Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON
KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
SKRIPSI
Diajukeun pikeun Nyumponan Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
ku Julianus Fadhil
NIM 0801163
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
▸ Baca selengkapnya: sajarah carpon sunda
(2)Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON
KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII1)
Julianus Fadhil2) ABSTRAK
v
DAPTAR EUSI
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... v
DAPTAR BAGAN ... xi
DAPTAR TABÉL ... xii
DAPTAR SINGGETAN ... xiii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiv
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan ... 4
1.2.1 Watesan Masalah Panalungtikan ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 4
1.3. Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.5 Anggapan Dasar ... 5
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB II CARITA PONDOK, HUMOR, MACA, JEUNG BAHAN
PANGAJARAN
2.1 Carita Pondok ... 7
2.1.1 Wangenan Carita Pondok ... 7
2.1.2 Papasingan Carita Pondok ... 8
2.1.3 Unsur-Unsur Carita Pondok ... 9
2.1.3.1Téma Carita ... 9
2.1.3.2 Fakta Carita ... 10
2.2 Humor ... 12
2.3 Kaparigelan Maca ... 14
2.4 Bahan Pangajran ... 15
2.4.1 Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 15
2.4.2 Tujuan Pangajaran Basa Sunda ... 16
2.4.3 Mangpaat Pangajaran Basa Sunda ... 17
2.4.4 Kriteria Milih Bahan Ajar ... 18
2.4.5 Bahan Pangajaran Maca Carita Pondok ... 18
2.4.6 Silabus ... 19
2.4.7 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran ... 20
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ... 22
3.2 Téhnik Panalungtikan ... 23
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.3.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Ki Merebot ... 23
3.3.2 Ringkesan Carita Kumpulan Carpon Ki Merebot ... 23
3.4 Wangenan Operasional ... 24
3.5 Desain Panalungtikan ... 25
3.6 Ngolah Data ... 25
3.7 Instrumen Panalungtikan ... 26
BAB IV ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII 4.1 Analisis Carita Pondok Abah Mandor ... 27
4.1.1 Ringkesan Carita Pondok Abah Mandor... 27
4.1.2 Struktur Carita Pondok Abah Mandor ... 29
4.1.2.1 Téma Carita ... 29
4.1.2.2 Galur ... 31
4.1.2.3 Latar atawa Setting ... 33
4.1.2.4 Tokoh jeung Watekna ... 42
4.2 Analisis Carita Pondok Kiai Modin ... 45
4.2.1 Ringkesan Carita Pondok Kiai Modin ... 45
4.2.2 Struktur Carita Pondok Kiai Modin ... 48
4.2.2.1 Téma Carita ... 48
4.2.2.2 Galur ... 48
4.2.2.3 Latar atawa Setting ... 50
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.3 Analisis Carita Pondok Lebaran Poé jumaah ... 57
4.3.1 Ringkesan Carita Pondok Lebaran Poé jumaah ... 57
4.3.2 Struktur Carita Pondok Lebaran Poé jumaah ... 60
4.3.2.1 Téma Carita ... 60
4.3.2.2 Galur ... 60
4.3.2.3 Latar atawa Setting ... 61
4.3.2.4 Tokoh jeung Watekna ... 64
4.4 Analisis Carita Pondok Ki Merebot ... 67
4.4.1 Ringkesan Carita Pondok Ki Merebot ... 67
4.4.2 Struktur Carita Pondok Ki Merebot ... 70
4.4.2.1 Téma Carita ... 70
4.4.2.2 Galur ... 70
4.4.2.3 Latar atawa Setting ... 71
4.4.2.4 Tokoh jeung Watekna ... 74
4.5 Aspék Humor dina Carita Pondok Abah Mandor jeung Kiai Modin... 78
4.5.1 Carita Pondok Abah Mandor ... 79
4.5.2 Carita Pondok Ki Modin ... 84
4.5.3 Carita Pondok Lebaran Poé jumaah ... 87
4.5.4 Carita Pondok Ki Merebot ... 89
4.6 Kacindekan Analisi ... 92
4.7 Kumpulan Carita Pondok Ki Merebot Bisa Dipaké pikeun Bahan Pangajaran Maca Carpon di SMP Kelas VII ... 93
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.7.2 Conto Bahan Pangajarn Maca di SMP ... 95
BAB V PANUTUP
5.1 Kacindekan ... 101 5.2 Saran ... 102
DAPTAR PUSTAKA ... 103
LAMPIRAN-LAMPIRAN
1
BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis (Iskandarwassid, 1996:138).
Kecap sastra sorangan asalna tina kecap Sangsekerta; sas jeung tra. Sas téh hartina ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah; intruksi. Tra mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana (device). Jadi sastra téh hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran (Isnéndés, 2008:1).
Sacara umum wangun karya sastra teh dibagi jadi tilu bagian, nya eta (1) wangun lancaran (prosa), (2) wangun ugeran (puisi), (3) wangun paguneman (drama). Dumasar kana warnana, karya sastra anu kaasup wangun lancaran (prosa) di antarana: dongeng, sketsa, carita pondok, roman, jeung novel. anu kaasup wangun ugeran (puisi) di antarana: mantra (jangjawokan, singlar, asihan, jampé, asihan), kakawihan, sisindiran (rarakitan, paparikan, wawangsalan), sair, pupuh, guguritan, jeung carita pantun. Sedengkeun anu kaasup kana wangun carita (drama) di antarana: sandiwara, opera, jeung gending karesmén (Iskandarwassid, 1996:135)
Sakumaha geus disebutkeun, karya sastra téh minangka bagian tina séni, ku kituna karya sastra téh mibanda sipat éndah (dulce), anu bisa méré kanikmatan ka anu macana. Tapi di sagédéngeun éndah, karya sastra ogé kudu mangpaat (utile) sangkan bisa méré kabagjaan ka anu macana.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Nurutkeun Iskandarwassid (1996:153), anu disebut struktur dina karya sastra téh nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng tur boga ma’na.
Carita pondok nya éta karya (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratip. Caritana rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian, mangrupa hiji “épisode”, palakuna ogé ngan ukur dua, tilu. Kulantaran kitu, carita pondok teh caritana rélatip pondok. umumna mah jejer, latar (setting), jeung kajadian carita teh diolah dina alam kiwari. Dina prosa upamana, kumaha ngaréka unsur-unsur téma, plot, latar, jeung tokoh nepi ka bisa ngawujud jadi novel atawa carita pondok (Iskandarwassid, 1996:113).
Kaitung ceuyah carpon-carpon nu sumebar dina hasanah kasusastraan Sunda. Umumna mah sumebar ngaliwatan majalah jeung surat kabar Sunda, anu nepi ka kiwari henteu robah. Upama aya buku kumpulan atawa antologi carpon anu medal, méh ampir kabéh carponna kungsi dimuat dina salasahiji majalah atawa surat kabar.
Lian ti éta, carpon-carpon Sunda nu sumebar dina kalawarta atawa antologi carpon miboga style atawa gaya masing-masing, gumantung kumaha pangarang ngaréka atawa nyiptakeun éta carpon. Salah sahiji gaya anu diciptakeun ku pangarang nya éta, gaya humoris. Kaitung langka mémang pangarang-pangarang Sunda anu maké gaya humor dina nyiptakeun karyana. Sebut waé salah saurang diantarana nya éta Ahmad Bakri. Ieu pangarang remen nyélip-nyélipkeun humor dina karyana. Salah sahiji karyana anu ngandung gaya humor dina kumpulan carponna nya éta Ki Merbot.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pangajaran di sakola, naha siswa bakal resep macana? Éta hal tangtu kudu diluyukeun jeung kurikulumna.
Aya hiji kurikulum anu bisa ngawadahan atawa ngajawab patalékan di luhur, dina SKKD nyebutkeun yén carita pondok téh mangrupa salah sahiji bahan pangajaran anu dijadikeun pangajaran maca di sakola, hususna pikeun siswa di SMP kelas VII. Éta kurikulum téh bisa dilarapkeun dina prak-prakan diajar ngajar di kelas. Dina harti guru kudu bisa milih jeung nangtukeun bahan pangajaran maca carpon anu dijerona bisa dialih patalikeun jeung humor Sunda. Anu tangtuna bisa ngirut atawa nambahan minat siswa kana maca carpon.
Kalungguhan carita pondok (carpon) dina Standar Kompetensi Kompetensi Dasar (SKKD), ayana dina Kurikulum SMP kelas VII. Hal ieu aya dina kamampuh maca pikeun ngungkarakeun pikiran, kahayang, jeung rarasaan dina wangun carita pondok, laporan kagiatan, jeung resensi buku.
Nilik kana éta hal tangtu perlu diwanohkeun deui kumpulan carita pondok anu di jerona ngandung gaya humor ka para siswa. Salah sahijina nya éta kumpulan carpon nu judulna Ki Merebot karangan Ahmad Bakri.
Memang kaitung réa panalungtikan anu medar ngeunaan carita pondok ditilik tina rupa-rupa aspek. Panalungtikan anu ngaguar carpon dumasar tilikan struktur jeung ajén di antarana: Etty Hayati (2006) anu judulna “Analisis Struktur dina Buku Kumpulan Carita Pondok Layung karya Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP”; Jaenudin (2007) anu judulna “Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
kelas VII (Museur kana Tilikan Struktur jeung Ajén Moral)”; jeung Aép Saéfullah (2012) anu judulna “Ajén Atikan dina Kumpulan Carpon Saenggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usep Romli H.M pikeun Bahan Pangajaran Maca di
SMP”. Tapi hanjakalna nu nalungtik aspék humor dina kumpulan carpon sarta dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP tacan aya.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Carpon Ki Merebot Karangan Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP Kelas VII”, perlu dilaksanakeun.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah
1.1.1 Watesan Masalah
Sangkan teu lega teuing, ieu panalungtikan baris diwatesan ukur maluruh struktur jeung aspék humor dina kumpulan carpon Ki Merebotkarya Ahmad Bakri anu disaluyukeun kana Standar Kompetensi (SK) salaku bahan pangajaran anu aya di SMP kelas VII.
1.1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha struktur carpon (téma, alur, tokoh jeung watek, jeung latar) dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri?
2) Aspék humor anu nyampak dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri?
3) Naha hasil analisis struktur jeung aspék humor dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di
SMP kelas VII?
1.3Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan sacara umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nya éta pikeun maluruh tur ngaguar aspék humor anu nyampak dina kumpulan carpon Ki Merebot karangan Ahmad Bakri sarta naha aspék humor ieu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VII.
1.3.2 Tujuan Husus
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1) struktur carpon (téma, karakter palaku, galur,latar, puseur sawangan, gaya basa, jeung amanat) dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri.
2) aspék humor anu nyampak dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri.
3) nyusun hasil analisis struktur jeung aspék humor dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat dina ieu panalungtikan, dipiharep:
1. pikeun kamekaran élmu, bisa jadi sumber référénsi utamana pikeun bahan pangajaran maca carpon di SMP kelas VII jeung bisa méré gambaran ka mahasiswa, hususna Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah ngeunaan aspék humor anu aya dina buku kumpulan carpon.
2. pikeun lembaga kasundaan, bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi dina kamekaran sastra Sunda;
3. pikeun anu nalungtik, bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan; jeung 4. pikeun masarakat, ngeuyeuban pangawaweruh sarta menangkeun
informasi aspék humor anu nyampak dina buku kumpulan carpon karya Ahmad Bakri.
1.5 Anggapan Dasar
Ieu panalungtikan téh nyoko kana sababaraha anggapan dasar di antarana nyaéta:
1. kumpulan carpon nya éta salah sahiji karya sastra Sunda
2. aspék humor mangrupa salah sahiji unsur anu nyampak dina kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmda Bakri.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.6. Sistematika Penulisan
22
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Métode asalna tina basa Latin nya éta methodos anu hartina cara-cara, strategi pikeun maham kana réalitas, léngkah-léngkah sistematis dina hungkulan runtuyan sebab-akibat. Métode miboga fungsi pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan (Ratna, 2011:34).
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode formal. Métode formal nya éta analisis ku cara nimbang-nimbang aspék-aspék formal, aspék-aspék bentuk, nya éta unsur-unsur karya sastra. Métode formal dipilih lantaran métode formal teu bisa dipisahkeun jeung tiori strukturalisme. Ciri utamana ogé nya éta nganalisis kana unsur-unsur karya sastra, laju kumaha hubunganana antara éta unsur-unsur jeung totalitasna.
Sanggeus kapanggih unsur-unsurna, métode anu kadua anu dilakukeun nya éta métode déskriptif-analitik. Métode déskriptif-analitik mangrupa métode anu dilakukeun kalayan cara ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis. Métode déskriptif-analitik nya éta métode anu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta anu nyampak dina objék panalungtikan (Ratna, 2011:53).
Anu didéskripsikeun nya éta aspék humor tokoh dina kumpulan carpon Ki Merebot karangan Ahmad Bakri. Lian ti éta, unsur-unsur anu ngawangun ieu
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2 Téhnik Panalungtikan
Ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik dokuméntasi jeung téhnik analisis data. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun néangan data nu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan sastra, téhnik analisis data anu dipaké prak-prakan nganalisis jeung milah jeung milih data nu kapanggih dina kumpulan carpon Ki Merbot.
3.3 Sumber Data
Anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku karangan Ahmad Bakri, judulna Ki Merebot, citakana ka-2, anu diterbitkeun ku penerbit Rahmat Cijulang. Tina éta data bakal ditalungtik jeung dipedar aspék humor anu nyampak dina éta carpon, anu dipatalikeun jeung pangajaran maca siswa SMP.
3.3.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Ki Merebot
Ki Merebot mangrupa buku kumpulan carita pondok Ahmad Bakri, anu
medal ku pamedal Rahmat Cijulang taun 1991. Kumpulan carpon Ki Merebot kandelna 141 kaca. Di jerona ngamuat 4 judul carpon, nya éta ”Lebaran Poé Jumaah”, ”Abah Mandor”, “Kiai Modin”, jeung ”Ki Merebot.
3.3.2 Ringkesan Carita Kumpulan Carpon Ki Merebot
Kumpulan carpon Ki Merebot ngamuat opat carpon. Kumpulan carpon Ki Merebot nyaritakeun gambaran kahirupan urang Sunda, utamana dina lingkungan
agama, anu dijerona ngandung kritik sosial sarta diwuwuhan ku homor-humor anu seger, tur matak pikaseurieun. Kritik sosial anu ngandung humor ieu, lolobana mah ditepikeun pikeun para toko agama alam harita.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
masarakat anu jadi pigur pananyaan salembur „Kiai Modin‟, tapi ieu tokoh téh sasatna teu apal kana bag-bagan agama (“Kiai Modin”), jeung „Ki Madwi‟ anu tungtungna manéhna ukur babakti di masigit jadi Merebot (“Ki Merebot”).
3.4 Wangenan Operasional
Pikeun nyingkahan ayana salah tapsir ti nu maca, ku kituna judul ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap:
1. Struktur, dina kumpulan carpon Ki Merbot karya Ahmad Bakri anu
dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku, jeung watek palaku, galur, jeung latar dina kumpulan carpon Ki Merbot karya Ahmad Bakri.
2. Carpon, hasil rékaan nu eusina mangrupa gambaran tina kondisi
masarakat.
3. Humor, nya éta pangalaman anu nimbulkeun pikaseurieun (H.D.
Bastaman, 2004);
4. Bahan Pangajaran, anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.5 Desain Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan aya sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta: (1) tatahar; (2) ngumpulkeun data; (3) nganalisis data; (4) nyieun kacindekan; jeung (5) nyusun laporan panalungtikan. Sangkan leuwih jéntré, tahap léngkah panalungtikan di luhur baris dibagankeun di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.6 Ngolah Data
Dina ngolah data, digunakeun téhnik analisiss data. Sabada data dikumpulkeun, data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah ieu dihandap:
1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun;
2) Nganalisiss Carpon “Ki Merbot” dumasar kajian strukturalis;
3) Laju satuluyna milihan sawatara carpon anu dianggap raket patalina jeung data anu geus dikumpulkeun.
4) Nyieun kacindekan tina data nu geus diolah;
5) Ngadéskripsikeun, nafsirkeun, tur nyindekkeun data nu geus diolah.
6) Matalikeun antara struktur carpon jeung aspék humor kana bahan pangajaran di SMP/MTs kelas VII anu disaluyukeun jeung SKKD.
Tatahar panalungtikan
Ngumpulkeun data
Nganalisis data Nyieun Kacindekan
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.7 Instumen Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (1998:147) instumén nya éta alat bantu nalika panalungtik ngagunakeun hiji téhnik panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana :
1. Slip data, digunakeun pikeun ngababarikeun milih jeung milah data anu kapanggih tina téks sumber data panalungtikan.
Tabél 3.1
Conto Slip Data
1. No………
2. Aspék humor nu kapanggih……...
3. Sempalan carita………
4. Palaku………...
99
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1Kacindekan
Kumpulan carpon Ki Merebot karangan Ahmad Bakri téh karya anu ngirut ati patali jeung humor-humor nu nyampak dina éta carpon. Kitu deui perkara téma, alur, tokoh jeung watek, latar jeung caritaanana, ngahudang kapanasaran pikeun nu maca sangkan neuleuman jeung matalikeun éta humor jeung pangajaran maca SMP VII. Ngaliwatan métode formal, kaguar humor-humor anu nyampak dina éta kumpulan carpon, boh éta anu diselipkeun dina téma, boh dina galur, noh dina latar, boh dina tokoh jeung penokohan. Dipilihna métode formal lantaran ieu métode formal teu bisa dipisahkeun jeung tiori strukturalisme.
Tina hasil panalungtikan kapanggih, yén téma dina carpon-carpon téh ngeunaan kaagamaan. Nilik unsur séjénna nya éta latar (tempat, waktu jeung sosial). Dina ieu kumpulan carpon téh latar tempat kabagi kana dua tempat, nya éta, pilemburan jeung pasantrén. Dua tempat anu diangkat ku Ahmad Bakri, tétéla digambarkeun ogé kumaha kahirupanana sacara sosial. Dina latar sosial ieu, réa kapanggih situasi-situasi anu nyaritakeun pasualan kaagamaan. Saperti situasi solat, situasi bulan ramadhan di lembur, jeung situasi kahirupan di pasantrén. Latar waktu anu digambarkeun ku pangarang, éstu kabaheulaan. Sanajan dina carpon-carponna teu dituliskeun ngeunaan taun dijieunna, tapi dialog jeung situasi masarakatna katut tempatna nandakaeun kana éta hal. Saperti kaayaan masarakat waktu nyanghareupan bulan romadhon jeung waktu sajeroning bulan romadhonna. Dina nyieun karakter tokoh, pangarang bangun teu maliré kana pasualan karakter naha éta tokoh antagonis, naha éta tokoh protagonis, karakter ngaguluyur bareng jeung caritana. Dina kumpulan carpon ieu mah karakter anu dihirupkeun téh éstu tokoh anu resep heureuy atawa sakapeung jail, copélna mah loba kejutan dina karakter tokoh-tokohna.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sastrawan Sunda resep kana humor. Tapi lain ukur humor anu samanéa, humor dina carpon-carpon Ahmad Bakri ngandung unsur-unsur kritik. Kritikan dina humor-humorna téh lain baé nyampak dina pergaulan tapi ogé nyampak ogé humor keur sorangan. Ngaliwatan dua jenis humor ieu pangarang bangun tapis nyelip-nyelipkeun kritikanana boh éta keur dirina, boh keur kaayaan sosial masarakat alam harita. Ngaliwatan humorna, Ahmad Bakri geus hasil midangkeun tur nepikeun kritik-kritikan nu sipatna seger jeung hampang tapi ogé lenyepaneun. Dumasar hasil ieu panalungtikan, dicindekkeun yén kumpulan carpon Ki Merebot karya Ahmad Bakri bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran
maca di SMP, lantaran gaya nepikeun caritanana maké gaya humor anu alam kiwari dipikaresep ku masarakat, hususna ka barudak salaku pelajar sakola.
5.2Saran
103
DAFTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.
Bakri, Ahmad. 1991. Ki Merbot. Bandung: Rahmat Cijulang.
Bastaman, H.B. 2004. Seura-Seuri Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Danadibrata, R. A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama jeung
UNPAD.
Danandjaja, James. 2007. Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongeng, dan
Lain-lain. Jakarta: PT. Temprint.
Didiek Rahmanadji, 2007/
http://id.shvoong.com/social-sciences/sociology/2206314-pengertian humor/#ixzz22ZOHMFNh/
Dinas Pendidikan Prov. Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar; Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas
Pendidikan Prov. Jawa Barat.
Djamarah, S Bahri & Aswan Zain. 2006. Strategi Belajar Mengajar (Edisi Revisi). Jakarta: Rineka Cipta.
Faturohman, Taufik. 1982. Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.
Isnéndés, Rétty. 2008. Panyawangan Sastra (Handout Perkuliahan Teori Sastra). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.
____________. 2008. Teori Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonésia.
____________. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.
Iskandarwassid. 1996. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. 2008. Bandung: Sonagar Press.
Julianus Fadhil, 2013
ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Madjid, Abdul. 2007. Perencanaan Pembelajaran. Bandung: Remaja Rosdakarya. Nurgiyantoro, Burhan. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada
University Press.
Ratna, Nyoman Kutha. 2011. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra dari Strukturalisme hingga Postrukturalisme: Perspektif Wacana Naratif.
Yogyakarta: Pustaka Pelajr Jaya.
Rahmanadji, Didiek. 2007. Sejarah, Teori dan Fungsi Humor. Malang: Seni dan
Desain Fakultas Sastra Universitas Negeri Malang.
Rusyana, Yus. 1978. Panyungsi Sastra: Pangajaran Sastra Sunda pikeun Murid Sakola Lanjutan. Bandung: Gunung Larang.
Sanjaya, Wina. 2008. Kurikulum dan Pembelajaran: Teori dan Praktik Pengembangan Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP). Jakarta:
Kencana Prenada Media Group.
Sudaryat, Yayat. 2009. Pamekar Kaparigelan Basa Sunda. Bandung: Pustaka Luang.
Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda: pikeun Siswa SD, SLTP, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia.
Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Bahasa. Bandung: Angkasa
__________________. 1983. Membaca Ekspresif. Bandung: Angkasa.