• Tidak ada hasil yang ditemukan

Tabél 4.7 Data Latar GT-02

4.2.2.2 Unsur Semiotik GT-02

Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-02 ngawengku lima ikon, tujuh indéks, jeung lima simbol.

a. Ikon

Ikon anu aya dina carpon GT-02 aya anu mangrupa ikon imagis jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.8

Analisis Unsur Ikon GT-02

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

Img. Dgm. Mfr. (1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) 1. GT-02:18/6 Kawas meunang ngaminyakan  Ngupamakeun hérangna lampit anu siga dibalur minyak, sanajan dina enyana bisa jadi henteu. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. … diuk dina lampit hérang kawas meunang ngaminyakan.

2. GT-02:18/11 Ngahéhéh  Nyoko kana

onomatope seurina palaku salaki lantaran karumasa beuteungna gendut alatan teu ngajaga pola dahar. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Salaki kuring ngahéhéh rumasaeun meureun beuteungna mimiti ngagendutan. 3. GT-02:19/9 Ragamang  Nyitrakeun sacara langsung kana leungeun. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Ragamang

pananganna ngolés-ngoléskeun apu kana seureuh.

4. GT-02:20/2 Lir babagian

tina salira

Perhiasana anu diibaratkeun salaku bagian tina diri Nini anu nyurup jeung

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi Img. Dgm. Mfr.

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

pribadina. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Anéh, perhiasan téh dianggo ku anjeunna mah kawas nu ngahiji jeung salirana… 5. GT-02:25/1 Potrét karuhun  Nyitrakeun jalma anu

aya dina foto. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Di antarana aya potrét karuhun mani geus semu-semu konéng. b. Indéks

Indéks anu aya dina carpon GT-02 aya anu mangrupa indéks gejala alam, barang, aktualisasi, jeung sora. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.

Tabél 4.9

Analisis Unsur Indéks GT-02

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

1. GT-02:18/3 Kukupu jeung sémah

Gejala alam

Gejala alam anu dipikaharti ku masarakat Sunda, patali jeung kadatangan semah. Kukupu dianggap tanda bakal kadatangan sémah. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Paingan ti tadi kukupu gegeleberan baé da rék aya sémah jauh geuning.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

2. GT-02:18/6 Lampit hérang jeung minyak

Barang Saliwat taya hubungana, tapi ayana lampit anu kacida hérang bisa nimbulkeun indéks yén éta lampit diempél ku minyak nepi ka hérang. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

… diuk dina lampit hérang kawas meunang

ngaminyakan. 3. GT-02:19/1 Ka dieu Indéks

aktualisasi Nétélakeun pituduh jeung paréntah. pituduh ka si Nyai sangkan nyampeurkeun ti jero imah ka tempat nini jeung sémah dariuk di hareup. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Nyai, nyai…! Cing mawa amparan ka dieu!

4. GT-02:19/6 Kuring seuri Indéks aktualisasi

Minangka kecap gaganti jalma tina sawangan pangarang. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Kuring seuri. Biasa Nini mah, teu sirikna sakur urang Ciamis sok diaku baraya. 5. GT-02:23/7 Sora pakétrok

pisin Indéks sora Sora pakétrok nu kadéngé ti tukang ku sémah nandakeun aya nu keur nyicikeun cai kana gelas atawa cangkir anu dipisinan. Pangna bisa kadéngé, lantaran imah panggung mah maké bilik, lain témbok. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap. Sora pakétrokna pisin kadéngé deuih ka hareup, da puguh imah bilik.

No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi

(1) (2) (3) (4) (5)

6. GT-02:23/7 Baki Barang Baki mangrupa barang anu dipaké keur wadah kuéh atawa cai lamun rek nyuguhan sémah. hartina, baki di dieu lain baki

kosong. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Teu kungsi lila, kurunyung awéwé tengah tuwuh ka luar mawa baki.

7. GT-02:25/3 Lini Gejala alam

Lantaran mindeng aya lini, Nini hariwangeun/sieuneun gedongna rugrug, jadi mending imah panggung anu jadi tempat

pamumpungan baraya anu kurang mampuh. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Nini mah geus kolot, cicing di gedongan téh sieun rugrug. Apan di ditu di dieu kabéjakeunana téh ngan lini jeung lini baé,

pikahariwangeun nini-nini! c. Simbol

Unsur simbol anu aya dina carpon GT-02 bisa katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 4.10

Analisis Unsur Simbol GT-02

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

1. GT-02:19/9 Emas, pérak kuningan

Simbol tina logam-logam anu

nétélakeun pangajina, emas anu paling luhur, pérak, tuluy kuningan. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

Sidik, wadah lemareunna téh nu pérak dilakop emas téa. Ngan tampolongna mah kuningan.

2. GT-02:20/2 Batu sulaéman, jamrut héjo, angkik beureum

Batu sulaéman, jamrut héjo, jeung angkik beureum mangrupa simbol pamor dina rupa-rupa batu ali sarta miboga ajén anu luhung pikeun anu makéna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

… panitih rantay tina batu sulaéman anu semu-semu bodas jeung liontin tina jamrut héjo… sanggulna mah teu lésot tina tusuk sanggul batu sulaéman jeung angkik beureum.

3. GT-02:21/8 Nyai Dewi Sri Simbol karaharjaan anu dipercaya ku masarakat sunda. Jadi lamun nutu bari heureuy, matak pamali teu ngajénan ka Dewi Sri. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Témpo nutu, nutu nu bener, teu meunang bari heureuy tutunggulan sagal, pamali! Matak pundung Nyai Déwi Sri ceuk kolot mah!

4. GT-02:28/2 Perhiasan Simbol status sosial, di masarakat aya anggapan yén beuki loba perhiasan atawa rarangkénna, beuki luhur status ékonomina. Dina ieu kontéks,

perhiasan lain saukur ngagambarkeun status sosial, tapi mangrupa simbol tina éndahna sikep jeung paripolah hiji jalma dina kahirupanna. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

Paingan Nini mah pantes waé nganggo perhiasan kitu kieu minuhan salira ogé, da kakayaanna téh bener-bener dalit jeung pribadi katut jiwana. 5. GT-02:28/3 Imah Imah magrupa simbol tina

perlindungan jeung katengtreman. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.

No. Kode Data Réferent Interprétasi

(1) (2) (3) (4)

Paingan imah téh ku matak pikabetaheun, cacak ukur imah basajan mah.

4.2.2.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya