• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN AGAMA GUGURITAN HAJI HASAN MUSTAPAULIKAN STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK KANA GUGURITAN KINANTI KULU-KULU.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN AGAMA GUGURITAN HAJI HASAN MUSTAPAULIKAN STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK KANA GUGURITAN KINANTI KULU-KULU."

Copied!
36
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Masarakat jeung kabudayaan teu bisa dipisahkeun dina kahirupan, sabab kabudayaan mangrupa maniféstasi tina aktivitas hirup masarakat. Salah sahiji wujud tina budaya masarakat nya éta karya sastra. Karya sastra gelar lantaran aya dorongan tina diri manusa pikeun nyumponan pangabutuh batinna. Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis (kaéndahan sastra). Ku lantaran alatna basa, nya anu diarolah ku pangarang téh sakabéh poténsi éstétis anu kapimilik ku basa, kaasup rupa-rupa pungsina atawa makéna basa (Iskandarwassid, 2003: 138).

Salaku karya anu kréatif, karya sastra mangrupa ungkapan pribadi manusa tina ide-idena, pangalaman, jeung pikiran dirina. Dumasar kana éta hal, karya sastra mun diteuleuman jeung diteleban ngandung ajén-ajén anu luhur. Ajén-ajén anu nyampak dina karya sastra di antarana ajén falsafah, ajén budaya, ajén kaagamaan, ajén didaktis, ajén psikologis, jeung ajén moral.

▸ Baca selengkapnya: contoh guguritan pupuh asmarandana

(2)

Ruhaliah (2002: 8) ngébréhkeun yén upama niténan waktu, naskah Sunda aya nu disebut naskah heubeul (kuno), naskah pertengahan, jeung naskah anyar. Euweuh aturan nu pasti pikeun nangtukeunna, bisa jadi tina aksara nu digunakeun bisa ogé ditingali tina waktu ditulis éta naskah. Naskah heubeul réréana ditulis dina aksara jeung basa Sunda buhun jeung Jawa Kuno. Naskah nu kaasup période anyar di antarana naskah-naskah nu ditulis dina aksara Pégon, Cacarakan, jeung Latén.

Nurutkeun Ekadjati (Ruhaliah, 2010: 8), panyusun naskah téh asalna tina tilu lingkungan sosial, nya éta karaton, agama (mandala, pasantrén, kaum), jeung rahayat biasa (patani, tokoh adat, dukun, guru).

Naskah téh ngandung kabeungharan informasi. Eusi naskah teu ngan sarupa. Eusi naskah teu ngan kawatesanan kana kasusastraan tapi ngawengku widang séjén, saperti kabudayaan, agama, sajarah, ékonomi, sosial, jeung politik. Ku kituna kaayaan naskah miboga kalungguhan penting dina kahirupan kabudayaan ogé pikeun ngajembaran wawasan masarakat. Nu kaasup kana naskah sastra nu eusina sagemblengna sastra di antarana wawacan, pantun, jeung guguritan.

Dina Kamus Umum Basa Sunda (1969: 158) dijéntrékeun yén guguritan téh asal kecap tina gurit, “Gurit, guguritan, ngadangding, ngarang tembang, guguritan, hasil ngagurit”. Sedengkeun nurutkeun Yus Rusyana (1984: 94)

(3)

Guguritan geus lila gelar di tatar Sunda, katitén ti mimiti abad ka-19 geus lahir pangarang-pangarang guguritan dina basa Sunda. Yus Rusyana (1984: 94) nataan para pangarang guguritan, di antarana: R. Haji Muhamad Musa (1822-1866) nganggit “Wulang Krama” (1865). R.A. Bratadiwijaya nganggit

“Asmarandana Lahir Batin” (1892). Haji Hasan Mustapa (1852-1930) nganggit welasan rébu pada guguritan, upamana baé “Kinanti Ngahurun Balung”,

“Asmarandana Babalik Pikir”, “Sinom Pamulang Tarima”, “Dangdanggula

Panorah Rasa”, jeung réa-réa deui. Kalipah Apo (R. Haji Muhamad Sueb) nganggit “Dangdanggula Laut Kidul” (1921). M.A. Salmun anu sakapeung sok

maké ngaran singgetan M.A.S. jeung ngaran samaran (1903-1972) nganggit ratusan guguritan. Malah tepi ka kiwari masih aya pangarang anu nganggit guguritan, upamana Wahyu Wibisana, Apung S.W. Dedy Windyagiri, jeung sajabana.

Di antara pangarang guguritan anu ditataan di luhur, aya anu sabada perang karék mucunghul tur dianggap mangrupa bujangga pangbadagna di Sunda, nya éta Haji Hasan Mustapa. Padahal Haji Hasan Mustapa téh geus mimiti nulis ti saméméh taun 1900. Haji Hasan Mustapa mangrupa bujangga anu kungsi dipaparin hadiah seni ku Presidén Républik Indonésia salaku “Sastrawan Daérah Sunda” taun 1977, ogé penghargaan ku Gubernur Jawa Barat saméméh taun 1965.

(4)

guguritan anu aréndah, saeutik pisan anu dipublikasikeun ogé anu ditalungtik. Kaasup dina buku-bubu sastra taun 1967 katukang, tara aya nu ngabahas Haji Hasan Mustapa. Buku sastra anu mimiti ngabahas Haji Hasan Mustapa téh nya éta Kasusasteraan Sunda Dewasa Ini (1967) beunang Ajip Rosidi.

Nurutkeun Ajip Rosidi (1989: viii), aya dua hal anu jadi kasang tukang masalah di luhur, dijéntrékeun ieu di handap:

1) Aya prasangka ka Haji Hasan Mustapa, tina segi agama (dianggap nganut paham anu pasalia jeung paham ahlus sunah waljamaah), tina segi politik (ku sabab sosobatan jeung Prof. Dr. Snouck Hurgronje, Adviseur voor Inlandschenzaken);

2) Eusi karya Haji Hasan Mustapa béda pisan tina umumna eusi karya-karya sastrawan Sunda mangsa harita. Sanajan karya-karya puisina winangun guguritan, tapi Haji Hasan Mustapa mah ngabahas masalah-masalah kapangéranan. Sacara leuwih husus deui masalah taohid. Anu dina sastra Jawa naskah sarupa kitu dianggap seratan para wali, anu disebut kitab suluk tapi eusi guguritan Haji Hasan Mustapa leuwih deukeut kana tradisi puisi sufi Islam dina basa Arab, mangrupa dua widang anu henteu dipikawanoh, tur dipikaresep ku masarakat Sunda.

(5)

Mustapa anu sumebarna kawatesanan (Rosidi, 1989: viii). Saperti anékdot-anékdot Haji Hasan Mustapa anu ngagambarkeun kawantunna nyaurkeun hal-hal anu henteu ilahar, tur hésé pikeun dijawab. Ieu di handap mangrupa salah sahiji kutipan anékdot Haji Hasan Mustapa (Rosidi, 1989: 69).

Kangjeng Dalem: “Éta Panghulu téh antek euweuh kasieun coba nepi ka wani ka Sayyid Uthman, anu kakocap sakitu pinterna.”

Waleran Haji Hasan Mustapa: “Pinter abdi Dalem sareng manéhna mah.” “Tuh nepi ka kitu! Kumaha kateranganana?”

“Abdi Dalem mah terang kana basa Arab, ari Sayyid Uthman mah kana basa Sunda luput pisan.”

Tina kutipan anékdot di luhur katitén pisan katapisan mingges omongan batur anu memang kagambarkeun dina sajumlah anékdot-anékdotna. Salian ti tapis mingges hujah batur, aya kaistiméwaan séjén nu matak dipikaresep ku balaréa, nya éta pikaseurieun. Ieu di handap mangrupa salah sahiji kutipan anékdot Haji Hasan Mustapa (Rosidi, 1989: 76) anu ngagambarkeun pikaseurieun pikeun nu maca.

Kangjeng Dalem: “Cik ménta jawaban nu saenyana, naon kasieun Panghulu? Na euweuh pisan?”

“Aya, mung sarupi.” “Tah geuning. Naon?” “Ku nu nagih.”

Kangjeng Dalem gogodeg bari ngagikgik. “Panghulu mah mutuh....”

Tina anékdot-anékdotna ogé bisa kagambar yén Haji Hasan Mustapa téh jalma pinter tur wanian. Ieu di handap salah sahiji anékdot Haji Hasan Mustapa (Rosidi, 1989: 79) anu ngagambarkeun kapinteran anjeunna.

(6)

Saur Haji Hasan Mustapa ka bangsat téa waktu sidang dibuka deui, “Kami geus unjukan ka Allah ta’ala, dawuhanana: Hukum baé manéh dua bulan panjara sabab geus wani-wani maling banda Kami.”

Si bangsat teu bisa kukumaha.

Tina anékdot-anékdot di luhur, katitén jelas Haji Hasan Mustapa kawilang pantes saupama dianggap ku masarakat Sunda jadi bujangga pangbadagna di Sunda, anu dipiagul, dipireueus ku sakumna masarakat Sunda.

Téma-téma guguritan Haji Hasan Mustapa ngeunaan kapangéranan, réa istilah-istilah anu dibahasna saperti ngeunaan sipat Alloh, kayaning “Sipat 20”, jeung bahasan-bahasan tasawuf anu digunakeun ku Haji Hasan Mustapa dina guguritan-guguritanna, kayaning dat, sipat, af’al, asma, sama’, basyar, ma’ani, ma’nawiyah, ubudiyah, ilahiyah, hakékat, ma’rifat, saré’at, tarékat, wajibul

wujud, mutmainah, lowamah, jsb. (Rosidi, 1989: 88)

Dina karya-karyana Haji Hasan Mustapa ogé sering ngagambarkeun manusa nu teu aya reureuhna néangan Gusti-na, tapi teu baé kapanggih. Ieu di handap kutipan guguritan Kinanti “Puyuh Ngungkung dina Kurung” karya Haji

Hasan Mustapa (Rosidi, 1989: 17). Ngalantung néangan itu, ieu deui ieu deui,

sapanjang néangan éta, itu deui itu deui,

sapanjang néangan mana, ieu deui ieu deui.

(7)

Nurutkeun Ajip Rosidi (1989: 493-499) naskah karya Haji Hasan Mustapa sakabéhna aya 94 naskah, 23 naskah dina wangun prosa, anu disebut prosa téh nya éta wanda basa karangan anu rakitanana cara basa sapopoé, tanpa ngolah wirahma atawa ngatur intonasi anu matok, jsté. (Iskandarwassid, 2003: 116), jeung 71 naskah dina wangun puisi, puisi nya éta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa (Iskandarwassid, 2003: 116-118).

(8)

Hasan Mustapa hasil transliterasi Ruhaliah jeung Iskandarwassid anu diterbitkeun ku PT Kiblat Buku Utama, sangkan bisa mageuhan panalungtikan ngeunaan naskah guguritan lianna kahareupna. Ogé katitén penting peran panalungtik pikeun maluruh karya-karya samodél kieu, sabab saperti halna dina karya-karyana Haji Hasan Mustapa, réa pisan ngagunakeun kecap anu henteu ilahar, kekecapan nu kacida pisan jembarna, Haji Hasan Mustapa ogé réa ngadamel kecap-kecap anyar mangrupa istilah, idiom pikeun harti nu can nyampak saméméhna. Di sagigireun éta Haji Hasan Mustapa sering pisan nyutat ayat-ayat atawa hadis boh sapotong-sapotong atawa sacara gembleng atawa istilah-istilah dina basa Arab, boh dina guguritan boh dina karangan lancaran. Saperti dina cutatan guguritan Haji Hasan Mustapa (Ruhaliah, 2009: 17-18) ieu di handap.

Pribadi keur ngadu napsu, bijil sotéh Kangjeng Nabi, ka qul huwallahu ahad, bisi kasisipan budi, jatnika tara midua, bibit hiji ti ngajadi.

Tina kutipan guguritan Haji Hasan Mustapa di luhur katitén ayana ayat Al Qur’an sacara gembleng nya éta Surat Al-Ikhlas ayat 1, anu hartina “Pok

ucapkeun Alloh téh Mahaésa.”

Anu migandrung kana karya-karya Haji Hasan Mustapa téh kawilang loba, tapi réréana kana anékdot-anékdotna, anu némbongkeun “kamahiwalan” Haji Hasan Mustapa. Sedengkeun anu neuleuman karya-karyana mah henteu réa.

(9)

bisa ngayakeun panalungtikan leuwih jero ngeunaan karya-karya Haji Hasan Mustapa anu ayeuna geus diaku salaku bujangga pangbadagna di Sunda. Hiji hal anu teu wajar saupama urang Sunda miagul Haji Hasan Mustapa tapi teu wawuh jeung teu maham kana karya-karya Haji Hasan Mustapa anu kacida hébatna. Éta panalungtikan ngawengku eusi karya Haji Hasan Mustapa dina wangun guguritan. Ngabahas ngeunaan ma’na jeung ajén agama anu nyampak dijero karya. Saperti

anu dipikawanoh ku balaréa, karya Haji Hasan Mustapa sering ngabahas kaula (manusa) jeung Sang Khalik (Pangéran anu nyiptana). Ku kituna, ieu panalungtikan anu judulna “Ajén Agama Guguritan Haji Hasan Mustapa (Ulikan

Struktural jeung Hermeneutik kana Guguritan Kinanti Kulu-Kulu)” dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

Hasil karya Haji Hasan Mustapa sakabéhna aya 94 naskah (Ajip Rosidi, 1989: 439-499). Tapi anu dijadikeun bahan panalungtikan dina ieu tésis mangrupa buku guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa hasil transliterasi Ruhaliah anu geus diterbitkeun tur disumebarkeun ti taun 2009. Dina ieu panalungtikan ngabahas ngeunaan ma’na jeung ajén agama anu aya dina éta guguritan.

1.2.1 Watesan Masalah

(10)

éta téks jeung eusina ku cara ngagunakeun pamarekan struktural ogé hermeneutik, sangkan bisa katitén ajén agama anu nyampak dina séri guguritan Haji Hasan Mustapa.

Pamarekan struktural digunakeun pikeun nganalisis unsur carita anu diwangun ku téma, latar, gaya carita, jeung amanat. Sedengkeun métode hermeneutik pikeun napsirkeun maksud pangarang sastra tina hasil karyana.

Eusi naskah-naskah Haji Hasan Mustapa sacara husus ngabahas kaislaman nya éta manusa jeung Nu Mahakawasa. Ku kituna dina ieu panalungtikan ogé ditalungtik ngeunaan ajén agama anu aya dina guguritan Haji Hasan Mustapa, dumasar kana Al Qur’an jeung Hadis salaku papagon keur anu ngagem agama

Islam.

Dina ieu panalungtikan dipilih tina lima judul guguritan Haji Hasan Mustapa hasil transliterasi Ruhaliah jeung Iskandarwassid nya éta: (1) Kinanti Kulu-Kulu; (2) Sinom Barangtaning Rasa; (3) Asmarandana nu Kami; (4) Dangdanggula Sirna Rasa, jeung (5) Sinom Wawarian. Anu jadi bahan panalungtikan nya éta Guguritan Kinanti Kulu-kulu.

1.2.2 Rumusan Masalah

Anu jadi masalah dina panalungtikan dirumuskeun sakumaha ieu di handap:

(11)

2) Kumaha déskripsi téks guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa ditilik tina kajian hermeneutik?

3) Naon waé ajén agama anu nyampak dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda udagan pikeun mekarkeun pangaweruh ngeunaan titinggal budaya Sunda. Di sagigireun éta ogé sabada diayakeun ieu panalungtikan, bisa dijadikeun sumber bacaan masarakat Sunda pikeun mikawanoh tur maham kana eusi guguritan Haji Hasan Mustapa. Sakaligus bisa ngawewegan buku guguritan Haji Hasan Mustapa anu geus sumebar di masarakat Sunda sangkan bisa ngeuyeuban sumber bacaan.

Dumasar kana éta hal, bakal dilakukeun panalungtikan anu miboga tujuan saperti ieu di handap:

1) Ngadéskripsikeun struktur téks guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa;

2) Ngadéskripsikeun téks guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa ngagunakeun kajian hermeneutik;

(12)

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Haji Hasan Mustapa dianggap bujangga pangbadagna di Sunda, anu kungsi dipaparin hadiah seni ku Présidén Republik Indonésia salaku “sastrawan daérah Sunda” taun 1977 (Rosidi, 1989: vii). Hasil karya nu sakitu lobana ngabahas ngeunaan kaislaman hususna manusa jeung Pangéran (anu nyiptana), ku kituna ieu hasil panalungtikan dipiharep bisa ngajadikeun nu maca leuwih sumanget tur daria dina ngeuyeuban élmu kaislaman (manusa jeung Nu Mahakawasa).

Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun usaha ngungkab kahirupan basa Sunda dina rupaning widang sacara tuluy tumuluy.

Sacara husus, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu di handap.

1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna, utamana dina mekarkeun pangaweruh dina widang kabasaan, sastra;

2) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa dijadikeun sumber pikeun mikawanoh jeung maham kana eusi karya Haji Hasan Mustapa anu dianggap bujangga pangbadagna di Sunda. Sangkan teu kajadian deui masarakat Sunda miagul Haji Hasan Mustapa tapi teu apal karya-karyana; 3) Bisa leuwih ngajembaran buku-buku sumber bacaan ngeunaan Haji Hasan

(13)

4) Sabada panalungtikan bisa dijadikeun bahan bacaan umum, bisa jadi sumber pangaweruh, inspirasi pikeun ngahasilkeun karya sastra anu leuwih jero tur bisa ngawangun sifat jeung tingkahlaku masarakat anu leuwih hadé.

1.5 Anggapan Dasar jeung Raraga Tiori

1.5.1 Anggapan Dasar

Patali jeung anu diébréhkeun di luhur, anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan didadarkeun ieu di handap.

1) Hasil karya Haji Hasan Mustapa tacan loba anu nalungtik nu ngajadikeun masarakat Sunda tacan loba anu wanoh kana karya-karya Haji Hasan Mustapa, mangrupa bujangga anu dipiagul ku masarakat Sunda;

2) Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana eusi karya Haji Hasan Mustapa, saperti buku guguritan Haji Hasan Mustapa hasil transliterasi anu geus mimiti sumebar di masarakat;

3) Diperlukeun panalungtikan-panalungtikan anu dilakukeun ngeunaan naskah-naskah Sunda pikeun ngajembaran wawasan kaélmuan tur ngabeungharkeun kabudayaan Sunda. Saperti hasil karya Haji Hasan Mustapa anu dianggap bujangga pangbadagna di Sunda;

(14)

1.5.2 Raraga Tiori

Tatapakan tiori mangrupa tatapakan pikeun medar masalah-masalah nu baris ditalungtik dina ieu panalungtikan. Kajian tiori raket patalina jeung buku sumber nu luyu jeung masalah anu ditalungtik. Buku sumber anu dijadikeun acuan dina ieu panalungtikan dijadikeun dua kelompok nya éta: (1) tiori agama jeung (2) tiori sastra.

Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta museur kana papagon umat Islam, nya éta Al Qur’an jeung Hadist. Ieu panalungtikan ogé museur kana buku-buku sumber tiori, di antarana nya éta: “5 Teori Sastra Kontemporer dan 13 Tokohnya” karangan Mohammad A. Syuropati,

“Dasar-dasar Agama Islam” karangan Zakiah Darajat, dkk, “Metodologi Penelitian Sastra” karangan Suwardi Endraswara, “Memahami Bahasa Agama Sebuah Kajian Hermeneutik” karangan Komaruddin Hidayat, “Teori, Metode dan Teknik Penelitian Sastra dari Strukturalisme Hingga Postrukturalisme Perspektif Wacana Naratif” karangan Nyoman Kutha Ratna, ”Sejarah Sastra Sunda”

karangan Ruhaliah, “Wawacan Sebuah Genre Sastra Sunda (Diktat)” karangan Ruhaliah, “Hermeneutik Sebuah Metode Filsafat” karangan E. Sumaryono, “Rawayan Jati Kasundaan” karangan H.R. Hidayat Suryalaga, “Pendidikan Agama Islam Untuk Perguruan Tinggi” karangan Toto Suryana, “Tiori

Kasusastraan karya Austin Warren jeung Rene Wellek, “Tiga Pokok Ajaran Agama Islam dari Alqur’an san Sunnah” karangan Sheikh Muhammad bin Abdul

(15)

“Studi Islam Jilid II: Ibadah” karangan Drs. Masjfuk Zuhdi, jeung “Studi Islam

Jilid III: Muamalah” karangan Prof. Drs. H. Masjfuk Zuhdi, jrrd.

1.6 Struktur Organisasi Tésis

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan sistematika sakumaha tabél ieu di handap.

Tabél 1.1

Sistematika Laporan Panalungtikan

No. Bab Judul Bab Eusi Bab

1 I BUBUKA Mertélakeun perkara kasang tukang watesan jeung rumusan pasualan, udagan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung wangenan istilah

2 II TATAPAKAN TIORI Ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu di-talungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan liana salaku rujukan konsép jeung tiori. Sawangan anu didadarkeun nga-wengku tiori perkara ajén agama, tiori struktural, jeung métode her-meneutik.

3 III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

(16)

4 IV AJÉN AGAMA GUGURITAN HAJI HASAN MUSTAPA (Ulikan Struktural jeung Hermeneutik)

Ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan jeung pedaranna dumasar kana pamarekan ajén kaagamaan jeung, ulikan ngaguna-keun tiori struktural, jeung métode hermeneutik dina karya Haji Hasan Mustapa nya éta guguritan Kinanti Kulu-Kulu.

5 V KACINDEKAN JEUNG

SARAN

(17)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Sacara umum, dina ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan anu ngagunakeun pamarekan kualitatif. Fatchan dina Basrowi (2008: 8) nétélakeun yén panalungtikan kualitatif dipiharep mampuh ngajéntrékeun leuwih jero ngeunaan pénoména nu hésé ditepikeun ngaliwatan panalungtikan kuantitatif.

Sedengkeun sacara husus ieu panalungtikan museur kana analisis struktural jeung hermeneutik kana karya-karya Haji Hasan Mustapa sangkan katitén ajén agama anu nyampak dina éta karya. Dumasar kana tujuan jeung sipatna, ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode déskriptif.

Nurutkeun Sukmadinata (2009: 72) métode déskriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa pénoména, boh sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung pénoména lianna.

(18)

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Dumasar kana tujuan jeung sipatna, ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode déskriptif.

Ieu métode panalungtikan téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun tur nganalisis ma‟na jeung basa dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa ngagunakeun pamarekan struktural anu digunakeun pikeun nganalisis carita anu diwangun ku téma, gaya carita, jeung amanat. Ogé digunakeun métode hermeuneutik pikeun napsirkeun maksud pangarang tina hasil sastrana. Sangkan bisa maluruh ajén agama anu aya dina éta karya.

(19)

Bagan 3.1

GALUR PANALUNGTIKAN

3.3 Wangenan Operasional

Moh. Nazir (2003 : 152) nétélakeun yén wangenan operasional téh nya éta hiji wangenan pikeun hiji variabel ku cara méré harti atawa napsirkeun kagiatan atawa méré hiji operasional nu diperlukeun pikeun ngukur éta variabel.

Tujuan Panalungtikan:

a. Nganalisis téks guguritan Kinanti Kulu-Kulu Haji Hasan

Mustapa ngagunakeun pamarekan struktural;

b. Nganalisis téks guguritan Kinanti Kulu-Kulu Haji Hasan

Mustapa ngagunakeun métode hermeneutik;

c. Nganalisis ajén agama anu nyampak dina guguritan

Kinanti Kulu-Kulu Haji Hasan Mustapa.

Ulikan Tiori:

a. Tiori Sastra: Pamarekan Struktural, Métode Hermeneutik;

b. Ajén Agama: Akidah, Muamalah, Ibadah

Data:

Guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa

Ngolah Data

Kacindekan

Déskripsi Data: Struktural; Hermeneutik; jeung

Ajén Agama.

(20)

Sangkan panalungtikan leuwih museur, ieu di handap dijéntrékeun istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan, di antarana:

a. Ajén Agama

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (2007: 18), ajén nya éta pangaji atawa harga. Upama dihartikeun kana basa Indonesia, ajén sarua jeung nilai. Nurutkeun Achadiat (1992: 14) ajén ngandung harti gagasan tentang kehidupan yang dianggap amat penting oleh suatu masyarakat atau kelompok manusia.

Tina katerangan di luhur bisa dicindekkeun yén ajén mangrupa harga pikeun individu atawa kelompok sarta mangrupa standar anu rélatif kana pola pikir, sikep, atawa tingkah laku.

Nurutkeun Danadibrata (2006: 7) agama mangrupa aturan, at. undang-undang anu kaungel jero kitab suci; ajaran at. élmu pikeun percaya kana ayana Gusti Allah Sarta dipercayakeunana ku Nabi. Nurutkeun tafsiran Islam, agama mangrupa naon-naon nu disaré‟atkeun ku Allah ngaliwatan paranabi, dina wujud paréntah-paréntah, papahing sarta pituduh-pituduh keur kahadéan manusa di dunya jeung ahérat.

(21)

b. Guguritan

Nurutkeun Iskandarwassid (2003: 45) guguritan nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Biasana ukur dina hiji pupuh. Dibacana dihariringkeun maké patokan pupuh.

Bisa dicindekkeun yén guguritan mangrupa karya sastra anu dijieun dina wangun pupuh umumna ngébréhkeun kanyaah antarmanusa, kalakuan manusa, pakasaban, kabudayaan, atikan, jeung sajabana.

c. Haji Hasan Mustapa

Haji Hasan Mustapa mangrupa bujangga pangbadagna di Sunda. Anu dipiagul, dipireueus ku masarakat Sunda. Kungsi dipaparin Hadiah Seni minangka “Sastrawan daérah Sunda” ku Présidén Républik Indonésia dina taun

1977, tur saméméh taun 1965, kungsi dipaparin penghargaan ku Gubernur Jawa Barat.

d. Struktural

Nurutkeun pamadegan Iskandarwassid (2003: 153), struktur dina sastra nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra, gembleng boga ma‟na. Ku kituna, bisa

dicindekkeun yén struktural mangrupa cara nu sipat pikeun ngabedah unsur-unsur nu aya dina hiji objék.

e. Hermeneutik

(22)

interprétasi. Hermeneutik dina ahirna bisa dihartikeun salaku prosés ngarubah hiji hal atawa situasi anu tadina teu apal jadi apal. Hermeneutik miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun eusi tina hiji karya pangarang ku hiji panafsir.

f. Guguritan Kinanti Kulu-Kulu

Guguritan Kinanti Kulu-Kulu mangrupa guguritan hasil karya Haji Hasan Mustapa. Anu geus ditransliterasi ku Ruhaliah tur geus disumebarkeun di masarakat dina taun 2009. Sakabéhna aya 203 pada dina wnagun pupuh kinanti.

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun mikanyaho ma‟na nu aya dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya

Haji Hasan Mustapa kalawan leuwih jéntré jeung gembleng, perlu ditalungtik perkara struktur caritana. Sabada dipaluruh sacara struktural, dibéré ma‟na sacara gembleng ti tiap pada, sangkan diahir bisa katitén ajén agama nu nyampak dina ieu guguritan.

(23)

Tabél 3.1

Conto Kartu Data Patokan Pupuh Guguritan Kinanti Kulu-Kulu

Pada Guru Lagu/Wilangan

8-u 8-i 8-a 8-e 8-a 8-i

1 √ √ √ √ √ √

2 √ √ √ √ √ √

3 √ √ √ √ √ √

4 ... ... ... ... ... ... 5 ... ... ... ... ... ...

Tabél 3.2

Conto Kartu Data Jumlah Larik Pupuh

Guguritan Kinanti Kulu-Kulu

Jumlah Bait Jumlah Baris Jumlah Larik

Tabél 3.4

Conto Kartu Data Hasil Analisis Data

No. Eusi Guguritan Hasil Analisis Data kana Guguritan

Kinanti Kulu-Kulu di Pada Ka -

1 Asal Usul Manusa

2 Puasa

3 Zakat

4 Hubungan Manusa jeung Pangéran

5 Hubungan Manusa jeung Papadana

6 Ahérat

7 Takdir

8 Al Qur‟an

9 Solat jeung Haji

(24)
[image:24.595.111.514.115.592.2]

Gambar. 3.1 Conto Kartu Data

3.5 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2002:102) panalungtikan anu ngagunakeun dokumén disebutna sumber data atawa subyék panalungtikan. Sedengkeun eusi dokumén, disebutna subyék atawa variabel panalungtikan.

Luyu jeung éta katerangan, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa, mangrupa guguritan anu geus ditransliterasi tina aksara Arab Pégon kana aksara Latén ku Ruhaliah. Guguritan Kinanti Kulu-Kulu diwangun ku 203 pada. Éta sumber dipiharep bisa ngawakilan pikeun maluruh Hasil karya Haji Hasan Mustapa, hususna ngeunaan eusi karyana tur ajén agama nu aya dijerona.

1. Judul Guguritan : ………... 2. Pangarang : ………... 3. Cutatan guguritan :

(1) ………...

..………...

………...

4. Bahasan :

(25)

Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada diklasifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés seléksi, museurkeun, ngabasajankeun, jeung abstraksi data. Data diseléksi ku jalan milah-milah kalawan tujuan meunangkeun ma‟na nu tangtu ditilik tina puseur pasualan

panalungtikan. Dumasar kana masalah dina ieu panalungtikan, prosédur analisis data téh ngawengku léngkah-léngkah sakumaha ieu di handap.

1) Maca naskah guguritan karya Haji Hasan Mustapa di antarana: (1) Guguritan Kinanti Kulu-Kulu; (2) Guguritan Sinom Barangtaning Rasa; (3) Guguritan Asmarandana Nu Kami; (4) Guguritan Dangdanggula Sirna Rasa;

2) Milih guguritan anu jadi bahan panalungtikan;

3) Nganalisis struktur téks guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa;

4) Ngadéskripsikeun eusi guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa ngagunakeun métode hermeneutik;

5) Nganalisis ajén agama anu nyampak dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa;

(26)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis kana guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa patali jeung pamarekan struktural katut hermeneutik ogé ajén agama nu nyampak dina eusi guguritan bisa dicindekkeun sakumaha ieu di handap.

(27)
(28)

sagemblengna maké basa Arab (cutatan tina Al Qur’an) atawa istilah-istilah tina basa Arab. Amanat anu nyampak tina guguritan Kinanti Kulu-Kulu karya Haji Hasan Mustapa di dieu nya éta sangkan bisa ngélingan ka sakabéh manusa pikeun henteu pernah reureuh néangan bebeneran, ngaliwatan nyuprih élmu nepi ka manusa bisa yakin ka Pangéran anu ajeg nya éta Allah SWT. Ngajalankeun sagala paréntah-Na jeung ngajauhan sagala larangan-Na.

2. Tina hasil ulikan kana guguritan Kinanti Kulu-Kulu, ngagunakeun kajian hermeneutik, katitén nyampak jelas ajén kaagamaanna, hususna ajén kaimanan jeung katakwaan. Eusi guguritan Kinanti Kulu-Kulu sacara gurat badagna ngabahas ngeunaan dua bagian, nya éta katasawufan hususna ngeunaan asal-usul manusa, puasa, zakat, hubungan manusa jeung Pangéran, hubungan manusa jeung sasamana, alam ahérat, takdir, Al

Qur’an, Solat jeung Haji. Di dieu ogé dibahas biografi singget Haji Hasan

Mustapa. Dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu bisa katitén yén anu sering dibahas téh nya éta ngeunaan hubungan manusa jeung Pangéran anu jumlahna aya 101 kali (49,75%), ngeunaan ahérat aya 28 kali (13,79%), ngeunaan hubungan manusa jeung sasamana aya 24 kali (11,82%), ngeunaan biografi Haji Hasan Mustapa aya 21 kali (10,34%), ngeunaan

puasa aya 12 kali (5,91%), ngeunaan Al Qur’an aya 7 kali (3,45%),

(29)

3. Ajén agama nu nyampak dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu anu ngagunakeun pamarekan hermeneutik bisa katitén yén ayana akidah saperti: 1) Iman ka Alloh SWT; 2) Iman ka Kitab-Na (Al Qur’an); 3) Iman ka Nabi jeung Rosul-Na; 3) Iman ka poé ahir 4) Iman kana takdir. Sedengkeun ajén agama nu nyampak dina guguritan Kinanti Kulu-Kulu tur aya hubunganna jeung ibadah nya éta: 1) Puasa; 2) Zakat; 3) Solat 4) Haji. Tina éta hal bisa dicindekkeun yén Haji Hasan Mustapa nyieun guguritan Kinanti Kulu-Kulu téh sangkan bisa ngingetan manusa bisa terus maluruh bebeneran nu taya reureuhna salila hirup di dunya, pikeun terus ngajalankeun sagala paréntah-Na ogé ngajauhan sagala larangan-paréntah-Na. Sangkan bisa meunangkeun kabagjaan di dunya jeung di ahérat.

5.2 Saran

(30)
(31)

DAPTAR PUSTAKA

Ahimsa, Heddy Shri. 2001. Strukturalisme Levi-Strauss Mitos dan Karya Sastra. Yogyakarta: Galang Press.

Al Haddad, Mu’min F. 2008. Segarkan Iman Anda. Surakarta: Ziyad.

Aminuddin. 2004. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru. Anshari, Endang Saifudin. 1982. Wawasan Islam. Bandung: Pustaka

Perpustakaan Salman ITB.

Arikunto, Suharesmi. 2002. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Asyafah, A. 2010. Mengokohkan Karakter Taqwa Melalui Ibadah Qurban. Makalah pada Seminar Nasional UPI, Bandung.

Azra, Azyumardi, spk. 2002. Buku Teks Pendidikan Agama Islam Pada Perguruan Tinggi Umum. Jakarta: Departemen Agama RI.

Azra, Azyumardi. 2003. Ensiklopedi Islam. Jakarta: PT Ikrar Mandiriabadi. Basrowi jeung Suwandi. 2008. Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka

Cipta .

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Darajat, Zakiah. 1984. Dasar-Dasar Agama Islam Buku Teks Pendidikan Agama Islam pada Perguruan Tinggi Umum. Jakarta: Bulan Bintang.

Darajat, Zakiah, spk. 1984. Dasar-dasar Agama Islam. Jakarta: CV. Kuning Mas. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1988. Kamus Besar Bahasa Indonesia.

Jakarta: Balai Pustaka.

Durahman, Duduh. 2010. Sastra Sunda Sausap Saulas. Bandung: CV. Geger Sunten.

Eagleton, Terry. 2007. Teori Sastra Sebuah Pengantar Komprehensif. Yogyakarta & Bandung: Jalasutra.

(32)

Faruq. 2010. Pengantar Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra Sunda. Bandung: Djatnika.

Garna, Yudistira. 2009. Metoda Penelitian Kualitatif. Bandung: Yudistira Foundation & Primaco Akademika.

Hidayat, Komaruddin. 2011. Memahami Bahasa Agama Sebuah Kajian Heurmeuneutika. Bandung: Mizan.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Jabrohim. 2012. Teori Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda Édisi Révisi. Bandung: Sonagar Press.

Kartini, Tini, Spk. 1985. Biografi dan Karya Pujangga Haji Hasan Mustapa. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Keraf, Gorys. 1991. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia.

Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djambatan

Koswara, Dedi. 2007. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1969. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Lubis, Mawardi. 2009. Evaluasi Perkembangan Nilai. Bengkulu: Pustaka Pelajar. Luxemburg, Jan Van, Mieke Bal, Willem G. Westeijn. 1986. Pengantar Ilmu

Sastra. Tarjamahan Dick Hartoko. Jakarta: Gramedia.

Ma’ani, Moeslim Aboud. 1985. Tiga Pokok Ajaran Agama Islam dari Al Qur’an

(33)

Moriyama, Mikihiro. 2005. Semangat Baru Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. Muhammad, Sheikh. 1985. Tiga Pokok Ajaran Agama Islam dari Al Qur’an dan

Sunnah. Bandung: PT. Al Ma’arif.

Mustapa, Haji Hasan. 2009. Asmarandana nu Kami (Hasil Transliterasi Iskandarwassid). Bandung: Kiblat.

___________________. 2009. Dangdanggula Sirna Rasa (Hasil Transliterasi Ruhaliah). Bandung: Kiblat.

___________________. 2009. Kinanti Kulu-Kulu (Hasil Transliterasi Ruhaliah). Bandung: Kiblat.

___________________. 2009. Sinom Barangtaning Rasa (Hasil Transliterasi Ruhaliah). Bandung: Kiblat.

___________________. 2009. Sinom Wawarian (Hasil Transliterasi Ruhaliah). Bandung: Kiblat.

Nasir, Moh. 2003. Metode Penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia.

Nurdin, Muslim, spk. 1995. Moral dan Kognisi Islam. Bandung: CV. Alfabeta. Palmer, R.E. 2005. Hermeneutika Teori Baru Mengenal Interpretasi. Yogyakarta:

Pustaka Pelajar.

Pradopo, Rachmat Djoko. 2009. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rahman, Fazlur. 1983. Tema Pokok Al Qur’an. Bandung: Pustaka.

Ramli Hs, M. 2006. Mengenal Islam. Semarang: UPT MKU Universitas Negeri Semarang Press.

Ratna, Nyoman Kutha. 2007. Sastra dan Cultural Studies Representasi Fiksi dan Fakta. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

___________________. 2011. Teori, Metode dan Tehnik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

(34)

__________. 1989. Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana. Bandung: Pustaka.

Ruhaliah. 2002. Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

_______. 2006. Wawacan Amir Hamzah Edisi Teks, Terjemahan, Analisis Struktur, dan Hubungan Intertekstual. Disertasi Doktor pada Ilmu Sastra Universitas Padjadjaran. Bandung: tidak diterbitkan.

_______. 2010. Sastra Sunda Saméméh Taun 1945. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

_______. 2010. Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1981. Panyungsi Sastra. Bandung: CV. Gunung Larang. ____________. 1984. Panyungsi Sastra. Bandung: CV. Gunung Larang. Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Bandung: Ganaco.

Semi, M. Atar. 1990. Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa.

Shadily, Hasan, dkk. 1991. Ensiklopedi Indonesia (A-Z). Jakarta: Ichtiar Baru

Van Hoeve.

Shaleh, K.H.Q. 1976. Ayat-Ayat Hukum Tafsir dan Uraian Perintah-perintah dalam Al Qur’an. Bandung: CV. Diponegoro.

Shaleh, Qamaruddin, Spk. 2003. Al-Amin Al Qur’an Tarjamah Sunda. Bandung: Cv. Penerbit Diponegoro.

Shihab, Quraish. 2001. Al Qur’an dan Nilai-nilainya. Suara Merdeka On line. (www.suara.merdeka.com)

Shodiq, M. 1991. Kamus Istilah Agama. Bandung: Angkasa.

Sudjiman, Panuti. 1988. Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Gramedia. Sudjiman, Panuti. 1995. Filologi Melayu. Jakarta: Pustaka Jaya.

(35)

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Bandung: Gramedia.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Sumaryono, E. 1999. Hermeneutik Sebuah Metode Filsafat. Yogyakarta: Kanisius.

Surakmad, Winarno. 1991. Pengantar Penelitian Ilmiah. Bandung: Tarsito.

Suryalaga, H.R. Hidayat. 2010. Filsafat Sunda Sekilas Interpretasi. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

____________________. 2010. Rawayan Jati Kasundaan. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Suryana, Toto, spk. 1996. Pendidikan Agama Islam Untuk Perguruan Tinggi. Bandung: Tiga Mutiara.

Syauqi. N, Rifat. 2011. Kepribadian Qur’ani. Jakarta: Amzah.

Syuropati, Mohammad A. 2001. 5 Teori Kontemporer & 13 Tokohnya. Bantul: In Azna Books.

Tarigan, H.G. 1992. Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Teeuw, A. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta Pusat: PT Dunia Pustaka Jaya. Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI

Waluyo, H.J. 1990. Hermeneutika dalam Telaah Sastra. Makalah pada Pertemuan Ilmiah Nasional HISKI, Malang.

Wellek, Rene & Warren, Austin. 1990. Teori Kasusastraan. Jakarta: Gramedia. Wibisana, Wahyu, spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda, Sebuah Antologi Jilid 1,

Bandung: Geger Sunten.

Zuhdi, Masjfuk. 1988. Studi Islam Jilid II: Ibadah. Jakarta: CV. Rajawali.

(36)

Gambar

Gambar. 3.1

Referensi

Dokumen terkait

Dalam kuesioner ini tidak ada jawaban atau penilaian yang benar atau salah, semua data yang Bapak/Ibu/Saudara/Saudari berikan akan kami rahasiakan dan hanya

Superman Vs the Amazing Spider-Man and Batman Vs the Incredible Hulk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu.. Koponen,

Mahasiswa yang tidak hadir karena alasan yang dibenarkan menurut peraturan menyerahkan surat ijin tidak mengikuti perkuliahan dari Jurusan kepada Dosen penanggungjawab mata kuliah

Tujuan penelitian ini adalah untuk mengetahui karakteristik dari tinta sotong meliputi organoleptis, viskositas, bobot jenis dan pH, pemeriksaan golongan

Catatan lapangan dan Format Observasi JumlahWaktu Aktif belajar Siswa. Dalam

[r]

Pengaruh penerapan metode cooperative learning tipe stad terhadap keterampilan sosial dan kemampuan berfikir kritis peserta didik sd pada mata pelajaran IPS.. Universitas

Informasi yang diberikan kepada publik selama ini menurut saya tidak dapat meningkatkan pengelolaan transparansi penyusunan laporan keuangan. Akses untuk memperoleh dokumen