• Tidak ada hasil yang ditemukan

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG : Tilikan Struktur, Fungsi, jeung Harti.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG : Tilikan Struktur, Fungsi, jeung Harti."

Copied!
15
0
0

Teks penuh

(1)

No. 830/FPBS/0251/2015

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG

(Tilikan Struktur, Fungsi, jeung Harti)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Cici Maulani NIM 1105898

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Rarangkén Tukang dina Karangan

Pangalaman Pribadi Siswa Kelas VII

SMPN 44 Bandung

(Tilikan Struktur, Fungsi, jeung Harti)

Oleh

Cici Maulani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar

Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Cici Maulani 2015

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN

PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG (Tilikan Struktur, Fungsi, jeung Harti) 1

CICI MAULANI 2 ABSTRAK

Kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pamahaman siswa dina ngalarapkeun rarangkén tukang. Larapna rarangkén tukang loba kapanggih dina karangan pangalaman pribadi siswa. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun struktur, fungsi, jeung harti rarangkén tukang nu aya dina karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Téhnik anu dipaké dina ngumpulkeun data nya éta téhnik tés jeung studi pustaka anu ngagunakeun kartu data minangka instruménna. Data anu geus kakumpul dianalisis ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung. Dumasar kana hasil analisis data aya 108 kecap anu ngagunakeun rarangkén tukang tina 53 karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Tina éta data kapanggih (1) 4 rupa rarangkén tukang, nya éta -an, -eun, -keun, jeung -na, (2) struktur kecap rundayan anu wangun dasarna ditapelkeun rarangkén tukang -an aya 3 pola, rarangkén tukang -eun aya 3 pola, rarangkén tukang -keun aya 2 pola, jeung rarangkén tukang -na aya 3 pola, (3) dua rupa fungsi rarangkén tukang, nya éta dérivasi jeung infléksi, (4) 9 harti tina rarangkén tukang -an, 3 harti rarangkén tukang -eun, 1 harti rarangkén tukang -keun, jeung 4 harti rarangkén tukang -na.

Kecap Galeuh: rarangkén tukang, karangan pangalaman pibadi

1

Skripsi diaping ku Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., jeung Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. 2

(5)

AKHIRAN DALAM KARANGAN

PENGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG (Kajian Struktur, Fungsi, dan Makna) 3

CICI MAULANI 4

ABSTRAK

Latar belakang dari penelitian ini adalah kurangnya pemahaman siswa dalam menggunakan akhiran. Penggunaan akhiran ini sering ditemukan dalam karangan pengalaman pribadi siswa. Oleh karena itu, penelitian ini bertujuan untuk menganalsis dan mendeskripsikan struktur, fungsi, dan makna akhiran yang terdapat dalam karangan pengalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Teknik yang digunakan dalam pengumpulan data ialah teknik tes dan studi pustaka dengan menggunakan kartu data sebagai instrumennya. Data yang sudah terkumpul dianalisis menggunakan teknik analisis unsur langsung. Berdasarkan hasil analisis data, terdapat 108 kata yang menggunakan akhiran dari 53 karangan pengalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Dari data tersebut ditemukan (1) 4 jenis akhiran, yaitu -an, -eun, -keun, dan -na, (2) struktur kata berimbuhan yang bentuk dasarnya dibubuhkan akhiran -an ada 3 pola, akiran -eun ada 3 pola, akhiran -keun ada 2 pola, dan akhiran -na ada 3 pola, (3) 2 macam fungsi akhiran, yakni dérivasi dan infléksi, (4) 9 makna dari akhiran -an, 3 makna dari akhiran -eun, 1 makna dari akhiran -keun, dan 4 makna dari akhiran -na.

Kata Kunci: akhiran, karangan pengalaman pribadi

3

Skripsi di bawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. 4

(6)

THE USE OF SUFFIX IN SELF-EXPERINECE WRITING OF STUDENT GRADE VIITH SMPN 44 BANDUNG

(Analysis of Structure, Function, and Meaning )5

CICI MAULANI 6

ABSTRACT

Background of this research is about student’s deficiency of understanding on using suffix. The use of suffix is often found in student’s self-experience writing. Hence, this research is aimed to analyze and describe the structure, function and meaning of suffix toward self-experience writing of student grade VIIth SMPN 44 Bandung. This research is conducted by using descriptive method. Techniques used in collecting data are test and literature review by using card of data as the instrument. Data which has been gathered analyzed by using analysis technique direct unsure. Based on the result of data analysis, there are 108 words which contain suffix from 53 self-experience writing of student grade VIIth SMPN 44 Bandung. From the data, are found (1) 4 kind of suffix, they are -an, -eun, -keun, and -na,(2) structure of words which the base is added by suffix -an have 3 patterns, 3 patterns for suffix -eun, 2 patterns for suffix -keun, and 3 patterns for suffix -na, (3) 2 kind function of suffix, they are derivation and inflection, (4) 9 meaning of suffix -an, 3 meaning of suffix -eun, 1 meaning of suffix -keun, and 4 meaning of suffix -na.

Keywords: suffix, self-experience writing

5

Skripsi di bawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. 6

(7)

DAPTAR EUSI

kaca

PENGESAHAN ... i

INSKRIPSI ... ii

PERNYATAAN ... iii

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... v

ABSTRAK ... vii

DAPTAR EUSI ... x

DAPTAR TABÉL ... xiv

DAPTAR BAGAN ... xv

DAPTAR LAMPIRAN ... xvi

DAPTAR SINGGETAN ... xvii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Rumusan Masalah ... 3

1.3Tujuan Panalungtikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2Mangpaat Praktis ... 4

1.5Sistematika Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI ... 6

2.1 Rarangkén dina Adegan Kecap ... 6

2.1.1 Kecap ... 6

2.1.1.1 Watesan Kecap ... 6

2.1.1.2 Adegan Kecap ... 7

(8)

xi

2.2.4 Karangan Pangalaman Pribadi ... 22

2.3 Panalungtikan Saméméhna ... 22

4.1.1 Rarangkén Tukang nu Aya dina Karangan Pangalaman Pribadi Siswa Kelas VII SMPN 44 Bandung ... 29

4.1.2 Struktur Ngararangkénan Tukang nu Aya dina Karangan Pangalaman Pribadi Siswa Kelas VII SMPN 44 Bandung ... 35

4.1.2.1 Struktur Ngararangkénan Tukang -an ... 35

4.1.2.1.1 Pola 1: Kecap Rundayan KB + -an ... 35

4.1.2.1.2 Pola 2: Kecap Rundayan KP + -an ... 37

4.1.2.1.3 Pola 3: Kecap Rundayan KBil + -an ... 38

(9)

xii

4.1.2.2.1 Pola 1: Kecap Rundayan KB + -eun ... 39

4.1.2.2.2 Pola 2: Kecap Rundayan KP + -eun ... 39

4.1.2.2.3 Pola 3: Kecap Rundayan KS + -eun ... 40

4.1.2.3 Struktur Ngararangkénan Tukang -keun ... 40

4.1.2.3.1 Pola 1: Kecap Rundayan KP + -keun ... 40

4.1.3 Fungsi Rarangkén Tukang nu Aya dina Karangan Pangalaman Pribadi Siswa Kelas VII SMPN 44 Bandung ... 47

4.1.3.1 Fungsi Rarangkén Tukang -an ... 47

4.1.3.1.1 Fungsi Dérivasi Rarangkén Tukang -an... 48

4.1.3.1.2 Fungsi Infléksi Rarangkén Tukang -an ... 48

4.1.3.2 Fungsi Rarangkén Tukang -eun ... 49

4.1.3.2.1 Fungsi Dérivasi Rarangkén Tukang -eun... 50

4.1.3.2.2 Fungsi Infléksi Rarangkén Tukang -eun ... 50

4.1.3.3 Fungsi Rarangkén Tukang -keun ... 51

4.1.3.3.1 Fungsi Dérivasi Rarangkén Tukang -keun... 51

4.1.3.3.2 Fungsi Infléksi Rarangkén Tukang -keun ... 52

4.1.3.4 Fungsi Rarangkén Tukang -na ... 52

4.1.3.4.1 Fungsi Dérivasi Rarangkén Tukang -na... 53

4.1.3.4.2 Fungsi Infléksi Rarangkén Tukang -na ... 54

(10)

xiii

4.1.4.1.6 Harti Rarangkén Tukang -an ‘Hal nu Patali jeung D’ ... 57

4.1.4.1.7 Harti Rarangkén Tukang -an ‘Tempat’ ... 57

4.1.4.1.8 Harti Rarangkén Tukang -an ‘Aya dina Hiji D’ ... 58

4.1.4.1.9 Harti Rarangkén Tukang -an ‘Hal nu di D’ ... 58

4.1.4.2 Harti Rarangkén Tukang -eun ... 59

4.1.4.2.1 Harti Rarangkén Tukang -eun ‘Hal anu Bakal di D’ ... 59

4.1.4.2.2 Harti Rarangkén Tukang -eun ‘Ngarasa D’ ... 59

4.1.4.2.3 Harti Rarangkén Tukang -eun ‘Tempat’ ... 59

4.1.4.3 Harti Rarangkén Tukang -keun ... 60

4.1.4.3.1 Harti Rarangkén Tukang -keun ‘Sangkan di D’ ... 60

4.1.4.4 Harti Rarangkén Tukang -na ... 60

4.1.4.4.1 Harti Rarangkén Tukang -na ‘Nuduhkeun’ ... 60

4.1.4.4.2 Harti Rarangkén Tukang -na ‘Milik’ ... 63

4.1.4.4.3 Harti Rarangkén Tukang -na ‘Ngantebkeun’ ... 64

4.1.4.4.4 Harti Rarangkén Tukang -na ‘Nyambungkeun’ ... 65

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 65

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI ... 69

5.1 Kacindekan ... 69

5.2 Rékoméndasi ... 71

DAPTAR PUSTAKA ... 72

LAMPIRAN ... 73

(11)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab, dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu eusina ngeunaan

desain panalungtikan, sumber data, téhnik ngumpulkeun data sarta instruménna,

jeung téhnik nganalisis data anu dipaké dina ieu panalungtikan.

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, panalungtik nyoko kana pamarekan kualitatif anu

tangtu ngagunakeun métode panalungtikan. Ari métode panalungtikan nya éta

cara anu digunakeun ku nu nalungtik dina ngumpulkeun data panlungtikanana

(Arikunto, 2010, kc. 203). Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

métode déskriptif.

Métode déskriptif nya éta métode anu dipaké pikeun nganalisis data sacara

déskriptif ku cara ngumpulkeun data di lapangan, tuluy dianalisis jeung

didéskripsikeun dumasar kana fakta-fakta jeung sipat-sipat nu tangtu. Dina

panalungtikan anu ngagunakeun métode déskriptif henteu nguji hipotésis jeung

teu nyieun ramalan.

Ieu métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun rarangkén tukang dina

karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Anu

didéskripsikeunna nya éta perkara struktur, fungsi jeung harti rarangkén tukang.

Dina ngalaksanakeun panalungtikan diperlukeun desain panalungtikan anu

gunana pikeun ngagambarkeun sakabéh prosés panalungtikan sangkan nyaho kana

léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun ku panalungtik.

Desain panalungtikan disusun dumasar léngkah-léngkah: 1) nangtukeun

masalah, 2) ngumpulkeun tiori anu ngadeudeul kana ieu panalungtikan tina

buku-buku sumber, 3) nangtukeun métode panalungtikan jeung instrumén

panalungtikan, 4) ngumpulkeun data rarangkén tukang tina sumber data, 5)

analisis jeung deskripsi data, jeung 6) nyieun kacindekan tina hasil ngolah data.

Sangkan leuwih jéntré, léngkah-léngkah panalungtikan digambarkan saperti bagan

(12)

26

Cici Maulani, 2015

Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan pangalaman pribadi

siswa kelas VII SMPN 44 Bandung Taun Ajaran 2014-2015. Ari datana nya éta

sakabéh kecap anu dirarangkénan tukang dina karangan pangalaman pribadi

siswa. Data anu kapanggih tuluy dianalisis dumasar kana struktur, fungsi jeung

hartina.

Dina ngumpulkeun sumber data, panalungtik ngagunakeun tinimbangan

ngeunaan kecap anu dirarangkénan tukang anu cumpon dina unggal karangan

pangalaman pribadi siswa. Ku lantaran kitu tina jumlah sakabéh sumber data anu

aya nya éta 356 karangan, nu dijadikeun sumber datana 15% tina jumlah karangan

nya éta 53 karangan.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés jeung kartu data.

Instrumén tés pikeun ngumpulkeun data anu digunakeun aya dina wangun

paréntah. Instrumén kartu data pikeun nganalisis data rarangkén tukang anu

kapanggih. Cara nangtukeunana nya éta unggal kecap anu dirarangkénan tukang

anu kapanggih dina hasil karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII digurat Nangtukeun Masalah tukang tina sumber data

Nganalisis jeung Deskripsi Data

Nangtukeun métode panalungtikan jeung instrumén

(13)

27

handapan tuluy disalin kana kartu data. Sanggeus kitu dina kartu data téh eusina

nya éta rarangkén tukang dilengkepan ku no. sumber data, paragraf, jeung

kalimah jeung baris dicokotna éta kecap, tuluy analisis rarangkén tukang dumasar

kana struktur, fungsi jeung hartina.

Contoh kartu data:

Katerangan:

KPS1 : Karangan Pribadi Siswa nu kahiji

P : Paragraf

B : Baris

K : Kalimah

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik

tés jeung studi pustaka atawa telaah pustaka pikeun néangan tiori-tiori anu

ngadeudeul kana ieu panalungtikan. Téhnik studi pustaka nya éta téhnik

ngumpulkeun tiori-tiori pikeun bahan tulisan sangkan dijadikeun papagon dina

ngayakeun panalungtikan.

Téhnik ngumpulkeun data anu jadi objék panalungtikan nya éta:

1) ngayakeun tés ngarang pangalaman pribadi;

2) ngumpulkeun hasil karangan pangalaman pribadi siswa;

3) macaan karangan pribadi siswa;

4) nyirian kecap anu maké rarangkén tukang anu kapanggih;

5) nyalin kecap anu maké rarangkén tukang kana kartu data;

6) nganomeran kartu data.

Imah nini kuring aya di kuloneun pasar Banjar. (KPS1/P2/B1/K1)

Kecap : kuloneun

Struktur: -eun

Fungsi : kecap barang

(14)

28

Cici Maulani, 2015 3.4 Analisis Data

Téhnik dina nganalisis data ngagunakeun téhnik analisis unsur sacara

langsung, nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu langsung ngawangun

unsur saluhurureunana (Hocket dina Sudaryat, 2004, kc. 32).

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun 2 modél analisis, nya éta modél tata

unsur jeung modél paradigma. Modél tata unsur nya éta téhnik analisis basa anu

nyingkahan aspék waktu, tapi ngadadarkeun basa dumasar kana unsur-unsur nu

aya katut cara natana (Sudaryat, 2004, kc. 34). Ieu modél digunakeun pikeun

nganalisis struktur anu ngawangun kecap rundayan hasil ngararangkénan tukang.

Ari modél paradigma nya éta téhnik analisis basa anu nganggap yén kecap

mangrupa unsur pangutamana dina tata basa (Sudaryat, 2004, kc. 35). Ieu modél

digunakeun dina nganalisis fungsi anu mucul balukar napelna rarangkén tukang

kana wangun dasarna. Anapon léngkah-léngkah dina ngolah jeung nganalisis data

ditataan di handap.

1) Mariksa deui kalawan rinci data anu aya dina kartu data.

2) Mindahkeun data nu aya dina kartu data kana wangun tabél.

3) Nangtukeun papasingan data dumasar kana struktur, fungsi jeung harti.

4) Nganalisis data dumasar kana struktur, fungsi jeung harti

5) Ngadéskripsikeun data dumasar kana struktur, fungsi jeung harti.

(15)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Cahyani, I. (2013). Rarangkén tukang dina kumpulan carita pondok rusiah

kaopatwelas karya Darpan (Tilikan struktur jeung semantis). (Skripsi).

Bandung: JPBD FPBS UPI.

Chaer, A. (2008). Morfologi bahasa Indonesia (Pendekatan proses). Jakarta: PT.

Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Hernawan. (2009). Morfologi basa Sunda (Handout). Bandung: JPBD FPBS UPI.

LBSS. (1995). Kamus umum basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nurjanah, N. (2007). Tiori nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Ramlan. (2001). Morfologi suatu tinjauan deskriptif. Yogyakarta: C.V. Karyono.

Rosmana, I. A. (2003). Morfologi bahasa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Sudaryat, Y. (2004). Élmuning basa. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Y., Dede, K., Dingding, H., & Guntur S. (2007). Makaya basa.

Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., & Yudibrata, K. (2011). Tata basa Sunda

kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Tamsyah, B. R. (2010). Galuring basa Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (2008). Menulis sebagai suatu keterampilan berbahasa. Bandung:

Penerbit Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman penulisan karya ilmiah.

Bandung: UPI.

Zainurrahman. (2011). Menulis dari teori hingga praktik (Penawar racun

Referensi

Dokumen terkait

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Jurusan Pendidikan Olahraga. © Mochamad Iman Setiawahyu 2014

Pengaruh pupuk kalium dan kadar air tanah tersedia terhadap serapan hara pada tanaman jagung kultivar arjuna.. Pengaruh Sumber dan Dosis Pupuk Kalium terhadap Hasil dan Mutu

Jakarta :Balai Penelitian dan Pengembangan Agama.. Jamhari dan

[r]

Dari rumus tersebut maka dapat ditentukan bahwa jumlah option pada tiap item soal pilihan ganda yang dibuat adalah 5, maka yang dilihat adalah urutan ke bawah dari option

Yuneldi Anwar, Sp.S(K), Ketua Program Studi Departemen/ SMF Neurologi Fakultas Kedokteran Universitas Sumatera Utara, yang telah banyak memberikan masukan

konvensional (ceramah) pada mata pelajaran sosiologi terhadap motivasi belajar peserta didik. Artinya ada perbedaan yang signifikan antara kelas eksperimen 2 dengan

Penderita migren yang memenuhi kriteria inklusi dianamnesis untuk pengisian kuisioner kemudian dilakukan pemeriksaan darah vena untuk mengukur kadar magnesium dan