• Tidak ada hasil yang ditemukan

WAWACAN SIMBAR KANCANA: Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "WAWACAN SIMBAR KANCANA: Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

WAWACAN SIMBAR KANCANA

(Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik)

TÉSIS

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

OPAH ROPIAH NIM 1302482

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

WAWACAN SIMBAR KANCANA

(Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik)

Oleh Opah Ropiah

Sebuah tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister pada Fakultas Sekolah Pascasarjana

Opah Ropiah 2015

Universitas Pendidikan Indonesia Juni 2015

Hak cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

OPAH ROPIAH NIM 1302482

WAWACAN SIMBAR KANCANA

(ULIKAN STRUKTURAL, BUDAYA, JEUNG ÉTNOPÉDAGOGIK)

Disaluyukeun tur disahkeun ku Pangaping,

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002

Kauninga ku,

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung,

(4)

WAWACAN SIMBAR KANCANA

(Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik) 1)

Opah Ropiah 2) 1302482

ABSTRAK

Ieu tésis judulna “Wawacan Simbar Kancana (Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik). Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) struktur Wawacan Simbar Kancana, 2) unsur-unsur budaya nu aya dina Wawacan Simbar Kancana, jeung 2) ajén étnopédagogik anu nyampak dina Wawacan Simbar Kancana. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta Wawacan Simbar Kancana nu diréka ku K.Tisnasujana. Métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Téknik dina ieu panalungtikan nya éta téknik studi pustaka. Dumasar kana hasil panalungtikan, Wawacan Simbar Kancana eusina nyaritakeun ngeunaan karajaan Talaga nu dipingpin ku Raja Talaga Manggung. Simbar Kancana mangrupa anak kadua ti Raja Talaga Manggung. Struktur Wawacan Simbar Kancana ngawengku struktur formal jeung struktur naratif. Struktur formal Wawacan Simbar Kancana ngawengku guru lagu jeung guru wilangan pupuh dina Wawacan Simbar Kancana, watek/karakter pupuh, jeung aya opat sasmita pupuh. Struktur naratif Wawacan Simbar Kancana miboga galur campuran jeung sapuluh épisode, motif carita ngawengku tujuh motif, tokoh carita jumlahna aya 7, latar carita ngawengku latar tempat, waktu, jeung kaayaan, sarta téma carita dina Wawacan Simbar Kancana nya éta bajoang. Unsur budaya dina Wawacan Simbar Kancana ngawengku: 1) sistem kapercayaan (réligi) ngawengku tilu aspék, 2) organisasi kamasarakatan/organisasi sosial ngawengku tilu aspék, 3) élmu pangaweruh ngawengku dalapan aspék, 4) basa ngawengku dua basa, gaya basa, jeung babasan paribasa, 5) kasenian ngawengku seni sastra jeung seni musik, 6) pakasaban ngawengku pakasaban patani, jeung 7) téknologi ngawengku lima aspék. Ajén étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana ngawengku catur jatidiri insan nya éta pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé gawéna nu dipatalikeun jeung moral manusa.

Kata Kunci: Wawacan, struktural, budaya, étnopédagogik

1) Tésis dibimbing ku Dr. Ruhaliah, M. Hum.

(5)

WAWACAN SIMBAR KANCANA

(Kajian Struktural, Budaya, dan Étnopédagogik) 1)

Opah Ropiah 2) 1302482

ABSTRAK

Tesis ini berjudul "Wawacan Simbar Kancana (Kajian Struktural, Budaya, dan Etnopedagogik). Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan: 1) struktur Wawacan Simbar Kancana, 2) unsur-unsur budaya dalam Wawacan Simbar Kancana, dan 3) nilai etnopedagogik yang ada dalam Wawacan Simbar Kancana. Sumber data dari penelitian ini adalah Wawacan Simbar Kancana yang ditulis oleh K.Tisnasujana. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik studi pustaka. Menurut penelitian, Wawacan Simbar Kancana menceritakan tentang kerajaan Talaga yang dipimpin oleh Raja Talaga Manggung. Simbar Kancana adalah anak kedua dari Raja Talaga Manggung. Struktur Wawacan Simbar Kancana terdiri dari struktur formal dan struktur naratif. Struktur formal Wawacan Simbar Kancana terdiri dari guru lagu dan guru wilangan pupuh, watak/karakter pupuh, dan terdiri dari empat sasmita pupuh. Struktur naratif Wawacan Simbar Kancana meliputi: 1) alur cerita campuran dan ada sepuluh episode, 2) terdapat tujuh motif cerita, 3) tokoh cerita dalam Wawacan Simbar Kancana terdiri dari tujuh tokoh, 4) latar cerita meliputi latar tempat, waktu, dan suasana, dan 5) tema cerita dalam Wawacan Simbar Kancana yaitu perjuangan. Unsur budaya di Wawacan Simbar Kancana meliputi: 1) sistem kepercayaan (religi) meliputi tiga aspek, 2) organisasi sosial/organisasi kemasyarakatan terdiri dari tiga aspek, 3) ilmu pengetahuan terdiri dari delapan aspek, 4) bahasa meliputi dua bahasa, gaya bahasa, dan babasan paribasa Sunda, 5) kesenian meliputi seni sastra dan seni musik, 6) sistem mata pencaharian terdapat petani, dan 7) sistem tekhnologi meliputi lima aspek. Nilai Etnopedagogik dalam Wawacan Simbar Kancana terdiri dari catur jatidiri insan

yang meliputi pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung

rancagé gawéna yang dikaitkan dengan moral manusia.

Kata Kunci: Wawacan, struktural, budaya, etnopedagogik

1) Tésis dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M. Hum.

2) Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung.

(6)

(The Study of Structural, Culture, and Etnopedagogic) 1)

Opah Ropiah 2) 1302482

ABSTRACT

The title of this thesis is "Wawacan Simbar Kancana (Structural, Culture, and Etnopedagogic). The purpose of this lecture is to describe: 1) structure Wawacan Simbar Kancana, 2) cultural elements Wawacan Simbar Kancana, and 3) etnopedagogik value in Wawacan Simbar Kancana. Source data from this study is Wawacan Simbar Kancana written by K.Tisnasujana. This research used analytical descriptive method. Techniques are used in this research is the literature technique. According to the study, Wawacan Simbar Kancana told about the kingdom led by King Talaga Manggung. Simbar Kancana was the second son of King Talaga Manggung. Wawacan Simbar Kancana structure consists of formal structure and narrative structure. The structure of formal Wawacan Simbar Kancana was consisting of guru lagu and guru wilangan Pupuh in wawacan Simbar Kancana, characters pupuh, and consists of four sasmita pupuh. Narrative structure Wawacan Simbar Kancana has a mix storyline and ten episode, there are seven motifs of the story, the characters in Wawacan Simbar Kancana consist of seven characters, the background of story background includes space, time, and atmosphere, as well as the theme of the story in Wawacan Simbar Kancana is fight. Cultural elements in Wawacan Simbar Kancana includes: 1) the belief system (religion) includes three aspects, 2) social organizations/civil society organizations consists of three aspects, 3) science consists of eight aspects, 4) language includes two languages, the language style, and babasan paribasa Sunda, 5) artcovers literature art and music, 6) livelihood systems includes farmers, and 7) technology system includes five aspects of technology. Etnopedagogik value in Wawacan Simbar Kancana consists of catur jatidiri insan includes pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, and rancagé gawéna associated with human morality.

Key words: Wawacan, structural, culture, etnopedagogik

1) Supervised by Dr. Ruhaliah, M. Hum.

(7)

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

ABSTRAK ... v

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR TABÉL ... xii

DAFTAR GAMBAR ... xv

DAFTAR BAGAN ... xvi

DAFTAR SINGGETAN ... xvii

DAFTAR LAMPIRAN ... xviii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Sistematika Tulisan ... 6

BAB II WAWACAN, STRUKTURALISME,BUDAYA, ÉTNOPÉDAGOGIK 2.1 Wawacan ... 8

2.1.1 Wangenan Wawacan ... 8

2.1.2 Sajarah kamekaran Wawacan ... 9

2.1.3 Fungsi Wawacan ... 12

2.1.4 Papasingan Wawacan ... 12

2.1.4.1Wawacan Dumasar kana Sumber Tulisan ... 12

2.1.4.2Wawacan Dumasar kana Bahan Nulisna ... 14

(8)

2.1.4.4Wawacan Dumasar kana Aksara anu Dipakéna ... 16

2.1.4.5Wawacan Dumasar kana Eusi Téks ... 17

2.1.4.6Wawacan Dumasar kana Karakter Palakuna... 19

2.2 Struktural ... 19

2.2.1 Wangenan Struktural ... 19

2.2.2 Sajarah Kamekaran Strukturalisme ... 20

2.2.3 Struktur Formal Wawacan ... 21

2.2.3.1Guru Lagu jeung Guru Wilangan ... 22

2.2.3.2Pedotan jeung Wirahma ... 24

2.2.3.3Adegan ... 25

2.2.3.4Karakter Pupuh ... 25

2.2.3.5Sasmita Pupuh ... 28

2.2.4 Struktur Naratif Wawacan ... 28

2.2.4.1Galur Carita ... 29

2.2.4.2Motif carita ... 30

2.2.4.3Tokoh Carita ... 30

2.2.4.4Latar Carita ... 30

2.2.4.5Téma Carita ... 31

2.3 Budaya ... 31

2.3.1 Wangenan Kabudayaan ... 31

2.3.2 Wujud Kabudayaan ... 32

2.3.3 Unsur Budaya ... 33

2.4 Étnopédagogik ... 36

2.4.1 Wangenan étnopédagogik ... 36

2.4.2 Étnopédagogik Sunda ... 37

2.4.2.1Catur Jatidiri Insan ... 37

2.4.2.2Moral Manusa ... 38

2.5 Panalungtikan Saméméhna ... 41

(9)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan ... 44

3.2 Sumber Data ... 44

3.3 Instrumén Panalungtikan ... 45

3.4 Téknik Ngumpulkeun Data ... 48

3.5 Analisis Data ... 49

BAB IV ANALISIS STRUKTUR, BUDAYA, JEUNG ANALISIS ÉTNOPÉDAGOGIK DINA WAWACAN SIMBAR KANCANA 4.1 Ringkesan Carita Wawacan Simbar Kancana ... 52

4.2 Analisis Struktur Wawacan Simbar Kancana ... 54

4.2.1 Analisis Struktur Formal Wawacan Simbar Kancana ... 54

4.2.1.1Analisis Guru Lagu jeung Guru Wilangan Wawacan Simbar Kancana .54 4.2.1.2Analisis Watek Pupuh Wawacan Simbar Kancana ... 63

4.2.1.3Analisis Sasmita Wawacan Simbar Kancana ... 67

4.2.2 Analisis Struktur Naratif Wawacan Simbar Kancana ... 68

4.2.2.1Galur Carita ... 68

4.2.2.2Motif Carita ... 75

4.2.2.3Tokoh Carita ... 86

4.2.2.4Latar Carita ... 96

4.2.2.5Téma Carita ... 108

4.3 Analisis Unsur Budaya dina Wawacan Simbar Kancana ... 109

4.3.1 Sistem Kapercayaan (Réligi) ... 110

4.3.2 Organisasi Kamasarakatan/Organisasi Sosial ... 115

4.3.3 Élmu Pangaweruh ... 125

4.3.4 Basa ... 143

4.3.5 Kasenian ... 150

4.3.6 Pakasaban ... 151

4.3.7 Téknologi ... 152

4.4 Analisis Étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana ... 157

4.4.1 Pengkuh Agamana (Spiritual Quotient) ... 157

(10)

4.4.3 Jembar Budayana (Emotional Quotient) ... 159

4.4.4 Rancagé Gawéna (Actional Quotient) ... 163

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 165

5.2 Saran ... 168

DAFTAR PUSTAKA ... 170

LAMPIRAN ... 172

(11)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Indonesia beunghar ku budaya, salasahijina nya éta budaya Sunda. Mekar atawa robahna budaya gumantung masarakatna éta sorangan, lantaran budaya dipiboga ku masarakat. Ayana budaya katitén tina ayana wujud kabudayaan. Koentjaraningrat (1985, kc.5) nétélakeun yén kabudayaan boga tilu wujud, nya éta: 1) wujud kabudayaan nu mangrupa idé-idé, gagasan, ajén-ajén, norma-norma, aturan, jrrd., 2) wujud kabudayaan nu mangrupa kalakuan manusa di masarakat, jeung 3) kabudayaan nu mangrupa barang-barang hasil karya manusa.

Wujud kabudayaan nu kahiji, nya éta idé nu sipatna abstrak, ayana ngan dina uteuk, pikiran, jeung omongan wungkul. Ieu wujud bisa katitén dina kahirupan masarakat, saperti ayana adat-istiadat, tata-kalakuan jeung bisa ogé katitén dina wangun karya sastra nu geus dibukukeun. Wujud nu kadua, nya éta sistem sosial nu sipatna kongkrit. Ieu katitén tina kalakuan jeung aktivitas manusa nu hirup di éta tempat. Wujud nu katilu, nya éta kabudayaan fisik (artefak) nu sipatna kongkrit saperti batik, waditra, iket, buku, jrrd. Salaku wujud gagasan dina kabudayaan, kalakuan (aktivitas) kabagi jadi kalakuan verbal (lisan jeung tinulis) jeung nonverbal (artéfak jeung alam) (Sulasman & Gumilar, 2013, kc.36).

Patali jeung kabudayaan verbal tinulis, masarakat Sunda mikawanoh kana tradisi tinulis. Salasahiji wangun tina tradisi tinulis nya éta wawacan. Rosidi (2011, kc. 11) nétélakeun yén wawacan asalna tina kecap “waca” atawa “baca” nu hartina sagala rupa anu dibaca, atawa anu biasa dibaca. Ku kituna, lamun wawacan mangrupa sagala hal nu bisa dibaca, tangtu kudu aya wangun tinulisna pikeun dibaca.

(12)

2

kacaturkeunna ogé lila pisan. Wawacan dianggit ku 17 pupuh, nya éta Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, jeung Wirangrong (Sumardjo, 2011, kc. 109).

Wawacan mangrupa karya sastra buhun. Karya sastra buhun bisa diulik maké struktural ditilik tina struktur carita naratif éta wawacan. Strukturalisme sacara implisit nétélakeun yén carita (naratif) sarua jeung kalimat nu harti atawa ma’nana mangrupa hasil tina prosés artikulasi (Pettit dina Strauss, 2001, kc. 32). Kajian wacana naratif patali jeung basa, sastra, jeung budaya salaku objék élmu kamanusaan (humaniora). Nurutkeun Christomy (2003, kc. 34), analisis wawacan salaku téks naratif ngawengku galur, motif carita, tokoh, latar, jeung téma carita.

Wawacan mangrupa salasahiji wangun tina kabudayaan. Ayana wawacan salaku wangun tinulis bisa némbongkeun kaayaan budaya jaman harita. Budaya mangrupa kabiasaan nu dipiboga ku masarakat sacara turun-tumurun tur nyampak dina kahirupan sapopoé. Budaya nya éta cara hirup nu mekar jeung dipiboga babarengan ku sakelompok jalma jeung diwariskeun ti hiji generasi ka generasi séjén. Budaya kawangun tina unsur agama, politik, adat istiadat, basa, pakakas, raksukan, wangunan, jeung karya seni (Sulasman & Gumilar, 2013, kc.20). Kitu ogé budaya Sunda dipiboga jeung dipaké ku masarakat Sunda.

Wangenan kabudayaan nurutkeun Koentjaraningrat (1985, kc. 9) nya éta:

“Kebudayaan berasal dari kata Sansakerta “buddhayah” ialah bentuk

jamak dari “budhi” yang berarti” budi” atau “akal”. Demikian

kebudayaan itu dapat diartikan hal-hal yang bersangkutan dengan budi dan akal. Kebudayaan diartikan sebagai keseluruhan gagasan dan karya manusia, yang harus dibiasakannya dengan belajar, beserta keseluruhan

dari hasil budi dan karyanya itu.”

Kabudayaan mangrupa hasil karya manusa. Ieu luyu jeung wangenan kabudayaan nurutkeun Soemarjan & Soemardi (Sulasman & Gumilar, 2013, kc.19) yén kabudayaan nya éta sakabéh hasil karya, rasa, jeung cipta masarakat. Kabudayaan miboga unsur jeung wujud nu ngajanggélék dina éta budaya.

(13)

3

pakasaban, jeung 7) sistem téknologi (Koentjaraningrat, 1985, kc.2). Éta tujuh unsur budaya moal bisa leupas tina kahirupan masarakat. Ku kituna penting ayana panalungtikan unsur-unsur budaya nu nyangkaruk dina éta wawacan pikeun mikawanoh kaayaan budaya mangsa harita.

Eusi wawacan loba medar ngeunaan ajén-inajén jeung palsapah hirup manusa. Ieu luyu jeung pamadegan Sukanta spk. (dina Widianingsih, 2014, kc. 2) nu nétélakeun yén dina wawacan kagambar masarakat anu pengkuh kana ajén-inajén salaku cecekelan kahirupan, nu diwariskeun sacara turun-tumurun. Hasil budaya kaasup seni jeung sastra nu sumebar di masarakat miboga ajén atikan (étnopédagogik).

Kecap étnopédagogik asalna tina kecap “étno” jeung “pédagogik”. Kecap “étno” asalna tina basa Yunani nya éta “etnos” nu hartina “suku bangsa” atawa “lokal”. Sedengkeun kecap pédagogik hartina élmu ngatik jeung pangajaran (Sudaryat, 2015, kc. 120). Nurutkeun Kartadinata (dina Sudaryat, 2015, kc. 120), étnopédagogik mangrupa atikan dumasar kana etnografis. Atikan dumasar kana budaya lokal (etnografis) penting pikeun dilaksanakeun pikeun ngawangun jeung ngawariskeun ajén-ajén budaya lokal nu mangrupa jatidiri (identitas) kultur bangsa.

Nurutkeun Alwasilah, spk. (2009, kc. 50-51), étnopédagogik nya éta prakték pendidikan dumasar kana kearifan lokal dina widang kasehatan, seni béla diri, lingkungan hirup, pertanian, ékonomi, pemerintahan, sistem penanggalan, jrrd. Étnopedagodik medar pangaweruh kearifan lokal salaku sumber inovasi jeung kaparigelan pikeun karaharjaan masarakat. Kearifan lokal nya koléksi fakta, konsép, kapercayaan, jeung pamadegan masarakat nu ngawengku cara niténan jeung nalungtik alam di sabudeureunana, ngaréngsékeun pasualan, jeung nalungtik deui informasi nu aya. Singgetna kearifan lokal nya éta prosés meunangkeun pangaweruh nu dicangkem, dipaké, dipiara jeung nu diwariskeun. Aya sababaraha ciri kearifan lokal, nya éta :

1. dumasar pangalaman,

2. geus kauji sacara mangtaun-taun, 3. bisa nyaluyukeun jeung budaya ayeuna,

(14)

4

5. biasa dipaké ku individu atawa masarakat umum, 6. sifatna dinamis tur terus robah,

7. patali jeung sistem kapercayaan.

Étnopédagogik dimangpaatkeun salaku ajén kahirupan diantarana: ajén atikan, ajén kaagamaan, ajén moral, jeung ajén sosial. Étnopédagogik papagonna tina budaya nu aya di hiji masarakat, organisasi, kabiasaan, kapercayaan (believe), simbol, jeung karakter nu tangtu nu miboga ciri has (Sudaryat, 2015, kc. 121).

Oriéntasi étnopédagogik Sunda dina ieu panalungtikan nya éta sangkan némbongkeun catur jatidiri insan salaku manusia unggul (MAUNG) nu ngawengku: a) pengkuh agamana (spiritual quotient), b) luhur élmuna (intellectual quotient), c) jembar budayana (emotional quotient), jeung d) rancagé gawéna (actional quotient) (Suryalaga dina Sudaryat, 2015, kc. 124 ).

Catur jatidiri insan matok kana papagon moral kamanusaan (MM), nu jadi cara hirup urang Sunda, diantarana: a) moral manusia terhadap Tuhan (MMT), b) moral manusia terhadap pribadi (MMP), c) moral manusia terhadap manusia lainnya (MML), d) moral manusia terhadap alam (MMA), e) moral manusia terhadap waktu (MMW), jeung f) moral manusia dalam mengejar kepuasan lahiriah dan batiniah (MMLB) (Warnaen dkk. dina Sudaryat, 2015, kc. 125-126).

Nurutkeun Sudaryat (2015, kc. 127), sangkan manusa boga moral, étnopédagogik Sunda ngarojong kagiatan atikan jeung pangajaran pikeun asup kana gapura pancawaluya (gerbang lima kesempurnaan) nu ngawengku cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer tur dideudeulan ku karakter pangger.

Kiwari wawacan geus teu dipikawanoh deui ku jalma réa lantaran kurangna media informasi nu ngawanohkeun sastra buhun ka masarakat. Lian ti éta, nu bisa maca wawacan jeung nu boga buku wawacan kawatesanan, lantaran teu kabéh masarakat boga wawacan. Sangkan masarakat bisa apal kana ajén-inajén nu nyangkaruk dina wawacan, ku kituna kudu diayakeun panalungtikan. Salasahiji wawacan nu boga ajén-inajén dina kabudayaan Sunda nya éta Wawacan Simbar Kancana.

(15)

5

Moral dina Wawacan Simbar Kancana pikeun Bahan Pangajaran di SMA”. Panalungtikan ngeunaan Wawacan Simbar Kancana ngan saukur medar ngeunaan struktur naratif, unsur-unsur budaya, jeung étnopédagogikna wungkul. Ku kituna ieu panalungtikan dijudulan Wawacan Simbar Kancana (Ulikan Struktural, Budaya, jeung Étnopédagogik).

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, ieu di handap:

1) Kumaha struktur Wawacan Simbar Kancana?

2) Unsur-unsur budaya naon waé nu aya dina Wawacan Simbar Kancana? 3) Ajén étnopédagogik naon waé anu nyampak dina Wawacan Simbar Kancana?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta bisa nambahan pangaweruh ka nu maca ngeunaan tradisi tulis anu mangrupa sastra Sunda buhun salaku titinggal kabudayaan Sunda. Lian ti éta, tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun pikeun nyalametkeun karya sastra Sunda buhun sangkan teu ruksak jeung leungit sarta pikeun invéntarisir tradisi tulis nu aya di tatar Sunda.

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) struktur Wawacan Simbar Kancana;

2) unsur-unsur budaya nu aya dina Wawacan Simbar Kancana; jeung 3) ajén étnopédagogik anu nyampak dina Wawacan Simbar Kancana.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

(16)

6

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna sacara praktis, saperti ieu di handap:

1) Pikeun panalungtik: ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh anyar ngeunaan wawacan. Hususna ngeunaan struktur carita Wawacan Simbar Kancana, unsur budaya, jeung ajén-inajén étnopédagogik nu nyangkaruk dina Wawacan Simbar Kancana.

2) Pikeun masarakat: ieu panalungtikan bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan budaya lokal nu aya di daérah Jawa Barat hususna dina widang tradisi tulis jeung dijadikeun pikeun inventarisir sastra Sunda.

3) Pikeun Siswa Pascasarjana Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda: hasil tina ieu panalungtikan bisa dijadikeun dadasar pikeun panalungtikan saterusna jeung ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban pabukon Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda.

1.5 Sistematika Tulisan BAB I Bubuka

Bab I medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan.

BAB II Wawacan, Strukturalisme, Budaya, Étnopédagogik

Bab II medar ngeunaan kajian pustaka (landasan teoretis) dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan wawacan, strukturalisme, budaya, jeung étnopédagogik. Lian ti éta, bab

BAB III Métode Panalungtikan

Bab III medar ngeunaan desain panalungtikan, sumber data, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

BAB IV Déskripsi, Analisis Struktur, Unsur Budaya, jeung Analisis Étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana

(17)

7

unsur-unsur budaya nu nyangkaruk dina Wawacan Simbar Kancana, jeung étnopédagogik nu nyampak dina Wawacan Simbar Kancana.

BAB V PANUTUP

(18)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Désain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa studi pustaka, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyieun laporan panalungtikan. Desain panalungtikan pikeun analisis Wawacan Simbar Kancana ditilik tina struktur, budaya, jeung étnopédagogik bisa digambarkeun dina ieu bagan di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Sumber Data

Sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu ditalungtik. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172), sumber data ngawengku tilu rupa, diantarana:

1) Jalma (person), nya éta sumber data nu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét;

NYIEUN KACINDEKAN TINA HASIL NGOLAH DATA ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA

TUJUAN PANALUNGTIKAN Ngadéskripsikeun:

1) ringkesan carita Wawacan Simbar Kancana; 2) struktur Wawacan Simbar Kancana;

3) unsur-unsur budaya nu aya dina Wawacan Simbar Kancana; jeung

4) ajén étnopédagogik naon waé anu nyampak dina Wawacan Simbar Kancana.

NGUMPULKEUN DATA TINA WAWACAN SIMBAR KANCANA

(19)

45

2) Tempat (place), nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode obsérvasi; jeung

3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi.

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kertas atawa dokumén (paper) nu mangrupa Wawacan Simbar Kancana. Simbar Kancana mangrupa ngaran hiji puti raja di Talaga Manggung. Wawacan Simbar Kancana aya sababaraha versi tapi sumber rékaan K.Tisnasujana. Pamedal Wawacan Simbar Kancana nya éta Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah di Jakarta taun 1983.

3.3 Instrumen Panalungtikan

Instrumén dina panalungtikan éstu penting pisan. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data ngarah pagawéanna bisa lumangsung leuwih gampang jeung hasilna leuwih alus. Hartina leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis anu ngajadikeun datana leuwih gampang diolah. Instrumén panalungtikan nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data.

Kartu data dina ieu panalungtikan dipaké pikeun analisis struktur formal Wawacan Simbar Kancana. Analisis struktur formal wawacan ngawengku analisis guru lagu jeung guru wilangan, analisis watek pupuh, jeung analisis sasmita pupuh dina Wawacan Simbar Kancana. Conto analisis struktur formal Wawacan Simbar Kancana ditilik tina guru lagu jeung guru wilangan bisa katitén tina tabél.

Tabél 3.1 Conto Format Data Analisis Struktur Formal dina Wawacan Simbar Kancana

No Ngaran

Pupuh Pada

Cutatan Pada/Padalisan

Guru lagu &

guru wilangan Sasmita Watek

(20)

46

Sangkan leuwih jéntré, conto data analisis struktur formal Wawacan Simbar Kancana digambarkeun dina wangun tabél di handap.

Tabél 3.2 Conto Analisis Struktur Formal Wawacan Simbar Kancana

No Ngaran

Pupuh Pada Cutatan Pada/Padalisan

Guru

Analisis struktur naratif Wawacan Simbar Kancana bisa katitén tina sababaraha aspék, diantarana: galur carita, motif carita, tokoh carita, latar carita, jeung téma carita. Conto format data analisis struktur naratif Wawacan Simbar Kancana ditilik tina latar carita bisa katitén dina tabél di handap.

Tabél 3.3 Conto Format Data Analisis Latar dina Wawacan Simbar Kancana

No Latar Kode

Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (4) (5)

Sangkan leuwih jéntré, conto data analisis digambarkeun dina wangun ieu tabél, nya éta:

Tabél 3.4 Conto Analisis Latar dina Wawacan Simbar Kancana

(21)

47

Katerangan kode data: I : kanto (nomer pupuh) 17 : kaca

5 : pada

4 : kode struktur naratif latar

Analisis unsur-unsur budaya dina Wawacan Simbar Kancana diantarana: 1) sistem réligi (kapercayaan) jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téknologi. Conto format data analisis unsur-unsur budaya dina Wawacan Simbar Kancana bisa katitén saperti dina tabél di handap.

Tabél 3.5 Conto Format Data Analisis Unsur Budaya Élmu Pangaweruh dina Wawacan Simbar Kancana

No Pangaweruh Élmu Kode Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4)

Sangkan leuwih jéntré, conto data analisis digambarkeun dina wangun tabél.

Tabél 3.6 Conto Analisis Unsur Budaya Élmu Pangaweruh dina Wawacan Simbar Kancana

No Pangaweruh Élmu Kode Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4)

1 Palintangan II/22/41/3 …

Palintangan élmu dihin …

Katerangan kode data: II : kanto (nomer pupuh) 22 : kaca

41 : pada

(22)

48

Analisis Wawacan Simbar Kancana ditilik tina étnopédagogik Sunda diantarana: catur jatidiri manusa nu ngawengku: 1) pengkuh agamana, 2) luhung élmuna, 3) jembar budayana, jeung 4) rancagé gawéna. Conto format analisis data étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana bisa katitén saperti dina tabél di handap.

Tabél 3.7 Conto Format Data Analisis Étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana

No Indikator Palaku Kode

Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4) (5)

Sangkan leuwih jéntré, conto data analisis digambarkeun dina wangun tabél di handap.

Tabél 3.8 ContoAnalisis Étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana

No Indikator Palaku Kode

2 : kode étnopédagogik catur jatidiri manusa luhung élmuna

3.4 Téknik Ngumpulkeun Data

(23)

49

nya éta kanyataan anu geus diuji bebeneranana sacara émpiris, diantarana ngaliwatan analisis data.

Téhnik nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta studi pustaka. Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun téori-téori pikeun bahan tulisan sangkan dijadikeun papagon dina ngayakeun panalungtikan (Suyatna, 2002. kc. 19). Nurutkeun Sukmadinata (2012, kc. 10), studi pustaka mangrupa kagiatan pikeun nalaah téori-téori dasar ngeunaan panalungtikan boh élmu nu ditalungtikna boh métodologi panalungtikanna.

Léngkah-léngkah téhnik studi pustaka dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) Maca Wawacan Simbar Kancana;

2) Nyirian struktur formal jeung struktur naratif Wawacan Simbar Kancana; 3) Nyirian data nu aya patalina jeung unsur-unsur budaya jeung étnopédagogik;

jeung

4) Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data sangkan babari nalika analisisna.

3.5 Analisis Data

Panalungtikan ngeunaan Wawacan Simbar Kancana mangrupa panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan nu miboga tujuan pikeun déskripsi jeung analisis kajadian, aktivitas sosial, kapercayaan, persepsi, jeung pamikiran jalma boh sacara individu boh sacara kelompok (Sukmadinata, 2012, kc. 60).

(24)

50

Periode ngumpulkeun data

……….. Reduksi data

Antisipasi Nalika Saenggeus Display data

Nalika Saenggeus Kacindekan/verifikasi

Nalika Saenggeus

Gambar 3.1 Komponén dina Analisis Data

Bagan 3.2 Komponén dina Analisis Data (Interactive Model) 1) Réduksi data (Data Reduction)

Data nu dicangking ti lapangan kudu dianalisis maké réduksi data. Réduksi data nya éta ngumpulkeun jeung milah-milah hal-hal nu penting pikeun ngaguar téma jeung eusina. Ku kituna, data nu geus dipilah-pilah bakal méré gambaran nu leuwih jéntré jeung nu nalungtik leuwih babari pikeun ngumpulkeun data satuluyna (Sugiyono, 2013, kc. 247).

2) Midangkeun data (Data Display)

Sanggeus data dikumpulkeun jeung dipilah-pilah, tuluy éta data kualitatif dipidangkeun dina wangun pedaran, bagan, patalina antar katégori, jrrd. Data nu panglobana dipaké nalika midangkeun data dina panalungtikan kualitatif nya éta téks nu sipatna naratif (Sugiyono, 2013, kc. 249).

Ngumpulkeun data Midangkeun data

Réduksi data

(25)

51

3) Kacindekan jeung verifikasi (Conclusion Drawing/Verification)

Léngkah nu katilu nya éta nyieun kacindekan jeung vérifikasi. Kacindekan mimiti sipatna saheulaanan jeung bakal robah lamun teu manggih bukti nu kuat tur ngarojong kana tahap ngumpulkeun data satuluyna. Kacindekan bakal kredibel lamun kacindekan mimiti dirojong ku bukti-bukti nu valid jeung kosistén. Kacindekan dina panalungtikan kualitatif bisa ngajawab rumusan masalah nu dijieun mimiti, tapi bisa ogé henteu, lantaran rumusan masalah dina kualitatif sipatna saheulaanan jeung bakal robah nalika panalungtikan di lapangan. Kacindekan dina panalungtikan kualitatif nya éta hasilna mangrupa data anyar nu acan aya saméméhna (Sugiyono, 2013, kc. 252-253).

Dumasar pedaran di luhur, téknik analisis Wawacan Simbar Kancana bisa katitén saperti ieu di handap.

a) Maca jeung neuleuman Wawacan Simbar Kancana;

b) Data dikelompokkeun atawa diklasifikasikeun dumasar kana masalah panalungtikan nya éta struktur formal jeung struktur naratif wawacan, unsur-unsur budaya dina Wawacan Simbar Kancana, jeung étnopédagogik nu nyampak dina Wawacan Simbar Kancana;

(26)

BAB V PANUTUP

5.1 Kacindekan

1) Analisis struktur Wawacan Simbar Kancana katitén tina struktur formal jeung struktur naratif.

a) Struktur formal Wawacan Simbar Kancana dumasar tiori Hermansoemantri ngawengku guru lagu jeung guru wilangan, watek/karakter pupuh, jeung sasmita pupuh. Pupuh nu luyu jeung patokan guru lagu jeung guru wilangan nya éta pupuh maskumambang jeung pupuh wirangrong. Sedengkeun pupuh nu teu luyu jeung patokan guru lagu jeung guru wilangan nya éta pupuh asmarandana, pupuh dangdanggula, pupuh kinanti, pupuh mijil, jeung pupuh sinom. Analisis watek pupuh dina Wawacan Simbar Kancana nya éta: (1) asmarandana watekna ngagambarkeun kanyaah, (2) pupuh dangdanggula ngagambarkeun watek bungah, (3) pupuh kinanti ngagambarkeun kaayaan nu keur nganti-nganti, (4) pupuh maskumambang ngagambarkeun watek sedih, (5) pupuh mijil ngagambarkeun watek sedih jeung baluweng, (6) pupuh sinom ngagambarkeun watek bungah jeung asmara, jeung (7) pupuh wirangrong ngagambarkeun kaayaan sial. Sasmita pupuh nu kapanggih dina Wawacan Simbar Kancana nya éta ‘pangbakti’ dina pupuh kinanti, kecap ‘dipiasih’ jeung ‘nyaah’ dina pupuh asmarandana, jeung kecap ‘kumambang’ aya dina pupuh maskumambang.

(27)

166

Kancana, Raja Talaga Manggung, Radén Panglurah, Ajar Kutamangu, Ajar Garasiang, jeung Palémbang Gunung. Latar carita dina Simbar Kancana ngawengku latar tempat, waktu, jeung kaayaan. Latar tempat aya di jero wewengkon karaton (karajaan Talaga, karaton, jeung pandopo) jeung di luar wewengkon karaton (gunung Bitung, gunung Ciremay, huma, leuweung, jeung situ Sanghiang). Latar waktu ngawengku waktu sapoé sapeuting (isuk, beurang, lohor ahir, sareupna, peuting, tengah wengi), waktu dumasar kana lilana (sapeuting, opat poé, opat minggu, leuwih saminggu, jrrd), jeung sesebutan waktu séjénna (ayeuna, baheula, engké, isukan, jeung tadi). Latar kaayaan dina Wawacan Simbar Kancana nya éta kaayaan haté nu keur bungah, sedih, ambek, ramé, tiiseun, jrrd. Tema carita dina Wawacan Simbar Kancana nya éta bajoang.

2) Analisis unsur budaya dumasar tiori Koentjaraningrat dina Wawacan Simbar Kancana nya éta sistem kapercayaan (réligi) jeung upacara kaagamaan, sistem kamasarakatan/organisasi sosial, sistem élmu pangaweruh, basa, kasenian, sistem pakasaban, jeung sistem téknologi.

a) Sistem kapercayaan (réligi) dina Wawacan Simbar Kancana ayana istilah-istilah kaagamaan Islam, ayana kapercayaan kana mahluk goib, jeung ayana adat kabiasaan nu patali jeung siklus kahirupan jeung kagiatan kahirupan.

b) Organisasi kamasarakatan/organisasi sosial dina Wawacan Simbar Kancana patali jeung lingkungan kulawarga, lingkungan karajaan, jeung lingkungan masarakat. Di lingkungan kulawarga aya pancakaki karajaan Talaga. Di lingkungan karajaan aya ngaran pangkat di golongan karajaan (dipati, juru simpen, narpati, pangéran, perbu, jrrd). Di lingkungan masarakat aya ngaran pangkat golongan (dukun, kiai, ménak, jeung paraji).

(28)

167

(canir, daun, kembang, jeung pucuk), jeung ngaran tangkal (hoé), (3) sasatoan nu ngawengku sato ingu (anjing, kuda), sato galak (badak, maung, oray), sato leuweung (banténg, kidang, lembu, majangan, manuk, uncal), (4) élmu béntang nya éta ayana élmu palintangan, (5) warna nya éta ayana warna beureum, (6) bagéan awak manusa nu ngawengku bagian sirah manusa (mata jeung pameunteu), bagéan awak manusa (awak/badan, dada, haté, pinareup, angen), jeung bagéan leungeun manusa nya éta aya ramo, (7) kecap sesebutan bilangan nu nuduhkeun jumlah (hiji, dua, tilu, opt puluh hiji, manglawé-lawé, ratusan, jeung rébuan) jeung nuduhkeun tingkatan (kahiji, kadua, jeung tujuh turunan), (8) ngaran panyakit nya éta ayana panyakit borok.

d) Basa nu aya dina Wawacan Simbar Kancana nya éta basa Sunda, jeung basa Indonesia. Lian ti basa, dina Wawacan Simbar Kancana kapanggih ogé gaya basa (gaya basa babandingan, gaya basa kaleuleuwihan, jeung gaya basa mijalma) jeung babasan paribasa Sunda.

e) Kasenian nu aya dina Wawacan Simbar Kancana nya éta seni sastra jeung seni musik.

f) Pakasaban nu aya dina Wawacan Simbar Kancana nya éta patani. g) Téknologi nu aya dina Wawacan Simbar Kancana ngawengku: (1)

pakarang (cis, gegendir, lempar, patrem, pedang, taméng, jeung tumbak), (2) wadah/pancarakan (boboko, kélé, jeung undem), (3) alat-alat transportasi (kuda jeung tandu), (4) tempat diuk (samak), (5) ngaran wates pakarang (pager).

3) Analisis étnopédagogik dina Wawacan Simbar Kancana ngawengku pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé gawéna.

a) Pengkuh agamana matok kana moral manusa ka pangéranna némbongkeun taatna Simbar kancana ka pangéranna.

(29)

168

c) Jembar budayana museur kana moral manusa ka dirina (pribadi) jeung moral manusa ka manusa séjénna. Moral manusa ka dirina jeung moral manusa ka jalma séjén aya dina watek tokoh Raja Talaga Manggung nu jembar ku budaya lantaran Raja Talaga Manggung miboga adat kabiasaan nu sok dipilampah saacan tapa di gunung Bitung nya éta néangan waktu nu hadé pikeun indit tapa, Radén panglurah dititah beberesih heula saperti mandi jeung kuramas, jeung anu pamungkas

d) Rancagé gawéna museur kana moral manusa dina ngahontal lahir jeung batin. Sikep rancagé gawéna katitén tina paripolah Raja Talaga Manggung nu teu sagawayah dina nangtukeun hiji kagiatan saperti nangtukeun waktu pikeun inditna Radén Panglurah tapa di gunung Bitung. Radén Panglurah némbongkeun rancagé gawéna nalika daék tapa di gunung Bitung. Kagiatan rancagé gawéna ogé dipilampah ku Simbar Kancana jeung Ajar Garasiang nalika Simbar Kancana ngayakkeun sayembara pikeun ngubaran panyakitna.

5.2 Saran

Sabada nalungtik Wawacan Simbar Kancana karasa loba pisan mangpaatna pikeun nu nyusun. Di sagigireun ngaguar sastra Sunda nu aya di wewengkon Majalengka, bisa nambahan élmu pangaweruh kana widang budaya jeung étnopédagogik. Sangkan ajén kamangpaatan tina Wawacan Simbar Kancana karasa ku sakumna pihak, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun pihak lembaga pendidikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif bahan ajar. Sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén pendidikan hususna ajén budaya jeung étnopédagogik;

(30)

169

(31)

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A.C. spk. (2009). Etnopedagogik Landasan Praktek Pendidikan dan Pendidikan Guru. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Bakker, J.W.M. (1984). Filsafat Kebudayaan. Yogyakarta: Kanisius. Chaer, A & Agustina, L. (2004). Sosiolinguistik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Christomy, T. (2003). Wawacan Sama’un: Edisi Teks dan Analisis Struktur. Jakarta: Djambatan & Yayasan Naskah Nusantara (Yanassa).

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Fathoni, A. (2006). Metodologi Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.

Gie, T.L. (1976). Garis Besar Estetika (Filsafat Keindahan). Yogjakarta: Fakultas Filsafat Universitas Gajah Mada.

Hadi, A., spk. (1991). Pepernian. Bandung: CV Geger Sunten.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV Geger Sunten.

Isnendes, R. (2008). Panyawangan Sastra (Handout Perkuliahan Teori Sastra). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Kartika, D.S. & Prawira, N.G. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa sains.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Nugraha, I.A. (2009). Struktur jeung Ajén Moral dina Wawacan Simbar Kancana pikeun Bahan Pangajaran di SMA. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Raga, R.M. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

Ratna, N.K. (2013). Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, A., spk. (2000). Ensiklopedi Sunda Alam, Manusa, dan Budaya Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka jaya.

(32)

171

Rosidi, A. (2010). Babasan jeung Paribasa Kabeungharan Basa Sunda 2. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Rosidi, A. (2011). Wawacan. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Ruhaliah. (2013). Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni.

Rusyana, Y. (1978). Panyungsi Sastra. Bandung: Gununglarang. Stanton, R. (2012). Teori Fiksi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Strauss, L. (2001). Strukturalisme. Yogyakarta: Galang Printika.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Fonologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. Sudaryat, Y. (2015). Wawasan Kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI.

Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif,dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sujarno, spk. (2003). Seni Pertunjukan Tradisional ( Nilai, Fungsi, dan Tantangannya). D.I Yogyakarta: Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata. Sukmadinata, N.S. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: PT Remaja

Rosdakarya.

Sulasman & Gumilar, S. (2013). Teori-teori Kebudayaan. Bandung: Pustaka Setia.

Sumardjo, J. (2011). Sunda Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.

Suryani, E. (2011). Calakan Aksara, Basa, Sastra, katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional Universitas Pendidikan Indonesia Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia dan Daerah.

Tamsyah, spk. (1994). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.

Tamsyah, spk. (2008). Kamus Lengkap Sunda-Indonesia. Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.

Gambar

Gambar 3.1 Komponén dina Analisis Data

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa.. Métode

anu matak kataji tina ieu panalungtikan nya éta prosés transformasi anu nyangkaruk dina ieu karya sastra. Carita anu mimitina mangrupa wawacan tuluy ditransformasikeun

Ieu panalungtikan anu dijejeran “ Kalimah Basa Sunda dina Téks Prosa Sunda Buhun Abad ka-16 (Ulikan Struktur jeung Semantis) ” téh disusun minangka tarékah

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun (1) ngadéskripsikeun, (2) nyusun transliterasi, jeung (3) nganalisis ajén-ajén kaagamaan anu aya dina naskah Wawacan Suluk

Dina ieu panalungtikan, éta métodeu téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia tuluy dibandingkeun jeung ngadéskripsikeun

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉDAGOGIK DINA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WANDA PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA. Oleh Noni

Salian ti éta, hal séjén nu ngabédakeun jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina ieu panalungtikan téh diguar struktur caritana (téma, fakta carita, jeung

Kasang tukang ieu panalungtikan nya éta kurangna pangaweruh sarta kasadaran masarakat kana pentingna wawacan. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun,