• Tidak ada hasil yang ditemukan

TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA : Analisis Omongan jeung Kinesik dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL DINA DRAMA SUNDA : Analisis Omongan jeung Kinesik dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing."

Copied!
26
0
0

Teks penuh

(1)

No. 700/FPBS/0251/2014

TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL

DINA DRAMA SUNDA

(Analisis Omongan jeung Kinesik

dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

ku Lian Suliani

1006597

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL

DINA DRAMA SUNDA

(Analisis Omongan jeung Kinesik

dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing)

Oleh Lian Suliani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Lian Suliani 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

LIAN SULIANI

TINDAK KOMUNIKASI VERBAL JEUNG NONVERBAL

DINA DRAMA SUNDA

(Analisis Omongan jeung Kinesik

dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing)

Disaluyuan jeung Disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Dr. Ruswendi Permana, M.Hum. NIP 195901011986011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

(Analisis Omongan jeung Kinesik

dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing)1

Lian Suliani2

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan tindak komunikasi verbal dan nonverbal dalam drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing yang dianalisis dari segi tindak tutur dan kinesik serta keserasian di antara keduanya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif. Untuk mengumpulkan data digunakan teknik dokumentasi. Data yang sudah terkumpul dianalisis dengan menggunakan teknik analisis unsur langsung. Data yang diolah berupa tuturan dan gerak yang ada dalam video drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Hasil analisis menunjukkan bahwa tindak komunikasi verbal mencakup dua hal, yaitu bentuk tindak tutur (lokusi, ilokusi dan perlokusi) dan fungsi tindak tutur ( asertif, direktif, ekspresif, komisif dan deklaratif), sedangkann tindak komunikasi nonverbal mencakup empat hal, yaitu (1) gestur yang mencakup pada gerak tangan seperti menunjuk; (2) fasial yang mencakup 6 emosi yang berupa sedih, senang, terkejut, marah, takut dan muak; (3) postural yang mencakup 10 tindak postural, yaitu bungkuk, berjalan, keadaan capé, membelakangi, memberi hormat, panitia penyelenggara, menyimak serta berbicara; dan (4) tindak gabungan (kombinasional) yang mencakup kepada fasial dan gestur, fasial dan postural, serta gestur dan postural. Selain itu, tindak komunikasi nonverbal yang tampak mempunyai fungsi sebagai pelengkap atau komplemen. Keserasian terutama tampak pada fungsi ekspresif.

Kata Kunci: tindak komunikasi, komunikasi verbal, komunikasi nonverbal, drama

1 Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum, dan Dr. Ruswendi Permana,

M.Hum.

2 Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas

(5)

ii

THE ACT OF VERBAL AND NON-VERBAL COMMUNICATION IN SUNDANESE DRAMA

(An Analysis of Speech and Kinesics of Sundanesse Drama Juragan Hajat by Kang Ibing)1

Lian Suliani2

ABSTRACT

This study is intended to find out and highlight the act of verbal and non-verbal communication in Sundanesse drama Juragan Hajat that was written by Kang Ibing. The drama was analyzed based on the aspects of speech and kinesics performance and the balance between those aspects. The descriptive method was used in this study, while in order to gather the data needed, the documentation technique was also used. The data which had been collected was analyzed based on direct elemental analysis techniques. The data from the documentation of Kang Ibing drama Juragan Hajat that needed to be analyzed was basically in a form of speech and body movement. The result of the analysis showed that there are two major aspects of the act of verbal communication found, those are; the form of speech (locutions, illocutionary, and perlocutionary) and the function of speech (assertive, directive, expressive, commissive, and declarative), meanwhile, the act of non-verbal communication scopes four aspects, those are (1) gesture, which includes hand movements such as pointing; (2) facial expression which includes six different emotions such as sadness, happiness, anger, fear and shock; (3) body-postural which includes ten body-body-postural actions such as bending, walking, the stage of exhausting, listening and speaking; and the other one is (4) the combination of action (combination) which includes facial and gesture, facial and body-postural, and the last one; gesture and postural. Moreover, the action of nonverbal communication seems to have the other functions, that is, as the complimentary elements of the drama itself. Finally, the balance of the drama has truly been depicted in the element of expressive function.

Key Words:the act of communication, verbal communication, non-verbal communication, drama

1

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum, dan Dr. Ruswendi Permana, M.Hum.

2

(6)

iii

(7)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3Tujuan Panalungtikan... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Khusus ... 5

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaaat Paraktis ... 6

1.5Sistematika Tulisan ... 7

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 9

2.1Ulikan Tiori ... 9

2.1.1 Tindak Komunikasi ... 9

2.1.1.1Wangena Komunikasi jeung Tindak Komunikasi ... 9

2.1.1.2Tindak Komunikasi Verbal jeung Nonerbal ... 11

2.1.1.3Tindak Komunikasi Verbal ... 11

(8)

vii

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.2 Drama ... 21

2.1.2.1Wangenan Drama ... 21

2.1.2.2Karakteristik Drama ... 22

2.1.2.3 Drama dina Dimensi Sastra ... 23

2.1.2.4Drama dina Dimensi Seni Peran/Seni Pertunjukan ... 26

2.1.2.5Papasingan Drama ... 26

2.2Raraga Mikir ... 28

2.3Anggapan Dasar ... 29

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 31

3.1Data jeung Sumber Data ... 31

3.2Desain Panalungtikan ... 31

3.3Métode Panalungtikan ... 32

3.4Wangenan Operasional ... 32

3.5Instrumen Panalungtikan ... 33

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data ... 33

3.7Téhnik Nganalisis Data ... 34

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 35

4.1Déskripsi Data ... 35

4.2Tindak Komunikasi Verbal (Analisis Tindak Tutur) dina Naskah Transkripsi Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing ... 37

4.2.1 Wanda Tindak Tutur dina Naskah Transkripsi Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing ... 37

4.2.1.1Tindak Tutur Lokusi (Lakuning Ucap) ... 38

4.2.1.2Tindak Tutur Ilokusi (Lakuning Gawé) ... 39

4.2.1.3Tindak Tutur Perlokusi (Lakuning Rasa) ... 53

4.2.2 Fungsi Tindak Tutur dina Naskah Transkripsi Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing ... 74

4.2.2.1Fungsi Asértif ... 74

4.2.2.2Fungsi Diréktif ... 81

4.2.2.3Fungsi Éksprésif ... 96

(9)

viii

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.2.5Fungsi Déklaratif ... 119

4.3Tindak Komunikasi Nonverbal (Analisis Kinesik) dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing ... 121

4.3.1 Polah Awak (Tindak Gestur) ... 121

4.3.2 Polah Paroman (Tindak Fasial) ... 130

4.3.2.1Sedih ... 130

4.3.3 Polah Dedegan (Tindak Postural) ... 142

4.3.3.1Polah Nangtung Mongkoy ... 142

4.3.3.2Polah Leumpang... 143

4.3.3.3Polah Rengkuh ... 143

4.3.3.4Polah Capé ... 146

4.3.3.5Polah Nukangan ... 146

4.3.3.6Tagog Ménak ... 148

4.3.3.7Polah Ngahormat ... 150

4.3.3.8Polah Panata Calagara ... 150

4.3.3.9 Polah Saregep ... 151

4.3.3.10 Polah Cacarita ... 152

4.3.4 Polah Gabungan (Tindak Kombinasi) ... 155

4.3.4.1Polah Awak (Tindak Gestur) jrung Polah Paroman (Polah Fasial) ... 156

4.3.4.2Polah Awak (Tindak Gestur) jeung Polah Dedegan (Tindak Postural) ... 160

4.3.4.3Polah Paroman (Tindak Fasial) jeung Polah Dedegan (Tindak Postural)... 161

4.4Kasaluyuan antara Tindak Komunikasi Verbal jeung Nonverbal dina Drama Sunda Juragan Hajat Karya Kang Ibing ... 165

4.4.1 Kasaluyuan dina Fungsi Asértif ... 165

4.4.2 Kasaluyuan dina Fungsi Diréktif ... 167

(10)

ix

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.4.4 Kasaluyuan dina Fungsi Komisif ... 174

4.4.5 Kasaluyuan dina Fungsi Déklaratif ... 175

4.5Pedaran ... 175

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 180

5.1Kacindekan ... 180

5.2Saran ... 181

DAPTAR PUSTAKA ... 182

LAMPIRAN ... 184

(11)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan muncul balukar tina hasil karya manusa. Koentjaraningrat (2009:165) nétélakeun tujuh unsur budaya anu sipatna universal anu salasahijina nyaéta basa. Sudaryat (2004:4) ngébréhkeun pamadeganana ngeunaan basa, yén basa téh salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Manusa dina ngedalkeun eusi pikiran sarta eusi haténa boh kabungah atawa kasedih téh ngaliwatan basa. Yén basa téh salilana moal leupas, bakal terus tumarep boh dina individual sorangan boh kelompok.

Basa téh mangrupa hiji pakakas atawa alat pikeun lumangsungna prosés komunikasi antara sasama manusa. Ieu raket patalina jeung salasahiji hakékat basa nyaéta komunikatif. Dina ieu hal ceuk Sudaryat (2004:9), basa téh miboga fungsi utama pikeun alat komunikasi.

Nurutkeun Websters New Collegiate Dictionary (1981) dina Chaer (2010:17) nyebutkeun salasahiji wangenan komunikasi “Communication is a proces by which information is exchange between individuals through a common system, signs, or behaviour”. Komunikasi téh mangrupa prosés silih tuker informasi antar individual ngaliwatan sistem, simbol, tanda atawa tingkah laku anu umum.

Ari salasahiji komponén dina komunikasi téh nyaéta ayana alat anu digunakeun dina prosés komunikasi. Dumasar kana alat nu digunakeunana, komunikasi téh kabagi kana dua bagian, nyaéta komunikasi verbal anu ngagunakeun basa, boh lisan boh tulisan minangka mediana, sarta komunikasi nonverbal nyaéta komunikasi nu teu maké basa (Chaer:2010). Lolobana para ahli dina bukuna ngabahas ngeunaan komunikasi verbal, dibandingkeun komunikasi nonverbal. Padahal ti saluareun éta, komunikasi nonverbal mangrupa panglengkep pikeun komunikasi verbal.

(12)

2

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leuwih kana tindak komunikasina, boh tindak komunikasi verbal boh tindak komunikasi nonverbal. Tindak komunikasi verbal mangrupa hiji tindakan manusa dina ngalakukeun komunikasi ngaliwatan basa, wujudna mah bisa mangrupa tindak ujar/tutur. Sedengkeun tindak komunikasi nonverbal bisa ogé ngagantikeun posisi komunikasi verbal. Contona pikeun ngedalkeun rasa panuju, ukur ku unggeuk ogé geus bisa disebut yén jalma anu diajak ngobrol téh panuju kana naon anu ditepikeun.

Unggeukan anu saperti kitu téh disebutna kinesik. Dina komunikasi nonverbal aya nu disebut kinesik atawa gerak tubuh. Kinesik nyaéta salasahiji wangun komunikasi nonverbal anu mangrupa stimulator dina nepikeun pesen-pesen anu ngagunakeun gerakan-gerakan awak anu ngawengku paroman, gerak panon (rérétan), gerak leungeun jeung sakabéh anggota badan.

Saperti nu geus dipedar di luhur, yén basa téh mangrupa pakakas pikeun manusa dina ngedalkeun eusi haténa sarta pikiranana. Ieu patali jeung fungsi basa mun ditilik tina pamakéanana, yén basa bisa dipaké dina wangun fiksi (karya sastra) jeung nonfiksi. Saperti nu diébréhkeun ku Nurgiyantoro (2010:272) yén basa dina sastra miboga fungsi utama nyaéta fungsi komunikatif. Dina wangun fiksi, basa téh mangrupa wujud éksprési pangarang. Patali jeung hal éta, Ratna (2010:314) ngébréhkeun pamadeganana ngeunaan karya sastra, yén karya sastra téh mangrupa seni basa, sabab dina ngawangun hiji karya sastra téh ngagunakeun basa minangka mediana. Ku kituna, basa jeung sastra téh raket pisan patalina sarta teu bisa dipisahkeun. Ieu hal patali jeung data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, yén drama anu mangrupa salasahiji karya sastra, jadi data primer dina ieu panalungtikan. Nurutkeun Hasanudin (2009:4) drama téh mangrupa karya anu miboga dua dimensi karakteristik, nyaéta dimensi sastra jeung dimensi seni pertunjukan. Ku kituna, salian ti dimensi sastrana, dina ieu panalungtikan anu baris dianalisis téh nyaéta tina dimensi seni peranna atawa seni pertunjukkanana ogé.

(13)

3

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

“ (1) Suatu karangan dalam prosa atau puisi yang memeotret kehidupan atau tokoh dengan bantuan dialog atau gerak serta direncanakan bagi pertunjukan teater; suatu lakon. Drama closet adalah suatu lakon yang dibuat terutama sebagai bahan bacaan, bukan sebagai produksi panggung; (2) seni, sastra, atau kejadian-kejadian yang bersifat dramatik; (3) serangkaian kejadian nyata yang mengandung kesatuan dan interes dramatik.”

Wangenan di luhur téh geus ngawengku drama minangka dimensi sastra, jeung drama minangka seni peran/seni pertunjukan. Saperti nu disebutkeun dina wangenan nu kahiji yén drama téh mangrupa hiji karangan dina prosa atawa puisi anu jadi potret kahirupan atawa tokoh ngaliwatan paguneman atawa gerak sarta direncanakeun pikeun pintonan téater; hiji lakon.

Minangka genre sastra, drama ditulis ngagunakeun basa saperti puisi atawa prosa, anu bakal jadi hiji naskah dina wangun paguneman. Minangka genre seni pertunjukan atawa seni peran mah nyaéta leuwih kana gerak. Gerak di dieu téh mangrupa titiron paripolah manusa nu dipintonkeun. Ieu gerak bakal dianalisis ngagunakeun hiji paélmuan ngeunaan gerak awak téa, atawa sacara ilmiahna mah sok disebut kinesik. Kinesik mangrupa kontéks di luar basa atawa sok disebut ekstralinguistik. Faktor di luar basa saperti kieu nu jadi faktor panangtu dina nangtukeun wujud paguneman (Nurgiyantoro, 2010:313).

Luyu jeung pedaran di luhur, ieu judul panalungtikan téh nyaéta “Tindak

(14)

4

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saméméhna, panalungtikan ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal, hususna dina widang sastra geus aya nu nalungtik, nyaéta mangrupa tesis anu judulna “Suara Perempuan dalam Novel Sunda Puputon „Buah Hati‟

Karya Aaam Amilia” ku Retty Isnendes dina taun 2008. Najan henteu sacara husus medar medar ngeunaan tindak komunikasi, tapi salasahiji tujuan dina ieu panalungtikan nyaéta ngadéskripsikeun basa anu digunakeun ku tokoh awéwé (Astri jeung Mamay). Basa anu dipidangkeun mangrupa tindak tutur (tindak komunikasi verbal), monolog, kinesik (tindak komunikasi nonverbal) jeung diksi. Tiori anu digunakeun dina ieu panalungtikan, hususna kinesik, mangrupa tiori Paul Ekman jeung Wallace Friesen anu ngawengku emblem, ilustrator, adaptor, affect display jeung regulator. Sarta anu jadi data primer mangrupa salasahiji novel Sunda anu judulna Puputon.

Ari di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, sacara husus can aya mahasiswa nu nalungtik ngeunaan tindak komunikasi. Anu katilik ku panulis, ambahan nu ditalungtik tina paélmuan pragmatik nyaéta ngeunaan tindak tuturna wungkul. Saméméhna, aya dua panalungtikan ngeunaan tindak tutur, nyaéta “Analisis

Fungsi Tindak Tutur dina Naskah Drama Meredong karya Rossyid E. Abby” ku Mardian Chindra Ramadhan entragan 2009. Éta panalungtikan medar ngeunaan fungsi tindak tutur atawa polah ucap nu aya dina naskah drama Meredong anu ngawengku fungsi diréktif, asértif, éksprésif, komisif jeung déklaratif.

Judul panalungtikan nu kadua nyaéta “Tindak Tutur Basa Sunda (Tilikan Pragmatik kana Ungkara dina Kaos Bobotoh Persib)” ku Febby Nurriyanti Irwansyah entragan 2009. Éta panalungtikan nganalisis tindak tutur atawa polah ucap dina ungkara-ungkara nu aya dina kaos bobotoh Persib, boh tina segi wandana, boh tina segi fungsina. Dina panalungtikan kahiji jeung kadua, anu jadi ambahanana nyaéta ngeunaan tindak tutur, ngan nu bédana téh dina datana wungkul. Ari anu kahiji mah datana nyokot tina naskah drama Meredong, sedengkeun nu kadua mah nyokot tina ungkara-ungkara nu aya dina kaos bobotoh Persib.

(15)

5

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

lain sakur medar tindak tutur wungkul, tapi medar ogé ngeunaan tindak komunikasi nonverbal, anu saméméhna can pernah aya nu medar di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa leuwih ngajembaran deui pangaweruh ngeunaan komunikasi di saluareun basa, saperti kinesik anu jadi watesan masalah dina ieu panalungtikan.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Luyu jeung kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan téh medar ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Komunikasi nonverbal téh loba jenisna, salian ti kinesik téh aya ogé nu disebut proksemik, artifaktual, olfaksi, jrrd. Jadi, sangkan teu lega teuing ambahanana, kajian dina komunikasi nonverbal diwatesanan dina kinesik atawa gerak awakna wungkul. Sarta kajian dina komunikasi verbal diwatesanan dina wanda sarta fungsi tindak tutur.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah sarta kasang tukang anu dipedar di luhur, kapanggih aya sababaraha masalah anu kudu dirumuskeun dina ieu panalungtikan, di antarana bisa dititénan dina wangun pananya di handap.

a. Kumaha tindak komunikasi verbal dina drama Sunda Juragan Hajat? b. Kumaha tindak komunikasi nonverbal dina drama Sunda Juragan Hajat? c. Naha saluyu antara komunikasi verbal jeung komunikasi nonverbal dina

drama Sunda Juragan Hajat?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

(16)

6

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Khusus

Salian ti tujuan umum, ieu panalungtikan ogé miboga tujuan husus anu hayang dihontal pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

a. tindak komunikasi verbal dina drama Sunda Juragan Hajat;

b. tindak komuniksai nonverbal dina drama Sunda Juragan Hajat; jeung

c. saluyu henteuna antara komunikasi verbal jeung komunikasi nonverbal nu aya dina drama Sunda Juragan Hajat.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa leuwih ngeuyeuban sarta ngajembaran deui pangaweruh ngeunaan komunikasi, hususna komunikasi di saluareun basa, yén di saluareun komunikasi verbal téh aya ogé nu disebut komunikasi nonverbal anu jadi panglengkep dina prosés lumangsungna komunikasi. Salian ti komunikasi, dipiharep ogé bisa leuwih ngeuyeuban deui pangaweruh ngeunaan pragmatik, nyaéta anu maluruh patalina unsur basa jeung pamakéanana.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat teoritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis nyaéta mangpaat anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, saperti pikeun panalungtik sorangan, siswa atawa mahasiswa, guru, sarta bisa jadi bahan bacaan pikeun khalayak umum nu mikaresep kana gerak awak jeung drama.

a. Siswa/Mahasiswa

1) bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa Jurusan Bahasa dina nyusun pancén ngeunaann Pragmatik hususna tindak tutur;

2) bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa Jurusan Sastra dina nyusun pancén ngeunaan drama;

(17)

7

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa Jurusan Ilmu Komunikasi dina nyusun makalah atawa pancén ngeunaan komunikasi verbal jueng nonverbal;

b. Guru

1) pikeun bahan ajar drama di sakola.

c. Panalungtik/panulis

1) nambah pangaweruh ngeunaan komunikasi verbal anu nyoko kana wanda sarta fungsi tindak tutur, anu salila kuliah mah can pati kaulik;

2) nambah pangaweruh ngeunaan komunikasi nonverbal, hususna kinesik atawa gerak tubuh;

3) nambah pangaweruh ngeunaan drama boh tina segi sastrana boh tina segi seni peranna;

4) minangka calon guru, bisa dijadikeun bahan ajar ngeunaan drama. d. Umum

1) méré informasi ka jalma nu resep main peran/akting dina ngamekarkeun deui peranna;

2) méré informasi ka jalma nu mikabutuh referensi ngeunaan gerak awak (kinesik).

1.5 Sistematika Tulisan

Ieu di handap diébréhkeun ngeunaan raraga tulis atawa sistematika tulisan dina ieu panalungtikan.

Bab I mangrupa tahap bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung sistematika penulisan.

(18)

8

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métode panalungtikan. Ieu bab mangrupa dadasar pikeun nyusun bab IV, lantaran pikeun medar bab IV, kudu aya dadasarna heula atawa strategi pikeun ngaréngsékeun pasualan nu aya dina ieu panalungtikan, pikeun dipedar dina bab IV. Ku kituna, salian ti métode panalungtikan, dina bab III dipedar data jeung sumber data dina ieu panalungtikan, ogé kumaha téhnik panalungtikan katut desain panalungtikanana, jeung cara ngumpulkeun sarta ngolah data hasil panalungtikan.

Bab IV mangrupa bab anu paling inti dina ieu panalungtikan, lantaran ieu bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab bakal dipedar sacara gembleng hasil tina ngolah atawa nganalisis data dina panalungtikan. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan bakal katitén dina ieu bab.

(19)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nyaéta omongan jeung gerak tubuh (kinesik) nu aya dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Sedengkeun sumber data ieu panalungtikan nyaéta video drama jeung naskah transkripsi drama Juragan Hajat karya Kang Ibing.

3.2 Desain Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan bisa ngaguluyur kalayan lancar nepi ka ahir, tangtu waé panulis nyieun hiji desain panalungtikan, di handap diébréhkeun desain panalungtikan ti mimiti masalah nu diangkat dina ieu panalungtikan nepi ka kacindekan.

Bagan 3.1: Galur Panalungtikan

Masalah

 Kumaha tindak komunikasi verbal dina drama Sunda Juragan Hajat?  Kumaha tindak komunikasi nonverbal dina drama Sunda Juragan

Hajat?

 Naha saluyu antara komunikasi verbal jeung komunikasi nonverbal?

Instrumen Panalungtikan: Kartu Data, Alat Elektronik Téhnik Ngumpulkeun Data:

Téhnik Dokumentasi

Téhnik Ngolah Data:

(20)

32

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode asalna tina basa Latin Methodos, sedengkeun asal kata methodos téh mangrupa gabungan tina kecap meta jeung hodos. Meta bisa dihartikeun melalui, menuju, mengikuti, sesudah, sedengkeun hodos mah bisa dihartikeun jalan, cara, arah. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén métode téh nyaéta dianggap minangka cara-cara, strategi pikeun maham hiji réalitas, léngkah-léngkah pikeun ngaréngsékeun rangkayan pasualan (Ratna, 2013:34).

Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan miboga rangkayan pasualan, ku kituna ieu panalungtikan téh ngagunakeun hiji métode anu luyu jeung pasualanana. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif, métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual kalawan ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data (Arikunto, 1998:225).

Unsur-unsur anu didéskripsikeun nyaéta:

a. Tindak komunikasi verbal dina drama Sunda Juragan Hajat. b. Tindak komunikasi nonverbal dina drama Sunda juragan Hajat.

c. Saluyu henteuna antara komunikasi verbal jeung komunikasi nonverbal nu aya dina drama Sunda Juragan Hajat.

3.4 Wangeana Operasional

a. Tindak komunikasi téh mangrupa polah basa manusa dina prosés silih tuker infomasi ngaliwatan simbol verbal jeung nonverbal.

b. Komunikasi verbal atawa komunikasi basa mangrupa komunikasi anu ngagunakeun basa minangka médiana, boh basa lisan boh basa tulisan. Komunikasi verbal dicirian ku kecap pagawéan saperti asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif.

(21)

33

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leumpang; jeung (4) polah gabungan (tindak kombinasi), diklasifikasikeun kana fasial jeung gesture, fasial jeung postural, sarta gestur jeung postural. d. Kinesik nyaéta widang anu maluruh basa awak anu patali jeung komunikasi

nonverbal.

e. Drama nyaéta minangka karya sastra boh prosa boh puisi anu diréka dina wangun paguneman (dialog), anu ngandung téma atawa jejer, réngkak jeung paripolah para palaku, latar/setting pikeun dipagelarkeun.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Pikeun ngagampangkeun hiji panalungtikan, tangtu waé mikabutuh instrumen minangka panglengkep atawa pangrojong dina prosés panalungtikan. Instrumen anu digunakeun nyaéta mangrupa kartu data jeung pakakas elektronik.

Dina kartu data dicatet omongan atawa paripolah tina drama. Tukangeunana dibéré katerangan nu mangrupa babak (Ba) jeung Adegan (Ad)

Tabel 3.1 : Kartu Data

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ieu panalungtikan, téhnik anu digunakeun nyaéta téhnik dokuméntasi (studi bibliografi). Dokuméntasi dina ieu panalungtikan pikeun nyirian tindak komunikasi verbal jeung nonverbal sarta ngartukeun data tindak komunikasi dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Ieu data dina drama Juragan Hajat téh mangrupa data primer atawa data anu paling utama.

KARTU DATA

Kalimah Perlokusi: “Ngahina siah ka abah,

ngahina? Ati-ati siah, Uje. Abah mah loba baladna tukang gula wungkul. Sia téh teu sieun dikoroyok ku tukang gula?” (Unh/2/2)

(22)

34

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data nyaéta: a. muterkeun kasét drama Sunda Juragan Hajat; b. nongton drama Sunda Juragan Hajat;

c. transkripsi dina CD kana wangun tinulis;

d. nyirian tindak komunikasi verbal jeung nonverbal; jeung e. ngartukeun data tindak komunikasi.

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Téhnik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta analisis unsur langsung. Ari léngkah-léngkahna nyaéta:

a. macaan deui naskah transkripsi drama Juragan Hajat karya Kang Ibing; b. nyieun papasingan data tindak komunikasi;

c. analisis data anu geus dipasing-pasing;

(23)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun tindak komunikasi verbal jeung nonverbal nu aya dina drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing, sarta kasaluyuan di antara duanana. Tiori anu digunakeun nyaéta tiori wanda tindak tutur John Asutin, tiori fungsi tindak tutur Searle sarta tiori kinesik Jalaludin Rakhmat. Dina ieu panalungtikan, métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif. Dumasar kana pidangan dina bab IV, ieu panalungtikan bisa dicindekkeun dina pedaran ieu di handap.

Tindak komunikasi verbal (tindak tutur) nyoko kana dua hal, nyaéta wanda tindak tutur jeung fungsi tindak tutur. Kahiji, wanda tindak tutur ngawengku tilu rupa, nyaéta (1) tindak lokusi, (2) tindak ilokusi, jeung (3) tindak perlokusi. Kadua, fungsi tindak tutur ngawengku lima rupa, nyaéta (1) fungsi asértif, (2) fungsi diréktif, (3) fungsi éksprésif, (4) fungsi komisif, jeung (5) fungsi déklaratif.

Tindak komunikasi nonverbal nyoko kana opat polah (tindak), nyaéta (1) polah awak (tindak gestur) anu ngawengku kana polah leungeun saperti nunjuk; (2) polah paroman (tindak fasial) anu ngawengku 6 rupa polah, nyaéta paroman sedih, bungah, reuwas, ambek, sieun jeung keuheul; (3) polah dedegan (tindak postural) anu ngawengku 10 polah, nyaéta polah nangtung mongkoy, polah leumpang, polah rengkuh, polah capé, polah nukangan, tagog ménak, polah ngahormat, polah panata calagara, polah saregep jeung polah cacarita; sarta (4) polah gabungan (tindak kombinasi), anu nyoko kana fasial jeung gestur, fasial jeung postural, sarta gestur jeung postural.

(24)

181

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nonverbal nu marengan komunikasi verbal (tindak tutur) téh miboga fungsi salaku panglengkep (komplemen) jeung méré kategasan (aksentuasi) kana naon nu diucapkeun ku panyatur, nu utamana mah dina fungsi éksprésif.

5.2 Saran

Panalungtikan ngeunaan tindak komunikasi verbal atawa tindak tutur saméméhna geus aya nu medar, tapi ieu panalungtikan béda jeung panalungtikan saméméhna, lantaran salian ti medar ngeunaan tindak komunikasi verbal (tindak tutur), dibahas ogé ngeunaan tindak komunikasi nonverbalna anu ngawengku kinesik atawa gerak awak. Najan kitu, tangtu waé ieu panalungtikan téh masih loba kénéh héngkérna, masih kénéh loba anu kudu dipedar pikeun panalungtikan saterusna ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal. Patali jeung hal éta, aya sababaraha saran nu perlu ditepikeun.

a. Panalungtikan ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal teu ngan saukur dina drama wungkul, tapi bisa ogé aya dina karya sastra séjén saperti carpon jeung novél. Ku kituna, masih perlu aya panalungtikan nu sarua tapi datana mangrupa karya sastra warna séjén.

b. Salian ti analisis tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing, bisa ogé dianalsis tata krama basa nu digunakeun dina paguneman drama Juragan Hajat. Ku kituna, perlu panalungtikan séjén nu ngulik tata krama basa dina drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing.

(25)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (1998). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Borg, J. (2009). Buku Pintar Memahami Bahasa Tubuh. Yogyakarta: Think Yogyakarta.

Chaer, A. (2010). Kesantunan Berbahasa. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. & Leonie, A. (2010). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat & Unpad. Hasanudin. (2009). Drama: Karya Dalam Dua Dimensi. Bandung: Angkasa. Isnendes, R. (2010). Tiori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Baerah

FPBS UPI.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Koswara, D. (2011). Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Mulyana, D. (2004). Ilmu Komunikasi Suatu Pengantar. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Nugroho. W. ______. Teori Komunikasi Verbal dan Nonverbal._____

Nurgiayantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Rakhmat, J. (1999). Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Karya CV.

Ratna, N.K. (2010). Sastra dan Cultural Studies: Refresentasi Fiksi dan Fakta. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N.K. (2013). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rusyana, Y. (1992). Panyungsi Sastra: Pangajaran Sastra Sunda pikeun Murid Sakola lanjutan. Bandung: Rahmat Cijulang.

(26)

183

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Y., Spk. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Tarigan, H.G. (2009). Pengajaran Pragmatik. Bandung: Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait