i
Elsye Priandini Riyadi, 2013
ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK
DINA NOVÉL SUDAGAR BATIK KARANGAN AHMAD BAKRI
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA1)
Elsye Priandini Riyadi
ABSTRAK2)
Skripsi ini berjudul “Analisis Struktural Jeung Semiotik Dina Novél Sudagar Batik Karangan Ahmad Bakri Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA”. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan unsur struktural yang ada
dalam novel seperti tema, fakta cerita (alur, latar, dan tokoh), sarana cerita (judul, gaya basa/ nada dan suasana). Selain itu juga untuk mendeskripsikan unsur semiotik yang terdiri dari ikon, indeks, dan simbol kemudian bisa dilarapkan dan dijadikan alternatif untuk pelajaran apresiasi sastra di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif-analitis. Metode ini digunakan untuk mendeskripsikan data-data yang diperoleh dari hasil analisis. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah telaah pustaka dan studi dokumentasi. Sedangkan yang menjadi sumber datanya adalah novel Sudagar Batik karya Ahmad Bakri. Berdasarkan dari hasil penelitian dapat disimpulkan unsur struktural yang terdapat dalam novel yaitu: 1) tema dalam novel ini adalah perjuangan manusia dalam mengejar kesenangan dunia, 2) alur yang digunakan alur mundur, 3) latar yang terdapat dalam novel ini terbagi menjadi 3 bagian yaitu latar tempat latar waktu, dan latar sosial 4) tokoh utama yang terdapat dalam novel ini ada enam orang ditambah dengan tokoh-tokoh pembantu lainnya, 5) judul novel ini adalah Sudagar Batik, 6) gaya basa yang digunakan dalam novel adalah basa sehari-hari, terkadang menggunakan kata-kata kiasan, peribahasa, dan ungkapan. 7) amanat yang terdapat dalam novel ini adalah jangan mengikuti hawa nafsu, jangan serakah, ambisius, sirik terhadap orang lain. Unsur semiotik yang terdapat dalam novel ini yaitu terdapat 110 tanda, terdiri dari 48 indeks, 62 simbol, sedangkan ikon tidak ditemukan. Berdasarkan hasil penelitian novel ini juga cocok untuk dijadikan alternatif pembelajaran apresiasi sastra di SMA karena isinya sesuai dengan karakteristik siswa serta mengandung nilai moral yang tinggi. Dari hasil penelitian ini diharapkan bisa dijadikan bahan pembelajaran oleh guru di sekolah, dijadikan tolak ukur oleh pengarang-pengarang untuk mengembangkan kreativitasanya dan juga dijadikan sumber bacaan bagi mahasiswa dan masarakat umum untuk menambah wawasan mengenai khasanah kesusastraan.
i
Elsye Priandini Riyadi, 2013 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
ABSTRACK
STRUCTURAL ANALYSIS AND SEMIOTIC
IN A NOVEL SUDAGAR BATIK BY AHMAD BAKRI FOR MATERIAL IN SMA1 PANGAJARAN LITERATURE
APPRECIATION)
This research is entitled “Analisis Struktural Jeung Semiotik Dina Novél Sudagar Batik Karangan Ahmad Bakri Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA”, written by Elsye Priandini
Riyadi, a student of local language education departement at UPI on Setiabudhi street 229. This study is armed to analyze structural element and semiotics in a novel as well as its result can be used as alternative learning of literature appreciation in SMA. Method which is used in this study is descriptive analysis, this method is used to describe data taken from result of analysis. Technique used in this study is literature study and documentation, where as the main source of data is Sudagar Batik novel by Ahmad Bakri. Based of the study , it can be conclude that structural element which are exist in the novel are: 1) theme of the novel is a struggle of human in world’s happiness, 2) the plot is backward, 3) backgrounds in the story are divided into three part, those are place, time, and social background, 4) there are six main characters with other supernumeraries, 5) the novel is entitled Sudagar Batik, 6) language used in the novel is a daily language sometimes uses figure of speech, proverb, and idiom, 7) messages from the novel are do nothing rash, don’t be greedy, ambitious, envious. There are 110 signs of semiotics element in this novel, consist of 48 indeks, 62 symbols and no icon. Based on the study, this novel is also appropriate to be used as alternative learning of literature appreciation in SMA because the content is suitable with student’s charactenstic as well as high moral value.
Elsye Priandini Riyadi, 2013
ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK
DINA NOVÉL SUDAGAR BATIK KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA
SKRIPSI
Disusun pikeun Nyumponan
Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku
Elsye Priandini Riyadi
0902449
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013
Elsye Priandini Riyadi, 2013
ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK
DINA NOVÉL SUDAGAR BATIK KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA
Oleh
Elsye Priandini Riyadi
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar
Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni
© Elsye Priandini Riyadi 2013
Universitas Pendidikan Indonesia
Maret 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Elsye Priandini Riyadi, 2013
LEMBAR PENGESAHAN ELSYE PRIANDINI RIYADI
0902449
ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK
DINA NOVÉL SUDAGAR BATIK KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. NIP. 197212021999032001
Pangaping II,
Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
vi
Elsye Priandini Riyadi, 2013
DAPTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR SINGGETAN ... xii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Rumusan Masalah Jeung Watesan Masalah ... 5
1.2.1 Watesan Masalah ... 5
1.2.2 Rumusan Masalah ... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan... 6
1.3.1 Tujuan Umum ... 6
1.3.2 Tujuan Husus ... 6
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 6
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7
vii
Elsye Priandini Riyadi, 2013
BAB II NOVÉL, STRUKTURAL, SEMIOTIK, JEUNG BAHAN
PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA ... 8
2.1 Novél ... 8
2.1.1 Wangenan Novél ... 8
2.1.2 Kamekaran Novél Sunda ... 9
2.1.3 Papasingan Novél ... 11
2.2 Struktural ... 13
2.2.1 Téma ... 15
2.2.2 Fakta Carita ... 16
2.2.2.1 Galur atawa Plot ... 16
2.2.2.1 Palaku jeung Watek ... 20
2.2.2.3 Latar ... 23
2.2.3 Sarana Carita ... 24
2.2.3.1 Puseur Panitén ... 25
2.2.3.2 Gaya Basa ... 27
2.2.3.3 Nada ... 28
2.2.4 Amanat ... 28
2.3 Semiotik ... 29
2.3.1 Ikon ... 30
viii
Elsye Priandini Riyadi, 2013
2.3.3 Simbol ... 31
2.4 Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA ... 31
2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 31
2.4.2 Tujuan Pangajaran ... 32
2.4.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 33
2.4.4 Nyusun Bahan Pangajaran ... 34
2.4.5 Métode Bahan Pangajaran ... 35
2.4.6 SKKD Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda ... 35
2.4.7 Aprésiasi Sastra ... 36
2.4.8 Pangajaran Aprésiasi Sastra ... 37
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 40
3.1 Desain Panalungtikan ... 40
3.2 Métode Panalungtikan ... 40
3.3 Wangenan Operasional ... 40
3.4 Instrumén Panalungtikan ... 41
3.5 Téhnik Panalungtikan... 42
3.5.1 Téhnik Analisis Talaah Pustaka ... 42
3.5.2 Téhnik Studi Dokuméntasi/Analisis Data ... 42
3.6 Sumber Data ... 43
ix
Elsye Priandini Riyadi, 2013
3.6.2 Déskripsi Pangarang Jeung Novél Sudagar Batik ... 43
3.7 Léngkah Garapan ... 45
BAB IV ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK NOVÉL SUDAGAR BATIK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA ... 46
4.1 Unsur Struktural Dina Novél Sudagar Batik ... 46
4.1.1 Ringkesan Carita Novél Sudagar Batik ... 46
4.1.2 Analisis Unsur Struktural Novél Sudagar Batik ... 51
4.1.2.1 Téma ... 51
4.1.2.2 Fakta Carita ... 53
4.1.2.3 Sarana Carita ... 85
4.1.2.4 Amanat ... 93
4.2 Unsur Semiotik Dina Novél Sudagar Batik ... 94
4.2.1 Indéks ... 95
4.2.2 Simbol ... 102
4.3 Larapan Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA ... 109
4.3.1 Analisis Novél Sudagar Batik ... 109
4.3.2 Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA ... 110
x
Elsye Priandini Riyadi, 2013
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 132
5.1 Kacindekan ... 132
5.2 Saran ... 134
DAPTAR PUSTAKA ... 135
LAMPIRAN
RIWAYAT HIRUP
1
Elsye Priandini Riyadi, 2013
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Karya sastra téh mangrupa hasil karya, cipta, rasa, jeung karsa manusa
sakaligus institusi sosial anu gelarna dina medium basa. Karya sastra biasana
sipatna fiksi atawa rékaan, jadi naon anu dicaritakeun lain ukur mangrupa hasil
pangalaman kahirupan manusa atawa pangalaman pribadi nu kungsi karandapan
tapi bisa ogé hal-hal anu imajinatif. Salian ti éta, sastra ogé mangrupa bagian tina
seni, lantaran dina sastra mah ngandung unsur éstétika (kaéndahan).
Nurutkeun Iskandarwassid dina ngagelarkeunana sastra téh ngagunakeun
alat basa (2003: 130). Karya sastra ogé dianggap hiji struktur nu miboga ma’na
(Pradopo, 2011: 108). Dumasar éta hal, pikeun bisa nyangkem ma’na atawa méré
ma’na kana hiji karya sastra, tangtuna diperlukeun cara-cara anu saluyu jeung sipat hakékat karya sastra.
Karya sastra mangrupa struktur anu kompléks. Ku lantaran kitu, sangkan
bisa paham kana karya sastra téh, salasahiji carana kudu dianalisis (Hill dina
Pradopo, 2011: 108). Dina nganalisis sastra kudu maké salasahiji téori sastra,
salasahiji téori sastra anu bisa digunakeun dina nganalisis nya éta téori struktural.
Éta hal luyu jeung pamadegan Pradopo ieu di handap.
“Satu konsep dasar yang menjadi ciri khas teori struktural adalah adanya anggapan bahwa di dalam dirinya sendiri karya sastra merupakan suatu struktur yang otonom yang dapat dipahami sebagai suatu kesatuan yang bulat dengan unsur-unsur pembangunya yang saling berjalinan. Oleh karena itu, untuk memahami maknanya, karya sastra harus dikaji berdasarkan strukturnya sendiri, lepas dari latar belakang sejarah, lepas dari diri dan niat penulis, dan lepas pula dari efeknya pada pembaca
(Jabrohim: 2012: 69)”.
Analisis struktur dina lingkup karya fiksi mah nya éta ngadéskripsikeun
unsur-unsur struktur karya sastra jadi sababaraha rupa. Unsur-unsur pangwangun
2
Elsye Priandini Riyadi, 2013
(sudut pandang, gayabasa, nada/suasana, jeung judul), jeung amanat (Stanton,
dina Jabrohim). Analisis struktural miboga tujuan pikeun ngabongkar jeung
ngajelaskeun sacara gemet sakabéh unsur anasir karya sastra anu aya
pakuat-pakaitna nepi ka ngahasilkeun makna.
Dina analisis struktural mah unsur-unsur karya sastra téh kudu
ditalungtik jeung dititénan kalawan bener luyu jeung pangaweruh anu jero
ngeunaan harti, peran, jeung fungsina sarta sagala hal nu aya patalina jeung éta
unsur.
Salian ti ngagunakeun téori struktural, dina nganalisis karya sastra téh aya
deui téori nu bisa digunakeun nya éta téori semiotik. Semiotik téh saenyana mah
minangka kamekaran pamarekan objéktif atawa pamarekan struktural, nya éta
nalaah sastra ku cara nyangkem unggal unsur anu aya di jerona. Analisis
struktural henteu bisa dipisahkeun jeung analisis semiotik, ieu hal dilantarankeun
yén karya sastra mangrupa struktur (sistem) tanda-tanda anu miboga ma’na. Ieu
hal saluyu jeung pamadegan Junus (Pradopo, 2011: 118) anu nétélakeun saperti
kieu:
“Bahwa semiotik itu merupakan lanjutan atau perkembangan strukturalisme. Strukturalisme tidak dapat dipisahkan dengan semiotik. Alasannya adalah karya sastra itu merupakan struktur tanda-tanda yang bermakna. Tanpa memperhatikan sistem tanda, tanda dan maknanya, dan konvensi tanda, struktur karya sastra tidak dapat dimengerti maknanya secara optimal.”
Semiotik téh élmu tanda, anu dijerona aya anu disebut ikon, indéks, jeung
simbol. Dina semiotik sakabéh unsur anu aya di jero hiji karya sastra ditilik
minangka bagian tina hiji sistem. Dina karya sastra, analisis semiotik digunakeun
pikeun nyusud (nyungsi) harti jeung ma’na tanda-tanda anu kakandung dina karya sastra kaasup prosa, puisi, jeung drama. Semiotik disebut ogé cabang élmu anu
aya patalina jeung pengkajian tanda atawa sagala hal anu aya patalina jeung tanda,
saperti sistem tanda jeung prosés anu jadi dadasar ngagunakeun tanda (Koswara,
3
Elsye Priandini Riyadi, 2013
Cara nu paling umum nya éta nganalisis sastra ngaliwatan dua tahapan
nya éta analisis intrinsik jeung ékstrinsik. Dina maluruh jeung nalungtik hiji karya
sastra diperlukeun dua téori, nya éta téori struktural jeung semiotik. Ku
ngagunakeun téori struktural jeung semiotik, masarakat atawa nu maca bisa
paham kana maksud atawa ma’na anu nyangkaruk dina karya sastra.
Karya sastra téh minangka hiji sistem anu miboga konvénsi-konvénsi
sorangan. Dina karya sastra aya jenis-jenis sastra (genre) di antarana aya anu
gelarna sacara lisan aya ogé anu tulisan. Ditilik tina wangunna, karya sastra Sunda
kabagi jadi tilu golongan, nya éta prosa atawa wangun lancaran, puisi atawa
wangun ugeran, jeung drama (Iskandarwassid, 2003: 138). Dina ieu
panalungtikan, wangun karya sastra nu baris dijadikeun bahan panalungtikan
ngagunakeun téori struktural jeung semiotik nya éta wangun lancaran atawa prosa
dina wangun novél.
Novél téh mangrupa salasahiji karya sastra dina wangun prosa anu eusina
panjang. Novél umumna ditulis dina wangun basa lancaran, carita dina novél téh
ilaharna mangrupa hasil rékaan pangarang, lain carita anu sabenerna, sok sanajan
aya carita anu dipedar dina novél minangka gambaran kajadian nu geus kaalaman
ku pangarangna. Salian ti éta novél disebut carita rékaan anu méré kesan lir
enya-enya kajadian tur ukuranana panjang (Tamsyah, 1996: 171). Wanda novél mah
bisa midangkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa
ngahirupkeun karakterisasi, ku lantaran kitu, ieu novél dipilih jadi bahan
panalungtikan.
Novél nu dijadikeun objek ieu panalungtikan judulna Sudagar Batik. Ieu
novél ditulis ku Ahmad Bakri tur dimedalkeun ku PT. Kiblat Utama. Dumasar
tinimbangan, ieu novél bisa dijadikeun bahan panalungtikan lantaran eusina
ngagambarkeun sumanget hirup anu payus upama ditulad ku urang, bisa méré
eunteung keur kahirupan masarakat kahareupna, jeung bisa dijadikeun bahan
pangajaran di sakola lantaran ngandung unsur moral anu hadé.
Patalina jeung bahan pangajaran, hususna pangajaran basa Sunda, aya
4
Elsye Priandini Riyadi, 2013
sastra anu dipiboga ku masing-masing individu. Dina ngaprésiasi sastra téh moal
salawasna sarua antara individu jeung individu lianna pasti aya bédana. Éta hal
dilantarankeun ku pangaweruh anu dipiboga ku masing-masing individu. Jalma nu
sok resep maca karya sastra tangtu tingkat intelektualna bakal béda jeung jalma nu
tara maca pisan. Dina ngaprésiasi karya sastra, urang kudu mikawanoh hubungan
antara hiji karya sastra jeung kahirupan nyata. Karya sastra diaprésiasi masarakat
ku cara nalungtik eusi, boh sacara umum boh sacara husus, lantaran ayana tujuan,
kapentingan, jeung kasang tukang nu béda-béda.
Di kalangan siswa, kamampuh ngaprésiasi sastra, hususna kana novél
masih kénéh minim. Éta hal dilantarankeun siswa can pati apal kana kaayaan
novél Sunda. Salian ti éta, siswa ogé can pati mikagandrung maca novél Sunda
dina kahirupan sapopoéna.
Dina ulikan sastra Sunda, panalungtikan ngeunaan karya sastra hususna
novél disawang tina jihat struktur jeung semiotik kungsi dilaksanakeun mangrupa
skripsi nya éta saperti ieu di handap.
1) “Kajian Struktural dina novél Kembang Rumah Tangga karangan
Tjaraka” disusun ku Nunung Nuryanti. 2004.
2) “Kajian Semiotik novél Sri Panggung Karangan Tjaraka” disusun ku
Ai Yansri Nurlaélani. 2005.
3) “Visi jeung Misi Wanoja dina Novél Carios Agan Permas Karangan
Jeohana (analisis struktural-semiotik)” disusun ku Ellys K.D. 2005
4. “Analisis Intrinsik novél Kembang-Kembang Petingan (dumasar
Struktural-Semiotik) Karangan Holisoh M.E” disusun ku Diana
Rahadianingsih. 2005.
5) “Struktural-Semiotik kana novél Nu Kaul Lagu Kaleon Karangan
RAF” disusun ku Didih Ahmad Mansur. 2005.
6) “Ulikan Semiotik kana kumpulan Carpon Surat keur ka Sawarga
karangan Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem” disusun ku Yessi
5
Elsye Priandini Riyadi, 2013
Tina tilikan hasil panalungtikan, nu nalungtik kana novél Sudagar Batik
karangan Ahmad Bakri disawang tina jihat analisis struktural jeung semiotik anu
dipatalikeun jeung pangajaran mah tétéla tacan aya. Ku lantaran kitu, pikeun
ngeyeuban pangaweruh kana karya sastra jeung bisa dijadikeun bahan pangajaran
di SMA, ieu panalungtikan perlu dilaksanakeun.
1.2Rumusan jeung Watesan masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Dumasar kana kasang tukang, ieu panalungtikan baris diwatesan
masalahna. Anu rék di pedar dina ieu panalungtikan téh nya éta medar unsur-
unsur struktur jeung semiotik dina novél tuluy dipatalikeun jeung bahan
pangajaran aprésiasi sastra di SMA. Anu baris dipedar dina struktur nya éta unsur
téma, fakta carita (galur, tokoh atawa penokohan, latar), sarana carita (judul, gaya
basa/nada, puseur panitén), jeung amanat, sedengkeun dina semiotik ngawengku
tilu nya éta ikon, indéks, jeung simbol, tuluy dilarapkeun dina pangajaran
aprésiasi sastra di SMA.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah di luhur, masalah ieu
panalungtikan diwangun dina kalimah tanya ieu di handap.
1. Unsur struktural naon baé nu aya dina novél Sudagar Batik karya Ahmad Bakri
téh?
2. Unsur semiotik naon baé anu nyangkaruk dina novél Sudagar Batik karya
Ahmad Bakri téh?
3. Tina hasil panalungtikan naha novél Sudagar Batik luyu dijadikeun bahan
6
Elsye Priandini Riyadi, 2013
1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Panalungtikan ngeunaan “Analisis Struktural Jeung Semiotik Dina Novél
Sudagar Batik Karangan Ahmad Bakri Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra
di SMA” miboga tujuan pikeun nuwuhkeun jeung ngariksa budaya daérah nu
kaunggel dina karya sastra sangkan dipikawanoh ku masarakat jeung siswa.
Salian ti éta, bisa dijadikeun tolak ukur pikeun ngajén kamampuh siswa dina
ngaprésiasi hiji karya sastra jeung bisa dijadikeun acuan pikeun bahan pangajaran.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nya éta pikeun
ngadeskripsikeun hal ieu di handap.
1. Unsur struktural anu nyangkaruk dina novél Sudagar Batik karangan Ahmad
Bakri.
2. Unsur semiotik anu nyangkaruk dina novél Sudagar Batik karangan Ahmad
Bakri.
3. Ngalarapkeun hasil panalungtikan ngeunaan novél Sudagar Batik karangan
Ahmad Bakri pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA.
1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis
Bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan karya sastra, bisa ngaronjatkeun
minat maca hususna di lingkungan mahasiswa, ngaronjatkeun intéléktual jeung
kréativitas manusa sangkan bisa terus ngahasilkeun karya. Lamun dipatalikeun
jeung atikan, bisa digunakeun ku guru basa Sunda pikeun dijadikeun rujukan
jeung pilihan dina nangtukeun bahan pangajaran sarta pikeun ngajén kamampuh
7
Elsye Priandini Riyadi, 2013
1.4.2 Mangpaat Praktis
Bisa nuwuhkeun karep jeung karesep masarakat pikeun terus ngamumulé
sastra jeung ningkatkeun karesep maca karya fiksi.
1.5 Raraga Tulisan
Sistematika nulis skripsi dina panalungtikan ieu nya éta bisa
dipasing-pasing saperti ieu di handap.
a. Bab 1 atawa bagian bubuka, dina ieu bab masalah anu dipedar ngawengku
kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan
panalungtikan (tujuan umum jeung tujuan husus), mangpaat panalungtikan
(mangpaat praktis jeung téoritis), jeung raraga tulis.
b. Bab II atawa bagian dasar téori, bagian anu dipedar nya éta ngeunaan novél,
sajarah kamekaran novél, papasingan novél, unsur struktural novél anu
ngawengku téma, fakta carita (galur, palaku, jeung latar), sarana carita (gaya
basa, nada/suasana pangarang), jeung amanat, lian ti éta ngabahas ngeunaan
unsur semiotik anu ngawengku tilu tanda nya éta ikon, indéks, jeung simbol,
sarta ngabahas ngeunaan pangajaran (bahan pangajaran, kritéria milih bahan
panagajaran, tujuan pangajaran, SKKD), nu pamungkas ngabahas ngeunaan
aprésiasi sastra.
c. Bab III ngeunaan métodologi panalungtikan anu ngawengku, desain
panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, téhnik
panalungtikan, sumber data, sarta instrumén panalungtikan.
d. Bab IV ngabahas ngeunaan analisis unsur struktural jeung semiotik novél
Sudagar Batik karangan Ahmad Bakri anu dipatalikeun jeung bahan
pangajaran aprésiasi sastra.
e. Bab V ngawengku panutup anu eusina nya éta kacindekan, saran.
f. Daptar pustaka
g. Lampiran
40
Elsye Priandini Riyadi, 2013
BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nya éta proses anu dirancang pikeun ngajawab jeung
ngajelaskeun masalah-masalah panalungtikan. Anapon desain panalungtikan anu
bakal dipaké dina ieu panalungtikan nya éta 1) nangtukeun masalah, 2) studi
pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun
anggapan dasar, 5) nangtukeun sumber data, 6) nangtukeun jeung nyusun
instrumén, 7) ngumpulkeun data, 8) nganalisis data, 9) nyieun kacindekan, jeung
10) nyusun laporan (Arikunto, 2010: 62).
3.2 Métode Panalungtikan
Métode asalna tina basa Yunani “ methodos” anu hartina cara atawa jalan
anu ditempuh. Métode bisa dihartikeun minangka cara anu dilakukeun pikeun
nyangkem hiji objék salaku élmu anu silih pakuat-pakait.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta déskriptif analisis.
Ieu Métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun unsur struktur jeung semiotik nu
aya dina novél Sudagar Batik. Ku cara ngagunakeun métode déskriptif dipiharep
bisa katangkep gambaran nu saayana tur objéktif. Panalungtikan déskriptif téh
digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa nyieun gambaran sacara sistematis,
faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta atawa sakabéh data nu aya dina novél
Sudagar Batik karangan Ahmad Bakri.
3.3 Wangenan Operasional
Judul ieu panalungtikan nya éta “Analisis Struktural jeung Semiotik dina
novél Sudagar Batik Karangan Ahmad Bakri Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi
Sastra di SMA”. Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap bakal dipedar ngeunaan
41
Elsye Priandini Riyadi, 2013
1. Analisis, mangrupa hiji kagiatan dina medar hiji masalah pikeun ngahontal
tujuan.
2. Struktural, sacara étimologis asal kecapna “struktur” hartina nya éta ayana
hubungan anu tetep antara kelompok gejala atawa unsur. Salian ti éta, disebut
ogé tata hubungan antara bagian-bagian hiji karya sastra nepi ka jadi gembleng.
3. Semiotik, mangrupa élmu ngeunaan tanda-tanda atawa pamahaman ma’na
karya sastra dumasar kana tanda nu aya dina éta karya.
4. Bahan pangajaran, nya éta matéri panagjaran atawa alat tina sistem pangajaran
pikeun ditepikeun ku guru ka siswa dina proses kagiatan diajar-ngajar anu luyu
jeung kurikulum.
5. Aprésiasi, nya éta kasadaran kana ajén-ajén nu nyangkaruk dina warnaning
seni jeung budaya, tumuwuh tina rasa meunang kasugemaan (éstétis) jeung
ngarasa meunang mangpaat sacara émosional jeung intéléktual.
3.4 Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010: 150), instrumen panalungtikan téh nya éta alat
atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data. Palebah
ngumpulkeun data, instumen anu dipaké nya éta kartu data, gunana pikeun
[image:19.595.111.512.158.724.2]ngumpulkeun jeung mindahkeun data anu geus aya.
Gambar 3.1 Conto Kartu Data Analisis Unsur Struktural
Nomer :
Analisis :
Cutatan :
42
[image:20.595.110.517.126.572.2]Elsye Priandini Riyadi, 2013
Gambar 3.2 Conto Kartu Data Analisis Unsur Semiotik
No Kode Objék Analisis Interprétasi
1 2 3 4
Ikon
Indéks
Simbol
3.5 Téhnik Panalungtikan
Luyu jeung métode anu digunakeun, téhnik panalungtikan anu digunakeun
nya éta téhnik ulikan pustaka jeung studi dokuméntasi atawa analisis data.
3.5.1 Téhnik Talaah Pustaka
Dina ieu panalungtikan digunakeun téhnik talaah pustaka. Téhnik talaah
pustaka dipaké pikeun ngumpulkeun data kalawan maké cara nalaah sababaraha
pustaka sangkan bisa neuleuman téori-téori nu aya patalina jeung garapan
panalungtikan.
3.5.2 Téhnik Studi Dokuméntasi / Analisis Data
Salian ti téhnik talaah pustaka, dina ieu panalungtikan digunakeun ogé
téhnik studi dokuméntasi atawa analisis data, téhnik ieu digunakeun pikeun
nganalisis sakabéh data anu aya dina novél Sudagar Batik karangan Amad Bakri
dumasar kana struktur jeung unsur semiotikna. Tina éta téhnik bakal kapanggih
data-data anu dipiharep. Cara nganalisisna nya éta ngagunakeun kartu data anu
jumlahna diluyukeun jeung jumlah data anu dipiharep. Ari léngkah-léngkahna nya
éta:
a) nganalisis struktur novél
43
Elsye Priandini Riyadi, 2013
3.6 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh data anu aya dina
novél Sudagar Batik karangan Ahmad Bakri anu ngawengku unsur strukturna
kayaning téma, fakta carita (galur, palaku, latar), sarana carita (puseur panitén,
gaya basa, nada/suasana), jeung amanat, sarta unsur semiotikna saperti ikon,
indéks, jeung simbol.
3.6.1 Idéntitas novel Sudagar Batik
Judul novél : Sudagar Batik
Pangarang : Ahmad Bakri
Jumlah kaca : 81 kaca
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Taun Medal : Citakan ka-3 Januari 2009
Warna Cover : Bagian hareup (beureum), bagian tukang bodas.
3.6.2 Déskripsi Pangarang jeung Novél Sudagar Batik
Pangarang novél anu judulna Sudagar Batik téh nya éta Ahmad Bakri.
Ahmad Bakri dibabarkeun di Désa Rancah, Ciamis dina tanggal 11 Mei 1917.
Satamatna ti Sakola Ra’yat 3 taun, Ahmad Bakri neruskeun ka Schakel School
(sakola sambungan) di Ciamis. Meunang sawatara bulan kungsi masantrén di
Genténg jeung di Sadéwa. Taun 1937, milu kursus montir di Bandung, tapi teu
kungsi tepi ka tamat. Ti dinya digawé di PTT, tepi ka jaman Jepang.
Taun 1949 Ahmad Bakri pindah ka Bandung, lantaran kaayaan di
lemburna teu aman balukar gangguan gorombolan. Kungsi ngajar di SD Cicadas
(1952), tuluy milu ujian persamaan SGB, ditéma deui ku KGA, anu sabada tamat
diteruskeun ka B-1 Basa Sunda.
Mimiti nulis taun 1937, tapi harita karyana kungsi ditolak ku Balé Pustaka.
Kakara ditarima karyana nya éta taun 1963, karya-karyana réa dimuat dina
majalah. Dina taun1965 jeung 1966 meunang hadiah tina carita pondok nu dimuat
44
Elsye Priandini Riyadi, 2013
éta novél Sudagar Batik. Novél Sudagar Batik karangan Ahmad Bakri ieu
minangka novél anu dimedalkeun ku PT. Kiblat Buku Utama taun 2009. Ieu novél
minangka citakan katilu. Jumlah kaca dina ieu novél nya éta 81 kaca, anu kabagi
jadi 6 bab. Bab 1 judulna Kaleleban, bab 2 Dukun Lepus, bab 3 Yatim, bab 4
Hujan Cimata, bab 5 Sémah Ahéng, jeung bab 6 Sudagar Batik.
Novél Sudagar Batik teu béda jauh jeung novél-novél lianna. Pidangan
jilidna beulah hareup warna beureum, tuluy aya gambar jalma opatan, aya
tanggungan jeung bésék anu eusina batik anu bahanna tina awi, aya gambar imah.
Dina jilid, jelas pisan ayana gambar jalma opatan téh ngagambarkeun para palaku
anu bakal kalibet dina éta carita, kitu deui aya tanggungan jeung bésék dagangan
anu eusina batik, éta ngagambarkeun jalma anu rék ngadagangkeun batik atawa
Juragan Batik. Jadi lamun nilik tina kaayaan jilid baé ogé geus bisa ngawakilan
rasa kapanasaran nu maca yén novél éta téh nyaritakeun jalma nu balantik kana
batik.
Jilid beulah tukang mah warna bodas, tapi dina lebah ieu aya sempalan
eusi carita atawa ringkesan novél Sudagar Batik. Ieu hal bisa katitén saperti di
handap.
“Si Kasja ngejat. Mimitina mah dicarékan ku bapana, tapi bet kalepasan, nepi ka diteunggeulna pisan. Ari geus karuhan anakna minggat mah, Bapa Si Kasja teu burung kaduhung, terus baé ditéangan. Tapi sanggeus sababaraha poé, lebeng euweuh raratanna. Tungtungna Bapa Si Kasja gering, nepi ka maotna. “Sanggeus ditinggalkeun ku salakina, Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inén. Pagawéanana ukur buburuh, néangan sahuap-sakopeun. Sawah geus euweuh, urut mulasara salakina. Kumaha atuh ari nasib Si Kasja? Naha hirup kénéh atawa geus maot?”
Dina lebah tukang ogé, salian ti aya sempalan eusi carita aya ogé
sawangan anu nyebutkeun gambaran sacara umum ngeunaan novel. Éta hal bisa
ogé disebut bagian téma anu nyangkaruk dina carita. Gambaran éta bisa katitén
saperti ieu di handap.
45
Elsye Priandini Riyadi, 2013
ngagambarkeun rupaning pasualan hirup dina suasana pilemburan. Ditulis ku basa nu lancar, sakapeung diselapan humor.”
Sempalan eusi caritana dihaja ngan saeutik, éta hal minangka salasahiji
tarékah sangkan ngirut balaréa maca kana novél Sudagar Batik.
Novél Sudagar Batik kaasup kana novél sosial, lantaran eusina nyaritakeun
masalah sosial saperti kateuadilan, silih tipu, sarakah, jeung perjuangan. Salian ti
éta ieu novél bisa ogé kagolong kana novél barudak, lantaran tokoh utamana
budak, jeung caritana nyaritakeun masalah anu raket patalina jeung kahirupan
budak.
3.7 Léngkah Garapan
Léngkah-léngkah garapan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:
1) Tatahar
1. Néangan sumber panalungtikan
2. Nangtukeun masalah, judul jeung rangkay panalungtikan
3. Nyieun proposal panalungtikan
4. Konsultasi
2) Tahap Ngumpulkeun Data
1. Ngumpulkeun data panalungtikan
2. Maca novél Sudagar Batik karangan Ahmad Bakri
3. Ngainventarisasi data
4. Konsultasi ka dosen pembimbing
3) Tahap Ngolah Data
1. Nganalisis data dumasar kana unsur struktural jeung unsur semiotik
2. Nyindekkeun data
3. Konsultasi ka dosen pembimbing
4) Tahap Nyusun Laporan
132
Elsye Priandini Riyadi, 2013
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1Kacindekan
Objék ieu panalungtikan nya éta novél Sudagar Batik karangan Ahmad
Bakri, anapon nu jadi talaahna nya éta nganalisis novél disawang tina jihat
struktural anu ngagunakeun téori Robert Stanton. Salian ti éta ieu panalungtikan
nganalisis unsur semiotik (ikon, indéks, simbol) anu ngagunakeun téori Charles
Sanders Pierce sarta dilarapkeun jeung dijadikeun alternatif pikeun bahan
pangajaran apresiasi sastra di SMA. Dumasar hasil analisis struktural, semiotik,
jeung larapna dina pangajaran aprésiasi sastra bisa dicindekkeun saperti ieu di
handap.
Sacara struktural hasil nu aya dina novél Sudagar Batik téh témana nya
éta perjuangan manusa enggoning ngudag kasenangan dunya. Éta téma kagambar
dina perjuangan tokoh utama anu bajoang dagang batik, ti mimiti jadi kuli nepi ka
jadi juraganna (bos), tur hirupna jadi robah nu asalna sangsara ahirna jadi
beunghar nepi ka jadi sudagar anu dipikasérab. Fakta carita anu aya dina novél
ngawengku galur, latar, jeung palaku. Galur anu dipaké dina ieu carita nya éta
galur mundur. Carita dimimitian ti bagian ahir heula atawa pamungkas. Bagian
saterusna mah mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun awal lalakon atawa
sabab musabab carita, nu kaalaman ku para tokohna, latar anu digunakeun dina
ieu carita aya tilu, nya éta latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial. Latar
tempat réréana di imah atawa di lembur, sawah, tajug, sedengkeun ari latar waktu
nu kagambar réréana aya beurang, peuting, isuk-isuk, bulan Puasa, jeung Lebaran,
kitu deui latar sosial anu kagambar nya éta tingkatan atawa strata sosial: luhur,
sedeng, jeung handap, palaku dina ieu carita réa pisan, tapi nu jadi palaku utama
mah ngan aya genep urang nya éta Bi Arwiah, Murtasan (bapa Si Kasja), Kasja,
Kasnén, Sanukri jeung Abah Alkasan. Tokoh nu séjénna mah mangrupa tokoh
133
Elsye Priandini Riyadi, 2013
ngawengku judul, puseur panitén, gaya basa/nada jeung suasana. Judul novél ieu
nya éta Sudagar Batik, éta judul téh geus jadi panuduh yén eusi caritana
ngalalakonkeun kahirupan jalma anu bajoang jadi sudagar batik, puseur panitén
anu digunakeun ku pangarang nya éta caturan jalma katilu, pangarang mosisikeun
dirina di luareun carita. Anu dipidangkeunana palaku-palaku carita ku cara nyebut
ngaran atawa kecap gaganti saperti manéhna, gaya basa nu digunakeun ku
pangarang maké basa sapopoé, enteng, teu bulat-beulit, sakapeung sok maké
babasan, paribasa, jeung purwakanti. Nada/suasana nu kagambar dina novél
Sudagar Batik téh bisa kabagi jadi kaayaan/suasana pilemburan jeung suasana
kajiwaan atawa haté nu patali jeung palaku. Nu ngagambarkeun suasana alam
pilemburan nya éta suasana Désa, suasana peuting, suasana malem takbiran,
suasana rék hujan, suasana paciweuh, sedengkeun nu ngagambarkeun suasana
haté nya éta aya ambék, bungah, keuheul, sedih, sieun, kagét, kaduhung, jeung
baluweng. Amanat ieu novél nya éta: (1) sagala pasualan anu keur karandapan
kudu disanghareupan kalawan sabar, kudu asak jeujeuhan, dipikiran mana nu
bener jeung mana nu goréng, (2) ulah nurutkeun hawa napsu, hirup kudu ngukur
ka kujur, ulah ngudag teuing kasenangan dunya, (3) jadi jalma ulah sarakah,
ambisius jeung panasan, sabab engkéna bakal mawa kagoréngan ka dirina
sorangan, (4) upama urang bener-bener digawé kalayan soson-soson tangtu
hasilna ogé bakal hadé, (5) sagala amal jeung paripolah anu dipilampah tangtuna
bakal meunang balesanana, lamun urang melak kahadéan pasti balesanana bakal
hadé, sabalikna lamun urang melak kagoréngan pasti balesanna ogé goréng (melak
cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg).
Salian ti analisis struktur, nu ditalungtik téh unsur semiotikna. Dumasar
hasil analisis kapanggih tanda anu jumlahna aya 110, ngawengku 48 indéks, jeung
62 simbol, sedengkeun ikon mah henteu kapanggih.
Patalina jeung larapan kana pangajaran di sakola novél Sudagar Batik luyu
dijadikeun alternatif pangajaran aprésiasi sastra di SMA lantaran eusina ngandung
ajén moral anu hadé sarta cocok pisan jeung karakteristik sarta kapribadian murid
134
Elsye Priandini Riyadi, 2013
5.2 Saran
Ieu panalungtikan mangrupa analisis kasusastraan, anu disawang tina jihat
struktur jeung semiotik. Bédana ieu panalungtikan téh dipatalikeun jeung
pangajaran di sakola. Panalungtikan anu dilaksanakeun réréana dina widang
budaya, pangajaran, jeung kabasaan, sedengkeun anu nalungtik widang sastra tur
dipatalikeun jeung pangajaran mah masih kénéh kurang.
Ieu panalungtikan tangtu can sampurna, ku kituna pikeun ngeuyeuban
khasanah kasusastraan jeung nambahan pangaweruh anu leuwih jero dina widang
sastra, kudu diayakeun panalungtikan séjén, tangtuna anu béda ulikan jeung
masalahna. Aya sawatara saran pikeun kamajuan dunya kasusastraan jeug dunya
atikan, saperti anu disebutkeun ieu di handap.
1) Pikeun dunya atikan.
Ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran
di sakola ku guru guru basa Sunda. Lamun bisa mah hasil panalungtikan
langsung dilarapkeun kana pangajaran.
2) Pikeun mahasiswa
Tina ieu panalungtikan dipiharep aya nu nuluykeun deui dina widang jeung
ulikan nu béda, sarta dipatalikeun jeung pangajaran séjénna sangkan bisa
ngaronjatkeun dunya atikan jeung kasusastraan.
3) Pikeun masarakat umum
Tina ieu panalungtikan jeung eusi carita novél dipiharep bisa dijadikeun
eunteung pikeun kahirupan sapopoé, bisa méré gambaran jeung kasadaran
pikeun ngaléngkah ka hareupna. Salian ti éta, ku ayana ieu panalungtikan
135
Elsye Priandini Riyadi, 2013
DAPTAR PUSTAKA
Agustine, Lina. H. (2005). Ajén Moral Dina Novél Rasiah Nu Goréng Patut
Karangan Soekria-Joehana Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra Di SMA. Bandung: JPBD.
Bakri, A. (2009). Sudagar Batik. Bandung: PT Kiblat.
Aminudin. (2011). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.
Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.
Dinas, Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi Dan
Kompetensi Dasar. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Djamarah, Syaiful. B. dan Zain, A. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: Rineka Cipta.
Ginting, A. (2010). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.
Hayati, A. Winarno A. (1990). Latihan Apresiasi Sastra. Malang: Yayasan Asih Asah Asuh Malang.
Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Isnendes, R. (2009). Panyawangan Sastra. Bandung: JPBD.
---.(2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra
Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.
Jabrohim. (2012). Teori Penelitian Sastra. Bandung: Pustaka Pelajar.
Koswara, D. (2010). Racikan Sastra. Bandung: JPBD.
Nurgiyantoro, B. (2012). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: UGM.
Pradopo, Rahmat. D. (2011). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan
136
Elsye Priandini Riyadi, 2013 Ruhaliah. (2002). Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD.
Santosa, P. (1993). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.
Sudaryat, Y. (2007). Makaya Basa Sastra Sunda. Bandung: JPBD.
Sudjiman, P. dan Aart Van. Z. (1992). Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia.
Sumardjo, J. dan Saini. (1988). Apresiasi kesusastraan. Jakarta: PT. Gramedia.
Sumarsono, T. (1983). Pedaran Sastra Sunda. Bandung: PT. Medal Agung.
Tamsyah, Budi. R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.
Tarigan, Henry. G. (2011). Prinsip-Prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.