• Tidak ada hasil yang ditemukan

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA : Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA : Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya."

Copied!
17
0
0

Teks penuh

(1)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI

MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

(Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)

TESIS

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat

pikeun nyangking gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Leli Salimatul Hapsah

NIM 1302488

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

(

Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)

Oleh

Leli Salimatul Hapsah, S.Pd.

Bandung, 2015

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya

Sunda

© Leli Salimatul Hapsah 2015

Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

LELI SALIMATUL HAPSAH NIM 1302488

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI

MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA (Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung

Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)

Disaluyuan sarta disahkeun ku Pangaping,

Prof. Dr. H. Rahman, M. Pd. NIP 195704011984121001

Kauninga ku

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI,

(4)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI

MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA (Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung

Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)

Leli Salimatul Hapsah

ABSTRAK

Prinsip pangajaran basa nya éta ngajarkeun murid parigel maké basa. Kuantitas jeung kualitas kaparigelan basa bisa témbong di antarana tina kandaga kecapna. Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap dilaksanakeun kusabab kurangna panalungtikan ngeunaan kandaga kecap nu dilaksanakeun di sakola dasar. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal nya éta wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar, kekecapan dina karangan narasi murid sakola dasar patalina jeung kamekaran umur murid, sarta karangan narasi anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca. Panalungtikan anu dilaksanakeun ngagunakeun pamarekan kualitatif. Métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif.Téknik analisis data ngagunakeun téknik analisis unsur langsung. Tina 16 karangan kapanggih aya 650 kecap anu frékuénsi makéna 2520 kecap. Sabadana dilakukeun analisis ngeunaan wanda kandaga kecapna kapanggih aya 216 kecap dasar. Salian ti kecap dasar kapanggih wangun kecap anyar jeung kecap pancén. Wangun kecap anyar lobana aya 74 kecap. Sedengken kecap pancén lobana aya 126 kecap.Tina karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar rélatif luyu jeung kamekaran umur murid. Hal ieu témbong tina 650 kecap ngan 10 kecap anu dianggap asup kana kekecapan pikeun panyatur déwasa. Tina 16 karangan anu ditulis ku murid sakola dasar aya 5 karangan anu dianggap cocog pikeun bahan pangajaran maca ditilik tina tingkat interferensina jeung alur karangan narasina.

(5)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KOSAKATA DALAM KARANGAN NARASI

MURID SEKOLAH DASAR UNTUK BAHAN PENGAJARAN MEMBACA (Kajian Léksikologi dan Psikolinguistik di SDN Galunggung

Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)

Leli Salimatul Hapsah

ABSTRAK

Prinsip pengajaran bahasa yaitu mengajarkan murid terampil berbahasa. Kuantitas dan kualitas keterampilan berbahasa dapat dilihat dari kuantitas dan kualitas kosakata yang dikuasai. Kurangnya penelitian mengenai kosakata murid sekolah dasar menjadi landasan pelaksanaan penelitian ini. Tujuan pelaksanaan penelitian yaitu untuk mengetahui dan mendeskripsikan tiga hal yaitu jenis kosakata dalam karangan narasi murid sekolah dasar, kesesuaian kosakata dengan perkembangan umur murid sekolah dasar, dan karangan narasi yang dapat dijadikan bahan pengajaran membaca. Penelitian ini menggunakan pendekatan kualitatif. Metode penelitian yang digunakan yaitu metode deskriptif. Teknik analisis data menggunakan teknik analisis unsur langsung. Dari 16 karangan ditemukan 650 kata dengan frekuensi penggunaan sebanyak 2520 kata. Setelah dilakukan analisis terhadap jenis kosakata ditemukan data kata dasar sebanyak 216 kata, bentukan kata baru sebanyak 74 kata, dan kata tugas sebanyak 126 kata. Dari karangan narasi yang ditulis oleh murid sekolah dasar relatif sesuai dengan perkembangan umur murid. Hal ini dapat dilihat dari 650 kata hanya 10 kata yang dianggap termasuk kata–kata untuk penutur dewasa. Dari 16 karangan yang ditulis murid sekolah dasar terdapat 5 karangan yang dianggap sesuai untuk bahan pengajaran membaca dilihat dari tingkat interferensi dan alur karangan narasi.

