• Tidak ada hasil yang ditemukan

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis).

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

KALIMAH BASA SUNDA

DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16

(Ulikan Struktur jeung Semantis)

TÉSIS

Diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Magister Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda

ku Ilham Nurwansah

NIM 1303366

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

▸ Baca selengkapnya: struktur sajak bahasa sunda

(2)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2015

KACA KASALUYUAN

ILHAM NURWANSAH NIM 1303366

KALIMAH BASA SUNDA

DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16

(Ulikan Struktur jeung Semantis)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP. 196302101987031001

Kauninga ku

Ketua Prodi Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda:

(3)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

PERNYATAAN KEASLIAN TESIS

Dengan ini saya menyatakan bahwa tesis dengan judul “Kalimah Basa Sunda dina Teks Prosa Buhun Abad ka-16 (Ulikan Struktur jeung Semantis)” ini beserta

seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 11 Juni 2015

(4)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

PANGJAJAP

Basa Sunda buhun téh minangka bukti awal hirupna basa Sunda dina mangsa baheula, tangtuna perlu dipaluruh aspék-aspékna. Ku dipaluruhna basa Sunda buhun, bisa kapanggih hal-hal anyar patali jeung alam pamikiran urang Sunda mangsa baheula anu nyangkaruk di jerona. Upama eusina geus kaguar kalawan gemet, tangtuna baé ajén inajén kabudayaan anu kapanggih téh dipiharep bisa jadi tatapakan dina lalampahan mangsa kiwari, kalawan ngaliwatan prosés transformasi.

Ieu panalungtikan téh minangka salah sahiji tarékah dina enggoning maluruh informasi budaya Sunda, hususna dina widang linguistik anu can pati réa digarap. Mugia hasil ieu panalungtikan téh bisa kapaké mangpaatna, boh ku nu minat kana ulikan linguistik Sunda (buhun), boh ku masarakat umum.

Taya deui kecap anu jadi ungkara pikeun tutasna ieu panalungtikan iwal ti

alhamdulillahirobbil alamin, puji syukur ka Gusti nu Maha Rohim, anu maparin

kakiatan sinareng kasabaran ka nu nulis. Panuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong lumangsungna ieu panalngtikan. Mugia Alloh SWT males kalayan ku kasaéan anu pangutamana.

Bandung, Juni 2015

Nu nyusun,

Ilham Nurwansah

(5)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

CATUR NUHUN

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah nu Maha Gofur, nu teu

kendat-kendat maparin kani’matan sinareng panangtayungan tur maparin kalancaran tug

dugi ka ieu réngsé dina waktuna. Dina ieu kasempetan, nu nulis ngahaturkeun séwu nuhun nu salawasna diguratkeun ku mangsi emas dina ati sanubari ka kersana:

1. Kementrian Pendidikan dan Kebudayaan, anu parantos maparin pangrojong waragad kanggo kuliah ngalangkungan program beasiswa BPPDN calon dosen entragan taun 2013.

2. Bapa Dr. H Yayat Sudaryat, M.Hum salaku dosén ieu panalungtikan, ogé Pupuhu Program Studi Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda SPs UPI Bandung;

3. Réngréngan dosén Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda anu teu weléh maparin pituduh sareng élmu pangaweruh: Prof. Dr. H Iskandarwassid, M.Pd., Prof. Dr. H Yus Rusyana, Prof. Dr. H Asép Sjamsul Bachri, Prof. Dr. H Cécé Rakhmat, M.Pd., Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd., Dr. H Dingding Haerudin, M.Pd., Dr. H Usep Kuswari, M.Pd., Dr.

Dedi Koswara, M.Hum., Dr. Ruswendi Permana, M.Hum., Dr. Ruhaliah, M.Hum., Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd., Dr. Retty Isnendes, M.Hum, kalih Dr. Dadan Dasari, M.Si.

4. Mahasiswa program studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda entragan 2013, nu sami-sami bajoang dina ngalap élmu pangaweruh.

5. Pun biang (Dede Asiah) nu teu kendat-kendat maparin kanyaah tur

(6)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

(Sudarsono) anu salami jenengna teu weléh nalingakeun kana kasaéan. Mugia ieu karya téh janten tawis buktos kanyaah ka mantenna.

6. Mertua (Hj. Neneng kalih H Cece Hapid), anu sami-sami ngarojong lahir

tur batin, boh du’a boh tanaga.

7. Pupin Marini, pangancikan haté jeung kanyaah, istri nu salawasna marengan, nu teu weléh nyumangetan dugi ka réngséna ieu tésis.

8. Isni Nursamsiati Asri kalih M. Azmi Pamungkas, pun adi nu teu weléh nyumangetan.

Bandung, Juni 2015

(7)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

(8)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

KALIMAH BASA SUNDA

DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16 (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Ilham Nurwansah NIM 1303366

ilhamnurwansah@gmail.com

Abstrak

Ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngaguar struktur kalimah kalawan maké pamarekan tagmémik. Sumber datana nyaéta transliterasi téks Carita Parahiyangan anu maké basa Sunda buhun. Ieu panalungtikan dipilampah alatan can aya analisis ngeunaan struktur kalimah basa Sunda buhun kalawan gemet, pikeun informasi linguistik basa Sunda temporal. Métodeu anu dipaké nyaéta analisis déskriptif. Wangun kalimah anu aya dina data basa Sunda buhun téh nyaéta kalimah lengkep jeung kalimah teu lengkep (ringkesan). Kalimah salancar basajan miboga tilu pola kalimah nyaéta (1) S-P, (2) S-P-O, jeung (3) S-P-Pang. Ari Kalimah salancar jembar miboga opat pola nyaéta (1) S-P-K, (2) K-S-P-K, (3) S-P-O-K, jeung (4) S-P-Pang-K. Kalimah ngantét satata nu kapanggih nyaéta kalimah ngantét asindétis jeung sindétis. Kalimah ngantét asindétis diwangun ku dwiklausa, trikalusa jeung caturklausa kalimah sindétis diwangun ku dwiklausa. Pola kalimah ngantét sumélér nyaéta kalimah sumélér subjéktif, adverbial, jeung atributif. Patali harti unsur kalimah nu kapanggih nyaéta dumasar peran semantis subjék, prédikat, objék, panglengkep jeung katerangan. Patali harti antarklausa dina kalimah ngantét satata aya dua rupa, nyaéta (1) kalimah lalawanan jeung (2) kalimah tumuluy. Patali harti antarklausa kalimah ngantét sumélér téh aya genep rupa, nyaéta (1) kalimah waktu, (2) kalimah sarat, (3) kalimah sabab, (4) kalimah akibat, (5) kalimah pertélaan, jeung (6) kalimah guna.

(9)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

KALIMAT BAHASA SUNDA

DALAM TEKS PROSA SUNDA KUNO ABAD KA-16 (Analisis Struktur dan Semantis)

Ilham Nurwansah NIM 1303366

ilhamnurwansah@gmail.com

Abstrak

Penelitian ini memiliki tujuan untuk menganalisis struktur kalimat dengan menggunakan pendekatan tagmémik. Sumber data diambil dari transliterasi teks Carita Parahiyangan yang memakai berbahasa Sunda kuno. Penelitian ini dilakukan karena belum ada analisis mengenai struktur kalimat bahasa Sunda kuno secara mendalam, sebagai informasi linguistik bahasa Sunda temporal. Metode yang dipakai yaitu analisis deskriptif. Bentuk kalimat yang terdapat dalam bahasa Sunda kuno berupa kalimat lengkap dan kalimat ringkasan. Kalimat tunggal sederhana yang ditemukan memiliki tiga pola yaitu (1) S-P, (2) S-P-O, (3) S-P-Pel, sedangkan kalimat tunggal perluasan terdapat empat pola yaitu (1) S-P-K, (2) K-S-P-K, (3) S-P-O-K, dan (4) S-P-Pel-K. Kalimat majemuk setara yang ditemukan berupa kalimat asindetis dan sindetis. Kalimat majemuk asindetis tersusun dari dua klausa, tiga klausa dan empat klausa, sedangkan kalimat sindetis tersusun dari dua klausa. Pola kalimat majemuk bertingkat yaitu berupa kalimat majemuk bertingkat subjektif, adverbial dan atributif. Hubungan makna unsur kalimat yang ditemukan yaitu berdasarkan peran semantis subjek, predikat, objek, pelengkap dan keterangan. Hubungan makna antarklausa dalam kalimat majemuk setara terdapa dua jenis yaitu (1) kalimat pertentangan, dan (2) kalimat lanjutan. Hubungan makna antarklausa kalimat majemuk bertingkat terdapat enam jenis, yaitu (1) kalimat waktu, (2) kalimat syarat, (3) kalimat penyebab, (4) kalimat akibat, (5) kalimat pernyataan, dan (6) kalimat guna.

(10)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

SENTENCES OF SUNDANESE LANGUAGE ON 16th CENTURY OLD SUNDANESE PROSE TEXT

(Structure and Semantic Analysis)

Ilham Nurwansah NIM 1303366

ilhamnurwansah@gmail.com

Abstract

The objective of this study is to analyze the structure of a sentence using tagmemic approach. The data source extracted from transliteration of Carita Parahiyangan text that used old Sundanese language. This research was done because there is no analysis of the old Sundanese sentence structure in depth yet, as a linguistic information of temporal Sundanese language. Descriptive is used as the analysis method. The form of sentences contained in old Sundanese are complete sentences and summary sentence. There are threee simple sentence patterns found on the data, they are (1) S-P, (2) S-P-O, (3) S-P-Complement. While the expansion of the single sentence are found four patterns (1) S-P-Adverb, (2) Adverb-S-P-Adverb, (3) S-P-O-Adverb, and (4) S-P-Complement-Adverb. Equivalent compound sentences found in the form of asindetic and sindetic sentences. Asindetic compound sentence composed of two clauses, three clauses and four clauses, and sindetic sentences composed of two clauses. Pattern of complex sentence are subjective, adverbial and attributive. The meaning element of relations sentence found based on semantic role of the subject, predicate, object, complement and adverbs. There are two types of inter clauses meaning relationships in equivalent compound sentences, they are (1) contention sentence, and (2) further sentence. Inter clauses meaning relationship of complex sentences has six types, they are (1) sentence of time, (2) terms sentence, (3) causes sentence, (4) result sentence, (5) stantment sentence, and (6) order sentence.

(11)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

KACA KASALUYUAN ... PANGJAJAP ... CATUR NUHUN ...

ABSTRAK ... i

DAPTAR EUSI ... iv

DAPTAR TABÉL ... vi

DAPTAR GAMBAR ... vii

DAPTAR LAMPIRAN ... ix

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panlaungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II TATAPAKAN TIORI ... 7

2.1 Kalimah ... 7

2.1.1 Wangenan Kalimah ... 7

2.1.2 Papasingan Kalimah ... 9

2.1.2.1 Kalimah Salancar ... 10

2.1.2.2 Kalimah Rangkepan ... 25

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 40

2.3 Raraga Mikir ... 46

BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN ... 50

3.1 Desain Panalungtikan ... 50

3.2 Sumber Data ... 52

3.3 Ngumpulkeun Data ... 53

(12)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 54

3.4 Analisis Data ... 54

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 59

4.1 Hasil Panalungtikan ... 59

4.1.1 Data Kalimah Basa Sunda Buhun ... 59

4.1.2 Wangun Kalimah ... 62

4.1.2.1 Wangun Kalimah Lengkep ... 62

4.1.2.2 Wangun Kalimah Teu Lengkep (Ringkesan) ... 66

4.1.3 Struktur Kalimah ... 72

4.1.3.1 Struktur Kalimah Salancar ... 72

4.1.3.2Struktur Kalimah Rangkepan ... 90

4.1.4 Patali Harti Unsur Kalimah ... 96

4.1.4.1 Patali Harti Unsur Kalimah Salancar ... 96

4.1.4.2 Patali Harti Antarklausa Kalimah Rangkepan ... 111

4.2 Pedaran ... 118

BAB V KACINDEKAN & SARAN ... 127

5.1 Kacindekan ... 127

(13)

1

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa Sunda nyaéta basa indungna urang Sunda, boh anu cicing di Jawa Barat boh di saluareunna. Jumlah panyaturna kawilang panglobana kadua sabada basa Jawa. Basa Sunda téh mangrupa salah sahiji basa daérah anu aya di Indonésia anu mekar ti mangsa ka mangsa.

