Cahmawati Ningrum, 2013
UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF
NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN KARYA H. USEP ROMLI HM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN SASTRA
DI SMA KELAS XI
SKRIPSI
Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda
ku
Cahmawati Ningrum NIM 0902612
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
2013
Unsur Objéktif jeung Éksprésif
Novél Béntang Pasantrén Karya H. Usep Romli HM pikeun Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra
Di SMA Kelas XI
Oleh
Cahmawati Ningrum
Skripsi ini Disusun untuk Memenuhi Salah satu Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda
© Cahmawati Ningrum 2013
Universitas Pendidikan Indonesia
September 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
Cahmawati Ningrum, 2013
LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI
CAHMAWATI NINGRUM NIM 0902612
UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF
NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN KARYA H. USEP ROMLI HM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN SASTRA
DI SMA KELAS XI
DISATUJUAN JEUNG DISAHKEUN KU:
Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP. 196411101989032002
Pangaping II,
Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP. 197212021999032001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF NOVÉL BÉNTANG
PASANTRÉN KARYA H. USEP ROMLI HM PIKEUN BAHAN
PANGAJARAN MACA PEDARAN SASTRA DI SMA KELAS XI1
Cahmawati Ningrum2
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, cahmawatiningrum@yahoo.co.id
ABSTRACT
This research paper entitled “Unsur Objéktif jeung Éksprésif Novél
Béntang Pasantrén Karya H. Usep Romli HM pikeun Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra di SMA Kelas XI”. This research had a purpose to describe objective (structural) element in a novel, such as theme, story facts (plot, characters, and setting), and story tools (title, point of view, figurative language, and tone). Beside, it also described extrinsik element which was viewed by
author’s side, like: biography, idea, imagination, spontaneity, contemplation,
experience, integration, personality, emotion, and author’s art concept in his work. The method that was used in this research was the document of analysis descriptive. The technique that was used in this research was literature analysis technique and document study. The data resource of this research was a novel entitled Béntang Pasantrén written by H. Usep Romli HM. According to the result of this research, it could be concluded that objective (structural) element that was contained in this novel was; 1) the theme of this novel was a struggle of student who loved the daughter of kyai at Pasantren, and the obedient of daughter/son to his parents did “masantrén” for continuing Pasantrén which
was an inheritance of his/her grandfather, 2) the plot that was used was linear-back-linear, 3) the setting was place, time, and social, 4) the main characters was six people and the others was only supporters, 5) the title of this novel was
Béntang Pasantrén, 6) the point of view was first person who knew everything,
7) figurative language that was used is colloquial Sundanese and Arabic, 8) the tone told about the situation of pesantren in past time. Expresive element that was studied included biography, idea, imagination, spontaneity, contemplation, experience, integration, personality, emotion, and author’s art concept. This novel was appropriate for education tool in SMA class XI, since the contain included moral value. The result of this research could be an education tool for teachers in school. There were other researches in literature field that could be connected with lessons in school, and could be a reflection of daily lives and conserved Sundanese literature.
Key words: objective elements, expresive elements, novel.
1
This research is under supervised Dr. Ruhaliah, M.Hum. by as main supervisor, and Dr. Retty Isnendes, M.Hum. by as co-supervisor.
1 Cahmawati Ningrum, 2013
UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN KARYA H. USEP ROMLI HM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA
PEDARAN SASTRA DI SMA KELAS XI1
Cahmawati Ningrum2
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, cahmawatiningrum@yahoo.co.id
ABSTRAK
Skripsi ini berjudul “Unsur Objéktif jeung Éksprésif Novél Béntang
Pasantrén Karya H. Usep Romli HM pikeun Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra di SMA Kelas XI”. Penelitian ini bertujuan mendeskripsikan unsur objektif (struktural) dalam novél seperti tema, fakta cerita (alur, tokoh, dan latar), dan sarana cerita (judul, sudut pandang, gaya bahasa, dan nada/suasana). Selain itu juga mendeskripsikan unsur ekstrinsik yang ditinjau dari segi pengarangnya meliputi: biografi, ide, imajinasi, spontanitas, kontemplasi, pengalaman, integrasi, kepribadian, emosi, dan konsep seni pengarang dalam karyanya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif analisis dokumen. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik telaah pustaka dan studi dokumentasi. Sumber data penelitian ini adalah novél Béntang Pasantrén karya H. Usep Romli HM. Berdasarkan dari hasil penelitian dapat disimpulkan unsur objektif (struktural) yang terdapat dalam novel yaitu: 1) tema dalam novel ini adalah perjuangan seorang santri yang mencintai anak kyainya di Pasantren, dan
taatnya seorang anak kepada ke dua orang tuanya untuk “masantrén” untuk
meneruskan Pasantrén peninggalan mendiang kakeknya, 2) alur yang digunakan yakni alur maju-mundur-maju, 3) latar yang terdapat dalam novel ini yaitu latar tempat, latar waktu, dan latar sosial, 4) tokoh utama yang terdapat dalam novel ini berjumlah 6 orang ditambah tokoh tambahan lainnya, 5) judul novel ini adalah
Béntang Pasantrén, 6) Sudut pandang ceritanya menggunakan sudut pandang
orang pertama yang serba tahu akan semua cerita, 7) gaya bahasa yang dipakai menggunakan bahasa Sunda sehari-hari yang dipadupadankan dengan istilah dan peribahasa bahasa Arab di dalamnya, 8) nada/suasana yang terasa dalam cerita menceritakan keadaan di lingkungan pesantren jaman dahulu yang kental dengan budaya tradisionalnya. Unsur ekspresif yang diteliti mencakup biografi, ide, imajinasi, spontanitas, kontemplasi, pengalaman, integrasi, kepribadian, emosi, dan konsep seni pengarangnya. Berdasarkan hasil penelitian novel ini cocok untuk dijadikan salah satu alternatif pembelajaran bahasan sastra di SMA kelas XI karena isinya mengandung nilai-nilai moral yang luhur ditinjau dari sudut agama. Dari hasil penelitian ini diharapkan dapat dijadikan salah satu alternatif bahan pembelajaran oleh guru di sekolah, terdapatnya penelitian-penelitian lainnya dalam bidang kesastraan lainnya yang dapat dihubungkan dengan pembelajaran di sekolah, dan dapat dijadikan cerminan kehidupan sehari-hari dan terus melestarikan dunia karya sastra Sunda.
Kata Kunci: Unsur Objektif, Unsur Ekspresif, Novel.
1Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum. selaku pembimbing 1, dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum. selaku
pembimbing 2.
2
ix Cahmawati Ningrum, 2013
DAFTAR EUSI
Kaca
PANGJAJAP.. ... i
TAWIS NUHUN ... ii
ABSTRAK.. ... viii
DAFTAR EUSI.. ... ix
DAFTAR TABÉL .. ... xiv
DAFTAR GAMBAR ... xv
DAFTAR SINGGETAN ... xvi
BAB 1 BUBUKA.. ... 1
1.1Kasang Tukang Panalungtikan. ... 1
1.2Watesan Jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Watesan Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5Raraga Tulisan... 6
BAB II PAMAREKAN OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF, NOVÉL, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA ... 7
2.1 Pamarekan Sastra (Objéktif jeung Éksprésif) ... 7
2.1.1 Pamarekan Objéktif (struktural) ... 8
1) Téma Carita ... 11
2) Fakta Carita ... 12
(2) Palaku ... 14
(3) Latar... 16
3) Sarana Carita ... 17
(1) Puseur Panitén ... 17
(2) Gaya Basa ... 19
(3) Nada/ Suasana ... 20
2.1.2 Pamarekan Éksprésif ... 20
2.2 Novél ... 23
2.2.1 Perkara Novél ... 23
2.2.2 Ciri-ciri Novél ... 24
2.2.4 Unsur-unsur Novél ... 25
1) Unsur Intrinsik ... 25
2) Unsur Ékstrinsik ... 28
2.2.5 Papasingan Novél ... 28
1) Papasingan Novél dumasar palakuna ... 28
2) Papasingan Novél dumasar Téma masalah anu dicaritakeun ... 29
2.3 Bahan Pangajaran ... 31
2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 31
2.3.2 Tujuan Bahan Pangajaran... 33
2.3.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran... 33
2.3.4 Nyusun Bahan Pangajaran ... 34
2.3.5 Métode Pangajaran ... 35
2.3.6 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 35
1) Wangenan SKKD ... 35
2) Fungsi jeung Tujuan ... 35
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 38
3.1Sumber Data ... 38
3.1.1 Identitas Novél Béntang Pasantrén ... 38
xi Cahmawati Ningrum, 2013
3.2Desain Panalungtikan ... 40
3.3Metode Panalungtikan ... 41
3.4Wangenan Operasional ... 42
3.5Instrument Panalungtikan ... 43
3.6Tehnik Ngumpulkeun Data ... 46
3.7Tehnik Ngolah Data... 46
BAB IV UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN SASTRA SMA KELAS XI ... 48
4.1Unsur Objéktif Novél Béntang Pasantrén ... 48
4.1.1 Ringkesan Carita Novél Béntang Pasantrén ... 48
4.1.2 Unsur Objéktif Novél Béntang Pasantrén ... 52
1) Téma Carita ... 53
2) Fakta Carita ... 55
(1) Galur.. ... 55
(2) Palaku.. ... 61
(3) Latar.. ... 70
3) Sarana Carita ... 85
(1) Judul.. ... 85
(2) Puseur Panitén (Point of View).. ... 86
(3) Gaya Basa.. ... 86
(4) Nada/Suasana.. ... 90
4.2. Unsur Éksprésif Novél Béntang Pasantrén ... 94
4.2.1 Biografi ... 95
4.2.2 Ide ... 98
4.2.3 Imajinasi ... 99
4.2.4 Spontanitas ... 100
4.2.5 Kontémplasi.. ... 101
4.2.6 Pangalaman.. ... 102
4.2.8 Kapribadian.. ... 106
4.2.9 Émosi.. ... 107
4.2.10 Konsép Seni ... 107
4.3 Patalina unsur objéktif jeung éksprésif dina novél Béntang Pasantrén ... 107
4.4 Larapan Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra di SMA kelas XI ... 108
4.4.1 Panalungtikan Novél Béntang Pasantrén ... 108
4.4.2 Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra ... 109
1) Standar Kompeténsi ... 109
2) Kompeténsi Dasar ... 109
3) Indikator ... 109
4) Matéri Novél ... 110
5) Conto Ringkesan Carita Novél Béntang Pasantrén ... 112
6) Latihan... 116
4.4.3 Conto RPP Pangajaran Maca Pedaran Sastra SMA kelas XI ... 117
1) Standar Kompeténsi ... 117
2) Kompeténsi Dasar ... 117
3) Indikator ... 117
(1) Kognitif ... 117
(2) Psikomotor ... 117
(3) Sikep ... 118
4) Tujuan Pangajaran ... 118
(1) Kognitif ... 118
(2) Psikomotor ... 118
(3) Sikep ... 118
5) Matéri Pangajaran ... 118
(1) Matéri Ngeunaan Novél ... 118
(2) Ringkesan Carita Novél ... 120
xiii Cahmawati Ningrum, 2013
(1) Pamarekan ... 125
(2) Stratégi ... 125
(3) Téhnik ... 125
(4) Métode ... 125
7) Léngkah-Léngkah Pangajaran ... 125
(1) Tatap Muka ... 125
(2) Tugas Terstruktur ... 127
(3) Tugas Mandiri Tidak Terstruktur ... 127
8) Alat jeung Sumber Diajar... 127
9) Évaluasi ... 127
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 130
5.1Kacindekan ... 130
5.2Saran ... 131
DAFTAR PUSTAKA ... 133
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 135
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Hakékat sastra téh salaku fakta kahirupan. Sastra dianggap minangka
kacamata hasil kabudayaan dina mangsa nu kaliwat anu ngawengku adat
kabiasaan, kapercayaan, jeung ajén anu turun-tumurun dipaké ku masarakatna
dina waktu anu tangtu. Éta hasil kabudayaan téh pikeun mapag jeung
ngaluyukeun diri dina sakabéh situasi anu tumuwuh, boh dina kahirupan individu
boh dina kahirupan kelompok.
Sastra mangrupa hiji sisi tina seni anu mibanda ciri mandiri, éta ciri nya
éta ngandung kaartistikan, ngandung kaéndahan, ngandung kajujuran, ngandung
kaorisinilan jeung ngandung bebeneran anu salawasna nungtun nu macana kana
sipat anu lemes, malah nganteur kana tujuan pangjugjugan kahirupan manusa anu
leuwih wijaksana (Koswara, 2009:8).
Nepi ka kiwari, sanajan masih diadurenyomkeun, sastra téh miboga fungsi
ganda, nya éta pikeun nambahan kasenangan jeung pikeun ngudag kamangpaatan.
Anu dimaksud kasenangan di dieu dipapandékeun kana kasenangan batin.
Atar Semi (1989:39) nyebutkeun yén sastra nya éta karya seni, ku sabab
miboga sipat anu sarua jeung karya seni nu séjénna, saperti seni sora, seni lukis,
jeung seni pahat. Tujuanna ogé sarua nya éta pikeun mantuan manusa
ngébréhkeun rusiah hiji kaayaan, pikeun méré ma’na dina éksisténsina, sarta
pikeun muka jalan bebeneran. Anu ngabédakeun sastra jeung seni nu séjénna, nya
éta sastra mah miboga aspék basa.
Ku basa, manusa bisa nyiptakeun sastra. Ku basa, manusa bisa
ngébréhkeun sastra dina hirup kumbuhna. Ku basa ogé, manusa bisa lumangsung
hirupna jeung papadana. Ku sastra, manusa bisa hojah dina hirup kumbuhna. Ku
sastra ogé manusa bisa ngagumelarkeun fungsi kamanusaanana jeung papada
manusa. Basa, sastra, jeung manusa aya dina hiji beungkeutan.
Wangun karya sastra Sunda mangrupa bagian tina sastra dunya. Wangun
2
Cahmawati Ningrum, 2013
Sunda aya tilu rupa, nyaeta prosa, puisi, jeung drama. Isnéndés (2009:22)
nétélakeun prosa nya éta karangan dina rakitan basa sapopoé, tanpa ngolah atawa
ngatur intonasi anu matok; lancaran téa disebutna. Tapi dina wangun prosa sok
aya ogé bagian nu puitis; ayana éfék puisi. Puisi nya éta karangan anu basana
dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna
henteu lancaran atawa cara basa sapopoé. Puisi aya ogé nu ditulis dina wangun
prosa atawa puisi prosais, nya éta puisi nu kapadetan puitisna sumebar kawas basa
lancaran. Drama atawa carita drama nya éta karangan sastra nu midangkeun carita
atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina
pagelaran drama).
Salah sahiji karya sastra anu nyampak dina wangun prosa nya éta novél.
Iskandarwassid (1992:91) nétélakeun yén novél nya éta prosa rékaan (fiksi) nu
naratip (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na
kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novél mah bisa midangkeun
rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar,
jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi.
Novél mangrupa salah sahiji wangun tina karya sastra. Novél mangrupa
carita fiksi dina wangun tulisan anu miboga unsur intrinsik jeung ékstrinsik. Dina
hiji novél biasana dicaritakeun ngeunaan kahirupan manusa dina hirup kumbuh
jeung papada manusa. Dina hiji novél, pangarang tangtuna miboga tarékah pikeun
nungtun résponsif atawa nu maca pikeun ngagambarkeun réalita kahirupan
ngaliwatan carita anu aya dina eusi novél.
Salah sahiji judul novél Sunda anu ngeuyeuban kasusastraan Sunda nya
éta novél Béntang Pasantrén karangan H. Usep Romli HM anu ngadadarkeun
kagiatan hirup kumbuh manusa di lingkungan pasantrén. Nilik kana mangpaatna,
karya sastra novél bisa dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran basa Sunda di
sakola tina segi nulis, nyarita, maca, atawa nulis.
Bahan ajar mangrupa média pikeun guru dina nepikeun pangajaran ka
siswa sangkan bisa ngahontal standar kompeténsi anu geus ditangtukeun. Salian ti
éta, bahan ajar penting dina prosés pangajaran sabab bahan ajar mangrupa
3
guru bisa maké bahan pangajaran sangkan ngirut minat siswa dina prosés
pangajaran. Bahan pangajaran anu dipaké tangtuna kudu disaluyukeun matéri anu
rék ditepikeun. Fungsi bahan ajar nya éta salaku pedoman/cecekelan pikeun guru
jeung siswa anu bakal ngarahkeun dina prosés pangajaran sarta alat évaluasi.
Aya sawatara panalungtikan sastra ngaliwatan analisis objektifna
(struktural) anu kacatet di pabukon Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah jeung di
pabukon pusat UPI, di antarana:
1. Kajian struktural novél Kembang Rumah Tangga Karangan Tjaraka
ditalungtik ku Nunung Nurhayati taun 2004.
2. Kajian Struktural Semiotik Novél Sri Panggung Karangan Tjaraka
ditalungtik ku Ai Yansri Nurlaelasari taun 2005.
3. Unsur Intrinsik dina novél Rasiah Geulang Rantay Karya Nani Sudarma
ditalungtik ku Ika Sukmawiati taun 2005.
4. Unsur Intrinsik Novél Kembang Petingan Karya Holisoh ME (Talaah
Struktural-Semiotik) ditalungtik ku Diana Rahadianingsih taun 2005.
5. Analisis Unsur Intrinsik dina Novél Wastu Kancana Karangan Yoseph
Iskandar ditalungtik ku Odeh Nurbayani taun 2006.
6. Unsur Intrinsik Novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian
Karya Tatang Sumarsono (Talaah Struktur Semiotik) ditalungtik ku Anneu
Meilina Restu taun 2012.
7. Analisis Struktural jeung Semiotik dina Novél Sudagar Batik Karangan
Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra di SMA ditalungtik
ku Elsye Priandini Riyadi taun 2013.
8. Analisis Struktural Novél Tri Tangtu Bumi Karya Yoseph Iskandar pikeun
Bahan Pangajaran Maca di Kelas XI ditalungtik ku Muhamad Yogi Hamdani
taun 2013.
Nilik kana panalungtikan-panalungtikan di luhur, panalungtikan sastrana
leuwih museurkeun kana unsur objéktif sacara struktural, sedengkeun tina
panalungtikan unsur éksprésif mah can aya nu nalungtik, dina ayana ogé analisis
4
Cahmawati Ningrum, 2013
kahayang pikeun nalungtik karya sastra anu dijudulan “Unsur Objektif jeung
Éksprésif dina Novél Béntang Pasantrén Karya H.Usep Romli HM pikeun Bahan
Pangajaran Maca Pedaran Sastra di SMA Kelas XI”.
1.2 Watesan Jeung Rumusan Masalah
Sangkan ieu panalungtikan henteu mancawura tina pedaran anu séjén,
masalah anu dipedar di luhur dijieun watesan jeung rumusan masalah ieu di
handap.
1.2.1 Watesan Masalah
Ambahan kajian sastra téh loba pisan, boh sacara lisan boh tulisan, boh
unsur intrinsik boh ékstrinsikna. Ku kituna, sangkan panalungtikan leuwih éféktif
jeung museur kana unsur intrinsik jeung ékstrinsikna, panalungtik ngawatesanan
ieu masalah anu ditalungtik ku cara museurkeun panalungtikan kana unsur
objéktif jeung éksprésif karya sastra dina novél Béntang Pasantrén karya H. Usep
Romli H.M pikeun bahan pangajaran maca pedaran sastra di SMA kelas XI.
1.2.2 Rumusan Masalah
Luyu jeung kasang tukang nu geus diébréhkeun mimiti, anu jadi rumusan
masalah dina ieu panalungtikan diwujudkeun dina wangun patalékan.
1. Kumaha unsur objéktif dina novél Béntang Pasantrén?
2. Kumaha unsur éksprésif karya pangarang sastra anu nyangkaruk dina novél
Béntang Pasantrén?
3. Kumaha patalina unsur objéktif jeung éksprésif dina novél Béntang
Pasantrén?
4. Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca pedaran
sastra?
1.3 Tujuan Panalungtikan
5
Tujuan umum diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun ngungkab
gambaran unsur objéktif jeung éksprésif anu nyangkaruk dina novél Béntang
Pasantrén karya H.Usep Romli HM nu dipiharep bisa ngeuyeuban kabeungharan
karya sastra Sunda.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun
hal-hal ieu di handap.
1. Unsur objéktif novél Béntang Pasantrén.
2. Unsur éksprésif karya pangarang sastra anu nyangkaruk dina novél Béntang
Pasantrén.
3. Patalina unsur objéktif jeung éksprésif dina novél Béntang Pasantrén.
4. Unsur objéktif jeung éksprésif karya sastra dina novél Béntang Pasantrén
karya H.Usep Romli HM bisa dilarapkeun dina bahan pangajaran maca
pedaran sastra di SMA kelas XI.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan, nya éta:
1. pikeun ngamekarkeun pangaweruh ngeunaan unsur objéktif jeung éksprésif
karya sastra Sunda.
2. pikeun maluruh unsur objéktif jeung ékspésif karya sastra novél Béntang
Pasantrén karya H.Usep Romli HM.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:
1. pikeun bahan pangajaran maca dina ngajarkeun basa Sunda hususna dina
medar pedaran sastra Sunda;
2. pikeun ngajawab patalékan ngeunaan masalah-masalah unsur objéktif jeung
éksprésif dina novél Béntang Pasantrén karya H.Usep Romli HM dina
6
Cahmawati Ningrum, 2013
3. méré informasi ngeunaan unsur objéktif jeung éksprésif anu aya dina novél
Béntang Pasantrén ka balaréa hususna anu mikaresep dunya kasusastraan.
1.5 Raraga Tulisan
Raraga tulisan skripsi anu dijudulan “Unsur Objektif jeung Éksprésif dina
Novél Béntang Pasantrén Karya H.Usep Romli HM pikeun Bahan Pangajaran
Maca Pedaran Sastra di SMA Kelas XI” diwengku ku lima bab.
Bab I mangrupa bubuka anu ngawengku kasang tukang masalah, watesan
jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung
raraga tulisan.
Bab II mangrupa landasan téori objéktif, éksprésif, novél jeung bahan
pangajaran.
Bab III mangrupa métode panalungtikan ngawengku sumber data, desain
panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrument
panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung tehnik ngolah data.
Bab IV mangrupa laporan panalungtikan jeung analisis data ngawengku
analisis unsur objéktif novél Béntang Pasantrén, analisis unsur éksprésif novél
Béntang Pasantrén, jeung larapna unsur analisis pikeun bahan pangajaran maca
novél di SMA.
Bab V mangrupa panutup tina skripsi anu medar kacindekan tina hasil
panalungtikan jeung saran/rékoméndasi pikeun panalungtikan-panalungtikan
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1Sumber Data
Nurutkeun Arikunto (2010:172) sumber data dina panalungtikan nya éta
subjék ti mana data bisa kapanggih. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan
nya éta sakabéh data anu aya dina novél Béntang Pasantrén karangan H.Usep
Romli HM anu ngawengku unsur objéktif (strukturalna) jeung unsur éksprésif
(segi pangarangna).
3.1.1 Identitas Novél Béntang Pasantrén
[image:18.595.115.509.229.668.2]Gambar 3.1
Cover Novél Béntang Pasantrén
Judul Novél : Béntang Pasantrén
Pangarang : H. Usep Romli H.M
39
Cahmawati Ningrum, 2013
Taun medal : Citakan ka-1, Pustaka Dasentra,
Bandung 1983
Citakan ka-2, PT Kiblat Buku Utama,
Maret 2006/Safar 1427H
Citakan ka-3, Maret 2007/
Rabiul Awal 1428 H
Jumlah kaca :72 kaca ( 65 kaca eusi)
Warna cover : Konéng Gedang
3.1.2 Déskripsi Pangarang jeung Novél Béntang Pasantrén
Pangarang novél Béntang Pasantrén nya éta H. Usep Romli HM. Lahir di
Limbangan, Garut 16 April 1949. Wartawan kahot, nu produktif nulis dina basa
Sunda, wangun prosa, puisi jeung essey. Salian ti nulis karya sastra, anjeunna gé
salah sahiji sastrawan anu mayeng niténan kamekaran sastra Sunda. Kritikna anu “peureus” tur henteu didingding kelir, sakapeung mah sok nimbulkeun polémik.
Buku-bukuna anu geus medal, aya kana 25 judulna. Di antarana Ceurik
Santri (kumpulan carpon), Jiad Ajengan (kumpulan carpon), Paguneman jeung
Fir’aon (kumpulan carpon), Sabelas Taun (kumpulan sajak), Nu Lunta Jauh
(kumpulan sajak), Béntang Pasantrén (novél), Dulag Nalaktak (kumpulan carita
humor), Percikan Hikmah (Anékdot Islami). Zionis Israel di Balik Serangan AS
ke Irak (analisa).
Mimiti nulis karya sastra ti keur basa sakola di SPG. Réréana mah ngarang
sajak jeung carpon, boh basa Sunda, boh basa Indonesia. Sawatara karanganana
kungsi meunang penghargaan, di antarana Hadiah Sastra Manglé (1977), Hadiah
Sastra LBSS (1995 jeung 2000). Kungsi deuih meunang Hadiah Penulisan Buku
Depdikbud (1997 jeung 1978), katut Piagam Wisata dan Budaya Diparda Jabar
(1982).
Dina dunya jurnalistik, Usep remen ngacacang ka mancanagara,
40
geus ngahasilkeun ratusan tulisan jurnalistik dina basa Indonesia jeung Sunda.
Kagiatan séjénna, pupuhu Majelis Ulama Indonésia (MUI) Kec. Cibiuk, Kab.
Garut, jeung anggota Dewan Masjid Indonésia (DMI) Provinsi Jawa Barat.
Karya-karyana loba pisan anu geus medal, salah sahijina novél Béntang
Pasantrén minangka novél anu dipedalkeun ku PT Kiblat Buku Utama taun 2006.
Ieu novél téh citakan ka-3, jumlah kacana aya 72 kaca sarta kabagi kana genep
bagian. Bag-baganana téh bagian hiji, dua, tilu, opat, lima jeung pamungkas nya
éta bagian genep.
Novél Béntang Pasantrén éstuna teu jauh béda jeung novél-novél nu
lianna, nyaritakeun ngeunaan hiji pasualan. Upama urang nilik kana wujudiah
bungkeuleukanna ieu novél, sampulna warna konéng gedang anu diadumaniskeun
jeung hiji gambar wanoja geulis tur campernik, si wanoja maké cindung anu
ditafsirkeun ku panyusun disaluyukeun jeung kahirupan harita. Jilid beulah
tukangna sarua aya gambar wanoja sakumaha gambar hareup cover buku, anu
ditambahan ku background warna héjo lukut, anu nandeskeun sempalan eusi
carita novél anu unina saperti ieu di handap.
“Jep jempé. Ngaheneng, Ukur sora napas ngahégak nu ngadéngé
téh, selang-surup jeung jajantung nurugtug. Ukur sora cai nu kadéngé téh, ngérélék di wahangan lebak. Ukur sora manuk nu kadéngé téh, récét dina rungkun. Ukur sora haté kuring nu galécok téh- jeung sora haté Imas meureun-guntreng ngabadamikeun tungtung tujuan, puseur teuteupan;
sorangan duaan”.
3.2Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa bagan guluyuran tahap panalungtikan anu
ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Desain pikeun ieu panalungtikan
41
[image:21.595.117.509.205.628.2]Cahmawati Ningrum, 2013
Gambar 3.2
Bagan Desain Panalungtikan
3.3Metode Panalungtikan
Métode asalna tina basa Yunani “methodos” anu hartina cara atawa jalan anu ditempuh. Métode bisa dihartikeun minangka cara anu dilakukeun pikeun
lumangsungna panalungtikan hiji objék salaku élmu anu aya patalina.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif
analisis dokumén. Métodé déskriptif mangrupa métode panalungtikan nu Ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah
Nangtukeun jeung nyieun instrument Nangtukeun masalah
Ngumpulkeun
Nganalisis Data
Nyieun kacindekan
42
ditujukeun pikeun ngaréngsékeun pasualan objéktif jeung éksprésif karya sastra
aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun data, sarta ngainterprétasikeun data
karya sastra anu nyampak dina novél. Panalungtikan sacara déskriptif téh
digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa nyieun gambaran sacara sistematis,
faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta atawa sakabéh data nu aya dina novél
Béntang Pasantrén karangan H. Usep Romli H.M.
3.4Wangenan Operasional
Judul ieu panalungtikan nya éta Unsur Objektif jeung Éksprésif Novél
Béntang Pasantrén Karya H.Usep Romli HM pikeun Bahan Pangajaran Maca
Pedaran Sastra di SMA Kelas XI. Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap dipedar
ngeunaan wangenan operasionalna.
1) Objéktif
Pamarekan sacara objéktif atawa struktural ngawatesan kana talaah karya
sastra éta sorangan, teu kaasup pangarang jeung nu macana (Semi, 1989: 44).
2) Éksprésif
Pamarekan éksprésif leuwih museurkeun kana tarékah pangarang atawa
panyair ngaéksprésikeun ide-idena kana jero karya sastrana (Semi, 1989: 44).
3) Novél
Iskandarwassid (1992:91) nétélakeun yén novél nya éta prosa rékaan
(fiksi) nu naratip (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa
plot-na kompléks (ngarancabang).
4) Béntang Pasantrén
Béntang Pasantrén mangrupa novél karangan H. Usep Romli H.M anu
nyaritakeun katresna santri ka putra ajengan anu jadi rebutan Lurah Santri jeung
santri kahot séjénna. Ku tapisna nyusun ungkara anu reumbeuy ku humor jeung
43
Cahmawati Ningrum, 2013
karya téh kaasup kana karya penting anu milu ngabeungharan sastra Sunda
utamana tina aspék jeung unsur agamana.
5) Bahan Pangajaran
Bahan pangajaran nya éta rangkuman matéri anu diajarkeun jeung
ditransferkeun ka siswa dina bentuk bahan cétak atawa bentuk séjénna anu
diteundeun dina data éléktronik boh sacara vérbal boh sacara tinulis (Ginting,
2010:152).
6) SMA
“Sekolah Menengah Atas dalam pendidikan formal di Indonesia,
merupakan jenjang pendidikan menengah setelah menamatkan Sekolah Menengah Pertama (SMP) atau yang sederajat”
(http://lenterakecil.com/pengertian-sekolah/)
3.5Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010:150) instrumén panalungtikan téh nya éta alat
atawa fasilitas anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data. Dina
ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké nya éta dokumen novél Béntang
Pasantrén.
Dina ieu panalungtikan dipaké instrumén kartu data dina nganalisis
unsur-unsur karya sastra novél Béntang Pasantrén. Dina kartu data aya nomer, analisis,
cutatan tina eusi novél, jeung katerangan. Udaganna nya éta sangkan gampang
dina nganalisis data sarta gampang nyieun kacindekan. Satuluyna aya dua tabél
analisis anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Nu kahiji ngeunaan unsur
objéktif (struktural) novél, kaduana ngeunaan unsur éksprésif novél ditilik tina
[image:23.595.108.515.200.561.2]jihat pangarangna.
Gambar 3.3
Conto Kartu Data
Nomer :
Analisis :
44
Tabél 3.1
Unsur Objéktif (Struktural Novél)
No Unsur Objéktif
Téma Carita Fakta Carita Sarana Carita
Tabél 3.2 Téma Carita
No Téma Déskripsi
Tabél 3.3
Fakta Carita
No Fakta Carita
Alur Palaku Latar
Tabél 3.4
Alur
No
Alur Carita
Bubuka Muncul
Masalah
Masalah Museur
Ngaréngsékeun Masalah
Pungkasan Carita
Tabél 3.5
Palaku jeung watekna
45
Cahmawati Ningrum, 2013
Tabél 3.6
Ringkesan Watek Palaku
No Ringkesan watek
Watek Alus Watek Goréng
Tabél 3.7
Palaku Tambahan
No Palaku No Palaku No Palaku
Tabél 3.8
Latar
No Latar
Latar Sosial Latar Géografis/Tempat Latar Waktu/Historis
Tabél 3.9
Sarana Carita
No Sarana Carita
Puseur Panitén Gaya Basa Nada/Suasana
Tabél 3.10
Unsur Éksprésif (Pangarang Novél)
No Unsur éksprésif Katerangan
46
Ide Imajinasi Spontanitas Kontémplasi Pangalaman Integrasi Kapribadian Émosi Konsép Seni
3.6Tehnik Ngumpulkeun Data
Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan
nya éta téhnik talaah pustaka. Ieu téhnik digunakeun pikeun ngumpulkeun data
panalungtikan kana buku novél Béntang Pasantrén karangan H. Usep Romli HM.
Dina ngumpulkeun data, lengkah-lengkahna nya éta:
1) Maca sagemblengna teks novél
2) Nyirian data anu aya patalina antara sisi-sisi anu saluyu antara analisis jeung
teori, di antarana:
(1) unsur objéktif ngawengku téma carita, fakta carita, jeung sarana carita;
(2) unsur éksprésif ngawengku biografi, ide/gagasan, imajinasi, spontanitas,
kontemplasi, pengalaman, integrasi, kepribadian, emosi, jeung konsep
seni pangarang dina nuliskeun karyana.
3.7Tehnik Ngolah Data
Tehnik anu digunakeun pikeun ngolah data ieu panalungtikan
ngagunakeun analisis data. Data anu geus dikumpulkeun saméméhna tuluy diolah
sangkan meunang hasil anu luyu jeung tujuan anu hayang dihontal. Téhnik anu
digunakeun nya éta téhnik studi pustaka anu mangrupa téhnik ku cara:
1) nangtukeun objek panalungtikan, dina hal ieu novel Béntang Pasantrén anu
jadi objék panalungtikan;
47
Cahmawati Ningrum, 2013
3) analisis unsur objéktif data novél Béntang Pasantrén anu ngawengku
ngawengku téma carita, fakta carita; jeung sarana carita.
4) analisis unsur éksprésif novél anu medar tina sisi pangarang novél Béntang
Pasantrén anu ngawengku: biografi, ide/gagasan, imajinasi, spontanitas,
kontemplasi, pengalaman, integrasi, kepribadian, emosi, dan konsep seni
pengarang;
5) ngasupkeun data kana tabél anu geus nyampak;
6) nganalisis data dina tabél;
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Objék dina ieu panalungtikan nya éta novél Béntang Pasantrén karangan H.
Usép Romli HM. Anu jadi objék talaahna nya éta analisis novél disawang tina
unsur objéktif/struktural anu ngagunakeun téori Robert Stanton. Salian ti éta, ieu
panalungtikan ogé nganalisis unsur éksprésif pangarangna ditilik tina biografi, ide,
imajinasi, jeung spontanitas kana hasil karanganana anu ngagunakeun métodé
déskripsi analisis sarta bisa dilarapkeun jeung dijadikeun alternatif bahan
pangajaran maca pedaran novél di SMA kelas XI. Dumasar kana hasil
panalungtikan jeung analisis unsur objéktif jeung unsur éksprésif sarta bisa
dilarapkeunna dina pangajaran maca pedaran sastra, dicindekkeun saperti ieu di
handap.
Sacara unsur objéktif/struktural, hasil anu aya dina novél Béntang Pasantrén
téh téma caritana nyaritakeun perjuangan hiji santri anu mideudeuh mustika
pasantrén, jeung nurutna kana papatah kolot sangkan teu ngamomorékeun waktu
salila ngumbara di dunya. Fakta carita anu aya dina novél ngawengku galur, latar,
jeung palaku. Galur anu dipaké dina ieu carita maké galur maju-mundur-maju.
Carita dimimitian ku ayana bagian carita saperti biasa, satuluyna ngabayangkeun
kajadian sababaraha waktu ka tukang, jeung nuluykeun deui caritaan saméméhna
nu kaalaman ku palakuna. Latar waktu, tempat, jeung sosial ogé kapanggih dina
eusi carita. Latar waktu sapopoé kaalaman di dieu, ti mimiti isuk-isuk nepi ka
peutingna. Patempatan anu dipaké dina ieu carita ngagunakeun pasantrén jeung
sabudeureunana salaku objék caritaan anu disaluyukeun jeung judul novélna
sorangan, anapon latar sosial di dieu kagambar antara jalma anu pernah ngalaman
jeung ngulik élmu di pasantrén di mana eusina loba élmu ka uhrowian, jeung
jalma biasa anu meunangkeun élmu kaduniawian hungkul. Sarta palaku utama
131
Cahmawati Ningrum, 2013
jeung Jumad. Sarana carita anu nyampak dina eusi novél ngawengku judul, puseur
panitén, gaya basa, sarta nada/suasana. Judul novél geus nonggérak Béntang
Pasantrén anu nyaritakeun palaku aya patalina jeung mustika pasantrén. Puseur
panitén pangarang dina ieu novél, pangarang ngajadikeun dirina salaku palaku
jalma ka hiji (Aép) anu serba apal boh kana kaayaan dirina boh anu kaalaman ku
palaku séjén. Gaya basa anu dipaké mangrupa gaya basa Sunda sapopoé anu
direumbeuyan ku basa Arab sangkan nandeskeun lingkungan di pasantrian
(pasantrén) dina unggal obrolan antar palakuna. Salian ti éta aya ogé gaya basa
rarahulan anu dipaké pikeun nambahan sari dina ieu carita. Suasana ogé
kapanggih nya éta suasana Aép munggaran di pasantrén, nalika meunang panajir
tina kasalahan, suasana babalik pikir migawé laku-lampah anu hadé sangkan teu
ngamomorékeun kana waktu, ogé suasana jiwa palaku nalika ngabayang-bayang
jeung ngobrol bareng jeung pujaning ati.
Salian ti unsur objéktif/struktural, anu jadi objék panalungtikan ogé nya éta
unsur éksprésif di diri pangarangna anu ngawengku: biografi, ide/gagasan,
imajinasi, spontanitas, komtémplasi, pangalaman, integrasi, kapribadian, émosi,
jeung konsép seni anu disawang tina jihat pangarangna.
Patali jeung larapna kana pangajaran di sakola, novél Béntang Pasantrén luyu
dijadikeun salasahiji alternatif pangajaran pedaran sastra di SMA lantaran eusina
ngandung ajén-ajén moral anu hadé sarta bisa dijadikeun pieunteungeun pikeun
siswa dina kahirupan sapopoé.
5.2 Saran
Ieu panalungtikan mangrupa analisis unsur kasusastraan, anu disawang tina
jihat objéktif jeung éksprésif. Bédana ieu panalungtikan téh dipatalikeun jeung
pangajaran di sakola. Panalungtikan anu dilaksanakeun lolobana kana larapan
modél pangajaran, budaya, jeung kabasaan, sedengkeun anu nalungtik dina
132
Ieu panalungtikan tangtuna can sampurna, ku kituna pikeun ngeuyeuban
khasanah kasusastraan Sunda jeung nambahan pangaweruh anu leuwih jero dina
widang sastra, kudu diayakeun panalungtikan séjén kalawan ulikan jeung
masalahna. Aya sababaraha saran tina ieu hasil panalungtikan pikeun dunya
atikan, mahasiswa, jeung masarakat umum, saperti anu disebutkeun ieu di handap.
1) Pikeun Dunya Atikan.
Ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan
pangajaran di sakola hususna ku guru basa Sunda.
2) Pikeun Mahasiswa.
Tina ieu panalungtikan dipiharep ayana panalungtikan-panalungtikan séjénna
hususna dina widang kasastraan kalawan ulikan anu béda sarta dipatalikeun jeung
pangajaran di sakola sangkan bisa ngaronjatkeun dunya atikan dina widang analisis
kasastraan.
3) Pikeun Masarakat Umum.
Ieu panalungtikan jeung eusi carita novél dipiharep bisa dijadikeun bahan
pieunteungeun dina kahirupan, méré sawangan kana gambaran jeung kasadaran
dina ngalumangsungkeun kahirupan. Ogé, ku ayana ieu panalungtikan masarakat
133 Cahmawati Ningrum, 2013
DAFTAR PUSTAKA
Abrams, M.H. 1953. The Mirror and the Lamp. Amerika: Oxford University
Press, Inc.
Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.
Damono, Sapardi Djoko. 1979. Sosiologi Sastra Sebuah Pengantar Ringkas.
Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen
Pendidikan dan Kebudayaan.
Djamarah, Syaiful. B dan Zain, A. 2006. Strategi Belajar Mengajar. Jakarta:
Rineka Cipta.
Hamdani, Muhamad Yogi. 2013. Analisis Struktural Novél Tri Tangtu Bumi
Karya Yoseph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Maca di Kelas XI.
Bandung. JPBD FPBS UPI.
Ginting, A. 2010. Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung:
Humaniora.
Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Isnendes, Retty. 2009. Handout Kritik Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Koswara, Dedi. 2009. Racikan Sastra “Pangdeudeul Bahan Perkuliahan
Sastra Sunda”. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Bahasa
Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional.
Rahayu Tamsyah spk, Budi. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung:
CV.Pustaka Jaya.
Ratna. Nyoman Kutha. 2012. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra,
Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Riyadi, Elsye, Priandini. 2013. Analisis Struktural jeung Semiotik dina Novél
Sudagar Batik karangan Ahmad Bakri pikeun Bahan Pangajaran
Aprésiasi Sastra di SMA. Bandung: JPBD FPBS UPI.
134
Ruhaliah. 2010. Sajarah Sastra Sunda Modern. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Ruhaliah. 2012. Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Semi, Atar. 1989. Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.
Andre. Pengertian Sekolah. Tersedia [online]
http://lenterakecil.com/pengertian-sekolah/ diunduh pada tanggal 17
April 2013 pada pukul 08.50.
Ida Afianti, Diantini. BAB II “Kajian Pustaka Novel”. Tersedia [online]
http://lib.uin-malang.ac.id/thesis/chapter_ii/07110161-diantini-ida-afianti.pdf diunduh pada tanggal 2 April 2013 pada pukul 07.00.
Isnendes, Retty. “Teori Sastra”. Tersedia [online]
http://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/
197212021999032-RETTY_ISNENDES/Hand-Out_Teori_Sastra-Pibukueun.pdf diunduh tanggal 1 April 2013 pada pukul 17.02.
Sulung, Siska. “Pembahasan Pendekatan Dalam Sastra”. Tersedia [online]
http://siskasulunglestari.blogspot.com/2013/01/mata-kuliah-kajian-prosa.html diunduh pada tanggal 2 April 2013 pada pukul 07.05.
Wikipedia. 2013. Novél. Tersedia [online] http://id.wikipedia.org/wiki/Novel
diunduh pada tanggal 1 April 2013 pukul 18.00.
Zhouw 'Zha, Imran. 2011. “Mengembangkan Novel dalam Karya Sastra”.
Tersedia[online]