• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.22 Data Ajén Sosial GT-04

2) Ajén Moral

Ajén moral séjén anu euweuh patalina jeung kawajiban awéwé nya éta ngeunaan sikep bageurna Otang ka pimitohaeun. Ieu miboga ajén moral lantaran sacara sosial, minantu lalaki di masarakat patani kudu bisa ngolah tanah sabab mangrupa hiji-hiji tempat nyiar kipayah keur kahirupan sapopoé. Jadi, lain perkara bageur henteuna atawa bener

salahna, tapi mangrupa wujud tina pertélaan yén hiji lalaki anu bisa ningalikeun kamampuhna ngurus tatanén ka pimitohaeun, dianggap bisa tanggung jawab ka kulawarga upama engké jadi minantu. Snajan ieu pamadegan mangrupa pamadegan anu heureut, tapi di masarakat anu pakasaban utamana tatanén, pamadegan saperti kieu dianggap bisa dipaké pikeun ngajén hiji jalma. Salian ti keur lalaki, awéwé ogé ilahar diajén gawéna dumasar kana kamampuhna ngurus salaki jeung gurus anu gawé. 3) Ajén Kagamaan

Data GT-04:40/15 ngébréhkeun ngeunaan puasa sunat anu miboga ajén kaagamaan. Dina ieu carita, Acih anu ngalaksanakeun puasa sunat sangkan tinekanan sagala pamaksudan.

b. Ajén Budaya

Ajén budaya anu aya dina carpon GT-04, bisa katitén dina tabél data ieu di handap.

Tabél 4.23

Data Ajén Budaya GT-04

No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan

T É A Sn. K Sl.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)

1. GT-04:36/9 Pancatugas  

2. GT-04:37/5 Mantuan pimitohaeun  3. GT-04:37/2 Sakola teu tamat

SMP lantaran teu kamodalan

4. GT-04:38/3 Acih ngingetan Ilah  5. GT-04:38/4 Kahayang Alan nu

teu kacumponan

6. GT-04:39/2 Nasabah 

7. GT-04:40/15 Puasa sunat 

Dumasar kana tabél di luhur, aya hiji ajén téori (GT-04:36/9), dua ajén ékonomi (04:37/2, 04:37/2), dua ajén Agama (04:40/15, GT-04:40/16), jeung opat ajén solidaritas (GT-04:36/9, GT-04:37/5, GT-04:38/3), hiji ajén kawasa (GT-04:38/4). Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.

1) Ajén Téori

Manusa mikawanoh ayana téori anu jadi konsép dina prosés ngajén alam sabudeureun luyu jeung konsép kaélmuanana. Dina ieu kontéks carita, kapanggih ayana konsép pangaweruh ngeunaan téori panca tugas awéwé sakumaha anu ditétélakeun ku Nani Suwondo:

wanita dalam keluarga itu mempunyai panca tugas yaitu (1) sebagai istri (2) sebagai ibu pendidik (3) sebagai ibu pengatur rumah tangga (4) sebagai tenaga kerja (5) sebagai anggota organisasi masyarakat.

Dumasar kana pamadegan di luhur, awéwé dina kahirupan kulawarga miboga lima pancén (panca tugas), nya éta salaku pamajikan, salaku nu ngatur rumah tangga, salaku pangatik, salaku anu ngadidik, jeung salaku anggota organisasi masarakat. Ieu panca tugas miboga saeutik bébédaan jeung anu kapanggih dina carpon GT-04. Ieu di handap mangrupa cutatanna.

Heeh…, pan urang salaku wanita kudu sanggup

ngalaksanakeun éta pancén. Kudu jadi pangjaring nu jadi salaki, kudu bisa ngatur rumah tangga, kudu bisa ngatik budak, kudu bisa ngatur turunan, jeung kudu bisa jadi anggota masarakat nu hadé,” cek Ilah mani norolang…(36/10)

Nilik kana data panca tugas anu kapanggih dina cutatan di luhur, anu bédana nya éta aya dina perkara kalungguhan salaku pamajikan jeung salaku pagawé di imah. Dina cutatan éta peran téh leuwih kana fungsi pamajikan anu kudu ngaping jeung ngajaring salaki upama ngalakukeun kasalahan. Perkara pagawé jeung nu ngatur turunan, éta dua hal mangrupa tanggung jawab babarengan antara salaki jeung pamajikan.

2) Ajén Ékonomi

Dina prakna hirup kumbuh sapopoé, manusa ngagunakeun banda jeung kajadian pikeun ngajén hiji kagunaan kalawan ngagunakeun logika efisiensi. Dina ieu carita, data anu miboga ajén ékonomi salaku balukar tina ayana logika efisiensi tadi, nya éta perkara waragad pikeun mayar sakola. Dina data kapanggih, patani teu sanggup ngabiayaan sakola anak-anakna lantaran mahal.

Konsép mahal tangtuna waé rélatif keur sawangan pada-pada jalma. Pikeun gambaran, taun 1980-an ayana iflasi anu luhur ngabalukarkeun mahalna ogé waragad atikan. Upama waragad sakola 30.000 per bulan dina taun 1980, taun 1981 bakal naék jadi 33.000 sabulan. Hartina, waragad sakola taun 1980-an naék 10% per taun.

Dumasar kana data di luhur, logis upama dina ieu carpon GT-04 disebutkeun yén patani teu bisa nyakolakeun anak-anakna. Ieu kontéks diwakilan ku palaku Ilah jeung Acih, dua wanoja kampung anu hirup tina hasil tatanén.

3) Ajén Agama

Ajén agama anu aya dina ieu carpon diwakilan ku palaku Acih anu getol puasa sunat. Manéhna yakin upama getol ngalaksanakeun ibadah sunah, sagala pamaksudan bakal diijabah ku Gusti Alloh. Ieu luyu jeung katerangan yén puasa sunat bisa numuwuhkeun kacinta ka Alloh sarta ngabalukarkeun dikobulna do’a hiji jalma.

4) Ajén Kawasa

Hiji jalma mikawanoh ajén kawasa upama ngarasa sugema upama jalma séjén nurut kana kahayangna. Dina ieu carpon, nyampak dina palaku Alan anu hayang meunangkeun Ilah sangkan daék nganteur kahayangna. Manéhna ogé ngarasa boga kakuatan salaku urang kota anu kasép sarta boga jabatan luhur di bank.

4) Ajén Solidaritas

Ajén budaya anu pamungkas nya éta ajén solidaritas. Dina ieu carpon, data anu miboga ajén solidaritas nya éta ngeunaan rasa cinta, sosobatan jeung silih tulungan. Rasa cina diwakilan ku palaku Ilah jeung Otang, sosobatan katingali tina palaku Ilah jeung Acih. Sedengkeun silih tulungan katingali tina palaku Otang anu mantuan kolotna Ilah gawé di sawah jeung di kebon.

4.2.5 “Guriang Tujuh” (GT-05) 4.2.5.1 Struktur Carita GT-05

Téma carpon GT-05 nya éta kamanusaan. Ieu téma nyoko kana rasa cinta indung ka anak anu diéksplor ku pangarang. Hiji indung, bisa ngalakukeun naon waé keur anakna, kaasup nyieun carita rékaan sangkan anakna dipikanyaah. Sanajan dina ieu carita éta hiji indung miboga tujuh anak, manéhna teu ngarasa boga beban.

Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Embu. Salaku indung, manéhna hayang sarua mikanyaahna tapi teu bisa lantaran aya sawatara kasang tukang anu ngabalukarkeun bédana kayaah indung ka saurang anak tina tujuh anak. Embu, anu ngarasa hariwang, lamun seug manéhna maot, genep budakna teu dipikanyaah ku budakna nu cikal lantaran geus boga pamajikan. Ieu kasieun mangrupa gambaran luhungna kanyaah indung. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.

Lamunanana ngajaul ka mangsa-mangsa nu bakal datang. Gusti, kedah ka saha abdi mercayakeun barudak nu keur meujeuhna atikeun, anu keur meujeuhna talingakeuneun? Ka Si Cikal anu kakara bubulanan rumah tangga? Asa teu tararéga teuing. (44/3)

Reup panonna dipeureumkeun. Kacipta Si Cikal dirurungsing ku adi sagenep-genep. Kacipta Poppy, minantuna, pusingeunana. (45/2) … Manéhna kudu gancang-gancang nyieun carita rékaan sangkan Si Cikal bisa ngahampura dosa adi-adina, lamun hal anu teu dipiharep kajadian. (46/2)

Tina téma anu diébréhkeun, pangarang nepikeun kacindekan ngeunaan luhung jeung sucina kacinta hiji indung ka nu jadi anak.

b. Fakta Carita 1) Galur

(a) Dumasar Runtuyan Waktu

Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-05 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.

Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Embu anu keur ngalamun di kamarna (A). Basa lamunanana mingkin jauh, manéhna ngarasa hariwang sieun anak-anakna anu genep teu dipikanyaah ku Si Cikal. Manéhna tuluy nyieun carita rékaan dina buku harianna. Dina tulisanna, carita pulang-anting ka mangsa-mangsa kakandungan ku tujuh budak. Ieu mangrupa téhnik flash back (D1). Kajadian karasana nyeri dina tonggong basa keur anteng nulis, miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari (B). Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku (D2). Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari (C), tuluy dipungkas ku Karna jeung Poppy anu nyebutkeun siap jadi gaganti indung jeung bapa keur adi-adina (E). Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.

A --- D1 --- B --- D2 --- C --- E (b) Dumasar Kritéria Jumlah

Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Embu anu hariwang budak-budakna teu dipikanyaah. Saliwat, ieu carpon siga sub-galur, tapi sabenerna eusi carita anu nyaritakeun mangsa-mangsa Embu anu keur ngandung tujuh budakna

mangrupa carita rékaan Embu, carita bohong keur budakna anu cikal sangkan daék mikanyaah adi-adina anu genep upama manéhna geus maot. (c) Dumasar Kritéria Kepadatan

Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Embu anu ngarasa sieun, tuluy nulis carita rékaan, lantaran gering manéhna kapiuhan, pas hudang carita réngsé lantaran langsung meunang jawaban tina kahariwangna. Éta galur carita dipidangngkeun sacara gancang kalawan miboga hubungan anu dalit antarkajadianna.

(d) Dumasar Eusi

Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur ka palaku nya éta Embu jeung Karna. Sanajan aya palaku séjén nya éta Poppy (pamajikan Karna), tapi saukur dimunculkeun keur ngantebkeun pamungkas carita. 2) Palaku

Dina carpon GT-05 aya saurang palaku utama, nya éta Embu 05:44/4). Palaku tambahan aya 19 urang, nya éta Si Cikal atawa Karna 05:44/4), Poppy 05:45/2), dokter 05:45/4), Dewi Kunti 05:47/1), Batara Surya 05:47/1), Ama 05:47/2), Eyang (GT-05:47/3), Satiwati (GT-05:49/1), dulur misan Ama (GT-05:49/4), Susilawati 05:53/2), Damayanti 05:51/2), Déwi Kania 05:51/3), Ema 05:54/4), emang béca 05:55/2), Mustikawati 05:55/4), Nuraini (GT-05:56/1), Si Bungsu (GT-05:56/2), dokter (GT-05:55/4), jeung dokter Adi (GT-05:57/8). Palaku Embu, Karna, jeung Poppy méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu geus dilakonan.

(a) Dumasar Kalungguhan

Dumasar kana kalungguhanna, Embu mangrupa palaku utama.Salapanbelas palaku séjénna mangrupa palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung.Anu ngarojong sacara langsung nya éta Karna jeung Poppy. Sésana mangrupa palaku anu disebutkeun ku palaku utama dina suratna keur Karna.

(b) Dumasar Penampilan

Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Embu, Karna, Poppy, Satiwati, Damayanti, Emang béca, jeung Mustikawati. Tina tujuh palaku protagonis, aya anu dumasar kana subjéktivitas palaku utama, saperti Satiawati jeung Damayanti. Aya ogé palaku Embu, Karna jeung Poppy anu objéktif dumasar kana penampilan dina carita anu bisa diajén ku nu maca.

Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun kaprotagonisan Satiawati jeung Damayanti dumasar pamadegan indungna, salaku palaku utama.

Nya Satiawati anu nyeungceurikan bari ngupah-ngapéh, pajar téh: “Ulah sieun Embu, nu teu lepat mah pasti katangén bersihna!” pokna bari eueuriheun. (49/3)

Nya dingaranan Damayanti. Anak anu teu weléh didama-dama, dianti-anti. (51/3)

Palaku Embu atra mangrupa palaku protagonis, lantaran ieu palaku salawasna jadi palaku séntral. Ti mimiti carita, pangarang geus méré gambaran kana ieu palaku salaku hiji indung anu kacida mikanyaah anak-anakna anu nganteng parat nepi ka ahir carita.

Karna jeung Poppy ogé mangrupa palaku protagonis, lantaran manéhna kacida mikanyaah Embu. Salian ti éta, Karna jeung Poppy ogé siap jajadi gaganti indung jeung bapa upama Embu geus teu aya. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Embu tong seueur nu dimanahan. Sing percanten, abdi sareng Poppy nu bakal janten gegentos Ama sareng Embu kanggo adi-adi. (58/1)

Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna, teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.

(c) Dumasar Watek

Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya genep urang palaku anu miboga watek basajan sarta saurang palaku anu watekna kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Karna, Poppy, Satiwati, Damayanti, tukang béca, jeung Mustikawati. ieu para palaku waterna teu mekar atawa statis, lantaran ngan digambarkeun saliwat dina carita.

Palaku Embu miboga watek anu kompléks, lantaran watekna mekar kalawan dinamis nuturkeun guluyurna carita. Pangna Embu kaasup kana watek kompléks, lantaran kaayaan batinna digambarkeun salaku awéwé anu lembut tapi pengkuh nyekel prinsip. Manéhna ogé gambaran awéwé anu satia ka salaki sarta mangrupa wanoja mandiri anu teu kudu ngahésékeun batur atawa gumantung ka batur. Sanajan kitu, Embu ogé miboga watek pesimis nyanghareupan hirupna. Manéhna ngarasa yén panyakitna beuki parna sarta moal bisa cageur deui sabihari. Manéhna ogé miboga panyangka goréng ka anak jeung minantuna.

(d) Dumasar Pencerminan Palaku

Ditilik tina pencerminan palakuna, Embu, Karna, Poppy, Satiwati, Damay anti, tukang béca, jeung Mustikawati mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Dokter, Dewi Kunti, Batara Surya, Ama, Eyang, dulur misan, Susilawati, Déwi Kania, Ema, Dokter, jeung Dokter Adi kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.

3) Latar

Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.

Tabél 4.24