• Tidak ada hasil yang ditemukan

ADEGAN DIATÉSIS KALIMAH RANGKEPAN DINA RUBRIK “LAWANG SAKÉTÉNG” MAJALAH MANGLÉ PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMP.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ADEGAN DIATÉSIS KALIMAH RANGKEPAN DINA RUBRIK “LAWANG SAKÉTÉNG” MAJALAH MANGLÉ PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMP."

Copied!
20
0
0

Teks penuh

(1)

LEMBAR PENGESAHAN PERNYATAAN

PANGJAJAP………. i

ABSTRAK……… iv

DAPTAR EUSI………. v

DAPTAR BAGAN……… viii

DAPTAR LAMPIRAN………... ix

DAPTAR SINGGETAN………... x

BAB I BUBUKA………. 1

1.1 Kasang Tukang……….. 1

1.2 Watesan Masalah………... 5

1.3 Rumusan Masalah………. 5

1.4 Tujuan Panalungtikan………. 6

1.5 Mangpaat Panalungtikan………. 6

1.6 Anggapan Dasar……….. 7

1.7 Raraga Téori……… 7

1.8 Métode Panalungtikan………. 8

1.9 Téhnik Panalungtikan……….. 8

1.10Sumber Data………. 8

BAB II KALIMAH KEDALING AMBEK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN……….. 9

2.1 Kalimah ………. 9

2.1.1 Wangenan Kalimah………. 9

2.1.2 Unsur-unsur Kalimah……….. 11

2.1.2.1 Kecap……….. 11

2.1.2.2 Frasa………... 12

(2)

2.2.1 Wangenan Émosi………... 20

2.2.2.Wanda émosi……….. 21

2.2.3 Ambek……… 23

2.3 Kedaling Ambek……… 24

2.3.1 Wangenan Kedaling Ambek………... 24

2.3.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek………. 25

2.4 Bahan Pangajaran Guneman Kalimah Kedaling Ambek……….. 27

2.4.1 Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda………. 27

2.4.2 Bahan Ajar Basa Sunda………. 29

2.4.3 Silabus……… 30

2.4.4 Évaluasi……….. 31

2.4.5 Rarancang Pangajaran……… 31

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN……….. 32

3.1 Wangenan Oprasional……… 32

3.2 Padika Ngolah Data……… 33

3.3 Pakakas Panalungtikan……….. 34

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data………... 35

3.5 Téhnik Ngolah Data……….. 35

BAB IV ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA……… 37

4.1 Data Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog………. 37

4.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek………... 38

4.2.1 Kedaling Ambek Basa Kasar……….. 38

4.2.2 Kedaling Ambek Basa Lemes……….…. 39

(3)

4.4.1 Kalimah Sampurna……… 41

4.4.1.1 Kalimah Sampurna Susunan Baku………... 42

4.4.1.2 Kalimah Sampurna Susunan Balik……… 42

4.4.2 Kalimah teu Sampurna………... 42

4.5 Adegan Kalimah Kedaling Ambek………. 43

4.5.1 Adegan Kalimah Sampurna………..……. 43

4.5.1.1 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Susunan Baku.. 43

4.5.1.2Adegan Kalimah Kedaling Ambek Susunan Balik....56

4.5.2Adegan Kalimah teu Sampura……… 59

4.6 Ambahan Bahan Ajar Kalimah Kedaling Ambek di SMA…….. 66

4.6.1Silabus ……….…. 68

4.6.2 Rarancang Pangajaran……….… 70

4.6.3 Évaluasi Pangajaran kedaling Ambek……….… 79

BAB V Kacindekkan jeung Saran………... 80

5.1 Kacindekan………... 80

5.2 Saran………. 81

Daptar Pustaka………. 83

Lampiran-lampiran……….. 84

(4)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Basa mangrupa salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup

kumbuhna. Tanpa basa, manusa hésé ngalakukeun komunikasi. Éta sababna, basa

jadi alat anu pohara pentingna dina pakumbuhan manusa, nyaéta pikeun ngajalin

patali marga di antara anggota masarakatna. Basa bisa dipikawanoh tina kelompok

jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya anu disebut

basa daérah, basa nasional, jeung basa asing anu miboga fungsi jeung

kalungguhan séwang-séwangan.

Salaku basa daérah, basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat

Sunda katut budayana. Ku kituna, dina pakumbuhanana masarakat Sunda,

ngajalin patali marga ngagunakeun basa Sunda salaku pakakas komunikasina.

Basa Sunda henteu ngan dipaké keur ngajalin patali marga hungkul, tapi ogé

dipaké keur sadirieun. Keur sadirieun nyaéta waktu urang ngimpi, ngadunga,

kukulutus, ngitung, jeung nyieun catetan poéan dina agénda pribadi. Ari basa

Sunda nu dipaké pakakas komunikasi mah nyaéta basa Sunda anu dipaké pikeun

ngirim jeung narima pesan (rasa, pikiran, jeung kahayang) ti pangirim ka panampa

(pamiarsa atawa pamaca) ngaliwatan médium basa, nyaéta basa Sunda anu dipaké

waktu urang palémék atawa komunikasi; nyatana pikeun alat campur gaul jeung

papada urang Sunda atawa anu lain urang Sunda tapi bisa basa Sunda.

Dina prosés komunikasi, pangirim atawa panampa bisa ngedalkeun naon

(5)

nyarita atawa nu dicaritakeun. Kedalna rasa, pikiran, jeung kahayang dina sistem

sora waktu campur gaul disebut adegan eusi basa (deep structure). Ari sistem sora

manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa disebutna adegan cangkang

(surface structur).

Hal anu dikomunikasikeun ku pangirim ka panampa kedal dina wangun

kalimah. Prawirasumantri (2000: 12), nétélakeun yén kalimah téh nyaéta

kontruksi gramatik maksimal, mangrupa bagian pangleutikna, ngandung pikiran

anu lengkep tina hiji wacana, diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong

pamungkas turun atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri. Ku

kituna, kalimah téh mangrupa wangun atawa kontruksi anu dipaké pikeun

ngedalkeun eusi komuniksi; rasa, pikiran, jeung kahayang. Salasahiji rasa anu bisa

kedal nyaéta ambek.

Ambek mangrupa rasa anu kedal nalika hiji jalma meunang kakeuheul

atawa teu panuju kana hiji hal. Ambek bisa kedal dina wacana lisan jeung tulisan.

Dina wacana lisan, ambek bakal kapanggih nalika hiji jalma ngalakukeun

paguneman/dialog jeung jalma séjén atawa ka dirina sorangan waktu nimu

kakeuheul atawa nimu ka teu panujuan. Ari dina wacana tulisan mah biasana

urang mindeng manggih dina wangun wacana fiksi.

Wacana fiksi dibagi jadi tilu wangun nyaéta wacana lancaran, wacana

ugeran jeung wacana drama. Ambek anu kedal dina kalimah atawa runtuyan

kalimah bisa leuwih écés katingalina dina wangun drama. Wacana drama nyaéta

wacana anu midangkeun carita atawa lalakon ku paguneman (dialog), diajangkeun

(6)

palakuna mangrupa kalimah atawa omongan langsung ti para palaku anu

diucapkeun silihtempas. Lian ti éta, tina drama, kedaling ambek bisa leuwih

babari kapanggihna sabab dina awal drama aya nu disebut candraan (déskripsi)

anu eusina nerangkeun kaayaan latar (tempat, waktu), suasana, kajadian carita,

jeung palaku. Pertélaan palaku nataan ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku

saperti dedeg-pangadegna, watek, jeung paripolahna. Pertélaan palaku bisa ogé

diseselkeun dina paguneman atawa omongan para palaku.

Ékman (2008: 15), salah saurang psikolog nu maluruh perkara émosi

nétélakeun yén ”Tiap-tiap émosi boga sinyal-sinyal anu has, wangun anu paling

babari diidéntifikasi tina émosi nyaéta tina pameunteu jeung sora.” Ambek anu

mangrupa salasahiji bagian tina émosi sacara langsung bisa diidentifikasi tina dua

hal anu ditétélakeun tadi nyaéta tina pameunteu jeung sora. Panalungtikan anu

didasarkeun kana kamampuh nyarita dina ngaragakeun (bermain peran) tangtuna

patali jeung éksprési pameunteu sarta sora, tapi nilik kana kamampuh nyarita

panalungtik leuwih museurkeun panalungtikan kana kalimah atawa runtuyan

kalimah anu kedal dina wangun omongan.

Kumpulan naskah drama Sunda Jeblog mangrupa bahan panalungtikan

anu dipilih ku panalungtik sabab ditilik tina eusina, dina ieu kumpulan naskah

drama loba omongan para tokohna anu mangrupa kedaling ambek, boh ka dirina

sorangan boh ka nu diajak nyarita. Ku kituna, tangtu waé dina ieu kumpulan

naskah drama réa kalimah-kalimah anu bisa ditalungtik tina segi kabasaanna.

Contona tina segi wujudiah, pilihan kecap, papasingan, jeung adegan kalimah

(7)

drama nu nyaritakeun héséna kahirupan, dirasa cocog dijadikeun bahan ajar

pikeun siswa SMA sabab ditataran SMA, siswa geus mimiti nyaho, maham jeung

nataharkeun diri pikeun nyanghareupan kahirupan anu leuwih nyata atawa real.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) mata pelajaran basa

jeung sastra Sunda, matéri drama kaasup kana bahan ajar kasusastraan, najan kitu

angger baé éta hal moal leupas tina masalah kabasaan sabab saperti anu

ditétélakeun di luhur basa téh mangrupa alat komunikasi anu bisa dipaké dina

rupa-rupa média boh lisan boh tulisan. Lian ti bisa dipedar tina segi kasusastraan,

urang ogé bisa manggihan ragam kabasaan dina bahan ajar drama. Di antarana

waé, anu geus dituliskeun di luhur nyaéta urang bisa mikanyaho wujudiah, pilihan

kecap, papasingan kalimah, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda

anu aya dina drama. Ditilik tina éta hal, urang bisa nyindekkeun yén matéri

kasusastraan moal leupas tina matéri kabasaan.

Panalungtikan ngeunaan adegan kalimah geus réa pisan dilakukeun di

antarana waé “Adegan Kalimah Ngantet dina Karangan Siswa SLTP 2 Méi

Banjaran” (Rina Hasanah, 2001), “Adegan Kalimah Pananya dina Novel Lain Éta

Moh. Ambri” (Téjaningrum, 2002), “Adegan Kalimah Pasif dina Kumpulan

Carita Pondok Halimun Peuting Karangan Iskandarwassid” (Ihat Solihat, 2004)

jeung “Adegan Kalimah Panggero dina Kumpulan Carpon Jurig Paséa jeung Nyi

Karsih karangan Tini Kartini” (Tidah Fitriah, 2002). Panalungtikan-panalungtikan

di luhur umumna maluruh kalimah tina struktur jeung fungsi sacara umum, hiji

ogé can aya anu nalungtik kalimah anu dipatalikeun kana kedaling ambek komo

(8)

bahan ajar. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dibéré judul ”Adegan Kalimah

Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog pikeun Bahan

Pangajaran Guneman Di SMA”

1.2Watesan Masalah

Sangkan ambahan dina ieu panalungtikan teu lega teuing, mangka

panalungtik ngawatesan panalungtikan adegan kalimah kedaling ambek dina

kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran guneman di SMA

ditilik tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, adegan jeung bahan ajar kalimah

kedaling ambek basa Sunda.

1.3Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan medar perkara adegan kalimah kedaling ambek dina

kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, ari masalah panalungtikanna dirumuskeun

dina wangun pertanyaan ieu di handap.

a. Kedaling ambek basa Sunda naon waé anu kapanggih dina éta kumpulan

naskah drama?

b. Kumaha pilihan kecap kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

c. Kumaha wujud kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama?

d. Kumaha papasingan kalimahna ditilik tina lengkep-henteuna klausa

pangwanguna?

e. Kumaha adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa

(9)

f. Kumaha bahan pangajaran guneman kedaling ambek dina éta kumpulan

naskah drama?

1.4Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun adegan

kalimah kedaling ambek anu kapanggih dina kumpulan naskah drama Sunda

Jeblog pikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMA. Ari deskripsina ngawengku:

a. kedaling ambek basa Sunda nu kapanggih dina éta kumpulan naskah drama;

b. pilihan kecap kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama;

c. wujud kedaling ambek dina éta kumpulan naskah drama;

d. papasingan kalimahna ditilik tina lengkep- henteuna klausa pangwanguna;

e. adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa

pangwanguna;

f. bahan pangajaran guneman kedaling ambek dina éta kumpulan naskah

drama.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré manfaat boh sacara téoritis boh

sacara praktis. Ari mangpaatna nyaéta:

a. pikeun ngeuyeuban paélmuan tata basa tur kamekaran élmu pangaweruh dina

widang tata basa Sunda, utamana dina tataran sintaksis nyaéta pikeun

ngeuyeuban pangawéruh ngeunaan kalimah;

(10)

c. pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan élmu kabahasaan jeung

sastra Sunda, ogé pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina kaparigelan

maké basa, hususna dina aspék nyarita;

d. pikeun nu maca, bisa ngeuyeuban pangaweruh kabasaanna leuwih jembar

deui, utamana dina masalah kabasaan jeung pangajaran.

1.6Anggapan Dasar

Ieu panalungtikan dumasar kana anggapan dasar ieu di handap.

a. Kedaling ambek mangrupa salasahiji ébréhan tina rasa, pikiran, jeung

kahayang anu kedal dina wangun kalimah, anu bisa dianalisis tina pilihan

kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa

Sunda;

b. Kedaling ambek bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana, boh lisan boh tulisan;

c. Dina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog, aya kalimah kedaling ambek anu

bisa dijadikeun bahan ajar di SMA.

1.7 Raraga Téori

Téori anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téori-téori ngeunaan

kalimah (sintaksis) jeung bahan pangajaran. Buku-buku anu dipaké di antarana

waé buku Tata Basa Sunda Kiwari (Sudaryat, Spk, 2007), Standar Kompetensi

dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaraaan Bahasa dan Sastra Sunda (Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2006), Linguistik Umum (Chaér, 2003), jeung

(11)

1.8 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan anu digunakeun nyaéta metode déskriptif. Métode

déskriptif mangrupa métode pikeun ngungkulan pasualan aktual ku cara

ngumpulkeun, nganalisis jeung napsirkeun data.

1.9 Téhnik Panalungtikan

Téhnik studi dokuméntasi (ulikan pustaka) jeung obsérvasi mangrupa

téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu dibutuhkeun dina ieu

panalungtikan. Téhnik studi dokumentasi nyaéta téhnik anu digunakeun pikeun

meunangkeun data atawa informasi anu aya patalina jeung masalah anu

ditalungtik. Ieu téhnik, dirojong ku téhnik observasi pikeun ngumpulkeun data

langsung tina objék anu ditalungtik.

1.10 Sumber Data

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek

basa Sunda, anu sumberna tina wacana tulisan nyaéta tina kumpulan naskah

drama Sunda Jeblog. Ku sabab ieu panalungtikan ngagunakeun sempel total,

mangka anu jadi sampel sarua jeung populasi nyaéta sakabéh kalimah kedaling

(12)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab panalungtik bakal medar perkara métode panalungtikan anu

ngawengku (1) wangenan oprasional, (2) padika nangtukeun data, (3) pakakas

panalungtikan, (4) téhnik ngumpulkeun data, jeung (5) téhnik ngolah data.

3.1Wangenan Oprasional

Istilah-istilah anu digunakeun dina ieu panalungtikan di antarana

ditétélakeun ieu di handap.

1) Adegan nyaéta wangun.

2) Kalimah téh nyaéta kontruksi gramatik maksimal, nu mangrupa bagian

pangleutikna anu ngandung pikiran anu lengkep tina hiji wacana, anu

diwatesan ku randegan panjang tur miboga lentong pamungkas turun

atawa naék, anu rélatif éta kontruksi téh bisa madeg mandiri.

3) Adegan kalimah nyaéta tata susunan kalimah katut babagianna.

4) kedaling ambek nyaéta éksprési verbal dina wangun omongan atawa

caritaan anu kedal sacara lisan, timbul lantaran rasa keuheul, kuciwa, teu

panuju, teu dihargaan, jeung sajabana.

5) Drama nyaéta wacana anu midangkeun carita atawa lalakon ku paguneman

(dialog), diajangkeun pikeun diragakeun ku pamaén (aktor) dina

pagelaran.

