v
DAFTAR EUSI
ABSTRAK ……….…i
PANGJAJAP ……… iv
DAFTAR EUSI ...………v
BAB I BUBUKA ...1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ...1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...5
1.3 Tujuan Panalungtikan...6
1.4 Mangfaat Panalungtikan...6
1.5 Définisi Operasional ...7
BAB II TATAPAKAN TIORI ...9
2.1 Étnopédagogi...9
2.2 Hakékat Folklor ...11
2.3 Folklor dina Kahirupan Masarakat Sunda ...12
2.4 Téori Struktural ...21
2.5 Téori Hermeneutika ...25
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ...29
3.1 Métodologi Panalungtikan ...29
3.2 Data jeung Sumber Data ...………29
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data……….………..29
3.3.1Studi Pustaka ...30
3.3.2 Analisis Eusi ...30
3.4 Skéma Panalungtikan ...31
BAB IV ANALISIS DATA ...32
4.1 “Sasakala Gunung Ranca Pasung...33
vi
4.1.2 Struktur Dongéng…….………. 33
4.1.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng….………36
4.2 “Tikukur jeung Éngang ...38
4.2.1 Klasifikasi Dongéng………….…….……….38
4.2.2 Struktur Dongéng………...38
4.2.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…..……….……..41
4.3 “Sasakala Situ Malingping”……….………42
4.3.1 Klasifikasi Dongéng………..……….42
4.3.2 Struktur Dongéng…………...………43
4.3.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng….……… 46
4.4 “Sakadang Peucang jeung Bagong” ...46
4.4.1 Klasifikasi Dongéng………..……….46
4.4.2 Struktur Dongéng……….………..46
4.4.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…….……...……….… 50
4.5 “Kuya Silih Duruk jeung Maung”...51
4.5.1 Klasifikasi Dongéng……..……….51
4.5.2 Struktur Dongéng………...………51
4.5.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…….……….54
4.6 “Sakadang Buhaya jeung Sakadang Monyét”……….……….55
4.6.1 Klasifikasi Dongéng……….…..………...……….55
4.6.2 Struktur Dongéng……….………..56
4.6.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...……….………..58
4.7 “Sangkuriang Kabeurangan”………59
4.7.1 Klasifikasi Dongéng………..………….59
4.7.2 Struktur Dongéng……….………..59
4.7.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng.…………...………..64
4.8 “Kuda”...………..……..65
4.8.1 Klasifikasi Dongéng…..……….65
4.8.2 Struktur Dongéng………,,,,,………..66
vii
4.9 “Sasakala Batu Dua”……….………...69
4.9.1 Klasifikasi Dongéng……….………..69
4.9.2 Struktur Dongéng………....……….…..70
4.9.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………..73
4.10 “Selat Sunda jeung Gunung Krakatau……...………..73
4.10.1 Klasifikasi Dongéng….………...……….73
4.10.2 Struktur Dongéng………...74
4.10.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...……….77
4.11 “Sasakala Japati Sukuna Beureum”……...……….……78
4.11.1 Klasifikasi Dongéng……….………78
4.11.2 Struktur Dongéng……….78
4.11.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………...……….81
4.12 “Sasakala Situ Paténggang”………82
4.12.1 Klasifikasi Dongéng………..………...82
4.12.2 Struktur Dongéng……….82
4.12.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...……….………… …………...85
4.13 “Si Kabayan Resep Ngalamun”………..………....85
4.13.1 Klasifikasi Dongéng………...………..…85
4.13.2 Struktur Dongéng……….………....85
4.13.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……….…………...…89
4.14 “Kuya jeung Monyet Ngala Nangka”………...…………..…90
4.14.1 Klasifikasi Dongéng……….…………....90
4.14.2 Struktur Dongéng………...…………..90
4.14.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng...………..……….. 93
4.15 “Sasakala Uncal Tandukan”…………..………..…94
4.15.1 Klasifikasi Dongéng……….………94
4.15.2 Struktur Dongéng……….94
4.15.3 Ajén Étnopédagog tina Dongéng………...……..98
4.16 “Kunaon Biruang bet jadi Galak”………...…....99
viii
4.16.2 Struktur Dongéng………...…..99
4.16.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...102
4.17 “Talaga Warna”………...102
4.17.1 Klasifikasi Dongéng………...102
4.17.2 Struktur Dongéng………...103
4.17.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...106
4.18 “Sasakala Lalay”………...107
4.18.1 Klasifikasi Dongéng………...107
4.18.2 Struktur Dongéng………...108
4.18.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……...……….. ………111
4.19 “Si Kabayan Ngimpi’………..…………..111
4.19.1 Klasifikasi Dongéng……….……..…111
4.19.2 Struktur Dongéng……….…….….112
4.19.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……...……….………..115
4.20 “Nyi Loro Kidul’……….……..115
