• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)BAB I BUBUKA. 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Évaluasi ilaharna mibanda prosés anu saluyu jeung tujuan pembelajaran. Tujuan anu jadi dasar sangkan lumangsungna prosés diajar ngajar nya éta Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD). Évaluasi mangrupa prosés méré peunteun atawa ngajén kahontalna tujuan pangajaran dina unggal kagiatan pangajaran. Istilah évaluasi, pengukuran, sarta tés biasana dihartikeun sarua, padahal éta istilah téh henteu sarua. Tés nya éta sababaraha pertanyaan anu dibikeun ka siswa sangkan dijawab; pengukuran nya éta bisa dilaksanakeun kalawan sababaraha cara ngagunakeun tés, diantarana observasi, skala rating, cék list anu bisa méré informasi dina wangun kuantitatif; sarta évaluasi nya éta prosés ngumpulkeun informasi pikeun ngajén, sangkan bisa nyieun kaputusan (Tayibnapis, F.Y, 2008, kc. 189). Sukardi (2012, kc. 57) nétélakeun tés nurutkeun fungsina aya dua, nya éta tés sumatif jeung tés formatif. Tés sumatif nya éta tés anu dilaksanakeun sanggeus kagiatan diajar ngajar dina hiji semester, sedengkeun tés formatif nya éta tés anu dilaksanakeun sanggeus ngaréngsékeun hiji poko bahasan. Sajaba ti tés lisan, tés anu dilaksanakeun ku sakola aya ogé dina wangun ujian tinulis. Tés tinulis mikabutuh instrumén tinulis. Wangun jeung wanda soal anu bisa dipaké dina prosés évaluasi ogé loba rupana, di antarana wanda subjéktif jeung wanda objéktif. Sedengkeun wanda soal anu dipaké di antarana tés uraian, eusian pondok, ngajodokeun, jeung tés bener-salah. Tés mata pelajaran basa Sunda kudu némbongkeun hasil diajar siswa anu hadé, tapi kanyataana mah siswa kurang nyangkem kana eusi matéri basa Sunda. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(2) 2. Jaba ti guru, hal anu mangaruhan kana hasil tés basa Sunda di antarana para siswa teu boga minat pikeun diajar basa Sunda sacara bener-bener. Nurutkeun Surya, M. (1996, kc. 81) faktor anu mangaruhan kana prosés diajar siswa sarta mangaruhan langsung atawa teu langsung kana hasil diajar siswa, di antarana: kondisi kulawarga, kaayaan tatangga, kaayaan masarakat, jsb. Faktor-faktor lingkungan luar éta mangaruhan kana kaayaan karakteristik pribadi unggal siswa, sarta geus tangtu mangaruhan prosés diajarna. Ku kituna, prosés diajar kudu bisa nyaluyukeun jeung faktor lingkungan luar sangkan hasil diajarna ogé bisa kacumponan kalawan hadé. Sangkan bisa nyaho kahontal henteuna pangajaran sarta kualitas prosés diajar ngajar basa Sunda, kudu dilaksanakeun évaluasi. Tés hasil diajar basa Sunda bisa dilaksanakeun ku pilihan ganda jeung ésay dina wangun tés tinulis. Aya sabagian siswa anu bisa ngajawab kalawan bener, aya ogé siswa anu bisa ngajawab tapi salah. Salaku calon pendidik kudu bisa ngungkulan éta masalah. Aya sababaraha hal anu mangaruhan kana prosés kahontalna tujuan pangajaran, nya éta faktor internal jeung faktor eksternal. Faktor internal ayana dina diri siswa, sedengkeun faktor éksternal aya di luar diri siswa. Évaluasi pangajaran kudu bisa ngajelaskeun kaéfektifitasan prosés pangajaran kana kamampuh siswa anu diharepkeun. Tés téh kudu méré hasil peunteun anu objéktif jeung bisa ngajelaskeun kamampuh siswa anu sabenerna, hartina soal téh kudu valid jeung reliabel, sifatna évaluatif atawa luyu jeung standar prinsip-prinsip évaluasi. Soal nya éta hiji permasalahan anu hubunganana jeung pangajaran pikeun diréspon atawa dijawab ku siswa sangkan nyaho kana tingkat pangawasaan siswa kana pelajaran atau matéri anu geus ditepikeun ku guru. Soal miboga peran penting dina évaluasi lantaran soal mangrupa instrumén anu dipaké pikeun ngayakeun évaluasi. Ku kituna, soal anu dipaké kudu miboga kualitas anu hadé.. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(3) 3. Pikeun ngayakeun tés, soal anu dipaké téh nya éta tés anu di jerona aya materi soal. Matéri anu aya dina soal ujian nya éta matéri anu geus ditepikeun dina kagiatan diajar ngajar. Soal anu dipaké dina tés kudu miboga tingkat kasukaran anu béda-béda. Nurutkeun Sugiyono (2013, kc. 173) valid téh nya éta instrumen anu bisa dipaké pikeun ngajén naon anu kuduna diajén. Sedengkeun réliabel nya éta instrumén anu upama dipaké sababaraha kali pikeun ngajén objék anu sarua, bisa ngahasilkeun data anu sarua. Kalawan ngagunakeun instrumén anu valid jeung reliabel dina ngumpulkeun data, jadi dipiharep hasil panalungtikan bisa valid jeung réliabel. Nurutkeun Sukardi (2012, kc. 32) sacara metodologis, validitas dibagi kana opat rupa, nya éta validitas eusi, validitas konstruk, validitas konkuren, jeung validitas prédiksi. Kaopat rupa validitas éta ogé biasa dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta validitas logis jeung validitas émpiris. Dina ieu panalungtikan, nganalisis soal jeung lembar jawaban dumasar kana validitas eusi jeung validitas émpiris. Hartina validitas eusi nya éta soal dibandingkeun jeung rumusan. indikator, patalina antara rumusan soal jeung. indikator, eusi matéri, basa anu dipaké dina soal, patalina antara rumusan soal jeung option jawaban, sarta homogénitas option jawaban. Validitas émpiris nya éta soal anu dipaké téh babari atawa hésé, sarta kumaha daya pangbéda soal. Bloom (dina Ruhimat, spk, 2009, kc. 46) nétélakeun taksonomi hasil diajar dikelompokkeun kana tilu aspék nya éta: kognitif, aféktif, jeung psikomotor. Kamampuh diajar anu kaasup kognitif nya éta pangaweruh, pamahaman, aplikasi, analisis, sintesis, jeung évaluasi. Aspék kognitif ieu dibutuhkeun pisan dina évaluasi, lantaran dina ieu tahap aya katerampilan anu kudu dihontal dina ayana prosés évaluasi. Unggal tahap. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(4) 4. kognitif miboga karakteristik anu khas. Lian ti éta, wanda soal kudu miboga kualitas soal dina ujian atawa évaluasi di sakola. Tujuan poko évaluasi pangajaran nya éta pikeun apal kana efektivitas prosés diajar ngajar anu geus dilaksanakeun. Indikator kaefektifan éta bisa ditingali tina robahna paripolah siswa. Parobahan paripolah éta dibandingkeun jeung parobahan paripolah anu dipiharep luyu jeung tujuan program pangajaran. Ku kituna, instrumén évaluasi kudu dikembangkeun kalawan luyu jeung tujuan pangajaran, sahingga wangun jeung format tés anu dikembangkeun luyu jeung tujuan karakteristik bahan ajar, sarta proporsina luyu jeung materi pangajaran anu geus dijelaskeun. Hasil évaluasi ogé kudu bener-bener jeung taliti sahingga informasi anu dicangking bener-bener akurat sarta objéktif. Dumasar masalah-masalah di luhur perlu dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan soal Ujian Ahir Semester (UAS) basa Sunda di sakola. Panalungtikanpanalungtikan saméméhna anu dijadikeun pedoman jeung instrumén dina ngalaksanakeun panalungtikan ieu nya éta: 1) Analisis Soal Ujian Ahir Semester Basa Sunda SMP Negeri 29 Bandung ku Fitri Apriyanti. 2) Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 2012/2013 ku Devi Meylani Sutarjat. 3) Kualitas Soal Basa Sunda di SMP Negeri 45 Bandung Semester Ganjil Taun Ajar 2010/2011 ku Murzza Indah Lestari. Panalungtikan-panalungtikan di luhur téh umumna nganalisis soal Ujian Ahir Semester (UAS) basa Sunda dumasar kana validitas eusi, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, sarta daya pangbédana. Ku kituna, dumasar kana kasang tukang di luhur panalungtikan anu judulna “Analisis Validitas jeung Réliabilitas dina Soal Ujian Ahir Semester 1 Basa Sunda MTs. Mohamad Toha Taun Ajaran 2013/2014” perlu dilaksanakeun.. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(5) 5. 1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Dumasar kasang tukang masalah anu geus dijéntrékeun, nya éta kumaha kualitas soal Ujian Ahir Semester basa Sunda di MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014. Ku kituna, ieu panalungtikan medar ngeunaan tingkat validitas jeung réliabilitas soal ditilik tina validitas eusi, validitas empiris, réliabilitas soal jeung tingkat kalayakan soal. Nurutkeun Sukardi (2012, kc. 32) sacara métodologis, validitas dibagi kana opat rupa, nya éta validitas eusi, konstruk, konkuren, jeung prédiksi. Kaopat rupa validitas éta ogé dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta validitas logis jeung validitas émpiris. Dina ieu panalungtikan, panyusun medar dumasar kana validitas eusi jeung validitas émpiris. Hartina validitas eusi nya éta, soal dibandingkeun jeung rumusan indikator jeung kompetensi dasar, patalina antara rumusan soal jeung indikator, eusi matéri, basa anu dipaké dina soal, patalina antara rumusan soal jeung option jawaban, sarta homogénitas option jawaban. Sedengkeun validitas émpiris nya éta soal anu dipaké téh babari atawa hésé, sarta kumaha daya pangbéda soal. 1.2.2 Rumusan Masalah Dumasar kasang tukang sarta idéntifikasi masalah anu geus dijéntrékeun di luhur, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah ieu di handap. 1) Kumaha tingkat validitas eusi Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014? 2) Kumaha tingkat validitas émpiris Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014? Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(6) 6. 3) Kumaha tingkat réliabilitas Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014? 4) kumaha tingkat kalayakan Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014? 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nyaho tingkat validitas jeung réliabilitas soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda di MTs. Mohamad Toha. Kualitas soal anu hadé bisa ngajén hasil diajar siswa kalawan valid, nya éta transparan, akurat, jeung objéktif. 1.3.2 Tujuan Husus Anu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta: 1) tingkat validitas eusi soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014; 2) tingkat validitas émpiris soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014;. 3) tingkat réliabilitas soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 201302014; sarta 4) tingkat kalayakan soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 2013/2014. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat sacara Tioritis. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(7) 7. Sacara tioritis panalungtikan ieu dipiharep bisa mikanyaho tingkat kalayakan soal Ujian Ahir Semester 1 anu aya di MTs. Mohamad Toha ditilik tina validitas eusi, validitas émpiris, réliabilitas, jeung tingkat kalayakan soal. Sarta bisa ngaronjatkeun kualitas guru basa Sunda dina nyieun soal basa Sunda anu miboga kualitas anu hadé, jeung bisa ngaronjatkeun kualitas siswa dina nyangkem pangajaran basa Sunda. 1.4.2 Mangpaat sacara Praktis Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat: 1) Pikeun pnulis Ieu panalungtikan bisa méré pangaweruh jeung pangalaman anu luhung pikeun pnulis salaku calon pendidik, sarta ngalatih pnulis dina milih jeung ngamangpaatkeun soal dina évaluasi pangajaran. 2) Pikeun guru Bisa nambahan référénsi pikeun guru dina milih jeung ngaplikasikeun alat évaluasi pangajaran. Ieu panalungtikan minangka upaya kualitas pangajaran basa Sunda pikeun guru. 3) Pikeun siswa Minangka hiji upaya pikeun mikanyaho nepi mana kamampuh siswa kana pangawasaan materi, sahingga siswa dipiharep bisa ngaronjatkeun pangawasaan matéri dina pangajaran basa Sunda.. 1.5 Struktur Skripsi BAB I Bubuka, ieu bab ngadéskripsikeun kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi. jeung. rumusan. masalah,. tujuan. panalungtikan,. mangpaat. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(8) 8. panalungtikan, sarta struktur skripsi. BAB II Ulikan tiori, raraga mikir, jeung asumsi dasar, ieu bab ngadéskripsikeun tiori-tiori évaluasi dina prosés diajar ngajar, instrumén évaluasi, kualitas alat évaluasi, raraga mikir, sarta asumsi dasar. BAB III Métode panalungtikan, ieu bab ngadéskripsikeun lokasi jeung sumber data panalungtikan, métode panalungtikan, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, sarta analisis data. BAB IV Hasil panalungtikan, ieu bab ngadéskripsikeun hasil kajian panalungtikan nurutkeun pamarekan anu geus dipedar dina bab III, sahingga ngahasilkeun penjelasan anu patali jeung masalah anu ditalungtik, tujuan panalungtikan sarta nyajikeun hasil analisis dina wangun déskriptif nurutkeun tiori jeung metodologi panalungtikan anu geus dipedar saméméhna. BAB V Kacindekan jeung rékoméndasi, ieu bab mangrupa bab panutup anu eusina ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi, anu dipiharep bisa méré mangpaat keur anu macana.. Riadi Abdurrohman, 2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 2013/20141) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu.

(9)

Referensi

Dokumen terkait

HUBUNGAN POLA ASUH ORANG TUA DENGAN MOTIVASI ANAK UNTUK BERSEKOLAH DI KELURAHAN SUKAGALIH KECAMATAN SUKAJADI KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Berdasarkan uraian latar belakang masalah yang telah dipaparkan di atas maka penulis terdorong untuk melaksanakan suatu penelitian dengan judul “Peningk atan Kemampuan Membaca

[r]

Dengan Hak Bebas Royalti Non- Eksklusif ini, Universitas Sumatera Utara berhak menyimpan, mengalih media, memformat, mengelola dalam bentuk data-base , merawat dan mempublikasikan

Saya beranggapan bahwa konsumen yang datang ke Rumah makan zam-zam tidak dilayani dengan baik oleh para

Dalam pengujian emisi gas buang didapat bahwa nilai Opacity, HC(Hidrocarbon), dan CO(Carbonmonoksida) semakin berkurang yang menunjukkan bahwa bahan bakar biodiesel biji

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar sarjana pada Fakultas Pendidikan Matematika dan Ilmu Pengetahuan Alam. © Isep Bambang Kurniawan 2015

[r]