• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.13 Data Latar GT-03

4.2.3.2 Unsur Semiotik GT-03

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-03 ngawengku dalapan ikon, 14 indéks, jeung hiji simbol.

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-03 mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.14

Analisis Unsur Ikon GT-03

No. Kode Data Réferent

Tipe Interprétasi Ctr Dgm. Mfr. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) 1. GT-03:29/1 Lalayu sekar  Ngupamakeun baju kumel/belél anu dipaké ku palaku Abdi. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Dina lahunan dikeukeuweuk tas plastic alit. Eusina mung baju dua setél, kitu gé parantos lalayu sekar. 2. GT-03:29/2 Tiis kana

ati

 Ngaupamakeun katengtreman ati anu karaa ku palaku Abdi barang mimiti tepung jeung Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent

Tipe Interprétasi

Ctr Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Barang ibu mukakeun panto payun téh, ngamanggakeun ka nu ngabantun abdi, ujug-ujug nyep waé karaos tiis kana ati. 3. GT-03:30/2 wuwuh

lami wuwuh ngarasa dosa

 Nyitrakeun kana kontéks

waktu anu beuki lila. Palaku Abdi ngarasa beuki lila gawé di dununganna, ngarasa beuki loba dosa. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Malih wuwuh lami wuwuh asa ageung dosa cicing baé di tempat anu seueur

pidorakaeun mungguh ceuk dina agama Islam mah. 4. GT-03:31/2 Sakola

hirup

 Diajar ngeunaan kahirupan. Lantaran rumasa ti lembur sarta loba kateunyaho, palaku Abdi miboga kahayang sangkan gawéna di kota téh bari nimba pangabisa néangan pangaweruh anyar. Tapi waktu di dununganna nu baheula, hal-hal anu teu bisa dipigawé téh lain

ngabalukarkeun jadi bisa lantran dipapatahan, tapi malah jadi panyiksa. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Atuh abdi téh seueur katuna. Upami abdi diwurukan mah, haté bingah nu aya, panginten étang-étang sakola bé di kota téh. Sakola hirup.

5. GT-03:31/4 Satutup umur

 Bakat ku ngarasa narimakeun pisan kana kahadéan palaku Ibu, Abdi ngarasa moal mopohokeun éta kahadéan saumur hirup manéhna. Ieu

No. Kode Data Réferent

Tipe Interprétasi

Ctr Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

katitén dina cutatan di handap.

Abdi moal hilap ka ibu

satutup umur. Upami parantos téa mah abdi téh asa dijait tina naraka.

6. GT-03:31/4 Nyerep  Nyerep ilaharna dibasakeun kana cai anu asup saeutik-saeutik kana jero taneuh. Dina ieu kontéks, nyerep ngandung harti tembresna kahadéan palaku Ibua kana haté Abdi (éstu katarimakeun). Ieu katitén dina cutatan di handap.

Abdi gé rumaos seueur katuna, nanging piwuruk ibu ti saprak abdi dongkap dugi ka ayeuna abdi badé wangsul, éstu nyerep kana ati sanubari. 7. GT-03:33/2 Kembang

buruan

 Meujeuhna cooeun antara 2-4 taun. Anu disebut kembang bururan dina ieu kontéks nya éta budak bungsu palaku Ibu anu geus diurus ti leuleutik ku Abdi. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Tilu taun abdi nyarengan ibu. Murangkalih anu bungsu ayeuna parantos kembang buruan.

8. GT-03:34/1 Clik putih clak hérang

 Imagis tina rasa nu wening. Palaku Ibu éstu mikanyaah Abdi kalawan daria. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Sok beuki karaos waé ibu mah mikanyaah abdi téh éstu clik putih clak hérang.

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-03 aya anu mangrupa indéks réngkak paripolah, gejala fisik, jeung aktualisasi. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.15

Analisis Unsur Indéks GT-03

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

1. GT-03:29/2 Kabur ti dunungan

Réngkak paripolah

Indéksikal tina kaayaan dunungan Abdi anu galak. Ieu hal

ngabalukarkeun Abdi kabur ti dunungan saméméhna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Dina waktos éta téh abdi kalintang nuju bingungna margi abdi téh sasatna kabur ti dunungan anu ti payun téh.

2. GT-03:30/2 Murel jeung sebel

Gejala fisik Lantaran ngambeu daging babi anu dipikaresep ku dunungan. Ieu katitén dina cutatan di handap. Ari mésér daging nya daging babi. Atuh abdi téh ngan murel sareng sebel baé ngambungna ogé. 3. GT-03:30/3 Hésé

mondok Gejala fisik Hésé mondok mangrupa tanda tina ayana nu dipikiran ku palaku, dina ieu kontéks lantaran Abdi inget ka nu di lembur. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Unggal wengi abdi téh hésé mondok. Unggal dug ngedeng ngantelkeun sirah kana bantal, pun bapa sareng pun biang, kitu deui pun adi sareng wargi sanésna batur salembur, sok narémbongan.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

4. GT-03:32/1 Gedé darajat

Aktualisasi Luhung kalungguhan jalma sacara vertikal, bisa mangrupa tahapan kahirupan anu bagja. Ieu katitén dina cutatan di handap. Geuning saur ibu téh, abdi téh ku ibu dido’akeun sing gedé

darajat. 5. GT-03:31/2 Tara sungkan kana barang gawé Réngkak paripolah

Palaku Abdi tara ngarasa horéam kana digawé sanajan dikakaya ku dununganna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ari teu udur mah abdi téh tara sungkan kana barang gawé nanaon ogé. Harita ogé sanaos ceuk paripaos abdi bari dikakaya, abdi téh kana gawé mah

ngeureuyeuh waé. 6. GT-03:31/3 Sadinten

asa lami

Aktualisasi Lantaran dunungan saméhna galak, Abdi ngarasa teu betah cicing di imah dunungan nepi ka waktu anu ukur sapoé ogé karasana lila pisan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Harita mah sadinten-sadinten téh karaosna asa ku lami pisan. Éstuning abdi téh seubeuh ku sentak seubeuh ku dibaeudan. 7. GT-03:31/3 Seubeuh Réngkak

paripolah Lantaran Abdi mindeng pisan disentak jeung dibaeudan, mun diupamakeun kana dahar mah nepi ka seubeuhna ku panyarék. Ieu katitén dina cutatan di handap. Éstuning abdi téh seubeuh ku sentak seubeuh ku dibaeudan.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi (1) (2) (3) (4) (5) 8. GT-03:31/3 Bayeung-yang & sesek Réngkak paripolah

Lantaran dulur dunungan sok pipilueun nyarekan, Abdi ngarasa katugenahna beuki nambahan, kaayaan mingkin panas jeung matak eungap lantaran teu bisa ngébréhkeun katugenah anu karandapanna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Éta sadérék dunungan ku sok pipilueun ngabaeudan atanapi nyarékan. Bet asa beuki nambihan bayeungyang sareng sesek.

9. GT-03:32/2 Cuang-cieung asa keueung

Réngkak paripolah

Abdi ngarasa leungiteun lantaran Ibu gering di rumah sakit

saminggu, Abdi sorangan di imah. Ieu katitén dina cutatan di handap. Nembé ogé Abdi téh saminggu abdi aya di ibu, ibu téh ka rumah sakit. Abdi cuang-cieung asa keueung.

10. GT-03:33/2 Hésé mondok

Réngkak paripolah

Hésé mondok dina ieu kontéks lantaran nineung kana kaayaan-kaayaan pikabungaheun salila Abdi aya di imah Ibu.

Sedengkeun sakeudeung deui manéhna kudu balik ka lembur, ningalkeun Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Beuki caket ka waktosna wangsul, abdi beuki hésé modok.

11. GT-03:34/1 Tibra

manah Aktualisasi Tengtrem batin (kolot) lantaran Abdi hirup bagja upama bisa mulang kanyaah, nurut kana paménta jeung kahayangna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Tiasa mulang kanyaah ka nu jadi sepuh, atuh panginten upami abdi bagja mah panginten tibra manah bapa abdi téh.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

12. GT-03:34/2 Bingah Aktualisasi Pédah rék ngabagjakeun kolot jeung hirup bagja di mangsa nu bakal datang (laki rabi), nedunan paménta kolot. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Tiasa mulang kanyaah ka nu jadi sepuh, atuh panginten upami abdi bagja mah panginten tibra manah bapa abdi téh.

13. GT-03:34/2 Nalangsa Aktualisasi Pedah rek ninggalkeun Ibu anu sakitu nyaahna.

Bet asa moal bisa nahan cimata. 14. GT-03:34/3 Hatur

nuhun, ibu

Aktualisasi Mangrupa tanda indéksikal utama lantaran Abdi geus dipikanyaah salila gawé di Ibu. Ungkara hatur nuhun mangrupa tanda tina Abdi anu narimakeun sakur kahadéan Ibu. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Kana sagala rupi kasaéan ibu, abdimung tiasa ngahaturkeun nuhun. Hatur nuhun, ibu. c. Simbol

Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta simbol tina kaayaan tempat anu pinuh ku panyiksa jeung kanyeri. Ieu bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.16

Analisis Unsur Simbol GT-03

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

1. GT-03:31/4 Naraka Naraka mangrupa simbol tina tempat nu pinuh ku panyiksaan. Ieu mangrupa gambaran tina kaayaan Abdi anu seubeuh ku panyiksa dunungan.

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

Ieu katitén dina cutatan di handap. Abdi moal hilap ka ibu satutup umur. Upami parantos téa mah abdi téh asa dijait tina naraka.