4.20.1 Klasifikasi Dongéng………..….115
4.20.2 Struktur Dongéng………...…116
4.20.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……….……….119
4.21“Hayam Jago Kongkorongok Subuh”………...….120
4.21.1 Klasifikasi Dongéng………...120
4.21.2 Struktur Dongéng………...121
4.21.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng...………. ……….123
4.22 “Situ Sanghyang”………..124
4.22.1 Klasifikasi Dongéng………..………….124
4.22.2 Struktur Dongéng………..………….124
4.22.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…………...……….………..127
4.23 “Budak Pahatu”………...………..127
4.23.1 Klasifikasi Dongéng………..…….127
ix
4.23.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…………...……….…..130
4.24 “Sasakala Situ Bagendit”………..132
4.24.1 Klasifikasi Dongéng………...132
4.24.2 Struktur Dongéng………...132
4.24.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………. ...……….135
4.25 “Kuya Ngagandong Imahna”………..………..136
4.25.1 Klasifikasi Dongéng……….………..136
4.25.2 Struktur Dongéng……….………..136
4.25.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….138
4.26 “Bawang Bodas Bawang Beureum”………...………..139
4.26.1 Klasifikasi Dongéng……….………..139
4.26.2 Struktur Dongéng……….…………..140
4.26.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………...………..………….144
4.27 “Sakadang Monyét Melak Cau”………146
4.27.1 Klasifikasi Dongéng……….………..146
4.27.2 Struktur Dongéng………..……….146
4.27.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….149
4.28 “Sasakala Gunung Putri”……….……..151
4.28.1 Klasifikasi Dongéng……….…..151
4.28.2 Struktur Dongéng………...…151
4.28.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..….154
4.29 “Sasakala Lutung Buluna Hideung Sébra Buluna Belang”………..…155
4.29.1 Klasifikasi Dongéng……….……..155
4.29.2 Struktur Dongéng………...……155
4.29.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongén………..…….159
4.30 “Beurit Pinter”……….…..160
4.30.1 Klasifikasi Dongéng………...…160
4.30.2 Struktur Dongéng………..….161
4.30.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...164
x
4.31.1 Klasifikasi Dongéng………...…166
4.31.2 Struktur Dongéng………..….166
4.31.3 Ajén Étnopédagog tina Dongéng…...………169
4.32 “Sasakala Cai Laut Asin”………..170
4.32.1 Klasifikasi Dongéng………...…170
4.32.2 Struktur Dongéng………...170
4.32.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...174
4.33 “Aki-aki jeung Situ Gedé”………174
4.33.1 Klasifikasi Dongéng………...174
4.33.2 Struktur Dongéng………...174
4.33.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..………….178
4.34 “Raja jeung Doran Pacul”……….…………179
4.34.1 Klasifikasi Dongéng………...…………179
4.34.2 Struktur Dongéng………...…………179
4.34.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….182
4.35 “Sakadang Toké jadi Raja”……….……..183
4.35.1 Klasifikasi Dongéng………..…….183
4.35.2 Struktur Dongéng………...……183
4.35.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng………...………..….186
4.36 “Sakadang Ucing jeung Beurit Mumusuhan”……….…..186
4.36.1 Klasifikasi Dongéng….……….….186
4.36.2 Struktur Dongéng………...…187
4.36.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...190
4.37 “Situ Gedé”………...191
4.37.1 Klasifikasi Dongéng………...191
4.37.2 Struktur Dongéng………...191
4.37.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………...194
4.38 “Tasikmalaya Nagri Sarébu Gunung”………...196
4.38.1 Klasifikasi Dongéng………...196
xi
4.38.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…….……….200
4.39 “Parakan Honjé”………...……….201
4.39.1 Klasifikasi Dongéng……….………..201
4.39.2 Struktur Dongéng………...………201
4.39.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng…...………..……….205
4.40 “Maung Sieuneun ku Tai Manuk”………..………..205
4.40.1 Klasifikasi Dongéng……….………..205
4.40.2 Struktur Dongéng………..……….206
4.40.3 Ajén Étnopédagogi tina Dongéng……...………..……….209
BAB V KACINDEKAN & SARAN.……….211
5.1 Kacindekan………..…211
5.2 Saran………..………..214
DAFTAR PUSTAKA…… ...…..………..215
LAMPIRAN…. ...218
1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Manusa hirup teu leupas ti lingkunganna, sabab manusa mangrupa mahluk
sosial nu enas-enasna mah butuh ku jalma séjén dina hirup kumbuhna. Nya di
dinya témbong interaksi sosial antara hiji manusa jeung manusa lianna. Interaksi
sosial mangrupa konci tina kahirupan sosial.
Ilaharna, tina interaksi sosial téh sok ngadatangkeun balukar positip jeung
balukar négatif. Balukar négatif tina interaksi sosial baris mangaruhan jalma
pikeun ngalakukeun hal-hal nu teu luyu jeung norma-norma agama katut norma
tatanan nagara. Kiwari loba kajahatan nu tumiba di masarakat, contona garelut nu
disababkeun ku hal-hal nu teu sapira akibat kadupak keur lalajo atawa gara-gara
masalah awéwé, parebut panumpang, malah nepi ka masalah politik, nu
ngabalukarkeun rajapati.
Pikeun mageran pangaruh négatif nu neba di lingkungan, manusa butuh ku
sistem pikeun nadah éta pangaruh négatif téa. Éta sistem pikeun ngungkulan
pangaruh négatif téh jengglénganana mangrupa aturan dina wangun tinulis jeung
teu tinulis.
Aturan nu teu tinulis sabenerna nyampak dina budaya lokal. Dina budaya
lokal leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palasipah hirup. Éta ajén-inajen téh
nyangkaruk dina sawatara matéri budaya kayaning sastra.
2
Karuhun urang Sunda nepikeun pikiran, ide jeung rasana dina wangun carita
sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan, kaasup karya sastra. Sabab
karya sastra nyaritakeun rupa-rupa masalah kahirupan manusa boh nu karasa, boh
nu katingali ku pangarang. Nurgiyantoro (2007:3) nyebutkeun salaku karya sastra
imaginér, carita rékaan (fiksi) nyaritakeun rupa-rupa masalah manusa jeung
kamanusaan, hirup jeung kahirupan.
Sastra mangrupa salah sahiji cabang kasenian anu geus aya ti ratusan taun
ka tukang (Danandjaja, 2002:9). Sastra henteu ngan diajén salaku hiji karya
kréatif anu dimangpaatkeun pikeun konsumsi inteléktual di sagigireun konsumsi
émosi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Rasmita (2000:2) anu nyebutkeun yén anu
disebut sastra téh nya éta karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaéndahan boh
eusina boh rakitanana.
Dina tradisi masarakat tutur, sastra lisan beuki mekar, ieu hal téh
lumangsung lantaran masarakat jaman baheula can ngabogaan média pikeun
hiburan ka anggota masarakat séjénna. Pikeun nyumponan éta hal diciptakeun
carita-carita sastra pikeun ngirut panitén masarakat. Pungsi sastra lisan salian ti
pikeun hiburan, bisa ogé jadi alat pikeun ngajarkeun atikan moral utamana pikeun
barudak. Biasana dina sastra lisan mibanda atikan-atikan moral nu dipercaya tur
dijadikeun conto patokan ku masarakat. Ku sastra, masarakat bisa ngedalkeun
rupaning kréativitasna ngagunakeun basa nu éndah, antukna nepi ka kiwari sastra
3
Rusyana (1978:1-2) nétélakeun yén sastra lisan nya éta sastra nu hirup
jeung sumebarna lain dina wangun tinulis. Ciri lianna tina sastra lisan nya éta
katradisianna.
Sastra daerah (sastra lisan) hirup di sabagéan wilayah Indonesia. Pungsi
sastra daérah pikeun ngébréhkeun alam pikiran manusa, sikep jeung ajén-ajén
budaya masarakat nu ngadukungna, nu ngarojong kamekaran basa daérah jeung
sastra Indonésia ogé nepikeun gagasan-gagasan nu ngarojong pangwangunan
(Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, 1977:23-37). Ku kituna, sastra
lisan perlu dimumulé jeung dipiara. Salasahiji cara miarana nya éta ngaliwatan
panalungtikan sabab salasahiji panalungtikan sastra lisan nya éta ngarékam carita
nu ditranskipkeun dina wangun tulisan.
Sastra lisan mangrupa karya kréatip para pangarangna nu dianggap
ngagambarkeun kahirupan masarakatna, nya éta ngeunaan sawangan hirup jeung
kawijakanna. Ku kituna, sastra lisan ngabogaan ajén.
Salah sahiji ajén nu nyangkaruk dina sastra nya éta ajén budaya. Upama éta
matéri budaya diguar tur disurahan kalawan gemet, tanwandé baris ngaruniang
rupaning tuduh hirup pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé.
Dongéng téh mangrupa salah sahiji matéri nu nyampak dina sastra buhun.
Kaasup kana wangunan prosa. Dina hirup kumbuh masarakat Sunda, dongéng
tumuwuh tur mekar kalawan lisan tur tatalépa. Kabéhdieunakeun, sanggeus
masarakat Sunda wawuh jeung tradisi tulis, éta wangun sastra lisan téh
didokuméntasikeun dina buku. Ku ieu hal téh, masarakat bisa leuwih laluasa
4
dongéng, masarakat asup kana pangalaman atawa imajinasi ngaliwatan para
palaku dina caritana.
Panalungtikan kana dongéng kawilang penting dipigawé pikeun maluruh
rélevansi dongéng jeung kanyataan nu aya di masarakat. Ajén-ajén nu aya dina
dongéng ngagambarkeun réalita sosial nu mawa pangaruh ka masarakatna. Ku
kituna, dongéng bisa dijadikeun médium pikeun mikanyaho réalitas sosial nu
diolah kalawan kréatip ku pangarang.
Dongéng mangrupa salasahiji wangun sastra lisan nu ngagambarkeun
kahirupan manusa. Dongéng mibanda ajén-inajén nu réligius jeung kamanusaan
anu universal, nya éta ngagambarkeun kahirupan manusa dina jamanna. Ajén
inajén nu nyampak dina dongéng méré tuladan ka masarakat.
Eusi dongéng bisa dipikanyaho lamun ditalungtik ngagunakeun rupa-rupa
pamarekan diantarana struktural jeung hermeneutika. Unsur ajén-inajén nu aya
dina dongéng bisa dijadikeun tetekon dina kahirupan sapopoé jeung
ngabeungharahan batin masarakat. Dongéng ngandung ajén-inajén budaya nu
dijieun ku pangarang ngaliwatan seni basana. Loba dongéng nu mibanda idé
gedé, pikiran, pangalaman jiwa nu alus, tinimbangan ngeunaan sipat alus jeung
goréng, rasa kaduhung geus ngalakukeun dosa, rasa karunya, jeung kamandang
kamanusaan nu luhung. Koentjaraningrat (1984: 8-25) nyebutkeun yén ajén
budaya téh tahapan mimiti kabudayaan idéal atawa adat. Ajén budaya nya éta
lapisan paling abstrak jeung lega ruang lingkupna. Ieu tahapan téh mangrupa
idé-idé nu ngonsépkeun ngeunaan hirup nu dianggap ngandung ajén-inajén budaya
5
salaku tetekon pangluhungna pikeun kalakuan manusa nu leuwih kongkrit, kitu
deui étika dina campur gaul museur kana ajén budaya nu mangrupa kaaripan
lokal.
Ajén-inajén dina dongéng téh saterusna dijadikeun bahan pikeun
panalungtikan. Éta ajén-inajén téh diulik pikeun larapkeuneun dina perkara
pédagogik, nu engkéna baris museur kana hiji obyék ulikan étnopédagogi.
Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu
dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Ieu dongéng dipilih lantaran ieu dongéng
téh geus ngaliwatan tahap seléksi ti unggal wewengkona nu tinangtu euyeub ku
ajén atikan dumasar kaaripan lokal.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Ieu panalungtikan téh rék diwatesanan medar perkara sawatara dongéng nu
dipasanggirikeun di Kota Tasikmalaya.
1.2.2 Rumusan Masalah
Sangkan masalah nu dipedar museur kana tujuan nu dipimaksud
diperlukeun rumusan masalah. Masalah nu rék ditalungtik dina ieu panalungtikan
nya éta:
1) Kumaha papasingan dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya?
Dina ieu hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma
teu lumrah, jeung dongéng sasakala.
6
3) Ngaliwatan ulikan hermemeutik, ajén étnopédagogi naon waé nu aya
dina dongéng di kota Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Hiji panalungtikan kudu museur, sangkan museur jeung teu méngpar tina
pedaran utamana. Ku kituna, ieu panalungtikan téh tujuanna pikeun:
1) Ngelompokkeun dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Dina ieu
hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma teu lumrah,
jeung dongéng sasakala;.
2) Ngadeskripsikeun struktur dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya;
3) Ngadéskripsikeun ajén étnopedagogi nu aya dina dongéng di kota
Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Dumasar kana tujuan panalungtikan, ieu panalungtikan téh mibanda
sababaraha mangpaat, di antarana:
1) Pikeun ngamumulé salasahiji warisan karuhun;
2) Pikeun jadi latihan dina nganalisis karya sastra, hususna ngeunaan ajén
étnopédagogi;
3) Bisa digunakeun salaku bahan ajar ngaprésiasi karya sastra;
4) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun dokumén ngeunaan karya dongéng nu
sumebar di Kota Tasikmalaya.
7
Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan
didéfinisikeun sacara operasional sakumaha ieu di handap.
1) Ajén-ajén étnopédagogi
Ajén, pangaji, harga: ngajénan, ngahormatan, ngahargaan (LBSS, 1995:7).
Étnopédagogi nya éta praktek atikan dumasar kaarifan lokal {Alwasilah,
2010:45).
Ajén-ajén étnopédagogi dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa
ajén-ajén kaaripan lokal nu nyampak dina dongéng.
2) Dongéng di Kota Tasikmalaya
Dongéng nya éta carita rékaan dina wangun lancaran nu panjangna rélatip
pondok jeung ngandung unsur pamohalan.
Kota Tasikmalaya nya éta hiji kota di Priangan wétan nu diresmikeun jadi
kota dumasar Undang-undang No.10 Taun 2001. Kota Tasikmalaya ngawengku
10 kacamatan, 69 kalurahan.
Dongéng di Kota Tasikmalaya dina ieu panalungtikan nya éta carita
rékaan nu ngandung unsur pamohalan. nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Nu jadi
obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng nu dipasanggirikeun bulan Maret
taun 2011 di Kota Tasikmalaya.
3) Ulikan Stuktur jeung Hermeneutik
Struktur asal kecapna tina struktura (basa Latin) nu hartina wangun atawa
8
Strukturalisme téh salasahiji pamarekan dina panalungtikan sastra nu
leuwih museurkeun nalungtik hubungan antara unsur-unsur nu ngawangun
sastrana.
Ulikan Struktural nya éta ngadadarkeun teks dongéng dumasar
unsur-unsur intrinsik pikeun mikanyaho patalina éta unsur-unsur. Dina ieu panalungtikan
analisis téks didadarkeun pikeun néangan hubungan sabab-musababna
unsur-unsur pangwangun karya sastra saperti dina alur jeung palaku.
Sacara étimologis, kecap hermeneutika asalna tina basa Yunani:
hermeneuin nu hartina “napsirkeun”. Kecap hermeneuin lamun diIndonésiakeun
jadi hermeneutika nu hartina napsirkeun atawa ngébréhkeun pikiran hiji jalma
dina kecap nu dipakéna (Martono, 2006:11). Nu ditapsirkeun dina ieu
29
BAB III
METODOLOGI PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Panalungtikan ngeunaan ajén-ajén étopédagogi dina dongéng nu sumebar
di kota Tasikmalaya téh maké pamarekan kualitatif. Pamarekan kualitatif dipaké
sabab data nu dikumpulkeun jeung cara nganalisisna ku cara kualitatif, sedeng
métode nu dipakéna nya éta métode deskriptif. Ieu hal dipilih sabab digunakeun
pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu
sipatna alamiah, boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikan kana
wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana
jeung fénoména liana (Sukmadinata, 2009: 72).
2.1 Data jeung Sumber Data
Data dina ieu panalungtikan nya éta 68 dongéng nu kungsi
dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya, tapi sabada ditalungtik eusina loba nu
sarua, ngan judulna nu béda. Ku kituna, dongéng nu ditalungtik téh jadina 40
dongéng, sok sanajan aya 2 judul dongéng nu sarua tapi eusina béda.
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data
Ngumpulkeun data raket patalina jeung masalah panalungtikan nu kudu
diréngsékeun. Masalah panalungtikan bakal méré arah jeung mangaruhan pikeun
nangtukeun métode ngumpulkeun data. Loba masalah nu geus dirumuskeun
henteu bisa diréngsékeun kalawan hadé, lantaran métode pikeun meunangkeun
data nu dibutuhkeun henteu bisa ngahasilkeun data sakumaha nu dipiharep.
30
Ngumpulkeun data dina panalungtikan ilmiah nya éta prosédur anu
sistematis pikeun meunangkeun data anu diperlukeun (Satori, 2009:103). Téhnik
ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngaliwatan studi pustaka jeung
analisis eusi.
3.3.1 Studi Pustaka
Suyatna (2002: 19) nétélakeun, yén studi pustaka téh néangan rupa-rupa
téori anu dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan.
3.3.2. Analisis Eusi
Fraenkel (2007: 472) nétélakeun, yén analisis eusi téh nya éta téhnik anu
ngamungkinkeun panalungtik pikeun nalungtik paripolah manusa sacara teu
31
3.4 Skéma Panalungtikan
Identifikasi masalah
é
Analisis
2112
2
BAB V
KACINDEKAN & SARAN
5.1. Kacindekan
Dumasar hasil panalungtikan tina 68 dongéng anu ditalungtik anu béda téh
ukur 40 dongéng. Tina 40 dongéng téh, aya 2 dongéng sasakala anu nyaritakeun
asal-usul hiji tempat, tapi palaku jeung jalan caritana béda.
Dumasar hasil analisis klasifikasi dongéng, kapanggih yén lolobana
dongéng sasakala, nu lobana aya 22 dongéng, 12 dongéng fabel, 5 dongéng
parabel, jeung 1 dongéng mite.
Sabada nganalisis strukturna, kapanggih yén téma nu nyangkaruk tina
dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya lolobana ngeunaan hirup kumbuh di
masarakat, Ieu téma téh ngeunaan kulawarga, percintaan, hubungan jeung papada
mahluk hirup, ogé kakawasaan. Palaku nu aya dina dongéng rata-rata diwakilan
ku jalma biasa, jalma sakti, Raja, Putri, jeung sasatoan. Latar tempat nu
digunakeun umumna di leuweung, kebon, pasawahan, basisir, jeung
pakampungan. Galur nu nyampak tina 40 dongéng kabéhanna maké galur mérélé.
Amanat nu ditepikeun ku pangarang rata-rata yén dina hirup kumbuh di masarakat
téh kudu maké tingkah paripolah nu hadé luyu jeung tetekon agama katut
darigama.
Tina 40 dongéng nyangkaruk ajén-ajen étnopédagogi. Ajén étnopédagogi
nu aya hubunganna jeung kapribadian ngawengku kudu tuhu kana pasini,
henteu pondok harepan , tong haripeut ku pangbibita, ulah gampil ngaluarkeun
2122
2
ucap, butuh pitulung batur, pinter, réa akal, luhung élmu jembar panalar, henteu
takabur, ulah ngarasa pangaingna (adigung) tapi kudu handap asor, kudu asak
tinimbangan ulah gurung gusuh, calakan, ngagugu napsu bakal kaduhung, sipat
adigung lain sipat nu alus, ulah ngalamun, hirup kudu calakan, hirup kudu
waspada, adil, wijaksana, ulah ginding ku barang batur, ulah maksa, kudu sabar,
bageur, bener, ulah sarakah, narima titis tulis, teu putus harepan, ulah dir jeung
sombong, ulah korét, soson-soson, bageur, bener, nyiar élmu, ulah takabur, ulah
kurung batok, jeung ulah pidunya.
Tina 40 dongéng nu ditalungtik, éta dongéng téh ngandung ajén-ajén
étnopédagogi nu aya hubunganna jeung masarakat. Ieu ajén ngawengku hirup
kudu luyu jeung aturan , sauyunan, tutulung ka nu susah, aya idin ti pamajikan,
hirup kudu silihtulungan, musyawarah pikeun mupakat, badami, gotong royong
,sieun, mulang tarima, silih ingétan, euweuh nu resep ka jalma nu sarakah, hormat
ka kolot, sipat adigung lain sipat nu alus, hayang ditaksir, jadi jalma kudu
beunang dipercaya, kudu bisa ngajénan batur, ku rasa éra sagala gé dibikeun,
bohong bakal kapanggih jeung bakal meunang wawales, sombong tur adigung teu
dipikaresep, embung kalindih jeung kasaingan, béréhan ka sasama, tara
ngabéda-béda jalma,waspada, ngarasakeun kasusah kolot jeung sopan.
Dumasar hasil nalungtik tina ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna
jeung alam, dongéng nu 40 téh ngandung ajén étnopédagogi. Ieu ajén téh nya éta
manusa merlukeun suluh, manusa butuh ku tutuwuhan, manusa merlukeun alam,
2132
2
Ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kapercayaan aya 7 ajén.
Ieu ajén téh ngawengku percaya ka Déwata nu ngajaga, sukuran, percaya ka
Gusti Alloh, manusa ukur ihtiar nu nyageurkeun Nu Maha Kawasa, ngado’a, dosa
kawin ka indung, jeung percaya kana paririmbon téh musrik.
Ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kasugemaan lahiriah
jeung bathiniah aya 11 ajén. Ieu ajén-ajén téh nya éta hayang beunghar, embung
dijodokeun, hirup tentrem, nikah, boga turunan, permaisuri, dahareun teu halal,
kalangenan, miara sasatoan, nembang, jeung nyorangan.
Dumasar hasil ulikan ajén-ajén étnopédagogi nu nyangkaruk dina dongéng
nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Ieu dongéng bisa dijadikeun salahsahiji bahan
ajar, sabab dumasar wangun basana, wangun caritana, jeung ajén nu nyangkaruk
dina dongéng nu 40 bisa dipaké salaku alternatif bahan pangajaran di TK, SD,
SMP, jeung SMA.
Ku ngajarkeun dongéng nu ngandung ajén-ajén étnopédagogi, dipiharep
jadi salahsahiji léngkah stratégis dina nanjeurkeun atikan kasundaan, bisa nuyun
masarakat Sunda sangkan leuwih motékar jeung parigel tur napak dina kasadaran
budaya Sunda, nu ngarojong pangwangunan bangsa.
5.6 Saran
Dumasar hasil kacindekkan di luhur, aya sababaraha hal nu perlu
disarankeun. Kahiji, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa
dijadikeun bahan pangajaran, sabab ieu dongéng téh ngandung ajén étnopédagogi
2142
2
Kadua, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa
ditalungtik ku cara panalungtikan nu béda.
Katilu, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya luyu jeung
atikan karakter. Ku kituna, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya
bisa dijadikeun bahan pangajaran berbasis karakter.
Kaopat, Pamaréntah alusna ngayakeun panalungtikan ngeunaan
dongéng-dongéng ti Kota Tasikmalaya, sabab ieu hal pikeun maluruh sabagéan budaya nu
tacan kaguar.
212
DAFTAR PUSTAKA
Alwasilah, Chaedar spk. 2009. Etnopedagogi. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Anas, Zulfikri. 2011. Membangun Karakter dan Go Internasional Melalui Pembelajaran yang Berbasis Kearifan. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI.
Danandjaja, James.2002. Folklor Indonesia:Ilmu Gosip, Dongéng, dan lain-lain. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.
Fraenkel, J.R. & Wallen, N.E. 1990. How to Design and Evaluate Research in Education. New York: McGraw Hill Publishing Company.
Hadi, Abdul. 2008. Hermeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta: Pusat Bahasa Departeumen Pendidikan Nasional.
Hasan, Hamid Said spk. 2010. Pengembangan Pendidikan Budaya dan Karakter Bangsa. Jakarta: Kementrian Pendidikan Nasional Badan Penelitian dan Pengémbangan Pusat Kurikulum.
Iskandarwassid jeung Dadang Sunendar. 2008. Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Sekolah PascaSarjana dan PT. Remaja Rosdakarya.
Iskandarwassid spk. 2009. Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI BANDUNG.
Jabrohim (Ed). 2003. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: PT. Hanindita Graha Widya.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung. 1988. Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: UPI Bandung.
Kartadinata, Sunaryo. 2010. Etnopedagogik: Sebuah Resureksi Ilmu Pendidikan (Pedagogik). Bandung: Pascasarjana UPI Bandung.
Kartadinata, Sunaryo. 2011. Membangun Atikan Sunda Melalui Penerapan Unsur Budaya: Sebuah Kerangka Berpikir. Bandung: UPI Bandung.
Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. Bandung: CV Wahana Grafika.
Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI.
Koentjaraningrat. 1969. Arti Antropologi Untuk Indonesia Masa Kini. Djakarta: Lembaga Ilmu Pengétahuan Indonesia.
Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Djakarta: Djambatan.
Kurnia, Ganjar. 2011. Masarakat Sunda jeung Alamna. Bandung: Cahara Bumi Siliwangi No. 8.
216
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Nurgiyantoro, Burhan. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.
Palmer, Richard E. 2005. Hermeneutika. Yogyakarta: Pustaka Jaya.
Priyadi, A. Totok. 2010. Analisis Struktur dan Makna Cerita Dayak Kanayatn (Disertasi). Bandung: UPI Bandung.
Propp, Vladimir. 1987. (ed Melayu). Morfologi Cerita Rakyat (terj. Noriah Taslim). Malaysia: Percétakan Sais Baru Bgdn. Bhd.
Pudentia MPSS (ed). 1998. Seri Tradisi Lisan: Metodologi Kajian Tradisi Lisan. Jakarta:Yayasan Obor Indonesia dan Yayasan Asosiasi Tradisi Lisan.
Retty Isnendes, Chye. 2010. Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.
Rosidi, Ajip. 2009. Manusia Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Rosidi, Ajip spk. 2010. Masa Depan Budaya Daérah. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.
Rosyidi, M. Ikhwan spk. 2010. Analisis Teks Sastra. Yogyakarta: Graha Ilmu.
Ruhaliah. 2010. Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Rusyana, Yus.1981. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.
Rusyana, Yus. 1984. Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV Dipenegoro.
Rusyana, Yus. 2001. Peranan Tradisi Lisan dalam Ketahanan Budaya. Jakarta: Festival dan Workshop Tradisi Lisan Nusantara.
Sadi Hutomo, Suripan. 1991. Mutiara yang Terlupakan: Pengantar Studi Sastra Lisan. Komisariat Jawa Timur: HISKI.
Salmun, M.A. 1963. Kandaga: Kasusastraan Sunda. Bandung: Taraté.
Santosa, Puji. 1999. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.
Satori, Djam’an dan Aan Komariah, M.Pd.2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung:Alfabéta.
217
Sumaryono, E. 1999. Hermeneutik Sebuah Metode Filsafat. Yogyakarta: KANISIUS.
Sumardjo, Jakob. 2004. Hermeneutika Sunda: Simbol-simbol Babad Pakuan/Guru Gantangan. Bandung: Kelir.
Sudjiman, Panuti. 1992, Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
Suryalaga, Hidayat. 2010. Filsapat Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.
Suryalaga, Hidayat. 2010. Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah
Suwondo, Tirto. 2003. Studi Sastra:Beberapa Alternatif. Yogyakarta: PT Hanindita Graha Widya.
Tarigan, Henry Guntur.1995. Dasar-dasar Psiko Sastra. Bandung:Angkasa.
Teeuw. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.
Teeuw. A. 1994. Indonesia Antara Kelisanan dan Keberaksaraan.Jakarta: PT Penebar Swadaya.
Warnaen, Suwarsih spk. 1987. Pandangan Hidup Orang Sunda. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian.