• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1302604 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1302604 Chapter3"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif tur maké métodeu déskriptif. Métodeu déskriptif teh nya éta métodeu nu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta nu nyampak dina objék panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, éta métodeu téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia tuluy dibandingkeun jeung ngadéskripsikeun ajén étnopédagogik nu dipibogana. Panalungtikan ieu mangrupa panalungtikan basa jeung budaya nu ngagunakeun métodeu kajian téks sabab objék panalungtikan nya éta paribasa nu aya dina buku kumpulan paribasa.

Dina panalungtikan diperlukeun desain panalungtikan nu mangrupa gemblengan prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prak-prakan panalungtikan nepi ka rumusan masalah anu aya bisa dijawab. Gemblengan rencana ieu panalungtikan téh dimimitian ku ngebréhkeun pasualan-pasualan nu ngadadasaran dilaksanakeunana ieu panalungtikan. Ieu panalungtikan téh didesain pikeun medar dua hal utama kahiji, medar semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia sarta ngabandingkeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia, kadua, medar ajén étnopédagogi paribasa Sunda- Indonésia nu saharti.

(2)

instrumén kartu data salaku alatna. Sanggeus kakumpul tuluy diolah kalawan ngagunakeun analisis tés langsung (konstituén) jeung métodeu hermeneutik pikeun napsirkeunana. Tujuan tina ieu analisis nya éta pikeun ngadéskripsikeun hasil data panalungtikan sangkan bisa ditafsirkeun (diinterprétasi) jadi hasil analisis. Hasil tina ieu analisis dipiharep bisa ngadéskripsikeun babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana semantik formal sarta ajén étnopédagogikna. Bagian pamungkas kakara dicindekkeun salaku hasil tina panalungtikan. Pikeun leuwih jéntréna, ieu di handap digambarkeun désain panalungtikan saperti dina bagan di handap.

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan

Pasualan Panalungtikan

1. Paribasa Sunda diwangun ku kekecapan nu aya hubunganana jeung

ma’na.

2. Paribasa Indonésia diwangun ku kekecapan nu aya hubunganana jeung

ma’na

3. Paribasa Sunda jeung Indonésia, sababaraha diantarana miboga ma’na

nu sarua. Hal ieu katiten tina kekecapan sarua jeung harti nu sarua, kekecapan beda tapi harti nu sarua, sarta kekecapan sarua tapi hartina beda. 4. Perlu titafsirkeun ajén-inajén étnopédagogi nu aya dina paribasa Sunda-Indonesia nu boga harti/ maksud nu sarua.

Ngumpulkeun data

Teknik studi pustaka

Instrumén panalungtikan

Kartu data

Ngolah data

Analisis unsur langsung Métode hermeneutik

Analisis jeung deskripsi data

a. Semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia.

b. Babandingan semantik formal paribasa Sunda jeung Indonesia

c. Ajén étnopédagogik paribasa Sunda jeung Indonésia nu saharti.

Kacindekan

(3)

3.2Sumber Data Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh pikeun ngulik babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina struktur, semantik jeung étnopédagogi. Dumasar kana hal éta, digunakeun sumber data mangrupa tinulis atawa sumber data paper. Sumber data paper téh mangrupa tanda-tanda atawa simbol nu bisa mangrupa kertas atawa barang-barang nu digunakeun dina métodeu dokuméntasi.

Sumber data ieu panalungtikan nya éta sababaraha buku paribasa Sunda jeung Indonésia. Digunakeunna sumber data tinulis nu boga sababaraha kaleuwihan, di antarana: (a) ragam tinulis leuwih kapiara dibandingkeun ragam lisan nepi ka bisa méré gambaran basa anu terencana, mantap jeung baku; jeung (b) basa Sunda geus miboga sistem tulisan nu baku.

Buku-buku citak nu eusina paribasa Sunda jeung Indonésia nu kapaluruh tur dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan diantarana,

1) 700 Paribasa Sunda, karya R. Maskar Gandasudirdja (1979);

2) Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda, karya Ajip Rosidi

(2005);

3) 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda, karya Candra T Munawar (2010);

4) 5700 Peribahasa Indonésia, karya Amran Y.S. Chaniago jeung Bagas

Pratama, (1988);

5) Kumpulan babasan jeung paribasa, karya Djajawiguna & Kadarisman, (1983)

6) 1400 Peribasa Indonésia, karya Novianto jeung Wenny.

Dumasar hal di luhur, pikeun ngagampangkeun dina prosés ngumpulkeun data, ditangtukeun heula buku anu dijadikeun sumber utama, nya éta buku 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda, karya Candra T Munawar (2010); 1400 Peribasa Indonésia, Karya Novianto dan Wenny; jeung 5700 Peribahasa Indonésia, karya Amran Y.S. Chaniago.

(4)

Éta data-data di luhur téh satuluyna digolongkeun salaku populasi ieu panalungtikan. Tina populasi panalungtikan, dipilih paribasa anu dianggap répréséntatif pikeun dijadikeun sampel, ngagunakeun téknik purposif. Sampel purposif téh dilakukeun ku cara nyokot subjék nu lain didadasaran ku strata/tingkatan, random (acak), atawa daérah, tapi didadasaran ku ayana tujuan hiji panalungtikan. Anapon tujuan utama panalungtikan ieu nya éta ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina segi struktur, nu boga ma’na jeung ajén étnopédagogi nu sarua atawa mirip. Hal ieu dilakukeun pikeun muserkeun panalungtikan sangkan leuwih babari dianalisis.

3.3Pangumpulan Data

3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data, téknik nu digunakeun dina panalungtikan ieu nya éta téknik téks. Téknik téks anu ilahar disebut téknik ulikan pustaka (studi pustaka; bibliografi), biasana dipaké saumpama data dikumpulkeun tina sumber tinulis saperti koran, majalah, atawa buku. Téknik téks atawa studi ieu digunakeun pikeun ngumpulkeun informasi jeung maluruh data paribasa Sunda jeung Indonésia tina buku-buku sumber anu diidéntifikasi dina kartu data.

3.3.2 Lengkah-lengkah Ngumpulkeun Data

Ari léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data téh kieu.

a. Studi pustaka jeung ngadata kana sajumlah buku paribasa Sunda jeung Indonésia nu kapaluruh.

b. Nangtukeun buku nu rék dijadikeun sumber data panalungtikan. c. Milih buku utama nu dijadikeun babon sumber data panalungtikan.

d. Nyirian paribasa nu boga harti sarua jeung kekecapana sarua jeung nu hartina sarua tapi kekecapana beda.

(5)

3.3.3 Instrumén Ngumpulkeun Data

Instrumén nu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta lambar kartu data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa paribasa Sunda jeung Indonésia tina sumber data nu geus ditangtukeun. Kartu data nu digunakeun dina ngumpulkeun data katitén saperti gambar ieu dina gambar 3.2.

Gambar 3.2 Kartu Data Ngumpulkeun Data

3.4Analisis Data

3.4.1 Teknik Analisis Data

Ngaanalisis data paribasa dilakukeun ku cara téknik analisis unsur langsung (immediete constituent) jeung hermeneutik. Analisis unsur langsung nya éta analisis kalimah tina unsur-unsur anu leuwih leutik; unggal konstituén anu bisa dianalisis bisa dianalisis deui dumasar konstituén séjén, nepi ka éta kalimah téh bisa disawang salaku kajadian dumasar lapisan-lapisan konstituén. Analisis hermeneutik nya eta analisis ma’na atawa maksud paribasa nu sifatna filosofis pikeun nyungsi ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda jeung Indonésia. Dina ieu analisis aya kagiatan nafsirkeun jeung interpretasi. Paribasa Sunda jeung Indonésia dibandingkeun dumasar kana tilu kritertia, naha paribasa nu dibandingkeun téh diwangun ku kekecapan nu sarua tur boga harti jeung maksud nu sarua, kekecapan nu béda tapi harti atawa maksudna sarua, atawa kekecapan nu sarua tapi maksudna beda. Analisis nu terahir nya éta dilakukeun pikeun ngaguar papasingan paribasa dumasar moral kamanusaan nu mangrupa orientasi

KARTU DATA Ngumpulkeun Data

Sumber buku Kaca Paribasa 1330BPBS 158

Uyah mah moal tees ka luhur. (1300PI; 158) 1400PI

5700PI Watak anak moal jauh ti kolotna

(6)

étnopédagogik. Sakabéh hasil analisis data dicatet dina kartu data pikeun didéskripsikeun jeung dipedar sangkan jadi kacindekan panalungtikan.

3.4.2 Lengkah-lengkah Analisis Data

Lengkah panalungtikan nu paling penting nya éta analisis data nu dilaksanakeun numutkeun prosedur-prosedur analisis data. Prosedur analisis anu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta maca, nafsirkeun, jeung ngainterprétasi kalawan taliti kana sampel panalungtikan. Data paribasa anu geus kapaluruh satuluyna diketik dina kartu data anu geus disadiakeun. Sampel panalungtikan satuluyna dianalisis ku cara ngarucat paribasa ngagunakeun tiori nu geus ditangtukeun. Ieu dihandap ditétélakeun lengkah-lengkah analisis data panalungtikan.

a. Nitenan deui data nu geus dikumpulkeun. b. Ngaruntuykeun data paribasa kana alfabetis. c. Paribasa-paribasa dibere nomer atawa kode data.

d. Data diklasifikasikeun paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana makna jeung kekecapanna.

e. Ngaanalisis data dumasar kana ma’na, struktur, maksud jeung ajén étnopédagogik.

f. Ngadéskripsikeun hasil analisis babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia. g. Nafsirkeun babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana

semantik formal jeung étnopédagogik.

h. Nyindekeun hasil panalungtikan dumasar kana hasil panalungtikan.

3.4.3 Instrumen Analisis Data

(7)

Kartu data digunakeun pikeun nganalisis semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar struktur kalimat, jeung katégori makna paribasa. salian ti eta, digunakeun ogé pikeun ngabandingkeun paribasa dumasar tilu kriteria: (1) saharti sakecap, (2) saharti beda kecap, jeung (3) beda harti sakecap. Bagian ahir nya eta nganalisis ajen etnopedagogik dumasar orientasina nya eta moral kamanusaan diantarana: (1) Moral manusa ka Pangéran/ Tuhan (MMT); (2) moral manusa ka dirina/ pribadi (MMP); (3) moral manusa ka manusa séjén

Kaca Paribasa Analisis semantik formal Analisis maksud Kategori ma’na

Moral manusa ka pangeran, tuhan (MMT) Moral manusa ka alam (MMA)

Moral manusa ka waktu (MMW)

Moral manusa ka dirina, pribadi (MMP) Moral manusa ka manusa séjén (MMM)

Moral manusa pikeun nyumponan kapuasan lahir jeung batin (MMLB)

Catétan :

Gambar

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan
gambar ieu dina gambar 3.2.
Gambar 3.3 Kartu Data Analisis Semantik Formal jeung Étnopédagogik

Referensi

Dokumen terkait

Ruang laboratorium komputer harus ditata dengan sebagaimana mestinya supaya siswa memiliki keleluasaan dan kenyamanan saat pembelajaran di laboratorium komputer. Menurut

(b) Karakteristik materi pembelajaran Bahasa Inggris dan (c) Karakteristik interaksi pembelajaran Bhasa Inggris RSBI di SMP Negeri 3 Cepu Kabupaten Blora. Penelitian ini

Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mengkaji karakteristik fisik, mekanis dan struktur film bionanokomposit dari tapioka, NP-ZnO dan asam stearat, serta mengkaji

[r]

HUBUNGAN POLA ASUH ORANG TUA DENGAN MOTIVASI ANAK UNTUK BERSEKOLAH DI KELURAHAN SUKAGALIH KECAMATAN SUKAJADI KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Pengaruh pupuk kalium dan kadar air tanah tersedia terhadap serapan hara pada tanaman jagung kultivar arjuna.. Pengaruh Sumber dan Dosis Pupuk Kalium terhadap Hasil dan Mutu

Jakarta :Balai Penelitian dan Pengembangan Agama.. Jamhari dan

[r]