• Tidak ada hasil yang ditemukan

1. Ajén Sosial - ajén bebeneran

3.8 Midangkeun Hasil Analisis

4.1.1 Data Carpon

Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna 252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh” karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi

Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat

Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan”

karya Tety S. Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah.

Surat keur ka Sawarga mangrupa antologi carpon kadua karya Sastrawati Sunda Patrem. Ieu antologi medal 20 taun ti saprak antologi munggaran medal. Tangtuna waé 20 taun lain waktu anu sakeudeung, ieu hal jadi alesan panalungtik pikeun maluruh ngeunaan ajén-inajén sosial budaya dumasar data sosial anu kagambar dina kumpulan carpon anu kahiji jeung kumpulan carpon anu kadua.

Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca. Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S. Komarudin.

4.1.2 Sinopsis

Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon.

1) “Emang jeung Alo” (GT-01)

Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun.

Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng, ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan.

Éta pamadegan dilelempeng ku Ki Ahmad anu harita kabeneran keur aya di imah emangna. Ki Ahmad méré kamandang yén kapinteran budak téh tara angger, da aya hukum perkembangan. Tuluy, perkara guru jaman ayeuna anu dianggap bodo lantaran teu butak ku emang Ki Ahmad, Ki Ahmad kur mairan bari heureuy.

Ki Ahmad anu geregeteun kana pamadegan emangna méré patalékan yén naha budakna maké disakolakeun lamun teu percaya ka guruna mah. Jawabna téh pajar tamba gandéng di imah, da ngajar maca jeung ngitung mah mangrupa pagawéan énténg. Prak manéhna metakeun cara ngitung ka si Husén. Si Husén dibéré soal sina ngitung 8 x 17, lamun bisa ngajawab cenah rék dipangmeulikeun karéta mesin balap. Tapi, batan bener ngajawab Husén kalah ceurik lantaran disentakan jeung dicarékan.

Ningali peta emangna anu modél kitu, Ki Ahmad méré deui kamandang yén jadi guru téh teu énténg saperti anu aya dina pikiranna. Najan bari nyentak ka Ki Ahmad ogé, emang Ki Ahmad éléh déét rumasa manéhna lain guru jeung rumasa ogé yén pagawéan guru anu ngajar murid nu jumlahna puluhan téh henteu gampang.

2) “Nu Beunghar” (GT-02)

Ieu carita dimimitian palaku Kuring jeung salakina anu nyémah ka imahna Nini (nini ti gigir). Ieu Nini digambarkeun kacida beungharna, tapi lantaran geus boseneun cicing di gedong sigrong jeung sagala dicukupkeun ku kaméwahan, manéhna nyaung-nyaung di luar kota.

Ti mimiti gék diuk di éta imah, loba pisan hal-hal anu ditepikeun ku Nini ka ieu salaki pamajikan. Ti mimiti élmu ngeunaan étika dahar, cara diuk, nepi ka élmu ngeunaan perhiasan. Salila anu tiluan ieu ngawangkong, sok diselang heula ku si Nyai atawa indungna anu pareng mawa amparan atawa suguhkeuneun.

Tina hasil wangkonganna, tétéla Nini boga maksud séjén salian ti geus bosen cicing di gedong téh. Manéhna leuwih milih cicing di imah panggung di pasisian lantaran sangkan leuwih loba ngaku baraya. Ceuk pikiran Nini, ari cicing di imah panggung mah baraya anu teu baroga téh mindeng datang keur silaturahmi. Béda jeung mangsa cicing di gedong, baraya-baraya anu teu baroga téh tara daraékeun unggah duméh sérab mantén ku imah. Jadi, sanajan cicing di imah panggung bari jauh ti kota, anu nyémah mah tara saat. Ti

mimiti profésor, pajabat anu tinggeuleuyeung marawa mobil, nepika anu nikreuh leumpang bari nanggung sakur hasil tatanén.

Nini ogé nyaritakeun yén geus nyieun sababraha pabrik di luar kota. Kuring jeung salakina kungsi boga sangkaan goréng yén Nini kacida sarakahna, sangkilang geus sakitu beungharna masih kénéh néangan pakaya. Tétéla Nini boga niat hayang méré pangupa jiwa ka dulur-dulur teu baroga anu perlu ditulungan ku jalma anu leuwih beunta, dina hal ieu Nini.

Ahir carita teu dipungkas ku balikna Kuring jeung salaki ti imah Nini, tapi dipungkas ku kacindekan yén hiji jalma teu bisa disebut beunghar lamun saukur beunghar ku harta, tapi ogé kudu beunghar haté, daék nulung ka nu butuh jeung tatalang ka nu susah.

3) “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03)

Ieu carpon nyaritakeun palaku “abdi”, wanoja kampung anu bubujang di kota. Saméméh panggih jeung “Ibu”, di dunungan saméméhna “abdi” teu weléh ngarandapan katunggara, lantaran mindeng narima katugenah tina ucap ogé paripolah dununganna anu galak, gedé ambek, jeung goréng budi. Lantaran kitu, “abdi” kabur tug nepi ka dipanggihkeun jeung “ibu” dununganna kiwari.

Salila cicing di imah “Ibu”, “abdi” éstu ngarasa betah gawé betah hirup. Kituna téh duméh “Ibu” kacida bageur jeung tulaténna. “Ibu” kacida mikanyaah “abdi”, dianggap kulawarga sarta dibéré pangaweruh-pangaweruh anyar ngeunaan kaparigelan ogé ngeunaan sawangan-sawangan kana kahirupan.

Tapi lantaran “abdi” kudu mulang ka lemburna, nyumponan paménta kolotna, “abdi” kudu pisah jeung kulawarga “Ibu”, ninggalkeun sakur kahadéan ogé kanyaahna. Taya ungkara anu bisa ngawakilan rasa “abdi” basa rék indit ninggalkeun imah “Ibu” iwal kalimah hatur nuhun, Ibu.

4) “Angin Sawah” (GT-04)

Dina mimiti carita kacaritakeun palaku Ilah anu getol ngepél jeung rapékan ngurus imah jeung mantuan kolot. Sarta ditétélakeun ogé parigelna Ilah ngolah dahareun, ti mimiti ngisikan ti cai, mirun seuneu, nyieun sambel oncom, ngagoréng asin, nyieun ulukutek leunca, jeung nyangu.

Ilah téh wanoja kampung anak patani anu umurna geus sawawa keur jatukrami, tétéla masih ngarasa bingung. Manéhna bingung lantaran kudu milih antara Alan anu urang kota, kasép, jeung boga kalungguhan anu luhur di kantor BRI tempatna gawé, atawa Otang pamuda kampung anu pada-pada patani tapi getol gawé sarta satia nungguan Ilah ti baheula sanajan Ilahna ngolémbar.

Kabigung Ilah mimiti aya kelemengna basa Acih, babaturanna ulin ka imah Ilah. Harita Ilah keur di dapur, masak keur nganteuran jeung Otang anu keur garawé di kebon. Acih méré sawatara pamadegan jeung kamandang ngeunaan goréngna kalakuan Alan, duméh manéhna kungsi nyaksian Alan jeung awéwé lian. Acih ogé ngingetan yén Otang geus nungguan Acih ti barang manéhna sakola SD kénéh. Sanajan Ilah ngarasa meunang kelemeng tina pasualanna, tapi haténa masih can panceg.

Ilah ngarasa yén Alan jalma anu bageur jeung nyaah ka kolot, sanajan kungsi boga niat goréng ka manéhna. Harita Ilah keur sorangan di imah, alan ulin ka imah, manéhna ngolo Ilah sangkan daék nganteur kahayangna. Hadéna, harita bapana buru-buru balik nepi ka Ilah salamet, tapi ti harita Alan teu nepungan deui Ilah.

Kacaturkeun di jalan, basa Ilah rék nganteuran téa ka kebon, manéhna panggih jeung Alan ngaboncéng mojang geulis. Boro-boro nanya, Alan ngan ngarérét saeutik bari tuluy ngabalieur. Harita Ilah ceurik, nyeri haté ngarasa diulinkeun ku Alan. Nepi di kebon, Ilah nepungan Otang anu masih kénéh ngoréd. Di dinya, Ilah panceg nagtukeun pilihan haténa ka Otang.

5) “Guriang Tujuh” (GT-05)

Nyaritakeun palaku Embu, nya éta hiji indung anu salawasna mikamelang jeung mikadeudeuh anak-anakna. Lantaran umurna beuki ngolotan, beuki loba pikiran minangka kahariwangna ka anakna anu tujuh. Manéhna kungsi mikir, upama manéhna maot, rék ka saha mihapékeun anak-anakna? Éta kahariwang manjang jeung jadi pikir anu jadi rasa sieun. Sieun anak cikal jeung minantuna teu nyaaheun ka adi-adia, sieun upama adi-adina ngalakukeun kasalah Si Cikal jeung pamajikanna teu daék ngahampura.

Lantaran ayana kahariwang anu pohara, manéhna mutuskeun nyieun hiji surat dina buku harianna keur Karna, anakna nu cikal téa. Eusi suratna mangrupa carita rékaan, manéhna ngalalakonkeun mangsa-mangsa ngandung ku anakna anu tujuh. Tujuanna dijieun ieu carita rékaan nyé éta sangkan Karna bisa ngahampura sipat jeung kalakuan adi-adina upama hiji mangsa ngalakukeun kasalahan.

Ti mimiti Karna anu dikandung keur dina mangsa teu micinta salakina, nepi ka manéhna jadi anak kameumeut. Satiawati anu teu kaopan duméh basa keur dikandung, manéhna loba dipungpang kahayang ku salakina. Damayanti antepan jeung resep ngaludah lantaran basa keur ngandung ku manéhna, Embu teu kaopan ngambeu minyak atawa sangu téh sok babalongkéngan waé. Susilawati anu réngkak paripolahna siga lalaki, lantaran basa keur dikandung, Embu hayang pisan boga budak lalaki. Mustikawati anu gering bronchitis lantaran basa keur dikandung, Embu sieun ku cai. Nuraini anu dipikanyaah salaku awéwé lantaran sieun boga sipat siga lalaki. Nepi ka Si Bungsu salaku anak pangleutikna.

Tapi, lantaran loba teuing nulis ngeunaan tujuh anakna, Embu anu mémang keur gering kangker rahim, ngarasa lieur nepi kakapiuhan, teu kaburu neundeun buku harianna. Barang hudang, bukuna geus euweuh ngan aya keretas sacewir anu eusina ngeunaan kasanggpan Karna jeung Poppy ngaganti peran indung jeung bapana keur adi-adina. Embu reugreug, kahariwangna anu pohara dadaksakala leungit. Kabungah indung digambarkeun tina katarimana kanyaah anak jeung minantu. kanyaah indung ka tujuh anakna miboga amanat

yén salaku lanceuk kudu nyaah ka adi, jeung salaku anak wajib tuhu jeung mikanyaah kolot.

6) “Harga Hiji Surat” (GT-06)

Ratna jeung Ilham nya éta salaki pamajikan anu keur dibéré cocoba. Ilham jadi pangangguran lantaran pausahaan tempat manéhna digawé bangkrut. Kurang teuwih dua bulan manéhna ngaligeuh teu boga gawé. Pangubutuh di imah geus teu bisa deui dicumponan ku hutang injeum ka tatangga. Kabutuhan utama nya éta dahar. Kungsi sapoé jeput Ratna teu saeutik-eutik acan kararaban sangu lantaran teu boga béas, katambah maranéhna boga budak tilu anu keur meujeuhna rarewog dahar.

