• Tidak ada hasil yang ditemukan

ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN SINOM GURINDA PANGRASA KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB :ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN SINOM GURINDA PANGRASA KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB :ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN “SINOM GURINDA PANGRASA” KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB

(ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK)

TÉSIS

Diajukeun pikeun Nyumponan Sabagian tina Sarat Nyangking Gelar Magister Pendidikan

ku

DWI ALIA NIM 1101209

(2)

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2013

ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN “SINOM GURINDA PANGRASA” KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB

(ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK)

Oleh Dwi Alia

S.Pd. UPI Bandung, 2011

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan

Budaya Sunda

© Dwi Alia 2013

(3)

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

dengan dicetak ulang, difotokopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

LEMBAR PENGESAHAN

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd. NIDN 0002073902

Pangaping II,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 19590614 198601 1 002

Kauninga ku

(4)

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Universitas Pendidikan Indonesia,

(5)

1) Tésis dibimbing oleh Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd. dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

2) Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung angkatan 2011.

i Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ULIKAN TASAWUF DINA GUGURITAN

“SINOM GURINDA PANGRASA” KARYA RADÉN HAJI MUHAMAD SYU’EB (ANALISIS STRUKTURAL JEUNG HERMENEUTIK)1)

Dwi Alia2)

ABSTRAK

Panalungtikan ieu dikasangtukangan ku lantaran panalungtikan ngeunaan ulikan tasawuf dina naskah guguritan masih kurang nyugemakeun. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngulik tasawuf dina naskah guguritan kalawan ngagunakeun péso analisis struktural jeung hermeneutik. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode deskriptif. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb nu lobana 19 kaca jeung ngawengku 145 pada. Naskah nu jadi sumber data nya éta naskah dina aksara Pégon, jeung ngagunakeun basa Sunda. Téhnik nu digunakeun dina panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi. Instrumén nu digunakeun nya éta pedoman transliterasi naskah jeung kartu data.

(6)

1) Tésis dibimbing oleh Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd. dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

2) Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung angkatan 2011.

ii Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu KAJIAN TASAWUF DALAM GUGURITAN

“SINOM GURINDA PANGRASA” KARYA RADEN HAJI MUHAMAD SYU’EB (ANALISIS STRUKTURAL DAN HERMENEUTIK)1)

Dwi Alia2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi karena hasil penelitian mengenai kajian tasawuf dalam naskah guguritan masih kurang optimal. Penelitian ini bertujuan untuk mengkaji tasawuf pada naskah guguritan dengan menggunakan analisis struktural dan hermeneutik. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Sumber data yang digunakan dalam penelitian ini adalah

naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Raden Haji Muhamad

Syu’eb sebanyak 19 halaman, dan terdiri dari 145 bait. Naskah yang menjadi sumber data adalah naskah dalam huruf Pegon, dan menggunakan bahasa Sunda. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik dokumentasi. Adapun instrumen yang digunakan yaitu pedoman transliterasi naskah dan kartu data.

Berdasarkan hasil penelitian, didapatkan beberapa hal berikut: (1) dari hasil transliterasi, ada beberapa kata yang tidak terbaca karena tidak jelas bentuk hurufnya, atau tanda titiknya, atau harakat dalam hurufnya; (2) dari hasil analisis struktur formal guguritan, terdapat dua bait yang tidak sesuai dengan aturan guru gatra (banyaknya baris tiap bait) pupuh sinom, yaitu bait ke-3 dan bait ke-58. Menurut aturan guru wilangan (banyaknya suku kata dalam satu baris) pupuh sinom, sebagian besar baris ke-5 dan ke-7 pada tiap bait, yang jumlah suku katanya ganjil, oleh pengarang digunakan aturan guru wilangan yang digenapkan. Berdasarkan hasil analisis struktur naratif terlihat: (a) téma dalam guguritan ini adalah pengalaman pengarang dalam mencapai kepuasan

(7)

1) Tésis dibimbing oleh Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd. dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

2) Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung angkatan 2011.

iii Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dan pasrah; (c) gaya bahasa yang digunakan oleh pengarang yaitu gaya bahasa retorik dan gaya basa kiasan; (3) dari hasil analisis hermeneutik didapatkan isi dari guguritan adalah menggambarkan hal-hal yang dialami oleh pengarang dalam mencapai hakikat diri untuk m’arifatullah; (4) Al-Maqam dalam istilah tasawuf yang didapatkan dari hasil kajian pada guguritan ini adalah: at-taubah, al-zuhud, as-shabr, at-tawakkal, al-ridha, al-mahabbah, al-ma’rifah.

AN INVESTIGATION ON SUFISM IN GUGURITAN “SINOM GURINDA PANGRASA” WRITTEN BY RADEN HAJI MUHAMAD SYU’EB

(A STRUCTURAL AND HERMEUNETIC ANALYSIS) 1)

Dwi Alia2)

ABSTRACT

This research is motivated due to still a lack research on the study of sufism in guguritan manuscript. This study aimed to examine the Sufism concept in guguritan manuscript using structural and hermeneutics analysis. The research method is descriptive. The data source is a script entitled “Sinom Gurinda

Pangrasa” written by Raden Haji Muhamad Syu’eb, consisting of 19 pages. The

script consists of 145 verses and was written in Pegon letters and Sundanese language. The data collection technique used in the study was documentation. Two research instruments were deployed in the study: script transliteration guidelines and data card.

