No. 808/FPBS/0251/2015
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng
Si Kabayan Tapa
Pikeun Bahan Pangajaran
Maca Dongéng Di Smp Kelas VII
(Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat
nyangking gelar Sarjana Pendidikan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah
ku Resti Melianti
NIM 1005827
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
No. 808/FPBS/0251/2015
LEMBAR PENGESAHAN RESTI MELIANTI
1005827
AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG
SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK)
disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001
Pangaping II,
Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP 197212021999032001
Kauninga ku
Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia,
No. 808/FPBS/0251/2015
PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Struktur -Sémiotik jeung Ajén Moral dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP Kelas VII”, beserta seluruh isinya
adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak tertentu terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, 11 Januari 2015 Yang membuat pernyataan,
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG
SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK)1
Resti Melianti2
ABSTRAK
Penelitian ini bertujuan untuk mendéskripsikan: 1) kumpulan dongeng Si Kabayan Tapa; 2) struktur-semiotiknya; 3) nilai moral yang terdapat dalam kumpulan
dongeng tersebut; dan 4) penerapan hasil penelitian untuk dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca teks dongeng di SMP kelas VII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analitis, dengan menggunakan teknik studi pustaka. Hasil yang diperoleh dari penelitian ini adalah bahwa Si Kabayan Tapa karya Min Resmana merupakan kumpulan dongeng yang
tebalnya 96 halaman, terbitan ke-2, penerbit Rahmat Cijulang pada tahun 1967. Struktur yang menyusun rangkaian cerita dalam kumpulan dongeng ini adalah tema, tokoh dan penokohan, alur, dan latar. Dari hasil penelitian dan analisis semiotik Pierce, terungkap bahwa dalam kumpulan dongeng ini terdapat 222 unsur semiotik, yang terdiri dari 5 ikon, 167 indeks, dan 50 simbol. Selain itu, ada 20 nilai moral yang terdapat dalam kumpulan dongeng tersebut. Hasil dari penelitian ini pun bisa dijadikan sebagai alternatif bahan pembelajaran membaca dongeng di SMP kelas VII. Penelitian ini diharapkan bisa menjadi media untuk mengenalkan sastra Sunda kepada masyarakat, dan melestarikan sastra Sunda yang terdapat di Jawa Barat, khususnya dongeng
Kata Kunci: struktural, semiotik, dan nilai moral
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG
SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK)1
Resti Melianti2
ABSTRACT
This research purposed to describe : 1) The collection of Kabayan Tapa stories; 2) The semiotics-structure; 3) The moral value of the stories; and 4) The application of the research output to be an alternative study matter reading a story for the seventh class of junior high school. This research used an analytical descrptive method with a book research technique. The result of this research obtained that Si Kabayan Tapa, Min Resmana opus is a collectoin of stories that contain 96 pages, the second edition, Rahmat Cijulang publisher on 1967. The collection of Si Kabayan Tapa stories consist of seven stories, that Ngajual Cau, Tumpak Oplet, Nyaba Tapa, Impala Kenyed, Parasit and Lalajo Maen Bal. The structure that arranged the stories is a theme, character and characterization, plot and setting. From the result of Pierce research and semiotics analyses, revealed that the collection of the stories is contained 222 semiotics elements, which its consist of five icons, 167 index and 50 symbols. And than, this is collection of Si Kabayan Tapa stories consist of 20 moral value. Besides, the result of this research is able to be the alternative of study matter reading a story for the seventh class of junior high school. This research expected to be a media for introduce Sunda literature to all the society and to preserve Sunda literature of West Java, especially for story.
Keywords : semiotics-structure and moral value
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
vii
vii
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.3.3 Pangajaran Maca Dongéng dina (KIKD) ………... 20
2.3.4 Dongéng ……….. 24
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ……… … 29
3.1 Métode Panalungtikan ………. 29
3.1.1 Téhnik Panalungtikan ……….. 29
3.1.2 Instrumén Panalungtikan ………. 30
3.2 Sumber Data ……… 31
3.3 Desain Panalungtikan ……….. 31
3.5 Wangenan Operasional ……… 32
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ……… 35
4.1 Sruktur Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa……… 35
4.1.1 Ngajual Cau ………. 38
4.2 Unsur Sémiotik dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa ….. 80
4.3 Ajén Moral dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa………. 112
4.4 Larapna Hasil Panalungtikan ………. 124
4.2.1 Kompeténsi Inti (KI) jeung Kompeténsi Dasar (KD) ………….. 125
4.2.2 Bahan Pangajaran jeung Alat Évaluasi Dongéng ………. 126
4.2.3 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran Maca Dongéng …… 131
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ……….. 139
5.1 Kacindekan ……….. 139
viii
viii
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR PUSTAKA ………. 142
LAMPIRAN ……… 146
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Basa mangrupa alat komunikasi manusa. Salaku alat komunikasi, basa miboga fungsi anu kacida pentingna dina kahirupan manusa, diantarana waé pikeun nepikeun émosi, kahayang, gagasan jeung pikiran hiji jalma ka jalma séjénna. Salian ti pikeun alat komunikasi, basa dipaké ku panyaturna pikeun ngébréhkeun éksprési jiwa ngaliwatan karya sastra.
Karya sastra miboga fungsi méré gambaran ngeunaan hiji hal. Gambaran anu disodorkeun ku hiji karya sastra tangtuna kudu miboga ajén anu éndah tur mangpaat pikeun masarakat. Karya sastra sahenteuna bisa jadi panglipur haté (hiburan) sarta nambahan pangaweruh. Kitu deui pikeun anu nyiptakeun atawa pangarang éta karya sastra. Ngaliwatan nyiptakeun karya sastra, pangarang ngébréhkeun sagala kanyahona, kereteg haténa jeung pikiranana kalawan jujur sangkan éta karya sastra téh miboga mangpaat pikeun balaréa.
Karya sastra mekar nurutkeun kana parobahan jaman. Unggal karya sastra anu gelarna ogé tangtu béda-béda. Dumasar kana périodisasina, sastra Sunda nurutkeun RI Adiwidjaja dibagi kana opat période: jaman Hindu; jaman Islam; jaman Islam sanggeus keuna ku pangaruh Mataram; jeung jaman béh dieu sanggeus keuna ku pangaruh peperangan (Isnendes, 2008, kc. 7). Unggal périodena gelar sababaraha karya sastra anu béda-béda. Unggal karyana miboga karakteristik sewang-séwangan. Misalna waé dongéng anu gelar di jaman Hindu, karakteristikna nya éta miboga unsur pamohalan.
2
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahluk séjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun mungkus téma.
Dumasar kana pamadegan di luhur, dongéng mangrupa salasahiji karya sastra anu bisa dikaji sacara strukturalisme. Konsép dasar anu jadi ciri has téori struktural nya éta anggapan yén karya sastra mangrupa struktur anu otonom anu ngan bisa dicangkem maksudna tina hiji gemblengan anu diwangun ku unsur-unsur anu ngarojongna. Ku lantaran kitu, karya sastra bisa dipaham; dicangkem téh dumasar struktur pangwangunna baé, leupas tina kasang tukang kasajarahanana, leupas ti niat jeung kamampuh pangarangna, leupas tina pangaruh anu dihontal ku pamacana. Jadi anu penting mah close reading, nya éta hiji prosés
pembacaan kalawan mikroskopi tina karya minangka ciptaan basa (Isnendes, 2007, kc. 28).
Sanggeus niténan struktur anu aya dina dongéng, tangtuna bakal kapanggih maksud, pesen atawa kahayang pangarang ku aprésiator sastra. Éta hal ditepikeun ku pangarang sacara langsung boh teu langsung. Ditepikeun sacara langsung kalayan ngajanggélék dina karya sastrana, anu teu langsung mah bisa nyamuni atawa diwakilan ku tanda. Ku kituna, salian ti bisa dipaluruh maké kajian strukturalisme dongéng ogé bisa dianalisis sacara sémiotik. Sémiotik mangrupa tarékah pikeun nganalisis sastra salaku hiji sistem tanda-tanda jeung nangtukeun konvénsi-konvénsi anu ngamungkinkeun hiji karya sastra miboga harti (Pradopo, 2012, kc. 142).
Karya sastra anu hadé téh nya éta karya sastra anu miboga pesen-pesen atawa ajén moral anu kudu dilenyepan ku aprésiator sastrana. Ajén téh nya éta hal anu ngirut kana haté, anu ditéangan, anu ngabungahkeun, anu matak dipikaresep jeung dipikahayang, singgetna mah hal anu hadé (Bertens, 1994, kc. 139).
3
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngajalankeun kahirupanana. Salian ti masarakat, moral mangrupa salasahiji unsur anu bisa ditepikeun ku pangarang ka pamaca. Jadi, bisa dicindekkeun yén ajén moral téh nya éta méré sawangan ngeunaan hadé atawa goréngna anu ditarima ku masarakat atawa aprésiator sastra ngeunaan kalakuan, sikep, ahlak, kawajiban, budi pekerti, jeung asusila.
Henteu sakabéh karya sastra, kaasup dongéng, méré gambaran kahirupan sosial sacara gembleng, kitu ogé henteu sakabéh pangarang mampuh ngébréhkeun sawangan dunyana sacara objéktif. Kamampuh pangarang diperlukeun pisan dina hal ngébréhkeun gagasan kréatif idéologina. Kamampuh maham kana kondisi sosial tinangtu aya di sawaréh jalma, tapi kamampuh ngamaniféstasikeun kondisi sosial tadi kana wangun karya sastra teu loba pangarang anu tapis. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, kumpulan dongéng anu ditalungtik nya éta buku kumpulan dongéng anu judulna Si Kabayan Tapa karya Min Resmana.
Si Kabayan Tapa karya Min Resmana téh, nya éta kumpulan dongéng anu
kandelna 96 kaca, citakan anu kadua, terbitan Rahmat Cijulang dina taun 1967. Nurutkeun interprétasi panyusun, ieu kumpulan dongéng mangrupa kumpulan dongéng anu eusina méré gambaran kahirupan sosial anu nyata tur mundel. Méré gambaran kahirupan sosial anu ngawakilan jamanna. Ajén atawa pesen moral anu ditepikeun ku pangarangna ogé mangrupa protés sosial kana kahirupan anu kaalaman jaman harita, dimana kahirupan di éta jaman téh geus loba anu teu saluyu jeung bebeneran sarta teu sarua jeung sakumaha mistina. Ieu kumpulan dongéng téh ngandung unsur pamohalan, sarta humor anu diwakilan ku karakter Si Kabayan, tapi éta hal teu ngabalukarkeun ajén atawa pesen moralna leungit. Ku ayana éta unsur, naon-naon anu hayang ditepikeun ku pangarang téh teu hésé ditarima ku aprésiator sastra.
Dumasar katerangan di luhur, dongéng téh mangrupa karya sastra anu miboga ajén-ajén luhung pikeun jadi conto dina kahirupan. Ku kituna, dongéng bisa dijadikeun bahan ajar, saluyu jeung KIKD pangajaran basa Sunda. Dina KIKD kelas VII aya pangajaran maca dongéng. Kumpulan dongéng Si Kabayan
4
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kabayan Tapa téh henteu hésé dicangkem, gampang ngirut sarta miboga ajén
moral anu luyu pikeun bahan ajar di sakola. Sangkan kumpulan dongéng Si
Kabayan Tapa bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran, saméméhna diayakeun
heula panalungtikan atawa analisis kana éta karya.
Hasil panalungtikan ilmiah séjénna anu maluruh kumpulan dongéng Si
Kabayan Tapa di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah nya éta “Prinsip jeung
Maksim Paguneman dina Kumpulan Carpon Si Kabayan Tapa” (Siska Nursalam, 2008). Salian ti jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, aya ogé ti jurusan Pendidikan Bahasa Inggris “The Non-Observance of Conversational Maxims in Si Kabayan
Tapa” (Tati Sunarti, 2008). Tina sababaraha panalungtikan ngeunaan kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa tacan aya panalungtikan anu museur kana struktur
sémiotik jeung ajén moral dina kumpulan dongéng Si KabayanTapa. Ku kituna,
ieu panalungtikan anu judulna “Struktur-Sémiotik jeung Ajén Moral dina
Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP Kelas VII” perelu dilaksanakeun pikeun ngeuyeuban dokuméntasi
panalungtikan ilmiah ngeunaan unsur instrinsik, analisis sémiotik jeung ajén moral dina karya Sastra Sunda.
eusina méré gambaran kahirupan sosial anu nyata tur mundel;
2) salian ti bisa dipaluruh maké kajian strukturalisme, dongéng ogé bisa dianalisis sacara sémiotik;
3) réa ajén moral anu ngajanggélék sacara langsung, aya ogé anu nyamuni ku lambang-lambang/tanda-tanda dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa;
4) kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa karya Min Resmana bisa dijadikeun
5
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1.3 Rumusan Masalah
Sangkan teu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha sruktur kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa karya Min Resmana
téh?
2) Kumaha unsur sémiotik anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa
karya Min Resmana téh?
3) Naon waé ajén moral anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa
karya Min Resmana téh?
4) Kumaha impleméntasi hasil panalungtikan pikeun bahan ajar maca dongéng di SMP kelas VII?
1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh pasualan struktur-sémiotik jeung ajén moral anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa
karya Min Resmana.
1.4.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun hal-hal ieu di handap:
a) ngadéskripsikeun struktur kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa karya Min
Resmana;
b) ngadéskripsikeun unsur sémiotik anu aya dina kumpulan dongéng Si
Kabayan Tapa karya Min Resmana;
c) ngadéskripsikeun ajén moral anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan
Tapa karya Min Resmana;
d) ngadéskripsikeun impléméntasi hasil panalungtikan pikeun bahan ajar maca dongéng di SMP kelas VII?
6
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1.5.1 Mangpaat Téoritis
Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan nya éta ngeuyeuban dunya kaélmuan ngeunaan sastra, hususna ngamekarkeun pangaweruh ngeunaan struktur-sémiotik jeung ajén moral anu aya dina hiji karya sastra.
1.5.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta:
a) bisa jadi sumber référénsi pikeun para mahasiswa jeung kaom akademisi séjénna dina nalungtik sastra Sunda;
b) bisa ngeuyeuban produk panalungtikan karya ilmiah tina jihat sastra; c) bisa ngeuyeuban réferénsi bahan pangajaran anu luyu di sakola; d) pikeun panalungtik bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan;
e) pikeun masarakat sacara umum bisa nambahan pangaweruh masarakat ngeunaan kumaha gambaran struktur-sémiotik jeung ajén moral dina hiji karya sastra.
1.6 Raraga Tulisan
Sistematika atawa raraga tulisan ieu skripsi téh sacara gurat badagna kabagi jadi lima bab. Dimimitian ti BAB I, BAB II, BAB III, BAB IV, jeung BAB V.
BAB I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur raraga tulisan.
BAB II Kajian Pustaka, nya éta ngeunaan tatapakan téori anu medar ngeunaan pamarekan sastra (struktur-sémiotik), ajén moral, bahan pangajaran, jeung dongéng.
7
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB IV medar ngeunaan struktur-sémiotik jeung ajén moral anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa karya Min Resmana, sarta kumaha larapna
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Dina KBBI (2008, kc. 580-581), yén anu disebut métode téh nya éta cara anu gumulung atawa ngaruntuy jeung éta cara téh geus dipikirkeun heula asak-asak pikeun ngahontal maksud anu tangtu dina élmu pangaweruh. Sedengkeun métode panalungtikan mah nya éta cara pikeun néangan bebeneran jeung
asas-asas gejala alam, masarakat, jeung kamanusaan, dumasar kana disiplin élmu anu
aya patalina. Jadi, sangkan nyangking data anu bener sarta hasil anu nyugemakeun tur luyu jeung kaayaan anu sabenerna, kudu maké métode. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitis.
Arikunto (2010, kc. 3) nétélakeun istilah déskriptif téh asalna tina basa Inggris to describe, anu hartina ngajéntrékeun atawa ngagambarkeun hiji hal,
upamana kaayaan, kajadian, kagiatan, jeung sajabana. Anu jadi udagan utamana dina panalungtikan déskriptif téh nya éta pikeun ngagambarkeun sacara sistematis fakta jeung karakteristik objék atawa subjék anu ditalungtik kalawan bener. Data-data anu geus didéskripsikeun téh tuluy dianalisis saluyu jeung tiori anu dijadikeun cecekelan. Éta pedaran téh mangrupa konsép tina métode déskriptif analitis.
Métode déskriptif analitis dina ieu panalungtikan téh dipaké pikeun nganalisis sarta ngadéskripsikeun data anu kapanggih dina kumpulan dongéng Si
Kabayan Tapa, dipaluruh struktur-sémiotik jeung ajén moralna, tuluy hasilna
diimpleméntasikeun pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII.
3.1.1 Téhnik Panalungtikan
1) Téhnik Ngumpulkeun Data
30
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngumpulkeun data anu sifatna dokumén (gambar-gambar atawa tinulis). Ieu téhnik dipaké pikeun néangan dadasar téori jeung hal-hal anu bisa ngadeudeul panalungtikan. Téori anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta téori ngeunaan kajian struktural-sémiotik, ajén moral, bahan pangajaran, jeung dongéng.
2) Téhnik Ngolah Data
Nurutkeun Wirasasmita (1997, kc. 77) dina téhnik ngolah data, aya sababaraha léngkah anu kudu dipigawé ku panalungtik, nya éta: séléksi data klasifikasi data, nuliskeun data, tabulasi data, jeung téhnik analisis. Anapon dina ieu panalungtikan aya sababaraha téhnik ngolah data, nya éta:
a. ngaidéntifikasi masalah, masalah dina ieu panalungtikan nya éta can kapaluruhna struktur, tanda jeung ajén moral anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa;
b. ngalakukeun studi pustaka anu aya patalina jeung panaluntikan;
c. ngumpulkeun data, data anu dikumpulkeun nya éta ngeunaan kajian struktural-sémiotik, ajén moral, bahan pangajaran, jeung dongéng;
d. ngolah data, data anu geus dikumpulkeun téh tuluy diolah, mana data anu bisa dipaké jeung mana data anu henteu bisa dipaké dina ieu panalungtikan; jeung
e. nyusun laporan hasil panalungtikan, data anu geus diolah, tuluy dicindekeun disusun jadi hiji laporan anu gembleng.
3.1.2 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat anu dipaké pikeun ngukur fenomena
alam atawa sosial anu ditalungtik (Sugiyono, 2012, kc. 102). Jadi, instrumén panalungtikan téh nya éta sakabéh alat atawa cara anu dipaké dina panalungtikan. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan téh nya éta saperti ieu di handap. 1) Buku sumber, buku sumber dina ieu panalungtikan dipaké pikeun dianalisis
atawa dipaluruh. Buku sumberna nya éta buku kumpulan dongéng Si
31
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Buku-buku pangrojong (referensi), nya éta buku-buku anu aya hubunganana
jeung panalungtikan, ngeunaan kajian struktural-sémiotik, ajén moral, bahan pangajaran, jeung dongéng.
3) Buku pedoman, nya éta buku panduan nyusun laporan panalungtikan, buku Pedoman Penulisan Karya Ilmiah 2013.
3.2 Sumber Data
Data asal kecapna tina basa Latin datum anu hartina nya éta, hiji himpunan,
(angka) minangka hasil tina panalungtikan atawa pangukuran (Wirasasmita, 1997, kc. 30). Sumber data nya éta subjék anu bisa dipaké pikeun nyangking data (Arikunto, 2012, kc. 172). Sumber data dina panalungtikan bisa dipaluruh sacara langsung jeung teu langsung. Sumber data anu langsung dipaluruh ti lapangan atawa laboratorium disebutna sumber data primer. Sedengkeun sumber data anu
dipaluruh tina bahan bacaan mah disebutna sumber data sekunder (Nasution,
2003, kc. 143).
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan dongéng Si
Kabayan Tapa. Si Kabayan Tapa karya Min Resmana téh kumpulan dongéng anu
kandelna 96 kaca, citakan anu ka-2, terbitan Rahmat Cijulang dina taun 1967. Ieu kumpulan dongéng téh ngadongéngkeun lalampahan Si Kabayan, caritana nyambung sanajan miboga sababaraha judul dongéng, nya éta: Ngajual Cau;
Tumpak Oplét; Nyaba; Tapa; Impala Kenyed; Parasit; jeung Lalajo Maén Bal.
3.3 Desain Panalungtikan
Nurutkeun Nasution (2003, kc. 23-24) desain panalungtikan nya éta rarancang ngeunaan cara ngumpulkeun jeung nganalisis data sangkan bisa dilaksanakeun sacara ekonomis sarta saluyu jeung tujuan panalungtikanana.
32
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.5 Wangenan Operasional
Sangkan teu loba tafsiran anu béda-béda kana judul ieu panalungtikan
“Struktur-Sémiotik jeung Ajén Moral dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa
pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP Kelas VII”, ku kituna
Nangtukeun anu rék ditalungtik dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa, nya éta struktur-sémiotik jeung ajén moral
Nganalisis data sagemblengna.
Nafsirkeun hasil analisis
Mauluruh struktur-sémiotik jeung ajén moral dina unggal judul anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa
Ngaimpleméntasikeun strukur-sémiotik sarta ajén moral kana bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII
Nyieun Kacindekan
33
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dijéntrékeun ngeunaan struktur-sémiotik, ajén moral, kumpulan dongéng Si
Kabayan Tapa, jeung bahan pangajaran maca dongéng.
1) Strukturalisme
Konsép dasar anu jadi ciri has téori struktural nya éta anggapan yén karya sastra mangrupa struktur anu otonom anu ngan bisa dicangkem maksudna tina hiji gemblengan anu diwangun ku unsur-unsur anu ngarojongna. Ku lantaran kitu, karya sastra bisa dipaham; dicangkem téh dumasar struktur pangwangunna baé, leupas tina kasang tukang kasajarahan, leupas tina niat jeung kamampuh pangarangna, leupas tina pangaruh anu dihontal ku pamacana. Jadi anu penting mah close reading, nya éta prosés pembacaan kalawan mikroskopi tina karya
minangka ciciptan basa (Isnendes, 2010, kc. 91). 2) Sémiotik
Istilah sémiotik asalna tina basa Yunani, semeion anu hartina ‘tanda’. Dina
harti basajan, sémiotik hartina ‘élmu tanda’. Tanda hartina ‘hiji hal anu ngawakilan anu séjénna’. Jadi, sémiotik téh ‘élmu anu nalungtik sagala rupa dina posisi minangka wakil ti nu séjén’. Jadi sémitok téh hartina élmuning tanda, lantaran sémiotik téh cabang élmu anu nguruskeun tanda, kawas sistim tanda jeung prosés anu bisa dialarapkeun pikeun digunakeunana tanda (Van Zoes, terj. Soekawati, 1993, kc. 1).
3) Ajén Moral
Ajén moral téh nya éta méré pituduh atawa patokan ngeunaan hadé goréngna anu ditarima ku masarakat (kaasup pamaca) ngeunaan kalakuan, sikep, ahlak, kawajiban, jeung susila anu hade dumasar kana sumberna nya éta agama. 4) Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa
Si Kabayan Tapa karya Min Resmana téh kumpulan dongéng anu kandelna
34
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
harita, dimana kahirupan di éta jaman téh geus loba anu teu saluyu jeung bebeneran sarta teu sarua jeung sakumaha mistina. Ieu kumpulan dongéng téh ngandung unsur pamohalan, sarta humor anu diwakilan ku karakter Si Kabayan, tapi éta hal teu ngabalukarkeun ajén atawa pesen moralna leungit. Ku ayana éta unsur, naon-naon anu hayang ditepikeun ku pangarang téh teu hésé ditarima ku aprésiator sastra.
5) Bahan Pangajaran Maca Dongéng
Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén tina sistem pangajaran anu salawasna silih deudeul jeung silih lengkepan antara komponén anu hiji jeung komponén anu lianna. Tina hasil panalungtikan ngeunaan struktur-sémiotik jeung ajén moral anu nyangkaruk dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa téh
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
140
kumaha larapanana hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII. Dina nganalisis objék dipaluruh strukturna, unsur sémiotikna dipaluruh ngagunakeun konsép sémiotik Pierce, sarta ngagunakeun métode déskriptif analitis jeung téhnik talaah pustaka pikeun ngadéskripsikeun panalungtikanana. Anapon hasil tina panalungtikanana, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
Si Kabayan Tapa karya Min Resmana téh kumpulan dongéng anu kandelna
96 kaca, citakan anu kadua, terbitan Rahmat Cijulang dina taun 1967. Kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa miboga tujuh judul, nya éta Ngajual Cau, Tumpak
Oplét, Nyaba, Tapa, Impala Kenyed, Parasit, jeung Lalajo Maén Bal. Nurutkeun
interpretasi panyusun, ieu kumpulan dongéng mangrupa kumpulan dongéng anu eusina méré gambaran kahirupan sosial anu nyata tur mundel. Méré gambaran kahirupan sosial anu ngawakilan jamanna. Ajén atawa pesen moral anu ditepikeun ku pangarangna ogé mangrupa protés sosial kana kahirupan anu kaalaman jaman harita, dimana kahirupan di éta jaman téh geus loba anu teu saluyu jeung bebeneran sarta teu sarua jeung sakumaha mistina.
Sacara gurat badagna, ieu kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa téh
141
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kabayan meuli Impala Kenyed nya éta kéréték téa, tuluy kaduhung da loba rugina batan untungna nambangan kéréték téh. Sakali mangsa mah, manéhna nyobaan turun tina tungtung tangkal surian maké payung, di awang-awang téh gok panggih jeung Déwa Harga. Poé Ahadna Si Kabayan lalajo maén bal jeung Ki Armasan, ari jekuk téh bisul dina bujur Ki Armasan katajong ku Si Kabayan anu géhgéran.
Struktur anu dipaluruh dina kumpulan dongéng Si Kabaya Tapa téh nya éta
téma, tokoh jeung penokohan, alur/plot, jeung latar/setting. Salian ti éta, unsur
sémiotik Pierce anu kapaluruh dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa téh, nya
éta ikon, indéks, jeung simbol. Ikon dina éta kumpulan dongéng téh kapaluruh aya 5, indéksna nya éta aya 167, sedengkeun simbolna anu aya téh nya éta 50. Anapon ajén moral anu kapanggih dina éta kumpulan dongéng téh aya 20. Salian ti ajén moral jeung unsur sémiotik, dina ieu kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa ogé
kapaluruh aya sisindiran.
Hasil panalungtikan ngeunaan struktur-sémiotik jeung ajén moral dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa téh bisa dijadikeun salasahiji alternatif
bahan pangajaran basa Sunda, hususna di SMP kelas VII anu diluyukeun jeung KIKD pangajaran basa Sunda dina matéri ngeunaan dongéng. Ku kituna, déskripsi ngeunaan hasil panalungtikan tadi téh bisa dilarapkeun salaku salah sahiji matéri dina pangajaran maca dongéng.
5.2 Saran
Anu nyusun miboga sababaraha saran tina ieu panalungtikan pikeun sawatara pihak, nya éta saperti ieu di handap.
1) Lembaga-lembaga Kabudayaan jeung Pendidikan
Dipiharep sangkan lembaga-lembaga kabudayaan jeung pendidikan leuwih ngainvéntarisir kana budaya jeung karya sastra Sunda, hususna dongéng-dongéng (karya sastra Sunda buhun)anu sumebar di tatar Sunda. 2) Masarakat Umum
142
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
masarakat mikawanoh deui kana karya sastra buhun anu aya di tatar Sunda, saperti dongéng Si Kabayan Tapa.
3) Guru
Ieu hasil panalungtikan téh dipiharep bisa dipaké minangka salasahiji alternatif bahan pangajaran pikeun guru, anu disaluyukeun jeung kurikulum anu dipaké.
4) Mahasiswa
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré pangaweruh ngeunaan sastra Sunda buhun hususna dongéng, sarta bisa jadi référénsi dina panalungtikan anu sarupa, boh panalungtikan kana kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa,
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR PUSTAKA
Aminuddin. (2004). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru
Aglensindo.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi Revisi
2010). Jakarta: Rineka Cipta.
Aart van Zoest. (1993). Semiotika, Tentang tanda, cara kerjanya dan apa yang
kita lakukan dengannya. Jakarta : Yayasan Sumber Agung.
Bertens, Kees. (1994). Etika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.
Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian. (2013). Kurikulum Tingkat
Daerah (Muatan Lokal). Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan
Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.
Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Danandjaja, James. (1984). Folklor Indonesia. Jakarta: Garfiti Pers.
Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Hadid, Habli Rohmat. (2012). Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Nagrak
Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP.
Bandung: JPBD FPBS UPI.
144
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Iskandarwassid & Sunendar, D. (2013). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung:
Remaja Rosdakarya.
Isnendes, Retty. (2007). Teori Sastra. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.
Isnendes, Retty. (2008). Panyawangan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.
Koswara, Dedi. (2011). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Fitri Wulansari, Nadia. (2014). Unsur Sémiotik dina Kasenian Bangkong Réang di
Kampung Cijaura Désa Lebakmuncang Kacamatan Ciwidéy Kabupatén Bandung pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA. Bandung:
JPBD FPBS UPI.
Nasution, S. (2003). Metode Research. Jakarta: Bumi Aksara.
Pradopo, R. D. (2012). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya.
Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Resmana, Min. (1986). Si Kabayan Tapa. Bandung: Rahmat Cijulang.
Rosidi, Ajip. (2009). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Kiblat Buku
Utama.
Ruhaliah. (2012). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Rusyana, Yus. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung:
CV. Diponegoro.
Rusyana, Yus. (1978). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.
(2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan
145
Resti Melianti, 2014
Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik)
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Salmun, M. A. (1963). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.
Sobur, Alex. (2009). Semiotika Komunikasi (ed. Empat). Bandung: PT Remaja
Rosdakarya Offset.
Sodikin, I. (2013). Simbol-Simbol Budaya nu Nyampak dina Kasenian
Cingcowong di Désa Luragung Landeuh Kec. Luragung Kab. Kuningan pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Skripsi di FPBS UPI
Bandung: teu diterbitkeun.
Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung:
Alfabeta.
Tarigan, H. G. (2008). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa (ed.
Dua). Bandung: Angkasa.
Tim Redaksi Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa. (2008). Kamus Besar
Bahasa Indonesia. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
Wirasasmita, Sutardi. (1997). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan