• Tidak ada hasil yang ditemukan

Anu dilakukeun ku palaku Ki Ahmad ngabalukarkeun ayana ajén budaya solidaritas, lantaran sacara teu langsung geus nulungan jalma séjén tina kurang merenahna pamadegan hiji jalma, dina ieu kontéks emangna Ki Ahmad.Ieu hal luyu jeung data GT-01:16/1 anu némbongkeun solidaritas Ki Ahmad kana profési guru.

4.2.2 “Nu Beunghar” (GT-02) 4.2.2.1 Struktur Carita GT-02

a. Téma

Téma ieu carpon GT-02 nya éta ngeunaan kaadilan sosial. Ieu téma luyu jeung maksud anu rék ditepikeun ku pangarang yén dina enas-enasna kaayaan sosial téh bisa disebut teu adil. Lantaran kitu pangarang miharep ka

nu beunghar bisa inget ka nu sangsara, teu saukur ngudag kabeungharan pribadi tapi ogé ngutamakeun karaharjaan balaréa ku cara hirup basajan jeung teu poho ka baraya. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.

… Saur Ema mah cenah, anjeunna téh geus boseneun calik di gedong sigrong, icikibung dina kaméwahan. Nya tuluy masisian, nyaung-nyaung di luar kota. (17/4)

“Yeuh, geulis, bageur, pinter…, nini-nini mah ngadegkeun pabrik di ditu di dieu sotéh gegedéna mah itung-itung méré pangupa jiwa ka dulur-dulur urang nu teu mampuh!” (26/7)

“Ceuk nini gé, urang ningali téh ulah ngan ukur ka baraya-baraya

nu jareneng baé! Tuh tingali, di ditu di dieu teu saeutik dulur-dulur urang,babarayaan urang anu teu garaduh, nu pikarunyaeun, rék ku saha ditulunganna ari lain ku urang nu kasebutna leuwih beunta?” (27/3)

“Matak Nini mah ngahaja imah-imah di pasisian kieu téh, imah butut kieu, da ari ka gedongan mah baraya nu teu boga tara daraékeun unggah, sérabun ku imah.” (27/8)

Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén téma ieu carpon mémang museur ka saurang palaku anu beunghar, luyu jeung judulna. Kontéks anu dipidangkeun ngeunaan beunghar dina ieu téma bisa jadi ngandung dua harti, jalma anu beunghar harta jeung beunghar haté.

b. Fakta Carita 1) Galur

(a) Dumasar Runtuyan Waktu

Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.

Ieu carita dimimitian ku datangna palaku Kuring jeung salakina ka imah Nini (nini ti gigirna). Dina ieu bagian dicaritakeun ti barang béca eureun hareupeun imah, kaayaan pakarangan imah anu harieum ku

tatangkalan, nepi ka srogna ka tepas imah anu dibagéakeun ku piribumi (A).

Sanggeus dititah diuk, tuluy ngamimitian ngawangkong ngalér ngidul. Eusi wangkonganna nyaritakeun ngeunaan mangsa-mangsa baheula Nini keur ngora (D1). Ieu mangrupa téhnik flash back, anu nyaritakeun mangsa bihari dina waktu kiwari. Ieu téhnik digunakeun upama aya hubungan atawa patula patalina hal anu karandapan baheula jeung kajadian ayeuna. Lantaran dina ieu carpon téhnik flash back digunakeun dina sela-sela wangkongan, tangtu waé upama ngawangkong sok aya eureunna. Ieu waktu eureun (jeda tina flash back) digunakeun ku pangarang pikeun malikeun deui pangacian anu maca ka mangsa kiwari, kitu satuluyna (B). Carita balik deui ka mangsa Nini meuli imah jeung nyieun pabrik keur kahirupan dulur-dulurna (D2). Upama ayah al anu teu sapadegan jeung Kuring, Kuring langsung nyempad wangkongan, ieu hal salaku galur anu mulangkeun pangacian anu maca kana mangsa kiwari (C). Pangarang mungkas carita ku museurkeun ka mangsa kiwari anu keur karandapan ku palaku Kuring jeung salakina anu keur nyémah. Teu kacaturkeun balik atawa amitan ti imahna Nini, ngan nepi ka ayana hiji kacindekan ti palaku Kuring ngeunaan palaku Nini, jalma beunghar anu hirup basajan (E).

Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap. A --- D1 --- B --- D2 --- C --- E (b) Dumasar Jumlah

Ditilik tina jumlahna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun sub-galur anu galurna leuwih ti hiji. Galur kahiji, nyaritakeun Kuring jeung salakina anu nyémah ka imah Nini sarta tuluy ngawangkong. Galur kadua, nyaritakeun lalampahan Nini ti mimiti cicing di imah gedong nepi ka nyaung-nyaung di sisi kota. Galur ka tilu, nyaritakeun sémah-sémah séjén anu daratang ka imah Nini. Jumlah galur saperti kieu ilahar digunakeun

dina carita anu ngagunakeun téhnik campuran dina midangkeun eusi caritana.

(c) Dumasar Kepadatan

Ditilik tina padet henteuna, ieu galur kaasup kana galur anu anggang. Ieu galur anggang, midangkeun caritana sacara kendor sarta hubungan antarkajadianna ogé teu dalit. Sanajan kitu, pangarang kawilang anca dina nembrakkeun runtuyan carita, tapi ogé dina bagian mimiti carita, eusi sacara gemblengna geus bisa katingali. Kajadian-kajadian anu diébréhkeun dina galur flash back ogé teu miboga hubungan anu sacara langsung karandapan ku para palaku dina mangsa kiwari.

(d) Dumasar Eusi

Dumasar kana eusina, ieu carpon GT-02 ngagunakeun galur pemikiran. Upama niténan eusi carita sacara gembleng, eusina mangrupa hal-hal anu jadi bahan pamikiran pikeun nu maca. Sawatara hal anu jadi bahan pamikiran diantarana nya éta ngeunaan loba kénéh kalangan masarakat anu sangsara atawa teu boga pagawéan. Di sisi lianna, aya anu beunghar tapi malah nyaung-nyaung sisi kota. Hal séjén ngeunaan perhiasan anu dipaké ku palaku Nini, éstu nyurup jeung pangawakanna. Aya ogé hal anu jadi bahan pikiraneun nya éta ngeunaan konsép duduluran jeung babarayaan ngaliwatan prosés silaturahmi.

2) Palaku

Dina ieu carpon GT-02, aya lima urang palaku nya éta palaku salaki (GT-02:17/1), Nini (GT-02:17/), Nyai (GT-02:19/1), kuring (GT-02:21/5), jeung ninina budak (GT-02:23/8), Éta lima urang palaku bisa ditilik dumasar kalungguhan, penampilan, watek, jeung pencerminan palakuna.

(a) Dumasar Kalungguhan

Dumasar kalungguhanna, dina ieu carpon aya dua urang palaku utama jeung tilu urang palaku tambahan. Palaku utamana nya éta Nini jeung kuring. Palaku tambahanna aya salaki, Nyai, jeung ninina budak. Nini mangrupa palaku utama, éta hal dumasar kana kalungguhanna dina carpon anu dominan sarta museurkeun panitén nu maca ka ieu palaku. Sedengkeun Kuring ogé mangrupa palaku utama salaku ‘mata’ pangarang anu ngagunakeun puseur sawangan jalma kahiji. Jadi, ieu palaku némbongkeun sagala hal anu katingali, karasa, jeung kadéngé ku manéhna. Nepi ka manéhna nyindekkeun jeung nepikeun amanat tina eusi ieu carpon minangka perantara antara pangarang jeung nu maca.

Ayana palaku tambahan dina ieu carita digunakeun pikeun mapaés eusi carita sangkan leuwih sieup jeung leuwih réalistis. Upamana salaki salaku palaku anu marengan pamajikanna (Kuring), jadi gambaran logis yén sakuduna hiji salaki boga kawajiban keur maturan pamajikanna silaturahmi ka baraya anu jauh. Palaku séjén Nyai jeung indungna, digunakeun pikeun ngalengkepan eusi carita ngeunaan babarayaan. Jadi, sakur palaku miboga kalungguhanna séwang-séwang.

(b) Dumasar Penampilan

Ditilik tina penampilanna, kabéh palaku dina ieu carpon kaasup kana palaku protagonis. Euweuh palaku anu kacaritakeun miboga watek anu goréng. Palaku Nini jelas digambarkeun jadi hiji palaku anu kacida bageurna sarta miboga jiwa sosial anu luhur. Éta hal katitén tina cutatan ieu di handap.

“Ceuk nini gé, urang ningali téh ulah ngan ukur ka baraya-baraya nu jareneng baé! Tuh tingali, di ditu di dieu teu saeutik dulur-dulur urang,babarayaan urang anu teu garaduh, nu pikarunyaeun, rék ku saha ditulunganna ari lain ku urang nu kasebutna leuwih beunta?” (27/3)

Palaku kuring éstu miboga sipat ajrih, sanajan digambarkeun leuwih réalistis minangka wanoja karir mangsa kiwari. Ieu bisa katitén tina cutatan ieu di handap.

… rumasa, ari teu kaburu masak da puguh kuring gé digawé, deungeun sangu téh cukup ku meuli ti warung. (21/6)

Palaku salaki, Nyai, jeung ninina teu némbongkeun ayana pasipatan atawa watek goréng. Salaki anu maturan pamajikanna silaturahmi jeung ngingetan pamajikanna ngeunaan rumah tangga, jadi gambaran sikep anu alus. Palaku Nyai jeung ninina ogé némbongkeun miboga watek hadé salaku sémah di imahna Nini. Ieu bisa katitén tina cutatan ieu di handap.

teu kungsi lila torojol budak awéwé mawa samak… (19/2) … solongkrong budak leutik téh munjungan ka kuring duaan. (19/3)

… teu kungsi lila, kurunyung awéwé tengah tuwuh ka luar mawa baki. (23/7)

Sanajan euweuh palaku antagonis, ieu carpon tetep méré warna anu has dina eusi caritana. Malah, ieu carpon karasa pisan méré sugésti positif ka nu maca. Jadi, pikeun nyieun kacindekan amanat tina hiji carita teu kudu salawasna dibarengan ku ayana konflik antara palaku antagonis jeung protagois.

(c) Dumasar Watek

Dumasar kana wangun watekna, palaku basajan aya tiluan nya éta salaki, Nyai, jeung ninina budak. Palaku kompléksna ngan aya duaan, nya éta Nini jeung kuring.

Palaku Nini miboga watek anu kompléks kalawan dinamis. Ieu hal nyoko kana sikep, paripolah, sawangan ngeunaan kahirupan jeung konsép réligius anu liket tapi diébréhkeun dina hal anu basajan sarta aplikatif. Ieu

palaku digambarkeun salaku hiji jalma anu beunghar, bisa katitén tina ali-ali anu dipaké ku manéhna, tina imahna anu gedong, jeung tina sawatara pabrik nu manéhna. Cara manéhna nyawang kahirupan sabudeureun éstu basajan, aya nu boga jeung anu teu boga. Nu boga kudu bisa nulung ka nu teu boga minangka kawajiban papada umat Gusti.

Ieu konsép ngeunaan kahirupan tétéla miboga wengkuan anu jembar. Bisa patali jeung perkara pakasaban, status sosial, kalungguhan wanoja, kawajiban manusa, kaayaan ékonomi masarakat, étika, moral, jeung sajabana. Hal-hal saperti kitu kapanggih tina sawatara cutatan ieu di handap.

… Sing saha gé moal aya nu nyangka yén nu nyicinganana téh saenyana mah jalma beurat beunghar … geus boseneun calik di gedong sigrong… (17/4)

… Ngaku baraya téh ulah ngan ka nu jareneng wungkul urang téh! (19/7)

… bentén emas gé anjeunna mah gaduheun. (20/1)

… cingcin batu meni pinuh, teu sirikna dina unggal ramo. (20/2)

… anyar-anyar ieu cenah manéhna téh ngagaleuh batako di Pamanukan. (26/3)

Tina sawatara cutatan di luhur, katitén kompléksitas watek Nini salaku jalma beunghar anu hayang terus makaya diri, tapi tetep hirup sacara basajan. Salian ti mangrupa gambaran watek, ieu ogé mangrupa gambaran prinsip kamanusaan anu sacara naluri hayang miboga rajakaya tapi di lain sisi hayang makayakeun dulur. Prinsip hirup saperti kieu anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Watek Nini salaku jalma anu miboga pamadegan sosial anu hadé leuwih ngadominasi daripada watek Nini salaku manusa biasa anu hayang aya dina kabeungharan.

Palaku séjén anu anu miboga watek kompléks sarta dinamis nya éta palaku “Kuring”. Dina ieu carpon, palaku Kuring katitén miboga watek

anu dinamis. Sakapeung katitién miboga cara mikir anu basajan, tapi aya ogé anu ngagambarkeun neuleuman harti hirup éstu gemet. Ieu hal tangtu waé lantaran kalungguhanna salaku palaku utama anu ngébréhkeun rupa-rupa pamadegan ti mimiti carita nepi ka nyindekkeun éta rupa-rupa-rupa-rupa pamadeganna dina tungtung carita. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun dinamisna watek Kuring.

… da cacak lamun nu makéna kuring atawa indung kuring mah, tada temen ningnangna. Cara étalaseu téa, kitu téa! (20/2) … Sorangan mah ukur nyenghél. Rumasa ari teu kaburu masak da puguh kuring gé digawé, deungeun sangu téh cukup ku meuli ti warung. (21/5)

… Aya deui béja ngadegkeun pabrik aci di Pagadén. Keur naon? Asa ku sarakah-sarakah teuing ku dunya sepuh téh. (26/3)

Ku mulya haté Nini. Boro haté geus boga sangka-sangka goréng! Boro haté geus nyangka sarakah… (27/9)

… Bet asa éra sorangan! Sorangan mah ngalamun hayang beunghar téh wungkul kabita ku boronyoyna kaméwahan, hayang weureu seubeuh nyacapkeun kahayang napsu. (28/3) Parapalaku basajan, watekna leuwih statis tibatan palaku kompléks, saperti Salaki, Nyai, jeung ninina budak. Ieu para palaku, sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, malah parobahan sikep ogé teu témbong dina carita. Sanajan palaku Salaki miboga peran anu leuwih loba tibatan palaku basajan lianna, tapi teu matak ngabalukarkeun robahna kayaan. Sedengkeun palaku Nyai jeung ninina ngan miboga kalungguhan salaku panglengkep galur.

(d) Dumasar Pencerminan Palaku

Ditilik tina pencerminan palakuna, Kuring, Salaki, jeung Nini mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Nyai jeung ninina budak kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.

3) Latar

Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.

Tabél 4.7