(6)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

THE VOCABULARY IN A NARRATIVE TEXT OF STUDENTS ELEMENTARY SCHOOL FOR TEACHING MATERIALS READ

(Lexicology and Phsycolinguistic Study in SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)

Leli Salimatul Hapsah

ABSTRACT

The principle of language teaching that is to teach student skilled speaking. The quantity and quality of language skill can be seen from the quantity and quality of the vocabulary which is controlled. A lack of vocabulary research of student in elementary school have been base of this research.The purpose of the research is to know and described three things that is kind of vocabulary in a narrative text of students in elementary school, the vocabulary of conformity with the development of the age of elementary school students, and a narrative text that can be used as teaching materials read. This research used a qualitative approach. Research methodology used descriptive method. The analysis technique used immediate constituent analysis. From 16 texts have been found 650 words with 2520 words frequences in use. After analysis of the kind of vocabulary, researcher found 216 basic words, 74 new word forms, and 126 words of particles. Narrative texts written by sudents of elementary school the basis of relatively according to the age development. This is can be seen from 650 words only 10 words according to adult speaker. From 16 narrative texts have been found 5 texts that relatively conformity to be teaching materials read seen from interfeerence and plot of narrative text.

Keywords: Vocabulary, Students Elementary School, Teaching Materials

(7)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Struktur Organisasi Panalungtikan... 5

BAB II TATAPAKAN TIORITIS

BAB III MĖTODEU PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 29

3.2 Data jeung Sumber Data ... 30

3.3 Téknik Ngumpulkeun Data ... 30

3.4 Instrumén Pangumpul Data ... 31

3.5 Analisis Data ... 32

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 33

(8)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.2 Analisis Wanda Kandaga Kecap ... 35

4.1.3 Kasaluyuan Kandaga Kecap jeung Kamekaran Umur Murid SD ... 46

4.1.4 Karangan Narasi pikeun Bahan Pangajaran Maca ... 47

4.2 Pedaran ... 49

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 55

5.2 Saran ... 55

DAPTAR PABUKON ... 57 LAMPIRAN

(9)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Prinsip pangajaran basa nya éta ngajarkeun murid parigel maké basa.

Kaparigelan basa ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Kuantitas

jeung kualitas kaparigelan basa bisa témbong di antarana tina kandaga kecapna.

Kaparigelan basa murid bakal ningkat lamun kuantitas jeung kualitas kandaga

kecapna ogé ningkat. Kandaga kecap bisa mawa murid asup kana pangalaman–

pangalaman anu leuwih jembar. Dina pangajaran kandaga kecap di sakola

tangtuna waé murid diajar ngeunaan kecap jeung hartina. Mimiti murid manggih

hiji kecap tuluy néangan ma’na kecapna. Saenggeus apal ma’na na satuluyna

murid bakal diajar ngalarapkeun ma’na kecapna dina kahirupanana. Cindekna,

kandaga kecap bisa ngarobah kahirupan murid.

Kamekaran kandaga kecap raket patalina jeung kamekaran méntal

konséptual murid. Kandaga kecap patalina jeung kamampuh méntal nuduhkeun

hubungan kausalitas. Kualitas jeung kuantitas kandaga kecap nangtukeun kualitas

kamampuh méntalna. Salasahiji cara pikeun nangtukeun kualitas kamampuh

méntal hiji jalma ku cara ngalakukeun ujian kandaga kecap. Ujian kandaga kecap

ogé bisa jadi salasahiji cara pikeun ngukur IQ. Kandaga kecap bisa jadi ukuran

pikeun hakékat jeung kualitas kahirupan. Akal pikiran nu hadé hartina kandaga

kecapna ogé hadé, jeung kandaga kecap anu hadé hartina akal pikiranna ogé hadé.

Duanana silihmangaruhan, akal pikiran jeung kandaga kecap mangrupa bagian

anu teu bisa dileungitkeun tina kasang tukang jeung kamampuh murid.

Patalina jeung kamekaran konséptual, kamekaran kandaga kecap téh

mangrupa kamekaran konséptual. Kamekaran kandaga kecap miboga harti leuwih

jembar tibatan ngan saukur nempatkeun kecap–kecap anyar kana kandaga

pangalaman. Kamekaran kandaga kecap hartina nempatkeun konsép–konsép

anyar kana susunan–susunan tambahan.Kamekaran kandaga kecap mangrupa

tujuan pangatikan dasar pikeun unggal sakola atawa paguron. Dina prinsipna,

sakabéh pangatikan mangrupa tarékah ngamekarkeun kandaga kecap anu ogé

mangrupa kamekaran konséptual. Jadi,dina mekarkeun kandaga kecap murid,

(10)

2

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sasaruaan jeung bébédaan. Sasaruaan jeung bébédaan kecap salasahijina témbong

dina kecap ubar jeung ngubaran. Sok sanajan tina bakal kecap anu sarua tapi

miboga warna jeung ma’na nu béda. Kecap ubar kaasup warna kecap nomina,

sedengkeun ngubaran kaasup warna kecap vérba. Ma’na na ogé béda. Ubar

ngandung harti obat atawa barang anu bisa nyageurkeun awak tina panyakit,

ngubaran hartina ngalakukeun pagawéan nyageurkeun awak tina panyakit. Di

dieu témbong salah sahiji mangpaat tina kamekaran kandaga kecap nya éta diajar

ngeunaan kaidah–kaidah robahna kekecapan. Jadi tugas guru lain ngan saukur

ngenalkeun kekecapan anyar atawa kekecapan anu umum dipaké tapi ogé

ngajarkeun kumaha maké kandaga kecap anu bener larapanana.

Panalungtikan anu dilakukeun ku Edgar Dale ngeunaan kandaga kecap

barudak, tilu parapatna geus miboga kurang leuwih 1500 kecap dina bulan Januari

jeung Pébruari dina taun awal asup sakola. Kecap–kecap anu dicangkem

mangrupa kecap anu bisa dirasa, kandaga kecap sapopoé, pernah karandapan

jeung mangrupa hal anu moal bisa dipohokeun (Tarigan. 2011, hal. 4).

Ku kituna lamun dina taun awal murid geus miboga 1500 kecap, asumsina

yén dina taun–taun satuluyna kandaga kecapna kudu nambahan. Boh kuantitas

boh kualitasna. Kiwari pangajarankandaga kecap basa Sunda hususna di sakola

dasar gumulung dina pangajaran opat kaparigelan basa. Dumasar kana data

émpiris pangajaran di sakola dasar, loba masalah dina pangajaran basa Sunda

patalina jeung kandaga kecap. Sawaréh murid di kelas teu wanoh kana sababaraha

kekecapan anu aya dina téks anu jadi bahan pangajaran. Akibatna murid ngarasa

hésé dina ngajawab pertanyaan–pertanyaan dina pancén sakolana. Lian ti éta,

nalika maca téks, murid teu lancar macana ogé teu paham kana maksud tina téks

nu dibaca. Sabenerna kamampuh kandaga kecap raket patalina jeung kaparigelan

maca. Salasahiji hal anu ngabalukarkeun maca téh hésé nya éta kandaga kecap

anu kawatesanan. Pangajaran maca di sakola dasar raket patalina jeung pangajaran

kandaga kecap. Luyu jeung prinsip pangajaran maca di sakola dasar yén dina

kagiatan pangajaran maca guru kudu ngajarkeun kekecapan anu bakal méré

pamahaman keur murid pikeun maham kana lafal jeung ma’na kekecapan anu

(11)

3

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap anu kungsi dilaksanakeun di sakola

dasar nya éta di kelas dua mangrupa panalungtikan kandaga kecap basa Indonésia.

Hasilna nuduhkeun yén tina 30 téks tinulis aya 339 kalimah, 2132 kecap, 376

nomina, 235 verba, 160 kecap pancén, 119 ajektiva, 98 adverbia, jeung 26

numeralia. Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap dinabasa Sunda di sakola

dasar jarang dilakukeun. Ku kituna ngarasa perlu ngayakeun panalungtikan

ngeunaan kandaga kecap murid dina tingkat kelas anu leuwih luhur.

Panalungtikan ngeunaan kandaga kecap bakal dilaksanakeun ku jalan nganalisis

karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar. Dina karangan narasi murid

bakal nuliskeun sagala pangalaman jeung pangaweruhna ngeunaan hiji hal. Tina

karangan narasi sakabéh pangalaman jeung pangaweruh anu ditulis bisa

némbongkeun kuantitas jeung kualitas kandaga kecapna. Lian ti éta karangan

narasi mangrupa data tinulis anu babari didokuméntasikeun pikeun bahan analisis.

Dumasar kana anu geus dipedar di luhur yén kamampuh kandaga kecap raket

patalina jeung kaparigelan maca.Karangan narasi anu ditulis ku murid sakola

dasar bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran maca di sakola dasar.

Karangan narasi anu ditulis bakal dipilih anu cocog jeung kritéria bahan

pangajaran maca. Dipiharep tina karangan narasi anu ditulis ku murid bisa

ningkatkeun kuantitas jeung kualitas kandaga kecap murid sakola dasar. Lian ti

éta dipiharep jadi pangalaman jeung pangaweruh anyar pikeun murid dina diajar

maca pamahaman. Satuluyna, ieu panalungtikan disusun kalawan judul “Kandaga

Kecap dina Karangan Narasi Murid Sakola Dasar pikeun Bahan Pangajaran Maca

(Tilikan Léksikologi jeung Psikolinguistik di SDN Galunggung Kecamatan Tawang Kota Tasikmalaya)”.

1.2Rumusan Masalah Panalungtikan

Rumusan masalah anu jadi poko panalungtikan disusun dina wangun

pertanyaan saperti ieu di handap.

a. Kumaha wanda kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar?

b. Naha kecap dina karangan narasi murid sakola dasar luyu jeung

(12)

4

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Dumasar kana kandaga kecapna, karangan narasi nu mana waé anu bisa

dipaké pikeun bahan pangajaran maca?

1.3Tujuan Panalungtikan

Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngeuyeuban jeung

mekarkeun pangaweruh dina widang pangajaran basa Sunda di sakola dasar. Lian

ti éta, sabada diayakeun ieu panalungtikan bisa dijadikeun salasahiji sumber

rujukan atawa bacaan pikeun masarakat Sunda umumna jeung palaku pangatikan

dina khususna.

Dumasar hal éta, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun tilu hal nya éta,

a. wanda kandaga kecap nu aya dina karangan narasi murid sakola dasar.

b. kekecapan dina karangan narasi murid sakola dasar patalina jeung

kamekaran umur murid.

c. karangan narasi anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa méré mangpaat kalawan

tioritis nya éta bisa jadi informasi pikeun panalungtik ngeunaan kamampuh

kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar. Lian ti éta bisa

dijadikeun bahan pikeun mekarkeun bahan pangajaran maca di sakola dasar. Ogé

dipiharep bisa ngeuyeuban tiori ngeunaan pangajaran kandaga kecap di sakola

dasar.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu

di handap.

a. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh jeung pangalaman ngeunaan

wanda kandaga kecap anu bisa dicangkem ku murid sakola dasar salaku

(13)

5

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh dina nyiptakeun modél

pangajaran kandaga kecap anu éféktif jeung éfisién.

c. Nambahan jeung ningkatkeun pangaweruh ngeunaan téks narasi anu cocog

pikeun bahan pangajaran maca di sakola dasar.

d. Ngeuyeuban hasil panalungtikan dina widang pangajaran basa Sunda di

sakola dasar.

e. Ieu panalungtikan bisa dijadikeun sumber bacaan umum, ogé bisa jadi

nambahan pangaweruh jeung motivasi pikeun ngayakeun panalungtikan

sarupa anu leuwih lega tur leuwih jero.

1.5Struktur Organisasi Panalungtikan

Ieu panalungtikan kawangun ku lima bab. Di handap pedaran eusi unggal

babna.

Dina bab I eusina nya éta kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah,

tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi tésis.

Satuluyna dina bab II eusina ngeunaan konsép-konsép, tiori - tiori, jeung data – data panalungtikan anu geus aya anu medal dina jurnal boh lokal boh internasional. Konsép, tiori, jeung panalungtikan anu geus aya anu bakal dipedar

dina ieu tésis nya éta tiori ngeunaan kandaga kecap, tiori ngeunaan téks narasi,

psikolinguistik perkembangan, jeung konsép pangajaran maca.

Dina bab III bakal dipedar ngeunaan métodeu panalungtikan. Leuwih rinci

eusi tina bab III nya éta ngeunaan lokasi jeung sample panalungtikan, desain

panalungtikan, métodeu panalungtikan, instrumén panalungtikan, téknik

ngumpulkeun jeung nganalisis data.

Panalungtik medar hasil panalungtikan dina bab IV. Dina bab IV panalungtik

ngadéskripsikeun ngeunaan prosés ngolah data panalungtikan pikeun

ngahasilkeun data anu bisa ngajawab rumusan masalah panalungtikan. Satuluyna,

panalungtik medar analisis data panalungtikan. Sabadana ngolah data jeung

nganalisis data panalungtikan, panalungtik bakal nyieun kacindekan anu

dipidangkeun dina bab V. Dina ieu bab, panalungtik midangkeun hasil tapsiran

(14)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kandaga kecap dina karangan narasi murid sakola dasar nuduhkeun

kamampuh murid dina ngedalkeun pangalamanana jeung pamadeganana dina

wangun tinulis maké basa Sunda. Tina 16 karangan kapanggih aya 650 kecap anu

frékuénsi makéna 2520 kecap. Sabadana dilakukeun analisis ngeunaan wanda

kecapna kapanggih data yén kecap dasar kapanggih aya 216 kecap. Tina 216

kecap di wincik yén istilah pancakaki aya 17 kecap, istilah anggota badan

sakecap, kecap gaganti 5 kecap, kecap bilangan 22 kecap, kecap pagawéan 113

kecap, kecap sipat 60 kecap, kecap barang 293 kecap. Wangun kecap anyar aya

74 kecap. Kecap pancén aya 126 kecap. Nurutkeun ahli yén murid bakal

nyangkem leuwih loba nomina tibatan verba. Tina hasil panalungtikan témbong

yén nomina leuwih loba dicangkem tibatan vérba.

Tina karangan narasi anu ditulis ku murid ogé kapanggih kecap – kecap

anu kapangaruhan ku basa séjén /interférénsi. Interférénsi anu kapanggih nya éta

aya basa Indonésia, basa Inggris, jeung basa Arab.

Tina karangan narasi anu ditulis ku murid rélatif luyu jeung kamekaran

umur murid. Sabada dianalisis kapanggih 640 kecap anu luyu jeung kamekaran

umur murid. Lian ti éta ogé kapanggih kekecapan anu cocog keur panyatur

déwasa. Kecap – kecap anu teu luyu jeung kamekaran umur murid aya 10 kecap.

Karangan narasi anu ditulis ku murid bisa jadi salasahiji alternatif pikeun

bahan pangajaran maca. Kamampuh kandaga kecap raket patalina jeung

kaparigelan maca. Tina 16 karangan anu ditulis ku murid aya 5 karangan anu

dianggap cocog pikeun bahan pangajaran maca ditilik tina tingkat interférénsina

jeung alur karangan narasi anu ditulis ku murid sakola dasar.

5.2 Saran

Saréngséna panalungtikan ngeunaan kandaga kecap murid sakola dasar,

panalungtik nuliskeun sababaraha saran, diantarana :

a. Guruperlu ningkatkeun pangajaran kandaga kecap kalawan

(15)

56

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Perluna ningkatkeun layanan ti sakabéh warga sakola saperti kepala

sekolah jeung guru dina raraga ngamumulé basa jeung budaya Sunda.

Salasahiji tarékahna ku cara ngeuyeuban buku bacaan basa Sunda pikeun

ningkatkeun kandaga kecap murid sakola dasar.

c. Tina kandaga kecap dina karangan narasi anu ditulis ku murid sakola

dasar, lingkungan sakola jeung kulawarga milu mangaruhan kana

kekecapan dina kandaga kecap murid. Kukituna, perluna gawé bareng

antara sakola jeung kulawarga pikeun ngabantu kana pancén pangajaran

(16)

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PABUKON

Alwasilah, A. Chaedar. (2002). Pokoknya Kualitatif. Bandung: PT. Kiblat Utama.

Chaer, Abdul. (2007). Leksikologi dan Leksikografi Indonesia. Jakarta: PT.

Rineka Cipta.

Dale, Edgar dkk.(1971). Techniques of Teaching Vocabulary. United States of

America: Field Educational Publications Incorporated.

Djajasudarma, T. Fatimah. (2013). Fonologi dan Gramatika Sunda. Bandung: PT.

Refika Aditama

Hasan. (2011). Catatankang Hasan (JenisKosakata). Diaksesti:

http://www.google.com/gwt/x?hl=id&u=http://hasan2u.blogspot.com/2011

/03/jenis-jenis-

kosakota.html&source=s&q=Jenis+kosakata+tarigan&sa=X&ei=x2_-VIaBJpGSuATIsYHgDQ&ved=0CAwQFjABOAI.

Husen, H. Akhlan &Rahman. (1996/1997). Perencanaan Pengajaran Bahasa.

Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Dirjen Dikdasmen Bagian

Proyek Penataran Guru SLTP setara D-III.

Keraf, Gorys. (2007). Argumentasi dan Narasi. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka

Utama.

Kusmayati, Nurita Bayu. (2009). Penguasaan Kosakata Siswa dalam

Pembelajaran Keterampilan Berbahasa dalam Jurnal Bahasa dan sastra

dalam Perspektif pendidikan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa dan

Sastra Indonesia FPBS UPI.

Prawirasumantri, Abud dkk. (2007). Kamekaran, Adegan jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Resmini, Novi, Tatat Hartati. (2006). Kapita Selekta Bahasa Indonesia. Bandung:

UPI Press.

Sudaryat, Yayat, spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: YramaWidya.

Sugiyono. (2010). Metode Penelitian Pendidikan : Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

(17)

58

Leli Salimatul Hapsah, 2015

KANDAGA KECAP DINA KARANGAN NARASI MURID SAKOLA DASAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Membaca (sebagai suatu keterampilan

Referensi

Dokumen terkait

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Olahraga dan Keseehatan. © Moch Mumu Septiana 2014

HUBUNGAN POLA ASUH ORANG TUA DENGAN MOTIVASI ANAK UNTUK BERSEKOLAH DI KELURAHAN SUKAGALIH KECAMATAN SUKAJADI KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Pengaruh pupuk kalium dan kadar air tanah tersedia terhadap serapan hara pada tanaman jagung kultivar arjuna.. Pengaruh Sumber dan Dosis Pupuk Kalium terhadap Hasil dan Mutu

[r]

Yuneldi Anwar, Sp.S(K), Ketua Program Studi Departemen/ SMF Neurologi Fakultas Kedokteran Universitas Sumatera Utara, yang telah banyak memberikan masukan

[r]

Saya beranggapan bahwa konsumen yang datang ke Rumah makan zam-zam tidak dilayani dengan baik oleh para

[r]