• Tidak ada hasil yang ditemukan

No. Kode Data Data Tpt. Wkt. Sos. Latar

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

1. GT-06:59/1 Salon 

2. GT-06:59/1 Modiste 

3. GT-06:59/3 Palebah panto kamar 

4. GT-06:59/4 Kantor 

5. GT-06:61/4 Ngéléhkeun musuh 

6. GT-06:61/4 Ilham keur sukses 

7. GT-06:62/4 Ayeuna 

8. GT-06:63/6 Kajeun lapar, batan rudin  9. GT-06:65/4 Rohangan paragi narima sémah  10. GT-06:66/7 Rorompok  11. GT-06:67/1 Wengi  12. GT-06:67/1 Subuh  13. GT-06:67/1 Malem minggu  14. GT-06:67/6 Ilham lemah  15. GT-06:68/1 Diréktur pausahaan  16. GT-06:68/2 Luar kota  17. GT-06:69/3 Tengah peuting  18. GT-06:69/4 Pangkéng (kamar) 

19. GT-06:73/2 Imah kolotna ratna  20. GT-06:73/4 Hiji peuting bada

magrib

21. GT-06:74/3 Kaum 

22. GT-06:75/6 Subuh-subuh 

No. Kode Data Data Latar Tpt. Wkt. Sos.

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

24. GT-06:76/2 Kamar barudak  (a) Tempat

Aya sabelas latar tempat dina carpon GT-06 ieu, nya éta salon (GT-06:59/1) tempat Ratna neukteuk buukna, modiste (GT-06:59/1) tempat Ratna nyokot baju,palebah panto kamar (GT-06:59/3) tempat Ilham nangtung ningalikeun Ratna, kantor (GT-06:59/4) mangrupa tempat Ratna gawé jadi sekretaris, rohangan paragi narima sémah (GT-06:65/4) nya éta tempat Ilham ngawangkong jeung hiji awéwé (pamajikan dunungan Ratna), rorompok (GT-06:66/7) anu mangrupa imah Ilham jeung Ratna, luar kota (GT-06:68/2) nya éta tempat nu dijadikeun alesan dines ku Ratna,pangkéng (GT-06:69/4) nya éta tempat Ilham nyarita ka Ratna basa Ratna kakara balik, imah kolotna Ratna (GT-06:73/2) mangrupa tempat Ratna balik salila teu balik ka imahna, kaum (GT-06:74/3) nya éta tempat ngaruskeun talak anu rék dibeuli ku Ratna, jeungkamar barudak (GT-06:76/2) nya éta tempat Ilham kanyahoan geus teu nyawaan lantaran maténi manéh.

Tina sabelas latar anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih diheureutan deui jadi ngan aya dalapan latar tempat, lantaran data 06:65/4, GT-06:69/4, jeung GT-06:76/2, mangrupa babagian rohangan di imah Ilham. Jadi geus kawengku ku data latar rorompok (GT-06:76/2).

(b) Waktu

Latar waktu dina ieu carpon aya dalapan latar, nya éta ayeuna (GT-06:62/4) anu mangrupa waktu basa Ratna teu kararaban sangu salila sapoé, wengi (GT-06:67/1) mangrupa waktu mimindengna Ratna balik ti kantor, subuh (GT-06:67/1) mangrupa waktu basa Ratna balik ka imah upama malem minggu, tengah peuting (GT-06:69/3) mangrupa waktu basa Ratna balik ti kantor, hiji peuting bada magrib (GT-06:73/4) nya éta waktu Ratna

nepikeun maksudna rék méré duit sajuta rupia upama Ilham daék ngaragragkeun talak, subuh-subuh (GT-06:75/6) nya éta waktu tatangga gujrud lantaran Ratna jeung Ilham kanyahoan baloboran getih, jeungwanci janari (GT-06:75/6) nya éta waktu hansip nganyahoankeun Ratna kasampak kapiuhan bari baloboran getih.

(c) Sosial

Dina carpon GT-06 aya lima latar sosial. Éta lima latar sosial aya anu mangrupa status sosial, saperti Ilham keur sukses (GT-06:61/4), Ilham lemah (GT-06:67/6), jeung diréktur pausahaan (GT-06:68/1). Ieu data ngagambarkeun status sosial Ilham jeung diréktur pausahaan. Data GT-06:61/4 ngébréhkeun status sosial Ilham mangsa keur nanjung nepi ka bisa ngawin Ratna. Data GT-06:67/6 ngébréhkeun robahna status sosial Ilham ti nu asalna di luhur jadi di handap lantaran pausahaan tempat manéhna digawé bangkrut. Data GT-06:68/1 ngébréhkeun status sosial palaku diréktur pausahaan tempat Ratna gawé anu keur aya di luhur.

Latar sosial anu mangrupa cara mikir palaku nyampak dina data GT-06:61/4 anu ngébréhkeun cara mikir Ilham yén ku kasuksésan manéhna bisa ngalakukeun naon waé, kaasup ngajiret kolot Ratna sangkan nyatujuan ngawin Ratna sarta megatkeun tali duriat Ratna jeung mahasiswa. Data séjén nya éta anu mangrupa cara mikir Ratna ngeunaan dangdanan, manéhna kajeun kénéh peurih beuteung sabab teu dahar daripada kudu rudin dangdanan, ieu nyampak dina data GT-06:63/6. 4.2.6.2 Unsur Semiotik GT-06

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-06 ngawengku 19 ikon, jeung 18 indéks, jeung opat simbol.

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-06 ngan aya anu mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis.

Tabél 4.31

Analisis Unsur Ikon GT-06

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

1. GT-06:62/1 Tiis  Tiis mangrupa tanda

métaforis anu dipaké pikeun

ngagambarkeun sikep teu ngaréspon kana sagala hal

esabudeureunana. Ieu katitén tina sikep Ratna anu api lain ka Ilham, salakina. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Komo basa harita sajolna manéhna tas ider-ideran néangan lowongan pagawéan bari teu hasil, jol ka imah téh

disampakkeun ku pasemon Ratna anu kacida tiisna.

2. GT-06:62/3 Tampi raos  Tampi raos mangrupa tanda anu nyitrakeun katugenah sacara langsung kana sikep palaku anu katingali. Ieu kapanggih dina situasi waktu Ilham neuteup Ratna ku teuteupan anu tugenah atawa teu narima kana sikep Ratna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Ratna teu némbalan nanaon terus nyokot

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

cai sok ditunda dina méja bari pasemonna mah angger tiis. Ilham nuturkeun pripolah Ratna ku teuteup panonna nu rada tampi raos.

3. GT-06:62/5 Teu aya nanaon pisan

 Pertélaan teu aya nanaon pisan

mangrupa tanda tina kaayaan anu mémang di imah euweuh nanaon keur dahareun. Tapi, dina prosés komunikasi antara Ratna jeung Ilham katitén ayana bébédaan antara “naon” ceuk Ilham jeung “nanaon” ceuk Ratna. “Naon” ceuk Ilham aya dina kontéks masalah anu karandapan ku Ratna, tapi “nanaon” ceuk Ratna mangrupa kaayaan anu keur teu boga sangu-sangu acan keur dahareun. Ieu katitén dina cutatan paguneman di handap.

“Aya naon, Rat?” “Nya éta teu aya nanaon pisan. Saumur sirah disusuhun asa kakara ayeuna teu kararaban sangu ti énjing!”

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) 4. GT-06:62/5 Saumur sirah disusuhun  Saumur sirah disusuhun mangrupa tanda anu nyitrakeun kana lilana hirup hiji jalma. Dina ieu kontéks, Ratna ngarasa yén Saumur hirupna kakara harita teu dahar sapopoé. Ieu katitén dina cutatan di handap.

“Nya éta teu aya nanaon pisan. Saumur sirah disusuhun asa kakara ayeuna teu kararaban sangu ti énjing!” 5. GT-06:62/7 Bilatung dulang  Bilatung dulang mangrupa tanda métaforis anu ngupamakeun budak nu keur meujeuhna rewog dahar siga bilatung anu aya dina dulang (wadah tina kai paranti ngakeul

sangu). Ieu katitén dina cutatan di handap.

“Sumuhun nyésa, kapan budak urang nu keur meujeuhna bilatung dulang téh aya tilu.” 6. GT-06:62/9 Puntang gurayang  Puntang gurayang

mangrupa tanda anu nyitrakeun kaayaan hiji jalma anu perlu bantuan atawa pitulung jalma séjén.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Tapi, dina ieu kontéks Ratna ngarasa daék kénéh peurih beuteung tibatan kudu ménta tulung ka batur. Ieu katitén dina cutatan di handap.

“Suka kénéh peurih beuteung abdi mah batan kudu puntang gurayang ka batur…” 7. GT-06:63/4 Naranjangan  Naranjangan

mangrupa tanda anu sacara teu langsung ngébréhkeun kaayaan anu matak éra. Dina ieu kontéks, Ratna ngarasa éra lamun téa pakéanna kud

digadékeun ka Ceu Atik. Ieu katitén dina cutatan di handap. “Naon Ceu Atik pagadé liar bank lieur? Sami waé sareng badé naranjangan abdi kitu mah…”

8. GT-06:64/4 Rupana beunang dibawa ka hareup

 Rupa anu beunag

dibawa ka hareup nyitrakeun rpa hadé/geulis hiji wanoja. Luyu jeung dina ieu kontéks basa Ilham boga

pamadegan yén Ratna mémang geulis, moal ngérakeun upama digawé. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

… Tapi da lamun manéhna mikir deui mémang Ratna mah salian ti boga pangarti téh, ogé rupana beunang dibawa ka hareup.

9. GT-06:65/8 Didakwa  Didakwa mangrupa

tanda anu

ngupamakeun hiji jalma nu boga kasalah bari tuluy ditanya dipariksa. Ieu

kagambar waktu Ilham terus ditanya ku hiji awéwé ngeunaan Ratna. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Ilham rada panasaran, naha manéhna téh bet terus ditanya kawas rék didakwa. 10. GT-06:66/3 Panto rorompok tiasa kénéh dibuka

 Ieu tanda nyitrakeun

sacara langsung yén Ilham nitah in ka awéwé anu nyémah ka imahna lantaran kekecapanna matak nyigeung haté Ilham. Ieu katitén dina cutatan di handap. “… Upami ibu awon pamaksadan panto rorompok masih kénéh tiasa dibuka, mangga énggal sasauran, aya perkawis naon ngeunaan punbojo!”

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

11. GT-06:66/6 Kaicalan  Kaicalan mangrupa

tanda anu nyitrakeun leungitna hiji hal. Dina ieu kontéks, anu leungit mangrupa jalma, Ratna anu jarang aya di imah. Ieu katitén dina cutatan di handap.Ieu katitén dina cutatan

paguneman di handap. “Dupi Ayi sok

kaicalan tuang rayi Ratna?”

Kaicalan mah tara da sok wangsul waé ka rorompok.”

12. GT-06:68/1 Ngalambang sari

 Ngalambangsari mangrupa istilah métaforis tina jinah. Dina ieu wacana, anu ngalambangsari téh nya éta Ratna jeung dununganna di kantor, salaki awéwé anu nyémah ka Ilham. Ieu katitén dina cutatan di handap.

“Bilih teu uniga tuang rayi nu jenengan Ratna téh parantos ngalambangsari sareng Diréktur Pausahaanana,

dununganana, nya éta salaki abdi.”

13. GT-06:68/2 Satumpuk surat

 Satumpuk surat

nyitrakeun tulisan-tulisan anu aya di jerona. Dina ieu

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

kontéks, eusi éta surat mangrupa bukti-bukti salingkuh Ratna jeung dununganna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… ngajelaskeun bari nyodorkeun surat-surat satumpuk. Ku Ilham sarérétan ogé geus kajudi, mémang tulisan jeung tanda tangan Ratna. Nu séjénna surat-surat bukti tos mondok di hotel anu di hotel anu sakitu peuting…

14. GT-06:70/4 Pinter  Pinter nyitrakeun

kamampuh hiji jalma pikeun mikir jeung ngaaktualisasikeun pikiranna. Dina ieu kontéks, pinter miboga harti bisaan néangan kasalah batur. Ieu katitén dina cutatan paguneman Ratna anu sinis di handap. “Pinter Kang Ilham ari nyilidik néangan rasiah batur mah! Mun atuh beubeunangan téh nu beunang

diduitkeun!”

15. GT-06:73/4 Mustika  Mustika mangrupa

batu permata anu éndah. Dina ieu kontéks, mustika diupamakeun ka pamajikan anu geulis.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Basa Ratna datang, manéhna ningali Ratna anu mingkin geulis. Ieu katitén dina cutatan di handap. Katempona ku Ilham Ratna téh bet kawas hiji mustika anu beuki éndah cahayana. 16. GT-06:73/4 Seungseureu dan,racun jeung peurah  Seungseureudan mangrupa rupa-rupa sato anu sok nyeureud. Dina ieu kontéks seungseureudan mangrupa adat sarta sipat goréng Ratna ka salaki anu antukna bakal mawa mamala. Ieu katitén dina cutatan di handap. Hanjakal bet dikuriling ku

seungseureudan, nepi ka keur Ilham matak mawa racun tina peurahna. 17. GT-06:74/1 Duit sajuta

rupia

 Duit sajuta rupia anu

dihargakeun ku Ratna mangrupa pameuli talak. Nominal duit bisa jadi lain saukur pameuli talak, tapi ogé harga “harga diri” Ilham salaku lalaki anu disapirakeun bisa dibeuli ku Ratna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

jangji anu sami sareng kaul, lamun abdi ditalak ku akang, abdi masrahkeun ka akang artos sajuta rupia minangka mulang tarima.

18. GT-06:75/4 Kawas anu dicébor cét beureum

 Kaayaan kamar anu pinuh ku getih Ratna lantaran awakna dihanca ku Ilham maké seuseukeut kaca, diibaratkeun kana kaayaan tempat anu geus dicébor ku cét beureum. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Gabres-gabres waé seuseukeut kaca dipaké ngahanca awak Ratna. Getih ulawéran ka mana-mana, kamar tengah kawas anu dicébor ku cét beureum.

19. GT-06:76/3 Tapak  Tapak dina ieu

kontéks nya éta tapak talajakna dina

kahirupan Ratna, lain saukur tatu alatan raheut/panyiksa. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Anu geus tangtu céda tina raheut dina beungeutna bakal ninggalkeun tapak keur dirina.

b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-16 aya anu mangrupa indéks gejala fisik, aktualisasi, sora, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.32

Analisis Unsur Indéks GT-06

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

1. GT-06:59/1 Dangdak-déngdék

Réngkak paripolah

Awéwé anu dangdak-déngdék hareupeun kaca mangrupa indéksikal tina kagiatan dangdan. Dina ieu kontéks, dangdanna Ratna nandakeun aya hiji kahayang anu teu dikedalkeun sacara lisan. Ieu katitén dina cutatan di handap. Kaas nu tacan sugema manéhna hayoh waé dangdak-déngdék mapantes dangdanana bisi aya kakurang.

2. GT-06:60/3 Ngarahuh Gejala fisik Ngarahuh mangrupa indéksikal tina rasa katugenah lantaran nahan kakeuheul. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ilham kadéngé

ngarahuh, beungeutna kaciri bangun ngemu kakeuheul.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi (1) (2) (3) (4) (5) 3. GT-06:61/3 Beungeut ngariuk Réngkak paripolah

Pasemon beungeut anu ngariuk mangrupa indéksikal tina rasa manghanjakalkeun jeung nganahakeun kana kaayaan. Ratna ngariuk basa apal usaha Ilham bangkrut mangrupa éksprési tina katugenah anu dikemu ku manéhna. Ieu katitén dina cutatan di handap. Geus katempo ti mimiti manéhna balaka yén pagawéanna macét ku lantaran bangkrut téh, ngariukna beungeut Ratna bet matak nyentug kana haténa. Karasana bet kawas nu nganaha-naha ngabongan-bongan. 4. GT-06:61/4 Ngajiret Réngkak Paripolah Ngajiret mangrupa indéksikal anu ngupamakeun kana beunangna hiji hal. Dina ieu kontéks, ngajiret mangrupa ungkara pikeun ngagambarkeun cara Ilham meunangkeun haté kolotna Ratna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… Manéhna keur suksés, nepi ka

kalawan gampang bisa ngajiret kolotna Ratna supaya hasil

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi (1) (2) (3) (4) (5) 5. GT-06:62/5 Teu kararaban sangu ti isuk Réngkak paripolah

Teu kararaban sangu ti isuk mangrupa

indéksikal tina teu boga béas, ieu hal dilantarankeun teu boga duit keur meulina. Anu

ngarandapan teu dahar ti isuk téh nya éta Ratna, nepi ka ngomong siis ka Ilham, salakina. Ieu katitén dina cutatan di handap.

“Nya éta teu aya nanaon pisan. Saumur sirah disusuhun asa kakara ayeuna teu kararaban sangu ti énjing!” 6. GT-06:64/2 Beuki mindeng luas-léos Réngkak Paripolah

Ratna beuki mindeng luas-léeos lantaran geus gawé di hiji pausahaan, budak-budakna disambat ku kolot Ratna. Ieu mangrupa tanda indéksikal tina ayana hal séjén anu

ngabalukarkeun Ratna jarang aya di imah. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… Tapi manéhna teu bisa kukumaha da rumasa teu bisa nyukupan

kahirupanana. Turug-turug Ratna beuki mindeng luas-léos.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

7. GT-06:64/5 Deudeupeun Réngkak Paripolah

Deudeupeun mangrupa tanda tina rasa

kahariwang. Dina ieu kontéks, kahariwang Ilham salaku salaki dirasa wajar

deudeupeun ka pamajikanna sanajan teu katarima ku Ratna. Ieu katitén dina cutatan paguneman di handap. “Na atuh ari enya mah digawé Ratna téh teu bébéja ka akang, ngarah akang teu deudeupeun.” “Nganggo kedah deudeupeun? Na abdi téh budak leutik?” 8. GT-06:65/2 Udar-ider Réngkak

Paripolah Udar-ider dina ieu kontéks mangrupa tanda indéksikal tina néangan gawé, lantaran Ilham bangkrut téa.

Cutatanna katitén di handap.

Tapi teu ku hanteu hiji poé mah, basa

manéhna geus reureuh sanggeus balik udar-ider, teu sawatara lila jol aya mobil eureun hareupeun imahna. 9. GT-06:65/9 Cruk-crek bari

gogodeg Réngkak Paripolah Dina ieu kontéks, polah hiji jalma anu cruk-crek bari gogodeg mangrupa tanda tina rasa hiji awéwé anu nyémah, nganaha-naha ka Ilham bet teu bisa

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

ngariksa Ratna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Jeung saenyana, éta ibu téh katempo terus cruk-crek bari

gogodeg. Panonna semu anu nganaha-naha.

10. GT-06:67/3 Boga panyangka

goréng Aktualisasi Panyangka goréng dina ieu kontéks dibalukarkeun ayana gambaran informasi anu katarima ku Ilham dihubungkeun jeung paripolah Ratna kabéhdianakeun. Ieu katitén dina cutatan di handap.

“Curiga mah henteu mung sok ditaros waé tos ti manana, da awon-awon ogé abdi téh salakina. Tapi da waleranana téh wangsul ngiring rapat sareng dunungan, margi manéhna téh sekretaris jabatanana mah,” Ilham

némbalan bari rada boga haté nyangka teu puguh ka Ratna. 11. GT-06:67/6 Ngiring sangsara Aktualisasi Lantaran

kateumampuhan Ilham ngariksa Ratna salaku pamajikan, awéwé anu nyémah jadi milu sangsara. Sabab, salakina salingkuh jeung Ratna. Ieu

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

katitén dina cutatan di handap.

“Lepat éta téh yi, dihenteu-henteu ogé ayi téh carogéna. Nu jelas kumargi ayi lemah teu tiasa ngariksa nu janten garwa, abdi ngiring disangsara.” 12. GT-06:68/2 Molohok reuwas Réngkak

paripolah

Ilham anu molohok lantaran reuwas dilantarankeun

meunang béja ti sémah yén Ratna salingkuh jeung salakina. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Ilham molohok reuwas bari héran, aya ambek aya wiring asa teu dihargaan… 13. GT-06:69/1 Raheut haté Aktualisasi Raheut haté

mangrupa indéksikal tina rasa nyeri anu karandapan ku Ilham lantaran manéhna diteungteuinganan jeung ngarasa teu dihargaan pisan ku Ratna. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Karasa ku Ilham sanggeus si ibu geulis pamitan asa aya raheut dina haténa. Asa moal kaubaran ku naon waé ogé.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

14. GT-06:70/4 Biwir ngageter Gejala fisik Biwir Ratna anu ngageter mangrupa tanda indéksikal tina rasa sieun jeung reuwas. Éta hal

lantaran manéhna geus kanyahoan salingkuh ku Ilham. Ieu katitén dina cutatan di handap. Sajongjongan siak baé beungeut Ratna sepa kawas manggih kareuwas, biwirna katara ngageter, panonna nu tadi giras bangun nangtang ayeuna semu ngemu kasieun nu pohara. 15. GT-06:74/7 Brong-brang Sora Brong-brang mangrupa

indéksikal tina sora piring anu peupeus ku Ilham lantaran

ngamuk. Ieu katitén dina cutatan di handap. Sora piring anu brong-brang preupeus

diruksak ku Ilham geus teu kacatur deui. 16. GT-06:74/7 Ngayekyek Gejala fisik Awak Ratna anu

ngayekyek mangrupa tanda indéksikal tina kasieun anu pohara bari jeung kasima lantaran ningali Ilham ngamuk. Ieu katitén dina cutatan di handap. Nempo kitu Ratna ngayekyek sieun, rék lumpat ménta tulung asa hésé rék

ngaléngkah ogé bakat ku kasima.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

17. GT-06:75/4 Getih Zat Ayana getih di kamar mangrupa tanda tina kajadian ngamukna Ilham anu nyiksa Ratna ku seuseukeut kaca tina botol peupeus. Ieu katitén dina cutatan di handap. Gabres-gabres waé seuseukeut kaca dipaké ngahanca awak Ratna. Getih ulawéran ka mana-mana… 18. GT-06:76/1 Lampu nu caang,

panto teu nutup, jeung jandela nu muka.

Barang Lampu imah Ilham anu caang dina wanci janari nandakeun aya kagiatan di hiji imah. Ieu katitén dina cutatan di handap.

… Hansip wanci janari nganyahoankeun tina caangna lampu di imah Ilham, bet katempo panto teu nutup jandélana muka. Disangka aya bangsat, Hansip asup ka imah. c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-06 bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.33

Analisis Unsur Simbol GT-06

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

1. GT-06:68/2 Surat Surat mangrupa simbol tina informasi ngeunaan salingkuh. Ieu katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

… ngajelaskeun bari nyodorkeun

surat-surat satumpuk. Ku Ilham sarérétan ogé geus kajudi, mémang tulisan jeung tanda tangan Ratna. Nu séjénna surat-surat bukti tos mondok di hotel anu di hotel anu sakitu peuting…

2. GT-06:76/2 Hansip Hansip mangrupa simbol tina kaamanan. Ieu katitén dina cutatan di handap. … Hansip wanci janari nganyahoankeun tina caangna lampu di imah Ilham, bet katempo panto teu nutup jandélana muka. Disangka aya bangsat, Hansip asup ka imah.

3. GT-06:76/2 Pulisi Polisi mangrupa simbol tina ayana tindak criminal. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Hansip dibantu ku pulisi anu harita terus ditéang, néangan saha nu boga dosa. 4. GT-06:76/3 Dokter Dokter mangrupa simbol tina akhi

kesehatan. Ieu katitén dina cutatan di handap.

Anéhna barang dipariksa ku dokter, Ratna masih bisa katulungan. 4.2.6.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-06

a. Ajén Sosial

Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu ngébréhkeun dua belas ajén sosial.

Tabél 4.34