• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII."

Copied!
38
0
0

Teks penuh

(1)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Opah Ropiah

NIM 0906103

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAÉRAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Oleh Opah Ropiah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Opah Ropiah 2013

Universitas Pendidikan Indonesia Maret 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

OPAH ROPIAH NIM 0906103

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Drs. Dede Kosasih, M. Si. NIP 196307261990011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

106

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

INSTRUMÉN/PEDOMAN WAWANCARA

1) Data narasumber:

a) Wasta :

b) Umur :

c) Jenis kelamin :

d) Pakasaban :

e) Atikan :

f) Padumukan :

2) Kumaha asal-usul kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo di Kabupatén Subang?

3) Kumaha prak-prakan kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo di Kabupatén Subang téh?

4) Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian? Saha anu mingpinna? 5) Di mana digelarkeunna pintonan kasenian gembyung? Naha di jero atawa di

luar ruangan?

6) Naha aya komunikasi jeung penonton?

7) Naon waé waditra anu dipaké dina kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

8) Lagu-lagu naon waé nu biasa dipintonkeun dina kasenian gembyung?

9) Saha waé seniman nu aya di grup kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

10) Simbol-simbol naon waé nu aya dina waditra jeung properti dina kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

11) Ajén éstétika naon waé nu aya dina kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

12) Ti iraha Bapa tiasa kana kasenian gembyung?

13) Kumaha prosés pewarisan kasenian gembyung salami ieu?

(5)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII 1)

Opah Ropiah 2) 0906103

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Ajén Éstétis Kasenian Gembyung di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”. Penelitian ini membahas nilai estetis Kesenian Gembyung Buhun Dangiang Dongdo yang berada di Kabupaten Subang. Kesenian Gembyung Buhun Dangiang Dongdo merupakan salah satu grup kesenian gembyung yang berada di Kabupaten Subang yang bekerjasama dengan Komunitas “Roengkoen Iwoeng”. Tujuan diadakannya penelitian ini adalah untuk mengetahui: 1) latar belakang adanya kesenian gembyung di Kabupaten Subang, 2) unsur-unsur seni yang ada pada kesenian gembyung, 3) proses pertunjukan kesenian gembyung, 4) nilai estetis yang terdapat pada kesenian gembyung di Kabupaten Subang, dan 5) rencana bahan pembelajaran membaca di SMA kelas XII mengenai nilai estetis kesenian gembyung di Kabupaten Subang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Teknik pengumpulan data dalam penelitian ini menggunakan teknik studi pustaka, observasi, wawancara, studi dokumentasi dan sadap rekam. Dalam proses penelitian ini ditemukan hal-hal atau data, yaitu kesenian gembyung merupakan salah satu kesenian tradisional yang berasal dari Kabupaten Subang. Gembyung berasal dari dua suku kata yaitu „gem‟ dan „yung‟. „Gem‟ berasal dari kata ageman‟ yang artinya ajaran, pedoman, atau faham yang dianut oleh manusia, dan suku kata „byung‟ berasal dari kata „kabiruyungan‟ yang artinya kepastian untuk dilaksanakan. Fungsi kesenian gembyung yaitu sebagai ritual dan pertunjukan. Kesenian gembyung mempertunjukkan keindahan yang terdapat dalam alat musik, kostum, tarian, dan syair lagu. Manfaat dari penelitian ini adalah menambah pengetahuan tentang nilai estetis yang terkandung dalam kesenian gembyung untuk dijadikan bahan pembelajaran membaca bahasan di SMA kelas XII.

Kata kunci: kesenian gembyung, nilai estetis, bahan ajar membaca

1)

Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M. Hum. selaku Pembimbing I dan Drs. Dede Kosasih, M. Si. selaku Pembimbing II

2)

(6)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Abstract: This paper entitled “Ajen Estetis Kasenian Gembyung di Kabupaten Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”. This research explain about the aesthetics value of Gembyung Buhun Dangiang Dongdo art in Subang. Gembyung Buhun Dangiang Dongdo art is the one of arts group Gembyung which collaborated with “Roengkoen Iwoeng” comunnity. The aim of this research is to know about: 1) The background of art Gembyung in subang, 2) elements art in Gembyung art, 3) Performances of Gembyung art, 4) The aesthetics value which containe on Gembyung art, and 5) Make it become reading lesson plan in SMA XII grade about the aesthetics value of Gembyung art which located in Subang. This research use the descriptive method. And to collect all of informations used literature technique, observation, interview, study documentation, and tapping record. In the research procces found the informations, that is the Gembyung art is the one of traditional arts from Subang. Gembyung derived from two words „gem‟ and „byung‟. „Gem‟ comes from „ageman‟ word which means teachings, guidance,

or the ideology held by humans, and the „byung‟ word comes from „kabiruyungan‟

which means certainty to be implemented. The function of Gembyung art is as ritual and performances. The Gembyung art demonstrates a beauty of musical instruments, costume, dance,and song‟s lyric. The benefit of this research is to give the knowlage about the aesthetics value contained in Gembyung art, and make it become reading lesson materials in SMA XII grade.

(7)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... vi

DAFTAR SINGGETAN ... ix

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR BAGAN ... xi

DAFTAR GAMBAR ... xii

DAFTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3Tujuan Panalungtikan... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan husus ... 6

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5Raraga Tulisan ... 7

BAB II ÉSTÉTIKA, KASENIAN GEMBYUNG, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1Éstétika ... 8

2.1.1 Éstétika bagéan tina Filsafat ... 8

2.1.2 Wangenan/Konsép Éstétika ... 12

2.1.3 Ajén Éstétis ... 13

2.2Kasenian Gembyung ... 15

(8)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2 Wangenan Gembyung ... 17

2.2.3 Fungsi Kasenian Gembyung ... 17

2.2.4 Peran/Kalungguhan Kasenian Gembyung ... 17

2.3Bahan Pangajaran Maca ... 18

2.3.1 Wangenan/Konsép Bahan Pangajaran ... 18

2.3.2 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 19

2.3.3 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) Mata Pangajaran Basa Sunda ... 19

2.3.4 Pangajaran Maca... 21

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1Lokasi Panalungtikan ... 25

3.1.1 Lokasi Géografis Kabupatén Subang ... 25

3.1.1.1Kalurahan Dangdeur ... 27

3.1.2 Data Administratif ... 28

3.1.2.1Penduduk ... 29

3.1.2.2Ékonomi ... 29

3.1.2.3Pendidikan ... 30

3.1.3 Kaayaan Sosial Budaya ... 30

3.1.3.1Agama jeung Kapercayaan ... 30

3.1.3.2Basa ... 30

3.2Sumber Data Panalungtikan ... 31

3.3Desain Panalungtikan ... 32

3.4Métode Panalungtikan ... 33

3.5Wangenan Operasional ... 34

3.6Instrumén Panalungtikan ... 35

3.6.1 Pedoman Wawancara ... 36

3.6.2 Alat Rékam Audio ... 37

3.7Téknik Ngumpulkeun Data ... 37

3.7.1 Studi Pustaka ... 37

3.7.2 Observasi ... 37

3.7.3 Wawancara ... 38

3.7.4 Studi Dokuméntasi ... 38

3.7.5 Sadap Rékam ... 39

3.8Analisis Data ... 39

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII 4.1 Asal-muasal Kasenian Gembyung Dangiang Dongdo di Kabupatén Subang ... 41

4.1.1 Kasenian Gembyung di Jaman Waliyulloh ... 41

4.1.2 Asal-muasal Kasenian Gembyung Dangiang Dongdo ... 42

(9)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.1 Seni Rupa (Kostum/Pakéan) ... 44

4.2.2 Unsur Waditra (Karawitan) ... 49

4.2.3 Seni Sora (Lalaguan) ... 57

4.2.4 Seni Tari(Ibingan)... 68

4.3 Runtuyan Prak-prakan Kasenian Gembyung ... 70

4.3.1 Sanduk-Sanduk/Ijin/Susuguh ... 70

4.3.2 Pintonan Kasenian Gembyung ... 76

4.4 Analisis Ajén Éstétika Kasenian Gembyung Dumasar kana Téori Kant ... 77

4.4.1 Ajén Éstétika dina Kostum/Pakéan ... 77

4.4.2 Ajén Éstétika dina Waditra ... 78

4.4.3 Ajén Éstétika dina Ibingan ... 78

4.4.4 Ajén Éstétika dina Lalaguan ... 79

4.5 Rarancang Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XII ngeunaan Kasenian Gembyung ... 83

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan... 86

5.2 Saran... 88

DAFTAR PUSTAKA ... 89

LAMPIRAN ... 92

(10)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Indonesia mangrupa nagara anu beunghar ku rupa-rupa kabudayaan. Mekarna éta kabudayaan téh teu leupas tina peran masarakatna sorangan.

Kabudayaan di Indonesia bakal terus mekar lamun masarakatna sadar kana pentingna kabudayaan. Dina émprona teu sakabéh masarakat sadar kana éta hal.

Maranéhna ukur bisa pipilueun, tapi teu apal maksud jeung tujuanna (Raga, 2007:18).

Kabudayaan mangrupa kabiasaan nu dipiboga ku hiji masarakat anu tangtu, sarta diturunkeun sacara turun-tumurun. Kabudayaan ogé miboga unsur-unsur nu mangaruhan di jerona. Koentjaraningrat (1985: 2), nétélakeun yén sacara universal kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya nu di dunya nya éta: 1)

sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téknologi.

Ayana budaya lantaran aya masarakat di jerona. Kabudayaan mangrupa hasil tina pamikiran manusa. Hal ieu katitén tina wangenan kabudayaan nurutkeun Koentjaraningrat (1985: 9), nya éta:

“Kebudayaan berasal dari kata Sansakerta “buddhayah” ialah bentuk

jamak dari “budhi” yang berarti” budi” atau “akal”. Demikian

kebudayaan itu dapat diartikan hal-hal yang bersangkutan dengan budi dan akal. Kebudayaan diartikan sebagai keseluruhan gagasan dan karya manusia, yang harus dibiasakannya dengan belajar, beserta keseluruhan dari hasil budi dan karyanya itu.”

Wangenan kabudayaan nurutkeun Bakker (1984: 22) nya éta penciptaan, penertiban, dan pengolahan nilai-nilai insani. Ditilik tina sawangan sosiologis,

(11)

2

jalan, imah adat, upacara adat, jrrd. Sedengkeun anu dimaksud budaya nonmatéril nya éta hasil cipta, rasa, karya jeung karsa manusa anu euweuh bungkeuleukan wujudna, contona adat-istiadat, pangaweruh, ajén-inajén kapercayaan, jrrd (Raga, 2007: 28).

Koentjaraningrat (1985: 5) nyebutkeun yén kabudayaan boga tilu wujud, nya éta: 1) wujud kabudayaan nu mangrupa idé-idé, gagasan, ajén-ajén,

norma-norma, aturan jeung réa-réa deui, 2) wujud kabudayaan nu mangrupa kalakuan manusa di masarakat, 3) kabudayaan nu mangrupa barang-barang hasil karya

manusa. Wujud kabudayaan nu kahiji, nya éta idé nu sipatna abstrak, ayana ngan dina uteuk, pikiran jeung omongan wungkul. Ieu wujud bisa katitén dina kahirupan masarakat, saperti ayana adat-istiadat, tata-kalakuan jeung bisa ogé katitén dina wangun karya sastra nu geus dibukukeun. Wujud nu kadua, nya éta sistem sosial nu sipatna kongkrit. Ieu hal katitén tina kalakuan jeung aktivitas manusa nu hirup di éta tempat. Wujud nu katilu, nya éta kabudayaan fisik nu sipatna kongkrit saperti batik, waditra, iket, jrrd.

Kasenian mangrupa salasahiji unsur kabudayaan universal. Nurutkeun Raga (2007: 38), kasenian mangrupa alat pikeun ngungkapkeun idé-idé, ajén-inajén, cita-cita, jeung perasaan. Kasenian nu tumuwuh jeung mekar di masarakat sipatna sosio-réligius. Hartina, kasenian teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan sosial sarta kapentingan nu aya patalina jeung kapercayaan atawa kayakinan masarakat (Sujarno spk, 2003: 13). Kasenian mangrupa hasil pamikiran, warisan kolot, jeung carita-carita rahayat nu sipatna éndah. Di jerona moal leupas tina kabutuhan jeung kahirupan masarakat, sabab tumuwuhna kasenian gumantung kana masarakat salaku nu nyiptakeunana jeung pihak anu milu ngarojong kana éta kasenian (seniman).

Kasenian raket pisan patalina jeung kapercayaan. Kapercayaan nu

(12)

3

pajamanan, éta waditra teu ngan saukur dipintonkeun dina acara ritual wungkul, tapi mekar jadi pintonan. Ieu hal lantaran loba masarakat nu hayang mintonkeun éta kasenian saperti dina acara kawinan, ékah, peresmian acara/kagiatan, jrrd. Biasana lalaguanana ogé maké lagu-lagu kaayeunakeun atawa dimodofikasi ku cara ditambahan (kolaborasi) jeung waditra séjén saperti kendang, goong, toléat, jrrd. Di Jawa Barat, hususna di Kabupatén Subang aya kasenian tradisional nu

masih dimumulé tur dipintonkeun, saperti toléat, sisingaan, topéng jati (topéng ménor), gembyung, jeung réa-réa deui.

Gembyung mangrupa salasahiji kasenian tradisional nu masih aya tur masih dipintonkeun di Kabupatén Subang. Ieu kasenian miboga pungsi pikeun ritual jeung pintonan. Kasenian gembyung asalna tina kecap gem jeung yung. Gem asalna tina ageman nu hartina ajaran, pedoman, atawa paham nu dianut ku manusa. Kecap byung asalna tina kecap kabiruyungan nu hartina pasti kudu dilaksanakeun. Gembyung mimiti mekar dina mangsa sumebarna agama Islam. Harita, gembyung dipintonkeun ku santri-santri nu dipingpin ku sesepuh pasantrén (Hendarsah spk, 2008: 13).

Waditra nu dipaké dina kasenian gembyung nya éta terebang. Kasenian gembyung mintonkeun sora musik tradisional tur sakral. Ieu hal lantaran pikeun ngajaga kaaslian seni tradisi nu diwariskeun ku karuhun. Ku kituna, ieu kasenian miboga fungsi pikeun ritual (ceremonial) jeung pintonan. Gembyung ogé miboga ajén-inajén nu dijadikeun papagon hirup, saperti ajén moral, agama, sosial, jeung éstétika. Kasenian gembyung dirojong ku sababaraha unsur seni, nya éta seni tari, seni sora, seni musik, jeung seni rupa anu gumulung jadi karya seni tradisional tur teu leupas tina ajén-inajén kasundaan nu némbongkeun kaéndahan (éstétika).

Nurutkeun Djelantik (1999: 9), élmu éstétika nya éta élmu nu medar ngeunaan kaéndahan, maluruh sakabéh aspék nu disebut kaéndahan. Sedengkeun

nurutkeun Sumardjo (2000: 33), éstétika nya éta filsafat ngeunaan kaéndahan anu aya di alam jeung dina rupa-rupa barang seni hasil karya manusa.

(13)

4

kasenian. Ku kituna, ayana jaman modérn jeung globalisasi tangtu mangaruhan pisan kana robahna jaman.

Robahna jaman kana jaman globalisasi mangaruhan kana mekarna kasenian tradisional. Kasenian tradisional Indonesia geus ngésér, kagésér ku kasenian deungeun. Ieu hal téh lantaran mekarna téhnologi jeung alat komunikasi saperti komputer, internét, jeung handphone geus ngarobah pola pikir jeung pola

kalakuan para nonoman kana kasenian dengeun. Kiwari para nonoman leuwih ngarasa ningkat géngsina lantaran ngawih maké basa deungeun ti batan ngawih

maké basa daérah, leuwih ningkat géngsina lamun diajar kasenian deungeun saperti break dance ti batan diajar kasenian tradisional saperti gembyung. Ieu hal téh balukar tina kurangna pangaweruh, minat, jeung aprésiasi hususna kana widang kasenian. Ku kituna, perlu ayana tarékah pikeun ngadokuméntasikeun, ngamumulé, ngariksa, ngaraksa kasenian atawa kabudayaan Sunda sangkan teu kaeréh ku budaya modérn. Sangkan nonoman Sunda apal kana kasenian gembyung, ieu informasi perlu ditepikeun ngaliwatan pendidikan formal di sakola. Pangaweruh ngeunaan kabudayaan teu dicangking ti masarakat wungkul tapi bisa ogé di sakola (lembaga formal). Élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan bisa dicangking ku barudak tina mata pelajaran nu diajarkeun di sakola, contona pangajaran basa Sunda.

Pangajaran ngeunaan kabudayaan Sunda geus aya dina SKKD pangajaran basa Sunda. Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) mata pelajaran Basa jeung Satra Sunda nurutkeun Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2006: 23) mangrupa program pikeun mekarkeun pangaweruh, kaparigelan basa, jeung sikep nu hadé kana basa jeung sastra Sunda. Dina SKKD mata pelajaran Basa jeung sastra Sunda kelas XII SMA/SMK/MA, aya maca artikel ngeunaan budaya. Ku kituna, pangaweruh ngeunaan kabudayaan bisa dicangking tina maca artikel

kabudayaan Sunda.

Hasil panalungtikan ngeunaan Gembyung kawilang loba, di antarana: (1) Seni Tradisi Gembyung di Kampung Banceuy Kabupaten Subang 1975-1999

(Suatu Kajian Historis Terhadap Sosial Budaya Masyarakat) ku Iis Melda

(14)

5

Karoya Desa Sandingtaman Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis ku Indra Jaya

(2010), (3) Fungsi Kesenian Gembyung Pusaka Mekar Desa Sekarwangi Kecamatan Buah Dua Kabupaten Sumedang dari Sajian Upacara ke

Hiburan ku Wulan Chandra Fertamawati (2010), jeung (4) Peran Dukun Tari

dalam Kesenian Gembyung pada Upacara Riwatan Kampung di Dusun

Bangbanyang Desa Padasari Kecamatan Cimalakama Kabupaten Sumedang ku

Siska Fitriani (2012).

Panalungtikan ngeunaan kasenian gembyung dilaksanakeun di kabupatén

Subang, lantaran para nonoman hususna para nonoman di kabupatén Subang geus teu apal kana kasenian gembyung jeung geus méh leungit, ku kituna perlu sagancangna didokuméntasikeun. Dumasar ieu panalungtikan dipiharep para nonoman bisa numuwuhkeun deui rasa reueus kana kasenian gembyung jeung bisa ngaraksa tur ngariksa tradisi karuhun sangkan teu leungit. Iwal ti éta, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh pikeun nu nalungtik, umumna pikeun masarakat.

Ieu panalungtikan diwatesanan ngan ukur nalungtik ajén éstétika dina kasenian gembyung wungkul. Pikeun ngajembaran panalungtikan ngeunaan ajén éstétika dina kasenian gembyung, kukituna diayakeun panalungtikan anu dijudulan “Ajén Éstétis Kasenian Gembyung di Kabupatén Subang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Kasenian gembyung boga unsur-unsur seni anu jembar pisan. Ditilik tina filsafat, agama, moral, sosial jeung éstétika. Sangkan teu méngpar tina objék nu ditalungtik, ieu panalungtikan téh baris museur kana ajén éstétis nu ngawengku

(15)

6

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, nya éta:

1) Kumaha asal-muasal ayana kasenian gembyung?

2) Unsur-unsur seni naon waé nu aya dina kasenian gembyung? 3) Kumaha prak-prakan pintonan kasenian gembyung?

4) Kumaha ajén éstétis nu nyampak dina kasenian gembyung di Kabupatén Subang?

5) Bahan pangajaran maca nu kumaha anu cocog dipaké di SMA kelas XII ngeunaan ajén éstétis kasenian gembyung?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa kabudayaan jeung kasenian nu aya di masarakat Indonesia.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) Asal-muasal ayana kasenian gembyung di Kabupatén Subang;

2) Unsur-unsur seni nu aya dina kasenian gembyung di Kabupatén Subang;

3) Prak-prakan pintonan kasenian gembyung di Kabupatén Subang; 4) Ajén éstétis nu nyampak dina kasenian gembyung di Kabupatén

Subang;

5) Rarancang bahan pangajaran maca di SMA kelas XII ngeunaan ajén

(16)

7

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan bisa méré pangaweruh ngeunaan paélmuan budaya Sunda, boh pikeun aprésiasi budaya boh pikeun bahan pangajaran. Tina ieu panalungtikan dipiharep bisa nyangking gemblengan jeung pungsi nu nyangkaruk dina kasenian gembyung.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh. Ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun bahan wisata kabudayaan, ngamumulé budaya lokal sangkan dipikawanoh deui ku masarakat séjén, jeung pikeun inventarisir budaya utamana dina widang kasenian.

1.5 Raraga Tulisan

Raraga nulis dina ieu skripsi, nya éta:

1) BAB 1: Bubuka medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga nulis. Dina ieu bab, eusina ngeunaan kontéks tina masalah anu ditalungtik.

2) BAB II: Kajian tiori. Dina ieu bab, dipedar ngeunaan tiori éstétika, kasenian gembyung, jeung bahan pangajaran maca.

3) BAB III: Métode panalungtikan ngabahas ngeunaan sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

4) BAB IV: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan.

(17)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Géografis Kabupatén Subang

Kabupatén Subang jeung wates daérahna diatur dina Undang-undang

nomer 4 taun 1968. Eusi undang-undangna ngeunaan pembentukan Kabupatén Purwakarta jeung Kabupatén Subang, ku cara ngarobah undang-undang nomer 14

taun 1950 ngeunaan pembentukan daérah kabupatén di Jawa Barat. Undang-undang nomer 4 taun 1968 ditetepkeun tanggal 29 Juni 1968 jeung diasupkeun kana Lembaran Negara Republik Indonesia taun 1968 nomer 31 (Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupatén Subang: 1980: 2).

Nurutkeun Meinanda jeung Rudiono (2008: 1-2), Kabupatén Subang aya di daérah tatar Sunda nu pernahna aya dina posisi 107” 31 –107” 59 Bujur Timur jeung 6” 11 – 69” 49 Lintang Selatan. Kabupatén Subang aya dina tilu zona géografi jeung topografi, nya éta:

1) Dataran luhur nu pernahna 500 – 1.500 méter ti permukaan laut nu lega wilayahna 20% ti sakabéhna;

2) Wilayah darat nu luhurna 50 – 500 méter, 34,85% wilayah ti lega wilayahna; jeung

3) Zona pesisir pantai jeung laut nu luhurna 0 – 50 méter sarta lega wilayahna 45,15%.

Kabupatén Subang boga iklim nu béda-béda jeung boga poténsi sumber kekayaan nu macem-macem luyu jeung poténsi iklim di masing-masing zona. Di zona pegunungan contona hirup macam-macam flora jeung fauna nu bisa dimekarkeun pikeun kabutuhan manusa.

(18)

26

Zona pesisir laut mangrupa daérah anu beunghar poténsi alamna. Poténsi alam nu aya di zona pesisir nya éta lobana lauk bisa dimangpaatkeun pikeun karaharjaan masarakatna jeung éta wilayah bisa dijadikeun objék pariwisata.

Lega wilayah Kabupatén Subang nya éta 205.176,95 ha atawa kurang leuwih 6, 43% tina legana wilayah Jawa Barat. Anapon wates Kabupatén Subang nya éta:

 Beulah kidul: Kabupatén Bandung Barat;  Beulah kulon: Kabupatén Purwakarta;

 Beulah wetan: Kabupatén Sumedang jeung Kabupatén Indramayu; jeung

 Beulah kalér: laut Jawa.

[image:18.595.110.512.235.739.2]

Nurutkeun Meinanda jeung Rudiono (2008: 8), Kabupatén Subang aya 30 Kacamatan nya éta Kacamatan Subang, Kacamatan Cijambé, Kacamatan Cibogo, Kacamatan Jalancagak, Kacamatan Sérangpanjang, Kacamatan Sagalahérang, Kacamatan Cisalak, Kacamatan Kasomalang, Kacamatan Ciater, Kacamatan Tanjungsiang, Kacamatan Pagadén Barat, Kacamatan Pagadén, Kacamatan Binong, Kacamatan Compréng, Kacamatan Cipunagara, Kacamatan Pusakanagara, Kacamatan Pamanukan, Kacamatan Legon Kulon, Kacamatan Blanakan, Kacamatan Ciasem, Kacamatan Patokbeusi, Kacamatan Pabuaran, Kacamatan Cikaum, Kacamatan Purwadadi, Kacamatan Kalijati, Kacamatan Cipeundeuy jeung Kacamatan Dawuan (Meinanda jeung Rudiono, 2008: 8).

(19)

27

Tempat ieu panalungtikan nya éta di Padépokan Gembyung Buhun Dangiang Dongdo Subang nu pernahna di komplék BTN Pondok Gedé Blok B.44 Kalurahan Dangdeur Kacamatan Subang Kabupatén Subang.

3.1.1.1Kalurahan Dangdeur

Kalurahan Dangdeur nya éta salasahiji kalurahan nu aya di Kacamatan

Subang. Masarakat di Kacamatan Subang aya 13.381 jalma, nu ngawengku 6.767 lalaki jeung 6.614 awéwé. Lamun ditilik tina struktur penduduk di Kalurahan

Dangdeur pakasaban nu panglobana nya éta patani. Wates Kalurahan Dangdeur nya éta:

 Beulah kalér: Désa Cidahu Kecamatan Pagaden Barat;  Beulah kidul: Kalurahan Parung Kecamatan Subang;

 Beulah wétan: Kalurahan Cigadung Kecamatan Subang; jeung  Beulah kulon: Désa Sukasari Kecamatan Dawuan.

Sistem budaya di Kabupatén Subang macem-macem, nya éta aya kesenian tradisional, upacara tradisonal, téknologi tradisional, kaulinan barudak, dongéng, jeung sistem ékonomi tradisional. Kesenian tradisional contona: sisingaan, toléat, genjring bonyok, gembyung, topéng jati (topeng ménor), jrrd. Upacara tradisional contona: ruatan bumi, upacara mapag Dewi Sri, upacara nadran, mandi konéng, ngabeungkat (hajat cai), jrrd. Téknologi tradisional contona: nyieun gula kawung, panday besi, wuluku, jrrd. Kaulinan barudak contona: kolécér, prangpring, galah asin, hong hongan, cacaburangé, pérépét jéngkol, pat pat kolépat, paciwit-ciwit lutung, éncrak, oray-orayan, jrrd. Dongéng nu aya di Kabupatén Subang nya éta

(20)
[image:20.595.116.510.107.615.2]

28

Gambar 3.2 Peta Kalurahan Dangdeur

3.1.2 Data Administratif

3.1.2.1Penduduk

Nurutkeun Meinanda jeung Rudiono (2008: 15) penduduk Kabupatén Subang taun 2008 aya 1.379.534 urang anu komposisina 698.077 lalaki jeung 681.457 awéwé. Tingkat kepadatan penduduk 672,37 jiwa per km2 jeung Kacamatan nu panglobana penduduk aya di Kacamatan Subang nu angkana 1.438,28 jiwa per km2, disusul Pamanukan 1.075,02 jiwa per km2. Kacamatan Legon Kulon mangrupa daérah nu paling saeutik tingkat kepadatan pendudukna nya éta 348,70 jiwa per km2 .

(21)

29

cicingna ngan saukur di sababaraha Kacamatan, nya éta Pamanukan, Ciasem, Pusakanagara, jeung Subang kota (Meinanda jeung Rudiono, 2008: 15).

3.1.2.2Ékonomi

Kabupatén Subang mangrupa wilayah nu agraris, lantaran sawaréh legana wilayah Subang nya éta 84.710.000 héktar dipaké pikeun tatanén (Rudiono,

2008:9). Daérah pertanian leuwih lega dibandingkeun jeung daérah nonpertanian. Ieu hal némbongkeun yén pakasaban masarakat Subang lolobana patani.

Nurutkeun wilayah géografi jeung topografina, pakasabakan masarakat Subang nya éta patani, supir, PNS, pagawé kantoran, buruh, pamayang, jeung jasa.

Sub séktor tatanén boga peran strategis dina ngaronjatkeun pangwangunan di masarakat jeung ngaronjatkeun ékonomi masarakat Subang. Lian ti tatanén, lahan nu séjénna dipaké pikeun lahan perkebunan. Perkebunan nu disahkeun ku PTPN VIII nya éta Perkebunan Téh Tambak Sari, Perkebunan Téh Ciater, Perkebunan Karét Wangunreja, Perkebunan Karét Jalupang, jeung Perkebunan

Tebu Pasirbungur. Perkebunan miboga kalungguhan nu penting dina ékonomi

masarakat Subang boh di tingkat lokal boh di tingkat nasional. Di tingkat lokal perkebunan méré tempat gawé pikeun masarakat, sedengkeun di tingkat nasional

hasil perkebunan ngadatangkeun devisa pikeun nagara, lantaran produk téh, karét, coklat, jeung tiwu dijual ka pasar internasional pikeun nyumponan kabutuhan di jero nagri. Perkebunan masarakatna ogé ngahasilkeun rupa-rupa bungbuahan, nya éta: ganas, kadu, manggu, rambutan, jrrd. Poténsi séjénna nu boga ajén luhur dina ékonomi nya éta perikanan, lantaran Kabupatén Subang boga wilayah perairan. Poténsi séktor perikanan can dimangpaatkeun sacara bener. Ieu hal katitén tina cara ngolah séktor perikanan masih maké cara tradisional. Ku kituna, séktor perikanan can bisa méré peran anu gedé dina ngaronjatkeun ékonomi masarakat

(22)

30

3.1.2.3Pendidikan

Jenjang pendidikan nu aya di Kabupatén Subang geus lengkep, ti mimiti Sakola PAUD (Pendidikan Anak Usia Dini), TK (Taman Kanak-kanak)/Raudhatul Athfal (RA), Sekolah Dasar (SD)/Madrasah Ibtidaiyah (MI), Sekolah Menengah Pertama (SMP)/Madrasah Tsanawiyah (MTs), Sekolah Menengah Atas (SMA)/Sekolah Menengah Kejuruan (SMK)/Madrasah Aliah

(MA), jeung paguron luhur.

Di tilik tina pendidikan, taun 2002 aya 12, 17% warga Subang anu buta

aksara jeung rata-rata lila sakolana 6,17 taun. Ieu hal némbongkeun yén pendidikan di Kabupatén Subang masih handap jeung masih aya penduduk anu teu tamat Sekolah Dasar (SD) sarta aya nu teu sakola samasakali (Rudiono, 2008:16).

3.1.3 Kaayaan Sosial Budaya

3.1.3.1Agama jeung Kapercayaan

Agama anu aya di Kabupatén Subang nya éta agama Islam jeung agama kristén. Masarakat kabupatén Subang lolobana ngagem agama Islam. Ieu hal katitén tina wangunan masjid nu aya di unggal daérah. Lian wangunan masjid, aya ogé tempat ibadah séjénna nya éta geréja. Ieu hal némbongkeun yén masarakat Subang aya nu ngagem agama Kristen.

3.1.3.2Basa

Kabupatén Subang ngawengku tilu étnis, nya éta Sunda, Jawa, jeung Cina. Basa anu dipaké ku étnis Sunda umumna nya éta basa Sunda. Basa Sunda dipaké di masarakat anu perenahna di daérah pagunungan nya éta Kacamatan Jalancagak, Sagalahérang, Cisalak, Tanjungsari, Kasomalang, Ciater, Cijambé, Subang kota,

(23)

31

cicingna di daérah kalér. Étnis Jawa mangrupa blasteran Banten jeung Cirebon. Basa anu dipakéna nya éta basa Jawa, Banten, jeung Cirebon (Rudiono, 2008:15).

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu ditalungtik. Sacara gurat badagna, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta: jalma (person), tempat

(place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

1) Jalma (person), nya éta sumber data nu bisa méré data mangrupa

jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét;

2) Tempat (place), nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode obsérvasi;

3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi (Arikunto, 2010: 172).

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta sumber data ti seniman gembyung, hasil rekaman tina pintonan kasenian gembyung, jeung data ti masarakat sabudeureun. Kasenian gembyung nu aya di Kabupatén Subang aya sababaraha grup, nya éta: 1) Dangiang Joglo di Désa Cicadas, 2) Gembyung Buhun di Désa Parakan Muncang,

(24)

32

3.3 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa studi pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyieun laporan panalungtikan.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

NYIEUN KACINDEKAN TINA HASIL NGOLAH DATA ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA

NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI KABUPATÉN SUBANG JEUNG

NGAWAWANCARA SENIMAN GEMBYUNG TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Sajarah kasenian gembyung di Kabupatén Subang;

2. Prak-prakanana kasenian gembyung di Kabupatén Subang;

3. Unsur-unsur seni nu aya dina kasenian gembyung di Kabupatén Subang;

4. Ajén falsafah dina kasenian gembyung di Kabupatén Subang;

5. Ajén éstétika nu nyampak dina kasenian gembyung di Kabupatén Subang.

(25)

33

3.4 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Métodena mangrupa angkét, wawancara, pengamatan atawa observasi, tés, jeung dokuméntasi (Arikunto, 2010: 203).

Métode panalungtikan mangrupa cara atawa kagiatan panalungtikan anu didadasaran ku asumsi dasar, pamadegan-pamadegan filosofis jeung ideologis,

patalékan jeung isu anu aya. Métode panalungtikan boga rarancang panalungtikan (research design) nu tangtu (Sukmadinata, 2012: 52).

Métode analisis data kabagi jadi dua, nya éta métodé analisis kuantitatif jeung métode kualitatif. Métode kuantitatif eusina medar data panalungtikan nu basajan, mangrupa kajadian-kajadian monovarian. Ku kituna teu bisa disusun maké struktur klasifikasi. Métode kualitatif sifatna multivarian jeung babari disusun dina wangun struktur klasifikasi. Métode nu rék dipaké dina panalungtikan gumantung kana variabel nu ditalungtikna (Fathoni, 2006: 113).

Métode analisis nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode kualitatif lantaran hasilna mangrupa wangun tinulis jeung lisan tina tingkah polah jalma-jalma anu ditalungtik. Ieu hal luyu jeung pamadegan Bogdan jeung Taylor (dina Muhammad, 2011: 19) nu nétélakeun yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan nu hasilna data déskriptif mangrupa kekecapan tinulis atawa lisan tina tingkah polah jalma-jalma anu ditalungtik.

Panalungtikan kualitatif nurutkeun Sukmadinata (2012: 60) nya éta panalungtikan anu ditujukeun pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis fenomena, kajadian, aktivitas sosial, sikep, kapercayaan, persépsi, jeung pamikiran manusa sacara individu atawa kelompok. Métode panalungtikan kualitatif nurutkeun Sugiono (2009: 15) nya éta métode panalungtikan nu didadasaran ku filsafat postpositivisme nu dipaké pikeun nalungtik kaayaan objék jeung alamiah. Métode

panalungtikan kuantitatif ngawengku panalungtik salaku instrumén konci, nyokot sumber data sacara purposive jeung snowball, téknik ngumpulkeun data ku cara triangulasi (gabungan), analisis data sipatna induktif/kualitatif, jeung hasil

(26)

34

Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta panalungtikan déskriptif. Panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dilakukeun pikeun mariksa jeung ngukur gejala nu tangtu. Dina ieu panalungtikan, landasan tiori dibutuhkeun tapi teu digunakeun salaku dasar pikeun nangtukeun kritéria pengukuran kana gejala anu ditalungtik (Fathoni, 2006:97).

Nurutkeun Suyatna (2002: 14), métode panalungtikan déskriptif nya éta

panalungtikan anu di jerona ngawengku akumulasi data dasar ku cara déskriptif, euweuh uji hipotésis, teu nyieun ramalan/prédiksi, jeung teu nyangking ma’na

implikasi. Tujuan panalungtikan déskriptif nya éta nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta sarta sipat-sipat populasi di daérah nu tangtu. Métode panalungtikan nu cocog pikeun dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif lantaran luyu jeung tujuan panalungtikan.

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén éstétika nu aya dina kasenian gembyung. Ieu panalungtikan museur kana prak-prakanna, unsur-unsur seni dina kasenian gembyung, jeung kasenian gembyung dipaké pikeun rarancang bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

3.5 Wangenan Operasional

Wangenan operasional nya éta nerjemahkeun unggal variabel dumasar kritéria kabutuhan observasi, keterukuran, kontrol, jeung pengetesan berbagai variabel (Suyatna, 2002: 9). Nuruteun Fathoni (2006: 28), wangenan operasional

nya éta:

“Definisi yang didasarkan atas sifat-sifat hal yang didefinisikan yang dapat diamati (diobservasi) ini penting karena hal yang dapat diamati itu membuka kemungkinan bagi orang lain selain peneliti untuk melakukan hal yang serupa, sehingga apa yang dilakukan oleh peneliti terbuka untuk diuji kembali oleh orang lain.”

(27)

35

1) Ajén Éstétis

Ajén nya éta ukuran pikeun nangtukeun alus atawa henteuna hiji hal ku cara ditalungtik (Kartika jeung Prawira, 2004: 20). Ajen éstétika nya éta cabang élmu filsafat anu museur kana kaéndahan hiji hal. Luyu jeung pamadegan Sumardjo (2000: 33) yén éstétika téh nya éta filsafat ngeunaan kaéndahan, boh anu aya di alam ogé rupa-rupa barang seni hasil jieunan

manusa. Ajén éstétis nya éta ajén nu nalungtik ngeunaan kaéndahan.

2) Kasenian Gembyung

Kasenian gembyung nya éta kasenian tradisional anu waditra utamana mangrupa genjring jeung mintonkeun sora musik tradisional tur sakral. Kasenian gembyung tumuwuh jeung mekar di Kabupatén Subang.

3) Bahan Pangajaran Maca

Bahan pangajaran nya éta salasahiji komponén sistem pangajaran nu miboga peran penting dina ngabantuan siswa sangkan bisa ngahontal SKKD anu eusina pangaweruh, kaparigelan, sarta sikep atawa ajén nu kudu dipikaweruh ku siswa (Yuniawati, 2012: 37). Maca nurutkeun Hodgson (dina Tarigan, 2008: 7) maca nya éta hiji prosés anu dilakukeun sarta dipaké ku nu maca pikeun meunangkeun pesen, anu baris ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan kekecapan atawa basa tinulis. Bahan pangajaran maca nya éta bahan pangajaran nu di jerona ngawengku aspék kaparigelan maca.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Arikunto (2010: 203) nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data ngarah pagawéanna bisa lumangsung leuwih gampang jeung hasilna leuwih alus. Dina

hartina leuwih taliti, lengkep, jeung sisitematis anu ngajdikeun datana leuwih gampang diolah.

(28)

36

3.6.1 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara mangrupa rumusan patalékan anu bakal ditanyakeun ka narasumber nalika prosés wawancara. Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo di Kabupatén Subang.

Aya ogé pertanyaan-pertanyaanna nya éta:

1) Data narasumber:

a) Wasta :

b) Umur :

c) Jenis kelamin : d) Pakasaban :

e) Atikan :

f) Padumukan :

2) Kumaha asal-usul kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo di Kabupatén Subang?

3) Kumaha prak-prakan kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo di Kabupatén Subang téh?

4) Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian? Saha anu mingpinna?

5) Di mana digelarkeunna pintonan kasenian gembyung? Naha di jero atawa di luar ruangan?

6) Naha aya komunikasi jeung penonton?

7) Naon waé waditra anu dipaké dina kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

8) Lagu-lagu naon waé nu biasa dipintonkeun dina kasenian gembyung?

9) Saha waé seniman nu aya di grup kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

(29)

37

11) Ajén éstétika naon waé nu aya dina kasenian gembyung buhun Dangiang Dongdo?

12) Ti iraha Bapa tiasa kana kasenian gembyung?

13) Kumaha prosés pewarisan kasenian gembyung salami ieu?

14) Naon anu dilakukeun ku Bapa pikeun hirup-huripna kasenian gembyung kapayunna?

3.6.2 Alat Rékam Audio

Alat rékam audio nyaéta alat pikeun ngarékam wawancara ngeunaan gembyung. Alat rékam audiona maké kaméra digital jeung kaméra DSLR. Ayana alat rékam audio sangkan data nu dicangking akurat tur jadi dokuméntasi.

3.7 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik panalungtikan mangrupa salasahiji usaha pikeun néngan hasil panalungtikan maké métode anu tangtu sangkan tujuan panalungtikan bisa kahontal (Suyatna, 2002: 18). Nurutkeun Fathoni (2005: 104), data nya éta informasi anu dicangking ngaliwatan pengukuran-pengukuran anu tangtu pikeun dijadikeun landasan dina nyusun arguméntasi logis jadi fakta. Sedengkeun fakta nya éta kanyataan anu geus diuji bebeneranana sacara émpiris, diantarana ngaliwatan analisis data. Téhnik nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka, obsérvasi, wawancara, sadap rékam jeung studi dokuméntasi.

3.7.1 Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun téori-téori pikeun bahan tulisan sangkan dijadikeun papagon dina ngayakeun panalungtikan (Suyatna, 2002: 19).

3.7.2 Obsérvasi

(30)

38

observasi disebut pengobservasi (observer) jeung pihak anu diobservasi disebut terobservasi (observee).

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina ngalaksanakeun obsérvasi nya éta: 1) Diarahkeun kana tujuan anu tangtu, lain spekulatif, tapi sistematis

jeung direncanakeun;

2) Nyieun catetan tong ngandelkeun daya inget wungkul;

3) Diusahakeun catetanana sacara kuantitatif; jeung

4) Hasilna kudu bisa dipariksa deui pikeun diuji bebeneranana.

Téhnik obsérvasi dipaké pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan kasenian gembyung. Gambaran nu dipiharep lian ti kasenianana ogé ngeunaan gambaran sosial masarakatna.

3.7.3 Wawancara

Wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara prosés tanya jawab lisan saarah. Hartina patalékan datang ti pihak nu ngawawancara jeung jawaban ti pihak nu diwawancara (Fathoni, 2006: 105).

Interview dibagi dua nya éta réspondén jeung informan. Réspondén nya

éta sumber data primer ngeunaan dirina sorangan salaku objék sasaran panalungtikan. Sedengkeun informan nya éta sumber data sékundér ngeunaan pihak séjénna jeung ngeunaan réspondén. Ku kituna, informan anu dipilih kudu apal kana kaayaan réspondén.

3.7.4 Studi Dokuméntasi

Studi dokuméntasi nya éta téknik ngumpulkeun data ku cara ngulik tulisan-tulisan data pribadi réspondén (Fathoni, 2006: 112). Studi dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha prak-prakanana éta

(31)

39

3.7.5 Sadap Rékam

Sadap rékam mangrupa téhnik dokumentasi video anu maké alat rékam kaméra digital jeung kaméra DSLR. Hal ieu dilaksanakeun sangkan data nu dicangking akurat tur jadi dokuméntasi.

3.8 Analisis Data

Dina nganalisis data dibutuhkeun kecermatan panalungtik dina ngolah data sangkan data nu dipedar teu salah sarta luyu jeung kaayaan nu aya di lapangan.

Panalungtik dipiharep bisa nganalisis data sacara objéktif, teu meunang dimanipulasi. Suyatna (2002: 25) nyebutkeun gurat badag analisis data ngawengku opat hal nya éta:

1) Mariksa jeung milih data nu asup. Data nu geus dikumpulkeun dipilih jeung dipariksa deui sangkan luyu jeung pedaran nu bakal ditepikeun. Data nu dipariksa nya éta kalengkepan idéntitas narasumber jeung hasil wawancara sarta hasil dokuméntasi. Jadi di mana aya kakurangan jeung aya data nu teu dibutuhkeun bisa gancang katitén.

2) Klasifikasi data. Hartina ngelompokkeun data atawa milah-milah data nu kakumpul dumasar kana data kualitatif, instrumén nu dipaké (kaméra digital jeung pedoman wawancara), jeung tujuan panalungtikan nu hayang dihontal.

3) Tabulasi data, nya éta ngalaporkeun sakabéh data dina wangun tabél. Data dicangking tina hasil studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi.

(32)

40

(33)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kasenian gembyung mangrupa kasenian tradisional nu aya di Kabupatén Subang. Seni gembyung mimiti aya dina jaman peralihan ti agama Hindu ka

Islam. Di jaman Waliyulloh, kasenian gembyung dipaké si’ar Islam ku Sunan Kalijaga. Kasenian Gembyung Buhun Dangiang Dongdo diadegkeun ku tilu

inohong di Kabupatén Subang nya éta H. Bebet Sulaeman, Ir. H. Moch. Agustias, jeung Drs. H. Moddi Madiana. Kecap Dangiang Dongdo asalna tina kabiasaan para santri nu ngibing rebanaan ku ibingan kobong dongko jeung dicokot tina ngaran nonoman Sunda nya éta Dangiang Surya Kancana (Mbah Dongdo). Kasenian Gembyung Buhun Dangiang Dongdo gawé bareng jeung “Roengkoen Iwoeng” dina ngokolakeun kasenian gembyung. Nu ngabédakeun seni gembyung Dangiang Dongdo jeung gembyung séjénna nya éta waditra anu dipaké dina mintonkeun seni gembyung geus dimodifikasi ku cara ditambahan (dikolaborasi) jeung waditra séjén. Lian ti nambahan waditrana, lagu-lagu anu dipintonkeunna ogé maké lalaguan kaayeunakeun. Peran/kalungguhan kasenian gembyung salaku média ritual jeung pintonan.

(34)

87

Prak-prakanana kasenian gembyung di mimitian ku ayana sanduk-sanduk/ijin/susuguh ku sasajén sangkan manusa bisa maca ka alam sabudeureunana jeung di teruskeun kana pintonan kasenian gembyung.

Ajén éstétis dina kostum/pakéan aya dina wangun jeung garis. Iket méré kaéndahan ka anu makéna lantaran katempo rapih. Kaéndahan dina baju kamprét/salontrék aya dina wangun jeung garis. Baju kamprét nu bodas di bagéan

dada aya motif batik kumeli nu nambahan kaéndahan dina fisik éta kamprét. Kaéndahan warna baju kamprét nu bodas ngalambangkeun kasucian jeung

(35)

88

Tina hasil ieu panalungtikan, bisa dijadikeun bahan pangajaran maca bahasan pikeun SMA kelas XII. Ngeunaan hasil atawa henteuna bahan pangajaran maca bahasan, gumantung kana téknik jeung métode nu dipaké ku guruna. Lian ti éta, guru kudu nyaluyukeun bahan pangajaran jeung kamampuh siswana sorangan sangkan bisa ngahontal kana tujuan pangajaran nu dimaksud.

5.2 Saran

Sabada nalungtik ajén éstétika kasenian gembyung, karasa loba pisan

mangpaatna pikeun panyusun. Di sagigireun ngaguar tradisi, ogé bisa nambahan élmu pangaweruh kana widang agama. Sangkan ajén kamangpaatan tina kasenian gembyung bisa karasa ku sakumna pihak, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun pihak lembaga pendidikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif bahan ajar. Sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén pendidikan hususna ajén kabudayan;

2) Pikeun pihak masarakat, kasenian gembyung mangrupa tradisi anu diwariskeun ti para karuhun urang Sunda jeung miboga ajén positif di jerona. Ku kituna, ieu acara ulah nepi ka mawa pikiran masarakat kana kamusrikan. Kasenian gembyung kudu dimumulé sangkan teu ngésér, kagésér ku kasenian séjén sarta tetep ahung rahayu;

3) Pikeun pihak penyelenggara, lian ti ajén positif, dina ieu kasenian gembyung téh nyangkaruk ogé kapercayaan-kapercayaan jeung mitos anu geus napel dina diri masarakat. Ku kituna, ka pihak penyelenggara dipiharep bisa ngalelempeng paradigma masarakat, sangkan henteu ngahudangkeun sikep ‘penyimpangan akidah’ di masarakat; jeung

4) Pikeun lembaga panalungtikan, panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh

(36)

Opah Ropiah , 2013

Ajen estetis kasenian gembyung di kabupaten subang pikeun bahan pangajaran maca di sma kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Achmad, Asmoro. 1997. Filsafat Umum. Jakarta: Raja Grapindo Persada.

Amir dkk. 2007. Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: Basen Press.

---2009. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Bakker, J.W.M. 1984. Filsafat Kebudayaan (Sebuah Pengantar). Jakarta: Kanisius.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Subang. 2007. Sejarah Kabupaten Subang. Subang: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Subang.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2006. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Disbudparpora Kabupatén Subang. 2008. Ragam Budaya Kabupatén Subang (Pendokumentasian Seni dan Budaya). Subang: Dinas Kebudayaan Pariwisata Pemuda dan Olahraga Kabupatén Subang.

Djelantik, A.A.M . 1999. Éstétika Sebuah Pengantar. Bandung: Masyarakat Seni Pertunjukan Indonesia.

---1990. Pengantar Dasar Ilmu Estetika Jilid 1 Estetika Instrumen. Denpasar: Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI).

Effendi, Ridwan & Elly Malihah. 2007. Pendidikan Lingkungan Sosial, Budaya, dan Teknologi. Subang: CV Yasindo Multi Aspek.

Fathoni, Abdurrahmat. 2006. Metodologi Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Gembyung Dangiang Dongdo Subang. 2007. Buku Panduan Nyukcruk Enas-Enasna Seni Buhun Gembyung. Subang: tidak diterbitkan.

(37)

90

Jurusan pendidikan Basa Daérah FPBS UPI. 2008. Ejahan Basa Sunda (Édisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.

Kartika, Dharsono Soni & Nanang Ganda Prawira. 2004. Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa sains.

Kattsoff, Louis O. 2004. Pengantar Filsafat. Yogyakarta: Tiara Wacana Yogya.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

---1985. Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Kubarsah, U. 1994. Waditra (Mengenal Alat- alat Kesenian Daerah Jawa Barat). Bandung: CV. Sampurna.

Meinanda, Teguh & Beni Rudiono. 2008. Subang dalam Dimensi Jaman. Subang: Yayasan Buku Anak Desa.

Muhammad. 2011. Paradigma Kualitatif Penelitian Bahasa. Yogyakarta: Liebe Bokk Ekspres

Raga, R.M. 2007. Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

Ratna, Nyoman Kutha. 2007. Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. 2000. Ensiklopedi Sunda Alam, Manusa, dan Budaya Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka jaya.

Sachari, Agus. 2002. Estetika. Bandung: ITB.

Sugiono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D). Bandung: CV Alfabeta.

Sujarno spk. 2003. Seni Pertunjukan Tradisional ( Nilai, Fungsi, dan

Tantangannya). D.I Yogyakarta: Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2012. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Sumardjo, Jakob. 2000. Filsafat Seni. Bandung: ITB.

---2006. Estetika Paradoks. Bandung: Sunan Ambu Press.

(38)

91

Indonesia Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia dan Daerah.

Tamsyah, Budi Rahayu. 2008. Kamus Lengkap Sunda – Indonesia Indonesia – Sunda Sunda – Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum & Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Skripsi:

Agustini, Neny. 2012. Penelitian tari Ongket dalam Seni Gembyung di Kelurahan Dangdeur Kabupaten Subang. Bandung: STSI.

Gunawan, Yopi. 2009. Carita Rakyat anu aya di kacamatan Talaga Kabupatén Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran di SMP. Bandung: JPBD UPI.

Sopandi, Andi. 2012. Analisis Struktur Semiotik Dongéng-Dongéng di Desa Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca. Bandung: JPBD UPI.

Gambar

Gambar 3.1 Peta Kabupatén Subang
Gambar 3.2 Peta Kalurahan Dangdeur

Referensi

Dokumen terkait

Menganalisis data pretest dan postest. Langkah-langkah analisis data adalah sebagai berikut. a) Menganalisis hasil therapy siswa sebelum dan sesudah diberikan tindakan

[r]

Dengan menggunaan komputer, kegiatan akan b erjalan 1ebih e fisien dan efektif dibandingkan dengan cara manual yang dalam menghitung transaksi penjualan baju

Permasalahan yang pertama dalam penelitian ini yaitu “Bagaimana tingkat kompetensi individu di Badan Kepegawaian Daerah Provinsi Jawa Barat” berada pada kategori

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%

Pada bagian Kontak Kami berisikan alamat email yang dapat dihubungi langsung ke agen TiKon. Dalam pembuatan website ini penulis menggunakan PHP, MySQL dan macromedia dreamweaver MX

Untuk memenangkan persaingan, perusahaan harus mampu memberikan kepuasan kepada para pelanggannya, misalnya dengan memberikan pelayanan yang mutunya lebih baik, harganya relatif

Temuan penelitian menunjukan bahwa manfaat hasil belajar membuat pola busana pesta sistem draping ditinjau dari kompetensi pengetahuan draping, alat dan bahan pembuatan pola,