• Tidak ada hasil yang ditemukan

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TWITTER.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TWITTER."

Copied!
24
0
0

Teks penuh

(1)

No. 719/FPBS/0251/2014

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA

TWITTER

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

AGUSTINA CHANDRA JUWITA 1002619

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

No. 719/FPBS/0251/2014

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA

TWITTER

Oleh :

Agustina Chandra Juwita

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

© Agustina Chandra Juwita 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari, 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

No. 719/FPBS/0251/2014

LEMBAR PENGESAHAN AGUSTINA CHANDRA JUWITA

NIM 1002619

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TWITTER

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, M.Pd. NIP 197820102003121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TWITTER ¹

AGUSTINA CHANDRA JUWITA²

ABSTRAK

Skripsi yang berjudul Adegan Kalimah Basa Sunda dina Twitter ini merupakan suatu kajian mengenai pola kalimat. Penelitian ini bertujuan untuk mengkaji kelengkapan dan pola kalimat dalam kiriman twitter yang menggunakan tanda atau hastag (#)ReboNyunda selama bulan Desember 2013-Januari 2014. Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif. Untuk mengumpulkan data digunakan teknik studi dokumentsi. Data penelitian ini adalah kalimat-kalimat yang dikirimkan oleh pengguna jejaring sosial twitter. Data yang didapatkan adalah sebanyak 180 kalimat dari 112 kiriman dengan rincian, 90 kalimat sempurna dan 90 kalimat tidak sempurna. Terkait dengan hasil penelitian ini, diperoleh kesimpulan 13,3% kalimat sempurna tunggal berpola J-C; 6,1% kalimat sempurna tunggal berpola J-C-U; 5% kalimat sempurna tunggal berpola C-Pa; 8,8% kalimat sempurna tunggal berpola J-C-K; 3,3% kalimat sempurna tunggal berpola J-C-U-K; 4,4% kalimat sempurna majemuk setara Dwiklausa; 1,1% kalimat majemuk setara Triklausa; 7,7% kalimat majemuk bertingkat; 4,4% kalimat tak sempurna berpola J; 2,2% kalimat tak smpurna berpola J-K; 8,3% kalimat tak sempurna berpola C; 6,1% kalimat tak sempurna berpola K; 2,7% kalimat tak sempurna berpola Pa; 5% kalimat tak sempurna berpola K-U; 2,7 kalimat tak sempurna berpola U; 12,2% kalimat tak sempurna berpola C-K; dan 6,1% kalimat tak sempurna berpola C-U-K.

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., dan Hernawan, M.Pd.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas

(5)

ADEGAN KALIMAH BASA SUNDA DINA TWITTER ¹

AGUSTINA CHANDRA JUWITA²

ABSTRAK

Ieu skripsi anu judulna Adegan Kalimah Basa Sunda dina Twitter mangrupa hiji kajian ngeunaan adegan kalimah. Udagan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar kalengkepan jeung adegan kalimah dina kiriman twitter anu ngagunakeun tanda atawa hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013-Januari2014. Dina ieu panalungtikan digunakeun metode deskriptif. Pikeun ngumpulkeun data digunakeun téhnik studi dokuméntasi. Data dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah-kalimah anu dikirimkeun ku nu maké média patali marga twitter. Data nu dikumpulkeun nyaéta 180 kalimah tina 112 kiriman kalayan rincian, 90 kalimah sampurna jeung 90 kalimah teu sampurna. Hasil tina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun 13,3% kalimah sampurna salancar pola J-C; 6,1% kalimah sampurna salancar pola J-C-U; 5% kalimah sampurna salancar pola Pa; 8,8% kalimah sampurna salancar pola J-C-K; 3,3% kalimah sampurna salancar pola J-C-U-J-C-K; 4,4% kalimah sampurna ngantét satata Dwiklausa; 1,1% kalimah sampurna ngantét satata Triklausa; 7,7% kalimah ngantét sumélér; 4,4% kalimah teu sampurna pola J; 2,2% kalimah teu sampurna pola J-K; 8,3% kalimah teu sampurna pola C; 6,1% kalimah teu sampurna pola K; 2,7% kalimah teu sampurna pola Pa; 5% kalimah teu sampurna pola K-U; 2,7 kalimah teu sampurna pola C-U; 12,2% kalimah teu sampurna pola C-K; jeung 6,1% kalimah teu sampurna pola C-U-K.

1) Ieu skripsi diaping ku Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum., jeung Hernawan, M.Pd.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas

(6)

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

SUNDANESE LANGUAGE SENTENCE PATTERNS IN

TWITTER

Agustina Chandra Juwita

1)

, Yayat Sudaryat

2)

, Hernawan

3)

Email:

ipitcuit@yahoo.com

,

kisudaryat_sunda@yahoo.com

,

hernawan.upi.edu

(7)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAFTAR EUSI ... viii

DAFTAR TABEL ... xi

DAFTAR BAGAN ... xii

DAFTAR LAMPIRAN ... xiii

DAFTAR SINGGETAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Identifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI ... 7

2.1 Wangenan Kalimah ... 7

2.2 Papasingan Kalimah ... 8

2.2.1 Dumasar kana Jumlah jeung Jenis Unsur Pangwangunna ... 9

2.2.2 Dumasar Jumlah jeung Jinis Klausa anu Aya dina Dasarna ... 9

2.2.3 Dumasar Struktur Internal Klausa Utamana ... 16

(8)

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

2.2.5 Dumasar Fungsina dina Komunikasi ... 18

2.2.6 Dumasar Patalina Aktor jeung Aksi ... 19

2.2.7 Dumasar Aya Euweuhna Unsur Pamungkir (Negatif) dina Caritaanana .. 21

2.2.8 Dumasar Kalengkepan Unsur Dasarna... 22

2.2.9 Dumasar Konteks jeung Jawaban nu Ditepikeun ... 23

2.3 Adegan Kalimah ... 25

2.3.1 Kalimah Sampurna ... 26

2.3.2 Kalimah Teu Sampurna ... 27

2.3.3 Vokatif ... 28

2.4 Wangenan Twitter...28

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 29

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 29

3.2 Desain Panalungtikan ... 29

3.3 Metode Panalungtikan ... 30

3.4 Wangenan Oprasional ... 31

3.5 Instrumen Panalungtikan ... 31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 32

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 33

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 34

4.1 Déskripsi Data Kalengkepan Kalimah ... 34

4.2 Analisis Kalengkepan Kalimah dina Twitter ... 36

4.2.1 Kalimah Sampurna ... 36

4.2.2 Kalimah Teu Sampurna ... 37

4.3 Adegan Kalimah dina Twitter ... 38

4.3.1 Adegan Kalimah Sampurna ... 38

4.3.1.1 Adegan Kalimah Sampurna Salancar ... 38

(9)

4.3.2 Adegan Kalimah Teu Sampurna ... 46

4.4 Pedaran ... 54

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 56

5.1 Kacindekan ... 56

5.2 Saran ... 58

DAFTAR PUSTAKA ... 59

LAMPIRAN ... 60

(10)

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Basa nyaéta pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Prosés komunikasi dipikabutuh ku manusa pikeun ngedalkeun eusi uteuk tur haté dina kahirupan sapopoé. Lantaran manusa nya éta mahluk sosial anu teu bisa hirup sosoranganan, jadi ayana basa dibutuhkeun pisan pikeun bisa hirup kumbuh dina kahirupan masarakat. Basa anu dipaké dina kahirupan sapopoé teu ngan saukur basa ucapan wungkul, tapi ogé basa tulis. Maksud basa tulis nya éta eusi haté atawa pikiran anu dikedalkeun ngaliwatan tulisan, saluyu jeung Sudaryat (2004, kc. 1) anu nélakeun yén basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihsilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh eunteup seureuhna (sistematis) tur ragem (konvensional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.

Zaman kiwari alat komunikasi tulisan lain ngan ukur tina surat atawa kertas, tapi nuturkeun kamajuan jaman, nu tadina ngan ukur ngaliwatan kertas, ayeuna komunikasi tulisan bisa ngaliwatan media éléktronik, saperti SMS, e-mail, fax, atawa media sosial. Maksud diayakeunna komunikasi ngagunakeun média éléktronik nyaéta supaya bisa leuwih gampang, atawa manusa bisa leuwih praktis dina nepikeun maksud atawa pamikiran anu ngaliwatan tulisan. Salah sahiji conto, nalika manusa rék ngirimkeun hiji karya tulis atawa eusi pamikiran nu aya dina wangun tulisan sarta kudu ditepikeun ka jalma anu jauh ti manéhna, ayeuna mah bisa ngaliwatan e-mail atawa media anu séjén. Kitu deui dina prosés komunikasi anu sipatna dua arah, nu baheula mah ngaliwaan surat anu nepina bisa mangpoé-poé, ayeuna mah bisa ngaliwatan chatting, SMS, MMS,Blackberry Messenger (BBM), jrrd.

(11)

2

média sosial, manusa bisa nepikeun pamaksudan haté atawa naon waé nu keur dirasakeun harita ngaliwatan status tina média sosial. Média anu dipiboga ku tiap jalma éta disebutna akun. Media sosial teu kawatesnan ngan sarupa. Beuki kadieukeun beuki loba wangun média sosial téh. Baheula mah aya nu disebut „FS‟

atawa Friendster, tuluy media Chating di antarana Mig33, Yahoo Messenger, Nimbuzz, mIRC. Ayeuna média sosial jadi nambahan loba, saperti ayana Facebook (satuluyna disengget FB), dina FB urang bisa ngirim jeung neundeun poto, bisa nyieun grup nu tadina teu wawuh jadi wawuh, jeung pangpangna mah bisa ngaraketkeun silaturahmi nu baheula geus anggang. Aya deui média Twiter, Line, WhatsApp, Wechat, jsb. Nurutkeun palingseru.com, média nu paling loba digunakeun mah nya éta FB (700 Juta nu ngaksés unggal bulan) jeung Twitter (250 juta nu ngaksés unggal bulan). Dina pamakéanna dua média sosial éta bisa disebut leuwih bisa nepikeun pamaksudan nu rék ditepikeun nu boga akun. Kaayeunakeun mah FB téh rada ditinggalkeun ku barudak ngora, lantaran geus loba deui jejaring sosial (saterusna disebut patali marga) anu leuwih anyar, salasahijina patali marga Twitter.

Twitter mangrupa média patali marga anu keur meujeuhna dipigandrung ku budak ngora sanggeus média patali marga facebook.Nurutkeun surey Semiocast (salasahiji pausahaan anu nyadiaan data jeung panalungtikan média sosial anu basisna di nagara Perancis), salila tujuh taun twitter ngadeg, geus leuwih ti 200 juta akun di saalam dunya. Di Indonésia, nu maké twitter geus ngahontal angka 19,5 juta anu nempatkeun Indonésia dina tempat kalima minangka pamaké twitter panglobana saalam dunya sabada Inggris Raya di tempat kaopat anu jumlahna 23,8 juta akun. Di tempat katilu dieusian ku nagara Jepang kalayan 29,9 juta jumlah akun, di posisi kadua ditempatan ku Brasil anu jumlah pamakéna nepi ka 33,3 juta akun, jeung ari nagara anu pamake twitter panglobana saalam dunya nyaéta Amérika Serikat anu miboga 107,7 juta akun twitter. (blog.com)

(12)

3

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

boga akun Twitter téh teu sakabéhna méré informasi anu mangpaat pikeun nu nempona. Jadi masih kudu bisa milih-milih mana anu kudu difollow mana nu henteu.

Loba conto akun twitter anu méré informasi ka followerna, boh éta informasi ngeunaan pangaweruh atawa atikan, boh informasi anu séjénna, saperti akun twitter @lokerID anu méré info ngeunaan lowaongan pagawéan, @1000guru anu eusina méré informasi ngeunaan kahirupan sakola-sakola anu aya di Indonesia, atawa akun-akun informasi unggal kota saperti @infobandung, @infogarut, @infosukabumi, jsb. Anu eusina méré sagala informasi nu aya di éta kota.

Dina ngagunakeun twitter sok aya bahan obrolan atawa topik nu harita keur réa diomongkeun atawa ditweetkeun. Anu engké na bisa jadi Trending Topic atawa topik anu pang populérna nu loba di tulis ku nu make twitter. Sangkan bisa jadi Trending Topic, saratna tweet anu dikirimkeun kudu ngagunakeun tanda atawa hastag (#) dina unggal tweet anu dikirim.

Dumasar kana Perda No. 2 Taun 2013 Kota Bandung anu ngawajibkeun pamakéan basa Sunda unggal poé Rebo, nu make akun twitter ogé jadi loba ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo. Salasahiji bukti masarakat Bandung resep twitteran ngagunakeun basa Sunda nyaéta ayana topik anu ngagunakeun Hastag (#) RandaKembang (Rebo Nyunda di Kota Kembang) jeung Hastag (#)ReboNynda. Anu ngamimitian nyieun topik #RandaKembang jeung #ReboNyunda nya éta akun twitter @infobandung jeung @infobdg.

Kiwari, basa Sunda geus jarang dipaké dina kahirupan sapopoé utamana ku budak ngora, lantaran geus dianggap kampungan tur teu saluyu jeung kamajuan jaman. Kiwari, ku lobana pamaké twitter anu maké #RandaKembang jeung #ReboNyunda méré bukti yén urang Bandung geus kahudang deui kasadaran jeung kareueusna sangkan teu éra ngagunakeun basa Sunda dina média patali marga anu teu bisa dipungkir geus jadi cicirén jelema modérn.

(13)

4

kaédah basa Sunda sabab dina hirup kumbuh sapopoéna geus langka ngagunakeun basa Sunda.

Geus aya sababraha hiji panalungtikan ngeunaan adegan kalimah basa Sunda, tapi panalungtikan adegan kalimah basa Sunda dina akun twitter mah can kungsi aya nu nalungtik. Panalungtik kairut pikeun nalungtik adegan kalimah basa Sunda anu dikirimkeun ku warga Bandung unggal poé Rebo kalayan maké tanda #ReboNyunda. Ku kituna, ieu panalungtikan anu dibéré judul “Adegan Kalimah Basa Sunda dina

Twitter” perlu dilaksanakeun.

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah

Média sosial twitter mangrupa media sosial nu keur loba dipigandrung. Dijerona loba pisan informasi anu tepi ka pamakéna nu lolobana rumaja. Média sosial twitter miboga gaya tulisan bebas kumaha kahayang pamakéna anu ngabalukarkeun beuki jauhna pamakéan basa Sunda tina aturan. Conto kasalahan nu loba kapanggih diantarana kasalahan éjahan, fonologis jeung morfologis dina ngawangun kecap, sarta kasalahan sintaksis dina nyieun kalimah. Dina ieu panalungtkan panulis ngawatesanan masalah nyaéta pikeun mikanyaho adegan basa Sunda dina postingan twitter anu ngagunkeun topik atawa hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013 nepi ka Januari 2014. Unsur anu ditalungtik nyaéta kalengkepan jeung adegan kalimahna.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung identifikasi masalah, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah panya ieu dihandap.

(14)

5

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

b. Kumaha adegan kalimah dina postingan twitter anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013 – Januari 2014?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung masalah anu dirumuskeun di luhur, ieu panaluntikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun :

a. kalengkepan kalimah dina postingan twitter anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013 – Januari 2014?

b. kalengkepan adegan kalimah dina postingan twitter anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013 – Januari 2014?

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun

a. Méré informasi ngeunaan adegan kalimah basa Sunda dina ragem tulis akun twitter.

(15)

6

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun

a. Panalungtik jeung umum sangkan méré pangaweruh dina widang katatabasaan hususna dina analisis sintaksis.

b. Pikeun panalungtik jeung umum bisa mikanyaho adegan basa Sunda tur maham kumaha bentuk basa Sunda anu bener luyu jeung kaédah makéna basa Sunda. c. Méré pangaweruh ngeunaan adegan kalimah basa sunda dina kiriman twitter

#ReboNyunda.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan dipidangkeun dina lima bab, nyaéta; bab I dijudulan “Bubuka”. Dina

bab I dijéntrékeun masalah jeung tujuan panalungtikan anu pakait jeung adegan kalimah basa Sunda, anu ngawengku: kasang tukang, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung rararga tuisan. Bab II

dijudulan “Ulikan Tíori”. Tiori-tiori anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta adegan

kalimah basa Sunda, jeung wangenan twitter. Bab III dijudulan “Metode Panalungtikan”. Dina bab III diguar ngeunaan data jeung sumber data, desain

panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngoah data. Bab IV dijudulan

“Hasil Panalungtikan jeung Pedaran”. Dina bab IV dijéntrékeun analisis adegan

kalimah basa Sunda tina kiriman twitter anu ngagunakeun topik atawa hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013. Pamungkas nyaéta bab V anu dijudulan

“Kacindekan jeung Saran” anu eusina mangrupa kacindekan hasil panalungtikan

(16)

29

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan mangrupa kiriman warga Bandung kana patali marga twitter anu kiwari geus jadi gaya hidup jalma modérn. Data anu ditalungtik nyaéta kalimah-kalimah dina twitter anu dikirim salila bulan Désémber 2013-Januari 2014 anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda.

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah-kalimah basa Sunda dina twitter anu ngagunakeun tanda atawa hastag (#)ReboNyunda. Ieu data mangrupa aplikasi tina Perda Kota Bandung Nomer 2 taun 2013 anu ngawajibkeun makéna basa Sunda unggal poé Rebo. Tina twitter salila bulan Desember 2013 –

Januari 2014 dijaring sakabéh kalimah nu dikirimkeun. Sakabéh kalimah basa Sunda nu dikirimkeun mangrupa populasi. Sakabéh populasi dijadikeun sampel. Jadi, ieu panalungtikan ngagunakeun sampel total.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés-prosés anu dibutuhkeun dina ngararancang tur dina prak-prakanna ngalakonan panalungtikan sangkan sagala patalékan bisa kajawab.

Métode panalungtikan nyaéta salasahiji tarékah pikeun ngahontal udagan dina panalungtikan. Luyu jeung pamadegan Arikunto (1998: 150), anu nétélakeun yén métode dina ieu panalungtikan dihartikeun minangka tarékah anu bisa dipaké pikeun ngumpulkeun data.

(17)

30

nyaéta adegan kalimah anu ngawengku kalengkepan jeung kasalahan kalimah.

Léngkah-léngkah anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta: (1) maca kiriman twitter anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda (2) nyirian adegan kalimah (3) ngadéskripsikeun data, jeung (4) nyieun kacindekan. Katangén dina bagan di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun métode deskriptif analitis, nyaéta métode panalungtikan anu dimaksudkeun pikeun ngungkulan tur méréskeun pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, masing-masingkeun, nganalisis, sarta nafsirkeun data. (Arikunto, 1998, kc. 225).

Adegan kalimah dina twitter

Ngumpulkeun data ngagunakeun téhnik

dokuméntasi

Ngolah data ku cara nganalisis

langsung

Nyieun Kacindekan Ngadéskripsikeun

hasil analisis

(18)

31

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

Éta métode deskriptif téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun adegan kalimah dina kiriman twitter anu dikirim salila bulan Désember anu nggunakeun tanda atawa hastag (#)ReboNyunda.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan sarta udaganana, di handap baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

a) Adegan kalimah nyaéta pola kecap disawang tina unsur-unsur pangdeudeulna. b) Twitter nyaéta média patali marga anu keur meujeuhna dipigandrung ku budak

ngora.

c) #ReboNyunda mangrupa topik dina média patali marga twitter anu dikirim ku warga Bandung unggal poé Rebo.

d) Fungsi kalimah dianalisis tina kalengkepn unsur jeung fungsi pragmatisna.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat anu digunakeun ku digunakeun ku panalungtik dina ngagunakeun hiji métode (Arikunto, 1998: 137).

Instrumén digunakeun sangkan panalungtikan leuwih museur tur leuwih babari diimeutan nepi ka babari diolahna sangkan leuwih babari nganalisisna. Dina ieu panalungtikan istrumén anu digunakeun nyaéta kartu data, sangkan sakabéh data leuwih gampang diolahna. Unggal kalimah anu dikirim kana twitter anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda dipindahkeun kana kartu data.

(19)

32

Tabel 3.1 Kartu Data

W

Kalimah di luhur mangrupa kalimah sampurna lantaran diwangun ku Jejer (J) jeung caritaan (C) ogé miboga unsur udagan (U) jeung katerangan (K).

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun ngumpulkeun data dipaké téhnik dokuméntasi. Téhnik dokuméntasi dipaké pikeun nyungsi informasi dina néangan jeung ngumpulkeun data. Aya sababaraha tahap dina prosés ngumpulkeun data nyaéta:

a) Nangtukeun sumber data anu mangrupa kalimah basa Sunda anu dikirim kana média patali marga twitter salila bulan Desember 2013 anu ngagunkeun hastag (#)ReboNyunda.

b) Maca kiriman akun twitter anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda.

c) Nyirian kalimah dumasar kana kalengkepanana, adeganana tur kasalahanana. d) Nyalin kalimah-kalimah anu geus dikumpulkeun.

e) Nyusun kartu data dumasar tanggal kiriman. f) Nyalin kalimah-kalimah tina kartu data.

KARTU DATA

H (@mang_adei/24/12/2013)

Kiriman : “Hiji mangsa bapana ditanya ku anakna”.

Tanggal Kiriman : 24 Desember 2013

Akun anu Ngirim : @mang_adei

Dumasar kana kalengkepanana kaasup kalimah sampurna.

(20)

33

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter 3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis unsur langsung, ari léngkah-léngkah ngolah datana kieu:

a) Mariksa deui sakabéh data kalimah dumasar kana tanggal kiriman. b) Méré kode jeung nomer kana data panalungtikan.

c) Nganalisis data dumasar kana: (1) Kalengkepan kalimah, (2) adegan kalimah. d) Ngadéskripsikeun data nu geus dianalisis.

(21)

56

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan kalengkepan jeung adegan kalimah dina kiriman twitter anu ngagunakeun tanda atawa hastag (#)ReboNyunda bisa dijieun kacindekan saperti anu ébréh di handap.

a. Jumlah kiriman tweet anu ngagunakeun hastag (#)ReboNyunda salila bulan Desember 2013-Januari 2014 kapanggih 180 kalimah tina 112 kiriman anu kabagi jadi kalimah sampurna jeung kalimah teu sampurna.

b. Tina sakabeh data anu kakumpul, jumlah kalimah sampurna aya 90 kalimah (50%), jeung kalimah teu sampurna kapanggih 90 kalimah (50%).

c. Data kalimah sampurna dipasing-pasing dumasar unsur pangwangunna, dina ieu panalungtikan kalimah sampurna dikelompokkeun jadi kalimah salancar jeung kalimah ngantét. Tina hasil analisis kapanggih data saperti anu ébréh di handap. 7) Kalimah sampurna salancar pola J-C kapanggih 24 kalimah atawa 13,3% tina

sakabéh jumlah data.

8) Kalimah sampurna salancar pola J-C-U kapanggih 11 kalimah atawa 6,1% tina sakabéh jumlah data.

9) Kalimah sampurna salancar pola J-C-Pa kapanggih 9 kalimah atawa 5% tina sakabéh jumlah data.

10)Kalimah sampurna salancar pola J-C-K kapanggih 16 kalimah atawa 8,8% tina sakabéh jumlah data.

11)Kalimah sampurna salancar pola J-C-U-K kapanggih 6 kalimah atawa 3,3% tina sakabéh jumlah data.

(22)

57

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

13)Kalimah sampurna ngantét satata triklausa kapanggih 2 kalimah atawa 1,1% tina sakabéh jumlah data.

14)Kalimah sampurna ngantét sumélér kapanggih 14 kalimah atawa 7,7% tina sakabéh jumlah data.

d. Data kalimah teu sampurna dipasing-pasing dumasar unsur pangwangunna, dina ieu panalungtikan dikelompokkeun jadi 9 pola pangwangun. Tina hasil analisis kapanggih data saperti anu ébréh di handap.

1) Kalimah teu sampurna pola J, kapanggih 8 kalimah atawa 4,4% tina sakabéh jumlah data.

5) Kalimah teu sampurna pola Pa, kapanggih 5 kalimah atawa 2,7% tina sakabéh jumlah data.

(23)

58

5.2 Saran

Dina unggal panalungtikan tangtu aya kaonjoyan jeung kahéngkéranana. Dina ieu panalungtikan aya sababaraha hal nu can dipedar. Ku kituna, aya sababaraha saran nu kudu ditepikeun saperti anu ébréh di handap.

a. Dina média patali marga euweuh aturan pikeun anu makéna, ku kituna dina tulas-tulis ogé sakumaha kahayang nu makéna. Loba pisan kasalahan makéna basa anu nyangkaruk dina tulisan-tulisan dina média patali marga. Ku kituna masih diperlukeun pisan panalungtikan-panalungtikan séjén anu ngulik masalah kabasaan dina média patali marga.

(24)

Agustina Chandra Juwita, 2014

Adegan Kalimah Basa Sunda Dina Twitter

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S (1998) Prosedur Penelitian. Jakarta : Rineka Cipta.

Aruman, E (2012) Indonesia Pemilik Akun Twitter Terbesar Nomor Lima Dunia.

[Online].

Tersedia di: http://edhy-aruman.blogspot.com/2012/02/indonesia-pemilik-akun-twitter-terbesar.html (ditulis Rabu, 01 Februari 2012).

Danadibrata, R.A. (2009) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Kuswari, U jeung Hernawan (2010) Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI

Muslich, M (2010) Garis – Garis Besar Tatabahasa Baku Bahasa Indonesia. Bandung : Refika Aditama.

Prawirasumantri, A (2000) Sintaksis Basa Sunda (Analisis Tagmemik Tingkat Kalimah, Klausa, jeung Frasa). Bandung: FPBS UPI.

Seru, B (2013) 10 Situs Jejaring Sosial Paling Populer. [Online]

Tersedia di: http://palingseru.com/21992/10-situs-jejaring-sosial-paling-populer (ditulis 30 April 2013, diakses 23 Januari 2014).

Sudaryat, Y (2003). Pedaran Basa Sunda. Bandung : Geger Sunten.

Sudaryat, Y (2004) Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Y jeung Prawirasumantri, A. (2007) Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung : Yrama Widya.

Twitter. [Online]

Tersedia di: http://id.wikipedia.org/wiki/Twitter (diakses tanggal 2 maret 2014). Wirjosoedarmo, S (1984) Tatabahasa Bahasa Indonesia (Edisi Lengkap)

Gambar

Tabel 3.1 Kartu Data

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kasalahan sintaksis anu aya dina karangan nulis pangalaman siswa kelas VII SMPN 1

Tés nyaéta mangrupa salasahiji téhnik pikeun ngukur kamampuh hiji sampel tina hiji paripolah individu nu dités (Kuswari, 2010, kc. Téhnik tés dina ieu panalungtikan gunana

Métode anu baris digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun

panalungtik nu teu ngagunakeun instrumén pengamatan. Observasi anu ditekenkeun dina ieu panalungtikan nya éta leuwih dipuseurkeun dina kagiatan siswa di sakola

Instrumén panalungtikan nyaéta alat/fasilitas anu digunakeun dina panalungtikan pikeun ngumpulkeun data sangkan gampang diolah. Instrumén anu digunakeun dina ieu

(Arikunto, 2006, kc. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta data adegan, ma’na, jeung maksim kasopanan kalimah impositif dina novél Baruang ka nu

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nyaho tingkat validitas jeung réliabilitas

Aspék kedaling anu diulik dina ieu panalungtikan nyaéta patali jeung wujud, wanda, jeung fungsi aspék kedaling dina kumpulan carpon kasambet karya Ahmad Bakri.. Wujud aspék