• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.34 Data Ajén Sosial GT-06

3) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan

Ajén moral anu patali jeung ajén kaagamaan nya éta GT-06:70/1, 06:71/5, 06:75/4, jeung 06:76/2. Data 06:70/1 jeung GT-06:71/5 ngébréhkeun ngeunaan status pernikahan antara Ilham jeung Ratna anu sacara agama jeung hukum masih kénéh sah. Lantaran kitu, Ilham ngarasa masih kénéh boga hak meunang jawaban anu jujur ngeunaan salingkuhna Ratna jeung diréktur pausahaan. Tapi Ratna ngarasa yén hubunganna jeung Ilham ngan hubungan sacara hukum, lantaran haténa lain keur Ilham.

Dumasar kana ajén kaagamaan, data GT-06:75/4 ngébréhkeun paripolah Ilham anu wani nyiksa pamajikanna teu diwenangkeun. Sacara moral, ieu kalakuan mangrupa kalakuan goréng. Data GT-06:76/2 mangrupa data anu sacara moral jeung agama mangrupa polah anu salah.

b. Ajén Budaya

Data tilu belas ajén budaya dina carpon GT-06 bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.35

Data Ajén Budaya GT-06

No. Kode Data Data Ajén Budaya Katerangan

T É A Sn. K Sl. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) 1. GT-06:59/1 Baju ti Modiste  2. GT-06:60/4 Nu maké mobil  3. GT-06:61/4 Ngarasa jago  4. GT-06:61/4 Kolot mangruhan anak 5. GT-06:61/4 Ilham suksés   6. GT-06:63/4 Pagadéan kuriling  7. GT-06:63/7 Mitoha nyaah ka incu 8. GT-06:64/4 Hubungan atikan jeung pagawéan 9. GT-06:72/3 Gedé duriat  10. GT-06:72/4 Lalaki kawasa 

11. GT-06:72/4 Duit sajuta rupia

pameuli talak 12. GT-06:75/4 Lalaki nyiksa

pamajikan

13. GT-06:76/2 Mateni diri  

Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji ajén téori, lima ajén ékonomi, dua ajén agama, tujuh ajén kawasa, jeung opat ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.

1) Ajén Téori

Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-06:64/4, anu ngébréhkeun hubungan antara atikan hiji jalma jeung pagawéan. Dina ieu kontéks carita, Ratna kacaritakeun boga pangarti anu luhur jeung rupa anu alus nepi ka manéhna kalawan gampang meunangkeun pagawéan di pausahaan salaku sekretaris. Sacara téori, kualifikasi jadi saurang

sekretaris nya éta miboga kaparigelan dina widang administrasi, bisa komunikasi, disiplin, jeung berpenampilan menarik. Kualifikasi anu pamungkas, jadi sarat utama dina ieu carpon. Ieu hal teu kacaritakeun kalawan jelas dina carita, lantaran diréktur pausahaanna nya éta popotongan Ratna basa keur kuliah. Hartina, sanajan Ratna teu miboga kulifikasi anu luhur, tapi urusan pribadi ngadominasi ditarimana Ratna di éta pausahaan.

2) Ajén Ékonomi

Ajén ékonomi katitén dina data 06:59/1, 06:60/4, GT-06:61/4, GT-06:63/4, jeung GT-06:72/4. Data GT-06:59/1 ngébréhkeun yén Ratna anu geus boga gawé sorangan mampuh maké baju ti modiste. Modiste nya éta tempat meuli baju saperti butik, tapi ukuran jeung modélna bisa diluyukeun jeung kahayang nu meuli. Ampir mirip jeung desainer baju atawa tukang ngaput, tapi hargana leuwih mahal lantaran di modiste hasilna leuwih alus. Lantaran kitu, gambaran baju di modiste leuwih miboga ajén ékonomi anu luhur tibatan baju anu dibeuli ti toko baju biasa. Data GT-06:60/4 ngébréhkeun yén dina ieu carpon, ajén ékonomi diukur ku palaku anu boga mobil. Data GT-06:61/4 ngébréhkeun palaku Ilham anu kungsi suksés sacara ékonomi nepi ka ngarasa kawasa bisa meunangkeun Ratna. Data GT-06:63/4 ngébréhkeun ngeunaan ayana pagadéan kuriling. Pagadéan kuriling nya éta jalma anu sok nginjeun-nginjeunkeun duit bari jeung ménta jaminan. Ieu pagadé biasa nguriling ka imah-imah keur nagihan nu malayar hutang, upama geus lunas, jaminan bisa dibawa deui, kitu ogé upama mayarna teu leuir tina waktu anu geus ditangtukeun. Data séjén anu boga ajén ékonomi nya éta GT-06:72/4. Ieu data miboga hubungaan jeung ajén agama sarta kawasa. Duit sajuta rupia anu rék dibikeun ka Ilham minangka pameuli talak mangrupa gambaran tina ayana rasa égois Ratna anu ngarasa kawasa lantaran boga duit, sedengkeun Ilham henteu. Duit sajuta rupia dina taun 1980-an, sarua pangajina dina taun 2014 ayeuna jeung + 15.000.000 rupia.

3) Ajén Agama

Data miboga ajén agama nya éta GT-06:76/2. Ieu data ngébréhkeun perkara Ilham anu maténi manéh lantaran rasa sieun anu pohara sanggeus nyiksa awak pamajikanna ku sesemplékan kaca nepi ka baloboran geutih tuluy kapiuhan. Dina agama Islam, maténi manéh mangrupa kalakuan anu teu diwenangkeun. Saperti anu kaunggel dina cutatan QS. An-Nisa kaca 29 ieu di handap.

"Hai orang-orang yang beriman, janganlah kamu saling memakan harta sesamamu dengan jalan yang batil, kecuali dengan jalan perniagaan yang berlaku dengan suka sama suka di antara kamu. Dan janganlah kamu membunuh dirimu; sesungguhnya Allah adalah Maha Penyayang kepadamu." (An-Nisa' : 29)

Tilu data GT-06:61/4 ngagambarkeun ayana ajén kawasa anu diébréhkeun ku palaku Ilham basa manéhna keur suksés. Ilham bisa ngajiret kolotna Ratna sangkan mangaruhan Ratna supaya bisa kawin jeung manéhna. Data séjénna nya GT-06:72/4, ngébréhkeun kaayaan lalaki anu dianggap boga kawasa tibatan awéwé. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

“Ceuk abdi ogé teu langkung akang, apan akang téh lalaki, umat anu kawasa anu sagala wenang ngaleuwihan awéwé…” (72/4)

Tina cutatan di luhur, bisa katitén yén sok sanajan Ratna égois tapi masih kénéh nganggap yén Ilham salaku salakina masih boga kawasa pikeun nangtukeun kaputusan. Data GT-06:75/4 ngébréhkeun kakawasaan lalaki salaku salaki anu teu kakontrol nepi ka téga nyiksa pamajikan.

4.2.7 “Kanyaah” (GT-07) 4.2.7.1 Struktur Carita GT-07

a. Téma

Téma carpon GT-07 nya éta kamanusaan, ieu téma nyoko kana ésénsi eusi carita, nya éta ngeunaan rasa nyaah. Luyu jeung jejer ieu carpon, “Kanyaah”, mangrupa carita ngeunaan gambaran kanyaah antara salaki jeung pamajikan, bibi jeung alo, minantu jeung mitoha, sarta kapilanceuk jeung kapiadi. Konsép kanyaah anu ditembrakkeun dina ieu carpon mangrupa kanyaah di lingkungan kulawarga.

Tina téma anu diébréhkeun, pangarang nepikeun yén teu salawasna kanyaah ditétélakeun ngaliwatan tuhuna nu sahandapeun ka saluhureun, tapi ogé bisa katitén tina sikep tegas kana bebeneran. Ieu di handap bisa katitén sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan ngeunaan konsép kanyaah.

Bisa ngomong kitu téh kuring mah inget kana cariosan ibu Guru, cenah lamun nyaah ka anak, béré maranéhna tanggung jawab…(81/2)

“… Bisa jadi bibi mah lain indung nu hadé, tapi lamun bibi ngéléhan éta téh kajurung ku kanyaah bibi ka barudak…” (82/1) “Tong abot teuing atuh barang damel téh, bisi teu damang.” (83/10)

… Kalah kumaha ogé kuring tetep nganggap yén emang jeung bibi

téh kolot kuring pribadi, atuh kanyaah kuring tangtuna ogé kanyaah anak ka indung, nyaah nu sajati jeung iklas. (89/1)

“… Ema téh geus nyaho lalakon hirup nyai di Bandung téh. Timbangan ema, leuwih hadé nyai téh di dieu baé ngabaturan ema… (94/2)

… Biasana mah haté sok lééh lamun geus nyanghareupan bibi saperti kieu. “Hapunten bibi, abdi téh sanés teu nyaah…” (97/9) Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Popon. Manéhna ngabéjérbéskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan

puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi, sanajan palaku Popon miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca “dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran dianggap bener ku hiji kelompok masarakat.

b. Fakta Carita 1) Galur

(a) Dumasar Runtuyan Waktu

Dumasar kana runtuyan waktu, carpon “Kanyaah” kaasup kana galur campuran. Pangna kitu, lantaran pangarang ngébréhkeun susunan galur ngaliwatan téhnik flash-back. Tapi galur maju ogé dipaké pikeun ngébréhkeun guluyurna carita.

Carita dimimitian ku kaayaan palaku Popon anu keur ngalamun hayang ngontrak imah, misah ti bibina (D1). Carita mundur ka mangsa-mangsa anu dilamunkeun ku Popon (A, B, jeung C), nya éta waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman ku Popon ti mimiti ditinggalkeun maot ku kolotna, diasuh jeung digedékeun ku bibina, nepi ka kawin jeung Mumu. Carita maju deui kana konflik sanggeus Mumu jeung Popon rumah tangga tapi tetep cicing di imah bibina (D2). Carita dipungkas ku inditna Popon ti imah bibina lantaran rék cicing jeung salaki ogé mitohana di Banjaran (E).

Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén saperti di handap.

D1 --- A --- B --- C --- D2 --- E (b) Dumasar Kritéria Jumlah

Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan hirup ti mangsa ka mangsa.

(c) Dumasar Kritéria Kepadatan

Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku palaku Popon salaku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Popon anu ngarasa nyaah ka emang jeung bibina ngarasa bingung lantaran geus boga salaki tapi can boga imah, antukna cicing di imah mitohana lantaran pasualan-pasualan anu karandapan ku Popon di imah bibina. Galur saperti anu dilalakonkeun ngaliwatan palaku Popon miboga hubungan anu dalit antarkajadianna.

(d) Dumasar Eusi

Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Popon. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Popon diébréhkeun ku palakuna sorangan.

2) Palaku

Dina carpon GT-07, aya 13 urang palaku, nya éta Popon (GT-07:77/2), bibi (GT-07:78/2), emang (GT-07:78/3), Mumu (GT-07:78/3), mitoha Popon (GT-07:79/2), Titin (GT-07:80/1), Érna (GT-07:80/1), Nina (GT-07:80/1), Dedi 07:80/1), Iwa 07:80/1), Mia 07:80/1), ibu guru (GT-07:81/2), jeung Mang Jamhari (GT-07:91/2). Genep urang méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana tujuh urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.

(a) Dumasar Kalungguhan

Dumasar kana kalungguhanna, Popon jeung bibi mangrupa palaku utama. Sabelas palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu