• Tidak ada hasil yang ditemukan

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUND.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUND."

Copied!
38
0
0

Teks penuh

(1)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK 1008841

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Inventarisasi Puisi Mantra Tatanen

di Kacamatan Cisitu Kabupaten

Sumedang

pikeun Bahan Pangajaran Basa

jeung Sastra Sunda

Oleh

Nenden Intan Pramanik

(3)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

© Nenden Intan Pramanik 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(4)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

NENDEN INTAN PRAMANIK 1008841

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II

Dr. Retty Isnendes, M. Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(5)

D A N G I A N G S U N D A V o l . 2 N o . 3 D e s e m b e r 2 0 1 4 | 1

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN

DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Néndén Intan Pramanik

1)

, Ruhaliah

2)

, Rétty Isnéndés

3)

e-mail:

nenden.intan@student.upi.edu

,

ruhaliah@upi.edu

,

retty.isnendes@upi.edu

.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonésia

ABSTRAK

Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun klasifikasi hasil invéntarisasi puisi mantra di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, puisi-puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, jeung larapna hasil panalungtikan kana bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif, sarta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Hasil tina ieu panalungtikan aya 93 puisi mantra anu diinvéntarisasi, tina klasifikasi puisi mantra kapanggih aya 24 asihan, 46 jangjawokan, 7 singlar, 10 rajah, jeung 6 jampé, tur aya 40 mantra tatanén, jeung 53 anu lain mantra tatanén. Tina déskripsi 40 mantra tatanén, aya 31 jangjawokan, 7 rajah, jeung 2 singlar. Basa anu digunakeun dina mantra tatanén nya éta basa Sunda, basa Sansekerta, basa Kawi, basa Arab, basa Jawa, basa Tamil, jeung basa Jawa Cirebon. Éta mantra tatanén téh miboga tujuan nu hadé. Tempat mapatkeun éta mantra téh aya nu di sawah, di huma, di kebon, di leuit atawa gudang, jeung di pabéasan. Kapercayaan anu katitén dina éta mantra tatanén nya éta kapercayaan urang Sunda anu kacampuran ku kapercayaan Islam jeung Hindu. Pakakas anu digunakeun dina waktu mapatkeun éta mantra nya éta menyan, parukuyan, upet, bedog, tamiang, undem, cai, hanjuang, umbul-umbul, jeung saung sanggar. Prak-prakan mapatkeun éta mantra réréana bari ngukus. Pikeun ngawasa éta mantra ulah milampah pagawéan nirca, aya ogé nu ulah dipapatkeun ku lalaki, ulah dipapatkeun ku awéwé, sarta aya nu kudu puasa wewedalan jeung mutih. Hasil analisis dumasar kana kritéria milih bahan pangajaran anu hadé aya 31 mantra anu bisa dijadikeun bahan pangajaran jeung 9 mantra anu teu bisa dijadikeun bahan ajar. Tina hasil ieu panalungtikan disusun dua bahan pangajaran anu mangrupa conto, nya éta bahan pangajaran mantra pikeun murid SMA kelas XI jeung artikel pikeun murid kelas XII.

Kecap galeuh: puisi mantra, tatanén, jeung bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda.

1

(6)
(7)

D A N G I A N G S U N D A V o l . 2 N o . 3 D e s e m b e r 2 0 1 4 | 3

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

INVENTARISASI PUISI MANTRA PERTANIAN

DI KECAMATAN CISITU KABUPATEN SUMEDANG

UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN BAHASA DAN SASTRA

SUNDA

Nenden Intan Pramanik

1)

, Ruhaliah

2)

, Retty Isnendes

3)

e-mail:

nenden.intan@student.upi.edu

,

ruhaliah@upi.edu

,

retty.isnendes@upi.edu

.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonésia

ABSTRAK

Penelitian ini mengenai puisi mantra pertanian yang ada di Kecamatan Cisitu Kabupaten Sumedang. Tujuan dari penelitian ini untuk mendeskripsikan hasil inventarisasi puisi mantra di Kecamatan Cisitu Kabupaten Sumedang, puisi-puisi mantra pertanian di Kecamatan Cisitu Kabupaten Sumedang, dan penggunaan hasil penelitian terhadap pembelajaran bahasa dan sastra Sunda. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, serta menggunakan teknik studi pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Hasil penelitian ini terdapat 93 puisi mantra yang diinventarisasi, dari hasil klasifikasi puisi mantra terdapat 24 asihan, 46 jangjawokan, 7 singlar, 10 rajah, dan 6 jampe, serta terdapat 40 mantra pertanian, dan 53 mantra yang bukan mantra pertanian. Dari 40 mantra pertanian, terdapat 31 jangjawokan, 7 rajah, dan 2 singlar. Bahasa yang digunakan dalam mantra pertanian adalah bahasa Sunda, bahasa Sansekerta, bahasa Kawi, bahasa Arab, bahasa Jawa, bahasa Tamil, dan bahasa Jawa Cirebon. Mantra pertanian tersebut memiliki tujuan yang baik. Tempat membaca mantra pertanian tersebut, ada yang di sawah, ladang, kebun, leuit atau gudang, dan tempat menyimpan beras. Kepercayaan yang tampak dari mantra pertanian tersebut adalah kepercayaan orang Sunda yang bercampur dengan kepercayaan Islam dan Hindu. Peralatan yang digunakan pada saat mantra tersebut dibacakan adalah kemenyan, parukuyan, upet, bedog, tamiang, undem, air, hanjuang, umbul-umbul, dan saung sanggar. Saat membaca mantra pertanian kebanyakan dibarengi dengan ngukus. Untuk menguasai mantra tersebut tidak boleh melakukan perbuatan yang tidak baik, ada beberapa mantra yang tidak boleh dibaca oleh laki-laki, dan ada pula yang tidak boleh dibaca oleh perempuan, ada beberapa yang harus dipuasai sesuai hitungan hari lahir dan puasa mutih. Dari analisis memilih bahan pembelajaran yang baik, terdapat 31 mantra yang bisa dijadikan bahan pembelajaran dan 9 mantra yang tidak bisa dijadikan bahan pembelajaran. Hasil penelitian ini disusun menjadi dua bahan pembelajaran sebagai contoh, yaitu bahan pembelajaran mantra untuk siswa SMA kelas XI dan artikel untuk siswa kelas XII.

(8)

3

Penulis Penanggung Jawab 2

INVENTORY OF AGRICULTURAL MAGICAL SPELL

IN CISITU DISTRICT, SUMEDANG REGENCY

FOR SUNDANESE LANGUAGE LEARNING MATERIAL

Nenden Intan Pramanik

1)

, Ruhaliah

2)

, Retty Isnendes

3)

e-mail:

nenden.intan@student.upi.edu

,

ruhaliah@upi.edu

,

retty.isnendes@upi.edu

.

Local Language Education, The Faculty of Language and Art Indonesia University of Education

ABSTRACT

The research was focused on agricultural magical spell in Cisitu district, Sumedang regency. The goal of the research described the result of inventory of agricultural magical spell in Cisitu, Sumedang, agricultural magical spells in Cisitu, Sumedang and usage of the result of research toward Sundanese language learning. The research used descriptive method; literary, observation, interview and documentation. There were 93 magical spells as the result of research and could be clarified into 24 asihan, 46 jangjawokan, 7 singlar, 10 rajah, and 6 jampe. Also, there were 40 agricultural magical spells and 53 were not agricultural magical spells. From 40 agricultural magical spells, there were 31 jangjawokan, 7 rajah, and 2 singlar. The usage of language in agricultural magical spells was Sundanese, Sansekerta, Kawi, Arabic, Javanese, Tamil, and Cirebon-Javanese. The agricultural magical spells had good purpose. The places for cast spells were in the field, garden, leuit or barn, and stock pile of rice. The believing had been appeared combine between Islamic and Hinduism. The equipments for cast the spells were kemenyan, parukuyan, upet, bedog, tamiang, undem, water, hanjuang, umbul-umbul and saung sanggar. When cast the spells usually accompanied by ngukus. For conquered the magical spells had to do good behavior. There were several magical spells forbidden for men and several for women. There were several magical spells had to conquer by fasting based on birth date and puasa mutih. There were 31 magical spells can be used for learning material and 9 cannot be used. The result of the research was arranged into two learning materials such as magical spells learning for XI graders and articles for XII graders.

Key words: magical spell, agricultural, and Sundanese language learning material.

1Mean writer

(9)

D A N G I A N G S U N D A V o l . 2 N o . 3 D e s e m b e r 2 0 1 4 | 5

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(10)

DAPTAR EUSI

1.5 Mangpaat Panalungtikan ……… 5

1.6 Raraga Tulisan ………... 5

BAB II PUISI MANTRA, TATANÉN, JEUNG BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA………... 7

2.1 Mantra ……… 7

2.2 Tatanén ………... 17

2.3 Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ……….. 25

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ……… 30

3.1 Lokasi Panalungtikan ………. 30

(11)

vii

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan ……… 34

3.4 Wangenan Operasional ……….. 35

3.5 Instrumén Panalungtikan ……… 36

3.6 Téhnik Panalungtikan ……… 37

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ……… 39

BAB IV INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA ……… 40

4.1 Klasifikasi Hasil Invéntarisasi Puisi Mantra di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang ……… 40

4.2 Déskripsi Puisi Mantra Tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang ………... 44

4.3 Larapna Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ………... 102

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ………... 145

5.1 Kacindekan ………. 145

5.2 Saran ………... 146

DAPTAR PUSTAKA ………. 148

LAMPIRAN-LAMPIRAN ……… 151

(12)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Dina kahirupan tradisional, sastra dalit jeung kahirupan masarakat sapopoé. Contona waé: indung nu mangdongéngkeun atawa mépéndé anakna méméh saré, bapa nu ngawuluku bari kakawihan, barudak di sawah nu silih senggak kakawihan jeung olé-oléan, dukun nu ngalalarkeun paneluhan, atawa nini nu mapatkeun jangjawokan waktu ngisikan. Kalayan sadar atawa henteu di masarakat tradisional sastra téh jadi kagiatan nu dipigawé babarengan. Sastra di masarakat tradisional sipatna anonim, henteu saperti di masarakat modern, sastra téh jadi kagiatan pribadi nu aya patalina jeung pernyataan diri atawa hak cipta. Dina kahirupan tradisional, sastra mangrupa bagian nu henteu bisa dipisahkeun sacara lahiriah tina kapercayaan, pakasaban, kaulinan, jeung dina widang lianna (Isnéndés, 1998, kc. 1-2).

Dumasar kana éta katerangan, sastra dina kahirupan masarakat tradisional, hususna masarakat Sunda, jadi bahan ulikeun sarta lenyepaneun anu luhung. Salasahiji sastra anu dalit jeung kahirupan masarakat tradisional anu kasabit di luhur di antarana paneluhan jeung jangjawokan, anu disebut ogé mantra. Mantra téh karya sastra Sunda anu mangrupa hégémoni dina mangsana. Kiwari gé masih aya kénéh sésa-sésa tina murbana éta mantra di lingkungan masarakat Sunda (Isnéndés, 2009). Mantra ogé mangrupa genre puisi anu jadi puseur panitén masarakat. Lain ukur di tanah Sunda, tapi ogé ampir di sakuliah Nusantara, puisi mantra masih dipaké sarta jadi kareueus hiji kelompok masarakat nu tangtu (Isnéndés, 2010, kc. 100).

(13)

2

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(14)

Topografi Kacamatan Cisitu nurutkeun Badan Pusat Statistik Kabupaten Sumedang mangrupa wilayah dataran tinggi, réa lahan pasawahan, kebon jeung pasir. Sawatara masarakatna dina tatanén masih nyekel pageuh tali paranti, di antarana kudu mapatkeun mantra dina unggal kagiatan sarta ngamimitian hiji pagawéan, sanajan teu satartib jaman baheula, sarta rada béda carana. Baheula mah upama usum panén téh, ti kajauhan témbong umbul-umbul beureum bodas digantélan eunteung nu gugurilapan katojo ku sarangéngé, matak kelar, matak waas, patani nyieun saung sanggar sapuratina pikeun piisukaneun panén lengkep jeung sasajén pikeun marengan mapatkeun mantra. Kaayeunakeun mah sawatara patani téh aya nu ukur mawa menyan ka sesepuh sangkan dimantraan, anu satuluyna éta menyan kari diseungeut méméh der ngamimitian hiji pagawéan, upamana: tandur, mipit, jeung panén.

Kiwari di Kacamatan Cisitu beuki loba pangwangunan anu ngalantarankeun kadéséhna lahan tatanén jeung pasawahan. Éta hal bisa jadi salasahiji lantaran leungitna raratan mantra-mantra tatanén di ieu kacamatan. Padahal mantra téh beunghar ku: simbol, idéologi-idéologi, pranata-pranata, opini-opini, gagasan-gagasan, tingkah paripolah, jeung mangrupa artéfak budaya nu mangrupa wujudiah tina kabudayaan masarakat Sunda nu luhung (Isnéndés, 2009).

Kahanan mantra mangsa kiwari beuki nyirorot. Mangsa bihari kungsi jadi hégémoni sakumna masarakat, kiwari geus langka anu apal kana mantra komo para nonoman mah. Ku kituna, ieu panalungtikan perlu dilaksanakeun minangka tindak prévéntif sangkan éta mantra teu leungit kitu waé. Sanajan teu jadi hégémoni deui saperti dina mangsa bihari, sahenteuna ieu mantra teu leungit raratanana tur tetep dipikawanoh salaku karya sastra Sunda. Salasahiji jalan pikeun ngawanohkeun mantra salaku karya sastra Sunda téh ngaliwatan pangajaran di sakola-sakola.

(15)

4

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi” (1998) ku Rétty Isnéndés; “Invéntarisasi Puisi Jangjawokan di Kampung Anggacarang Kacamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” (2003) ku Kiki Maria Hodijah; “Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kacamatan Naringgul Kabupatén Cianjur” (2004) ku Dadang Gunawan; “Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang Kabupatén Garut: Invéntarisasi jeung Analisis Ajén Éstétis Struktur” (2008) ku Aneu Nurlaéla; jeung “Jangjawokan di Désa Nagrak Kacamatan Buahdua Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Ajar Aprésiasi Sastra Sunda di kelas XII SMA Negeri 1 Cicaléngka: Ajén Struktur” (2009) ku Élis Nurhayati. Salian ti éta aya ogé dina wangun artikel “Puisi Mantra: Sisi Terapi Hiji Hegemoni Sastra Residual” (2009) ku Retty Isnéndés jeung jurnal “Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupaten Sukabumi: Analisis Deskriptif Teks dan Konteks” dina buku “Kajian Sastra” (2010) ku Retty Isnéndés.

Tina sababaraha panalungtikan ngeunaan mantra, tacan aya anu museur kana mantra anu dipaké dina tatanén. Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun ngainvéntarisasi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu, sarta kumaha saupama éta mantra disusun pikeun bahan pangajaran Basa jeung Sastra Sunda. Ku kituna ieu panalungtikan nu judulna “Invéntarisasi Puisi Mantra Tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda” perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang nu dipedar, idéntifikasi masalah dina ieu panalungtikan téh nya éta:

1)puisi mantra mangrupa karya sastra Sunda anu kungsi jadi hiji hégémoni di masarakat Sunda mangsa bihari, tapi kiwari langka anu wanoh kana mantra; 2)kahanan puisi mantra nu kiwari beuki nyirorot, bisa ngalantarankeun leungitna

raratan mantra nu kungsi hirup di masarakat Sunda;

(16)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4)mantra dalit jeung kahirupan masarakatna, kulantaran kitu téks jeung kontéks puisi mantra teu bisa dipisahkeun;

5)salian ti unik tur buhun mantra téh mangrupa karya sastra Sunda nu perlu diwanohkeun sarta dimumulé pikeun kabeungharan hasanah karya sastra Sunda.

1.3 Rumusan Masalah

Masalah ngeunaan mantra téh kacida jembarna, ku kituna sangkan teu lega teuing ambahanana masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan di handap.

1)Kumaha klasifikasi data hasil invéntarisasi puisi mantra di kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang?

2)Kumaha déskripsi puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang?

3)Kumaha larapna hasil panalungtikan Invéntarisasi Puisi Mantra Tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang kana bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda?

1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngainvéntarisasi puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang.

1.4.2Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh sarta ngadéskripsikeun:

1)klasifikasi data hasil invéntarisasi puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang ;

(17)

6

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(18)

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1Mangpaat Tioritis

Ieu hasil panalungtikan téh dipiharep bisa méré sumbangsih dina ngeuyeuban pangaweruh ilmiah dina widang sastra sarta bisa ngawanohkeun karya sastra anu nyampak di masarakat utamana karya sastra buhun nu mangrupa puisi mantra.

1.5.2Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis nu dipiharep tina ieu panalungtikan katitén saperti di handap.

1)Pikeun masarakat, bisa mikawanoh salasahiji karya sastra Sunda nya éta puisi mantra utamana nu dipaké dina tatanén.

2)Pikeun panalungtik, ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan karya sastra anu nyampak di masarakat Sunda tur bisa aub dina kahirupan masarakat sarta budayana.

3)Pikeun guru, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa dipaké pikeun bahan ajar dina pangajaran Basa jeung Sastra Sunda.

4)Pikeun siswa, ngaliwatan hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran ngeunaan puisi mantra dina tatanén tur méré motivasi pikeun milu ngarojong dina usaha ngariksa budaya jeung sastra Sunda.

5)Pikeun nu maca, nungtun sangkan aya karep pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya jeung sastra Sunda sarta ngahudangkeun rasa jeung pikiran sangkan mikawanoh kana dirina tina widang sastra hususna sastra Sunda buhun nu mangrupa puisi mantra.

1.6 Raraga Tulisan

(19)

8

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur raraga tulisan.

BAB II Kajian Pustaka, nya éta ngeunaan tatapakan tiori anu medar ngeunaan puisi mantra, tatanén, jeung bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda.

BAB III Métode Panalungtikan, eusina husus medar ngeunaan lokasi panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

BAB IV medar ngeunaan Invéntarisasi Puisi Mantra Tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda.

(20)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB III

Sacara administratif, Kacamatan Cisitu nya éta salasahiji kacamatan nu aya di wilayah Kabupatén Sumedang. Legana wilayah Kacamatan Cisitu 3,50 % tina lega wilayah Kabupatén Sumedang, nya éta 5.331 Ha, saperti katitén dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1 Lega Wilayah Dumasar Kacamatan di Kab. Sumedang

(21)

31

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

13. Cibugel 4.880 26. Surian 5.047

(Sumber: Pemerintah Kabupatén Sumedang, 2009)

Wates wilayah Kacamatan Cisitu, diwincik saperti ieu di handap. 1) Beulah kalér ngawates jeung Kacamatan Tomo;

2) Beulah kulon ngawates jeung Kacamatan Situraja; 3) Beulah kidul ngawates jeung Kacamatan Cibugel;

4) Beulah wétan ngawates jeung dua kacamatan, nya éta Kacamatan Darmaraja jeung Kacamatan Jatigedé.

Jumlah désa di Kacamatan Cisitu aya 10 désa, nya éta: 1) Désa Cilopang, sesepuh atawa tokoh masarakat anu masih ngagunakeun atawa apal kana mantra. Anu dijadikeun datana nya éta mantra-mantra tatanén anu masih digunakeun atawa kungsi digunakeun di sababaraha désa di wilayah Kacamatan Cisitu.

(22)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.2 Narasumber (Informan) dina Panalungtikan

No. Wasta Foto Jenis Kelamin Tempat, Ping Gumelar Padumukan Pakasaban Nomer Mantra

1 Mien Kelaswara P Sumedang, 01 Agustus 1935

(23)

33

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

No. Wasta Foto Jenis Kelamin Tempat, Ping Gumelar Padumukan Pakasaban Nomer Mantra

4 Émé Tarma L Sumedang, 03 Désémber 1943

Durahman L Sumedang, 17 Agustus 1947

Dsn. Bakom

(24)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

3.2 Désain Panalungtikan

Désain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta désain panalungtikan

kualitatif, nu sipatna déskriptif, umum, fléksibel, mekar jeung muncul dina prosés panalungtikan (Sugiyono, 2012, kc. 14). Éta désain panalungtikan sangkan leuwih jéntré dipidangkeun dina wangun bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data kalayan tujuan jeung kagunaan nu tangtu (Sugiyono, 2012, kc. 2). Métode panalungtikan nya éta cara ngungkulan masalah panalungtikan nu dilaksanakeun sacara terencana kalawan taliti pikeun nyangking fakta jeung kacindekan sangkan bisa

Nyusun Bahan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda

Studi pustaka Obsérvasi Wawancara Studi Dokuméntasi

Klasifikasi Data

(25)

35

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

maham, ngajéntrékeun, ngaramalkeun, jeung ngatur kaayaan. Métode disebut ogé cara pikeun maham sarta neuleuman objék nu jadi sasaran panalungtikan (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 14).

Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Nurutkeun Strauss & Corbin dina Syamsuddin jeung Damaianti (2007, kc. 73), panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu data-data hasil panalungtikanana teu dumasar kana prosedur statistik atawa wangun itungan séjénna. Nurutkeun Sugiyono (2012, kc. 14-15), dina panalungtikan kualitatif panalungtik biasana ilubiung di lapangan sarta nyatet kalayan taliti data nu aya di lapangan tur nyieun laporan panalungtikan sacara détail. Nurutkeun Bogdan and Biklen dina Sugiyono (2012, kc. 13), panalungtikan kualitatif dilaksanakeun dina kondisi nu alamiah, langsung ka sumber data tur panalungtik salaku instrumén utama. Data anu kacangking dina panalungtikan kualitatif sifatna deskriptif dina wangun kekecapan (boh lisan boh tinulis) atawa gambar. Ku kituna, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.

Métode déskriptif nya éta salasahiji métode ngumpulkeun data pikeun méré gambaran, nandeskeun hiji konsép atawa gejala, ogé ngajawab pertanyaan-pertanyaan anu patali langsung jeung subjék panalungtikan (Darmadi, 2011, kc. 7). Nurutkeun Syamsuddin jeung Damaianti (2007, kc. 24), tujuan panalungtikan

déskriptif diwatesanan pikeun ngagambarkeun karateristik hiji hal sakumaha ayana. Dina ieu panalungtikan métode déskriptif dipaké pikeun ngadéskripsikeun puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, anu satuluyna disusun pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan puguh maksud jeung udaganana, istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan ditataan saperti ieu di handap.

(26)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

anu sumebar di masarakat Kacamatan Cisitu anu masih jeung kungsi dipaké dina tatanén.

2) Puisi mantra nya éta wangun puisi buhun anu dianggap miboga kakuatan magis ku masarakat nu makéna, tur dipaké di kalangan masarakat nu tangtu dina hirup kumbuhna, sarta mangrupa tradisi lisan nu raket patalina jeung kapercayaan. Puisi mantra anu dimaksud dina ieu panalungtikan puisi mantra anu husus dipaké dina tatanén.

3) Tatanén nya éta tatanian. Ari kecap tatanian asalna tina kecap tani anu miboga harti molah taneuh, migawé kebon, atawa sawah (Danadibrata, 2009, kc. 679). 4) Bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda nya éta salasahiji komponén dina

kurikulum anu mangrupa matéri nu dipidangkeun ku guru pikeun ditepikeun ka siswa, dina mata pelajaran basa jeung sastra Sunda. Bahan pangajaran nu disusun tina ieu hasil panalungtikan dumasar kana KIKD Kurikulum 2013.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun pikeun ngukur

fénoména alam atawa sosial nu ditalungtik (Sugiyono, 2012, kc. 102). Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara, handphone, jeung kaméra.

1) Pedoman Wawancara

(27)

37

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

(28)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.3 Daftar Pertanyaan dina Wawancara

Pertanyaan-pertanyaan Ngeunaan Puisi Mantra 1

1. Téks mantra (Kumaha unina éta mantra sarta basa naon anu dipaké dina éta mantra?)

2. Tujuan (pikeun naon gunana éta mantra dipapatkeun?) 3. Tempat (di mana éta mantra dipapatkeunana?)

4. Waktu (iraha éta mantra dipapatkeunana?)

5. Alat jeung bahan (pakakas naon waé anu kudu aya dina waktu éta mantra dipapatkeun?)

6. Prak-prakanana (kumaha prak-prakan mapatkeun éta mantra?)

7. Pantrangan (naha aya pantranganana jeung sarat-sarat anu kudu ditedunan dina mapatkeun jeung ngawasa éta mantra?)

2) Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarékam data-data, caritaan atawa informasi lisan ngeunaan objék panalungtikan.

3) Kaméra

Kaméra digunakeun pikeun ngarékam jeung ngadokuméntasikeun data-data nu sipatna dokumén dina wangun gambar jeung sajabana.

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku dua tahapan, nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1. Téhnik Ngumpulkeun Data

(29)

39

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

(30)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

1) Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka digunakeun pikeun néangan bahan-bahan sarta tiori-tiori anu aya hubunganana jeung ieu panalungtikan, sarta dijadikeun dadasar atawa tatapakan dina ieu panalungtikan. Tiori anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta tiori ngeunaan puisi mantra, tatanén, jeung bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda.

2) Obsérvasi

Obsérvasi nya éta téhnik dimana panalungtik ilubiung langsung ka lapangan pikeun niténan sarta ngumpulkeun gejala subjék panalungtikan dina kaayaan sabenerna. Panalungtik niténan kaayaan langsung ngeunaan sagala hal anu patali jeung puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang.

3) Wawancara

Wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ti narasumber. Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngawawancara sababaraha narasumber pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. 4) Studi dokuméntasi

Studi dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu mangrupa hal-hal atawa barang nu dianggap penting dina ieu panalungtikan.

3.6.2. Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha léngkah nya éta:

1) ngumpulkeun informasi anu geus kacangking ngaliwatan studi pustaka, obsérvasi, wawancara jeung studi dokuméntasi;

2) nangtukeun klasifikasi data hasil panalungtikan dumasar kana téori nu disusun ku Rusyana;

(31)

41

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4) Nyusun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda tina hasil déskripsi data panalungtikan.

3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan téh ngawengku tahap tatahar, tahap ngumpulkeun data, tahap ngolah data, jeung tahap nyusun laporan panalungtikan/ nyusun skripsi.

1) Tahap Tatahar

Léngkah-léngkah dina tahap tatahar nya éta: (1) ngajukeun judul panalungtikan; (2) nyusun rarancang panalungtikan; (3) ngumpulkeun sumber-sumber jeung bahan kajian; (4) nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan; (5) nyusun proposal panalungtikan; (6) nyieun surat ijin panalungtikan; jeung (7) konsultasi jeung dosén pembimbing.

2) Tahap Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngumpulkeun data nya éta: (1) studi pustaka pikeun ngumpulkeun téori sarta bahan anu patali jeung puisi mantra tatanén; (2) obsérvasi ka Kacamatan Cisitu pikeun niténan sagala hal anu patali jeung puisi mantra tatanén anu dipaké jeung kungsi dipaké di éta kacamatan; (3) wawancara ka para tokoh masarakat jeung sesepuh anu apal tur ngarti kana puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu; jeung (4) ngadokuméntasikeun kagiatan panalungtikan.

3) Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina tahap ngolah data nya éta: (1) nangtukeun klasifikasi data hasil invéntarisasi puisi mantra tatanén dumasar kana téori nu disusun ku Rusyana; (2) ngadéskripsikeun puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang; jeung (3) nyusun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda tina hasil panalungtikan.

(32)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(33)

145

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh didadasaran ku rasa kapanasaran panalungtik kana puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tina éta rasa kapanasaran panalungtik ngayakeun panalungtikan anu miboga tujuan ngainvéntarisasi puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, ngadéskripsikeun éta puisi mantra tatanén, sarta nyusun hasil panalungtikan jadi bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Téori anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta téori anu patali jeung puisi mantra, tatanén, sarta bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode déskriptif.

Tina hasil invéntarisasi puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, kapanggih 93 puisi mantra nu diklasifikasikeun dumasar kana papasingan mantra nurutkeun Rusyana. Tina hasil éta klasifikasi téh kapanggih yén aya 24 puisi mantra (25, 8 %) anu mangrupa asihan, 46 puisi mantra (49, 5 %) anu mangrupa jangjawokan, 7 puisi mantra (7, 5 %) anu mangrupa singlar, 10 puisi mantra (10, 8 %) anu mangrupa rajah, jeung 6 puisi mantra (6, 4 % ) anu mangrupa jampé, sarta aya 40 puisi mantra (43 %) anu mangrupa mantra tatanén jeung 53 puisi mantra (57 %) anu lain mangrupa mantra tatanén.

Tina déskripsi 40 puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, aya 31 puisi mantra (77, 5%) anu mangrupa jangjawokan, 7 puisi mantra (17, 5%) anu mangrupa rajah, jeung 2 puisi mantra (5%) anu mangrupa singlar. Jadi, dina tatanén mah puisi mantra anu digunakeun téh lolobana anu mangrupa jangjawokan.

(34)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

pabéasan. Waktu mapatkeunana aya nu isuk-isuk jeung pasosoré, iwal ti jangjawokan paranti nyiuk béas anu bisa dipapatkeun wayah kumaha waé.

Kapercayaan anu katitén tina éta mantra tatanén téh, nya éta kapercayaan urang Sunda anu kacampuran ku kapercayaan Islam jeung Hindu. Pakakas anu marengan dipapatkeunana éta mantra tatanén téh, diantarana menyan, parukuyan, upet, bedog, tamiang, undem, cai, hanjuang, umbul-umbul, jeung saung sanggar. Dina prak-prakan mapatkeunana éta mantra téh, lolobana kudu dibarengan ku ngukus. Pantrangan dina ngawasa jeung mapatkeun éta mantra tatanén téh, aya nu ulah milampah pagawéan nirca (teu hadé) nu dicaram ku agama, aya nu kudu puasa atawa puasa mutih sajumlah naptu wewedalan, aya ogé jangjawokan anu teu meunang dipapatkeun ku lalaki (jangjawokan paranti nyiuk béas), jeung aya nu ulah dipapatkeun ku awéwé (jangjawokan paranti nyawén).

Mantra tatanén anu didéskripsikeun téh, tuluy dianalisis dumasar kana kritéria milih bahan pangajaran anu hadé. Tina hasil analisis, kapanggih yén aya 31 puisi mantra (77, 5 %) anu bisa disusun jadi bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda, jeung 9 puisi mantra (22, 5 %) anu teu bisa disusun jadi bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Hasil ieu panalungtikan téh disusun jadi dua bahan pangajaran anu mangrupa conto, nya éta bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda pikeun SMA kelas XI (mantra) jeung kelas XII (artikel).

5.2 Saran

Mantra tatanén téh mangrupa bagian tina karya sastra buhun jeung budaya urang Sunda anu bisa ngeuyeuban hasanah sastra jeung budaya Sunda. Pikeun nu maca, panalungtik miharep ieu hasil panalungtikan téh jadi salasahiji panggeuing pikeun ngahudangkeun karep dina ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya jeung sastra Sunda. Salian ti éta, mantra kawengku dina kurikulum 2013 di tingkat SMA. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salasahiji alternatif mekarkeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola-sakola.

(35)

147

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(36)

DAPTAR PUSTAKA

Badan Pusat Statistik Kabupatén Sumedang. (2013). Kecamatan Cisitu dalam

Angka Tahun 2013. Sumedang: BPS Kabupatén Sumedang.

Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian. (2013). Kurikulum 2013

Kompetensi Inti dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan

Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda (Citakan ka- 2). Bandung: Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia (Cetakan ke-VII). Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Darmadi, H. (2011). Metode Penelitian Pendidikan (Cetakan ka- 2). Bandung: Alfabeta.

Ekadjati, E. S. (2005). Kebudayaan Sunda Suatu Pendekatan Sejarah (Cetakan ka- 2). Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Ekadjati, E. S. (2009). Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran (Cétakan ka- 2). Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Harjanto. (2008). Perencanaan Pangajaran (Cétakan ka- 6). Jakarta: Rineka Cipta.

Ibrahim, R. jeung Syaodih, N. (2003). Perencanaan Pengajaran (Cétakan ka- 2). Jakarta: Rineka Cipta.

Iskandar, J. & Iskandar, B.S. (2011). Agroekosistem Orang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Isnéndés, R. (1998). Analisis Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén

Sukabumi. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan, Bandung.

(37)

149

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Isnéndés, C. R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra

Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Jamaluddin. (2003). Problematik Pembelajaran Bahasa & Sastra. Yogyakarta: Adicita Karya Nusa.

Koentjaraningrat. (1990). Kebudayan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra

Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Pudentia. (Penyunting), (2008), Metodologi Kajian Tradisi Lisan. Jakarta:

Asosiasi Tradisi Lisan.

Pemerintah Kabupatén Sumedang. (2009). Topografi. [Online]. Tersedia di: http://www.sumedangkab.go.id. Diakses 04 Maret 2014.

Rahmawati, É. (2014). Kumpulan Dongéng Sasakala Talaga Warna Pikeun

Bahan Pangajaran Maca di SMP (Tilikan Struktural, Pendidikan

Karakter, jeung Sawangan Hirup Urang Sunda). (Skripsi). Sekolah Sarjana, Universitas Pendidikan Indonésia, Bandung.

Ruhaliah. (2010). Sajarah Sunda Saméméh Taun 1945. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Y. (1970). Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun dan Folklore Sunda.

Semi, A. (1989). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Setiadi, E. M., Hakam, K. A., & Effendi, R. (2012). Ilmu Sosial dan Budaya

Dasar (Cetakan ka- 9). Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Sudaryat, Y., Kosasih, D., & Haerudin, D. (2005). Makaya Basa jeung Sastra

Sunda. Bandung: UPI Press.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R & D (Cétakan ka-17). Bandung: Alfabeta.

Syamsuddin jeung Damaianti, V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa (Cétakan ka- 2). Bandung: Remaja Rosdakarya.

(38)

NÉNDÉN INTAN PRAMANIK, 2014.

INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Tim Pengembangan MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2012). Kurikulum dan

Pembelajaran (Cétakan ka- 2). Jakarta: PT Raja Grafindo Persada.

Universitas Pendidkan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Referensi

Dokumen terkait

Dari uraian diatas dapat disimpulkan bahwa pelayanan publik adalah segala bentuk kegiatan pelayanan umum yang dilaksanakan oleh instansi pemerintah pusat atau

[Nama Ketua

http://repository.usu.ac.id/bitstream diakses pada tanggal 17 Januari 2016 pukul 11.30

BupatiMalikota dan Wakil BupatiM/akil WaliKota, yang diselenggarakan bersamaan dalam daerah yang sama, dilakukan pendanaan bersama antara pemerintah provinsi dan

Dalam suatu metode penelitian perlu menetapkan suatu metode yang sesuai dan dapat membantu mengungkapkan suatu permasalahan. Metode dalam suatu penelitian merupakan

(2) secara parsial, variabel periklanan mempunyai pengaruh positif dan signifikan terhadap variabel kesadaran merek pada Starbucks Coffee Shop Sun Plaza, Medan, (3) Hasil

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Keefektifan strategi KWL (Know-Want to knom-Learned) terhadap kemampuan membaca kriitis dan berpikir kritis siswa di sekolah dasar.. Universitas Pendidikan Indonesia |