• Tidak ada hasil yang ditemukan

WANGUNAN SIRNAAN DINA KALIMAH BASA SUNDA LISAN DI PASAR PADAYUNGAN KOTA TASIKMALAYA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "WANGUNAN SIRNAAN DINA KALIMAH BASA SUNDA LISAN DI PASAR PADAYUNGAN KOTA TASIKMALAYA."

Copied!
38
0
0

Teks penuh

(1)

TÉSIS

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku Ai Paridah NIM 1201458

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

AI PARIDAH

WANGUNAN SIRNAAN DINA KALIMAH BASA SUNDA LISAN DI PASAR PADAYUNGAN KOTA TASIKMALAYA

(Tilikan Tata Basa Transformasi) disaluyuan sarta disahkeun ku:

Pangaping I

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Kauninga ku, Pupuhu Program Studi

Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana

(3)

dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, Juli 2014

Yang membuat pernyataan,

(4)

WANGUNAN SIRNAAN DINA KALIMAH BASA SUNDA LISAN DI PASAR PADAYUNGAN KOTA TASIKMALAYA

(Tilikan Tata Basa Transformasi)1)

Ai Paridah2) ABSTRAK

Panalungtikan ngeunaan “Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di

Pasar Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa Transformasi)”, tujuanana pikeun nganalisis jeung ngadeskripsikeun unsur-unsur fungsional nu sirna, sarta ngagunakeun pamarekan tata basa transformasi dina paguneman di masarakat pasar Padayungan kota Tasikmalaya.

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif analitis tina hasil transkripsi basa lisan nu ngandung unsur-unsur sirnaan. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun téhnik sadap rékam. Dina ngolah data ngagunakeun analisis teks. Sumber datana nya éta sakabéh paguneman di pasar Padayungan kota Tasikmalaya. Sakabéh transformasi kalimah jeung sirnaan unsur-unsur fungsional klausa dijadikeun populasi atawa sampel total.

Kacindekkan hasil panalungtikan, kapanggih 1064 kalimah transformasi nu ngawengku lima rupa prosés transformasi, nya éta (1) transformasi tunggal aya 697 (65,51%), transformasi seselan aya 3 (0,28%), transformasi ngantét aya 39 (3,67%), transformasi puseur aya 196 (18,42%), jeung transformasi husus aya 129 (12,12%). Sedengkeun data unsur sirnaan aya 600 kalimah nya éta, (1) sirnaan jejer aya 300 (50%), (2) sirnaan caritaan aya 102 (17%), (3) sirnaan udagan aya 65 (10,83%), (4) sirnaan panglengkep 51 (8,50%), jeung (5) sirnaan katerangan 82 (13,67%).

Kecap galeuh: sirnaan, kalimah basa Sunda lisan, tata basa transformasi

(5)

2) Mahasiswa Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda SPs UPI

PEMBENTUKAN PELESAPAN DALAM KALIMAT BAHASA SUNDA LISAN DI PASAR PADAYUNGAN KOTA TASIKMALAYA

(Pendekatan Tata Bahasa Transformasi)1)

Ai Paridah2) ABSTRAK

Penelitian yang berjudul “Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di

Pasar Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa Transformasi)”, bertujuan untuk

menganalisis serta mendeskripsikan unsur-unsur fungsional klausa yang mengalami pelesapan dengan menggunakan pendekatan transformasi kalimat yang terdapat dalam interaksi di pasar Padayungan Kota Tasikmalaya.

Dalam penelitian ini digunakan metode deskriptif, tehnik yang digunakan dalam penelitian ini yaitu menggunakan tehnik sadap rekam. Pengolahan data menggunakan analisis teks. Sumber data adalah percakapan atau interaksi di pasar Padayungan Kota Tasikmalaya. Seluruh transformasi kalimat dan pelesapan unsur-unsur fungsional klausa dijadikan populasi atau sampel total.

Hasil penelitian dapat disimpulkan sebagai berikut. Data transformasi kalimat yang ditemukan dalam transkripsi percakapan di pasar Padayungan yaitu ada 1064 kalimat transformasi dari lima jenis prosés transformasi kalimat, yaitu (1) transformasi tunggal ada 697 (65,51%), transformasi sematan ada 3 (0,28%), transformasi rapatan ada 39 (3,67%), transformasi fokus ada 196 (18,42%), dan transformasi khusus ada 129 (12,12%). Sedangkan data unsur pelesapan ada 600 kalimat yaitu, (1) pelesapan subjek ada 300 (50%), (2) pelesapan predikat ada 102 (17%), (3) pelesapan objek ada 65 (10,83%), (4) pelesapan pelengkap 51 (8,50%), dan (5) pelesapan keterangan 82 (13,67%).

Kata kunci: pelesapan, bahasa Sunda lisan, tata basa transformasi

(6)

FORMING ELLIPSION ON SUNDANESE VERBAL SENTENCE AT PADAYUNGAN MARKET CITY OF TASIKMALAYA

(A Grammatical Transformation Approach) 1)

Ai Paridah2) ABSTRACT

This research, entitled “Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di

Pasar Padayungan Tasikmalaya (a grammatical transformation approach), is aimed to analyze and to describe elements of functional clauses that has been vanished through a phrasal transforming approaches that exists among communal interactions in Padayungan market in the City of Tasikmalaya.

Descriptive method is applied at this particular research whereas data is collected with tapping recorder. Meanwhile, Texts analysis is carried out to manage data collections, acquire from conversations and interactions sighseer or visitor at Padayungan market in the city of Tasikmalaya. The entire transforming sentences and

deletion elements of its clausal’ function will be treated as population of study or converted as a total sample.

Result of this particular study has shown that there are 1061 transforming

sentences from conversation’s transcript that took place at Padayungan market. Those

were derived from 5 types of transforming sentence. They are 1) 697 (65,51%) a single transformation, 2) 3 (0,28%) appendix transformations, 3) 39 (3,67%) slams transformations and 4)196 (18,42%) focus-transformations and there were 5) 129 (12,12%) unique or distinct transformations. Meanwhile, there were 600 elements of

a clausal of phrasal deletions. They were: 1) 300 (50%) subject’s deletions, 2) 102 (17%) predicate’ deletions, 3) 65 (10,83%) object’s deletions, 4) 51 (8,50%)

complimentary deletions, and at last, there were 82 (13,67%) annotation’s deletions.

(7)

1) Thesis is supervised by Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. and Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.

(8)

DAPTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN ...i

ABSTRAK ...ii

PANGJAJAP ...v

TAWIS NUHUN ...vi

DAPTAR EUSI ...viii

DAPTAR TABÉL ...xii

DAPTAR GAMBAR ...xiii

DAPTAR BAGAN ...xiv

DAPTAR LAMPIRAN ...xv

BAB I BUBUKA ...1

1.1 Kasang Tukang Masalah ...1

1.2 Idéntifikasi Masalah ...7

1.3 Rumusan Masalah ...7

1.4 Tujuan Panalungtikan ...7

1.5 Mangpaat Panalungtikan ...8

1.6 Struktur Organisasi Tulisan ...9

BAB II ULIKAN TIORI SIRNAAN JEUNG TRANSFORMASI KALIMAH ……… 10

2.1 Hakékat Kalimah ...10

2.2 Tata Basa Transformasi dina Analisis Kalimah ...11

(9)

2.3.1 Unsur Fungsional Klausa ...22

2.3.1.1 Jejer ...22

2.3.1.2 Caritaan ...23

2.3.1.3 Udagan ...24

2.3.1.4 Panglengkep ...25

2.3.1.5 Katerangan ...26

2.3.2 Ngawangun Kalimah ...28

2.3.3 Kalimah Dasar ...28

2.3.4 Kalimah Transformasi ...30

2.3.4.1 Watesan Kalimah Transformasi ...30

2.3.4.2 Wanda Kalimah Transformasi ...31

2.4 Sirnaan Kalimah ...46

2.4.1 Watesan Sirnaan ...46

2.4.2 Wanda Sirnaan ...47

2.4.2.1 Sirnaan Jejer ...47

2.4.2.1.1 Sirnaan Jejer dina Konstruksi Koordinatif ...48

2.4.2.1.2 Sirnaan Jejer dina Konstruksi Subordinatif ...53

2.4.2.1.3 Sirnaan Jejer dina Wacana ...53

2.4.2.2 Sirnaan Caritaan ...55

2.4.2.3 Sirnaan Udagan ...56

2.4.2.4 Sirnaan Panglengkep ...56

2.4.2.5 Sirnaan Katerangan ...57

(10)

3.1 Sumber Data ...58

3.2 Désain Panalungtikan ...58

3.3 Métode Panalungtikan ...59

3.4 Wangenan Operasional ...60

3.5 Instrumén Panalungtikan ...61

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...63

3.7Téhnik Ngolah Data ...63

BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI WANGUNAN SIRNAAN DINA KALIMAH BASA SUNDA LISAN DI MASARAKAT PASAR PADAYUNGAN TASIKMALAYA ...66

4.1Data Kalimah Transformasi jeung Sirnaan Kalimah dina Paguneman Masarakat Pasar Padayungan ...66

4.1.1 Data Transformasi Kalimah ...66

4.1.2 Data Sirnaan Kalimah ...68

4.2 Analisis jeung Déskripsi Wangun Transformasi Kalimah ...72

4.2.1 Transformasi Tunggal ...72

4.2.1.1 Transformasi Tunggal Pamungkir ...73

4.2.1.2 Transformasi Tunggal Tanya ...73

4.2.1.3 Transformasi Tunggal Aspék ...75

4.2.1.3 Transformasi Tunggal Panyeluk ...75

4.2.1.3 Transformasi Tunggal Paréntah (Imperatif) ...75

4.2.1.3 Transformasi Tunggal Kecap Ganti ...76

(11)

4.2.2 Transformasi Seselan ...78

4.2.3 Transformasi Ngantét ...78

4.2.3.1 Transformasi Ngantét Jumlah ...78

4.2.3.2 Transformasi Lalawanan ...79

4.2.3.3 Transformasi Tumuluy ...80

4.2.4 Transformasi Puseur ...80

4.2.4.1 Transformasi Puseur Panganteb ...81

4.2.5.2Transformasi Puseur Jejer ...81

4.2.5 Transformasi Husus ...82

4.3 Analisis jeung Déskripsi Unsur Sirnaan Kalimah ...82

4.3.1 Sirnaan Jejer ...83

4.3.2 Sirnaan Caritaan ...85

4.3.3 Sirnaan Udagan ...86

4.3.4 Sirnaan Panglengkep ...86

4.3.5 Sirnaan Katerangan ...86

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ...87

5.1 Kacindekan ...87

5.2 Saran ...87

DAPTAR PUSTAKA ...89

LAMPIRAN ...91

(12)

DAPTAR TABÉL

TABÉL

Kaca

2.1 Konstituén nu Ngandali Sirnaan Jejer dina Konstruksi Koordinatif……49

2.2 Nu Ngandali Sirnaan Jejer……...……….54

2.3 Keforisan Sirnaan Jejer. .…….………54

2.4 Keterpulangan Sirnaan Jejer….………55

3.1 Format Transformasi Kalimah………..62

3.2 Format Prosés Transformasi………..62

3.3 Format Unsur-unsur nu Sirna………63

4.1 Transformasi Kalimah dina Paguneman Masarakat Pasar Padayungan……….…..67

(13)

DAPTAR GAMBAR

GAMBAR

Kaca

(14)

DAPTAR BAGAN

BAGAN Kaca

2.1 Komponén Sintaksis ... 13

2.2 Modél Transformasi Buhun ... 15

2.3 Modél Transformasi Modifikasi ... 16

(15)

DAPTAR LAMPIRAN

LAMPIRAN Kaca

Lampiran 1 ... 91

(16)

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa téh salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna.

Basa diulik ku paélmuan nu husus nu disebut élmuning basa atawa lingusitik.

Jadi, basa téh mangrupa obyék linguistik. Ieu téh nuduhkeun yén disawang tina

jihat filsafat, linguistik diaku minangka hiji paélmuan lantaran miboga sipat

ontologis atawa mibanda obyék ulikan nya éta basa.

Basa mangrupa alat komunikasi nu éféktif, nu dilengkepan ku unsur-unsur

nu aya di jerona, nu ngawengku aspék-aspék basa sarta aturan-aturan ngeunaan

basa nu dipikawanoh ku panyaturna. Wardhaugh dina Sudaryat (2004:6)

nyebutkeun yén “Language is a system of arbitrary vocal symbols used for human

communication”, basa téh nya éta sistem lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku

manusa pikeun komunikasi.

Basa perlu pisan ditalungtik jeung diajarkeun. Hartina pikeun negeskeun

basa ku cara nyaritakeun pangalaman manusa dina beungkeutan nu miboga ma’na

katut ngagunakeun kabébasan robahna basa.

Basa miboga harti nu lega, nya éta salaku alat komunikasi. Manusa moal

leupas tina basa, sabab euweuh kagiatan manusa nu teu maké basa. Aya sawatara

hal nu perlu diperhatikeun dina komunikasi, nya éta 1) tempat lumangsungna

paguneman, 2) saha panyaturna, 3) maksud nu rék ditepikeun, 4) eusina ngeunaan

naon, 5) kumaha carana, 6) alatna lisan atawa tulisan, 7) norma atawa aturan,

(17)

Basa Sunda mangrupa basa indung, basa panganteur di masarakat, sarta

basa nu ngarojong kana kabudayaan Sunda, saperti nu geus diunikeun dina

Penjelasan Pasal 36 Undang-Undang Dasar 1945, yén basa daérah kaasup kana

basa anu dipiara jeung dimumulé ku rahayatna kalawan bener-bener. Ku kituna,

basa kudu dipiara ku nagara, nurutkeuun anggapan yén basa daérah ogé mangrupa

bagian tina kabudayaan Indonésia nu hirup. Basa Sunda kaasup kana salasahiji

basa daérah di Indonésia anu nepi ka ayeuna pungsi basa Sunda masih kénéh tetep

kuat.

Basa Sunda téh basa nu miboga ma’na nu leubeut, produktip, unik,

dinamis, dialékna loba, sarta manusiawi nu luyu jeung hakékat basa. Salasahiji

pungsi basa Sunda dina komunikasi nya éta pungsi fatis (phatic function) dina

harti mangrupa pungsi basa nu nerangkeun ngeunaan bubuka, nandeskeun, sarta

mairan. Éta pungsi basa téh sok digunakeun ku masarakat dina gunem catur

pikeun ngaraketkeun hubungan sosial.

Basa Sunda ngalaman kamekaran sarta parobahan ti jaman ka jaman, sarta

bisa leungit lamun teu digunakeun kalawan bener jeung teu dipiara ku urang

Sundana sorangan. Salian tina kamekaran basana, basa Sunda ogé miboga kecap

nu ngalaman prosés nalika dina ngagunakeunnana, boh dina basa tinulis boh dina

basa lisan. Dumasar prosés dipakéna basa, basa lisan ngalaman parobahan leuwih

gancang tibatan basa tinulis. Sanajan ngalaman parobahan dina kalimah ku cara

ngaleungitkeun unsur-unsur atawa bagéan-bagéan kalimah, ieu hal teu

mangaruhan kana harti prosés komunikasina. Unsur atawa bagian anu henteu

(18)

ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun kontéks situasina éta unsur téh geus

dipikaharti ku nu marakéna basa.

Nurutkeun Sudaryat, spk. (2007:4) ragam basa nurutkeun atikan formal

ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam

basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa

kosta, ngukuhan kaédah basa, boh tata basana boh undak-usuk basana.

Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan,

kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu

dicaritakeun, disebut usuk basa atawa tatakrama basa. Ku kituna,

undak-usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa

kasar (loma, atawa teu hormat). Ragam basa lemes aya dua rupa, nya éta lemes ka

batur jeung lemes keur sorangan, anu bisa katitén wujudna dina lisan atawa kecap,

pasemon, rengkuh jeung peta, sarta lentong anu merenah.

Ragam basa nurutkeun warna makéna basa disawang tina jihat jejer

omongan, medium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer

omongan aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung

ragam basa urang aré anu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra,

jeung agama. Disawang tina medium makéna aya ragam basa lisan anu dipaké

dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran,

majalah, jeung buku. Ragam basa nu rék diguar dina ieu panalungtikan nya éta

ragam basa nurutkeun sikep panyatur sarta warna makéna basa.

Salian ti éta, hirup kumbuh di masarakat tangtu moal leupas tina ragam

(19)

média lisan sarta kawatesanan ku waktu jeung tempat. Salian ti éta, situasi atawa

kaayaan ogé bisa mantuan ngungkabkeun hal nu dimaksud sarta unsur

gramatikalna loba nu teu diécéskeun sacara lengkep jeung dipangaruhan ku luhur

handapna sora atawa lentong.

Ragam basa lisan miboga kaunggulan sarta kahéngkéran. Kaunggulan nu

nyampak dina basa lisan nya éta bisa disaluyukeun jeung situasi, faktor éfisiénsi,

faktor pangjéntré dina harti panyatur bisa nambahan unsur séjén nu mangrupa

tekenan jeung gerak awak supaya nu diajak nyarita ngarti kana naon anu

dicaritakeun. Salian tina kaunggulanana, ragam basa lisan miboga kahéngkéran di

antarana basa lisan diwangun ku sababaraha kalimah nu teu lengkep, malah

diwangun ku frasa-frasa basajan, kaidah-kaidah basa nu digunakeun remen

ngagunakeun ragam basa formal. Basa lisan nu wangunna paguneman dina

situasi formal bakal béda kaédah-kaédah kabakuanana dina paguneman dina

situasi teu formal atawa dina waktu rinéh.

Hal ieu katitén dina ungkara kalimah, “Mangga atuh dileueut [kopina,

lalawuhna, opakna]!. Dina ungkara kalimah di luhur, nu di jero kurung tara

dikedalkeun, tapi hal ieu teu mangaruhan kana kontéks kalimahna, alatan hal ieu

dirojong ku situasi kondisina. Ungkara kalimah di luhur, remen kajadian dina basa

lisan. Conto séjénna nalika interaksi nu aya di lingkungan pasar, antara nu meuli

jeung nu ngajual sok tara lengkep unsur kalimahna, dina harti sok aya nu

dileungitkeun. Contona “Néng, gula jeung tipung sadayana janten dua belas

lima”. Dina ungkara kalimah nu bieu, jéntré pisan aya kecap nu ngalaman sirna

(20)

dua belas lima, padahal kalimah nu sakuduna mah nya éta “Néng, pangaos gula

jeung tipung téh sadayana janten dua belas réwu lima ratus”.

Tina katerangan di luhur ébréh yén dina kahirupan sapopoé kapanggih réa

kalimah-kalimah nu sok dileungitkeun unsur-unsurna. Unsur-unsur kalimah nu

dileungitkeun téh umumna unsur-unsur fungsional. Nurutkeun Sudaryat, spk.

(2007: 181), unsur-unsur fungsional dina kalimah basa Sunda téh ngawengku

jejer, caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan.

Nganalisis unsur-unsur nu sirna dina kalimah, bisa digunakeun rupa-rupa

pamarekan di antarana waé pamarekan struktural jeung pamarekan transformasi.

Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan transformasi dina nganalisis unsur

sirnaan kalimah. Tiori transformasi méré wangenan yén transformasi téh salaku

parobahan wangun kalimah tina wangun kalimah anu disebut kalimah dasar.

Ciri-ciri kalimah transformasi téh nya éta mangrupa kalimah rangkepan (ngantét,

sumélér), tanlengkep (tansampurna), pananya (interogatif), panitah (imperatif),

pamungkir (négatif), jeung dipigawé (pasif). Konsép transformasi miboga

sasaruaan jeung konsép strukturalisme, nya éta struktur basa anu alami mangrupa

struktur, anu nétélakeun yén basa alami téh bisa ditepikeun ngaliwatan sistem anu

logis anu miboga maksud ngaleungitkeun rasa samar, istilah anu kurang merenah,

sarta méréskeun pasualan-pasualan basa sacara umum. Inti tina ieu tiori nya éta

maluruh hubungan antara hiji kalimah jeung kalimah lianna dumasar kana

tingkatan kacukupan, dina harti hiji basa nyumponan tingkatan kacukupan téh

lamun ngaliwatan kacukupan observasi, kacukupan déskripsi, jeung kacukupan

(21)

Sudaryat, spk.(2007: 273) nétélakeun yén konsép transformasi kalimah

didadasaran ku anggapan yén kalimah-kalimah anu dipaké dina komunikasi, anu

rupa-rupa wangunna téh, lolobana mangrupa rékaan tina hiji wangun kalimah anu

disebut kalimah dasar. Ditilik tina jihat transformasi, kalimah-kalimah nu aya dina

hiji basa bisa diklasifikasikeun jadi dua rupa nya éta kalimah dasar (inti) jeung

kalimah transformasi (rékaan). Kalimah inti miboga ciri nya éta salancar tur

sampurna, aktif, afirmatif, jeung déklaratif. Sabalikna tina kalimah salancar tur

sampurna, aktif, afirmatif, jeung déklaratif disebut kalimah transformasi.

Transformasi téh loba rupana, anu ngawujud dina prosés parobahan-parobahan

tina kalimah dasar kana kalimah transformasi, saperti parobahan tina kalimah

salancar kana kalimah rangkepan, tina kalimah wawaran kana kalimah pananya,

jeung saterusna, anu patali jeung parobahan tina cirri-ciri kalimah dasar téa. Ieu

parobahan téh lumangsung nurutkeun kaédah anu aya dina sistem basana, anu

disebut kaédah transformasi. Anapon rupa kalimah transformasi nya éta

pérmutasi/ paselup (prosés parobahan susunan unsur-unsur kalimah), topikalisasi

(parobahan salasahiji unsur kalimah topik), négasi/pamungkir (prosés ngarobah

kalimah positif jadi kalimah negatif atawa kalimah ingkar), délisi/ elipsis (kalimah

sirnaan). Ieu panalungtikan leuwih nyoko kana prosés kalimah transformasi

délisi/élipsis.

Transformasi kalimah saacanna geus aya nu nalungtik nya éta “Kalimah

Transformasi Basa Sunda dina Média Citak Patalina jeung Adegan Batin katut

Adegan Lahir” (Widyastuti, 2012), tapi bédana kalimah transformasi di dieu mah

(22)

ngeunaan jejer (Pelesapan Subjek dalam Bahasa Indonesia) dina ragam basa tulis,

sarta tina pangalaman nganalisis sirnaan jejer dina ambahan wacana katitén yén

gejala sirnaan jejer leuwih alus dina ragam basa lisan alatan lain ukur kaédah

basana wungkul nu mangaruhan téh tapi ngeunaan sababaraha paktor di antarana

paktor budaya atawa pola pikir panyatur basa nu teu ngungkabkeun hiji hal

kalawan écés pikeun panyatur jeung nu ngaregepkeun. Nepi ka ayeuna, can aya

panalungtikan ngeunaan unsur sirnaan dina kalimah basa Sunda, komo deui dina

basa Sunda lisan.

Ku kituna, panalungtikan ngeunaan “Wangunan Sirnaan dina Kalimah

Basa Sunda Lisan di Pasar Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa

Transformasi)” perlu diayakeun.

1.2 Identifikasi Masalah

Pasualan ngeunaan sirnaan remen kapanggih dina ragam basa tulis jeung

ragam basa lisan. Dina ragam basa lisan utamana dina paguneman nu digunakeun

dina kahirupan sapopoé, kalimah atawa kontéks basa nu ngalaman sirnaan leuwih

loba, alatan dirojong ku sababaraha paktor. Sedengkeun pikeun nganalisis éta

sirnaan téh ngagunakeun pamarekan transformasi kalimah. Dina harti pamarekan

ngeunaan parobahan kalimah tina kalimah dasar ka kalimah transformasi.

Sangkan panalungtikan leuwih museur kana masalah nu ditalungtik, nu

nyusun ngawatesanan ieu panalungtikan kana ungkara kalimah nu ngalaman

prosés transformasi kalimah nu museur kana unsur-unsur sirnaan dina ragam basa

(23)

1.3 Rumusan Masalah

Aya sababaraha masalah anu dirumuskeun dina wangun patalékan, nya

éta:

a. Kumaha wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi

masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya?

b. Unsur-unsur naon waé anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu

dipaké ku masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya?

1.4 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah nu geus diébréhkeun,

ieu panalungtikan sacara umum miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun

“Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Masarakat Pasar

Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa Transformasi)”.

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di

Masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa Transformasi )”.

Ari déskripsina ngawengku opat hal ieu di handap, nya éta:

a. Wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi masarakat

Pasar Padayungan Tasikmalaya;

b. Unsur-unsur anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu dipaké ku

(24)

1.5 Mangpaat Panalungtikan

a. Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep pikeun nambahan référénsi utamana dina tata

basa ngeunaan wangun kalimah nu asalna kalimah dasar jadi sirna atawa leungit

bagian-bagian kalimahna. Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré

mangpaat pikeun ngungkab sacara tuluy tumuluy ngeunaan basa Sunda dina

rupaning widang utamana dina basana. Salian ti éta, panalungtikan dipiharep

miboga mangpaat pikeun kamekaran basa Sunda.

b. Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta panalungtik bisa weruh

kana tata basa transformasi kalimah sarta prosés dina transformasi kalimah

utamana prosés sirnaan, ogé panalungtik bisa weruh kana unsur-unsur naon waé

nu sirna dina ragam basa lisan utamana dina paguneman sapopoé nu nyampak di

masarakat.

1.6 Srtuktur Organisasi Tulisan

Ieu panalungtikan diébréhkeun sacara écés di antarana nya éta bab hiji nu

mangrupa bubuka ngawengku (1) kasang tukang masalah ngeunaan basa lisan nu

mangrupa paguneman sapopoé nu ngalaman sirnaan, (2) idéntifikasi masalah, (3)

rumusan masalah, (4) tujuan panalungtikan, jeung (5) mangpaat panalungtikan

tioritis sarta mangpaat panalungtikan praktis. Bab dua diwengku ku ulikan tiori

ngeunaan (1) hakékat kalimah, (2) tata basa transformasi, jeung (3) transformasi

(25)

nalungtik wangunan sirnaan. Bab opat nya éta nganalisis hasil panalungtikan

dumasar tiori anu geus dijelaskeun dina bab dua. Bab lima ngawengku kacindekan

(26)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Sumber Data

Pikeun nyumponan data dina ieu panalungtikan, data anu didéskripsikeun

téh dicokot data primér. Data primér tina sumber lisan nya éta hasil sadap rékam

paguneman masarakat nu interaksi di sabudeureun pasar Padayungan Kota

Tasikmalaya. Netepkeun sumber data ku cara sadap rékam tina data basa lisan téh

jalaran sajalan jeung sawangan Grinder jeung Elgin dina Sudaryat (1991:10) nu

nyebutkeun yén nu nalungtik basana sorangan, di sagédéngeun dirina bisa salaku

informasi, ogé bisa merhatikeun intuisi panyatur lianna. Panyatur basa nu dipilih

salaku informan kudu miboga sarat tina segi umur, jenis kelamin, kualitas budaya

katut kajiwaan basana.

Nangtukeun jeung néangan data nu saperti kitu téh dipiharep cukup

réfréséntatitf pikeun ieu panalungtikan. Nu saterusna dicokot sajumlah kalimah nu

bakal dijadikeun bahan kajian data. Korpus data nu alus kudu miboga ciri

seragemna sacara dialkétis, alamiah, loba ragamna, lengkep, terus-terusan, jeung

narik (Samarin dina Sudaryat, 1991:11).

3.2Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun

data dina raraga ngajawab patalékan panalungtikan, sarta téhnik analisis atawa

métode husus anu rék digunakeun ku panalungtik.

Desain dina ieu panalungtikan, nyoko kana léngkah-léngkah ieu di

(27)

Nangtukeun masalah ngeunaan unsur-unsur sirnaan dina ragam

basa lisan

Ragam basa lisan di sabudeureun Pasar Padayungan

Kota Tasikmalaya

Rumusan anggapan dasar ngeunaan sirnaan dina ragam basa lisan di sabudeureun Pasar

Padayungan Kota Tasikmalaya

Nangtukeun sumber data

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.3Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara pikeun matotoskeun

masalah panalungtikan anu dilaksanakeun kalawan dirarancang heula sacara

gemet, anu maksudna sangkan meunang fakta jeung kacindekan sangkan bisa Rumusan masalah ngeunaan

unsur sirnaan dina ragam basa lisan

Nyusun laporan

Analisis data

Transkripsi Paguneman

Obsérvasi ka lapangan ku cara sadap rékam

(28)

paham jeung bisa neuleuman kana objék anu jadi sasaran panalungtikan

(Syamsudin jeung Damaianti, 2006:14).

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif

analitis tina hasil transkripsi basa lisan nu ngandung unsur-unsur sirnaan. Métode

déskriptif ieu pungsina nya éta pikeun milih, milah, ngolah jeung nafsirkeun data.

Salian ti éta, objék anu didéskripsikeunana nya éta sakabéh wangun kalimah dina

basa lisan nu digunakeun ku masarakat di masarakat pasar Padayungan Kota

Tasikmalaya. Analisisna nyoko kana unsur-unsur nu sirna, sarta transformasi

kalimahna.

3.4Wangenan Operasional

Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah-istilah poko

anu dipaké dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional nya éta

ieu di handap.

a. Kalimah nya éta wangunan basa maksimal nu miboga harti sarta diébréhkeun

ngaliwatan hiji omongan atawa wacana nu miboga lentong pamungkas turun

atawa naék.

b. Sirnaan kalimah nya éta ngaleungitkeun unsur-unsur fungsional (jejer,

caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan) dina kalimah sirnaan kalimah

unggal bagian tina preposisi kalimah.

c. Sirnaan disebut ogé délisi. Délisi disebut ogé kalimah ringkesan, nya éta

wangun kalimah anu sabagian unsur kalimahna dileungitkeun. Lamun ditilik tina

kalengkepan unsurna, éta kalimah téh kaasup kalimah teu lengkep. Ieu kalimah

(29)

Délisi atawa elipsis téh lumangsung lamun dina hiji kalimah aya

unsur-unsur atawa bagian-bagian anu dileungitkeun atawa henteu dikedalkeun. Unsur

atawa bagian anu henteu dikedalkeun téh bisa mangrupa unsur anu sarua wujudna,

bisa jadi mangrupa unsur anu wenang ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun

kontéks situasina éta unsur téh geus kamaphum ku nu marakéna basa. Kulantaran

kitu, unsur anu dileungitkeun atawa anu henteu dikedalkeun téh aya nu bisa

kapaluruh tina téksna atawa wacanana (délisi tékstual), aya anu bisa kapaluruh

dumasar kana strukturna (délisi struktural), aya ogé anu bisa kapaluruh nurutkeun

kontéks situasina (délisi situasional).

d. Transformasi nya éta prosés pangwangunan unsur basa tina struktur dasar ka

struktur turunan. Aya lima rupa transformasi nya éta, (1) transformasi tunggal, (2)

transformasi seselan, (3) transformasi ngantét, (4) transformasi puseur, jeung (5)

transformasi husus.

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan téh mangrupa alat pikeun ngumpulkeun data

atawa cara pikeun ngajaring data anu diperlukeun pikeun ngajawab patalékan

panalungtikan (Arikunto, 2002:102). Anapon instrumén anu diperlukeun dina ieu

panalungtikan:

1) Alat Rékam ( HP)

2) Transkripsi Paguneman

(30)

4) Alat Panyatet

Tabél 3.1 Format Transformasi Kalimah

No Paguneman Transformasi

Kalimah Kalimah Dasar

1

Tabél 3.2 Format Prosés Transformasi

No Kalimah

Transformasi

Kat. Tunggal Sematan Rapatan Fokus Khusus

1

Sirnaan:

J C U Pel. Kat

Transformasi:

Tunggal Seselan Ngantét Puseur Khusus Alfabét

Data Kalimah

(31)

Tabél 3.3 Format Unsur-Unsur nu Sirna No Transformasi

Kalimah

Unsur nu Sirna

Jejer Caritaan Udagan Panglengkep Katerangan 1

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun

téhnik sadap rékam. Téhnik sadap rékam nya éta digunakeun pikeun ngajaring

data ku cara ngarékam paguneman masarakat Sunda, boh sacara terang-terangan

boh susulumputan.

Léngkah-léngkah téhnik ngumpulkeun data di luhur, saperti ieu di handap.

a. Nangtukeun sumber data;

b. Rékaman paguneman basa Sunda di masarakat;

c. Transkripsi data lisan kana tulisan;

d. Nyirian jeung nyatet anu kaasup kalimah sirnaan kana kartu data

e. Milah-milah unsur fungsional nu sirna; jeung

f. Ngadaptarkeun unsur-unsur nu sirna kana wangun transformasi kalimah.

3.7Téhnik Ngolah Data

Sabada data kumpul, nurutkeun Botha dina Sudaryat (2000:32), aya kénéh

(32)

dipilampah téh nya éta (1) nyieun papasingan, (2) ngorélasikeun, (3)

ngaruntuykeun, jeung (4) ngukur.

Data nu geus diéntépseureuhkeun téh disebutna korpus data. Korpus data

anu hadé, ceuk Samarin dina Sudaryat (2004:32), kudu nyumponan pasaratan nu

saragem, di antarana, (a) dialéktis, (b) alamiah, (c) variatif, (d) lengkep, (e) mindo

(berulang), jeung (f) narik ati.

Numutkeun Hocket dina Sudaryat (2004:32) nétélakeun yén dina

nganalisis data basa sok digunakeun analisis unsur langsung (immediate

constituent (IC) analysis), nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu

langsung ngawangun unsur saluhureunana. Upamana baé dina nagtukeun unsur

fungsional kalimah saperti J, C, U, Panglengkep, jeung Katerangan. Kalimah di

handap ieu bisa kapanggih unsur langsungna.

Kalimah

J C U Kat.

Néng Zaini keur meuli témpé ka pasar Padayungan.

Analisis unsur langsung téh mangrupa téhnik dasar, anu dituturkeun ku

téhnik (1) pérmutasi, (2) substitusi, (3) ékspansi, (4) téhnik délisi, jeung (5) téhnik

seselan. Téhnik permutasi atawa téhnik balik, nya éta téhnik analisis ku cara

malikeun unsur kalimah tina wangun dasar, anu engkéna éta wangun dasar téh

ngalaman parobahan wangun. Téhnik ganti atawa subtitusi bisa digunakeun

pikeun nangtukeun sinonim dina wates anu tangtu. Téhnik ékspansi nya éta

(33)

jeung unsur anu ngagantina. téhnik téh pikeun nangtukeun segi-segi ma’na (aspék

semantis) lingual anu tangtu. Hartina, penting pikeun mikawanoh kadar sinonim

upamana, aya dina tataran anu sarua (sinonim téh sarua informasina, mirip

ma’nana, tapi wangunna béda). Téhnik délisi nya éta téhnik lesap atawa

ngaleupaskeun, ngaleungitkeun, ngahapus atawa ngurangan hiji unsur dina

wangun kalimah. Téhnik seselan loba disaruakeun jeung téhnik ganti atawa téhnik

ngalegaan, tapi saenyana mah dina dua téhnik éta téh aya bédana. Téhnik ganti

moal ngamungkinkeun hiji unsur lingual nambahkeun unsur lingual anu anyar,

boh sacara kelas boh sacara ma’na. Téhnik seselan leuwih luyu disaruakeun jeung

téhnik ngalegaan. Téhnik seselan miboga mangpaat pikeun mikawanoh kadar

raketna dua unsur anu dipisahkeun ku hasil seselan éta.

Dumasar kana sababaraha téhnik di luhur, ngolah data sirnaan kalimah

ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

a. Niténan data nu geus dikumpulkeun;

b. Ngadaptarkeun data kalimah sacara alfabétis;

c. Méré nomer kode data kalimah;

d. Nyieun papasingan data sirnaan kalimah dumasar kana unsur fungsional nu

dileungitkeun;

e. Nganalisis prosés transformasi dina sirnaan kalimah;

f. Ngadéskripsikeun sirnaan kalimah;

g. Napsirkeun sirnaan kalimah; jeung

(34)
(35)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana analisis jeung déskripsi data anu geus ditepikeun dina bab

IV, hasil panalungtikan ngeunaan wangunan sirnaan dina paguneman di pasar

Padayungan Tasikmalaya, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

Unsur-unsur nu ngalaman sirna dina paguneman masarakat pasar

Padayungan Tasikmalaya aya 1) sirnaan jejer, 2) sirnaan caritaan, 3) sirnaan

udagan, 4) sirnaan panglengkep, jeung 5) sirnaan katerangan.

Transformasi kalimah dina basa lisan di masarakat pasar Padayungan

Tasikmalaya aya 1) transformasi tunggal, 2) transformasi seselan, 3) transformasi

ngantét, 4) transformasi puseur, jeung 5) transformasi husus.

Jadi, unsur-unsur nu sirna dina paguneman nu aya di masarakat kacida

lobana alatan dirojong jeung basa nonverbal (ngagunakeun anggahota awak

contona bari nunjuk, ngarawu, ngalungkeun, ngawadahan, jsb).

5.2Saran

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara saran anu perlu ditepikeun

patali jeung ieu panalungtikan.

a. Ieu panalungtikan ngeunaan wangunan sirnaan perlu dipatalikeun jeung bahan

pangajaran sarta dilarapkeun kana kamampuh siswa dina ngagunakeun jeung

(36)

b. Panalungtikan ngeunaan sirnaan dina ragam basa lisan téh sumberna kakara di

masarakat pasar, ku kituna perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik wangun

(37)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta Rineka Cipta.

Cook, Walter A. 1971. Introduction to Tagmemic Analysis. New York: Holt, Rinehart, and Winston.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Kuswari, Usep & Hernawan. 2010. Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Parera, Jos Daniel. 2009. Dasar-Dasar Analisis Sintaksis.. Jakarta: Erlangga. Ramlan, M. 1987. Ilmu Bahasa Indonesia: Sintaksis. Yogyakarta: CV Karyono. Rusyana, Yus & Samsuri. 1976. Pedoman Penulisan Tata Bahasa Indonesia. Jakarta:

Pusat Bahasa

Samsuri. 1985. Tatakalimat Bahasa Indonesia. Jakarta: Sastra Hudaya.

Silitonga, Mangasa. 1988. Pengantar Tata Bahasa Transformasi. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Sudaryat, Yayat. 1991. Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat, spk. 1993. Wacana Adegan Kecap Prase jeung Klausa Bahasa Sunda. Bandung: CV Andira.

Sudaryat, Yayat. 2004. Élmuning Basa Sunda. Bandung: Walatra.

Sudaryat, Yayat, spk,. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. 2014. Struktur Bahasa Sunda. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI. Sugono, Dendy. 1995. Pelesapan Subjek dalam Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat

Bahasa.

Syamsudin. 2007. Modul Struktur Bahasa Indonesia. Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI.

(38)

Referensi

Dokumen terkait

ANALISIS KEMAMPUAN KOGNITIF ANAK USIA DINI BERDASARKAN HASIL GAMBAR ANAK. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Pada penelitian ini penulis membangun suatu sistem pakar yang mampu mendiagnosa disleksia pada anak usia 5 tahun keatas menggunakan metode Naive Bayesian (NB)

Verifikasi data adalah upaya yang diakukan untuk mengidentifikasi data yang memadai untuk diolah yaitu data yang kelengkapannya terpenuhi baik identitas maupun

Berikut ini Persyaratan mendapatkan atau pencairan Tunjangan Profesi Guru (TPG) berdasarkan pasal 15 ayat Peraturan Pemerintah No 19 Tahun 2017, yakni sebagai berikut:1.

menjalani Program Pendidikan Dokter Spesialis Ilmu Penyakit Saraf. Semua pasien nyeri kepala yang telah bersedia untuk

[r]

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sehubungan dengan pentingnya pengamalan butir-butir pancasila, maka penulis menyarankan kepada seluruh warga negara Indonesia untuk mengamalkan