The study shows that: (1) from transliteration data collection, there are several words which are unreadable due to either indistinct words or punctuations; (2) from formal structure analysis of guguritan, there are two stanzas that are inappropriate in terms of the number of lines in a stanza, the 3rd and 58th stanzas: each consists of only 8 lines which are not in line with the rules applied in Sundanese poetry. Almost in all 5th and 7th lines that are odd in number of syllables, the poet made the lines into even in syllables. From the analysis on narrative structure, it can be seen that: (a) the theme of the poem is how the poet

reached the contentment in life, referred as “ma’rifatullah”, (b) the settings in the

(8)

1) Tésis dibimbing oleh Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd. dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

2) Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung angkatan 2011.

iv Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

worried, regretful, and hopeless; (c) the writing style used by the poet is rhetorical, and conotative; (3) from hermeneutic analysis, it was found that the

(9)

vii Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ...i

PANGJAJAP ...iv

TAWIS NUHUN ...v

DAPTAR EUSI ...vii

DAPTAR TABÉL ...ix

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ...1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...6

1.2.1 Watesan Masalah ... 6

1.2.2 Rumusan Masalah ...6

1.3 Tujuan Panalungtikan...7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...7

1.5 Anggapan Dasar ...8

1.6 Struktur Organisasi ...8

BAB II LANDASAN TIORI 2.1 Tasawuf ...10

2.1.1 Konsép Penting dina Tasawuf ...11

2.1.2 Al-Maqam dina Tasawuf...15

2.2 Naskah ...20

2.2.1 Aksara Pégon ...21

2.3 Guguritan ...23

(10)

viii Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.4.1 Strukturalisme ...29

2.4.1.1 Struktur Formal Guguritan ...30

2.4.1.2 Struktur Naratif ...37

2.4.2 Hermeneutik ...41

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ...43

3.2 Sumber Data Panalungtikan ...45

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ...46

3.4 Instrumén Panalungtikan ...46

3.5. Téhnik Ngolah Data ...47

BAB IV HASIL ANALISIS JEUNG PEMBAHASAN 4.1 Hasil Transliterasi Naskah ...48

4.1.1 Raratan Naskah ...48

4.1.2 Déskripsi Naskah ...49

4.2. Hasil Analisis Struktural ...54

4.2.1 Struktur Formal Guguritan ...55

4.2.2 Struktur Naratif ...56

4.3 Analisis Hermeneutik ...62

4.4 Ulikan Tasawuf ...122

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ...133

5.2 Saran ...134

(11)

viii Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LAMPIRAN-LAMPIRAN

(12)

1 Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

Sastra Sunda téh salah sahiji sastra daérah anu aya di Indonésia, sarta mangrupa maniféstasi kabeungharan batin masarakat Sunda. Kamekaranana natrat ti bihari nepi ka kiwari. Upama disusud asal-muasalna, istilah kecap anu aya patalina jeung sastra, jolna téh tina dapuran kecap-kecap anu ilaharna dipaké ku urang kulon. Tamsyah (1999: 219) nétélakeun yén kecap sastra asalna tina basa Sangsekerta, anu hartina buku pangajaran, élmu pangaweruh, naskah, buku-buku suci. Kiwari éta harti kecap téh jadi ngaheureutan. Anu kiwari disebut sastra téh nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan. Basa dina karya sastra dipaké alat pikeun ngahontal ajén-ajén éstétis (kaéndahan seni). Carana bisa rupa-rupa, kecap-kecap téh bisa dirakit mangrupa purwakanti, gaya basa, pakeman basa, dicokot harti injeumanana, jeung sajabana.

Sanajan basa mangrupa alat utamana, tangtu baé aya hal séjén anu ngalantarankeun dipakéna éta alat dina karya sastra, nya éta eusina anu jadi inti karya sastra. Ari eusi karya sastra ngawengku rupa-rupa masalah kahirupan manusa. Reeves dina Koswara (2003: 104) nétélakeun yén hakékat sastra téh mangrupa fakta kahirupan. Sastra dianggap mangrupa kacamata hasil kabudayaan mangsa kaliwat anu ngawengku adat kabisaan, ajén-ajén, jeung kapercayaan anu turun-tumurun dipaké ku masarakat dina kurun waktu anu tangtu. Sastra mangrupa eunteung kahirupan manusa dina hiji mangsa, nu méré gambaran kahirupan alam harita, boh pribadina boh masarakatna.

(13)

2

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

masarakat sabudeureunana. Pangalaman bagja jeung cilaka, bungah jeung sedihna hiji jalma bisa disalusur diantarana tina karya sastra, nu ngajadikeun basa salaku média pikeun nepikeunana.

Salasahiji titinggal budaya anu mangrupa hasil karya sastra téh nya éta naskah. Nurutkeun Iskandarwassid (2003: 90), anu dimaksud naskah dina ulikan sastra nya éta wacana (téks) hasil tulisan leungeun, biasana dibeundeul atawa dibukukeun (lain hasil citak); atawa buku anu eusina wacana dina tulisan leungeun. Naskah ogé mangrupa dokumén tinulis hiji sélér bangsa, nu ngandung ajén-ajén budaya mangsa katukang nu jumlahna sakitu lobana di Nusantara.

Naskah téh ngandung kabeungharan informasi. Eusina teu kawatesanan kana kasusastraan tapi ngawengku widang séjén saperti kabudayaan, agama, sajarah, ékonomi, sosial, jeung politik. Ku kituna ayana naskah kacida pentingna dina kahirupan kabudayaan ogé pikeun ngajembaran wawasan masarakat. Nu kaasup kana naskah anu eusina sagemblengna sastra di antarana wawacan, jeung guguritan.

Nurutkeun Tamsyah (1996: 59) guguritan nya éta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh. Disebut pondok sotéh lamun dibandingkeun jeung wawacan anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Dina guguritan ilaharna tara gunta-ganti pupuh, eusina ogé biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan, saperti “Asmarandana Lahir Batin” beunang R.A. Bratadiwijaya, “Kinanti Jung Indung Turun” beunang Haji Hasan Mustafa, atawa “Dangdanggula Laut Kidul” beunang Kalipah Apo.

(14)

3

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Eusi tina guguritan bisa rupa-rupa hal anu patali jeung kahirupan pangarangna, boh sacara lahiriah boh batiniahna. Manusa ti mimiti lahir geus dibekelan ku Allah SWT rupa-rupa sipat atawa tabiat salaku panglengkep pikeun ngajalankeun pancén hirupna di alam dunya, nya éta ibadah ka Allah SWT. Salasahiji sipat penting manusa nu dianugrahkeun ku Gusti nya éta rasa hayang mikanyaho kana rupa-rupa hal. Rasa hayang nyaho ieu nu méré pituduh ka manusa dina néangan bebeneran ngaliwatan rupa-rupa cara atawa pamarekan, boh ngaliwatan haté boh ngaliwatan akal.

Manusa salaku mahluk nu dianugrahan poténsi ku Allah SWT mangrupa haté jeung akal, geus sakuduna ngamangpaatkeun jeung ngaoptimalkeun éta poténsi. Sastra mangrupa salasahiji hasil tina poténsi manusa anu bisa jadi jalan pikeun manusa néang karidhoan Manten-Na. Geus jadi kawajiban yén haté jeung akal manusa kudu digiring jeung dimangpaatkeun kana hal-hal anu alus pikeun nyumponan pancén salaku hamba Allah. Haté jeung akal, duanana mangrupa anugrah anu silih rojong pikeun nyaimbangkeun konsép bebeneran nu salawasna ngalaman dinamika saluyu jeung kamajuan cara mikir manusa (Rif’i jeung Mud’is, 2010: 9).

Pangalaman haté (batiniah) nu karandapan ku hiji manusa dina néangan bebeneran, bisa jadi hal anu ngirut ati pikeun bahan tuliskeuneun nu baris jadi karya fenomenal di masarakat. Pangalaman batiniah ieu bisa jadi tuladan pikeun jalma lian nu maca jeung neuleuman éta karya. Karya sastra nu sarat ku pangalaman batiniah dina néangan bebeneran éta kacida diperlukeunana dina jaman kiwari, pikeun nguatan jeung jadi filter dina nyanghareupan dunya globalisasi nu pinuh ku gogoda duniawi.

(15)

4

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ka Gusti Nu Maha Suci. Hal-hal éta geus sakuduna disingkahan ku manusa utamana kaum muslimin, pikeun bisa ngahontal cita-cita mulya nya éta

Mardhatillah. Salasahiji tarékah dina nyingkahan éta hal nya éta ngaliwatan neuleuman pangalaman haté (batiniah) hiji jalma dina néangan bebeneran nu sumberna ti Allah SWT, nu satuluyna bisa diterapkeun ku diri sorangan dina kahirupan sapopoé.

Eusi naskah guguritan saenyana geus loba disalusur jeung diguar laratanana, tapi nepi ka kiwari masih langka naskah nu diguar ngeunaan pangalaman batin pangarangna, nu ilahar jadi ulikan élmu tasawuf. Pangarang Sunda nu paling kawéntar nulis guguritan nu eusina ngaguar tasawuf nya éta Haji Hasan Mustapa. Karya-karya Haji Hasan Mustapa geus dikumpulkeun salasahijina dina wangun buku ku Ajip Rosidi (1989). Ulikan kana karya Haji Hasan Mustapa kiwari geus beuki dipikaresep, di antarana ayana tésis nu ditulis ku N. Astrini kalawan judul “Ajén Agama Guguritan Haji Hasan Mustapa,” jeung skripsi Imam Gozali kalawan judul “Pemikiran Haji Hasan Mustapa dalam Bidang Tasawuf.” Ulikan kana naskah guguritan nu eusina ngandung ajaran tasawuf salian ti karangan Haji Hasan Mustapa masih can loba dilakukeun, ku kituna sakuduna dilakukeun ulikan kana naskah guguritan ti pangarang nu lianna.

Salasahji karya guguritan nu eusina sarat ku pangalaman batin pangarangna dina néangan bebeneran nya éta guguritan dina wangun pupuh sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb. Dina ieu naskah guguritan katitén gambaran palaku nya éta pangarang sorangan, nu hayang ngahontal tujuan ahir hirup nu sampurna, nya éta salawasna deukeut jeung Pangéranana Allah SWT. Naskah ieu mangrupa naskah dina aksara Pégon, nu perlu ditransliterasi heula kana aksara Latén sangkan babari dina prosés maca katut nganalisis éta naskah. Tina hasil transliterasi katut maca kalawan gemet éta naskah guguritan karya Radén Haji Muhamad Syu’eb, katitén perlu ayana analisis anu leuwih teleb kana éta naskah.

(16)

5

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pupuh saperti jumlah padalisan tiap pada, guru lagu, guru wilangan, jeung watek. Salian ti struktur formal ogé, struktur naratifna saperti téma, latar tempat, latar waktu, gaya basa, jeung amanat. Tina segi hermeneutik disalusur makna nu nyamuni disatukangeun basa sangkan kacangking eusina tina éta guguritan.

Analisis struktur jeung hermeneutik nu dilakukeun baris nganteurkeun kana hal-hal naon waé nu nyangkaruk dina éta naskah. Salasahiji hal anu dipaluruh nya éta kajian tasawuf nu aya dina éta naskah. Tina sisi kajian tasawuf nu mangrupa kajian ngeunaan cara jeung jalan nu dilakukeun hiji muslim pikeun salawasna deukeut jeung Allah Pangéranana. Tasawuf patali jeung kahadéan, kasucian haté tina godaan hawa napsu, megatkeun katergantunganana kana kahirupan material nu bisa ngaganggu hubunganana jeung Pangéran, hirup dina kazuhudan, sarta neuleuman kahirupan dina ibadah sangkan leuwih deukeut jeung bebeneran nu sajati nya éta Allah SWT. Tasawuf dina dasarna museur kana kahirupan rohaniah, ngadeukeutkeun diri ka Pangéran ngaliwatan rupa-rupa kagiatan karohanian saperti ngabersihkeun haté, dzikir, ibadah lianna, sarta ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT. Jalma-jalma nu neuleuman tasawuf henteu nunda perhatian nu gedé kana kahirupan duniawi, bahkan megatkeun hubungan jeung hal éta. Nurutkeun Rif’i jeung Mud’is (2010: 47), tasawuf didominasi ku ajaran-ajaran saperti khauf

jeung raja’, at-taubah, al-zuhd, at-tawakal, asy-syukr, ar-ridha, jeung nu lianna, nu tujuan ahirna fana atawa leungit idéntitas diri dina kekekalan (baqa) Pangéran dina ngahontal ma’rifat (mikawanohna haté nu jero ka Pangéran). Konsép tasawuf téh sumberna tina Al-Qur’an jeung As-Sunnah nu mangrupa pedoman utama kahirupan umat Islam. Salaku umat Islam, geus sakuduna ngaji jeung nalungtik hal-hal nu patali jeung kaislaman, utamana nu baris nambahan kayakinan jeung kacintaan urang ka Gusti Allah. Ulikan tasawuf mangrupa salasahiji tarékah pikeun umat muslim dina ngawangun ihsan, aspék katilu saenggeus iman jeung Islam.

(17)

6

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tasawuf dina guguritan sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb maluruh tahapan adab (étika) jeung tingkah laku nu digambarkeun ku Radén Haji Muhamad Syu’eb tina hasil pangalamanana. Ulikan ieu dipiharep bisa mawa mangpaat husus keur nu nalungtik, tur pikeun wengkuan nu leuwih lega, nya éta masarakat. Mangpaatna geus tangtu bakal karasa, nya éta nganteurkeun manusa hususna kaum muslimin kana jalan bebeneran, dina ngahontal tujuan utama hirup di dunya nya éta Mardhatillah.

Ku kituna, dumasar kasang tukang di luhur, perlu ditalungtik ngeunaan ajaran tasawuf nu nyangkaruk dina guguritan sinom karya Radén Haji Muhamad Syu’eb kalawan judul “Ulikan Tasawuf dina Guguritan Sinom Gurinda Pangrasa Karya Radén Haji Muhamad Syu’eb (Ulikan Struktural jeung Hermeneutik).”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan pedaran teu lega teuing jeung leuwih nyoko kana objék anu rék dipaluruh, ieu panalungtikan téh diwatesanan. Naskah anu digunakeun salaku sumber data dina ieu panalungtikan mangrupa naskah dina aksara Pégon. Sangkan babari dina maca jeung nganalisis eusi naskah, panalungtik ngalakukeun prosés transliterasi tina aksara Pégon kana aksara Latén. Saréngséna transliterasi, satuluyna dilakukeun kagiatan maluruh téks jeung eusina ku cara ngagunakeun pamarekan struktural jeung hermeneutik. Tina maluruh téks éta bisa katitén hal-hal nu patali jeung Al-Maqam dina istilah tasawuf nu mangrupa tahapan-tahapan (étika) dina usaha ngahontal tujuan utama tasawuf, nya éta nempatkeun Allah salaku puseur sagala aktivitas kahirupan, jeung ngahadirkeun Anjeunna dina diri manusa salaku usaha ngahontal karidoan-Na.

(18)

7

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pikeun napsirkeun makna-makna nu hésé dipikahartina sangkan babari dipikaharti.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, dirumuskeun masalah nu jadi pokok panalungtikan dina wangun pertanyaan ieu di handap.

1) Kumaha hasil transliterasi téks naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb tina aksara Pégon kana aksara Latén?

2) Kumaha struktur puisi guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb?

3) Kumaha interprétasi kana eusi nu nyangkaruk dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb?

4) Kumaha Al-Maqam nu digambarkeun dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun ngeuyeuban jeung ngamekarkeun pangaweruh ngeunaan titinggal budaya Sunda. Disagigireun éta, sabada diayakeun ieu panalungtikan, bisa dijadikeun sumber bacaan pikeun masarakat Sunda.

Dumasar kana éta hal, baris dilakukeun panalungtikan anu miboga tujuan saperti ieu di handap.

1) Midangkeun hasil transliterasi téks naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb tina aksara Pégon kana aksara Latén;

2) Ngadéskripsikeun struktur puisi guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb;

(19)

8

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Ngadéskripsikeun Al-Maqam nu digambarkeun dina guguritan “Sinom

Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat sakumaha ieu di handap. 1) Nyebarkeun wacana guguritan tasawuf anu langka keur kapentingan naon

waé, misal: pangajaran.

2) Ngeuyeuban hasil ulikan ngeunaan puisi tasawuf.

3) Sabada panalungtikan bisa dijadikeun bahan bacaan umum, bisa jadi sumber pangaweruh, ulikan agama, jeung sumber inspirasi pikeun ngahasilkeun karya-karya nu lianna anu leuwih lega tur leuwih jero.

1.5 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan diébréhkeun ieu di handap. 1) Naskah-naskah Sunda heubeul tacan kaungkab eusina kalawan

gembleng.

2) Dina naskah-naskah Sunda heubeul nyangkaruk élmu pangweruh anu mangpaat.

3) Hasil karya Radén Haji Muhamad Syu’eb acan pati ditalungtik nu ngalantarankeun masarakat Sunda tacan loba anu wanoh kana karya-karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

4) Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana téks naskah dina wangun aksara Pégon.

5) Henteu sakabéh masarakat Sunda bisa maham kana eusi karya Radén Haji Muhamad Syu’eb mun sawates maca hasil transliterasi wungkul.

1.6 Struktur Organisasi

(20)

9

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bab I Bubuka, mertélakeun perkara kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung struktur organisasi dina nyusun tésis.

Bab II Tatapakan Tiori, ngadadarkeun konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun nganalisis pasualan, anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung tiori. Pamikiran anu didadarkeun ngawengku tiori transliterasi naskah, tiori perkara kajian tasawuf, tiori guguritan, tiori struktural, jeung tiori semiotik.

Bab III Métodologi Panalungtikan, mertélakeun perkara métode panalungtikan, définisi operasional, sumber data panalungtikan, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung prosedur analisis data.

Bab IV Hasil Analisis jeung Pembahasan, midangkeun hasil transliterasi naskah tina aksara Pégon kana aksara Latén, ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan katut pedaranana dumasar kana ulikan tasawuf jeung analisis ngagunakeun tiori struktural jeung hermeneutik dina guguritan Sinom Gurinda Pangrasa karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

(21)

43 Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab baris dibahas ngeunaan métode panalungtikan. Métode mangrupa sakumpulan tarékah nu baris dilakukeun ku panalungtik dina ngahontal tujuan panalungtikan. Dina ieu métode panalungtikan ngawengku métode panalungtikan, sumber data panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa bagian penting dina kagiatan panalungtikan, mangrupa tarékah pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu hal dilakukeun pikeun ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun ayana ajaran tasawuf dina guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

Galur prosés panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku transliterasi naskah tina aksara Pégon kana aksara Latén, studi pustaka, ngumpulkeun data, idéntifikasi data, analisis data, jeung satuluyna hasilna dilaporkeun dina eusi panalungtikan.

Transliterasi téks naskah dilakukeun kalawan tujuan sangkan téks naskah leuwih gampang kabacana. Naskah anu baris ditalungtik téh ditulisna ku aksara Pégon nu sakuduna ditransliterasi (alih aksara) heula kana aksara Latén sangkan ngababarikeun dina maca katut nganalisisna. Studi pustaka dilakukeun pikeun maluruh rupa-rupa référénsi atawa sumber nu patali jeung ieu panalungtikan, boh tina buku, internét, atawa média lianna.

(22)

44

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pedoman éjahan basa Sunda (Palanggeran). Réngsé transliterasi jeung maluruh rupa-rupa référénsi dilakukeun prosés maluruh data kalawan ngagunakan tiori analisis struktur jeung hermeneutik dina naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb, pikeun meunangkeun data nu

patali jeung Al-Maqam dina kajian tasawuf. Réngsé dipaluruh, éta data diidéntifikasi, diwilah-wilah jeung diimeutan diluyukeun jeung nu jadi tujuan panalungtikan. Prosés satuluyna nya éta nganalisis data luyu jeung tiori nu dipaké tatapakan dina ieu panalungtikan. Nu pamungkas nya éta ngalaporkeun hasil panalungtikan kajian tasawuf dina naskah guguritan sinom gurinda pangrasa

karya Radén Haji Muhamad Syu’eb.

Bagan 3.1 Galur Panalungtikan

Ngolah Data Déskripsi data:

Hasil transliterasi; struktural; hermeneutik; Al-Maqam

Nulis Laporan Tujuan Panalungtikan:

a. Midangkeun hasil transliterasi naskah guguritan SGP tina

aksara Pégon kana aksara Latén;

b. Ngadéskripsikeun struktur puisi guguritan SGP;

c. Ngadéskripsikeun hermeneutik nu nyangkaruk dina guguritan

SGP;

d. Ngadéskripsikeun Al-Maqam anu digambarkeun dina

guguritan SGP.

Ulikan Tiori: a. Tiori Transliterasi Naskah;

b. Tiori Sastra: Pamarekan Struktural jeung Hermeneutik;

c. Kajian Tasawuf ngeunaan Al-Maqam.

Data:

(23)

45

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Nu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah guguritan wangun pupuh sinom nu ku panalungtik dibéré judul “Sinom Gurinda Pangrasa”

kalawan tinimbangan tina ayana kecap tembang gurinda pangrasa dina jero éta guguritan (pada ka-1 padalisan ka-1). Sacara teu langsung pangarang geus némbongkeun judul atawa gurat badagna eusi ieu guguritan, sanajan teu ditulis kalawan écés dina cover atawa awal tulisanana. Judul ieu digunakeun lantaran eusi naskah ngébréhkeun hal-hal anu mangrupa pangalaman pangarang dina ngasah batinna pikeun ngahontal Ma’rifatullah.

Ieu naskah téh mangrupa bagian tina naskah kumpulan guguritan karya Radén Haji Muhamad Syu’eb, nu lobana 186 kaca. Nu baris ditalungtik nya éta 19

kaca, ti mimiti kaca 4 nepi ka kaca 22. Ieu guguritan nu jadi bahan panalungtikan lobana 145 pada. Aksara dina naskahna nya éta aksara Pégon, jeung basa anu digunakeun dina naskah nya éta basa Sunda.

Nu nulis ieu naskah nya éta Radén Haji Muhamad Syu’eb (RHMS) anu kawéntar ku jenengan Kalipah Apo. Teu kapaluruh sumber nu ngaguar jero ngeunaan biografi Radén Haji Muhamad Syu’eb atawa Kalipah Apo. Panalungtik ngan bisa ngararaba jeung niténan tina eusi naskah nu baris diguar. Tina katerangan gelar Kalipah téh harita mangrupa gelar pikeun wakil panghulu. Mun nilik kana eusi naskah dina pada 141, katitén yén nu nulis atawa pangarang nuturkeun tapak rasa juragan nya éta pangulu. Lamun nilik kana éta katerangan, pangulu nu dituju nya éta Haji Hasan Mustafa (HHM). Sakumaha nu geus pada apal, yén HHM téh saurang pangarang guguritan nu pangkawéntarna di Sunda. Réwuan karya geus dihasilkeun ku anjeunna. Ditilik tina hal éta, Kalipah Apo salaku wakil ti pangulu, nya puguh lamun kahirupanana loba dipangaruhan ku HHM, lantaran sapopoé babarengan atawa ngayakeun komunikasi dina beungkeutan ngurus pamaréntahan. Jadi, kaharti lamun pola pikir, ogé hal-hal

(24)

46

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina kahirupan RHMS nu méh sarua jeung HHM. Saperti dina ieu naskah guguritan nu ngandung unsur tasawuf, karya-karya HHM ogé teu saeutik nu ngabahas ngeunaan tasawuf.

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu utama digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntasi. Maluruh data tina hasil dokuméntasi mangrupa naskah. Data anu ditalungtik mangrupa kalimah-kalimah dina gundukan pada, nu satuluyna baris dianalisis ngagunakeun péso analisis tiori strukturalisme jeung hermeneutik. Analisis dina naskah guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji

Muhamad Syu’eb ieu dilakukeun pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan ajaran tasawuf dina éta naskah. Pikeun ngeuyeuban jeung nguatan kana hasil panalungtikan, baris dilaksanakeun ogé wawancara ka narasumber nu patali jeung bidang tasawuf.

3.4 Instrumén Panalungtikan

(25)

47

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

[image:25.595.117.508.220.563.2]

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1

Kartu Data

Katerangan:

No. Pada : nomer pada dina naskah hasil transliterasi Kaca : kaca dina naskah asli jeung hasil transliterasi GG, GW, GL : guru gatra, guru wilangan, guru lagu

3.5 Téhnik Ngolah Data

Aya sababaraha tahapan dina ngolah data, di antarana:

1. Ngalakukeun réduksi data atawa ngawilah-wilah data saluyu jeung fokus masalah. Dina hal ieu, panalungtik baris ngumpulkeun hasil tina kartu data, satuluyna dipasing-pasing dumasar fokus/ rumusan masalah.

2. Ngalakukeun interprétasi data atawa napsirkeun data anu geus diwilah-wilah dina wangun pernyataan.

3. Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana analisis hasil observasi anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan anu diinterprétasikeun dina kalimah pernyataan.

KARTU DATA

No. Pada :

Kaca naskah/trans. :

GG,GW,GL :

Rasa :

Gaya Basa :

Hasil Interpretasi

(26)

133 Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis kana guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb patali jeung pamarekan struktural katut

hermeneutik, ogé ulikan katasawufan dina eusi guguritan, bisa dicindekkeun sakumaha ieu di handap.

1. Tina hasil transliterasi aya 11 kecap nu masih kénéh diragukeun bener henteuna jeung aya 16 kecap nu teu kabaca sagemblengna. Faktor nu jadi lantaranana nya éta teu jelasna bentuk hurup, digunakeunana titik dina hurup, atawa digunakeunana harakat dina hurupna. Kateujelasan ieu disababkeun ku prosés alami nya éta tata cara nulisna pangarang nu dipangaruhan ku alat sarta mangsi waktu keur nulisna.

2. Hasil analisis struktur formal guguritan katitén aya dua pada nu teu saluyu jeung aturan guru gatra (lobana padalisan dina tiap pada) pupuh Sinom nya éta pada ka-3 jeung pada ka-58, dina dua pada éta ngan aya 8 padalisan. Nilik kana aturan guru wilangan dina pupuh Sinom, ieu naskah guguritan teu loyog jeung aturan anu baku. Réréana padalisan ka-5 jeung ka-7 nu jumlah engangna ganjil dina tiap padana, ku pangarang digunakeun aturan guru wilangan nu digenapkeun. Ditilik tina watek pupuh nu digambarkeun dina ieu guguritan, saluyu jeung watek pupuh sinom nya éta rasa gumbira atawa asmara. Rasa gumbira ieu kagambar tina eusi guguritan anu nyaritakeun kasugemaan pangarang dina ngahontal tujuan hirup nya éta salawasna deukeut jeung Pangéran, jeung kagambar ngeunaan kacintana ka

Gusti Allah Ta’ala. Dumasar hasil analisis struktur naratif katitén: (a) téma

(27)

134

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

digunakeun ku pangarang nu kaasup waktu dumasar lilana disebut 16 kali (28,6%), dumasar frékuénsi disebut 5 kali (8,9%), jeung dumasar titimangsa disebut 35 kali (62,5%). Kaayaan lumangsungna kajadian nu kagambar dina ieu guguritan ayana rasa bungah, hariwang, hanjelu, bingung, jeung pasrah, (c) gaya basa nu digunakeun ku pangarang nya éta gaya basa rétorik nu katitén tina ayana purwakanti jeung gaya basa kiasan.

3. Tina hasil analisis hermeneutik katitén ieu guguritan téh eusina ngagambarkeun rupa-rupa hal nu kaalaman ku pangarang dina ngahontal hakékat diri pikeun m’arifatullah.

4. Al-Maqam dina istilah tasawuf nu kapanggih tina hasil ulikan kana ieu guguritan nya éta: (1) at-taubah, nu digambarkeun nya éta ieu tembang guguritan téh mangrupa pangalaman diri pangarang, pangrasaning sanubari nu hayang balik ka alam hakéki; (2) al-zuhud, nu digambarkeun nya éta ngawatesanan wangwangan jeung kahayang; (3) as-shabr, nu digambarkeun nya éta kasabaran dina neuleuman hakékat dirina, jeung kasabaran nyanghareupan hawa napsu; (4) at-tawakkal, nu digambarkeun nya éta sumerah diri sagemblengna ka Gusti sanggeus ayana usaha nu soson-soson; (5) al-ridha, nu digambarkeun nya éta tenangna haté ku katangtuan (takdir)

Allah Ta’ala tur saluyuna haté jeung naon-naon nu dijadikeun ku Allah

Ta’ala; (6) al-mahabbah, nu digambarkeun nya éta ngosongkeun haté tina

sagalana, iwal ti nu dipikacinta nya éta Allah SWT; jeung (7) al-ma’rifah,

nu digambarkeun nya éta kasingkabna hahalang antara diri jeung Gusti. Manunggalna sipat jeung asma-Na dina diri.

5.2 Saran

Dumasar hasil anu geus ditétélakeun di luhur, aya sawatara saran pikeun ngeuyeuban jeung ngamekarkeun panalungtikan ngeunaan budaya jeung sastra Sunda, ogé dipiharep bisa ngaronjatkeun kasadaran masarakat Sunda pikeun ngajaga, maluruh, jeung nyuksruk jero ngeunaan titinggal sajarah di antarana: 1)

(28)

135

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

masih aya tilu bagian nu can kapaluruh. Ku kituna dipiharep ka masarakat Sunda timbul kasadaran pikeun maluruh deui kana hasil karya sastra Sunda hususna

karya Radén Haji Muhamad Syu’eb; 2) sabada ieu panalungtikan masarakat

Sunda bisa ngajadikeun ieu hasil panalungtikan jadi bahan bacaan umum, bisa jadi sumber pangaweruh, inspirasi pikeun ngahasilkeun karya sastra nu leuwih jero tur bisa ngawangun tingkah laku masarakat nu leuwih hadé.

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan ulikan tasawuf dina naskah

guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” karya Radén Haji Muhamad Syu’eb, aya

sababaraha rékoméndasi tina ieu panalungtikan:

(1) Ayana panalungtikan ngeunaan ulikan tasawuf dina naskah Sunda lianna hususna naskah karangan Radén Haji Muhamad Syu’eb, enggoning leuwih

ngeuyeuban jeung ngamekarkeun ajén sastra Sunda dina mangsa kiwari. (2) Pikeun panalungtik satuluyna, dipiharep bisa leuwih asak jeung leuwih

jero deui dina ngaguar wangun sastra Sunda hususna guguritan nu luhung ajén-inajénna.

(29)

136 Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Ali, Yunasril. 2002. Jalan Kearifan Sufi. Jakarta: PT. Serambi Ilmu Semesta.

Aminudin. 2004. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda PT Kiblat jeung UNPAD.

Faturrohman, Taofik. 1983. Ulikan Sastra Sunda. Bandung: Djatnika. Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. 2008. Panyawangan Sastra. Handout pada Perkuliahan Teori Sastra JPBD FPBS UPI, Bandung.

JPBD FPBS UPI. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Kandito, Argowi. 2011. Pengakuan-Pengakuan Syaikh Siti Jenar. Yogyakarta: Pustaka Pesantren.

Koswara, Dedi. 2003. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia.

Noorduyn, J jeung Teeuw. 2009. Tiga Pesona Sunda Kuna. Bandung: Pustaka Jaya.

Nursyamsiah, N. Astrini. 2012. Ajén Agama Guguritan Haji Hasan Mustapa.

TESIS. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI.

Rakhmat, Miftah F. 2011. Tasawuf For Beginners. Bandung: Remaja Rosdakarya. Ratna, Nyoman Kutha. 2011. Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rif’i, A.Bachrun dan H. Hasan Mud’is. 2010. Filsafat Tasawuf. Bandung: CV.

Pustaka Setia.

Rosidi, Ajip. 1989. Haji Hasan Mustapa jeung Karya-Karyana. Bandung: Pustaka.

(30)

137

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

. 2012. Pedoman Ringkas: Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan: Aksara Sunda Kuna, Buda, Cacarakan, dan Pegon. Bandung: JPBD FPBS UPI. Ruhaliah. 2010. Sajarah Sunda Saméméh Taun 1945. Bandung: Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

. 2010. Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Yus dan Ami Raksanagara. 1980. Puisi Guguritan Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Rusyana, Yus. 1981. Panyungsi Sastra. Bandung: CV. Gunung Larang. Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Bandung: Ganaco.

Sudaryat, Yayat. 2009. Makna dalam Wacana. Bandung:Yrama Widya. Sudjiman, Panuti. 1988. Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Gramedia. . 1995. Filologi Melayu. Jakarta: Pustaka Jaya.

Sumardjo, Jakob jeung Saini KM. 1986. Apresiasi Kesusastraan. Bandung: Gramedia.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Sumaryono, E. 1999. Hermeneutik Sebuah Metode Filsafat. Yogyakarta: Kanisius.

Syuropati, Mohammad A. 2011. 5 Teori Sastra Kontemporer & 13 Tokohnya.

Bantul: In Azna Books.

Tamami HAG. 2011. Psikologi Tasawuf. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tamsyah, Budi Rahayu dkk. 1999. Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda.

Bandung: Pustaka Setia.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI Press.

(31)

138

Dwi Alia, 2013

Ulikan Tasawuf Dina Guguritan “Sinom Gurinda Pangrasa” Karya Raden Haji Muhamad Syu’eb (Analisis Struktural Jeung Hermeneutik)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Waluyo, H.J. 1987. Pengkajian Cerita Fiksi. Surakarta: Sebelas Maret University Press.

Wellek, Rene& Warren, Austin. 1990. Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Wibisana, Wahyu. 2000. Lima Abad Sastra Sunda, Sebuah Antologi Jilid 1.

Gambar

Gambar 3.1 Kartu Data

Referensi

Dokumen terkait

Tema yang dipilih dalam penelitian yang dilaksanakan sejak bulan Desember 2014 ini ialah sistem jaringan komputer Pembelajaran Jarak Jauh (PJJ), dengan judul

dari kedua bentuk lembaga tersebut; sejauh mana program pendidikan dapat dilaksanakan menurut kemampuan yang ada; integrasi pondok pesantren di tengah - tengah kehidupan masyarakat;

Mewujudkan LPSB IPB yang terkemuka dalam bidang kajian biofarmaka yang memaksimalkan nilai tambah bahan hayati baik di dalam maupun di luar negeri, serta menjadi rujukan

Dalam kuesioner ini tidak ada jawaban atau penilaian yang benar atau salah, semua data yang Bapak/Ibu/Saudara/Saudari berikan akan kami rahasiakan dan hanya

Superman Vs the Amazing Spider-Man and Batman Vs the Incredible Hulk Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu.. Koponen,

Tujuan penelitian ini adalah untuk mengetahui karakteristik dari tinta sotong meliputi organoleptis, viskositas, bobot jenis dan pH, pemeriksaan golongan

Catatan lapangan dan Format Observasi JumlahWaktu Aktif belajar Siswa. Dalam

T H E I T S G R O U P PROJECT HIERARCHY The Client ITS Science Indonesia Laboratory Equipment Laboratory Furniture Civil Contractor Mechanical and Mechanical and Electrical