• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.19 Data Latar GT-04

4.2.4.2 Unsur Semiotik GT-04

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-04 ngawengku genep ikon, jeung salapan indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-04 ngan aya anu mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.20

Analisis Unsur Ikon GT-04

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

1. GT-04:38/3 Nu anyar  Mangrupa tanda ikon anu ngébréhkeun ngeunaan

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

lalaki atawa kabogoh anyar. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Tah… tah, pédah boga nu anyar nyah?...

2. GT-04:38/3 Ngulinkeun  Teu enyaan, mikabogoh ngan keur heureuy

wungkul. Ilah anu ngarasa can yakin bisa narina Otang, keur deukeut jeung Alan. Tapi Acih ngomat-ngomat sangkan teu gampang percaya ka Alan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… Can puguh Lah, boa teuing manéhna mah ngan hayang ngulinkeun

wungkul.

3. GT-04:38/3 Asak  Dina ieu kontéks, asak mangrupa tanda tina hangkeutna hasil mikir anu bener-bener. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abongkéna itu aya onjoyna ti Kag Otang.

4. GT-04:40/12 Luak-léok  Dina ieu kontéks ditujukeun ka palaku Kang Éman,

beubeureuhna Acih anu teu beunang dipercaya lantaran sok mindeng ka imah Ceu Oti. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Teung atuh da Kang Éman téh teu bia dipercaya. Luak-léok teu puguh. Pajar cenah sok ngalékor baé di imahna Ceu Oti, randa urang kulon téa. 5. GT-04:40/14 Aya maksud  Sangakn teu togmol

nyebutkeun puasa, ilaharna cukup ku nyebutkeun aya maksud upama ditiah dahar. Nu nawaran geus ngarti yén éta magrupa tanda tina puasa. Ieu katitén dina cutatan paguneman di handap.

Pék atuh Acih bisi rék dahar!

Ah, moal! Keur aya maksud.

6. GT-04:43/7 Angin beurang

 Angin beurang mangrupa ikon tina ayana hiliwih hawa anu matak niiskeun awak. Dina ieu kontéks, angin beurang mangrupa tanda ayana kabagja anu bakal kasorang sanggeus haté jeung pikiran pada-pada panas jeung sumpek. Angin asih ti Otang keur Ilah. Ieu katitén dina cutatan di handap. Otang ngojéngkang ngadeukeutan. Deukeut pisan. Hiur angin

ngahiliwir. Angin beurang nu mépés rasa

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-04 aya anu mangrupa indéks réngkak paripolah, gejala fisik, jeung aktualisasi. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.21

Analisis Unsur Ikon GT-04

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

1. GT-04:37/8 Tulus Réngak paripolah

Kontéks tulus dina ieu pertélaan mangrupa istilah séjén pikeun kawin atawa dilamar. Acih nanya ka Ilah lantaran manéhna ningali yén Ilah jeung Otang geus tingal ngajadikeun. Ieu katitén dina cutatan

paguneman Ilah jeung Acih di handap.

“Rék iraha tulusna, Lah?” “Naon téa?”

“Kawinan…!” 2. GT-04:38/3 Madeg

mayong Réngak paripolah Mandeg mayong mangrupa tindakan jalma anu teu bisa nyokot kaputusan lantaran patali jeung pilihan. Dina ieu kontéks carita, Illah anu mandeg mayong téh, lantaran can bisa milih pisalakieun antara Otang jeung Alan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Teuing atuh, asa mandeg mayong.

3. GT-04:39/8 Nyeblak Aktualisasi Nyeblak mangrupa rasa anu dibalukarkeun ku ayana katugenah lantaran inget atawa mikanyaho hiji hal anu matak

tugenah. Dina ieu kontéks, anu nyeblak téh nya éta

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

Ilah lantaran meunang béja ti Acih, Alan kungsi katingali diuk pagégéyé jeung mojang geulis. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé.

4. GT-04:39/8 Panas Aktualisasi Panas mangrupa tanda tina ayana rasa anu ngahéab tina sumberna. Dina ieu

kontéks, panas anu karasa ku Ilah nya éta panas haténa lantaran timburu, Alan kanyahoan jeung awéwé séjén. Ieu katitén dina cutatan di handap. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé. haténa asa panas.

5. GT-04:39/8 Handeueul Aktualisasi Rasa handeueul anu kaalaaman ku Ilah mangrupa balukar tina salingkuhna Alan jeung mojang séjén. Salian ti éta, anu manghanjakalkeunna téh, ku Ilah Alan geus dianggap lain lalaki sambarangan anu kasép, urang kota, jeung boga kalungguhan di tempat gawéna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Aya rasa handeueul anu nyangkark dina dadana. Tuda Alan téh lain jalma

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

joré-joré. Nya kasép nya urang kota, ditambah boga kadudukan lumayan salaku mantra BRI. 6. GT-04:41/3 Ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur Réngak paripolah

Gerak panon anu ngarérét bari tuluy ngabalieur mangrupa paripolah anu nandakeun ayana katugenah, tapi teu

dibasakeun kalawan lisan. Dina ieu kontéks, basa Ilah papanggih jeung Alan nu keur ngaboncéng awéwé séjén, Alan ukur ngarérét meueusan bari tuluy ngabalieur geus jadi jawaban yén Alan geus embung deui miboga hubungan jeung Ilah. Katarimana ku Ilah, éta paripolah téh karasa mangrupa hinaan jeung cara pikeun

ngaheureuykeun haténa wungkul. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… Basa Alan ngaliwat ka hareupeun Ilah manéhna kur ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur. Nyel haté Ilah keuheul, asa dihina jeung diheureuykeun. 7. GT-04:41/3 Keuheul Aktualisasi Kakeuheul Ilah

dibalukarkeun lantaran panggih jeung Alan anu nyapirakeun manéhna. Disebut nyapirakeun duméh manéhna geus lila teu nepungan, sakali panggih geus jeung awéwé lian. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

Nyel haté Ilah keuheul, asa dihina jeung diheureuykeun. 8. GT-04:41/3 Leumpang beuki ngungkug Réngkak paripolah

Paripolah jalma anu

leumpang mémang miboga ma’na anu béda. Saperti dina ieu kontéks,

ditétélakeun Ilah anu leumpangna beuki ngungkug sanggeus panggih jeung Alan anu ngaboncéng awéwé séjén. Leumpang ngungkug mangrupa leumpang tungkul bari segut sarta teu rurat-rérét ka sisi ka gigir. Dina ieu kontéks, Ilah lain wungkul segut tapi ogé lantaran nahan kaambek jeung kanyeri haténa. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Jajantungna asa aya anu ngaréraban. Leumpangna beuki ngungkug.

9. GT-04:41/3 Cipanon ngelémbréréh

Gejala fisik Cipanon anu ngalémbéréh mangrupa tanda indéksikal tina ayana kasedih atawa kaambek anu karandapan ku hiji jalma. Dina ieu kontéks, Ilah ceurik

lantaran nyeri haté ku Alan jeung boga karumasa salah geus midua haté ti Otang. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Teu karasa cipanonna bet ngalémbéréh mapay pipi. Dina implenganana nyipta-nyipta tangtungan Alan tapi

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

weléh teu ngajirim. Nu ngajénggélék ngan waruga Otang anu keur luut-léét késang.

10. GT-04:42/10 Panonna neges-neges

Réngkak paripolah

Gerak panon anu neges-neges dina kontéks Ilah ningalikeun Otang anu keur ngoréd, tujuanna lain hayang atra kana anu keur ditingalina, tapi Ilah ngararasakeun rasa dina haténa ka nu atra dedegan jeung deudeuhna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Bréh Otang keur ngagecruk ngoréd, nganggeuskeun hanca anu kari sajuru deui. Keteyep Ilah ngadeukeutan. Panonna neges-neges waruga nu keur jongjon ngagecruk.

11. GT-04:43/4 Ngabalieur Aktualisasi Ngabalieur dina data GT-04:41/3, béda hartina jeung ngabalieur dina kontéks ieu wacana. Ngabalieur di dieu, nya éta waktu Ilah ngarasa teu kuat paadu teuteup jeung Otang anu seukeut lir mikanyaho sakur eusi haté Ilah. Ieu katitén dina cutatan di handap. Teup… panonna neuteup kana beungeut Ilah nu beureum lantaran

kapanasan. Ilah ngabalieur, teu uat nadah paneuteup Otang nu asa naranjangan eusi haténa.

4.2.4.2 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-04 a. Ajén Sosial

Ajén sosial anu aya dina carpon GT-04, bisa katitén tina tabél data ieu di handap.

Tabél 4.22