• Tidak ada hasil yang ditemukan

WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA KALIMAH NGANTÉT DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA KALIMAH NGANTÉT DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA."

Copied!
23
0
0

Teks penuh

(1)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... vi

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR BAGAN ... xi

DAFTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan ... 6

1.2.1 Watesan Masalah Panalungtikan ... 6

1.2.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 7

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 8

1.5 Définisi Istilah ... 8

1.6 Sistematika ... 10

BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR 2.1 Ulikan Tiori ... 12

2.1.1 Sintaksis ... 12

2.1.2 Klausa ... 14

2.1.2.1 Unsur Fungsional Klausa ... 15

2.1.2.2 Klausa Bébas ... 27

2.1.3 Kecap Panyambung (Konjungsi) ... 43

2.1.4 Kalimah ... 46

2.1.4.1 Wangenan Kalimah ... 46

2.1.4.2 Unsur Kalimah ... 47

2.1.5 Kalimah Ngantét ... 57

2.1.5.1 Wangun Kalimah Ngantét ... 57

2.1.5.2 Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét ... 61

2.1.6 Kawih ... 69

2.2 Anggapan Dasar ... 74

(2)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan ... 76

3.2 Sumber Data ………. 76

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 77

3.4 Instrumén Panalungtikan ... 78

3.5 Desain Panalungtikan ... 78

3.6 Téhnik Ngolah Data ... 86

BAB IV WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA 4.1 Déskripsi Data ... 81

4.2 Analisis Data ... 89

4.2.1 Wangun Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda ... 89

4.2.2 Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda ... 91

4.2.2.1 Hubungan Jumlah ... 92

4.2.2.2 Hubungan Lalawanan ... 94

4.2.2.3 Hubungan Tumuluy ... 97

4.2.2.4 Hubungan Sinambung ... 96

4.2.2.5 Hubungan Panandes ... 100

4.2.3 Pedaran hasil Panalungtikan ... 101

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 104

5.2 Saran ... 105

DAFTAR PUSTAKA ... 113

LAMPIRAN-LAMPIRAN... 116

(3)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa Sunda mangrupa basa indung (mother tongue) pikeun urang Sunda,

boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Basa Sunda anu nyampak

ayeuna mangrupa hasil tina kamekaran ti mangsa ka mangsa. Éta kamekaran téh

ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang Sunda anu kapangaruhan ku suasana

tempat jeung waktu anu kasorang dina sajarah hirupna. Kamekaran basa Sunda

sajalan jeung kamekaran kahirupan kabudayaan urang Sunda. Ari sababna basa

téh miboga fungsi pikeun nyumponan sabagian tina pangabutuh anggota

masarakat dina hirup kumbuhna.

Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan

sosial-budaya anu makéna, nepi ka miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun

budaya Sunda deuih (Sudaryat,2007: 2). Jaba ti éta, basa Sunda mibanda

kalungguhan salaku basa daérah anu hirup-huripna ditangtayungan ku nagara.

Luyu jeung UUD 1945 (hasil Amandemen), Bab XIII, Pasal 32, ayat 2 anu

nétélakeun yén “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai

kekayaan budaya nasional”.

Dina kalungguhanana salaku basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku

Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén

atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri

(4)

masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola

dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran bahasa

Indonesia jeung pangajaran lianna jeung, (6) alat pamekar jeung pangdeudeul

budaya Sunda (Halim dina Sudaryat,2007: 2). Nilik kana éta hal, tétéla basa

Sunda miboga fungsi nu kalintang pentingna dina kahirupan urang Sunda. Kiwari

pikeun kalumangsungan hirup-huripna basa Sunda Pemda Propinsi Jawa Barat

ngaluarkeun Perda Nomer 5 taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra

dan Aksara Daerah“.

Pamakéan Basa Sunda téh lain ngan ukur digunakeun dina komunikasi

lisan, tapi ogé digunakeun dina komunikasi tulisan boh dina situasi resmi boh

situasi teu resmi. Dina situasi resmi basa Sunda digunakeun upamana dina

gempungan, seminar, lokakarya, buku pelajaran basa Sunda pikeun murid di

sakola, ngajarkeun pangajaran basa Sunda di sakola, jeung sajabana. Dina situasi

teu resmi basa Sunda digunakeun dina hubungan kulawarga di imah, antara

tatangga nu saséké-sélér Sunda, jeung anggota masarakat lianna nu maham kana

basa Sunda. Salian ti éta basa Sunda digunakeun pikeun sababaraha kaperluan

saperti urusan pamaréntahan, dagang, tatanén, atikan, kaséhatan, kaagamaan,

dunya industri, téknologi, patalimarga, pakasaban, sosial, ékonomi, pulitik,

budaya, Jeung karya sastra.

Wellek jeung Warren (1989:14) nétélakeun yén basa mangrupa bahan

baku kasusastraan, saperti batu jeung tambaga pikeun seni patung, cét pikeun

(5)

(saperti batu), taya lian ciptaan manusa, jeung miboga muatan budaya jeung

linguistik ti kolompok basa nu tangtu.

Pikeun ningali digunakeunana basa anu has sastra urang kudu

ngabédakeun basa sastra, basa sapopoé, jeung basa ilmiah. Basa sastra sifatna

konotatif, miboga fungsi ékspresif, nuduhkeun nada (tone), jeung sikep nu nyarita

atawa nu nulisna. Basa sapopoé miboga fungsi ékspresif nu komunikatif. Basa

ilmiah sipatna dénotatif: aya kasaluyuan antara tanda (sign) jeung anu dimaksud

(refernt). Basa nu konotatif dipaké dina karya sastra saperti puisi, aya tipe-tipe

puisi nu tangtu nu kalayan ngahaja ngagunakeun paradoks, ambiguitas,

ngagésérna harti sacara kontékstual, asosiasi irasional kalayan ngagunakeun

kategori tatabasa saperti gender jeung tense. Basa puitis ngatur, ngandelan sumber

daya basa sapopoé. Aya kalana ngahaja nyieun kasalahan-kasalahan pikeun maksa

nu maca merhatikeun jeung sadar.

Puisi nya éta karya sastra anu miara euyeubna basa. Ngaliwatan puisi aya

kalana basa nu geus leungit diaktifkeun deui. Salian éta, loba diciptakeun

kekecapan atawa gejala anyar lianna (idiom, adegan kalimah). Ku stilistikana,

puisi ogé loba méré imaji nu ngajembaran basa. Basa Puisi ogé bisa berpretensi

miboga tujuan kana dirina pribadi jeung hayang nyiptakeun hiji wangun émosi

(dina harti nu lega) puitis nu sipat jeung pangaruhna kana pangrasa nu maca

kalintang ragemna.

Basa digunakeun salaku medium dina karya sastra. Salasahiji hasil karya

sastra Sunda, di antarana waé, puisi. Puisi nu dihaleuangkeun maké rumpaka

(6)

pupuh (Sopandi jeung Oyon Sofyan Umsari, 1985:7). Istilah kawih geus lila

disabit-sabit ku urang Sunda, di antarana, nu ditulis dina naskah Sanghyang

Siksakandang Karesian anu ditulis dina daun palem dina taun 1518:

Hayang nyaho di sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, kawih sisi(n)diran, kawih pengpeledan, kawih bongbongkaso, kawih pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung , kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan, sing sawatek kawih ma, paraguna tanya.

Lamun seug nengetan genre kawih nu ditataan di luhur, kiwari mah geus

teu bisa kapanggih deui. Apung S. Wiraatmadja (1964:76-77) ngabagi genre

kawih jadi tilu nya éta kawih budak, kawih kolot, jeung kawih anyar. RMA

Koesoemadinata ( Soepandi, 1985: 14 ) nétélakeun yén kawih téh nya éta sekar

(tembang=kawih). Kadieunakeun istilah kawih dibédakeun tina tembang. Kiwari

kawih dihartikeun sekar tandak, ari tembang dihartikeun sekar irama merdéka.

Kawih minangka karya sastra nu rumpakana disusun dina Basa Sunda.

Éta Rumpaka nu disusun dina basa Sunda téh winangun kalimah-kalimah. Ari

papasingan kalimah bisa disawang tina rupa-rupa hal, salasahijina disawang tina

jumlah jeung warna klausa pangwangunna. Nurutkeun jumlah jeung warna klausa

pangwangunna, kalimah bisa dibédakeun jadi kalimah salancar, jeung kalimah

ngantét. Struktur kalimah dina rumpaka kawih téh diwangun ku rupa-rupa

komponen nu pakait. Hubungan antara éta komponén-komponén téh nimbulkeun

rupa-rupa harti, boh nu mangrupa fungsi (peran) semantis boh nu mangrupa

hubungan semantis antara éta komponén.

Panalungtikan ngeunaan struktur basa Sunda geus loba dilakukeun boh

(7)

sintaksis), boh subsistem leksikal. Panalungtikan nu patalina jeung struktur basa

Sunda téh, di anatarana, “Struktur Bahasa Sunda Dialek Priangan” (Sutawijaya et

al, 1976), “Struktur Bahasa Sunda Pesisir Utara Jawa Barat” (Hardjasudjana et al,

1977), “Morfologi jeung Sintaksis Basa Sunda” (Sutawijaya et al, 1978) “Tata

Basa Sunda: Sintaksis” (Prawirasumantri et al, 1987 ),”Tata Bahasa Acuan

Bahasa Sunda” (Djajasudarma et al , 1991) “Tata Bahasa Sunda” (Dadi Sumardi

Spk. at el 1992). Dina éta panalungtikan-panalungtikan téh saeutik gedéna geus

didéskripsikeun ngeunaan fonologi, morfologi, fungsi sintaksis atawa unsur

fungsional klausa saperti Jejer (J), Caritaan (C), Udagan (U), Panglengkep (Pang),

jeung Katerangan (K). Éta Panalungtikan téh wengkuanana kalintang lega, nya éta

struktur basana sacara umum.

Salian ti panalungtikan nu ditataan di luhur, aya kénéh panalungtikan

lianna nu husus luyu jeung garapanana di antarana waé: (1) “A Typological Study

Of Sundanese” (disertasi) ditulis ku Nurahman (1997); (2) “Fungsi Sintaksis

dalam Klausa Bahasa Sunda sebagai Ancangan Bahan Pembelajaran Struktur

Bahasa” (Laporan Hibah Penelitian) ditulis ku Yayat Sudaryat (2000);

(3)“Adegan Diatesis Kalimah Sumélér dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot

karangan Karna Yudibrata” (Skripsi) ditulis ku Rani Rabiussani (2005); (4)

“Kalimah Ngantét Satata dina novel Payung Butut karangan Ahmad Bakri”

(Skripsi) ditulis ku Nia Kurniasih (2007); jeung (5) “Analisis Rumpaka Kawih

Tembang (Katem) Karya Nano S.” (Skripsi) ditulis ku Kania Pujasari (2007).

Dina éta panalungtikan-panalungtikan téh geus didéskripsikeun ngeunaan tipologi

(8)

aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, kalimah

ngantét satata nu aya dina novel Payung Butut karangan Ahmad Bakri, jeung

analisis puisi dina wanda katem beunang Nano S..

Panalungtikan ngeunaan struktur basa Sunda anu dipuseurkeun kana

struktur jeung semantik dina rumpaka Kawih Sunda sakaterang panalungtik can

aya. Hususna ngeunaan ulikan struktur kalimah dina rumpaka kawih Sunda

dumasar jumlah jeung warna klausa pangwangunna katut peran semantis dina

kalimah salancar sarta hubungan semantis dina kalimah ngantét. Ku kituna,

panalungtikan nu judulna “Wangun jeung Hubungan Semantis Antarklausa

Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda” perelu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Basa Sunda disusun ku rupa-rupa struktur, di antarana waé struktur

kalimah. Ulikan struktur kalimah téh rupa-rupa, di antarana dumasara kana: (a)

Jumlah jeung jenis klausa, (b) struktur internal klausa utama, (c) jenis responsi nu

dipiharep, (d) sipat hubungan aktor-aksi, (e) aya euweuhna unsur negatip dina

frasa verbal utama, (f) kabasajanan jeung kawewegan (g) posisina dina

paguneman, jeung (h) kontéks jeung jawaban nu dibikeun (Tarigan, 1984:8-9).

Struktur kalimah téh diwangun ku komponén-komponén nu pakait.

Hubungan antara éta komponén-komponén téh nimbulkeun rupa-rupa harti, boh

nu mangrupa fungsi semantis (peran) boh nu mangrupa hubungan semantis antara

(9)

udagan, panglengkep, jeung katerangan nuduhkeun harti anu béda kayaning

palaku, kalakuan, pangrandap, tempat jeung waktu. Hubungan semantis antara

éta komponén-komponén dina kalimah bisa nuduhkeun rupa-rupa harti saperti

jumlah, pilihan, lalawanan, undak, jsb.

Dina prosés nyiptakeunana, rumpaka kawih miboga unsur-unsur saperti:

(1) unsur basa, (2) unsur sastra, (3) eusi sastra, jeung (4) wangun sastra. Rumpaka

kawih dina ieu panalungtikan mangrupa média pikeun dijadikeun sumber data.

Dumasar kana lingkup di luhur, ieu panalungtikan diwatesanan kana

analisis struktur kalimah rumpaka kawih disawang tina jumlah jeung warna klausa

pangwangunna. Aspék semantis anu digarap dina ieu panalungtikan nyoko kana

hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, aya sababaraha masalah nu

kudu dirumuskeun. Éta rumusan masalah téh bisa ditepikeun dina wangun

pananya ieu di handap.

1) Kumaha wangun kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda?

2) Kumaha hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih

Sunda?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun dua hal anu

patali jeung kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Éta dua hal téh nyaéta:

(10)

2) hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan téh bisa ditilik tina jihat paélmuan jeung

kagunaan praktis. Tina jihat paélmuan, ieu panalungtikan téh gedé gunana geusan

nambahan jeung ngajembaran pangaweruh pamaké basa kana hal-hal nu aya

patalina jeung struktur basa Sunda dina rumpaka kawih Sunda.

Tina jihat kagunaan praktis, ayana panalungtikan kana rumpaka kawih

dipiharep bakal: (1) ngajembaran hasanah karya tata basa Sunda, (2) ngajembaran

wawasan keur nu minat kana tata basa Sunda, (3) méré input keur pangarang

kawih Sunda, (4) ngarojong jeung numuwuhmekarkeun kajian satuluyna dina

raraga ngalengkepan linguistik Sunda, jeung (5) mangrupa input pikeun guru

enggoning milih bahan pangajaran sintaksis hususna kalimah salancar jeung

kalimah ngantét.

1.5 Definisi Istilah

Pikeun ngagampangkeun panalungtikan, perelu dirumuskeun heula

sawatara istilah anu dipaké dina judul panalungtikan minangka variabelna. Éta

istilah téh nya éta, ulikan Sintaksis jeung Semantik, Rumpaka, jeung, Kawih

Sunda. Ieu dihandap éta istilah-istilah téh dijentrékeun.

a. Kalimah ngantét nya éta kalimah anu diwangun ku dua klausa atawa leuwih

anu sarua tahapanana, satata, atawa sadarajat. Klausa-klausa katut kecap

(11)

ngandung harti yén lamun dipaksa dipatukeurkeun, kalimahna jadi henteu

gramatis, henteu bisa ditarima ku akal séhat panyatur. Dina kalimah ngantét

mindeng aya kecap barang anu mangrupa ngaran dipakéna babarengan jeung

kecap sulurna. Lamun kecap barang jeung kecap sulur dipaké dina dua klausa

kalimah ngantét, kecap sulurna kudu ditempatkeun dina klausa sanggeus

klausa ngandung kecap barangna téa.

b. Wangun kalimah ngantét mangrupa rupa-rupa wujud kalimah ngantét dumasar

ciri sintaksisna, ngawengku kalimah koordinasi, nya éta hubungan antarklausa

bébas anu satata.

c. Hubungan semantis antar klausa mangrupa patali harti antarklausa anu

ngawangun kalimah ngantét. Hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét

téh aya sababaraha rupa, nya éta hubungan jumlah, lalawanan, pilih, tumuluy,

sinambung, jeung panandes.

d. Rumpaka nya éta “lirik”, “teks”, atawa kekecapan dina lagu (Wahyu Wibisana,

Spk., 2000:701).

e. Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh

(Atik Sopandi jeung Oyon Umsari, 1985: 5). Kawih diwangun ku dua unsur,

nya éta unsur musik jeung unsur sastra. Unsur musik ngalahirkeun lagu (nada

jeung wirahma), sedengkeun unsur sastra di antarana bisa katitén tina rumpaka

(12)

1.6 Sistematika

Ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab, kalawan sistematika

saperti ieu di handap.

1) Bab I BUBUKA

Eusina mertélakeun kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan

panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan istilah, jeung sistematika

tésis.

2) Bab II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG RARAGA MIKIR

Eusina ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan

pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku

jeung bahan bacaan liannna salaku rujukan konsép jeung tiori. Sawangan anu

didadarkeun ngawengku tiori perkara kalimah, wangun kalimah, peran jeung

hubungan semantis dina kalimah, jeung kawih. Salian ti éta, didadarkeun

anggapan dasar jeung raraga pikir.

3) Bab III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Eusina mertélakeun perkara métode panalungtikan, désain panalungtikan,

nangtukeun data, instrumén panalungtikan, jeung prosedur analisis data.

4) Bab IV WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA

KALIMAH NGANTÉT DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA

Eusina mangrupa déskripsi jeung analisis ngeunaan wangun jeung hubungan

semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda.

(13)

5) Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Eusina mangrupa kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab IV,

(14)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, kalayan

ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif digunakeun pikeun

ngadéskripsikeun salasahiji gejala, kajadian nu kaalaman dina waktu

panalungtikan lumangsung kalayan ngébréhkeun hal-hal nu jadi puseur panitén

dina éta objek panalungtikan. Ieu métode dieuyeuban ku kagiatan prosés analisis

sangkan nyangking pedaran nu teleb ngeunaan struktur sintaksis jeung peran

semantis dina kawih Sunda satuluyna dianalisis. Ari anu déskripsikeunana nya éta

perkara adegan jeung hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét nu aya

dina rumpaka kawih Sunda.

3.2Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih sunda. Judul

rumpaka kawih téh éstu loba jumlahna sarta pangarangna. Sakumna judul

rumpaka kawih dina ieu panalungtikan dijadikeun populasi. Anapon judul

rumpaka kawih nu dianalisis rumpakana dina ieu panalungtikan jumlahna 50

judul rumpaka kawih kalayan pangarangna nu béda di antarana: Mang Koko,

Nano S., Doel Sumbang, Darso, jeung Yayan Jatnika, jeung sajabana.

Obyék ieu panalungtikan nya éta Struktur sintaksis jeung Semantis basa

(15)

dina populasi téh teu sakabéhna dianilis, tapi digunakeun sawatara sampel.

Anapon judul rumpaka kawih nu dianalisis rumpakana dina ieu panalungtikan

jumlahna 10 judul rumpaka kawih. Dipilihna éta sampel data ngagunakeun téhnik

snowball sampling.

3.3Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik téks atawa talaah pustaka, nya éta

téhnik pikeun ngumpulkeun informasi nu tumali jeung tiori-tiori nu aya patalina

jeung masalah katut varibel nu keur ditalungtik. Ieu téhnik digunakeun pikeun

meunangkeun data sekunder, dina ieu hal panalungtik meunang ti perpustakaan

jeung buku rujukan lianna. léngkah-lengkah ngumpulkeun data, di antarana waé:

1) studi dokumentasi di perpustakaan;

2) invetarisasi rumpaka kawih Sunda nu kakumpul dina studi dokumen

ngaliawatan internet;

3) milah-milah data rumpaka kawih dumasar kana jaman jeung wandana

(kategori); jeung

(16)

3.4Instrumén Panalungtikan

Instrumén ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data, sakumaha ieu di

handap.

Kode: Kalimah:

Adegan:

Hubungan Semantis Antarklausa:

Bagan 3.1: Format Kartu Data

3.5Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipuseurkeun kana wangun jeung hubungan semantis

antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Anu ditalungtik dina

wangun kalimah ngantét nya éta kalimah ngantét koordinasi. Sedengkeun nu

ditalungtik dina wengkuan hubungan semantis antarklausana nya éta hubungan

jumlah, hubungan lalawanan, hubungan milih, hubungan tumuluy, hubungan

sinambung, jeung hubungan panandes.. Patalina jeung masalah dina ieu

(17)

Bagan 3.2: Paradigma Panalungtikan

Jejer Panalungtikan

Wangun jeung Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda

Tujuan Panalungtikan

Ngadéskripsikeun: 1) adegan kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda, jeung 2) hubungan semantis

antarklausa kalimah ngantét dina

rumpaka kawih Sunda.

Rumusan Masalah

1) Kumaha adegan kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda?

2) Kumaha hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda?

Watesan Masalah

Kawih miboga unsur-unsur saperti: (1) unsur basa, (2) unsur sastra, (3) eusi sastra, jeung (4) wangun sastra.

Métodologi

- Pamarekan: Kualitatif - Métode: Déskriptif - Téhnik: Observasi,

Talaah Pustaka, Rékam

Analisis Data

-Wangun Kalimah Ngantét

-Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét

(18)

3.6Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis unsur

langsung, nya éta téhnik nu digunakeun pikeun meunangkeun gambaran nu jéntré

ngeunaan objek nu ditalungtik. Ngaliwatan ieu téhnik, panalungtik bisa

ngaanalisis data nepika réngsé. Ieu téhnik téh miboga ogé fungsi salaku éksplorasi

nu bisa méré gambaran kalayan jéntré ngeunaan masalah jeung méré pituduh

ngeunaan cara ngungkulanana.

Basa jadi panitén poko dina ieu panalungtikan adegan kalimah dina

rumpaka kawih sunda. Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy

dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi kalimah ngantét nu aya dina rumpaka kawih Sunda;

3) Ngadistribusikeun data luyu jeung papasinganana, dina ieu hal ngarékap

jumlah kalimah kalimah ngantét nu kapanggih dina rumpaka kawih Sunda;

4) Nalaah fungsi sintaksis kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda;

5) Nalaah hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét; jeung

6) Nyieun kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan.

(19)

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis perkara wangun jeung hubungan semantis antarklausa

kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda sakumaha dipedar dina bab IV, bisa

dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

a. Tina jihat hubungan antarklausana kalimah ngantét dina rumpaka kawih

Sunda kagolong kana kalimah koordinasi. Wangun kalimah ngantét

(koordinasi) téh ngagabungkeun dua klausa atawa leuwih nu

séwang-séwangan miboga kalungguhan nu satata dina struktur konstituén kalimah.

Kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda nu klausana miboga hubungan

koordinasi bisa dipolakeun: KngKoord: Klausa Bebas ± Konj Koord +

Klausa Bebas. Pola kalimah ngantét (koordinasi) téh diwangun ku dua

klausa bébas, boh disambungkeun ku konjungsi koordinatif (satata) boh

henteu.

b. Tina 10 rumpaka kawih Sunda nu dijadikeun sampel, kapaluruh 57 kalimah

ngantét. Hubungan semantis kalimah ngantét nu kapaluruh ngawengku

hubungan jumlah, hubungan lalawanan, hubungan tumuluy, hubungan

sinambung, jeung hubungan panandes. Hubungan jumlah aya 9 kalimah

(15,8%), hubungan lalawanan aya 7 kalimah (12,3%), hubungan tumuluy aya

15 kalimah (26,3%), hubungan sinambung aya 10 kalimah (17,5%). Ari

(20)

rumpaka kawih Sunda.

5.2 Saran

Sacara métodologis, ieu panalungtikan didasarkeun kana sumber data nu

kawatesanan. Rumpaka kawih Sunda nu mekar saéstuna kawilang réa pisan, ngan

baé dina ieu panalungtikan mah data nu dikumpulkeun tur dianalisis téh

kawatesanan. Sangkan hasil panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu

panalungtikan leuwih jembar, kawilang hadé saupama data nu digunakeun téh

leuwih réa jumlahna, boh tina jihat réspondénna, média sumebarna, boh tina jihat

jumlah téksna sorangan. Hadé ogé saupama dibandingkeun jeung rumpaka

tembang katut sajak.

Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik téks

rumpaka kawih Sunda tina jihat wangun jeung hubungan semantis antarklausa

kalimah ngantét. Pikeun panalungtikan lianna nu sarupa jeung ieu panalungtikan,

hadéna ambahan ulikanana dilegaan tina jihat kontéks

Nalungtik rumpaka kawih Sunda tétéla teu cukup ukur dibekelan ku

pangaweruh paélmuan basa. Rumpaka kawih Sunda raket patalina jeung

widang-widang paélmuan lianna saluareun paélmuan basa jeung musik. Ku éta hal,

penting pisan panalungtik nu aya minat ngulik perkara rumpaka kawih Sunda

jeung karya sastra lianna, mekelan dirina ku pangaweruh-pangaweruh dina

widang paélmuan musik, sosiologi, antropologi, psikologi, pédagogik, jeung

(21)

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung:

Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Baldwin, John R., Spk. (Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines. New Jersey: Lawrence Erlbaum Associates Publisher.

Bavin, Edith L. 2009. The Cambridge Handbook of Child Language. New York:

Cambridge University Press.

Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal.

Jakarta: PT Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. 2010. Kesantunan Berbahasa. Jakarta: Rineka Cipta.

Chandler, Daniel. 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge.

Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh, Inggris:

Edinburgh University Press.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan RI. 1993. Tata Bahasa Baku Bahasa Indonesia: Edisi Kedua. Jakarta: Depdikbud.

Djojosuroto, Kinayati. 2007. Filsafat Bahasa. Yogyakarta: Pustaka Book

Publisher.

Eckert, Penelope jeung Sally McConneell-Ginet. 2003. Language and Gender.

New York: Cambridge University Press.

Fairclough, Norman. 2003. Analysing Discourse: Textual Analysis for Social Research. London: Routledge.

Findlay, Michael Shaw. 1998. Language and Communication: A Crosscultural Encyclopedia. California: ABC-CLIO Inc.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Gazali, Spk. (Panarjamah). 2009. Metode Analisis Teks dan Wacana: Stefan Titscher, Michael Mayer, Ruth Wodak, Eva Vetter. Yogyakarta: Pustaka

(22)

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Lingusistics: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave

Macmillan.

Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007.

Semantics: A Coursebook. New York: Cambridge University Press.

Kartomihardjo, Soeséno. 1988. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta:

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan.

Keraf, Gorys. 1994. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia

Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia.

Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York: Cambridge University Press.

Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York:

Cambridge University Press.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik: Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia

Pustaka Utama.

Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Prawirasumantri, Abud. 2000. “Sintaksis Basa Sunda: Analisis Tagmémik

Tingkat Kalimah, Klausa, jeung Frasa”. Diktat kuliah di Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah, FPBS, UPI. Teu diterbitkeun.

Purwo, Bambang Kaswanti (Éditor). 2000. Kajian Serba Linguistik: Untuk Anton Moeliono Pereksa Bahasa. Jakarta: UKI Atma Jaya jeung BPK Gunung Mulia.

Putrayasa, Ida Bagus.2008. Analisis Kalimat (Fungsi, Kategori, dan Peran).Bandung: PT Refika Aditama.

Ramlan, M. 1987. Sintaksis. Yogyakarta: CV. Karyono.

Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York: Cambridge University

Press.

Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta.

Soepandi, Atik jeung Oyon Sofyan Umsari.1985. Kakawihan Barudak Nyanyian Anak-anak Sunda. Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan. Depdikbud

Dirjen Kebudayaan.

(23)

Sudaryat, Yayat. 1989. Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP

Bandung.

Sudaryat, Yayat. 2003. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat, H. Abud Prawirasumantri, jeung H. Karna Yudibrata. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung:

Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebelas Maret

University Press.

Tarigan, Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.

Tim UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Referensi

Dokumen terkait

Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran ajén kaislaman anu aya dina khasanah budaya jeung karya sastra Sunda, sarta pikeun nambahan pangaweruh

struktur carita, sarta ajén budaya nu kapanggih tina novel. BAB V eusina medar ngeunaan kacindekan jeung rékomémdasi tina hasil analisis. struktur jeung ajén budaya dina novel

Ku sabab ambahanana kaitung lega, dina ieu panalungtikan diulik babasan jeung paribasa tina segi stilistika, nyaéta tina segi gaya basa métafora katut

Bab IV ngawengku hasil panalungtikan ngeunaan kecap pagawéan dina fiksimini basa Sunda tina sumber data fiksimini nu aya dina fikminsunda.com, jeung dina bab

Ieu panalungtikan ngadéskripsikeun kalimah pananya dina novél Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian karangan Tatang Sumarsono anu ditilik tina adegan, ma’na jeung

Hasil tina ieu panalungtikan nyaéta déskripsi wangun kalimah dina sisindiran jeung wawangsalan nu mangrupa kalimah ngantét kalayan tipeu jeung pola kalimah anu

Kawih baheula tangtu béda jeung kawih ayeuna, hususna tina segi musikal (wirahma) jeung verbalna (rumpaka).. sabab kitu, kawih dipasing-pasing jadi kawih klasik

Bab IV, ngadeskripsikeun ngeunaan timuan jeung pedaran hasil panalungtikan, nu eusina medar semantik formal tina paribasa Sunda, semantik formal tina paribasa