• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.24 Data Latar GT-05

4.2.5.2 Unsur Semiotik GT-05

Unsur semiotik dina ieu carpon GT-05 aya tilu, nya éta ikon, indéks, jeung simbol. Éta data diinterprétasikeun dina wangun tabél kalawan dirojong ku data cutatan tina carpon GT-05.

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-05 ngan aya anu mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis.

Tabél 4.25

Analisis Unsur Ikon GT-05

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

1. GT-05:44/2 Kembang murag katebak angin

 Kembang anu murag

katebak angin disawang ku palaku yén taya nu abadi, éta rasa dibarung ayana kanyaah anu rohaka sanajan mémang kudu tumarima upama waktu palastra (kembang murag) cunduk ti ajalina (angin). Ieu katitén dina cutatan di handap.

Deudeuh kembang, marurag katebak angin.

2. GT-05:44/3 Nyusul salakina  Nyusul salakina dina ieu kontéks

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

waktu jeung kasieun kana maot. Palaku ngarasa seunggah ninggalkeun budak-budakna anu tujuh. Ieu katitén dina cutatan di handap. Rasa lewangna beuki nambahan mun ras inget kana umurna nu geus leuwih ti tengah tuwuh. Biheung isuk biheung pagéto manéhna bakal nyusul salakina ka kalanggengan. 3. GT-05:45/3 Samagaha  Samagaha nyitrakeun sacara langsung kana kaayaan anu poék mongkléng. Dina ieu kontéks, anu

poékeun téh nya éta mangrupa kabingung pilampaheun anu kudu disorang. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Hidep kudu terang kumaha samagahana haté Embu! Lain Embu téga!

4. GT-05:45/4 Jampé  Jampé dina ieu

kontéks lain

mangrupa kekecapan anu dilisankeun pikeun nyageurkeun hiji panyakit, tapi

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

mangrupa élmu ngeunaan kanyaah lanceuk ka adi, yén kudu bisa

nganyahokeun kana pasipatanana. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ngan aya jampéna, Karna, sangkan hidep bisa rido, hidep kudu bisa nganyahoankeun kana pasipatanana. Ari sipat budak téa, Anaking, gumantung kana kaayaan

mangsa dikandungna. 5. GT-05:46/1 Tunggal sagetih  Dina ieu kontéks,

tunggal sagetih mangrupa tanda yén tujuh barudak Embu asalna ti kolot anu sarua.

6. GT-05:46/1 Dulur pet ku hinis

 Dina ieu kontéks, tunggal sagetih mangrupa tanda yén tujuh barudak Embu asalna ti kolot anu sarua.

7. GT-05:46/1 Lahir

patungturan hulu

 Dina ieu kontéks, tunggal sagetih mangrupa tanda yén tujuh barudak Embu asalna ti kolot anu sarua. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Hidep bakal yakin yén hidep jeung adi-adi téh tunggal sagetih. Dulur pet ku hinis, nu lahir

patungturun hulu.

8. GT-05:47/2 Diheulang  Diheulang atawa

dipaok heulang mangrupa istilah pikeun ngébréhkeun rasa kaleungitan anu ujug-ujug. Dina ieu kontéks, rasa siga diheulang karandapan ku Embu anu ditinggalkeun maot ku beubeureuhna, saméméh ngarangkep jeung Ama. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Pisaminggueun deui nikah, manéhna tiwas basa keur ngebut di tutugan Gunung Haruman. Embu téh asa diheulang, Karna. 9. GT-05:47/2 Poék leuwih ti samagaha  Samagaha nyitrakeun kaayaan anu poék. Dina ieu kontéks, hartina mangrupa rasa sedih jeung bingung lantaran ditingalkeun maot ku beubeureuh anu pisaminggueun deui rék nikah. Ieu katitén dina cutatan

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) di handap. Pisaminggueun deui nikah, manéhna tiwas basa keur ngebut di tutugan Gunung Haruman. Embu téh asa diheulang, Karna. Haté Embu harita poékna leuwih-leuwih ti samagaha. 10. GT-05:48/3 Beungeut

nyanghareup ati mungkir

 Lampah teu luyu jeung ketereg haté. Dina ieu kontéks karandapan ku Embu anu daék ditikah sarta ngalayanan Ama sakumaha mistina pamajikan ka salaki, tapi haté tetep manteng ka nu geus tilar. Ieu katitén dina cutatan di handap. Dina ayaran rumat tangga tepi ka ngandung ku hidep, haté Embu angger ngolémbar, teu mandep ka nu jadi salaki. Éstu beungeut nyangharep ati mungkir.

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-05 aya anu mangrupa indéks réangkak paripolah, gejala fisik, aktualisasi, jeung barang. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.26

Analisis Unsur Indéks GT-05

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

1. GT-05:44/1 Ngarénghap jero Réngkak paripolah

Dina ieu kontéks, nyeuseup hawa kalawan jero bisa dihartikeun lantaran hayang ngaleupaskeun bangbaluh anu aya dina haté jeung pikiran Embu. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Manéhna ngrénghap jero, nyeuseup hawa seger sadaékna.

2. GT-05:44/2 Deudeuh,

kembang Aktualisasi Dina ieu kontéks, mikadeudeuh kembang mangrupa indéksikal tina rasa nu hanjelu dibarung ku rasa nyaah jeung manglebarkeun yén hal nu éndah ogé hiji waktu bakal paéh, kitu deui manusa. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Deudeuh kembang, marurag katebak angin.

3. GT-05:46/2 Buku harian Barang Buku harian mangrupa barang anu dipaké nulis surat anu sabenerna mangrupa carita rékaan keur Karna ti Embu sangkan Karna bisa

ngahampura dosa adi-adina lamun seug adi-adina ngalakukeun kasalahan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

Karayap manéhna ngadeukeutan méja tulis, néangan buku harian. Ceuk pamikirna, manéhna kudu ngajéntrékeun yén kakurang barudak téh raket patalina jeung tingkah paripolah indung bapana… Manéhna kudu gancang-gancang nyieun carita rékaan, sangkan Si Cikal bisa ngahampura dosa adi-adina. lamun hal anu teu dipiharep kajadian.

4. GT-05:46/2 Kacilakaan Gejala

fisik Kacilakaan dina ieu kontéks nya éta kaayaan fisik awéwé nu meunang aéb,

kakandungan saméméh sah boga salaki. Awéwé anu dipikahariwang sieun kacilakaan nya éta budak-budak awéwé Embu anu genep. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ras deui ka barudakna anu genep, awéwé wungkul, kumaha mun seug

“kacilakaan”, ngarandapan nasib goréang tur aéb? 5. GT-05:49/2 Beubeulahan

nyawa Aktualisasi Beubeulahan nyawa dina ieu kontéks mangrupa sesebutan indung ka nu jadi anak cikal lantaran kanyaahna anu leuwih tibatan nyaah ka anak-anakna nu lian. Karna, budak cikal Embu éstu budak anu pangdipikanyaahna. Ieu katitén dina cutatan kalimah langsung Setiawati basa Karna mangmeunangkeun Ama nuduh Embu nu lain-lain.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

“Kakang! Kapan kakang téh beubeulahan nyawa Embu, naha Kakang téga ngaraheutan manah Embu? Kakang

telenges, kacida..” 6. GT-05:49/4 Antipati ka

lalaki

Réngkak paripolah

Anu antipasti ka lalaki dina ieu kontéks nya éta Satiawati. Ceuk Embu, pangna kitu téh lantaran waktu dikandungna, Embu dituduh ku Ama midua haté. Sanajan Embu ngarasa teu narima, tapi tetep satia ka Ama. Lantaran keur

dikandungan, Embu dituduh midua haté. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ulah kagét, lamun Satiawati rada antipatika lalaki… basa Embu keur kakandungan ku manéhna, Ama kungsi nuduh Embu midua haté.

7. GT-05:54/3 Awak ngayakas blég rorongkong hirup

Gejala fisik Awak anu diupamakeun kana kayakas jeung rorongkong, dina ieu kontéks dipaké pikeun ngagambarkeun kaayaan fisik hiji jalma anu begang leuwih ti misti. Embu anu awakna begang lantaran Embu tara daék dahar da sok kautahkeun deui. Ieu katitén dina cutatan di handap. Awak beuki lila beuki ruksak. Ningal dahareun téh ngan bati kabita, da lamun am didahar mah kapan ukur memenitan ogé pasti kaluar deui

kautahkeun … (53/5) Awak ngayakas, blég rorongkong hirup

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

8. GT-05:54/4 Bobokong tingjeletot

Gejala fisik Dina ieu kontéks, gejala fisik bobokong tingjeletot

kaalaman ku Embu anu rék ngalahirkeun budak kalmia. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Basa karasa bobokong tingjeletot, tandana rék ngalahirkeun, Embu indit sorangan ka bumi Ema. 9. GT-05:56/1 Tara cengkat

tina pangsalatan

Réngkak paripolah

Dina ieu kontéks, paripolah Embu anu tara cengkat tina pangsalatan ngébréhkeun du’a anu teu pegat-pegat, neneda ka nu Maha Kawasa, hayang dibéré budak lalaki. Ieu

katitén dina cutatan di handap. Beurang peuting teu sirikna tara cengkat tina pangsalatan, neneda sangkan boga budak lalaki.

10. GT-05:57/1 Nitipkeun jimat Réngkak paripolah

Jimat dina ieu kontéks nya éta anak-anak Embu anu tujuh. Bakat ku nyaah jeung bungahnana, nepi ka Embu nyebutna jimat. Tapi lantaran geus beuki kolot, Embu bingung kudu saha

mihapékeun budak-budakna sabada Ama miheulaan ka kalanggengan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Meureun geus kadar ti Gusti, Embu kudu boga jimat tujuh. Embu bagja, Karna… Tapi basa awak karasa kacida ropohna, sanggeus Ama lawas ngantun, Embu jadi baluweng. Kudu ka saha Embu nitipkeun jimat?

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi (1) (2) (3) (4) (5) 11. GT-05:57/2 Leungeun ngadégdég rosa. Téténjoan asa beuki muter

Gejala fisik Leungeun anu ngadégdég jeung titingalian anu asa muter mangrupa tanda gejala fisik tina awak anu keur dina kaayaan gering. Ieu hal kaalaman ku Embu basa geus réngsé nulis surat dina buku harian. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Leungeunna ngadégdég rosa. Téténjoanna asa beuki muter. Masih kapikiran ku manéhna pikeun nyumputkeun buku harian kana handapeun angel. Basa kadéngé aya nu

ngetrokan panto, manéhna geus taya tangan pangawasa pikeun ngobahkeun awakna. 12. GT-05:57/9 Kolong anggel

disasaran

Réngkak paripolah

Nyasaran kolong anggel mangrupa tanda paripolah tina néangan hiji barang. Dina ieu kontéks, lantaran kaburu kapiuhan, Embu teu kaburu nyumputkeun buku harian. Barang inget, manéhna néangan ka handapeun anggel tapi teu kapanggih. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ras manéhna inget kana sisimpenan handapeun anggel. Tapi, kumaha rék nepikeunana ka Karna jeung Poppy. Kolong anggel disasaran. Euweuh nanaon.

13. GT-05:57/9 Keretas

salambar Barang Keretas salambar dina ieu kontéks mangrupa tanda tina pesen tulisan di jerona, lain saukur keretas kosong anu euweuh eusian. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

Euweuh nanaon. Sakali deui, tapi ukur aya keretas

salambar. Bari panasaran keretas diilikan.

14. GT-05:58/3 Ubar Barang Ubar dina ieu kontéks lain ubar ti dokter pikeun ngubaran panyakit kangker rahim anu karandapan ku Embu, tapi ubar haté anu nyageurkeun bangbaluh pikir. Ubar di dieu nya éta kalimah anu ditulis ku Karna dina keretas salambar. Éta tulisan minangka

pangreugreug haté Embu. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Eusi tulisan dina keretas handapeun anggel: Embu tong seueur nu dimanahan. Sing percanten, abdi sareng Poppy nu bakal janten gegentos Ama sareng Embu kanggo adi-adi. (58/1)

Keun… Keun teuing

anaking… Kiwari Embu geus pasrah, teu kudu diubar-abér. Ayeuna gé enggeus cageur. Lain, lain ubar ti dokter

pibareunana ogé. Tapi ieu dina keretas sacewir.

c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-05 bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.27

Analisis Unsur Simbol GT-05

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

1. GT-05:47/2 Dipati Karna Simbol anak hasil samuni Déwi Kunti ti Bataran Surya. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Lamun hidep resep kana carita wayang, pasti terang naon sababna Embu méré ngaran Karna ka hidep. Apal meureun saha ari Dipati Karna? Putra Dewi Kunti hasil samuni jeung Batara Surya.

2. GT-05:50/3 Déwi Setiawati Simbol istri anu satia. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Hidep terang dongéng Déwi Setiawati dina wayang, Karna? Satiwati téh istri anu satia ka carogé. Najan rék ngemasi pati, angger buméla tumutur.

3. GT-05:51/3 Déwi Kania Simbol ratuning istri anu parigel, rancagé jeung rapékan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… Déwi Kania mah ratu-ratuning istri, rapékan, percéka tur binékas.

4.2.5.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-05 a. Ajén Sosial

Ajén budaya anu aya dina carpon GT-05, bisa katitén tina tabél data ieu di handap.

Tabél 4.28