Kungsi Ilham nitah Ratna sangkan ngagadékeun baju-bajuna anu aralus ka pagadé kuriling. Tapi Ratna boga pamadegan yén daripada manéhna kudu rudin dangdangan, leuwih hadé nahan peurih beuteung, manéhna embung milu prihatin.

Teu lila Ratna meunang gawé di hiji pausahaan gedé, jadi sekretaris diréktur. Ratna beuki jarang aya di imah, anakna anu tilu dibawa ku indung jeung bapana Ratna bari ulaheun disambat deui. Sanajan Ilham ngarasa jadi teu boga harga diri, tapi manéhna teu bisa kumaha. Ratna beuki sibuk di kantor, beuki loba tugas ka luar kota. Upama ti kantor teu balik peuting, manéhna balik wanci subuh.

Hiji poé, Ilham kadatangan sémah awéwé anu ngaku pamajikan dunungan Ratna. Éta awéwé némbongkeun bukti-bukti salingkuhna Ratna jeung Diréktur Pausahaanana, salaki éta awéwé téa. Ilham ngarasa dihina ku pamajikan.

Basa peutingna Ratna ditanya ku Ilham, manéhna ngaku yén geus salingkuh jeung dununganna. Éta dununganna téh tétéla kabogoh Ratna basa keur kuliah, anu harita digat duriatna ku Ilham sabab Ilham ngarasa kawasa duméh keur aya dina kasuksésan, nepi ka kolotna Ratna nyatujuan Ilham ngawin Ratna. Ti harita Ratna teu balik ka imahna, tapi ka imah indungna. Hiji peuting, Ratna balik ka imah nepungan Ilham. Manéhna ménta sangkan

ditalak ku Ilham kalawan jangji upama manéhna ditalak ku Ilham rék méré duit sajuta rupia. Lantaran Ilham ngarasa dihina, antukna duanana paséa nepi ka Ilham ngamuk. Ilham kalepasan malédogkeun botol peupeus kana beungeut Ratna. Sanggeus kitu, awak Ratna dihanca ku seuseukeut kaca nepi ka kapiuhan. Lantaran reuwas jeung sieun, Ilham maéhan manéh ku sesemplékan kaca anu ditancebkeun kana palebah jantungna. Sedengkeun nyawa Ratna bisa salamet, tatu-tatu dina awak jeung beungeutna teu ngalantarankeun manéhna ngaleupaskeun nyawa. Tapi céda dina beungeutna bakal jadi tapak talajakna Ratna dina kahirupan.

7) “Kanyaah” (GT-07)

Popon keur baluweng mikiran hayang imah kontrakan anu murah tapi can meunang. Manéhna ngarasa teu genah haté upama cicing waé di imah bibina. Sanajan manéhna ti leuleutik digedékeun jeung diurus ku emang jeung bibina, tapi ari geus laki rabi jeung Mumu mah, karasana béda jeung kararagok. Manéhna kungsi boga niat ngahiji jeung mitohana di Banjaran, tapi sanggeus dipikir-pikir loba rugi batan untungna.

Salian ti hayang mandiri imah-imah sorangan, Popon ogé hayang ngawarah anak-anakna bibi anu kedul, sabab sagala pagawéan imah dipasrahkeun ka manéhna kabéh. Éta hal lantaran bibina ngogo pisan anak-anakna nepi ka tara daék barang gawé.

Beuki lila, pagawéan di imah beuki loba, Popon ogé sok mindeng nyareri awak. Tapi sangeus dileukeunan mah, anak-anak bibi daraékeun nyeuseuh bajuna séwang-séwang, sahenteuna pagawéan Popon rada énténg. Tapi aya pasualan séjén, kabéhdieunakeun Popon mindeng kaleungitan duit. Basa Popon nanyakeun ka Iwa, manéhna teu ngaku nyokot duit sanajan Popon apal lantaran geus sababaraha kali kanyahoan. Tina éta pasualan, kaayan di imah mingkin tegang, nepi ka Mumu ngampleng di banjaran.

Lantaran hariwang, Popon néang Mumu ka Banjaran. Di banjaran, Popon diajak ku mitohana sangkan daék cicing di dinya maturan manéhna sabab mitohana geus apaleun naon anu karandapan ku Popon di Bandung.

Balik ti Banjaran, manéhna nyieun kaputusan yén rék cicing di imah mitohana. basa éta maksud ditepikeun, bibina teu ngomong nanaon. Iwa, anu polos ngomong ka indungna yén enya manéhna anu nyokot duit ti kamat Popon téh. Bibina ménta dihampura bari ceurik, tapi teu ieuh ngendagkeun niatna. Manéhna indit ka Banjaran, nyorang hirup bagja jeung salaki ogé mitohana.

8) “Kiplik-kiplik” (GT-08)

Nina keur gering panas basa manéhna teu bisa saré sabab ngarasa sepréna anu paas. Nina ditungguan ku bapana geus aya tilu peuting. Nina ngarasa hanaang tapi teu bisa nyarita. Salila ngararasakeun kahanaang jeung kategenah awakna, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa baheula. Mangsa bapana ejueng indungna masih ngahiji, mangsa lanceuk-lanceukna masih kénéh bisa ulin suka bungah.

Lamunan Nina, sok balik deui kana kaayaan manéhna keur gering. Tapi panineunganna balik deui ka mangsa Mamah, indungna masih kénéh aya deukeut manéhna jeung mikanyaah sakabéh kulawarga. nina inget, waktu bapana nampiling indungna nepi ka paséa rongkah. Ahirna, Nina jeung lanceuk-lanceukna dibawa ka imah gedong, imah mamih, indung téréna ayeuna.

Di éta imah, Nina jeung lanceuk-lanceukna éstu dilimpudan kasieun, teu meunang katengtreman, teu meunang kanyaah ti indung. Kanyaah bapana ogé karasa jadi barobah. Sipat indungna Nina jeung sipat indung téréna éstu jauh pisan. Indungna anu “lembut” jeung mikanyaah béda jeung indung téréna anu “kasar” jeung apilain.

Beuki peuting, awak Nina beuki panas. Basa Nina maksakeun ngomong sarta nanyakeun Mamah ka bapana, bapana kalah ceurik tuluy nyuuh kana sisi dipan. Ku Nina buukna diusapan. Ceuk pikirna, bapana ogé sarua hayangeun panggih jeung Mamah. Awak Nina anu asalna nyongkab panas, ayeuna jadi malik tiis.

Nina ngarasa awakna kacida hampang malah nepi ka bisa ngapung tur jangjangan bakat ku ngarasa hampang. Nina ngapung jauh pisan, ninggalkeun bapana jeung lanceuk-lanceukana. Nina moal balik deui.

9) “Gagak Ngelak di Majingklak” (GT-09)

Nyi Lasem, mojang asal Kalipucang anu sok dagang cai mangrupa anak pamayang. Manéhna boga beubeureuh, Ki Jaka. urang Karanganyar anu bubuara jeung Ki Arsim (akin) di Majingklak. Ki Jaka anu kacida micinta laut, boga prinsip anu pengkuh salaku pamayang anu hirupna patali jeung lauk, laut, angin barat nu matak bangkrut, jeung Juragan parahu nu telenges.

Kacaturkeun geus aya tilu bulan pamayang di Majingklak teu beubeunangan lantaran laut ngadadak miskin ku lauk. Pangna kitu, lantaran di deukeut Palawangan aya kapal asing anu jaringna unggal menit ditarik nepi ka teu ngagéhan lauk keur pamayang-pamayang di Majingklak. Loba pamayang anu arindit ti lembur naréangan pagawéan di kota. Tapi Ki Jaka embung ingkah ti lemburna, manéhna tetep percaya yén masih kénéh aya lauk anu bisa nyangsang dina jaringna. Lantaran panasaran, peuting harita manéhna turun ka laut sorangan.

Tapi nepi ka isukna, Ki Jaka teu balik-balik. Barang aya anu nyusulan, kur manggih parahu Ki Jaka anu kosong. Ceuk nu néanganna, Ki Jaka geus taya dikieuna, kasapu lambak anu motah sapeupeuting.

Nyi Lasem anu kanyenyerian ditinggalkeun ku Ki Jaka, balik ka Kalipucang. Kiwari tinggal Ki Arsim anu ngarasa keueung lantaran manéhna bener-bener nunggelis teu sanak teu kadang.

10) “Deudeuh teuing” (GT-10)

Nunung keur bingung néangan lanceuk awéwéna. Ceu Atin teuing dimana, ceuk béja indit luntang-lantung lantaran gering pikir nepi ka gélo. Anu jadi cukang lantaranna nya éta Atin teu sanggup mapalér haténa basa salakina kawin deui, bari jeung hartana béak dipaké judi. Pamustunganana, pabrik anu ngaréndéng jeung imahna béak kaduruk. Ti saprak harita, Atin lila

teu éling-éling, barang éling walahwah-weuleuhweuh nepi ka leungitna ti imah. Pangna Atin teu siap narima kanyataan, lantaran Atin kapiduit teuing. Basa mimiti kawin ka salakina, manéhna niatna lantaran duit jeung harta dunya. Salaki Atin kacaritakeun jalma beunghar, tapi goréng lampah. Ngaranna Dédén, jelema bangor jeung lacur leuwih ti misti. Lantaran Atin ngancam rék ngagantung manéh lamun dihulag, kapaksa diijinan. Tapi, sanggeus kaalaman ku sorangan, yén lampah salakina siga kitu, Atin teu narima.

Nunung jeung salakina geus béak déngkak, sakuliah Bandung geus dikulibek néangan Atin, tapi teu hasil. Nepi ka Nunung jeung salakina balik deui ka Ciamis, Atin teu kapanggih.

11) “Indung” (GT-11)

Kuring keur ngabandungan Maman jeung Budi ker sasapu di buruan. Ditungguan ku Ema dina korsi di téras imah bari nyieun strimin. Kuring ngarasa kagugu ku polah adi-adina anu getol mantuan indungna. Kuring rumasa kedul jeung teu boga kaparigelan sanajan disakolakeun nepi ka paguron luhur.

Ngabandunganadi-adina sasapu, kuring ningali cara méré atikan jeung motivasi pikeun mandiri ti Ema ka adi-adina. Basa adi-adina ngarasa seunggah lantaran runtah kalakay meunang maranéhna nyapukeun balatak deui ku angin, indungna ngahariring nitah angina reureuh heula, mangmeunangkeun Maman jeung Budi.

Salian ti éta, sangkan adi-adina leuwih sumanget, Ema nunda duit saratus rupia di handapeun tangkal cengkéh, nepi ka adi-adina ngarasa bungah duméh ceuk pamikirna manggih duit. Adi-adina ogé leuwih sumanget sasapu. Kuring masih nyérangkeun ti kamarna basa Ema ngarérét ka lebah manéhna.

12) “Nyiram” (GT-12)

Anih anu keur nyiram digawé di imah Néng Marti, anu sarua keur nyiram. Néng Marti anu teu weléh diogo ku salakina, sagala kahayangna teu

weléh ditedunan matak pikabitaeun Anih. Naon waé anu dipikahayang ku Néng Marti, manéhna gé pasti hayangeun tuluy ngurihit ka salakina. Ti mimiti