• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.17 Data Ajén Sosial GT-03

4) Ajén Solidariras

4.2.4.1 Struktur Carita GT-04 a. Téma

Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta antara lalaki jeung awéwé. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu carpon, mangrupa konsép heureut. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana ngeunaan wanoja anu mikahayang hiji lalaki, tapi lalaki séjén anu

mikahayangna teu diperhatikeun sanajan kanyaahna geus katarima ku manéhna jeung kolotna. Ahirna ieu wanoja milih lalaki anu mikanyaah manéhnana, sabab lalaki anu dipikanyaah ku manéhna malah salingkuh. Téma saperti kieu mangrupa téma basajan anu ilahar kapanggih dina karya-karya sastra lianna.

Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan dina konsép rasa cinta sapasang manusa.

“Emh, resep nya, kang Otang mah bageur! Sagala ngabantu ka pimitohaeun téh!” (37/5)

“Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya onjoyna ti Kang Otang… (38/3)

Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé… (39/8)

… Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan Acih téh lain jijieunan… (41/3)

… Daun paré tingkérésék, kararas patingkorosak, tangkal jagong tingarulang, kawas nu ngabagéakeun ka waruga nu kungsi midua haté. (43/7)

Téma cinta karasa tina sawatara cutatan di luhur, anu ngébréhkeun ayana panyangka, rasa timburu, jeung haté anu paheut kana kaputusanna. Nu maca ogé diajak nyindekkeun yén teu salawasna anu leuwih onjoy téh anu panghadéna.

b. Fakta Carita 1) Galur

(a) Dumasar Runtuyan Waktu

Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-04 ngagunakeun galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu “kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.

Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Ilah di dapur (A). Basa aya Acih datang, maranéhna ngawangkongkeun perkara Otang jeung Alan, dua jajaka anu ngadeukeutan Ilah. Salila ngawangkong, lamunan Ilah pulang-anting ka Alan jeung Otang, ieu mangrupa téhnik flash back (D1). Palaku Acih miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari (B), upama Ilah anteng teuing ngalamun. Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku (D2). Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari (C), tuluy dipungkas ku Ilah anu nangtukeun pilihan haténa ka Otang (E). Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.

A --- D1 --- B --- D2 --- C --- E (b) Dumasar Kritéria Jumlah

Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun paniténnu maca kana eusi carpon.Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun palaku Illah. Dina konflik ogé mangrupa konflik batin anu kaalaman ku Ilah salaku palaku utama. Nu maca diajak nuturkeunkajadian-kajadian anu kaalaman ku palaku nepi ka ahir carita.

(c) Dumasar Kritéria Kepadatan

Carpon GT-04 kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna. Lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian-kajadian anu aya hubunganna antara Ilah, Alan, jeung Otang.

(d) Dumasar Eusi

Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama nya éta Ilah. Sanajan aya palaku séjén nya éta Alan jeung Otang, tapi

tujuan dimunculkeunna ieu dua palaku nya éta pikeun ngarojong konflik anu kaalaman ku Ilah. Palaku Acih ogé digunakeun pikeun ngahangkeutkeun konflik anu aya dina ieu carita.

2) Palaku

Dina ieu carpon GT-04 aya sapuluh urang palaku, opat urang palaku méré pangrojong kana eusi katut gaur carita, sésana saukur disebut dina paguneman palaku, tapi euweuh pangaruhna kana galur utama carita.

(a) Dumasar Kalungguhan

Dumasar kana kalungguhanna, aya saurang palaku utama dina ieu carpon GT-04, nya éta Ilah. Pikeun ngarojong konflik palaku utama, aya palaku Alan, Otang, jeung Acih anu aktif ngarojong pasualan dina ieu carita. Ilah nya éta wanoja anu keur bingung nyokot kaputusan milih pisalakieun. Otang anubageur daék babantu tatanén ka kolot, tapi teu siga Alan anu kasép jeung boga kalungguhan di kantorna. Acih, palaku tambahan anu ngahangkeutkeun pamadegan Ilah ngeunaan dua urang lalaki anu deukeut jeung Ilah. Acih méré gambaran ngeunaan Alan anu sok ngaheureuykeun awéwé jeung Otang anu sakitu bageurna ka pimitohaeun. Sanajan aya dina paguneman jeung palaku utama, palaku Abah jeungEma teu méré kontribusi kana inti galur carita.

Palaku-palaku tambahan lianna, saperti ibu Camat,Kang Eman,Ceu Oti,jeung mojang geulis,mangrupa palaku pasif anu saukur disebut ku palaku aktif dina eusi paguneman antartokoh. Ieu hal bisa katitén dina sawatara cutatan paguneman di handap.

… “Tah… tah, enya Panca tugas téa, nu kamari dipidatokeun ku ibu Camat, nya!” (36/9)

“Tapi kamari basa Acih ngaliwat ka hareupeun bale désa, Alan keur diuk pagégéyé jeung mojang geulis…” (39/7)

“Teuing atuh… da Kang Éman téh teu beunang dipercaya. Luak-léok teu puguh. Pajar cenah sok ngalékor baé di imah Ceu Oti, randa urang kulon téa.” (40/6)

Tina cutatan-cutatan di luhur bisa katitén yén euweuh prosés interaksi antara palaku utama jeung palaku-palaku tambahan anu disebutkeun dina eusi paguneman.

(b) Dumasar Penampilan

Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina ieu carpon nya étaIlah,Acih, jeungOtang. Sedengkeun anu jadi palaku antagonisna nya éta Alan. Palaku Ilah anu protagonis bisa katitén tina gesitna nataharkeun kadaharan keur nganteuran kolotna di kebon. Katitén ogé dina waktu keur mapatahan Acih, saperti dina ieu cutatn di handap.

“Ih… sing sabar wé, sing pasrah, keun tong mikiran baé Kang Éman da mun bener mah pijodoeun Acih engké gé moal kamana jigna!” (41/1)

Palaku Acih anu protagonis méré gambaran sikep déwasa dina nyanghareupan pasualan babaturanna, manéhna ogé bisa méré bongbolongan kana pasualan anu keur karandapan ku Ilah, ieu bisa katitén tina cutatan ieu di handap.

“Ceuk pikiran Acih mah geus wé tongdipikiran Alan mah! Mending gé sanghareupan Kang Otang. Leuwih hadé mun buru-buru kawin. !”

Palaku Otang anu kaasup kana palaku protagonis digambarkeun ku palaku séjén, saperti katitén dina cutatan ieu di handap.

“Emh… resep nya, Kang Otang mah bageur! Sagala ngabantu ka pimitohaeun téh.” (37/5)

“Geuning… basa di kulon keur kuriak, Kang Otang mah ngaleu

Palaku antagonis dina ieu carpon nya éta Alan, lalaki kasép jeung boga kalungguhan anu ngadeukeutan Ilah. Tapi, manéhna boga kalakuan anu goréng, nya éta cunihin jeung nganggap awéwé saukur kaulinan anu bisa dideukeutan jeung dijauhan sangeunahna, malah nepi ka kungsi kajadian Alan boga niat goréng ka Ilah. Ieu bisa katitén dina sawatara cutatan di handap, anu mangrupa pertélaan pangarang, ungkara palaku séjén, jeung eusi pikiran palaku utama.

“Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah, ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya onjoyna ti Kang Otang. Can puguh Lah, boa manéhna mah ngan ukur hayang ngulinkeun wungkul!” (38/3)

“Sing percaya, Kang Alan moal jalir jangji, asal Ilah ulah linghas teuing atuh!” pokna beuki haroshos. Manéhna teterejelan, tapi éléh tanaga, teu bisa nandingan tanaga lalaki Alan nu sakitu sembadana. Manéhna teu walakaya… (38/4) “Tapi kamari basa Acih ngaliwat ka hareupeun bale désa, Alan keur diuk pagégéyé jeung mojang geulis…” (39/7)

Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh matak tara embol-embol gé… (39/8)

… Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan Acih téh lain jijieunan… (41/3)

Palaku-palaku séjén teu kaasup kana palaku protagonis atawa antagonis. Lantaran pangarang teu nembrakkeun sikep jeung eusi pikiran palaku tambahan lianna. Éta hal miboga tujuan sangkan nu maca museurkeun paniténna ka palaku utama.

(c) Dumasar Watek

Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku anu watekna kompléks jeung tilu urang palaku anu wateknabasajan. Ilah mangrupa palaku anu miboga watek kompléks. Paripolah jeung pamadegan Ilah anu barobah ngébréhkeun kompéksitas watekna. Dina hiji waktu, Ilah jadi awéwé anu déwasa, bisa ngawasa konsép pangaweruh

salaku awéwé. Ilah ogé bisa jadi awéwé anu miboga pamikiran matérialistis duméh kairut ku Alan. Tapi salaku awéwé anu boga haté sénsitif, manéhna tetep ceurik waktu ningali kanyataan anu pikanyerieun haténa. Pangarang ngébréhkeun ieu hal saperti dina sawatara cutatan ieu di handap.

“Hih… pan urang mah awéwé, calon ibu rumah tangga. Ngurus imah, salah sahiji kawajiban ibu rumah tangga. Pan salaku wanita urang kudu bisa ngalaksanakeun pancatugas.” (36/8) Watek Ilah anu kagambar dina cutatan di luhur nya éta watek anu tangguh jeung tanggung jawab. Manéhna sadar yén salaku awéwé anu bakal jadi ibu rumang tangga, manéhna boga kawajiban pikeun ngurus imah. Tapi, karakterna robah jadi awéwé anu matré sabab sérab ku jabatan Alan anu boga kalungguhan di tempat gawéna. Ieu katitén dina cutatn di handap.

… tuda Alan mah lain jalma joré-joré. Nya kasép nya urang kota, ditambah boga kadudukan lumayan salaku mantra BRI. Saha mojangna nu teu bakal kapincut. (39/8)

Salaku awéwé anu leuwih dominan ngagunakeun haté daripada logika, basa Ilah panggih jeung Alan babarengan jeung hiji mojang, manéhna ngarasa dihina jeung diheureuykeun ku Alan nepi ka ceurik lantaran ambek. Ceurikna Ilah ogé lantaran ngarasa hanjakal lantaran geus teu nganggap Otang. Ieu hal bisa katitén dina cutatan di handap.

… Basa Alan ngaliwat ka hareupeun Ilah manéhna ukur

ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur… Teu karasa cipanonna bet ngalémbéréh mapay pipi… (41/3)

Tina sawatara cutatan di luhur, katitén watek Ilah anu mekar sacara dinamis. Parapalaku basajan watekna leuwih statis, saperti Acih, Alan jeung Otang anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, angger, datar jeung teu mekar nepi ka ahir carita. Sanajan saméméhna palaku Alan kacaritakeun bageur tuluy robah jadi atah anjang, éta lain mangrupa

parobahan watek lantaran bageurna Alan mangrupa cara keur meunangkeun Ilah jeung hayang kaalem ku bapana Ilah.

(d) Dumasar Pencerminan Palaku

Ditilik tina pencerminan palakuna, Ilah, Acih, Otang, jeung Alan mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun ibu Camat, Kang Éman, jeung Ceu Oti kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.

3) Latar

Pikeun maluruh latar lumangsungna carita carpon GT-04, ieu di handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat, waktu, jeung sosial.

Tabél 4.19