• Tidak ada hasil yang ditemukan

KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL).

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL)."

Copied!
49
0
0

Teks penuh

(1)

i

KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT

KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII

(TILIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL)1) Jaenudin2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII (Tilikan Struktur jeung Ajén Moral). Latar belakang masalah dalam penelitian ini adalah pada zaman sekarang manusia terus-menerus berubah sesuai dengan perubahan zaman. Hal ini disebabkan oleh perkembangan tekhnologi informasi yang bersumber dari Radio, Tv, Majalah, Internet, dan media-media yang lainnya. Hal tersebut sangatlah mempengaruhi keadaan hidup manusia. Terutama mengenai sikap, perilaku dan ahlak manusia baik dan buruknya (moral) yang mulai sudah tidak jelas lagi. Aturan adat dan agama sudah mulai kurang dilaksanakan. Pergaulan remaja mulai menyimpang dari apa yang dianggap pantas oleh generasi sebelumnya. Supaya nilai-nilai moral tidak hilang, dan tidak pula dilupakan, perlu sekali nilai-nilai moral diajarkan di sekolah. Salahsatu caranya melalui pengajaran sastra.

Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analisis. Adapun tehnik yang digunakan ialah tehnik telaah pustaka dan analisis data. Sumber data dalam penelitian ini semua judul cerpen yang ada dalam cerpen Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Hasil penelitian terhadap struktur dan ajen moral dalam kumpulan cerpen

Kanyaah Kolot, yaitu (1) ajen moral berdasarkan tema yang terdapat dalam cerpen Berdasarkan eksplisit-implisit ajen moral, dari 111 ajen moral ada 38 (34,23%) ajen moral yang eksplisit, dan 73 (67,76%) ajen moral yang implisit; (3) alurnya yaitu mérélé, sorot balik, mobok tengah, mangnyaritakeun; (4) latar dalam cerpen Kanyaah

Kolot ada 102. (5) sudut pandang cerpen ini menggunakan orang pertama dan orang

ketiga (6) amanat yang terdapat dalam cerpen ini yaitu jangan banyak berbohong, hidup adalah perjuangan, harus hati-hati, berbaktinya anak pada orang tua, dan sabar.

1)

Skripsi di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M. Hum dan Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. 2)

(2)

ii PANGJAJAP

Bismillahirrahmanirrahim

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT, anu parantos masihan ni’mat, hususna ni’mat iman, islam sareng ni’mat séhat ka sim kuring, tug dugi ka sim kuring tiasa ngaréngsékeun ieu skripsi.

Solawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka parakulawargana, ka parasahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka urang salaku umatna anu mudah-mudahan satia kana sagala ajaranna. Amin!

Ieu skripsi téh judulna nya éta “Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII (Tilikan Struktur jeung Ajén Moral)”. Eusi ieu skripsi téh ngadéskripsikeun sakabéh carpon anu aya dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Ieu kumpulan carpon

Kanyaah Kolot téh kabéhna aya dalapan judul. Kadalapan carpon éta dijudulan “Jang

Oman”, “Kanyaah Kolot”, “Néng Yaya Gering Tipes”, “Jurig Bungkeuleukan”,

“Buah Limus Murag ku Angin”, “Nganti Dawuh, Kanyaah” jeung “Naib Cidahu”.

Éta carpon téh kabéh bakal di analisis pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII.

(3)

iii

karya Karna Yudibrata, ngaidentifikasi masalah-masalah anu aya dina buku Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, nangtukeun sagala rupa anu bisa di cokot atawa kumaha implikasina tina pangalaman pikeun ngarancang kaputusan dina mangsa nu bakal datang. Téhnik anu digunakeunana nya éta téhnik ulikan pustaka, digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung ulikan struktur carpon, hususna dina buku kumpulan carpon

Kanyaah Kolot, karya Karna Yudibrata. Nu ngawengku téma, palaku jeung watek

palaku, galur, latar, puseursawangan jeung amanat, nu aya dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

Pamungkas, mugia ieu panalungtikan téh aya mangpaatna pikeun sim kuring hususna, sareng umumna pikeun sadaya anu maca ieu skripsi. Amin!

Bandung, Februari 2011

Nu Nyusun,

(4)

iv

CATUR PANUHUN

Teu saeutik halangan harungan anu karandapan salila nyusun ieu skripsi téh. Éta téh balukar tina kahéngkéran pangaweruh anu nyusunna. Sok sanajan kitu, ari dibarengan ku niat katut tékad anu kuat, kasabaran, jeung do’a ti sagala pihak mah, ieu skripsi téh réngsé ogé. Ku kituna, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka:

1. Emih sareng Abah anu teu kendat ngarojong ku kaasih sareng kanyaah nu salawasna nyerep karasa ku sim kuring. Mugia Allah SWT, mikaasih ka aranjeunna sapertos anjeunna mikaasih ka sim kuring. Amin!;

2. Bapa Dr. Dedi Koswara, M.Hum. salaku pangaping I, anu parantos ngaping dugi ka réngséna ieu skripsi;

3. Ibu Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. salaku pangaping II, anu teu kendat ngawurukan sarta nuyun jeung ngaping dugi ka réngséna ieu skripsi;

4. Bapa Dr. Dingding Haerudin, M.Pd. sareng Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, salaku pupuhu jurusan sareng sekertaris Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI; 5. Bapa miwah Ibu dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI, anu

parantos ngatik ngadidik sarta masihan élmu pangaweruhna ka sim kuring;

6. Pa Wawan, Pa Apan, Kang Dedé, sareng téh Herma Anu teu weléh diriripuh sareng diririweuh ku sim kuring;

7. Bapa Nendi anu parantos kersa ngaping sim kuring nalika PLP;

(5)

v

9. Pun Aki, sareng Ema anu teu kendat ngadungakeun sareng ngarojong sim kuring; 10.Ema Cina anu teu weléh ngadungakeun sareng ngarojong sim kuring;

11.Ua, Emang anu teu weleh nyumangetan sangkan kuring buru-buru lulus; 12.Pun Alo, Juhaya, Nyai, Dede sareng Ita anu jadi panyumanget sim kuring;

13.Rahmat sobat kuring ti SMA, anu parantos ngabantosan tur nyumangetan dina ngaréngsékeun ieu skripsi, mudah-mudahan sosobatan urang sing terus nganteng; 14.Amar, Agi, Fregi, Stepanus, Wisdian, Haris, Hidayat sareng Haris, sobat sim

kuring anu parantos ngabantosan dina ngaréngsékeun ieu skripsi; 15.Dani, Ari, Jaya, Fauzan sareng Randi, batur heureuy sim kuring;

16.Réréncangan KKI UPI, anu parantos nyumangetan sim kuring, dina ngaréngsékeun ieu skripsi, irah atuh tanding deui?

17.Réréncangan PLP, sareng KKN; Cipta, Andi, Dita, Elin, Iis, Neni, Nira, Sofi, Rina, Wi, Prima, Fajri, Tri, Meli, Gisa, Gina, Wita anu parantos ngarojong, sareng masihan sumanget ka sim kuring;

18.Réréncangan (PPSN) Nampon, anu teu weléh masihan sumanget dina ngaréngsékeun ieu skripsi;

19.Elia, Erina, Nina, Sri, Rahmat batur heureuy kuring mugi urang tiasa tepang deui; 20.Réréncangan anu di lembur anu teu weléh ngabagéakeun sim kuring, Kos, Aep,

Endi, Tatang sareng Ano iraha urang ngariung di Masjdi téh?

(6)

vi

1.4Mangpaat Panalungtikan ……… 7

1.4.1 Mangpaat Téoritis ………. 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ………... 8

1.5Wangenan Istilah ………. 8

1.6Anggapan Dasar ……….. 9

BAB II CARPON, AJÉN MORAL, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Carpon ………. 11

2.1.1 Wangenan Carpon (Carita Pondok) ……….. 11

2.1.2 Sajarah jeung Kamekaran Carita Pondok dina Sastra Sunda ……… 13

(7)

vii

2.3.1 Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda SMP/MTs ………. 34

2.3.1.1 Fungsi SKKD ……….. 34

2.3.1.2 Tujuan SKKD ………. 35

2.3.2 Standar Kompetensi Lulusan SMP/MTs ……… 35

2.4 Bahan Pangajaran ………. 36

2.4.1 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ……….. 36

2.4.2 Carita Pondok Pikeun Bahan Pangajaran Maca ……… 37

BAB III MÉTODELOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan ………. 40

3.1.1 Métode Panalungtikan ……… 40

3.1.2 Téhnik Panalungtikan ……… 40

3.2 Instrumén Panalungtikan ……….. 41

3.3. Sumber Data Panalungtikan ……… 45

3.3.1 Déskripsi Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ……… 45

3.3.2 Riwayat Hirup Karna Yudibrata ……… 46

3.3.3 Ringkesan Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ……… 47

3. 4 Wangenan Operasioanl ……… 60 KANYAAH KOLOT KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII 4.1 Struktur dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata …… 62

4.1.1 Carpon Jang Oman ………. 62

4.1.2 Carpon Kanyaah Kolot ……… 79

4.1.3 Carpon Néng Yaya Gering Tipes ………. 96

4.1.4 Carpon Jurig Bungkeuleukan ………. 116

4.1.5 Carpon Buah Limus Murag ku Angin ………. 134

4.1.6 Carpon Nganti Dawuh ……… 153

4.1.7 Carpon Kanyaah……….. 170

(8)

viii

4.2 Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata .. 204

4.3 Struktur jeung Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII …………213

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ……… 217

5.2 Saran ……….. 221

DAFTAR PUSTAKA ……… 222

LAMPIRAN ……….. 224

(9)

ix

DAFTAR TABEL

kaca Tabél 2.1 Struktur KTSP SMP/MTs ………. 34 Tabél 2.2 SK-KD Aspék Maca SMP Kelas VII ………... 39 Tabél 4.1 Galur, Latar, jeung Puseur Sawangan dina KumpulanCarpon

Kanyaah Kolot ……….. 207 Tabél 4.2 Ajén Moral dumasar kana Téma jeung Amanat dina Kumpulan

Carpon Kanyaah Kolot ……… 208 Tabél 4.3 Ajén Moral dumasar kana Palaku dina kumpulan carpon kanyaah

kolot ………. 209 Tabél 4.4 Frékuénsi jeung Persentase Ajén Moral dina Kumpulan Carpon

Kanyaah Kolot……….. 214 Tabél 4.5 Struktur jeung Ajén Moral Luyu jeung Teu Luyuna pikeun

(10)

x

DAFTAR SINGGETAN

LBSS Lembaga Basa jeung Sastra Sunda KBBI Kamus Umum Bahasa Indonesia UPI Universitas Pendidikan Indonesia SMP Sekolah Menengah Pertama

(11)

1

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Karya sastra téh mangrupa hasil ciptaan manusa anu diébréhkeun ku cara

ngagunakeun basa sacara lisan atawa tulisan. Karya sastra mangrupa ébréhan jiwa

pangarang anu digelarkeunana maké média basa. Basa dina karya sastra dipaké

pikeun ngahontal ajén-ajén éstétika. Ari carana rupa-rupa, bisa ngagunakeun gaya

basa, purwakanti, pakéman basa, jeung sajabana. Ku kituna, basa jeung sastra téh

raket pisan patalina tur silih rojong. Eusi karya sastra biasana mangrupa ébréhan

ngeunaan masalah-masalah hirup-huripna manusa, hakékat jeung gambaran

kahirupan manusa, rupa-rupa pangalaman rasa, jeung ide manusa anu bisa

diébréhkeun dina wangun sastra. Salian ti éta, sastra ogé ngagambarkeun kasusah

manusa, perjuangan, silih asih, pagéntréng jeung sasama manusa atawa naon hal

anu kaalaman dina kahirupan sapopoé.

Karya sastra mangrupa hasil karya cipta jeung kréativitas hiji jalma

(pangarang) dina ngolah basa anu ngajangélék jadi hasil karya sastra anu éstétis.

Patali jeung hal éta ditétélakeun ku Iskandarwassid (2003:138), yén karya sastra

téh nya éta karya seni anu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya

seni, warnaning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah

(12)

Sacara umum wangun karya sastra téh dibagi jadi tilu bagian, nya éta (1)

wangun lancaran (prosa), (2) wangun ugeran (puisi), (3) wangun paguneman

(drama).

Dumasar kana warnana, karya sastra anu kaasup wangun lancaran (prosa)

diantarana: dongéng, skétsa, carita pondok, roman, jeung novel. Anu kaasup

wangun ugeran (puisi) diantarana: mantra (jangjawokan, singlar, asihan, jampé,

rajah, ajian), kakawihan, sisindiran, (rarakitan, paparikan, wawangsalan), sair,

pupuh, guguritan, jeung carita wawacan. Ari anu kaasup wangun carita (drama)

diantarana: sandiwara, opera, jeung gending karesmén (Iskandarwassid,

1992:135).

Saterusna dijelaskeun yén carita pondok téh nya éta karya (tinulis) rékaan

atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratip. Galur carita rélatip basajan

lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama,

mangrupa hiji “épisodeu”, palaku ogé ngan ukur dua, tilu. Ku lantaran kitu, ieu

carita téh rélatip pondok. Umumna mah jejer, latar (setting), jeung kajadian carita

téh diolah dina alam kiwari (Iskandarwassid, 2003:113).

Carita pondok nya éta carita atawa narasi (lain analisis argumentatif) anu

fiktif (henteu bener-bener kajadian geus kajadian tapi bisa kajadian di mana waé

jeung iraha waé) sarta rélatif pondok. Carita atawa narasi tadi kudu sacara gemi

jeung apik. Ku hal éta, di jero carpon biasana ngan ukur aya dua atawa tilu palaku

waé, ngan saukur dina hiji kajadian jeung ngan saukur aya hiji éfék waé pikeun

anu maca. Lengkepna hiji carita pondok tadi, bisa ditingali tina segi-segi unsur nu

(13)

plot), tokoh carita (krakter), téma cerita, suasana cerita (setting), sudut pandang

penceritaan (point of view) jeung gaya (style) pangarangna (Jakob Sumardjo &

Saini K.M. 1988:37).

Nilik kana wangun eusina, karangan wangun carita pondok kaasup kana

sastra sampeuran, lantaran ayana sabada sastra Sunda kapangaruhan ku sastra

kulon (Ruhaliah, 2002:125).

Dumasar kana pamadegan paraahli di luhur, carita pondok téh nya éta

mangrupa salahsahiji bagian tina karya sastra, anu mangrupa carita rékaan dina

wangun prosa naratif, dina galur caritaan rélatip basajan lantaran jumlah palaku

ukur dua atawa tilu urang. Ku lantaran kitu dina carita pondok, caritana rélatip

pondok ngan saukur hiji épisodeu. Anu diolah tina alam kahirupan kiwari, anu

ngébréhkeun pangalaman hirup manusa dina sapopoéna atawa hal anu keur

karandapan ku manusa umpamana rasa cinta, rasa gumbira, rasa kaduhung jeung

rasa sedih.

Ajén-inajén luhur dina karya sastra téh loba pisan, di antarana ajén budaya,

kaagamaan, psikologis, moral, jeung réa-réa deui. Salian ti éta ajén-inajén, karya

sastra ogé moal leupas tina struktur pangwangunna. Nurutkeun Iskandarwassid

(2003:153), anu disebut struktur dina karya sastra téh nya éta corak rakitan

(susunan) komponén-komponén karya nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra;

gembleng boga ma’na. Dina prosa umpamana, kumaha ngaréka unsur-unsur téma,

plot, latar, jeung tokoh nepi ka bisa ngawujud jadi carita pondok jeung novel.

Kiwari, carita pondok ogé aya anu dikumpulkeun dijieun buku kumpulan

(14)

pondok ti hiji pangarang saperti Kanyaah Kolot jeung kumpulan carita pondok

beunang sababaraha pangarang (antologi). Salahsahiji kumpulan carita pondok

Sunda anu aya kiwari nya éta Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Nilik kana

judulna ogé ku urang geus kasawang eusina pasti ngabogaan ajén-inajén anu luhur

salahsahijina nya éta ajén moral.

Kiwari kahirupan manusa terus-terusan robah luyu jeung mekarna jaman.

Téhnologi imformasi anu ngaliwatan Radio, Tv, Majalah, Internét, jeung

média-média anu lianna. Dina nyanghareupan hal samodél kitu anu mangaruhan kana

kaayaan hirup masarakat. Utamana ngeunaan tetekon hirup mimiti geus robah,

sikep, pangajén naon anu hadé jeung naon anu goréng (moral) mimiti teu ajeg.

Aturan adat jeung agama mimiti geus teu pati dilaksanakeun. Pergaulan rumaja

mimiti méngkol jauh kana naon anu dianggap pantes ku generasi anu saméméhna.

Sangkan éta ajén-inajén henteu leungit, jeung henteu dipohokeun, kacida

perluna éta ajén-inajén diajarkeun hususna disakola-sakola. Salahsahiji carana nya

éta ngaliwatan pangajaran sastra.

Dumasar kana peraturan Daerah Jawa Barat No. 5 taun 2003 ngeunaan

ngalestarikeunna basa, sastra jeung aksara daerah, anu netepkeun yén basa daerah,

diantarana basa Sunda, diajarkeun di sakola dasar di Jawa Barat. kawijakan éta

dumasar kana UU No. 22/1999 ngeunaan pamaréntahan daerah jeung UU No. 20/

2003 ngeunaan sistem Pendidikan Nasional, dumasar kana UUD 1945 anu aya

patalina Pendidikan jeung Kabudayaan.

Panalungtikan ieun leuwih museur kana struktur jeung ajén moral dina

(15)

kana Standar Kompetensi (SK) salaku bahan pangajaran anu aya di SMP. Ku

kituna, ieu panalungtikan dihususkeun pikeun néangan struktur jeung ajén moral

anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu

disaluyukeun kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SK-KD) anu

geus aya.

Panalungtikan ajén moral geus aya anu nalungtik mangrupa skripsi, di

antarana: skripsi Dadang Yulianto (2006) nu judulna Ajén Moral dina Kumpulan

Carpon Ajalna sang Béntang Pilem karya Dudu Durahman. Kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata mah tepi ka danget ieu can ditalungti tina

segi struktur jeung ajén moral. Ku kituna, perlu diayakeunna panalungtikan dina

wangun skripsi, sangkan kapanggih struktur jeung ajén moral anu aya dina éta

kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Pikeun

kapentingan skripsi ieu panalungtikan dibéré judul “Kumpulan Carpon Kanyaah

Kolot Karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII

(Tilikan Struktur jeung Ajén Moral)”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Ajén-inajén anu aya dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot téh kacida

jembarna, diantarana nya éta ajén kaagamaan, atikan, psikologi, budaya, jeung

moral. Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih museur jeung teu lega teuing, dina

nalungtik kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot téh baris diwatesanan ku medar

(16)

Dina éta kumpulan carita pondok téh aya dalapan carita. Dalapan carita éta

bakal dijadikeun objék panalungtikan. Satuluyna hasil analisis téh dijieun Bahan

Pangajaran Maca di SMP Kelas VII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh baris diwincik

jadi sababaraha pertanyaan. Sangkan pertanyaan pedaran nyoko kana objék

pedaran anu rék ditalungtik, nya éta:

1) kumaha struktur carpon (téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur

sawangan, jeung amanat) dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna

Yudibrata?

2) ajén moral naon waé anu nyampak dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot

karya Karna Yudibrata?

3) naha hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata bisa jadi bahan pangajaran maca di SMP kelas

VII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana kasangtukang, watesan jeung rumusan masalah di luhur, ieu

panalungtikan téh mibanda tujuan sacara umum jeung husus anu hayang dihontal.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun maluruh struktur jeung

(17)

medar karya sastra hususna dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya

Karna Yudibrata dumasar struktur jeung ajén moral.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan bisa dibagi sababaraha hal, di antarana nya

éta:

1) ngadéskripsikeun struktur carpon (téma, palaku jeung watek palaku, galur,

latar, puseur sawangan, jeung amanat) dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot

karya Karna Yudibrata;

2) ngadéskripsikeun ajén moral naon waé anu nyampak dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata;

3) nyusun hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolo karya Karna Yudibrata pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP

kelas VII.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan ngabogaan mangpaat anu hayang dihontal, sacara téoritis di

antarana nya éta:

1) pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan élmu sastra;

(18)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan ngabogaan mangpaat anu hayang dihontal, sacara praktis di

antarana nya éta:

1) bisa meunangkeun struktur jeung ajén moral anu aya dina kumpulan carita

pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, sarta bisa nerapkeun éta ajén

dina kahirupan sapopoé;

2) bisa méré gambaran ka urang yén moral téh penting pisan pikeun manusa dina

hirup kumbuh;

3) pikeun nambahan atawa ngarojong bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda

di sakola, utamana dina hal ajén moral.

1.5Wangenan Istilah

Wangenan dina ieu panalungtikan di antarana hal-hal anu aya patalina jeung

kecap-kecap anu dijadikeun judul, nya éta Struktur, Ajén Moral, Carpon, Kanyaah

Kolot, Bahan Pangajaran, Maca.

1) Struktur dina karya sastra téh nya éta corak rakitan (susunan)

komponén-komponén karya nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga

ma’na (Iskandarwassid, 2003:153).

2) Ajén Moral nya éta mangrupa ma’na anu aya dina hiji carita anu rék ditepikeun

ku pangarang ka anu maca éta carita (Nurgiyantoro, 1995:320).

3) Carpon nya éta karya (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa

naratif. Galur carita rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu

(19)

ngan ukur dua tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatip pondok. Umumna

mah jejer, latar (setting), jeung kajadian carita téh diolah dina alam kiwari

(Iskandarwassid, 2003:113).

4) Kanyaah Kolot nya éta kumpulan carpon karya Karna Yudibrata anu eusina

aya dalap judul nya éta (1) Jang Oman, (2) Kanyaah Kolot, (3) Néng Yaya

Gering Tipes, (4) Jurig Bungkeuleukan, (5) Buah Limus Murag ku Angin, (6)

Nganti Dawuh (7) Kanyaah, jeung (8) Naib Cidahu. Jumlah kaca aya 143 kaca.

Warna dasar jilidna hideung jeung biru aya gambar jelema tiluan budak jeung

kolotna.

5) Bahan Pangajaran nya éta matéri anu disusun kalayan sistematis nepi ka

nyiptakeun lingkungan atawa suasana anu ngadukung siswa diajar kalayan

hadé (Majid, 2008:174).

6) Maca mangrupa hiji prosés nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun

nyangkem pesen anu ditepikeun ku nu nulis dina basa tinulis (Tarigan, 1987:7).

1.6Anggapan Dasar

Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:

1) sastra mangrupa salahsahiji karya seni anu mibanda ajén-inajén anu bisa

ngahudangkeun rasa anu maca;

2) carpon mangrupa salahsahiji karya sastra sampeuran anu mibanda fungsi

édukatif jeung rékréatif;

3) carita pondok mangrupa hasil tina karya sastra anu mibanda anjén-inajén

(20)

4) moral téh mangrupa salahsahiji aspék anu kacida pentingna dina hirup

kumbuh manusa sapopoé, sabab moral téh mangaruhan kana katengtreman

masarakat. Salian ti éta moral anu hadé bisa ngajegkeun manusa salaku

(21)

40 BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan

Métode nya éta cara utama nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan (Surakhmad, 1985:131). Dina ieu panalungtikan, métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif analisis, sabab digunakeun pikeun:

1)ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun gejala-gejala anu aya dina buku;

2)ngaidéntifikasi masalah-masalah anu aya dina buku;

3)nangtukeun sagala rupa nu bisa di cokot atawa kumaha implikasina tina pangalaman pikeun ngarancang kaputusan dina mangsa nu bakal datang.

3.1.2 Téhnik Panalungtikan

Nurutkeun Ratna (2004:37) téhnik asal tina kecap tekhnikos, basa Yunani, nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik ulikan pustaka jeung analisis data.

(22)

2. Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis sruktur carita anu ngawengku téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat. Anu aya dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

Unggal carpon dianalisis hiji-hiji ku cara dikumpulkeun, diteuleuman, jeung dipesék, nepi ka kapanggih ajén moralna.

3.2 Instrumén Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun sistem tabél atawa sistem tabulasi pikeun nganalisis ajén-ajén moral anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Tujuanna nya éta sangkan gampang dina nganalisis data, sarta gampang nyieun kacindekanna, sabab dina éta tabél bakal katitén hal-hal naon waé anu boga ajén moral.

Dina ieu panalungtikan aya lima tabél analisis anu digunakeun. Tabél kahiji eusina ngeunaan galur, latar, jeung puser sawangan dina kumpulan carpn Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata, tabél kadua eusina ngeunaan ajén moral dumasar kana

téma jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, tabél katilu eusina ngeunaan ajén moral dumasar palaku dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, tabél kaopat eusina ngeunaan frékuénsi jeung

(23)

Ieu di handap tabél-tabél anu dimaksud. Tabél 3.1

Galur, Latar, jeung Puseur Sawangan dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

Ajén Moral Dumasar kana Téma jeung Amanat dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

Pikeun nangtukeun perséntase tina struktur carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata dumasar kana téma jeung amanat carpon saperti anu katitén dina tabél di luhur, bisa kapaluruh kalawan ngagunakeun rumus:

% =

(24)

Tabél 3.3

Ajén Moral Dumasar kana Palaku dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

No. Kode

Carpon

Palaku Ajén Moral

Kaca

Ngaran Watek + - H V E I

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11)

?

Katerangan: + = Indikator Positif - = Indikator Négatif H = Indikator Horisontal V = Indikator Vertikal E = Indikator Éksplisit I = Indikator Implisisit

Pikeun nangtukeun perséntase tina indikator anu dumasar kana palaku carpon saperti anu katitén dina tabél di luhur, bisa kapaluruh kalawan ngagunakeun rumus:

(25)

Tabél 3.4

Frékuénsi jeung Perséntase Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

Kateranagan: F= Frékuénsi % = Persentase

Pikeun meunangkeun jumlah perséntase tina frékuénsi ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot anu katitén dina tabél, bisa kaparuruh kalawan ngagunakeun rumus:

% =

é é X 100

Tabél 3.5

Struktur jeung Ajén Moral Luyu jeung Teu Luyu pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII

No Kodeu Carpon

Struktur

Alasan Kaca

Luyu Teu luyu

(01) (02) (03) (04) (05) (06)

?

No Ajén Moral dina Struktur Carpon F %

(1) (2) (3) (4)

(26)

Pikeun meunangkeun struktur jeung ajén moral luyu jeung teu luyuna pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII, anu ngawengku téma jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata baris ngagunakeun ieu tabél.

3.3. Sumber Data Panalungtikan

3.3.1 Déskripsi Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta sakabéh carpon dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, anu diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985. Warna dasar jilidna hideung jeung biru, aya gambar jelema tiluan budak jeung kolotna, kandelna 152 kaca, di jerona aya daptar eusi jeung buku-buku anu di kaluarkeun ku Rahmat Cijulang.

(27)

Jumlah judul dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata kabéhna aya dalapan judul, nya éta: (1) Jang Oman, (2) Kanyaah Kolot, (3) Néng

Yaya Gering Tipes, (4) Jurig Bungkeuleukan, (5) Buah Limus Murag ku Angin, (6)

Nganti Dawuh, (7) Kanyaah, jeung (8) Naib Cidahu.

3.3.2 Riwayat Hirup Karna Yudibrata

Karna Yudibrata dilahirkeun di Désa Tambaksari, Rancah, Ciamis, tanggal 17 September 1936. Sarjana Pendidikan IKIP Bandung jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia, cekel gawé jadi dosén tetep di jurusan Bahasa jeung Sastra Sunda (kiwari Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah), FKSS (FPBS) IKIP Bandung méré kuliah Linguistik. Kungsi jadi Sekretaris, tuluy jadi Ketua Jurusan Bahasa Sastra Sunda, ketua Biro Olahraga, Kesenian jeung Pramuka IKIP Bandung.

Kungsi ogé jadi Sekertaris Dewan Pertimbangan kebudayaan (nu robah jadi Dewan Kebudayaan) Propinsi Daerah Tingkat 1 Jawa Barat. Kungsi milu ulubiung ngadegkeun Akademik Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung, sarta jadi ketua/direktur éta sakola anu munggaran (1970 nepi ka taun 1979). Dina taun 1980 meunang pancen tugas diajar di Fakultas Pasca Sarjana IKIP Malang, Program S3 spesialisasi widang studi: pendidikan Bahasa.

(28)

Mimiti resep kurung-karang ti waktu keur di SGA kénéh, ngan ari nulis sajak, éséy, jeung carita pondok mah kakara mitembeyan dina taun 1965. Tulisan-tulisanana bisa kabaca dina Sipatahunan, Warga, Manglé, Kalawarta, LBSS, Mingguan Sunda,

Baranangsiang, Sangkuriang, Hanjuang, Sari, Langensari, jeung Wangsit.

Dina taun 1966, Karna kacatet jadi salah saurang pangurus Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PP-SS) Osok ogé nulis rumpaka lagu: saperti anu dibukukeun ku Nano S. dina Haleuang Tandang.

Tulisan-tulisan lianna mangrupa bahasan, éséy, jeung hasil panalungtikan ngeunaan pendidikan, basa, jeung seni.

3.3.3 Ringkesan Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot

Dumasar kana Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta sakabéh carpon dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, jumlah éta carpon téh aya dalapan judul. Kadalapan judul carpon dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh baris diringkes ieu di handap.

1)Jang Oman

(29)

Barang datang ka imah Jang Oman di bagéakeun pisan ku Pa Ulis, komo ku Mimin mah adina Jang Oman anu masih kénéh sakola dasar. Barang Jang Oman datang, Ma Ulis keur ngadekul ngaputan baju sakola Mimin. Ma Ulis ngarasa héran padah Oman geus balik deui.

Oman ukur ngeluk, barang digelendut ku Ma Ulis jeung Pa Ulis. Pa Ulis kabita ku kalintuhan anakna, sakabéh awak Oman teu leupas tina paneuteup Pa Ulis. Barang paneuteupna museur, Pa Ulis kacida reuwasna barang ningali calana Jang Oman aya tapak nisik. Barang di tanya, singhoréng Oman téh kungsi labuh waktu boncéngan jeung babaturanna.

Harita Oman ngariung ukur meunang sapeuting, kadituna mah Oman sok anjang-anjangan ka dulur-dulurna. Nepi ka Pa Ulis ogé kudu milu udar-ider milu mapay. Soré peuting ka opatna Oman bébéja rék balik deui ka Bandung ka adina, tapi teu bogaeun ongkos. Barang nyaho béja Oaman rék balik Ma Ulis kacida reuwaseunna sabab can sasadiaan. Peutingna Ma Ulis jeung Mimin adi Jang Oman méh teu saré lantaran guranggoréng, bubungkus, Mais lauk, nyieun kupat pibekeleun Oman.

(30)

Pa Ulis kacida reuwasna, tuluy nananyakeun ka unggal bandar kalapa. Tétéla sangkaan Pa Ulis teu nyalahan, kalapana geus di ala ku Sanroip. Barang dinaha-naha bet di beuli. Sanroip nyaritakeun pajar keun téh titahan bapa, kitu jawab Sanroip harita. Barang ditanyakeun saha nu ngajualna, Pa Ulis buru-buru ngaléos bari ngomong Nuhun Gutsi, anak abdi teu ngala kalapa batur!”

2)Kanyaah Kolot

Pa Wianta jeung Ma Isah, nu keur nyakolakeun anakna nu di SMA Bandung. Pa Wianta geus ngarasa bingung dina nyanghareupan anakna anu hésé nurut. Sok sanajan kitu ari kanyaah mah tetep nyantél dina ati Pa Wianta. Barang maca surat pangirim anakna Pa Wianta ngarsa bingun lantaran anakna kudu geus dikirim deui duit. Pagéto Pa Wianta ngabogaan niat rék ngalongok anakna di Bandung. Di Bandungna di Jl. Dr. Setyabudi, ari cicingna di Mang Uka jeung Bi Imi bubuhan batur salembur jeung ari anu utamana mah masih kénéh dulur sabrayna kénéh, nu ngumbara ka Bandung geus kana lima belas taunna.

(31)

Wianta kacida hariwangna sok sieun Udi kumaonam. Peutingna Pa Wianta teu bisa saré soksanajan dipeureum-peureum angger gulinggasahan inget waé ka Udi.

Isukna Pa Wianta dianteur ku Mang Uka ka sakola pikeun nanyakeun Udi naha sakola atawa henteu. Barang ditanyakeun ka guru nu keur ngajar poé éta tétéla Udi téh dina kateranganna gering, malah éta kateranga tén meunang wali murid. Tapi Mang Uka teu rumasa nyieun éta surat. Pa Winata jeung Mang Uka ngobrol jeung kepala sekolah ngeunaan Udi di éta sakola. Barang nyaho yén kalakuan Udi kawas kitu Pa Winta kacida ambekkeunna.

Teu kungsi lila Pa Wianta jeung Mang Uka balik, di imah kasampak Udi geus aya, ngan Bi Imi keur ka pasar. Barang ditanya geus ti mana Udi nyarita geus ti sakola, teu nyahoeun yén Pa Wianta jeung Mang Udi geus ti sakola. Udi digelendut, Udi ukur ngeluk teu némbal. Teu kungsi lila jol Bi Imi datang jeung Sukarya. Bi Imi kacida bungahna barang Udi geus nyampak aya di imah. Barang Sukarya nyaritaekun maksud jeung tujuanna. Singhoréng Udi téh geus ti Puncak, jeung kungsi nginjeum duit pajarkeun téh titahan Mang Uka. Teu loba carita Mang Uka tuluy ngagantian bari sanuk-sanuk ménta dihampura lantaran telat dina ngabalikeunna.

(32)

3)Néng Yaya Gering Tipes

Bi Imi jeung Mang Endang kacida bingungna basa ningali nu jadi anak teu bisa dikutukieu ngabaleng baé. Kaayaan tengah imah pinuh ku baraya-barayana, ku tatangga-tatanggana, peuting harita taya saurang anu saré, lian ti barudak leutik. Kabéh nyararing bari barabacaan. Aya nu ngaji Yasin meunang sababaraha balik, aya nu maca Fatihah, Al Ikhlas, jeung Falak Binnas mangpuluh-puluh balikan. Malah Uana mah mapatkeun jangjawokan sagala! Teuing parancah kétah, da teupati sidik, ngan basa Arab pagalo jeung basa Jawa direumbay ku basa Sunda buhun!.

Meunang saminggu nu gering digarugulung kitu baé di imah. Kasakitna dengdeng baé, teu maju-maju, taya mendingna, kalah ngabaleng siga nu mulan, teu beunang ditanya-tanya!

Poé Minggu, sanggeusna meunang telegram, dibéjaan yén adina, Yaya Rohaya gering payah! Lanceukna mérésaran sangkan isukan poé Senen dibawa ka rumah sakit. Sanggeus Yaya di rumah sakit nu lilana genep poé, lanceukna bébéja rék mulang deui ka tempat digawéna di Ciamis. Nugering nyangigir melong beungeut lanceukna, embung ditinggalkeun.

(33)

Barang datang, nu gering pada ngalayad, pada nanya, nu antukna nu kuduna istirahat téh malah teu saré-saré acan nepi ka peuting. Isukna kira-kira jam salapan, kasakit Yaya karasa deui. Badanana panas puguh nyongkab, kanceuh! Kateuhak ku nu ngalayad jeung ku mamayu. Tipes nu can cageur, kadupak ku tambarakan sagala kudu didahar. Geus sapuluh poé nu gering balik ti rumah sakit. Kanceuhna tambah poé wuwuh ripuh. Barang keur kitu aya nu pupuntenan. Singhoréng MangWijatma. Atuh Bi Imi jeung Mang Endang kacida bungahna. Mang Wijatma tuluy dipénta tulung. Budakna nu milu disambat ku Bi Imi. Jemprak Mang Wijatma sila mendeko, tuluy ménta dipangnyadiakeun parukuyan. Tuluy Mang Wijatma kumat-kamit, bari méré papatah jeung sarat nu kudu di cumponan sangkan néng Yaya téréh cageur.

4)Jurig Bungkeuleukan

(34)

raraméan di éta tempat, guru Suhéndar angger maksa. Nu antukna dikumadinyakeun, dikarepkeun. Karcis geus payu, nu lalajo juljo ti unggal lembur.

Jam salapan kurang saeutik, lalakon Rahasiah nu Goréng Patut, karék der dimimitian. Nu lalajo panénjona tamplok kabéh ka panggung. Pada-pada hayang nyaho kagoréngan Karnadi jeung kageulisan Euis Awang nu keur jadi béntang panggung Desa Sari. Sajeroning maén guru Suhéndar mah haténa teuweléh tagiwur, inget waé ka omongan Mang Murnasan. Nu lalajo jempling, ngabandungan carita Karnadi nu hayang ngajodo ka Euis Awang. Karnadi kacida keyengna hayang ngahiji jeung Eus Awang téh nepi ka arék ngalakukeun akal bulusna nu penting laksana sapaneja. Barang Karnadi rék jung pisan na, ana jéréwét téh ti juru panggung belah wétan aya nu ngocéak. Nu ngocéak tuluy ngayékyék, jéjérétéan bari tulung-tulungan.

5)Buah Limus Murag ku Angin

Sudira nu ka béh dieunakeun jarang kaluar, campur gaul jeung nu séjén. Lantaran Sudira ngarasa éra jeung wirang, kulantaran keur nandangan ka prihatinan nu keur karandapan ku manéhna sakulawarga. Tapi, Sudira teu ngabéjakeun keur ka prihatinan naon. Abas nu kabeneran harita keur nganjang ka Sudira, ngarasa panasaran kana pasualan nu keur karandapan ku Sudira. Abas terus nereksel kana pasualan nu keur karandapan ku Sudira. Nu antukna Sudira nyaritakeun pasualanna.

(35)

ruksak ka tinggang buah limus nepi ka kenténgna peupeus. Suparya ngomong kamana daék jeung pamajikanna. Atuh Sudira nu tadina narimakeun salah gé jadi keuheul ku omongan Suparya nu balukarna paréréa omong.

Suparya nu ngarasa teu suka imahna ruksa laporan ka RT. Sudira dipanggil ka imah RT. Sudira nyaritakeun perkara nu ngalantarakeun manéhna paréréa omong. Saenggeus ngadéng perkarana RT méré putusan sangkan Sudira nutuh tangkal limus nu ngaroyom ka imah Suparya. Sudira narima putusan RT, ari Suparya teu narima, angger tangkal limus Sudira kudu di tuar. Atuh Sudira gé nu tadina narima putusan RT téh jadi teu ngeunah. Nepi ka Sudira dilaporkleun deui ka RK. Ku RK Sudira dipanggil, sarua kaputusan RT jeung RK teu jauh ngan bédana mun RT nitah ditutuhan RK mah nitah di tuar.

6)Nganti Dawuh

Nonéng angger nolak, ari anu jadi alatan geus kagok betah di kota, keur meumeujeuhna betah. Sok sanajan hirup jadi randa tapi ari anak kaparaban, ka sakolakeun, rumrah jeung batur kajeun jadi randa tibatan hirup rumah tangga tapi matak juwet kana pamikiran mah, awak-awak atuh lintuh.

(36)

utamana kolot awéwé indung Nonéng hayang paéh di imah nu ku manéhna di cicingan.

Abong anu kawasa, kawasa kana sagala rupana, taya saurang gé nu nyaho kana maksudna. Padahal mun ningali saréat mah nu gering parna téh indungna. Tapi nu dipungut ku nu kawasa bapa Nonéng. Disangka bakal indung Nonéng nu baris ninggal keun urang lembur.

Ti saprak bérés mulasara nu jadi bapa, panyakit indung beuki parna waé. Nonéng dipanggil ku Kuwu titah ka desa. Nonéng nedunan pamanggil Kuwu. Di désa kasampak Kang Sudira jeung Wirja anakna Sudira. Tétéla Kuwu téh kajurungan ku Sudira sangkan kolom tanah titingal bapana ménta di duakeun. Nonéng nolak, lantaran éta mah geus dibikeun ka Nonéng jeung deuih Kang Sudira téh pan geus di béré malah panglobana. Nonéng ngabéjakeun yén éta amanat bapana baheula, malah saksina ogé aya kia jeung ustad. Tapi Sudira, Wirja jeung Kuwu angger maksa nu antukna paréréa omong. Léos Nonéng ninggal keun nu ti luan. Nonéng balik muru indungna, dijalan Nonéng ngarasa disapélékeun ku Kuwu padah ka pangawakan awéwé.

(37)

sabisabisa. Hawa beuki keueung. Teu kungsi lila jol Kang Sudira. Kawasna teu balik heula ka imah sanggeus ti balédésa tadi.

7)Kanyaah

Kuring gawé téh di Pamarénéntahan, lain karék sataun dua taun, tapi geus aya kana welas taunna. Ngan beuki lila digawé téh karasa beuki nyucud, cukul ku kasusah! Karipuh beuki meweuh, di gawé sasat taya hancana, teu cukup keur dahar-dahar acan. Ceuk itungan lain duméh ku leutik-leutik teuing pangala, da kungsi naék pangkat tilu kali, teu ka itung berkalana. Dalapan belas taun di gawé, taya ka mahian. Anak geus boga opat, nu panggedéna taun ieu kaluar ti SMA, nu pangleutikna taun hareup geus meujeuhna disakolakeun deui. Geus puguh nu panengah jeung pangais bungsu mah keur meujeuhna loba péntaeun. Ray poé hirup taya robahna, loba kahayang jeung paménta budak nu teu ka gugu. Tong boroning keur ngagugu ku kitu té mah keur dahar gé pan susah hésé. Malah kuring mah geus aya kana poéna peujit teu patepung jeung sangu, kitu deui jeung indung barudak, nu penting mah budak ulah nepi ka pegat. Ngadéngé ucapan nu jadi pamajikan ngan saukur kanyaah nu beuki gedé. Rumasa kuring teu bisa nyumponan pangabutuh hirup kawas batur, tapi sok sanajan kitu kuring bungah, boga pamajikan nu sabur, narima pangala salaki nu ngan sakitu buktina. Hal éta nu méré sumanget, nepi ka kuring masih kénéh bisa hirup. Sugan isuk, sugan engké, dipanggihkeun jeung rijki.

(38)

suntik. Tapi pan kumaha keur dahar ogé susah. Kuring tadina mah mahing pisan kana unjak-anjuk! Bakuna sok asa karampogan dina waktu mayarna. Lila-lila éta pantrangan téh lééh, malah geus wani ngagerentes: “mayarna mah kumaha engké” Najan peta nganjuk hutang téh kurang hadé, tapi batan ngalungsar atawa kudu maling mah, mending ngarempak pahingan sorangan, da diwenangkeun ieuh. Pokona mah najan beurat sok dapon halal.

Nya éta atuh bet dikadarkeun hirup di jaman kieu, abong ka dunya téh lain kahayang paménta sorangan. Éta mah haté bet maké ngahelas basa kuring kapaksa ku taya deui gilireun, morosotkeun ali; mangkaning aya ngaran kuring jeung Asih indung barudak. Cincin kawin gé nipi ka kudu kajual. Dikadarkeun deui baé kudu papisah jeung nu kudu dipikanyaah, kudu papisah jeung lambang puncak ka sugemaan waktu kuring papangantén. Beulit cingir simpay ati, ayeuna ngan kari waasna.

(39)

8)Naib Cidahu

Mimiti kajadian téh waktu imah di tinggalkeun ku saréréa. Indung barudak indit ti heula. Malah barudak mah geus keding darangdan ti magrib kénéh. Péda éta mereun aya lalajoaneun. Pan harita téh aya drama sagala, malah barudak mah geus apaleun sagala judul na ogé, jeung pasti cenah bakal ramé.

Basa Ua ngoncikeun panto, anéh haté bet sumoréang, melang ka imah. Sanggeus meunang lima genep léngkah, Ua maké bet balik deui, ngayakinkeun panto ngonci henteuna. Panasaran krukna digutek-gutek. Sidik pageuh! Teu sumoréang deui kencling Ua indit muru tablég akbar di alun-alun. Jalma geus heurin usik. Nu méré da’wah pepeta bangun nu sumanget pisan. Mubalégna aya tiluan.

Jam satengah satu peuting tablég karék bubar, bubuhan tablég kasambung ku drama. Cacakan mun drama diheulakeun mah jigana loba nu balik méméh tablég tamat.

Geus dua jumaah, indung barudak teu milu bandung kuping cara sasari di masigit. Kawasna, raheutna nyanyautan kénéh. Samping genep jeung kabaya paranti gunta-ganti maké mun ka masjid, ludes aya nu maling.

Barang rék balik tas jum’atan, Naib ujug-ujug noél taktak. Tétéla manéhna apaleun yén kuring keur meunang musibah. Harita Naib méré fatwa, malah nu matak nyeri kana haté mah éta bet teu nyangka Naib téh nuding pajarkeun, kapalingan téh pédah tara dijakatan.

(40)

jeung panuding anti agama. Cenah harita Ua katotol mumul tolabul ilmi, embung campur gaul jeung nu ariman, nepi kakudu katulah, dituding majar samiuk jeung gerpol. Ah, keun waé da hanteu ieuh! Jero pikir kuring ngagerentes, asal ulah enya kitu.

Isuk peuting tos tablég, salelembur guyur, majar bapa Naib nu peuting tos méré fatwa sangkan unggal jalma balener, daraék ibadah, daraék silih tulungan; gancang ninggalkeun laku lampah nu teu bener, kapalingan peuting éta pisan. Puguh waé asa ditincak hulu, sakitu awong-awongana bari tutunjuk jeung pepeta. Padahal mun seug dilenyepan mah, jalma-jalma nu daratang harita geus boga niat nu bener.

Jorojoy haté hayang nepungan, itung-itung nyanggakeun panglayad. Karérét beungeut Pa Naib ngadak-ngadak jadi asak, beureum ngageunteul; teuing perbawa ambek teuing bakat ku éra. Meunang sawatara poé lilana Naib Cidahu, bangun nguyung nguluwut kusut pikiranna.

(41)

3.4 Wangenan Operasional

1)Struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

2)Ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta ajén ngeunaan kualitas tingkah laku manusa anu ngawengku ajén anu positif (+), négatif (-), horisontal, jeung vértikal anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, boh anu nembrak boh anu nyamuni.

3)Bahan pangajaran maca di SMP kelas VII anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata anu dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas

VII. 4)

3.5Léngkah-léngkah Panalungtikan 3.5.1 Tahap Tatahar

Aya sababaraha léngkah anu dilakukeun dina tahap tatahar, nya éta: 1)néangan buku anu aya patalina jeung bahasan anu ditalungtik;

2)ngajukeun judul jeung proposal panalungtikan;

(42)

3.5.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Tahap dina ngumpulkeun data dilakukeun ku cara studi dokuméntasi, ngumpulkeun bahan-bahan anu aya patalina jeung panalungtikan.

3.5.3 Tahap Ngolah Data

Kagiatan anu dilakukeun dina ngolah data, nya éta:

1)ngadéskripsikeun kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; 2)ngadéskripsikeun struktur carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata;

3)nganalisis ajén moral nu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; jeung

(43)

217 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, mangrupa salahsahiji karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén moral sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran pikeun nambahan pangaweruh dina widang sastra.

Sabada nganalisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata pikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII,

dihasilkeun sababaraha kacindekan ngeunaan struktur dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot, jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot.

(44)

Tipes, dina éta carita aya 9 palaku, éta palaku téh aya palaku utama jeung palaku

tambahan. Palaku utama dina éta carita nya éta Néng Yaya, palaku tambahanna Bi Imi, Mang Endang, Wiharma, Lanceuk Néng Yaya, Tori, Mang Wijatma, Sustwer, jeung Dokter. Dina carpon anu judulna Jurig Bungkeuleukan aya 13 palaku, éta palaku téh kabagi dua golongan palaku utama jeung tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Guru Suherman, palaku tambahanna nya éta Mang Murnasan, Guru Sunarya, Guru Sunardi, Tini Sugiartini, Ma Cioh, Si Talim, Si Karsa, Si Tarma, Si Emong, Guru Nadi, Guru Bahrun, Si Arhapi, jeung Si Ésih. Carpon Buah Limus

Murag ku Angin, aya 9 palaku anu kabagi jadi dua golongan nya éta palaku utama

(45)

Naib, Budak anu pengleutikna, RT, Néng Sarifah, Si Uja, Misja, Miska, Saefudin, Pa Wikarta jeung Aki Jamhari.

Palaku anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh jumlahna aya 70. Éta 70 palaku téh kabagi jadi dua golongan, nya éta 8 palaku utama jeung 62 palaku tambahan. Galur anu kapanggih dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh aya opat, nya éta galur mérélé, mobok tengah, sorot balik, jeung mangnyaritakeun. Latar dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh aya 102. Éta latar téh kabagi jadi tilu, nya éta: (1) latar tempat aya 40, (2) latar waktu aya 34, jeung (3) suasana aya 28. Puseur sawangan dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot aya dua gaya, nya éta caturan jalma kahiji jeung caturan jalma katilu. Amanat anu kapanggih dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot nya éta aya 2 ngeunaan ulah loba bohong, aya 2 ngeunaan hirup

mangrupa perjuangan, aya 1 ngeunaan yén kudu ati-ati dina ngalakukeun hiji hal, aya 1 ngeunaan sangkan sauyunan, aya 1 ngeunaan bakti anak ka nu jadi kolot jeung aya 1 ngeunaan sabar.

(46)

aya 56 (50,46%) ajén moral anu hadé (+), jeung 55 (49,54%) ajén moral anu goréng (-). Dumasar kana hubungan horisontal jeung vértikalna éta ajén moral, tina 111 ajén moral téh, aya 98 (88,28%) ajén moral anu hubunganana horisontal, jeung 13 (11,71%) ajén moral anu hubunganana vértikal. Dumasar kana nembrak-nyamunina (éksplisit-implisit) éta ajén moral, tina 111 ajén moral téh, aya 38 (34,23%) ajén moral anu nembrak dina éta kumpulan carpon, jeung 73 (67,76%) ajén moral anu nyamuni dina éta kumpulan carpon.

Patalina ngeunaan moral jeung eusi ieu carita pondok anu dibukukeun dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh nya éta ngeunaan naon-naon anu karandapan jeung karasa ku para palaku dina ieu carita, tumali jeung tanggung jawab jeung haté nurani. Ku kituna ajén moral anu pangmindengna kapanggih nya éta ngeunaan kanyaah.

Tina dalapan judul carpon anu dikumpulkeun dina buku kumpulan carpon kanyaah kolot karya Karna Yudibrata téh anu nyumponan sarat pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca dumasar kana téma jeung amanatna aya opat nya éta: (1)

Kanyaah Kolot (2) Nganti Dawuh (3) Kanyaah (4) Naib Cidahu. Ieu carpon téh

(47)

5.2 Saran

Sabada nalungtik struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata, aya sababaraha hal anu perlu ditepikeun minangka

saran:

1) pikeun anu maca, kumpulan carpon kanyaah kolot téh ditilik tina eusina loba pisan ajén-inajén anu luhung salahsahijina nya éta ajén moral. Nu maca bisa nyokot hikmah, pieunteungeun dina kahirupan;

2) pikeun lembaga atikan, karya sastra modéren hususna kumpulan carpon kanyaah

(48)

222

Iskandarwasid, Dr. M.Pd. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, Retty. 2010. Kajian Sastra, Bandung: Daluang Publishing.

Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra, Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Nurgiantoro, Burhan. 1995. Teori Pengkajian Fisik. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Moderen. Bandung: CV Wahana Karya Grafika. Koswara, Dedi. 2005. “Racikan Sastra”. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daérah

FPBS UPI.

Rahman, 2007. Model Mengajar&Bahan Pangajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdeita.

Ruhaliah. 2002. “Sajarah Sastra Sunda”. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daérah FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Geger Sunten. Salmun, MA. 1985. Kandaga Kasusatraan. Bandung: Ganaco.

Sudaryat, Yayay. 2004. Model Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.

(49)

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1988. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob. 1980. Seluk Beluk Cerita Pendék. Bandung: Mitra Kancana. Sumardjo, Jakob. 1995. Sastra dan Masa, Bandung: ITB.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Surakhmad, Winarno. 1998. Pengantar Penelitian Ilmiah: Dasar Metoda Teknik.

Bandung: Tarsito.

Suryalaga, R. H. Hidayat. Étika jeung Tatakrama. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, Henry Guntur.1987. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henry Guntur.1993. Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Tirtawirya, Putu Arya. 1983. Apresiasi Puisi jeung Prosa. Nusa Indah.

Wahyu. 1998. Bimbingan Penulisan Skripsi. Bandung: Tarsito. Yudibrata, Karna. 1985. Kanyaah Kolot. Bandung: Rahmat Cijulang.

Yulianto, Dadang. 2006. “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Béntang

Pilem Karya Duduh Durahman”. Bandung: JPBD.

... 2006. Standar Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Waluyo, Herman. J. 1987. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Zakaria, Syofyan & Syofyan, Suari Mariani. 1982. Kamus Kecil Kesusastraan

Gambar

Gambar 3.1 Jilid Kanyaah Kolot

Referensi

Dokumen terkait

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Ieu téhnik miboga tujuan pikeun nyangking data saméméh dibéré perlakuan jeung sanggeus

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta

Objék ieu panalungtikan téh nya éta kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya Godi Suwarna, anapon anu jadi talaahna nya éta nganalisis carpon disawang tina jihad dékonstruksi

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan dilaksanakeun dua kali nya éta pretest jeung postest,

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal nya éta wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar,

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Studi pustaka nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data

nganalisis struktur batin sajak, anu ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu.

Aspék kedaling anu diulik dina ieu panalungtikan nyaéta patali jeung wujud, wanda, jeung fungsi aspék kedaling dina kumpulan carpon kasambet karya Ahmad Bakri.. Wujud aspék