Ti jaman ka jaman basa Sunda mibanda kalungguhan anu robah-robah dina kahirupan masarakat Sunda luyu jeung situasi jamanna. Dina jaman karajaan nepi ka taun 1600, basa Sunda mibanda kalungguhan minangka basa karajaan (Sudaryat, 2014:142). Basa Sunda dina jaman ieu iwal ti dipaké pikeun sarana komunikasi lisan, ogé dipaké pikeun komunikasi sacara tulisan. Dumasar kana

data anu geus kapanggih, basa Sunda dipaké pikeun ngarekam ajaran kaagamaan jeung carita anu patali jeung sajarah dina wangun tulisan, boh nu ditulis dina

prasasti boh anu ditulis dina naskah-naskah.

Dina jaman kolonial Walanda, basa Sunda mibanda kalungguhan minangka basa pribumi. Ieu hal téh dumasar kana Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén “basa pribumi anu diajarkeun di sakola nya éta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti keur sakola-sakola di Jawa Barat kudu basa Sunda Bandung” (Sudaryat, 2013:1). Sacara teu langsung, ayana éta katetepan téh nampik anggapan anu kungsi disebutkeun ku Raffles (1817) ngeunaan kalungguhan basa Sunda. Raffles nyebutkeun yén basa Sunda téh mangrupa basa dialék anu dipaké pikeun sagala tujuan ku masarakat pagunungan anu basajan jeung teu nyangking atikan.

“… Ieu basa téh mangrupa basa anu umum di wewengkon kulon, jeung mungkin ogé mangrupa basa pangkolotna di ieu wewengkon. Mangrupa dialék basajan anu teu maneuh, anu dipaké pikeun sagala tujuan ku

masarakat pagunungan anu basajan jeung teu nyangking atikan…(Raffles,

(14)

2

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Minangka basa daérah anu aya di Indonésia, basa Sunda ditangtayungan ku nagara. Ieu hal téh écés kaunggel dina UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36, anu nétélakeun yén “Di wewengkon-wewengkon anu mibanda basa sorangan, anu dipiara ku rayatna kalawan hadé-hadé (upamana basa Jawa, Sunda, Madura jeung sajabana), éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara”. Katompérnakeun, medal Perda Provinsi Jawa Barat Nomor 5 Tahun 2003 perkara

Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah serta Petunjuk

Pelaksanaannya.

Dina kalungguhanna jadi basa daérah, saperti anu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional taun 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi 1) Lambang kareueus masarakat Sunda, 2) Lambang jatidiri (idéntitas) masarakat Sunda, 3) Alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, 4) Pangdeudeul basa nasional, 5) Basa panganteur di sakola dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran

basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta 6) Alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim Éd.,1980 dina Sudaryat, 2013:2).

Kalungguhan jeung fungsi basa Sunda téh ditandeskeun dina Kongrés Basa Sunda V taun 1988 di Cipayung, Bogor anu eusina nyoko kana tujuh hal, nyaéta 1) Basa Sunda miboga kalungguhan jadi basa daérah, 2) Basa Sunda miboga fungsi anu tangtu, 3) Basa Sunda jadi unsur budaya Sunda nu boga daya tur poténsi ngawewegkeun prbadi masarakat Jawa Barat dina ngukuhan katahaan nasional, 4) Basa Sunda bisa dipaké pakakas dina ngadeudeul pangwangunan Jawa Barat, 5) Basa Sunda ngeunteungkeun ajén-inajén budaya Sunda, 6) Basa Sunda miboga adegan anu angger bari tetep nampa pangaruh luar, jeung 7) Basa Sunda bakal leuwih mekar ku pangdeudeul rupining pihak.

(15)

3

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

dumasar kapribadian urang Sunda minangka alat pikeun mekarkeun budaya sorangan. Basa Sunda anu aya dina mangsa kiwari téh mangrupa hasil tina kamekaran ti mangsa ka mangsa, anu ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang Sunda, anu dipangaruhan ku suasana tempat jeung waktu anu dialaman dina sajarah kahirupanna.

Basa Sunda minangka salah sahiji aspék budaya anu hirup di masarakat mibanda sipat anu dinamis. Basa téh ngawujud sakumaha dipaké ku panyaturna, ku kituna gumantung pisan kana faktor-faktor luar basa. Réana faktor anu mangaruhan kana dipakéna basa Sunda ngahasilkeun rupa-rupa ragam basa.

Ragam basa atawa variasi basa (language variety) ngacu kana wangun jeung jinis wacana sarta gaya basa anu dipaké dina waktu komunikasi (Sudaryat, 2014:25). Dina basa Sunda aya rupa-rupa ragam basa anu dipaké, di antarana ragam basa nurutkeun daérah dipakéna, nurutkeun atikan formal, nurutkeun sikep panyatur, nurutkeun warna makéna disawang tina jihat jejer omongan, médium

atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Iwal ti éta, aya ogé ragam basa nurutkeun waktu dipakéna, nyaéta ragam basa dialék témporal.

Dialék témporal dina basa Sunda ngacu kana basa Sunda buhun jeung basa Sunda kiwari. Basa Sunda buhun (klasik) nyaéta dialék témporal basa anu dianggap ngawakilan puncak kamekaran kabudayaan pamakéna atawa basa buhun anu miboga kasusastraan nu penting (Sudaryat, 2014:26). Basa Sunda buhun anu dimaksud nyaéta basa anu dipaké dina téks-téks buhun. Ieu basa téh iwal ti ditulis dina naskah anu bahanna daun lontar, gebang jeung daluang, ditulis ogé dina bahan batu, nyaéta prasasti jeung dina bahan tambaga anu disebut piagem.

(16)

4

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Éta pamikiran téh saluyu jeung Wibisana spk. (2000 dina Sudaryat, 2014:143) anu nyebutkeun yén istilah basa Sunda kuno (buhun) nuduhkeun kaayaan hiji basa dina mangsa anu geus lila kalarung. Kondisi éta basa téh pakait jeung rupa-rupa tataran, nyaéta tataran fonologi, morfologi, sintaksis, jeung lésikal. Basa Sunda buhun téh mangrupa basa anu dipaké ku urang Sunda mangsa baheula anu satuluyna mekar jadi basa Sunda anu dipikawanoh dina mangsa kiwari. Dumasar kana ulikan linguistik, basa Sunda buhun téh nyaéta dialék témporal anu dianggap ngawakilan kamekaran kabudayaan urang Sunda satra nyampak buktina yén kalawan maké éta basa geus dihasilkeun rupa-rupa karya sastra anu penting.

Sebutan basa Sunda kuno (buhun) téh awalna mah dipaké ku para panalungtik sajarah jeung kabudayaan sabada maranéhna bisa maca jeung medar téks buhun, boh anu aya dina prasasti atawa piagem, boh dina naskah-naskah buhun. Naskah-naskah éta téh ditulis dina média tulis jaman baheula, kayaning

lontar, daun kalapa, daun kawung, atawa daun gebang. Sudaryat (2014:143) nandeskeun yén sebutan basa Sunda buhun téh dianggap pas jeung luyu, sanajan

dina analisisna teu diwuwuhan ku ulikan linguistik anu cukup. Ieu hal téh bisa

dima’lum, lantaran anu diutamakeun ku para panalungtik téh nyaéta maca eusi

anu dikandung dina téks pikeun dijadikeun sumber panalungtikan sajarah jeung kabudayaan mangsa.

Pangaweruh ngeunaan struktur basa Sunda buhun ngan saukur beunang tina titinggal tinulis. Sajauh ieu, usaha pikeun ngagali pangaweruh kabasaan tina téks Sunda buhun can réa dipilampah, padahal éta pangaweruh téh bisa méré jalan sangkan gampang dina maham téks anu maké basa Sunda buhun. Ku kituna, panalungtikan kana karya sastra anu maké basa Sunda buhun anu museur kana aspék linguistik, hususna struktur kalimahna téh diperlukeun pisan.

(17)

5

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

sarta méré kontribusi kana kagiatan panalungtikan naskah-naskah buhun jeung kajembaran basa Sunda.

1.2Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan téh museur kana analisis struktur kalimah kalawan maké pamarekan struktural tagmémik. Pikeun nganalisis unsur tagmemna diperlukeun analisis papasingan wangun kalimah. Unsur tagmem anu dianalisis téh ngawengku kategori jeung fungsi anu gumulung dina struktur kalimah, jeung peran semantis dina kalimah salancar jeung tatali harti kalimah ngantet.

Dumasar kana watesan masalah dina ieu panalungtikan, dirumuskeun masalah ieu di handap:

a. Kumaha wangun kalimah basa Sunda dina téks prosa Sunda buhun abad ka-16?

b. Kumaha struktur kalimah basa Sunda dina téks prosa Sunda buhun abad

ka-16?

c. Kumaha peran semantis kalimah salancar jeung tatali harti antarklausa

kalimah ngantét dina téks prosa Sunda buhun abad ka-16?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar jeung ngadéskripsikeun struktur kalimah basa Sunda dina téks prosa Sunda buhun. Ari déskripsina ngawengku tilu hal, nyaéta:

a. wangun kalimah basa Sunda dina téks prosa Sunda buhun abad ka-16; b. struktur kalimah basa Sunda dina téks prosa Sunda buhun abad ka-16; c. peran semantis kalimah salancar jeung tatali harti antarklausa kalimah

ngantét dina téks prosa Sunda buhun abad ka-16.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

(18)

6

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dilaksanakeunna ieu panalungtikan nyaéta:

a. Méré sumbangan pangaweruh kana sajarah kamekaran (linguistik historis) basa Sunda; jeung

b. Méré informasi ngeunaan aspék sintaksis jeung semantis dina basa Sunda buhun.

1.4.2 Mangpaat Praktis

a. Pikeun salah sahiji rujukan dina upaya narjamahkeun basa Sunda buhun anu leuwih wincik tina pamarekan sintaktik jeung semantik, hususna pikeun téks wangun prosa; jeung

b. Minangka bahan upama aya panalungtikan séjén ngeunaan basa Sunda buhun dina waktu nu bakal datang.

1.5 Raraga Tulisan

Bab 1 Bubuka, eusina medar Kasang Tukang Panalungtikan, Watesan jeung

Rumusan Masalah, Tujuan Panalungtikan, Mangpaat Panalungtikan, Wangenan Operasional, jeung Anggapan Dasar.

Bab 2 Tatapakan Tiori, eusina medar perkara tiori kalimah jeung papasinganana.

Bab 3 Métode Panalungtikan, eusina medar perkara Sumber Data, Desain Panalungtikan, Métode Panalungtikan, Instrumén Panalungtikan, Tehnik Ngumpulkeun Data, jeung Tehnik Analisis Data.

Bab 4 Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, eusina nataan korpus data, medar papasingan wangun kalimah basa Sunda buhun, adegan kalimah basa Sunda buhun jeung patali harti antar unsur kalimah, sarta pedaran tina hasil panalungtikan .

(19)

50

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Sudaryat (2014:520), minangka hiji paélmuan émpiris, élmuning basa (linguistik) téh ngawangun tiori jeung métodologi husus, nu tujulna sangkan panalungtikan téa dumuk tanggung jawabna. Satuluyna Sudaryat nétélakeun yén panalungtikan élmuning basa téh henteu miang tina kakosongan. Panalungtikan basa téh miang tina netepkeun hiji perkara anu rék dibahas.

Dumasar éta sawangan, mangka ieu panalungtikan téh miang tina nangtukeun masalah. Masalah anu dijadikeun pamiangan téh nyaéta can aya pedaran ngeunaan struktur kalimah basa Sunda buhun anu gemet. Ari kasang tukangna nyaéta beuki réana pedalan téks Sunda buhun tina naskah-naskah lontar,

tapi can diguar aspék linguistikna. Sanajan geus aya panalungtikan-panalungtikan ngeunaan basa Sunda buhun saméméhna, tapi can nepi kana analisis struktur

kalimah anu gembleng mah. Analisis kalimah dina linguistik modérn umumna kiwari geus maké pamarekan tiori struktural tagmémik. Pamarekan struktural tagmémik dipaké pikeun medar gejala-gejala anu muncul dina basa tina unsur fungsi, kategori, jeung peran semantis kalimahna. Ieu pamarekan téh bisa dilarapkeun pikeun nganalisis basa mana waé, kaasup basa Sunda buhun, ngan hanjakal salila ieu can kungsi dilakukeun pikeun medar basa Sunda buhun téh.

Sabada masalah geus ditangtukeun, dituluykeun kana léngkah ngumpulkeun data. Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik téks atawa ulikan pustaka, lantaran sumberna tina basa wangun tinulis. Instrumén anu dipaké mangrupa kartu data pikeun mantuan maluruh data basa anu geus dikumpulkeun.

(20)

51

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

hasil tarjamahan téks jeung tina kamus basa Sunda buhun. Data léksikal basa Sunda buhun diperlukeun lantaran pikeun jadi dadasar nangtukeun harti, anu saterusna pikeun nangtukeun watesan-watesan klausa sarta patalina harti antarklausa.

Satuluyna, data dianalisis ngaliwatan pamarekan-pamarekan tiori ngeunaan kalimah, utamana pedaran ngeunaan kalimah dina basa Sunda kiwari. Ieu hal dilakukeun lantaran dina nganalisis data basa buhun diperlukeun dua tahapan, nyaéta métodeu analisis sinkronis anu dituluykeun ku analisis diakronis. Ari perluna analisis diakronis téh lantaran basa anu geus paéh ti mangsa bihari teu bisa dianalisis langsung strukturna tanpa ngabandingkeun jeung basa sarungkun anu hirup dina mangsa kiwari. Wangun jeung struktur kalimah dina basa Sunda buhun kakara bisa dianalisis sabada dibandingkeun jeung basa Sunda kiwari. Tina éta babandingan bisa kapanggih sasaruan, bébédaan jeung parobahan struktur kalimahna.

Sanggeus prosés analisis data réngsé dipigawé, tuluy dicindekkeun luyu jeung watesan masalah anu geus ditangtukeun ti anggalna. Ieu kacindekan téh bisa

dipaké pikeun ningali gambaran kaayaan basa Sunda buhun, hususna tina aspék kalimahna. Upama digambarkeun mah, desain ieu panalungtikan téh diagramna saperti ieu di handap.

Diagram 3.1 Desain panalungtikan

Nangtukeun masalah:

1. Wangun kalimah SB 2. Struktur kalimah SB 3. Peran semantis kalimah SB

Ngumpulkeun data:

téhnik téks/ studi pustaka

Deskripsi:

1. Sinkronis 2. Diakronis

Kacindekan

Analisis data:

1. Nyieun korpus

2.Papasingan wangun kalimah

(21)

52

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Ieu panalungtikan didasaran ku pamarekan sinkronis jeung diakronis kalawan maké métodeu déskriptif. Ieu analisis tujuanna pikeun manggihkeun wangun-wangun kalimah tina basa anu ditalungtik. Mimitina data dianalisis dumasar pamarekan sinkronis, dituluykeun ku analisis dumasar pamarekan diakronis. Hal ieu dilakukeun pikeun nangtukeun peran semantis basa Sunda buhun, dumasar kana babandinganana dina basa Sunda kiwari.

Nurutkeun Sudaryat (2014:54) analisis sinkronis téh nyaéta métodeu anu nganalisis data dina hiji kurun waktu nu tangtu. Larapna dina ieu panalungtikan pikeun basa Sunda buhun nyaéta dina prosés nangtukeun unsur fungsi kalimahna. Dina ieu léngkah, kalimah dianalisis sagemblengna tanpa dilakukeun babandingan jeung basa Sunda kiwari.

Ari analisis diakronis nyaéta métodeu anu nganalisis basa dina dua kurun waktu anu béda. Analisis diakronis dina linguistik sok disebut ogé analisis historis komparatif. Larapna dina ieu panalungtikan nyaéta data kalimah anu geus

dianalisis sarta diwuwuhan ku tanda-tanda (notasi) pikeun unsur pangeusi fungsina, tuluy ditambahan ku tarjamahan léterlek unggal kecapna ngaliwatan

téhnik translasional. Kalimah anu geus diwuwuhan ku tarjamahan unggal kecapna tuluy diwuwuhan ku wangun kalimah anu ilahar dina basa Sunda kiwari. Ku cara kitu, bisa kapanggih sasaruaan, bébédaan jeung parobahan anu aya dina basa Sunda buhun jeung basa Sunda kiwari.

3.2Sumber Data

(22)

53

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.3 Ngumpulkeun Data

Hakékat panalungtikan basa téh nyaéta kagiatan medar idéntitas obyék sasaran (obyék panalungtikan) dina hubunganana jeung sakumna kontéks anu ngamungkinkeun hadirna éta obyék panalungtikan (Mahsun, 2013:30). Mahsun nétélakeun yén éta hakékat panalungtikan basa téh boga peran anu gedé dina tahap nyadiakeun data. Dumasar kana éta hal, mangka tugas utama dina nyadiakeun data téh nyaéta manggihkeun sakabéh tipeu data anu diperlukeun boh anu gramatikal jeung berterima, boh nu henteu (Mahsun, 2013:106).

Pikeun manggihan data anu dimaksud kitu téh perlu diayakeun tarékah anu sistematis kalawan maké instrumén jeung téhnik anu luyu jeung obyék panalungtikanana. Dina ieu panalungtikan, instrumén jeung téhnik panalungtikan téh ditataan saperti ieu di handap.

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu dipaké minangka panungtun prosés ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data. Dina kartu data diasupkeun data ngeunaan

klasifikasi wangun kalimah, kodeu naskah, kaca, alinéa jeung nomer kalimah tina téks naskah. Ieu instrumen dipaké pikeun ngawilah-wilah kalimah dumasar kana kelompok wangunna. Data anu diasupkeun kana kartu data gunana sangkan gampang mariksa deui kalimah tina posisina dina téks sumber data.

Rarancang kartu data anu dijieun tuluy dilarapkeun kana sistem komputerisasi. Maksudna, kartu data dipaké pituduh dasar dina ngasupkeun data kalimah maké komputer sangkan prosés ngolahna leuwih gancang.

Gambar 3.1 Kartu data

KARTU DATA KALIMAH

Kalimah : (465) leumpang sang apatih ka buruan ageung. (CP/4/7/1)

Fungsi : P S K

[image:22.595.107.519.610.746.2]
(23)

54

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Katerangan:

(465) : kodé kalimah tina korpus data (CP/4/7/1) : perenahna kalimah dina téks

CP = Carita Parahiyangan 4 = nomer kaca

7 = nomer paragraf 1 = nomer kalimah P : Predikat

S : Subjék K : Katerangan

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun ngumpulkeun data basa Sunda buhun, ieu panalungtikan maké

téhnik téks atawa studi pustaka. Gunana pikeun maluruh jeung meunangkeun data tina sumber data wangun tinulis. Ari ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh kieu carana:

a. Néangan hasil alih aksara téks prosa Sunda buhun tina buku-buku terbitan naskah Sunda buhun édisi téks.

b. Milih hiji téks prosa anu luyu pikeun sumber data ieu panalungtikan.

c. Téks hasil alih aksara tina sumber data disalin sakumna dina hiji file, kalawan disaragemkeun éjahanana.

d. Teks anu geus disalin tuluy diwuwuhan ku kodeu kalimah jeung dipisahkeun maké nomer pikeun nuduhkeun perenahna dina téks.

e. Kalimah anu geus diwuwuhan kodeu tuluy didaptarkeun sacara alfabétis kana korpus data.

f. Daptar kalimah anu geus alfabetis satuluyna diwuwuhan nomer data korpus.

3.4 Analisis Data

Pikeun nganalisis data kalimah basa Sunda buhun dipaké téhnik analisis unsur langsung (Immediate constituent (IC) analysis). Ieu téhnik analisis téh mangrupa téhnik anu niténan unsur-unsur basa anu langsung ngawangun unsur

(24)

55

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

bisa kapanggih unsur langsungna saperti conto anu dipidangkeun dina diagram ieu di handap.

Diagram 3.2

Analisis unsur langsung

leumpang sang apatih ka buruan ageung.

P S K

Kalimah

Analisis unsur langsung téh maké pamarekan sinkronis. Basa Sunda buhun langsung dianalisis unsur-unsurna dumasar kanyataan nu aya dina basana, tanpa dibandingkeun jeung basa Sunda kiwari. Ku cara kieu unsur-unsur pangeusi kalimahna bisa langsung kanyahoan. Upama geus kapanggih unsur-unsurna, tuluy dilakukeun analisis maké pamarekan diakronis. Gawéna nyaéta ngabandingkeun kalimah Sunda buhun jeung Sunda kiwari dumasar strukturna. Cara pikeun ngabandingkeun téh ngaliwatan téhnik translasional (tarjamah léterlek) kana unggal kecap dina kalimah. Ieu téhnik dipilampah sangkan harti lésikal unggal kecapna kapanggih. Ari gunana nyaéta minangka dadasar dina maluruh peran semantis unggal unsur pangeusina jeung patali antarklausa dina kalimah.

Téhnik pikeun ngolah data kalimah téh perlu diwujudkeun ngaliwatan léngkah-léngkah anu kongkrit sangkan panalungtikan bisa dilakukeun sacara sistematis. Léngkah-léngkah kudu dilakukeun sacara sistematis sangkan informasi tina data bisa kaguar kalawan wincik. Léngkah anu mangrupa lajuning laku tina ngumpulkeun data téh nyaéta ngolah jeung nganalisis data.

Dina ieu panalungtikan, data anu geus dikumpulkeun dipasing-pasing dumasar kelompok wangun kalimahna, nyaéta wangun kalimah salancar basajan, kalimah salancar jembar, kalimah ngantét satata, jeung kalimah ngantét sumélér.

(25)

56

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Ku cara kieu fungsi kalimah kayaning subjék (S), prédikat (P), objék (O), panglengkep (Pang), jeung katerangan (K) bisa kapanggih. Upama unsur fungsionalna geus kapanggih, tuluy dibandingkeun jeung pola kelompok kalimah tiori papasingan kalimah, sangkan bisa nangtukeun éta kalimah téh asup kana kelompok kalimah naon. Léngkah ieu upama digambarkeun mah jadi saperti diagram di handap.

Diagram 3.3

Nangtukeun wangun kalimah

S P Pang K

sang manisri dijieun buyuthadén rahaséa di puntang.

Léngkah satuluyna nyaéta nangtukeun kategori unsur pangeusi fungsi kalimah anu geus dipasing-pasing wangunna. Upama geus ditangtukeun kategorina unsur pangeusi fungsina, tuluy diwuwuhan tarjamahan kana unggal kecap. Tarjamahan anu diwuwuhkeun téh nyaéta harti léksikal, sabab sangkan harti unggal kecapna katémbong. Upama geu diwuwuhan tarjamahan unggal

kecapna, kakara diwuwuhan ku tarjamah kalimah sacara gembleng. Gunana pikeun némbongkeun aya henteuna bébédaan antara basa Sunda buhun jeung basa Sunda kiwari. Upamana baé dina conto kalimah salancar ieu di handap.

Kalimah : sang manisri dijieun buyuthadén rahaséa di puntang.

Fungsi : S P Pang K

Kategori : FN V FN FPrep

Peran : ‘palaku’ ‘kalakuan’ ‘pangrandap’ ‘tempat’ Tarj. Kecap : sang manisri dijieun buyuthadén rahaséa di puntang Tarj. Kalimah : ‘sang manisri dijieun buyuthadén rahaséa di puntang’

Kalimah salancar jembar

Nangtukeun fungsi Tiori papasingan

kalimah

Nangtukeun wangun

1. nangtukeun fungsi

2. nangtukeun kategori

3. nangtukeun peran

4. méré tarjamah léterlek

(26)

57

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah salancar jembar. Éta kalimah téh diwangun ku nomina sang manisri anu nyicingan fungsi subjék (S) jeung mibanda peran ‘palaku’, verba dijieun anu nyicingan fungsi prédikat (P) jeung peran ‘kalakuan’, frasa nomina buyuthadén rahaséa anu nyicingan fungsi panglengkep (Pang) jeung mibanda peran ‘pangrandap’, jeung frasa préposisional di puntang anu nyicingan fungsi katerangan jeung mibanda peran ‘tempat’. Dumasar tarjamah kalimah sagemblengna dina basa Sunda kiwari, conto kalimah Sunda buhun anu dipidangkeun di luhur téh katémbong mibanda struktur anu sarua. Upama dipolakeun mah jadi saperti kieu.

KSJ  S:FN + P:V + Pang:FN + K:FPrep

Sangkan leuwih jelas, pola di luhur téh digambarkeun dina diagram ieu di handap.

(125) datang rahiyang banga, ceurik teher mawakeun sekul kana panjara wesi.

Sang manisri dijieun buyuthadén rahaséa di puntang

‘palaku’ ‘kalakuan’

’ ‘sasaran’ ‘tempat

N V FN FPrep Kalimah Salancar Jembar

S P Pang K fungsi

kategori

(27)

58

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

‘rahiyang banga datang (bari) ceurik, tuluy mangmawakeun sangu kana panjara beusi’

Éta kalimah di luhur mangrupa kalimah ngantét satata anu diwangun ku dua klausa anu disambungkeun ku konjungsi teher. Ku kituna éta kalimah téh kaasup kalimah sindétis. Klausa 1) diwangun ku verba datang anu nyicingan fungsi prédikat, nomina rahiyang banga anu nyicingan fungsi subjék, jeung

ceurik anu nyicingan fungsi katerangan. Klausa 2) diwangun ku verba mawakeun

anu nyicingan unsur subjék, nomina sekul anu nyicingan fungsi objék, jeung frasa préposisional kana panjara wesi anu nyicingan fungsi katerangan.

(28)

127

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN & SARAN

5.1 Kacindekan

Kalimah anu aya dina data basa Sunda buhun anu kapanggih téh aya 401 kalimah. Ari wangunna téh nyaéta mangrupa kalimah lengkep, anu di jerona ngawengku kalimah salancar, kalimah rangkepan jeung kalimah ringkesan. Kalimah salancar anu kapanggih dina data nyaéta aya 119 kalimah, anu ngawengku kalimah salancar basajan jeung kalimah salancar jembar. Kalimah rangkepan anu kapanggih téh aya 152 kalimah dumasar jumlah klausana, nyaéta kalimah rangkepan dwiklausa, kalimah rangkepan triklausa, jeung kalimah rangkepan caturklausa. Kalimah rangkepan dwiklausa diwangun ku dua klausa. Kalimah rangkepan triklausa diwangun ku tilu klausa. Kalimah rangkepan caturklausa diwangun ku opat klausa. Kalimah ringkesan anu kapanggih tina data

téh aya 130 kalimah, kabagi jadi opat wangun, nyaéta kalimah singgetan, kalimah runtuyan, kalimah sambungan, jeung kalimah tambahan. Ari kalimah singgetan

aya dua rupa, nyaéta kalimah singgetan tansubjék, jeung kalimah singgetan tanprédikat.

Kalimah salancar basajan (KSB) anu kapanggih dina data basa Sunda buhun téh miboga tilu pola kalimah nyaéta 1) S-P, 2) S-P-O, jeung 3) S-P-Pang. KSB pola S-P mibanda lima subpola, nyaéta pola 1a: KSB  S:N/Pron+P:N/FN, pola 1b: KSB  S:N/FN+P:Fnum, pola 1c: KSB  S:N/FN+P:Fprep, pola 1d:KSB  P:V/FV+S:N/FN, jeung pola 1e: KSB  P:FN+S:FN. KSB pola S-P-O mibanda dua subpola nyaéta pola 2a: KSB  S:FN+P:V/FV+O:N/FN jeung pola 2b: KSB  P:FV+O:FN+S:FN. KSB pola S-P-Pang mibanda dua subpola nyaéta pola 3a: KSB  S:FN+P:V/FV+Pang:N/FN jeung pola 3b: KSB  P:V+S:N/FN +Pang:N/FN.

(29)

128

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

K:FAdj+S:N+P:FV, jeung pola 1d:KSJ  K:N+P:V+S:FN. KSJ pola K-S-P-K mibanda dua subpola nyaéta pola 2a:KSJ  K:FAdj+S:N+P:V+K:Fprep jeung pola 2b:KSJ K:FPrep+P:V/FV+K:FPrep+S:FN. KSJ pola S-P-O-K mibanda dua subpola nyaéta pola 3a:KSJ  S:N+P:V+O:N+K:Fprep jeung pola 3b:KSJ  K:N+S:FN+P:V+O:FN. KSJ pola S-P-Pang-K mibanda hiji pola nyaéta pola 4:KSJ  S:FN+P:V+Pang:FN+K:FPrep.

Kalimah ngantét satata dina data téh bisa dikelompokkeun dumasar aya henteuna kecap panyambung, nyaéta kalimah ngantét asindétis jeung sindétis. Kalimah ngantét asindétis dina data aya anu diwangun ku dwiklausa, trikalusa jeung caturklausa. Ari kalimah sindétis mah ngan diwangun ku dwiklausa. Pola kalimah ngantét sumélér anu kapanggih dina data basa Sunda buhun téh nyaéta kalimah sumélér subjéktif, adverbial, jeung atributif.

Patali harti unsur-unsur kalimah anu kapaluruh dumasar kana data téh diwincik dumasar peran semantis subjék, prédikat, objék, panglengkep jeung

katerangan. Peran semantis subjék anu kapanggih dina data téh nyaéta peran palaku, kaprosés, kaposisi, dikenal, pangalam, tempuhan, jeung waktu. Peran

semantis prédikat dina basa Sunda buhun téh kapanggih dalapan peran, nyaéta (1) kalakuan, (2) kaayaan, (3) kahanaan (4) jumlah, (5) tempat, (6) pangwanoh, (7)

pemeroléhan jeung (8) waktu. peran sémantis objék anu kapanggih aya genep,

nyaéta (1) sasaran, (2) panguntung, (3) tempat (4) hasil, (5) alat, jeung (6) palaku. Peran semantis panglengkep aya lima, nyaéta peran (1) pangrandap, (2) alat, (3) pangjumlah, (4) kaayaan, jeung (5) abstraksi. Peran semantis katerangan anu kapanggih dina data téh aya 12 rupa, nyaéta peran (1) waktu (2) tempat, (3) alat, (4) pangbareng (5) sabab (6) pangbanding, (7) tujuan/kagunaan, (8) jumlah, (9) sarat, (10) tansarat, (11) atributif, jeung (12) aspéktualitas.

(30)

129

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Ieu panalungtikan téh can lengkep, lantaran aya kénéh data anu can kapaluruh polana kalawan gemet. Kitu deui dina nangtukeun peran unsur-unsur kalimahna. Ku kituna perlu dilakukeun lajuning laku pikeun ngalengkepan hasil ieu panalungtikan. Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan pikeun panalungtik séjén, boh dina widang Filologi boh Linguistik ngeunaan struktur kalimah basa Sunda buhun.

Iwal ti éta sabada nganalisis téks Carita Parahiyangan horéng kapanggih sababaraha wangun kalimah anu “ahéng” lantaran aya kasalahan ti panalungtik saméméhna dina nangtukeun watesan kalimah. Ku kituna teks Carita

Parahiyangan téh perlu dipariksa deui kalawan gemet, pikeun nangtukeun

(31)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Atja & Saleh Dana Sasmita. (1981). Carita Parahiyangan (Transkripsi,

terjemahan dan Catatan). Bandung: Proyek Pengembangan Permuseuman

Jawa Barat.

Balai Pengelolaan Museum Negeri Sribaduga Jawa Barat. (2008). Katalog

Naskah Kuno Museum Negri Sri Baduga. Bandung: Disbudpar Jabar.

Chaer, Abdul. (2009). Sintaksis Bahasa Indonesia: pendekatan proses. Jakarta: Rineka Cipta.

Danasasmita, Saleh spk.. (1987). Sewaka Darma (Koropak 408), Sanghyang

Siksakandang Karesian (Koropak 630), Amanat Galunggung (Koropak 632), Transkripsi dan Terjemahan. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktorat Jendral Kebudayaan Depdikbud.

Danasasmita, Saleh. (2006). “Mencari Gerbang Pakuan,” Sundalana 5: Mencari

Gerbang Pakuan dan Kajian Lainnya Mengenai Budaya Sunda. Bandung:

Yayasan Pusat Studi Sunda.

Danasasmita, Saleh. (2014). Menemukan Kerajaan Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Darsa, Undang A. spk.(1990). Carita Parahyangan: Satu Kajian Struktur Bahasa Sunda Dialek Temporal. Bandung: Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi), Dinas Pendidikan dan Kebudayaan, Pemerintah Propinsi Daerah Tingkat I Jawa Barat.

Djajasudarma, Fatimah. (2013). Fonologi & Gramatika Sunda. Bandung: PT Refika Aditama.

Ekadjati, Edi S. (2009). Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran. Jilid 2. Jakarta: Pustaka Jaya.

Emilia, Emi. (2014). Introducing Fungtional Grammar. Jakarta: Pustaka Jaya. Gunawan, Aditia. (2009). Sanghyang Sasana Maha Guru dan Kala Purbaka:

(32)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Iskandarwassid. (2005). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV Geger Sunten.

Kridalaksana, Harimurti. (2001). Kamus Linguistik Edisi Ketiga. Jakarta: Pt. Gramedia Pustaka Utama.

Kuswari, Usep & Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Mahsun. (2013). Metode Penelitian Bahasa: Tahapan strategi, metode, dan

tekniknya. Edisi revisi. Jakarta: Rajawali Pers.

Mardiwarsito & Kridalaksana, H. (2012). Struktur Bahasa Jawa Kuna. Jakarta: Komunitas Bambu & Ecole français d’Extrême-Orient (EFEO).

Mardiwarsito, L. (1990).Kamus Jawa Kuna-Indonesia. Jakarta: Nusa Indah. Morley, David G. (1943). Syntax in Functional Grammar: an introduction to

lexicogrammar in systemic linguistics. London & New York: Continuum

Nurwansah, Ilham. (2012). “Kandaga Kecap dina Naskah Sanghyang Siksa

Kandang Karesian (624) pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA”. (skripsi). Bandung: JPBD FPBS-UPI.

Nurwansah, Ilham. (2013). Naskah Lontar Sunda Kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian (624) dina Sundalana 12: Memelihara Sunda (Bahasa,

Seni, dan Sastra). Bandung: Pusat Studi Sunda.

Prawirasuganda, A & Sauni S. (1960). Kitab Peladjaran Bahasa Djawa-Kuna

(tata cara sederhana). Bandung: N.V. Masa Baru.

Ramlan, M. (1996). Sintaksis. Yogyakarta: CV Karyono.

Ruhaliah. (1997). Kajian Diakronis Struktur Bahasa Sunda Bihari dan Bahasa

Sunda Kiwari: Sebuah Studi Terhadap Teks Naskah Amanat Galunggung.

Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Ruhaliah. (2012). Pedoman Ringkas Transliterasi, Edisi, dan Terjemahan: aksara

Sunda kuna, buda, cacarakan dan pegon. Bandung: Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS-UPI.

Satjadibrata, R. (2005). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Satori, Jam’an & Aan Komariah. (2009). Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Penerbit Alfabeta.

(33)

Ilham Nurwansah, 2014

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sudaryat, Yayat. (2005). Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda. Bandung: CV Karya Iptek.

Sudaryat, Yayat. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD, FPBS UPI Sudaryat, Yayat. (2013). Linguistik Umum (Elmuning Basa): Ulikan Ilmiah Basa.

Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. (2014). Struktur Bahasa Sunda (Sintaksis dalam Gamitan

Pragmatik). Bandung: Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan

Indonesia.

Sudaryat, Yayat. (2014). Wawasan Kesundaan. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Suryani, Elis spk.. (2001). Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda abad 11 s.d

18. Bandung: Komunitas Pernaskahan Purbatisti & Pemerintah Kota

Bandung.

Suryani, Elis. (2011). Ragam Pesona Budaya Sunda. Bogor: Penerbit Ghalia Indonesia.

Tarigan, Henry Guntur. (1984). Pengajaran Sintaksis. Bandung: Penerbit Angkasa.

Teeuw, A. & Noorduyn, J. (2009). Tiga Pesona Sunda Kuna. Jakarta: Pustaka Jaya.

Tim panyusun Palanggeran Ejahan Basa Sunda. (2008). Palanggeran Ejahan

Basa Sunda Edisi Revisi: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Bandung: Sonagar Press.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Peraturan Rektor Universitas

Pendidikan Indonesia Nomor 4518/UN40/HK/2014 tentang Pedoman

Penulisan Karya Ilmiah UPI Tahun Akademik 2014/2015. Bandung: UPI.

Wibisana, Wahyu. (2011). Ngamumulé Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku

Utama.

Zoetmulder & S.O Robson. (2006). Kamus Jawa Kuna – Indonesia. Jakarta: PT

Gambar

Gambar 3.1  Kartu data

Referensi

Dokumen terkait

PENERAPAN METODE INKUIRI UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN ANALISIS SISWA PADA MATA PELAJARAN BASIC. AIRCRAFT

Transkrip nilai yang ditanda tangani oleh Dosen Wali : 6 lb.. Draf Artikel Ilmiah (abstraknya dalam bhs Ind/Eng) :

Média pilem pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa maké undak usuk basa sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

No Konsentra si (%) Penimbang an (g) Absorbansi pada λ = 247 nm Konsentrasi Baku yang ditambahk an (mg) Persen perolehan kembali (%) Setelah penambahan baku (mg)

[r]

Demo images and fonts used in our preview files: Graphic elements: flaticon.com/packs/font-awesome subtlepatterns.com iconsmind.com Images: flickr.com/photos/astragony unsplash.com

Dalam pengujian emisi gas buang didapat bahwa nilai Opacity, HC(Hidrocarbon), dan CO(Carbonmonoksida) semakin berkurang yang menunjukkan bahwa bahan bakar biodiesel biji

Pengembangan Metode Simulasi Dalam Pembelajaran Ips Berbasis Minat Dan Bakat Untuk Meningkatkan Etos Kerja Siswa.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |