• Tidak ada hasil yang ditemukan

GUGURITAN ASMARANDANA NU KAMI KARYA HAJI HASAN MUSTAPA: Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "GUGURITAN ASMARANDANA NU KAMI KARYA HAJI HASAN MUSTAPA: Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik."

Copied!
23
0
0

Teks penuh

(1)

GUGURITAN ASMARANDANA NU KAMI KARYA HAJI HASAN MUSTAPA (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)

TESIS

disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Muhammad Riza Khairillah NIM 1207128

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

▸ Baca selengkapnya: contoh guguritan pupuh asmarandana

(2)

GUGURITAN ASMARANDANA NU KAMI KARYA HAJI HASAN MUSTAPA (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)

Oleh

Muhammad Riza Khairillah

Sebuah tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister pada Sekolah Pascasarjana

© Muhammad Riza Khairillah 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tésis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

Muhammad Riza Khairillah NIM 1207128

GUGURITAN ASMARANDANA NU KAMI KARYA HAJI HASAN MUSTAPA (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 19641110 198903 2 002

Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Kauninga ku

Pupuhu Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

BAB I BUBUKA

1.1.Kasang Tukang

Dina generasi pangwangunan saperti ayeuna, atikan mangrupa hal anu utama dina nangtukeun tur ngaronjatkeun kualitas hiji generasi. Atikan miboga udagan pikeun nataharkeun manusa sangkan bisa mintonkeun peran dina rupa-rupa lingkungan kalawan bener. Kitu deui fungsi atikan dina kontéks kabudayaan. Éta hal kacida pentingna, lantaran salah sahiji fungsina nya éta pikeun ngawariskeun ajén-inajén humanistik/kamanusan anu sumberna tina budaya bangsa atawa leuwih dipikawanoh ku sebutan kaarifan budaya lokal.

Guguritan mangrupa salasahiji warisan budaya lokal (Sunda) anu dianggit maké aturan pupuh jeung unggal pupuh téh miboga karakter atawa watek séwang-séwangan, di antarana aya silih asih, gumbira, kaagungan, jeung piwuruk. Éta karakter dina pupuh téh dipaké ku pangarang guguritan pikeun nepikeun maksud, tujuan, jeung amanat ka nu maca. Guguritan kaasup kana wanda puisi (buhun) anu tangtu diksi jeung pakakas basa anu dipakéna gé teu ngaguluyur kawas prosa. Ku kituna perlu disurahan deui struktur luar (puisi) pangwangun éta rumpaka saperti diksi, imaji (implengan), kecap kongkrit (kecap nyata), jeung basa figuratif (gaya basa) anu hasilna bisa dipaké pikeun ngulik jeung neuleuman eusi anu nyampak dina éta rumpaka guguritan.

Haji Hasan Mustapa (HHM) kaasup pangarang anu produktif jeung kréatif. Wangun karya-karya HHM anu kapaluruh loba wandana, lain dina wangun dangding (puisi) wungkul tapi aya ogé dina wangun carita, anékdot, surat, jeung tanya-jawab. Ieu hal saperti anu ditétélakeun ku Ruhaliah (2009) yén wangun karya HHM téh aya nu mangrupa prosa, puisi, campuran prosa-puisi, jeung prosa-paguneman. Tina sawatara wanda karya HHM tadi, upama dibandingkeun jumlah karyana, leuwih loba dina wangun puisi (dangding).

(5)

“ …. dina segi kualitas, karya-karya Haji Hasan Mustapa geus dipikawanoh ku masarakat umum minangka karya anu kualitasna hadé.”

(Rusyana, 1980: 2)

Cutatan bieu mangrupa pamadegan kana salasahiji karya HHM, nya éta guguritan. Dina khazanah kasusastraan Sunda, guguritan téh kaasup kana puisi anu dijieun dumasar kana patokan pupuh, jeung dipintonkeunna ku cara ditembangkeun (Rusyana, 1980:1). Salian ti ditembangkeun (lisan), aya ogé guguritan anu sumebar dina wangun tulisan saperti dina majalah, koran, jeung buku. Kapanggih sawatara pangarang anu geus nganggit guguritan ti abad ka-19, di antarana R. Haji Muhamad Musa (1822-1866), R.A. Bratadiwijaya, R. Haji Abdulsalam, jeung Haji Hasan Mustapa1 (1852-1930). Di antara pangarang

guguritan tadi HHM kawilang anu pangnyongcolangna. Sanajan dianggap pangpandeurina dina entraganna, tapi ieu ulama ogé bujangga téh kungsi dilélér sawatara pangajén, saperti dipaparin pangajén ku Gupernur Jawa Barat saméméh taun 1965, ogé pangajén kasenian ti Presiden Republik Indonesia minangka

“Sastrawan Daerah Sunda” dina taun 1977 (Rosidi, 1989: viii). Ku kituna, kiwari

HHM geus dianggap bujangga Sunda pangbadagna. Éta pangajén téh minangka bukti yén HHM mangrupa pangarang anu boga kualitas jeung kuantitas hadé. Hadé dina nganggit wangun karya katut nepikeun eusi karyana. Sanajan kitu, karya-karyana mah teu pati dipikawanoh ku urang Sunda sorangan (Rosidi, 1989:viii).

HHM katitén bujangga anu ahli dina ngaréka jeung ngutak-ngatik basa. Dina ngagambarkeun tujuan atawa eusi dina rumpaka, HHM ngadumaniskeun antara ayat Al-Quran jeung hadis anu patali jeung alam pikiran budaya Sunda, saperti alam pawayangan, mitologi, jeung kapercayaan séjénna. Rasa diri (abdi) ka Pangéran (Allah) mindeng digambarkeun ku HHM dina karyana. Ampir kabéh karya HHM eusina mangrupa ajén-ajén atawa sistem réligiusitas kaislaman anu ceuk sawatara panalungtik mah tingkat agamana geus nepi ka tingkatan ma’rifat, malah aya nu nyebutkeun bujangga mistik. Karakteristik saperti kitu nyampak dina kabudayaan Sunda, nya éta sipat gampang narima (adaptif), tapi teu

(6)

ngaleungitkeun tradisi anu dianggap luhung dina budaya Sunda. Éta hal katitén dina cara milih diksi anu dipaké pikeun nyusun guguritan. Salasahiji contona nya éta:

Kasukaan sapanjangna, icis lailatul qodri, riabna salalawasna, saeusi bibit birahi,

syahru romadhonaladzi,

unzila fihilqur’an,

hudan tepi ka wal furqan, rapih abdi lawan Gusti,

kafurqonan pisah di rasaning dunya

(tina Sinom Barangtaning Rasa– pada 37)

Upama nilik kana wangun dangding di luhur, basa atawa pakakas linguistik séjénna, saperti gaya basa, babasan, paribasa, jsb., dina dangding HHM mangrupa ébréhan sorangan di luareun tata basa anu baku. Katitén dina nyusun kekecapanna ogé lain struktur basa anu umum (ti sagigireun ngudag guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh). Dina milih kecap atawa diksi pikeun nganggit guguritan, aya dua ciri utama anu nerap dina karya-karya HHM, nya éta (1) ayana serepan basa Arab atawa Quran jeung Hadis (saperti anu dicaritakeun saméméhna), jeung (2) lobana kecap-kecap anu kurang familiar utamana pikeun panyatur basa Sunda kiwari. Ciri nu kadua némbongkeun kualitas rumpaka guguritan HHM anu teu biasa. Éta rumpaka digelarkeun ku cara némbongkeun idiom jeung métafora dina wangun séjén, saperti mindengna maké rarangkén tengah –um-, rarangkén tungtung –ing, jeung rarangkén hareup me- saperti dina basa Indonesia. Dina ngagunakeun rarangkén tengah /-um-/, sakapeung HHM sok nyimpenna di awal kecap, contona kecap uméta anu jarang dipaké dina paguneman sapopoé urang Sunda. Dina buku Tata Bahasa dan Ungkapan Bahasa Sunda meunang Kats & Soeriadiradja (1982) ogé, kecap samodél uméta teu kapanggih. Rarangkén séjén anu mindeng dipaké dina karya HHM téh nya éta rarangkén tukang /-ing/ anu mangrupa pangaruh tina basa Jawa, saperti kecap

(7)

ti biwir’ dina guguritan Puyuh Ngungkung dina Kurung (Setiawan, 2009). Kecap

‘meletus’ jeung ‘meletik’ dina tata basa Sunda kiwari teu kapanggih sabab euweuh rarangkén hareup /me-/. Éta hal dibalukarkeun ku HHM anu sok nyiptakeun kekecapan sorangan anu teu ilahar pikeun balaréa.

Hal séjénna anu matak ngirut tina guguritan HHM téh nya éta tipografi atawa tatarupa dina unggal pada atawa padalisan rumpaka guguritan. Tatarupa di dieu téh nya éta kabiasaan HHM malikan deui engang atawa kecap panungtung hiji padalisan dibalikan deui dina padalisan atawa pada saterusna.

Bayana cocoba diri dirina hurip warasna

naon nu tapak baréto engangna dibalikan deui

tobat kula rék nyarita dina padalisan saterusna

talapak nu sasmita taun-taun windu-windu

di dunya bedas lalana kecap panungtung dina hiji pada dibalikan deui dina mimiti

Lalana ti barang lahir pada saterusna

……

(Asmarandana nu Kami, pada ka-2 jeung 3)

Saterusna, dumasar kana sababaraha katerangan, guguritan HHM anu sakitu rébuan pada téh lolobana lain hasil tulisan HHM sorangan. Jadi HHM anu nembangkeun (nganggit) guguritanna, sedengkeun anu nulisna mah asisténna, nya éta Wangsaatmadja jeung Wangsadiredja. Sanggeus bérés ditulis, éta guguritan téh ditingalikeun ka HHM salaku panganggitna, upama éta tulisan téh saluyu jeung anu diungkarakeun ku HHM, éta tulisan téh tuluy ditandatangan sarta dibéré cap kapanghuluan (Hoofd Panghoeloe Bandung). Ku kituna aya ciri anu ngabédakeun guguritan anggitan HHM jeung guguritan anggitan pangarang séjén anu sajaman.

(8)

HHM méré lolongkrang interprétasi di antara diksi-diksi anggitanna. Éta hal teu leupas tina kaahlian pangarang dina nepikeun eusi atawa ma’na ajén-ajén humanistik sacara holistik. Ku kituna sakapeung nu maca ngarasa hélok niténan karya-karya anu éndah basana, anu ditepikeun ngaliwatan lisan - ditembangkeun, bari di jerona nyampak runtuyan ajén-ajén kaarifan, étika jeung éstétika kahirupan (Suryalaga, 2010: 20-21).

Dina guguritan-guguritan karya HHM ogé kapanggih ajén anu mangrupa atikan (papatah, piwuruk, naséhat, pangéling, panggeuing) dina enggoning nyuprih kasampurnaan hirup di dunya katut ahérat. Loba kajadian anu méngpar dina proses pangwangunan sabab éta élmu teu dipaké jeung teu dipaliré (Alwasilah, 2009: 12). Ku kituna penting pisan pikeun ngaguar jeung nepikeun élmu pangaweruh ngeunaan ajén-ajén kaarifan lokal. Sabab élmu-élmu anu sipatna humanistik nyekel kalungguhan anu séntral dina prosés pangwangunan.

(9)

Barangtaning Rasa, Dangdanggula Sirna Rasa, jeung Sinom Wawarian

(transliterasi Dr. Ruhaliah, M.Hum.).

Sanggeus karya sastra buhun loba anu dipublikasikeun, kiwari mimiti loba mahasiswa atawa praktisi atikan anu medar tur ngulik ajén-ajén kaarifan budaya lokal tina karya-karya sastra Sunda buhun saperti guguritan. Pedaranana aya nu ditulis dina wangun makalah, artikel, skripsi, tesis, jeung sajabana. Sababaraha

taun ka tukang aya panalungtikan kana guguritan saperti “Ajén Agama Guguritan

Haji Hasan Mustapa (Ulikan Struktural jeung Hermeneutik kana Guguritan Kinanti Kulu-kulu) tesis beunang N. Astrini Nursyamsiah (UPI, 2012), “Ulikan

Tasawuf dina Guguritan Sinom Gurinda Pangrasa karya Raden Haji Muhammad

Su’eb (Analisis Struktural jeung Hermeneutik)” tesis beunang Dwi Alia (UPI, 2013), jeung “Tasawuf Sunda dalam Naskah Asmarandana Ngagurit Kaburu Burit (OR. 7876)” disertasi Jajang A Rohmana (UIN Sunan Gunung Djati, 2013). Panalungtikan guguritan nu geus aya umumna medar perkara struktur luar (puisi) jeung interprétasi eusi téks ngeunaan ajén agama wungkul saperti panalungtikan di luhur.

Dumasar pamadegan Rusyana (1980: 90), anu nyebutkeun yén “… karya

Haji Hasan Mustapa sangat banyak, dan isi serta bobotnya berlainan dengan umumnya guguritan Sunda, maka guguritan karya Haji Hasan Mustapa itu perlu

diteliti secara khusus, …” jeung katerangan di luhur, panalungtik perlu medar

karya-karya HHM anu geus kawéntar ku kuantitas jeung kualitasna. Tina lima buku guguritan anu panganyarna diterbitkeun (Kinanti Kulu-kulu, Sinom Barangtaning Rasa, Asmarandana nu Kami, Dangdanggula Sirna Rasa, jeung

Sinom Wawarian), hiji di antarana dipilih ku panalungtik minangka sumber data, nya éta Asmarandana nu Kami. Éta buku dipilih dumasar wanda pupuhna anu kaasup Sekar Ageung dina sastra Sunda, sarta can aya nu medar éta buku.

(10)

Mustapa kalawan judul panalungtikan “Guguritan Asmarandana nu Kami karya Haji Hasan Mustapa (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)”.

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan museur kana maksud jeung tujuan, guguritan karya HHM nya éta Asmarandana nu Kami (AnK) bisa ditilik tina struktur jeung eusina. Dumasar strukturna, guguritan minangka karya sastra wangun ugeran anu miboga struktur anu tangtu nya éta aturan pupuh anu ngawengku guru gatra, guru wilangan, guru lagu, diksi, imaji, jeung basa figuratif. Upama ditilik tina eusina, éta guguritan karya HHM ogé ngandung ajén étnopédagogik anu linuhung. Ari ajén étnopédagogik tina guguritan AnK karya HHM nyoko kana (1) Prilaku Nyunda Tri-silas, (2) Catur Jatidiri Insan, (3) Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya), jeung (4) Moral Kamanusan.

Dumasar kasang tukang jeung masalah anu dipedar di luhur, sarta naon anu dianalisis jeung dipedar dina ieu panalungtikan museur, pasualan dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di handap:

a. Kumaha struktur fisik guguritan AnK karya Haji Hasan Mustapa?

b. Kumaha interprétasi eusi dina guguritan AnK karya Haji Hasan Mustapa? c. Kumaha ajén étnopédagogik anu aya dina guguritan AnK karya Haji Hasan

Mustapa?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun tilu hal, nya éta:

a. struktur guguritan AnK karya Haji Hasan Mustapa,

b. interprétasi eusi dina guguritan AnK karya Haji Hasan Mustapa, jeung c. ajén étnopédagogik dina guguritan AnK karya Haji Hasan Mustapa.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan nya éta pikeun:

(11)

pikeun élmu atikan hususna sistem atikan budaya nya éta pangaweruh ngeunaan ajén étnopédagogik tina buku guguritan Asmarandana nu Kami

karya Haji Hasan Mustapa;

b. jadi sarana pikeun numuwuhkeun karesep kana sastra Sunda (puisi) buhun; jeung

c. numuwuhkeun minat jeung karep pikeun ngamumulé sastra buhun, nyaéta guguritan di antara nerekabna pangaruh budaya modérn anu kurang hadé, jeung anu paling penting bisa nerapkeun ajén-ajén étnopédagogik dina kahirupan sapopoéna.

1.5 Sistematika Panalungtikan

Bab I Bubuka. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan.

Bab II Ulikan Téori. Ieu mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan guguritan, struktur puisi, jeung étnopédagogik.

Bab III Métodologi Panalungtikan. Ieu mangrupa bab anu eusina medar sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

Bab IV Analisis. Ieu bab eusina ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab diébréhkeun ngeunaan struktur fisik buku guguritan Asmarandana nu Kami karya HHM jeung interprétasi eusi sarta déskripsi ajén étnopédagogik dina tilu buku guguritan karya HHM.

(12)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan dijieun mangrupa rarancang pikeun nuduhkeun gambaran utama ngeunaan hiji hal anu baris dilakukeun. Desain panalungtikan mangrupa prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan nepi ka patalékan nu aya bisa kajawab (Arikunto, 2010:175).

Desain ieu panalungtikan bisa kagambar dina ieu bagan.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Tina desain di luhur, dina prosés panalungtikanna tangtu ngagunakeun cara atawa métode anu dilakonan sangkan meunangkeun udagan anu bener luyu jeung nu dipikahontal. Arikunto (1996:150) nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Dumasar kana tujuan nu rék dihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif analitis kualitatif.

Nangtukeun masalah Ngawatesan jeung

ngarumuskeun masalah

Ngarumuskeun anggapan dasar

Nangtukeun sumber data

Nangtukeun jeung nyusun instrumen

Ngumpulkeun data ku cara studi dokuméntasi

Nganalisis data ku cara maluruh struktur fisik,

eusi, jeung ajén étnopédagogik dina buku

guguritan karya HHM Nyieun kacindekan jeung

[image:12.595.134.487.306.588.2]
(13)

Métode déskriptif-analitis kualitatif dipaké pikeun ngadéskripsikeun, nganalisis, sarta maham fénoména nu kaalaman ku subjék panalungtikan misalna sipat, sikep, ajén-inajén, jsb. Dina prak-prakanna, panalungtik kudu nilik hiji permasalahan kalawan gemet sangkan hasil dina éta panalungtikan bisa leuwih maseuk kana tujuan jeung watesan panalungtikan. Ku sabab kitu, perlu ayana pangaweruh ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan kualitatif pikeun ngarojong panalungtikan sangkan hasilna bisa leuwih maksimal (Ratna, 2011: 34).

Kitu deui dina dunya sastra. Sastra miboga sipat anu has, boh dina diksi boh dina eusi saperti dina guguritan. Éta hal méré indikasi yén kudu aya metode anu leuwih jero pikeun méré pedaranana, ku kituna métode kajian anu luyu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode kajian hermeneutik.

Sacara étimologis istilah “hermeneutik” asalna tina basa Yunani

hermeneuein anu hartina ‘nafsirkeun’. Kecap barangna hermeneia sacara harfiah

dihartikeun ‘tapsiran’ atawa interprétasi. Nurutkeun Ricoeur (2012: 61)

hermeneutik mangrupa interprétasi anu oriéntasina nya éta téks. Tapi lain hartina

téks sacara fisik hungkul tapi sacara batin atawa ma’na. Saperti anu ditétélakeun

ku Ratna (2011: 46) yén tujuan métode hermeneutik lain néangan ma’na anu bener, tapi ma’na anu optimal.

Hermeneutik miboga tilu wangun ma’na dina interprétasi, anu ngawengku

(1) to express, ngébréhkeun kecap; (2) to explain pikeun ngajelaskeun hiji situasi; jeung (3) to translate, narjamahkeun. Tilu pungsi di luhur bisa diwakilan ku kecap

to interpret atawa ngainterprétasikeun. Interprétasi sastra nyoko kana tilu pasualan anu béda, nya éta omongan lisan, pedaran anu asup akal, jeung transliterasi tina basa séjén (Palmer, 2005: 15).

Interprétasi nya éta ngajelaskeun ma’na anu samar jadi ma’na anu jelas tur

(14)

3.2 Data jeung Sumber Data

Data jadi objék ieu panalungtikan nya éta mangrupa runtuyan kecap anu nyampak dina wangun puisi (guguritan). Luyu jeung Moleong (2007: 157) anu nétélakeun yén sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nya éta kumpulan kecap jeung tindakan. Dina ieu panalungtikan objék anu ditalungtik mangrupa tilu buku guguritan karya HHM anu geus dipublikasikeun. Éta buku mangrupa hasil transliterasi Prof. Iskandarwassid, M.Pd. (Asmarandana nu Kami), anu diédit sarta diropéa ku Ajip Rosidi. Idéntitas éta tilu buku guguritan téh nya éta:

judul : Asmarandana nu Kami

pangarang : Haji Hasan Mustapa wedalan : PT. Kiblat Buku Utama

citakan : I. Bandung, Dzulhijjah 1430 H/ Desember 2009 kandel : 100 kaca

ukuran buku : 20,5 × 28 cm jumlah pada : 261 pada

Ieu buku diterbitkeun bareng jeung opat buku guguritan karya HHM anu séjénna, saperti Kinanti Kulu-kulu, Dangdanggula Sirna Rasa, Sinom Wawarian, jeung Sinom Barangtaning Rasa. Guguritan AnK mangrupa naskah koléksi Universiteit Bibliotheek Leiden, kalawan kode Cod. Or. 7882, anu saterusna ditranskripsi ku Iskandarwassid. Salian ti diterbitkeun ku Kiblat, ieu guguritan ogé pernah dimuat dina sawatara buku, di antarana:

a. Naskah Karya Haji Hasan Mustapa. Panyusun: Iskandarwassid, Ajip Rosidi, jeung H. Josef CD. Proyék Sundanologi. Bandung: 1987. Jumlah pada guguritan AnK: 261 pada.

b. Dangding atawa Dangdingan Jilid IV. Judul: “Asmarandana Maribaya”.

Jumlah pada: 260 pada. Panyusun: Asikin. Pamedal jeung taun medal teu kapaluruh.

Garapanana museur kana ngungkabkeun eusi jeung konsép sarta ajén-ajén nu aya dina éta guguritan. Patali jeung éta hal sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan kecap nu mangrupa rumpaka tina guguritan Asmarandana nu

(15)

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta cara atawa alat nu digunakeun ku nu nalungtik dina enggoning ngumpulkeun data, sangkan pagawéanana leuwih hadé, dina harti leuwih gancang, lengkep jeung sistematis sangkan datana leuwih gampang diolah (Arikunto, 1996:136).

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngan hiji nya éta kartu data. Éta kartu data dipaké pikeun nganalisis eusi tina téks tilu buku guguritan karya HHM.

Kartu data 1

Cutatan data (kodifikasi  ngaran buku/kaca/pada) Téks:

Struktur:

Kartu data 2

Cutatan data (kodifikasi  ngaran buku/kaca/pada) Téks:

Ajén étnopédagogik:

(16)

jeung pada, jeung (2) Kode 2, keur nangtukeun kaca buku, pada, jeung padalisan. Wangun formatna saperti:

(1) Kode 1: (ngaran guguritan/pangarang/kaca buku/pada), contona: (Gr.AnK/HHM/19/01), jeung

(2) Kode 2: (ngaran guguritan/pangarang/kaca buku/pada/padalisan), contona: (Gr.AnK/HHM/19/01/05).

Éta kode téh ditulis sangkan nu maca babari dina maluruh sumber data anu dituduhkeun ku panalungtik dina prosés jeung pedaran panalungtikan.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta talaah pustaka. Téhnik ulikan pustaka, mangrupa panalungtikan nu dilakukeun pikeun maluruh jeung nganalisis data nu sumberna ti pabukon. Ieu panalungtikan dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber data jeung rujukan anu aya patalina jeung konsép, tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan.

Dumasar téhnik di luhur, ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

a. Nangtukeun buku téks guguritan karya HHM;

b. Nyalin téks trilogi guguritan karya HHM kana kartu data 1 (struktur) jeung kartu data 2 (étopédagogik); jeung

c. Méré kode kana téks guguritan, pada jeung padalisanana.

3.4 Analisis Data

Data nu geus kapanggih, saterusna diolah maké téhnik analisis unsur langsung jeung analisis hermeneutik. Analisis unsur langsung dipaké pikeun nganalisis struktur fisik trilogi guguritan karya HHM. Analisis hermeneutik dipaké pikeun nganalisis ajén étnopédagogik dina trilogi guguritan karya HHM. Dina ngolah data dilaksanakeun léngkah-léngkah ieu di handap.

(17)

b. Nganalisis struktur fisik guguritan karya HHM anu ngawengku (1) guru gatra, guru wilangan, jeung guru lagu (2) diksi, (3) imaji (implengan), jeung (4) basa figuratif (gaya basa);

c. Nganalisis eusi jeung ajén étnopédagogik trilogi guguritan karya HHM (kalawan métode hermeneutik) anu ngawengku (1) Prilaku Nyunda Tri-silas, (2) Catur Jatidiri Insan, (3) Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya), jeung (4) Moral Kamanusan;

(18)

BAB V PANUTUP

Dina bab panutup, dipedar ngeunaan (1) kacindekan, (2) implikasi, jeung (3) saran, tina hasil panalungtikan kana guguritan Asmarandana nu Kami karya Haji Hasan Mustapa. Éta perkara téh ébréh dina pedaran ieu di handap.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana déskripsi anu geus dipidangkeun dina bab saméméhna (Bab IV), nya éta ngeunan “Guguritan Asmarandana nu Kami karya Haji Hasan Mustapa (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)”, ébréh dina kacindekan di handap.

Guguritan AnK mangrupa salasahiji karya Haji Hasan Mustapa anu jumlah padana aya 261 pada. Dumasar kana hasil analisis struktur puisi guguritan, unggal pada guguritan AnK miboga struktur pupuh nya éta guru gatra, guru lagu jeung guru wilangan. Aya anu luyu jeung aturan pupuh Asmarandana, tapi aya ogé anu teu luyu. Ieu hal lantaran aya sawatara hal anu nyampak dina pada guguritan AnK, saperti ayana sisindiran, wawangsalan, jeung paribasa. Salian ti éta, aya struktur puisi séjén nya éta diksi anu ngawengku subjek lirik jeung rarangkén anu teu ilahar, imaji anu ngawengku imaji paningal, pangrasa, jeung pangdéngé, jeung basa figuratif anu ngawengku gaya basa paralélisme (purwakanti) jeung paribasa.

Eusi guguritan AnK, sabada dipaluruh ngagunakeun métodeu interprétasi hermeneutik, kapanggih sawatara hal, nya éta ngeunaan muamalah, akidah, jeung ibadah. Perkara muamalah ngawengku papatah ngeunaan (1) papatah hirup keur dirina, (2) papatah hirup jeung sasama, (3) papatah hirup ka lingkungan. Saterusna perkara akidah ngawengku perkara (1) iman ka Allah minangka dat nu Maha Tunggal, jeung (2) iman ka para nabi Allah, saperti Rasulullah Muhammad SAW, Nabi Adam a.s, Nabi Ibrahim a.s, jrrd. Sedengkeun perkara ibadah sacara gurat badag eusina ngeunaan ibadah mahdhoh jeung ibadah ghoir mahdhoh.

(19)

luhung nya éta: (1) Prilaku Nyunda Tri-silas anu ngawengku silih asih, silih asah, jeung silih asuh; (2); Catur Jatidiri Insan anu ngawengku pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé gawéna ; (3) Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya) anu ngawengku cageur, bageur, bener, pinter, singer; jeung (4) Moral Kamanusan anu ngawengku moral manusa ka Pangéran, moral manusa salaku pribadi, moral manusa jeung manusa séjénna, moral manusa ka alam, moral manusa kana waktu, jeung moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna.

5.2 Implikasi

Saméméh asupna agama Islam ka tatar Sunda, masarakat Sunda geus miboga kabeungharan budaya anu jadi adat-istiadatna. Gambaran ngeunaan ajaran agama jeung budaya Sunda bisa kapanggih tina papatah anu biasa dihariringkeun, atawa dihaleuangkeun ku masarakatna harita. Tangtu éta karya mangrupa hasil ngolah basa – jadi karya sastra – ti para bujangga Sunda. Kalungguhan karya sastra di masarakat bisa mangrupa hiburan, tapi bisa ogé jadi sarana nepikeun hiji pamahaman jeung ajaran (agama), saperti guguritan Asmarandana nu Kami karya Haji Hasan Mustapa. Ku cara neuleuman kekecapan jeung nyarungsum eusi guguritan, ieu panalungtikan miboga udagan maluruh struktur fisik, eusi, jeung ajén étnopédagogik dina guguritan AnK.

(20)

5.3 Saran

Dumasar hasil panalungtikan ngeunaan “Guguritan Asmarandana nu Kami

karya Haji Hasan Mustapa (Ulikan Struktural jeung Étnopédagogik)”, aya sawatara rékoméndasi tina ieu panalungtikan, di antarana:

a. Guguritan Asmarandana nu Kami miboga ajén étnopédagogik anu luhung, jeung bisa dijadikeun salasahiji bahan ajar pikeun ngaronjatkeun karakter manusa anu luyu jeung étika urang Sunda;

b. Dina téks guguritan AnK, loba pisan kekecapan anu ngandung harti konotasi, ku kituna dina neuleuman karya HHM urang kudu loba référénsi ngeunaan agama jeung budaya; jeung

c. Karya-karya Haji Hasan Mustapa – utamana guguritan – loba anu can kapaluruh eusi jeung maksudna. Ku kituna, kudu aya panalungtikan saterusna, guna meunangkeun konsép jeung pola pikir atawa jalan hirup (way of life) HHM.

(21)

DAPTAR PUSTAKA

A. Référénsi Buku

Alwasilah, A. C., Spk., (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan pendidikan guru. Kiblat Buku Utama, Bandung.

Arikunto, S. (2010). Manajemen Penelitian. Jakarta : Rinéka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Faturrohman, Taufik. (1983). Ulikan Sastra Sunda. Bandung: Djatnika.

Fauzan, Shalih bin. (1998). At-Tauhid Lish-Shofil Awwal al ‘Ali (Ditarjamahkeun ku Agus Hasan Bashori). Jakarta: Darul Haq.

Iskandarwassid. (1996). Kamus Istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Satra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Kats, J. & M. Soeriadiredja. (1982). Tata Bahasa dan Ungkapan Bahasa Sunda. Jakarta: Djambatan

Kartini, Tini. Spk. (1985). Biografi dan Karya Pujangga Haji Hasan Mustapa. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengambangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Moleong, M. A. Lexy J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Rosda

Koswara, D. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Lubis, Nisrina. (2010). Melawan Rasa Takut. Yogyakarta: Garailmu.

Luxemburg, J. V. Spk.,. (1984). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia.

___. (1991). Tentang Sastra. Jakarta: Intermassa.

Palmer, R.E. (2005). Hermeneutika Teori Mengenal Interpretasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

(22)

___. (2010). Beberapa Teori Sastra, Métode Kritik dan Penerapannya.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N. K. (2011). Tiori, Métode, dan Téknik Penelitian Sastra. Yogyakarta : Pustaka Pelajar.

Ricoeur, P. (2011) Teori Interpretasi Memahami Teks, Penafsiran, dan

Metodologinya. Yogyakarta: IRCiSoD.

Rosidi, A. (1989). Haji Hasan Mustapa jeung Karyana-karyana. Bandung: Pustaka.

___. (2011). Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

___. (2011). Guguritan. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Y & Ami Raksanagara. (1980). Puisi Guguritan Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengambangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Rusyana, Y. (1981). Panyungsi Sastra. Bandung: CV. Gunung Larang.

___. (1982). Metode Pangajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang.

___. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV. Diponegoro

Salmun, M.A. (1958). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco NV.

Sudaryat, Y. Spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat. Y. (2010). Nilai-Nilai Budaya Sunda. (Ppt). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sukmadinata, N. S. (2012). Metode Peneletian Pendidikan. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Sumarsono, Tatang. (1986). Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

(23)

Teeuw. A. (1985). Sastera dan Ilmu Sastera: Pengantar Tiori Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Waluyo, J. H. (1987). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT. Gelora Aksara Pratama.

Wellek & Warren. (1989). Teori Kesusatraan. Jakarta: Gramedia.

Wibisana, Wahyu. Spk. (2000). Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

B. Référénsi Séjén

Alia, Dwi. (2013). Ulikan Tasawuf dina Guguritan Sinom Gurinda Pangrasa

karya Raden Haji Muhammad Su’eb (Analisis Struktural jeung

Hermeneutik). (Tesis). Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Astrini, N. (2012). Ajén Agama Guguritan Haji Hasan Mustapa (Ulikan Struktural jeung Hermeneutik kana Guguritan Kinanti Kulu-kulu). (Tesis). Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Rohmana, A. Jajang. (2013). Tasawuf Sunda dalam Naskah Asmarandana Ngagurit Kaburu Burit (OR. 7876). Ulumuna; Jurnal Studi Keislaman, Volume 17 Nomor 2, kaca 231-258.

Ruhaliah. (2009). HHM: Agamawan, Budayawan, dan Sastrawan. Prosiding

Sawala Mesék Karya-karya Haji Hasan Mustopa (bagian ka-5). Bandung:

UIN Sunan Gunung Djati.

Setiawan, Hawé. (2009). Cangkang Suluk; Dangding HHM sebagai Wadah Mistisisme Islam. Prosiding Sawala Mesék Karya-karya Haji Hasan

Mustopa (bagian ka-3). Bandung: UIN Sunan Gunung Djati.

C. Sumber Data

Gambar

gambaran utama ngeunaan hiji hal anu baris dilakukeun. Desain panalungtikan

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan penelitian ini adalah untuk mengetahui karakteristik dari tinta sotong meliputi organoleptis, viskositas, bobot jenis dan pH, pemeriksaan golongan

IMPLEMENTASI PEMBELAJARAN SEJARAH BERBASIS NILAI PERJUANGAN K.H.. SJAM’UN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Dengan ini saya memberi kuasa kepada rumah sakit, dokter atau orang lain yang memeriksa atau mengobati saya untuk melengkapi keterangan yang diperlukan PT ASURANSI AXA

Pengaruh penerapan metode cooperative learning tipe stad terhadap keterampilan sosial dan kemampuan berfikir kritis peserta didik sd pada mata pelajaran IPS.. Universitas

PENGEMBANGAN BAHAN AJAR EKOSISTEM MANGROVE BERBASIS POTENSI LOKAL UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Wahyuni Yusuf, Sri. “Penerapan Prinsip World Trade Organization dalan Undang-Undang Nomor 7 Tahun 2014 Tentang Perdagangan”. Makassar: Universitas Hasanuddin, 2015. “Kebijakan

Gambar: Rerumputan tumbuh lebat di pinggir saluran hingga ke tengah saluran. menyebabkan air tidak

Penelitian Tindakan Kelas (PTK) ini dimaksudkan untuk mendeskripsikan pelaksanaan model pembelajaran STAD yang mampu meningkatkan partisipasi siswa dalam kerja kelompok dan