital, jeung ajén karohanian. Ajén budaya ngawengku ajén téori, ajén ékonomi, ajén agama, ajén seni, ajén kawasa, jeung ajén solidaritas.

Nilik kana éta hal, fokus ulikan dina ieu panalungtikan maluruh struktur carpon dumasar kana aspék téma jeung fakta carita, anu ngawengku galur, palaku, jeung latar. Tilu unsur semiotik ikon, indéks, jeung simbol dipaluruh dina ieu panalungtikan. Ajén sosial anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta aspék ajén karohanian wungkul, anu ngawengku ajén bebeneran, ajén kaéndahan, ajén moral, jeung ajén kaagamaan. Genep ajén budaya anu ngawengku ajén téori, ajén ékonomi, ajén agama, ajén seni, ajén kawasa, jeung ajén solidaritas dina carpon, kabéh dipaluruh dina ieu panalungtikan.

1.3Rumusan Masalah

Dumasar idéntifikasi masalah di luhur, rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) kumaha struktur carita dina kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem?

2) unsur semiotik naon waé anu aya dina kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem?

3) ajén sosial budaya naon waé anu aya dina kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem?

(22)

ngadéskripsikeun:

1) struktur carita dina kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem.

2) unsur semiotik anu aya dina kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem.

3) ajén sosial budaya anu aya dina kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem.

4) modél kagiatan aprésiasi carpon di Panglawungan 13.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Dina hiji panalungtikan sastra, dipiharep ayana mangpaat boh sacara téoritis boh sacara praktis pikeun kapentingan akademik sarta kapentingan umum lianna anu patali jeung widang élmu sastra Sunda. Kitu deui dina ieu panalungtikan, mangpaat anu bisa kacangking nya éta saperti ieu di handap. 1.5.1 Mangpaat Teoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré pangaweruh ngeunaan ajén-inajén sosial budaya masarakat Sunda anu nyangkaruk dina kumpulan carpon karya pangarang wanoja Sunda Patrem. Lian ti éta dipiharep bisa méré gambaran pola kahirupan masarakat Sunda dumasar ajén sosial-budaya.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat anu sipatna téoritis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis, nya éta saperti ieu di handap.

1) Pikeun Panalungtik

(23)

satuluyna anu tangtuna leuwih lengkep sarta leuwih jembar.

3) Pikeun Aprésiator di Dunya Atikan

Pikeun aprésiator karya sastra di dunya atikan anu lega di saluareun lembaga atikan formal, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré pangalaman ékprési sastra ngaliwatan prosés aprésiasi.

1.6Struktur Organisasi Tésis

Ieu panalungtikan disusun kana lima bab kalawan ngagunakeun struktur organisasi saperti ieu di handap:

Bab I : Bubuka

Dina ieu bab diébréhkeun kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, jeung struktur organisasi tésis.

Bab II : Ulikan Téori, Anggapan Dasar, jeung Raraga Mikir

Dina ieu bab diébréhkeun sawatara hal anu jadi tatapakan panalungtikan:

1) Ulikan Téori

Téori dasar jeung konsép poko anu dijadikeun tatapakan téori pikeun ngolah jeung nganalisis carita pondok salaku objék panalungtikan diébréhkeun ogé téori struktural-semiotik jeung sosiologi sastra.

2) Raraga mikir dumasar konsép panalungtikan sacara gembleng 3) Anggapan dasar dina ieu panalungtikan ditétélakeun dumasar kana

(24)

panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, nangtukeun data, instrumén panalungtikan, desain panalungtikan, jeung analisis data.

Bab IV : Analisis Struktural-semiotik jeung Ajén-inajén Sosial Budaya dina Carpon

Dina ieu bab diébréhkeun analisis data jeung pedaran data sarta hubungan-hubungan téori di bab 2 jeung hasil panalungtikan.

Bab V : Modél Kagiatan Aprésiasi Carpon di Panglawungan 13

Dina ieu bab dipedar modél kagiatan sawala di komunitas nulis carpon Panglawungan 13, minangka implementasi hasil panalungtikan pikeun dunya atikan nonformal.

Bab VI : Kacindekan jeung Saran

(25)

61

Kalungguhan sumber data dina panalungtikan nya éta salaku subyék anu nangtukeun ayana data (Arikunto, 2006, kc. 129). Data dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan ajén-inajén sosial budaya, hasil interprétasi tanda (semiotik) tina struktur jeung data situasi sosial dina carita pondok karya sastrawati Sunda Patrem.

Sumber data mangrupa hal anu penting dina panalungtikan kualitatif. Dina ieu panalungtikan digunakeun dua sumber data, nya éta kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga karya sastrawati Sunda Patrem. Ieu sumber data dipilih dumasar kana data hasil panalungtikan-panalungtikan saméméhna anu nalungtik ngeunaan visi jeung misi wanoja Sunda dina kumpulan carpon karya sastrawati Sunda Patrem. Panalungtikan séjén anu nalungtik karya sastra karya sastrawati leuwih loba nalungtik unsur féminis lantaran ditulis ku wanoja pangarang. Padahal dina enas-enasna, wanoja pangarang jeung palaku-palaku wanoja dina karya sastra mangrupa objék anu hirup di kelompok sosial masarakat, boh sacara nyata (pangarang) boh sacara fiktif (palaku).

Dumasar éta hal muncul pamadegan yén dina karya-karya sastra anu ditulis ku wanoja pangarang teu saukur ngandung ajén féminis, tapi ogé miboga ajén-inajén sosial budaya anu ditepikeun sacara langsung jeung teu langsung ku pangarang. Ieu di handap mangrupa sumber data tina karya-karya wanoja pangarang.

Tabél 3.1

Sumber Data Kumpulan Carpon Guriang Tujuh

No. Kode Jejer Pangarang

(1) (2) (3) (4)

1. GT-01 “Emang jeung Alo” Tini Kartini

2. GT-02 “Nu Beunghar” Ningrum Djulaeha

(26)

No. Kode Jejer Pangarang

(1) (2) (3) (4)

4. GT-04 “Angin Sawah” Mumun Munayah

5. GT-05 “Guriang Tujuh” Tetty Suharti 6. GT-06 “Harga Hiji Surat” Tika Gartika

7. GT-07 “Kanyaah” Neneng Daningsih

8. GT-08 “Kiplik-kiplik” Yati Maryati Wiharja 9. GT-09 “Gagak Ngelak di Majingklak” Hanna Rohana Suwanda 10. GT-10 “Deudeuh teuing” Suci De Wiharja

11. GT-11 “Indung” Aam Amilia

12. GT-12 “Nyiram” Sukaesih Sastrini

13. GT-13 “Korsi Hoé” Sum Darsono

14. GT-14 “Milangkala” Cucu Siti Nurjanah 15. GT-15 “Gurat-gurat Dampal Leungeun” Yooke Tjuparmah 16. GT-16 “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” Tety S. Nataprawira

17. GT-17 “Ngobor” Holisoh M.E.

18. GT-18 “Mama Haji” Cicih Kurniasih

19. GT-19 “Tatangga” Tetti Hodijah

Tina tabél 3.1 di luhur, katitén aya 19 carpon anu jadi sunber data kahiji dina ieu panalungtikan. Salian ti éta, sumber data anu kadua nya éta buku kumpulan carpon Surat keur ka Sawarga, eusina aya sabelas carpon saperti anu bisa katitén dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.2

Sumber Data Kumpulan Carpon Surat keur ka Sawarga

No. Kode Jejer Pangarang

(1) (2) (3) (4)

1. SKKS-01 “Aki Sasmita” Aam Amilia 2. SKKS-02 “Surat Keur Ka Sawarga” Ami Raksanagara 3. SKKS-03 “Dongéng Sakotrét” Dyah Padmini

4. SKKS-04 “Mulang” Étti R.S.

5. SKKS-05 “Wasiat Ti Pa Mantri” Holisoh M.É. 6. SKKS-06 “Handapeun Langit Hideung” Nanéng Daningsih

7. SKKS-07 “Hama” Risnawati

(27)

No. Kode Jejer Pangarang

(1) (2) (3) (4)

10. SKKS-10 “Bulan Mabra di Madinah” Tétty Suharti

11. SKKS-11 “Nunun” Yooke Tjuparmah S.

Komarudin

Dumasar kana dua tabél di luhur, katitén yén sumber data dina ieu panalungtikan, aya tilu puluh carpon anu ditulis ku 22 urang Sastrawati Sunda Patrem. Luyu jeung tujuan ieu panalungtikan, sakabéh sumber data anu aya dianalisis dumasr kana métode jeung téhnik panalungtikan.

Ditilik tina pangarangna, aya pangarang anu nulis dina buku kahiji, teu nilis dina buku kadua, aya anu nulis dina buku kadua tapi teu nulis dina buku kahiji, aya ogé pangarang anu nulis dina dua buku. Aya dalapan urang pangarang anu nulis dina dua buku, nya éta Aam Amilia, Ami Raksanagara, Holisoh M.É., Nanéng Daningsih, Sum Darsono, Tétti Hodijah, Tétty Suharti, jeung Yooke Tjuparmah S. Komarudin.

Pangarang anu ngan nulis dina buku Guriang Tujuh aya sabelas urang, nya éta Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, Mumun Munayah, Tika Gartika, Yati Maryati Wiharja, Hanna Rohana Suwanda, Suci De Wiharja, Sukaesih Sastrini, Cucu Siti Nurjanah, Tety S. Nataprawira, jeung Cicih Kurniasih. Salian ti éta, aya tilu urang pangarang anyar anu ngan nulis dina buku Surat keur ka Sawarga, nya éta Dyah Padmini, Étti R.S., jeung Risnawati.

(28)

3.2Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan digambarkeun saperti anu bisa katitén dina bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Data Sosial

Ajén Sosial Budaya Ikon

Indéks

Simbol

Ajén Budaya Nangtukeun Masalah

Nangtukeun Téori jeung Métode Panalungtikan

Struktural

Ajén Sosial

Nangtukeun Objék Panalungtikan

Kumpulan Carpon: 1. Guriang Tujuh

2. Surat keur ka

Sawarga

Semiotik Sosiologi Sastra

Téma

Palaku

Galur

Latar

Ngadéskripsikeun, Nganalisis, jeung Napsirkeun

Nyindekkeun

Ngalarapkeun Hasil Panalungtikan kana Widang Atikan

(29)

Dumasar kana desain panalungtikan di luhur, léngkah mimiti anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan, nangtukeun téori jeung métode panalungtikan. Léngkah satuluyna ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung napsirkeun data panalungtikan. Hasilna, dilarapkeun dina widang atikan. Sanggeus dicindekkeun, nyusun laporan dina wangun tésis.

3.3Metode jeung Pamarekan Panalungtikan

Métode asal kecapna tina methodos dina basa Latin. Kecap methodos diwangun ku kecap meta jeung hodos. Meta hartina menuju, ngaliwatan, nuturkeun, saenggeus; hodos hartina jalan, cara, arah. Dina wangenan anu leuwih lega, Ratna (2010, kc. 34-35) nétélakeun yén métode mangrupa cara-cara, stratégi pikeun maham réalitas, jeung léngkah-léngkah sistematis pikeun ngaréngsékeun pasualan sabab-akibat anu bakal karandapan. Salaku alat, métode miboga fungsi pikeun ngabasajankeun pasualan, sangkan leuwih gampang diréngsékeun jeung dipikaharti.

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Ieu métode lumangsung ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dibarung ku analisis. Sacara étimologis, déskripsi jeung analisis miboga harti mengurai. Analisis asalna tina basa Yunani, analyein (‘ana’= luhur, ‘lyein’= leupas, urai, geus miboga harti tambahan. Jadi, métode déskriptif analisis lain saukur ngadadarkeun tapi ogé méré pamahaman jeung pertélaan sacukupna luyu jeung tujuan anu rék dihontal dina panalungtikan (Ratna, 2010, kc. 53).

Pamarekan (Ind. pendekatan) asalna tina kecap appropio (Latin), approach (Inggris) anu dihartikeun salaku jalan jeung penghampiran. Pamarekan dina panalungtikan sastra, sakumaha anu ditétélakeun ku Abrams (dina Ratna, 2010, kc. 41) aya opat pamarekan nya éta pamarekan éksprésif, mimétik, pragmatik, jeung objéktif.

(30)

subjék pencipta anu mangrupa data literér. Sakumaha anu ditétélakeun ku Ratna (2010, kc. 68-69), yén ieu pamarekan ogé museurkeun panitén kana karya sastra anu diciptakeun, saperti studi prosés kréativitas anu ngawengku pangarang, pikiran, persaan jeung hasil-hasil tina ciptaanna.

Pamarekan mimétik/mimésis numutkeun Abrams (dina Ratna, 2010, kc. 69-70) mangrupa pamarekan éstétis anu paling primitif. Akar sajarahna aya dina sawangan Plato jeung Aristoteles. Nurutkeun Plato, dasar tinimbanganna nya éta dunya pangalaman, yén karya sastra teu bisa ngawakilan kanyataan tapi salaku titiron. Sacara hierarkis, lantaran éta pamadegan hartina karya seni aya di sahandapeun kanyataan. Ieu sawangan ditolak ku Aristoteles kalawan arguméntasi yén karya seni mangrupa hiji tarékah pikeun nyucikeun jiwa manusa, salaku katharsis.

Dina wangun anu béda, nurutkeun sawangan Marxis jeung sosiologi sastra karya seni dianggap salaku dokumén sosial minangka hiji hal anu geus ditafsirkeun. Dina ieu hubungan, pamarekan mimesis miboga sasaruaan jeung pamarekan sosiologis. Jadi, bisa dicindekkeun yén pamarekan mimesis nyawang karya sastra minangka titiron, eunteung atawa réprésentasi alam jeung kahirupan sosial masarakat.

Pamarekan sastra anu katilu nya éta pamarekan pragmatis. Ieu pamarekan museurkeun paniténna kana aspék pamaca. Dina tahap anu tangtu, pamarekan pragmatis miboga hubungan anu raket jeung sosiologi, nya éta ngeunaan masarakat anu maca karya. Pamarekan pragmatis miboga tujuan pikeun méré mangpaat ka nu maca.

(31)

Nilik kana opat pamarekan sastra di luhur, luyu jeung rumusan ogé tujuan ieu panalungtikan, pamarekan anu dipaké nya éta pamarekan objéktif jeung mimétik. Pamarekan objéktif digunakeun pikeun nganalisis struktur carita pondok (unsur intrinsik), sedengkeun pamarekan mimétik digunakeun pikeun kaayaan sosial masarakat dina carita pondok salaku sumber data.

Pamarekan lianna anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan sosiologi sastra. Ieu pamarekan dipaké pikeun maluruh ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina karya sastra.

3.4Wangenan Operasional

Pikeun nyingkahan ambiguitas dina ieu panalungtikan, perlu ditétélakeun sawatara wangenan operasional saperti ieu di handap.

1) Struktural

Karya sastra mangrupa hasil strukturasi tina subyék koléktif. Dina ieu panalungtikan, struktur karya sastra wangun carpon mangrupa unsur-unsur pangwangun carita nya éta téma jeung fakta carita (karakter, galur, jeung latar). Sacara téori, prinsip analisis struktural miboga tujuan pikeun maluruh kalawan gemet sakur aspék karya sastra sangkan bisa ngahasilkeun harti atawa ma’na anu gembleng.

2) Semiotik

Sastra salaku tanda kaasup kana widang semiotik. Ieu hal mangrupa usaha pikeun nganalisis sastra salaku hiji sistem tanda jeung konvénsi anu bisa nétélakeun yén karya sastra miboga harti. Jadi, pikeun maluruh ma’na jeung ajén-inajén anu nyangkaruk dina karya sastra perlu maluruh heula strukturna salaku unsur pangwangun carita.

3) Ajen Sosial Budaya

(32)

a. Ajén sosial

Tina pamadegan Notonegoro (dina Setiadi jeung Kolip, 2011, kc. 124-126) anu ngabédakeun ajén sosial kana tilu rupa (ajén matérial, ajén vital, jeung ajén karohanian). Ajén matérial ngawengku konsépsi ngeunaan sagala hal anu miboga fungsi keur jasmani manusa. Ajén vital ngawengku konsépsi anu patali jeung sagala hal anu miboga fungsi pikeun kagiatan manusa. Ajén karohanian ngawengku sagala konsépsi anu patali jeung kabutuhan rohani manusa, saperti ajén bebeneran, kaéndahan, ajén moral jeung ajé kaagamaan. Tina tilu konsép ajén tadi, dina ieu panalungtikan anu dianalisisna ngan ajén rohanian anu ngawengku ajén bebeneran, ajén kaéndahan, moral, jeung ajén kaagamaan.

b. Ajén budaya

Ajén budaya anu dioperasionalkeun dina ieu panalungtikan dumasar pamadegan Tumanggor (2012, kc. 142-143), nya éta ajén téori, ajén ékonomi, ajén agama, ajén seni, ajén kawasa, jeung ajén solidaritas.

4) Sosiologi Sastra

Sosiologi sastra dina kontéks ieu panalungtikan nya éta sosiologi sastra anu museur kana karyana salaku objék panalungtikan. Tangtuna waé leuwih nyoko kana pamarekan yén sastra mangrupa eunteung kahirupan masarakat. Hartina, aya hubungan antara ajén-ajén anu diprédiksikeun dina karya sastra jeung masarakat sacara sosial.

5) Sastrawati Sunda Patrem

(33)

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan miboga fungsi pikeun ngumpulkeun data sacara sistematis. Lantaran dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif analisis, instrumén anu diperlukeun nya éta pedoman analisis jeung kartu data. Pedoman analisis gunana minangka tatapakan dina prosés analisis jeung déskripsi data, sedengkeun kartu data digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu aya dina sumber data. Pedoman analisis jeung instrumén dina ieu panalungtikan bisa katitén saperti ieu di handap.

3.5.1 Pedoman Analisis Téks

Aya tilu pedoman analisis anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta pedoman analisis struktur (unsur intrinsik), pedoman analisis semiotik, jeung pedoman analisis sosiologi sastra (ajén-inajén sosial budaya dina carita pondok).

Tabél 3.3

Format Pedoman Analisis Struktur

No. Aspék anu Dianalisis Déskripsi

(1) (2) (3)

1. Téma 2. Galur

3. Palaku jeung Watek 4. Latar

Tabél 3.4

Format Pedoman Analisis Semiotik

No. Aspék anu Dianalisis Déskripsi

(1) (2) (3)

(34)

Tabél 3.5

Format Pedoman Analisis Sosiologi Sastra

No. Aspék anu Dianalisis Déskripsi

(1) (2) (3)

1. Ajén Sosial - ajén bebeneran - ajén kaéndahan - ajén moral - ajén kaagamaan 2. Ajén Budaya

- ajén téori - ajén ékonomi - ajén agama - ajén seni - ajén kawasa - ajén solidaritas

3.5.2 Kartu Data

(35)

3.1Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntasi. Ieu téhnik nya éta sumber–sumber tinulis anu dipaké pikeun ngarojong lumangsungna panalungtikan (Sugiyono, 2009, kc. 240).

Léngkah-léngkahna saperti anu kaunggel ieu di handap:

1) ngaidéntifikasi sumber data anu mangrupa dua buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga;

2) maca sakabéh carpon anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan; 3) maca inténsif carpon-carpon anu jadi sumber utama panalungtikan; 4) maluruh téori-téori anu patali jeung objék panalungtikan;

5) input data struktur, semiotik jeung ajén sosial budaya kana kartu data luyu jeung pedoman analisis.

3.2Téhnik Ngolah Data

Pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan, digunakeun téhnik struktural, semiotik, jeung sosiologi sastra. Téhnik struktural digunakeun pikeun maluruh struktur pangwangun carita pondok sangkan bisa dianalisis.

Téhnik anu kadua nya éta sémiotik. Sakumaha anu ditétélakeun ku Preminger (dina Pradopo, 2012, kc. 122) yén studi semiotik sastra mangrupa tarékah anu digunakeun pikeun nganalisis tanda sangkan hiji karya sastra miboga

ma’na. Sosiologi sastra dipaké pikeun maluruh ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina carpon dumasar interprétasi kana situasi sosial budayana.

Dumasar pedaran di luhur, léngkah-léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngadéskripsikeun data anu geus aya dina instrumén panalungtikan (kartu data) kana wangun tabél akumulasi.

(36)

a. kode carpon

conto 1 : Carpon kadua belas dina buku Guriang Tujuh kode : GT-12

katerangan : GT : Guriang Tujuh ; 12 : Carpon kadua belas b. kode struktur, semiotik, data sosial, ajén sosial, jeung ajén budaya

ngagunakeun téhnik kode anu sarua. conto : GT-01:8/12

katerangan : GT-01 : kode carpon ; 8 : kaca ; 12 : paragraf 3) Ngadéskripsikeun unsur intrinsik dina unggal carpon.

4) Ngébréhkeun hubungan antarunsur.

5) Ngulik harti anu aya dumasar hubungan antarunsur.

6) Ngulik ma’na sacara semiotik ku cara ngainterprétasikeun tanda (ikon, indéks, simbol) anu aya dina carpon.

7) Maluruh ajén-inajén sosial-budaya dina unggal carpon dumasar interprétasi tanda jeung data sosial.

8) Nyindekkeun hasil déskripsi jeung analisis struktur, semiotik jeung ajén-inajén sosial budaya anu aya dina sumber data.

3.8 Midangkeun Hasil Analisis

Sanggeus meunangkeun hasil panalungtikan, tuluy dipidangkeun dina widang atikan nonformal. Hasil analisis anu dipidangkeun dina hiji komunitas nulis carpon (Panglawungan 13), rarancang midangkeunna nya éta saperti ieu di handap.

1) Anggota maca dua carpon anu dipilih luyu jeung hasil panalungtikan. 2) Anggota nyaritakeun deui eusi carpon anu geus dibaca.

3) Anggota nyawalakeun unsur pangwangun carpon (téma, palaku, galur, jeung latar).

4) Kalawan luyu jeung rarancang, panalungtik jeung anggota nyawalakeun ajén-inajén sosial budaya anu aya dina carpon.

(37)

77

Dina ieu panalungtikan aya dua sumber data anu dipaké, nya éta buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua buku kumpulan carpon mangrupa hasil para wanoja pangarang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem. Ieu di handap mangrupa déskripsi data anu ngawengku data jeung sinopsis 30 carpon.

4.1.1 Data Carpon

Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna 252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh” karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” karya Tety S. Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah.

(38)

Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca. Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.

4.1.2 Sinopsis

Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon.

1) “Emang jeung Alo” (GT-01)

Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun.

Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng, ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan.

(39)

Ki Ahmad anu geregeteun kana pamadegan emangna méré patalékan yén naha budakna maké disakolakeun lamun teu percaya ka guruna mah. Jawabna téh pajar tamba gandéng di imah, da ngajar maca jeung ngitung mah mangrupa pagawéan énténg. Prak manéhna metakeun cara ngitung ka si Husén. Si Husén dibéré soal sina ngitung 8 x 17, lamun bisa ngajawab cenah rék dipangmeulikeun karéta mesin balap. Tapi, batan bener ngajawab Husén kalah ceurik lantaran disentakan jeung dicarékan.

Ningali peta emangna anu modél kitu, Ki Ahmad méré deui kamandang yén jadi guru téh teu énténg saperti anu aya dina pikiranna. Najan bari nyentak ka Ki Ahmad ogé, emang Ki Ahmad éléh déét rumasa manéhna lain guru jeung rumasa ogé yén pagawéan guru anu ngajar murid nu jumlahna puluhan téh henteu gampang.

2) “Nu Beunghar” (GT-02)

Ieu carita dimimitian palaku Kuring jeung salakina anu nyémah ka imahna Nini (nini ti gigir). Ieu Nini digambarkeun kacida beungharna, tapi lantaran geus boseneun cicing di gedong sigrong jeung sagala dicukupkeun ku kaméwahan, manéhna nyaung-nyaung di luar kota.

Ti mimiti gék diuk di éta imah, loba pisan hal-hal anu ditepikeun ku Nini ka ieu salaki pamajikan. Ti mimiti élmu ngeunaan étika dahar, cara diuk, nepi ka élmu ngeunaan perhiasan. Salila anu tiluan ieu ngawangkong, sok diselang heula ku si Nyai atawa indungna anu pareng mawa amparan atawa suguhkeuneun.

(40)

mimiti profésor, pajabat anu tinggeuleuyeung marawa mobil, nepika anu nikreuh leumpang bari nanggung sakur hasil tatanén.

Nini ogé nyaritakeun yén geus nyieun sababraha pabrik di luar kota. Kuring jeung salakina kungsi boga sangkaan goréng yén Nini kacida sarakahna, sangkilang geus sakitu beungharna masih kénéh néangan pakaya. Tétéla Nini boga niat hayang méré pangupa jiwa ka dulur-dulur teu baroga anu perlu ditulungan ku jalma anu leuwih beunta, dina hal ieu Nini.

Ahir carita teu dipungkas ku balikna Kuring jeung salaki ti imah Nini, tapi dipungkas ku kacindekan yén hiji jalma teu bisa disebut beunghar lamun saukur beunghar ku harta, tapi ogé kudu beunghar haté, daék nulung ka nu butuh jeung tatalang ka nu susah.

3) “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03)

Ieu carpon nyaritakeun palaku “abdi”, wanoja kampung anu bubujang di kota. Saméméh panggih jeung “Ibu”, di dunungan saméméhna “abdi” teu weléh ngarandapan katunggara, lantaran mindeng narima katugenah tina ucap ogé paripolah dununganna anu galak, gedé ambek, jeung goréng budi. Lantaran kitu, “abdi” kabur tug nepi ka dipanggihkeun jeung “ibu” dununganna kiwari.

Salila cicing di imah “Ibu”, “abdi” éstu ngarasa betah gawé betah hirup. Kituna téh duméh “Ibu” kacida bageur jeung tulaténna. “Ibu” kacida mikanyaah “abdi”, dianggap kulawarga sarta dibéré pangaweruh-pangaweruh anyar ngeunaan kaparigelan ogé ngeunaan sawangan-sawangan kana kahirupan.

(41)

4) “Angin Sawah” (GT-04)

Dina mimiti carita kacaritakeun palaku Ilah anu getol ngepél jeung rapékan ngurus imah jeung mantuan kolot. Sarta ditétélakeun ogé parigelna Ilah ngolah dahareun, ti mimiti ngisikan ti cai, mirun seuneu, nyieun sambel oncom, ngagoréng asin, nyieun ulukutek leunca, jeung nyangu.

Ilah téh wanoja kampung anak patani anu umurna geus sawawa keur jatukrami, tétéla masih ngarasa bingung. Manéhna bingung lantaran kudu milih antara Alan anu urang kota, kasép, jeung boga kalungguhan anu luhur di kantor BRI tempatna gawé, atawa Otang pamuda kampung anu pada-pada patani tapi getol gawé sarta satia nungguan Ilah ti baheula sanajan Ilahna ngolémbar.

Kabigung Ilah mimiti aya kelemengna basa Acih, babaturanna ulin ka imah Ilah. Harita Ilah keur di dapur, masak keur nganteuran jeung Otang anu keur garawé di kebon. Acih méré sawatara pamadegan jeung kamandang ngeunaan goréngna kalakuan Alan, duméh manéhna kungsi nyaksian Alan jeung awéwé lian. Acih ogé ngingetan yén Otang geus nungguan Acih ti barang manéhna sakola SD kénéh. Sanajan Ilah ngarasa meunang kelemeng tina pasualanna, tapi haténa masih can panceg.

Ilah ngarasa yén Alan jalma anu bageur jeung nyaah ka kolot, sanajan kungsi boga niat goréng ka manéhna. Harita Ilah keur sorangan di imah, alan ulin ka imah, manéhna ngolo Ilah sangkan daék nganteur kahayangna. Hadéna, harita bapana buru-buru balik nepi ka Ilah salamet, tapi ti harita Alan teu nepungan deui Ilah.

(42)

5) “Guriang Tujuh” (GT-05)

Nyaritakeun palaku Embu, nya éta hiji indung anu salawasna mikamelang jeung mikadeudeuh anak-anakna. Lantaran umurna beuki ngolotan, beuki loba pikiran minangka kahariwangna ka anakna anu tujuh. Manéhna kungsi mikir, upama manéhna maot, rék ka saha mihapékeun anak-anakna? Éta kahariwang manjang jeung jadi pikir anu jadi rasa sieun. Sieun anak cikal jeung minantuna teu nyaaheun ka adi-adia, sieun upama adi-adina ngalakukeun kasalah Si Cikal jeung pamajikanna teu daék ngahampura.

Lantaran ayana kahariwang anu pohara, manéhna mutuskeun nyieun hiji surat dina buku harianna keur Karna, anakna nu cikal téa. Eusi suratna mangrupa carita rékaan, manéhna ngalalakonkeun mangsa-mangsa ngandung ku anakna anu tujuh. Tujuanna dijieun ieu carita rékaan nyé éta sangkan Karna bisa ngahampura sipat jeung kalakuan adi-adina upama hiji mangsa ngalakukeun kasalahan.

Ti mimiti Karna anu dikandung keur dina mangsa teu micinta salakina, nepi ka manéhna jadi anak kameumeut. Satiawati anu teu kaopan duméh basa keur dikandung, manéhna loba dipungpang kahayang ku salakina. Damayanti antepan jeung resep ngaludah lantaran basa keur ngandung ku manéhna, Embu teu kaopan ngambeu minyak atawa sangu téh sok babalongkéngan waé. Susilawati anu réngkak paripolahna siga lalaki, lantaran basa keur dikandung, Embu hayang pisan boga budak lalaki. Mustikawati anu gering bronchitis lantaran basa keur dikandung, Embu sieun ku cai. Nuraini anu dipikanyaah salaku awéwé lantaran sieun boga sipat siga lalaki. Nepi ka Si Bungsu salaku anak pangleutikna.

(43)

yén salaku lanceuk kudu nyaah ka adi, jeung salaku anak wajib tuhu jeung mikanyaah kolot.

6) “Harga Hiji Surat” (GT-06)

Ratna jeung Ilham nya éta salaki pamajikan anu keur dibéré cocoba. Ilham jadi pangangguran lantaran pausahaan tempat manéhna digawé bangkrut. Kurang teuwih dua bulan manéhna ngaligeuh teu boga gawé. Pangubutuh di imah geus teu bisa deui dicumponan ku hutang injeum ka tatangga. Kabutuhan utama nya éta dahar. Kungsi sapoé jeput Ratna teu saeutik-eutik acan kararaban sangu lantaran teu boga béas, katambah maranéhna boga budak tilu anu keur meujeuhna rarewog dahar.

Kungsi Ilham nitah Ratna sangkan ngagadékeun baju-bajuna anu aralus ka pagadé kuriling. Tapi Ratna boga pamadegan yén daripada manéhna kudu rudin dangdangan, leuwih hadé nahan peurih beuteung, manéhna embung milu prihatin.

Teu lila Ratna meunang gawé di hiji pausahaan gedé, jadi sekretaris diréktur. Ratna beuki jarang aya di imah, anakna anu tilu dibawa ku indung jeung bapana Ratna bari ulaheun disambat deui. Sanajan Ilham ngarasa jadi teu boga harga diri, tapi manéhna teu bisa kumaha. Ratna beuki sibuk di kantor, beuki loba tugas ka luar kota. Upama ti kantor teu balik peuting, manéhna balik wanci subuh.

Hiji poé, Ilham kadatangan sémah awéwé anu ngaku pamajikan dunungan Ratna. Éta awéwé némbongkeun bukti-bukti salingkuhna Ratna jeung Diréktur Pausahaanana, salaki éta awéwé téa. Ilham ngarasa dihina ku pamajikan.

(44)

ditalak ku Ilham kalawan jangji upama manéhna ditalak ku Ilham rék méré duit sajuta rupia. Lantaran Ilham ngarasa dihina, antukna duanana paséa nepi ka Ilham ngamuk. Ilham kalepasan malédogkeun botol peupeus kana beungeut Ratna. Sanggeus kitu, awak Ratna dihanca ku seuseukeut kaca nepi ka kapiuhan. Lantaran reuwas jeung sieun, Ilham maéhan manéh ku sesemplékan kaca anu ditancebkeun kana palebah jantungna. Sedengkeun nyawa Ratna bisa salamet, tatu-tatu dina awak jeung beungeutna teu ngalantarankeun manéhna ngaleupaskeun nyawa. Tapi céda dina beungeutna bakal jadi tapak talajakna Ratna dina kahirupan.

7) “Kanyaah” (GT-07)

Popon keur baluweng mikiran hayang imah kontrakan anu murah tapi can meunang. Manéhna ngarasa teu genah haté upama cicing waé di imah bibina. Sanajan manéhna ti leuleutik digedékeun jeung diurus ku emang jeung bibina, tapi ari geus laki rabi jeung Mumu mah, karasana béda jeung kararagok. Manéhna kungsi boga niat ngahiji jeung mitohana di Banjaran, tapi sanggeus dipikir-pikir loba rugi batan untungna.

Salian ti hayang mandiri imah-imah sorangan, Popon ogé hayang ngawarah anak-anakna bibi anu kedul, sabab sagala pagawéan imah dipasrahkeun ka manéhna kabéh. Éta hal lantaran bibina ngogo pisan anak-anakna nepi ka tara daék barang gawé.

Beuki lila, pagawéan di imah beuki loba, Popon ogé sok mindeng nyareri awak. Tapi sangeus dileukeunan mah, anak-anak bibi daraékeun nyeuseuh bajuna séwang-séwang, sahenteuna pagawéan Popon rada énténg. Tapi aya pasualan séjén, kabéhdieunakeun Popon mindeng kaleungitan duit. Basa Popon nanyakeun ka Iwa, manéhna teu ngaku nyokot duit sanajan Popon apal lantaran geus sababaraha kali kanyahoan. Tina éta pasualan, kaayan di imah mingkin tegang, nepi ka Mumu ngampleng di banjaran.

(45)

Balik ti Banjaran, manéhna nyieun kaputusan yén rék cicing di imah mitohana. basa éta maksud ditepikeun, bibina teu ngomong nanaon. Iwa, anu polos ngomong ka indungna yén enya manéhna anu nyokot duit ti kamat Popon téh. Bibina ménta dihampura bari ceurik, tapi teu ieuh ngendagkeun niatna. Manéhna indit ka Banjaran, nyorang hirup bagja jeung salaki ogé mitohana.

8) “Kiplik-kiplik” (GT-08)

Nina keur gering panas basa manéhna teu bisa saré sabab ngarasa sepréna anu paas. Nina ditungguan ku bapana geus aya tilu peuting. Nina ngarasa hanaang tapi teu bisa nyarita. Salila ngararasakeun kahanaang jeung kategenah awakna, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa baheula. Mangsa bapana ejueng indungna masih ngahiji, mangsa lanceuk-lanceukna masih kénéh bisa ulin suka bungah.

Lamunan Nina, sok balik deui kana kaayaan manéhna keur gering. Tapi panineunganna balik deui ka mangsa Mamah, indungna masih kénéh aya deukeut manéhna jeung mikanyaah sakabéh kulawarga. nina inget, waktu bapana nampiling indungna nepi ka paséa rongkah. Ahirna, Nina jeung lanceuk-lanceukna dibawa ka imah gedong, imah mamih, indung téréna ayeuna.

Di éta imah, Nina jeung lanceuk-lanceukna éstu dilimpudan kasieun, teu meunang katengtreman, teu meunang kanyaah ti indung. Kanyaah bapana ogé karasa jadi barobah. Sipat indungna Nina jeung sipat indung téréna éstu jauh pisan. Indungna anu “lembut” jeung mikanyaah béda jeung indung téréna anu “kasar” jeung apilain.

(46)

Nina ngarasa awakna kacida hampang malah nepi ka bisa ngapung tur jangjangan bakat ku ngarasa hampang. Nina ngapung jauh pisan, ninggalkeun bapana jeung lanceuk-lanceukana. Nina moal balik deui.

9) “Gagak Ngelak di Majingklak” (GT-09)

Nyi Lasem, mojang asal Kalipucang anu sok dagang cai mangrupa anak pamayang. Manéhna boga beubeureuh, Ki Jaka. urang Karanganyar anu bubuara jeung Ki Arsim (akin) di Majingklak. Ki Jaka anu kacida micinta laut, boga prinsip anu pengkuh salaku pamayang anu hirupna patali jeung lauk, laut, angin barat nu matak bangkrut, jeung Juragan parahu nu telenges.

Kacaturkeun geus aya tilu bulan pamayang di Majingklak teu beubeunangan lantaran laut ngadadak miskin ku lauk. Pangna kitu, lantaran di deukeut Palawangan aya kapal asing anu jaringna unggal menit ditarik nepi ka teu ngagéhan lauk keur pamayang-pamayang di Majingklak. Loba pamayang anu arindit ti lembur naréangan pagawéan di kota. Tapi Ki Jaka embung ingkah ti lemburna, manéhna tetep percaya yén masih kénéh aya lauk anu bisa nyangsang dina jaringna. Lantaran panasaran, peuting harita manéhna turun ka laut sorangan.

Tapi nepi ka isukna, Ki Jaka teu balik-balik. Barang aya anu nyusulan, kur manggih parahu Ki Jaka anu kosong. Ceuk nu néanganna, Ki Jaka geus taya dikieuna, kasapu lambak anu motah sapeupeuting.

Nyi Lasem anu kanyenyerian ditinggalkeun ku Ki Jaka, balik ka Kalipucang. Kiwari tinggal Ki Arsim anu ngarasa keueung lantaran manéhna bener-bener nunggelis teu sanak teu kadang.

10) “Deudeuh teuing” (GT-10)

(47)

teu éling-éling, barang éling walahwah-weuleuhweuh nepi ka leungitna ti imah. Pangna Atin teu siap narima kanyataan, lantaran Atin kapiduit teuing. Basa mimiti kawin ka salakina, manéhna niatna lantaran duit jeung harta dunya. Salaki Atin kacaritakeun jalma beunghar, tapi goréng lampah. Ngaranna Dédén, jelema bangor jeung lacur leuwih ti misti. Lantaran Atin ngancam rék ngagantung manéh lamun dihulag, kapaksa diijinan. Tapi, sanggeus kaalaman ku sorangan, yén lampah salakina siga kitu, Atin teu narima.

Nunung jeung salakina geus béak déngkak, sakuliah Bandung geus dikulibek néangan Atin, tapi teu hasil. Nepi ka Nunung jeung salakina balik deui ka Ciamis, Atin teu kapanggih.

11) “Indung” (GT-11)

Kuring keur ngabandungan Maman jeung Budi ker sasapu di buruan. Ditungguan ku Ema dina korsi di téras imah bari nyieun strimin. Kuring ngarasa kagugu ku polah adi-adina anu getol mantuan indungna. Kuring rumasa kedul jeung teu boga kaparigelan sanajan disakolakeun nepi ka paguron luhur.

Ngabandunganadi-adina sasapu, kuring ningali cara méré atikan jeung motivasi pikeun mandiri ti Ema ka adi-adina. Basa adi-adina ngarasa seunggah lantaran runtah kalakay meunang maranéhna nyapukeun balatak deui ku angin, indungna ngahariring nitah angina reureuh heula, mangmeunangkeun Maman jeung Budi.

Salian ti éta, sangkan adi-adina leuwih sumanget, Ema nunda duit saratus rupia di handapeun tangkal cengkéh, nepi ka adi-adina ngarasa bungah duméh ceuk pamikirna manggih duit. Adi-adina ogé leuwih sumanget sasapu. Kuring masih nyérangkeun ti kamarna basa Ema ngarérét ka lebah manéhna.

12) “Nyiram” (GT-12)

(48)

weléh ditedunan matak pikabitaeun Anih. Naon waé anu dipikahayang ku Néng Marti, manéhna gé pasti hayangeun tuluy ngurihit ka salakina. Ti mimiti pais suung, anggur, korsi, bupét, risbang, toilet, kiték, pamulas pipi, jeung lipstik kabéh hayang.

Hiji poé, basa salakina balik, Anih kasampak keur ngaheruk, teu bisa ditanya. Salakina hariwangeun bisi aya kahayang deui, kabita ku nu dipikahayang ku Néng Marti. Tapi Anih teu némbalan. Kakara kedal, basa salakina rék nyanggupan naon waé anu kadada kaduga saperti nu karandapan ku Néng Marti. Batan leler, Anih kalah ceurik, tapi tuluy nyarita yén salaki Néng Marti rék kawin deui.

13) “Korsi Hoé” (GT-13)

Ieu carpon nyaritakeun lalakon korsi hoé anu dibeuli ku Ema taun ’56. Kuring, anakna Ema anu pundah-pindah waé imah kontrakan, teu weléh mamawa éta korsi. Korsi hoé dibeuli ku indungna meunang ngumpulkeun lila pisan. Barang geus kabeuli, Ema getén pisan ngelapan éta korsi.

Éta korsi jadi saksi mangkak rumajana anak-anak Ema, sabab lamun aya bébéndé atawa beubeureuhna anak-anak Ema, dariukna dina éta korsi. Malah, basa Ema geus gering lantaran kakolotan, éta korsi dijadikeun tempatna dzikir ka Alloh. Tapi nepi ka maotna, kahayang Ema pikeun boga imah sorangan tue kungsi laksana, salawasna imah téh bati ngontrak waé pundah-pindah.

Lantaran pangraksa Ema, éta korsi bisa awét nepi ka turun ka kuring. Sanajan ku babaturan kuring éta korsi geus dilédék, tapi lantaran lalakonna anu panjang kuring can daék ngaganti éta korsi. Sanajan aya kereteg, upama boga milik, rék meuli korsi modél panganyarna, tapi korsi hoé titinggal Ema mah moal dileupaskeun.

14)“Milangkala” (GT-14)

(49)

manéhna tibatan milu ka bapana. Basa hiji waktu Ibu keur nyieun tulisan, manéhna butuh klise tangkal ganja keur bahan tulisanna. Sanggeus ditéangan, klise teu kapanggih.

Manéhna néangan Aji jeung Santi, budak téré anu dipikanyahna. Sanajan geus dibantuan ku Éni (adina), Aji jeung Santi teu kapanggih kénéh. Antukna Éni anu indit ka imah Lily téh, niatna rék nginjeun klise tangkal ganja.

Basa Éni bébéja yén teu panggih jeung Aji ogé Santi, manéhna boga panyangka yén barudak téh geus teu baretaheun deui cicing jeung manéhna nepi ka luas kabur ninggalkeun imah. Manéhna ceurik, lantaran geus salapan taun cicing jeung barudak téh. Upamana rék indit, naha teu bébéja?

Barang barudak baralik, katingali pisan siga nu carapéeun. Barang geus diomongan, tétéla arinditna Aji jeung Santi téh lain lantaran ngarasa teu betah cicing jeung manéhna, tapi mareuli kado meuli kado keur milangkala manéhna. Manéhna bagja lain dikira dipikanyaah ku barudak téh.

15) “Gurat-gurat Dampal Leungeun” (GT-15)

Ine, bibina Ati anu masih can tepung jeung jodona. Padahal umurna geus kolot, karir suksés salaku psikolog anu mindeng pisan indit ka luar nagri keur panalungtikan, jeung digambarkeun salaku wanoja pinter. Hiji waktu Ati ngajak Ine sangkan daék diramal ku Emod, tukang norah anu dijurukeun di India nepi ka dilandih Si India.

(50)

Ine anu masih kénéh ngerem di kamar, ningali buku Palmistry meunang meuli di Paris. Ceuk pikirna, tangtu kabéh hasil tukang norah bakal sarua upama norahna tina gurat dampal leungeun mah, sabab sumberna ngan hiji. Ine sumerah ka Pangéran lantaran manéhna yakin kana jangji Gusti anu bakal méré kabagjaan.

16) “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” (GT-16)

Nyaritakeun Asti anu keur ngalamun, manéhna masih kénéh hayang sosorangan, sanajan manéhna ngarasa yén hiji waktu manéhna kudu daék narima lalaki dina kahirupanna. Lamunana kagareuwahkeun ku Idah, adina. Idah téh geus papacangan jeung Yayat kalawan sérius, rék aya rencana kawin dina waktu deukeut.

Asti ngarasa bungah idah rék kawin téh, tapi indungna mah kacida sedihna. Indungna miharep anu kawin tiheula téh Asti salaku anak anu panggedéna. Tapi, Asti sorangan can hayang kawin, sanajan ari rasa cinta mah kungsi ngalaman, jeung kiwari gé keur sono ka Dinan, lalaki anu kungsi deukeut jeung manéhna. Semet deukeut, teu kungsi aya hubungan nanaon. Dinan anu harita keur ngajauhan Amalia lantaran kolotna Amalia teu doaeun, ngadeukeutan Asti. Tapi, lantaran Asti kaasup awéwé anu tara némbongkeun kasono jeung kabungahna upama keur deukeut jeung Dinan, Dinan mundur nepi ka pleng tilu taun teu manggihan deui.

Basa sawatara lalaki ngadeukeutan Asti, manéhna angger teu hayang micinta sasaha. Asti hayang nyorangan, najan embung sorangan salilana. Asti jangji hiji waktu manéhna kudu bisa mopohokeun Dinan keur kabagjaan manéhna, indungna, jeung Idah.

17) “Ngobor” (GT-17)

(51)

Sanggeus sagalana siap, nu limaan muru ka sawah, mapay-mapay galengan. Tapi, lantaran harita keur caang bulan, nu limaan teu meunag belut hiji-hiji acan. Sabab pada-pada embung balik upama can beubeunangan, Oyon méré usul. Sanggeus kabéh sapuk, bring saréréa ngajugjug balong nu bapana Oyon. Sanggeus meunang lauk emas anu garedé, tuluy diasakan di imah Oyon. Kabéh dalahar sangu liwet jeung lauk emas. Subuh-subuh, bapana Oyon ribut yén cenah lauk pesenan Bapa Wadana aya nu maok.

18) “Mama Haji” (GT-18)

Nyaritakeun Sukri, jalma bengal, bedegong jeung wanian. Upama aya anu ngalakukeun kasalahan, tara aya ampun. Bageurna téh iwal ka kulawargana waé, saperti ka incuna. Saperti basa harita kungsi aya meri anu ngarencah pabinihanna, teu loba mikir, éta meri ditalian kana awi tuluy ditanceb-tancebkeun dina sawah anu ledok. tapi, lantaran éta meri téh anu incuna, kapaksa dilaanan deui, cacak lamun nu batur mah tangtu bakal diantep tinggulantung nepi ka paéh.

Hiji waktu, mangsa keur usum loba gorombolan ngaranjah lembur, Sukri ditéangan ku gorombolan. Basa gorombolan datang ka imah Sukri, sakilat manéhna asup kana liang deukeut hawu anu brasna ka balong gigireun imahna. Tapi teu kungsi lila bedil didérédédkeun ka sakuriling balong. Sukri anu keur nyempod di para masjid tétéla salamet. Kitu deui anak jeung pamajikanna.

Sapoé sanggeus éta kajadian, Sukri pindah ka kota nyéwa imah anu bari teu kungsi lila geus boga gedong. Sawatara taun ti harita, Sukri jeung pamajikanna ka Mekah. Balik ti Mekah, ngaranna ganti jadi Haji Sukur, pamajikanna jadi Hajah Zenab. Sukri anu jadi haji Sukur jadi jelema bageur tur akuan ka sasaha. lantaran pada mikolot, urang lembur nyebutna Mama Haji.

Gambar

Tabel 4.1 Data Latar GT-01
gambaran informasi
gambaran tina
gambaran ayana deudeuh
+2

Referensi

Dokumen terkait

Sarengsena dianalisis dumasar kana makna nu nyamuni dina unggal babasan jeung paribasa, tetela sacara umum babasan jeung paribasa anu dijadikeun data dina ieu

1) struktur carpon (téma, karakter palaku, galur,latar, puseur sawangan, gaya basa, jeung amanat) dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri. 2) aspék humor anu nyampak

1) Pupujian téh hiji karya sastra buhun anu ditulis dina wangun puisi. 2) Struktur puisipupujian nu diwangun ku téma, rasa, nada, jeung amanat. 3) Pupujian mibanda ajén moral nu

unsur runtuyan (struktur) jeung unsur semiotik anu aya dina upacara adat nikah Sunda. Format

Patali jeung éta hal, ieu panalungtikan bakal nyurahan ma’na rumpaka gugurutan ku cara medar struktur fisik, interprétasi eusi/ ma’na , jeung ajén étnopédagogik anu

Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun struktur, fungsi, jeung harti rarangkén tukang nu aya dina karangan pangalaman pribadi

Ieu panalungtikan anu dijejeran “ Kalimah Basa Sunda dina Téks Prosa Sunda Buhun Abad ka-16 (Ulikan Struktur jeung Semantis) ” téh disusun minangka tarékah

Dina ieu bab bakal dipedar ciri-ciri naratif carpon Sunda anu awal; maluruh jeung ngajelaskeun konsépsi jeung términologi anu dipaké pikeun méré idéntitas kana carita