6) Bahan ajar nyaéta sajumlah matéri anu baris ditepikeun ka siswa dina

(13)

Jadi anu dimaksud ku judul ”Adegan Kalimah Kedaling Ambek dina

Kumpulan Naskah Drama Sunda Jeblog pikeun Bahan pangajaran Guneman Di

SMA” nyaéta tata susunan kalimah-kalimah kedaling ambek anu aya dina wacana

drama nu dijadikeun sajumlah matéri pikeun ditepikeun dina kagiatan

diajar-ngajar, anu diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan maké basa jeung sastra

Sunda, kamampuh mikir jeung maké nalar, kamampuh ngajembaran pangaweruh

budaya Sunda, ngasah rasa jeung parigel dina ngajalin tali mimitran jeung jalma

séjén.

3.2Padika Nangtukeun Data

Dina hiji panalungtikan, populasi jeung sampel mangrupa hal anu

penting dina nangtukeun objék panalungtikan. Numutkeun Arikunto (1996: 115)

“Populasi adalah keseluruhan objék penelitian.” Mangka anu jadi populasi dina

ieu panalungtikan nyaéta kalimah kedaling ambek basa Sunda anu sumberna tina

wacana tinulis, nyaéta tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

Sampel mangrupa sabagian atawa sakabéh populasi anu baris ditalungtik

sarta dianggap réprésentatif tina populasina. Sampel anu dipaké dina ieu

panalungtikan nyaéta sampel total. Ku kituna, anu jadi sampel dina ieu

panalungtikan nyaéta sakabeh kalimah kedaling ambek anu aya dina kumpulan

(14)

3.3 Pakakas Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data salaku pakakas atawa

instrumén panalungtikan. Kartu data nyaéta cara anu digunakeun pikeun

ngumpukleun data ku cara nyalin jeung mindahkeun sakabéh data anu

diperlukeun, dina ieu hal nyaéta sakabéh kalimah kedaling ambek dina kumpulan

naskah drama Sunda Jeblog pikeun dijadikeun bahan ajar di SMA.

Eusi dina kartu data nyaéta cutatan data kalimah kedaling ambek dina

kumpulan naskah drama Sunda Jeblog anu disusun sacara alfhabet. Anu

saterusna dibéré nomer jeung kodé. Éta kartu data téh, ditambah ku ayana catetan

kalimah anu aya disajeroeun tanda kurung (…). Jeroeun tanda kurung ditulis

sumber data kalimah kedaling ambek. Eusina nyaéta nomer urut data nu

[image:14.595.113.519.247.663.2]

ngawengku kaca jeung jajaran.

Tabel 2.1

Kartu Data

A

Aing rék mandi! (A/13/9)

Adegan : J + C

Wujudiah : kalimah

Papasingan kalimah : kalimah sampurna

(15)

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Pikeun ngumpulkeun data, ieu panalungtikan ngagunakeun dua téhnik

nyaéta téhnik studi dokumentasi jeung téhnik obsérvasi. Léngkah-léngkah pikeun

ngumpulkeun data nu dibutuhkeun, dilakukeun ngaliwatan sababaraha tahapan di

antarana di handap ieu.

1. Nyaluyukeun panalungtikan jeung standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar

anu aya dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan.

2. Neangan buku nu rék dijadikeun bahan panalungtikan.

3. Nangtukeun judul buku nu rék ditalungtik.

4. Maca buku nu rék ditaluktik, nyaéta kumpulan naskah drama Sunda Jeblog.

5. Nyirian kalimah kedaling ambek anu kapanggih.

6. Nyalin kalimah kedaling ambek kana kartu data.

7. Nganomeran atawa ngodean kartu data.

3.5 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah anu kudu dilakukeun dina ngolah data di antarana

ngaliwatan sababaraha tahapan anu ditétélakeun ieu di handap.

1) Nganalisis data tina pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan

kalimah kedaling ambek basa Sunda.

2) Nyieun papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah,

(16)

3) Ngitung perséntase papasingan kalimah kedaling ambek tina pilihan

kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa

Sunda.

4) Ngadeskripsikeun kalimah kedaling ambek tina pilihan kecap, wujudiah,

papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek basa Sunda.

5) Nyieun bahan ajar guneman kalimah kedaling ambek di SMA .

6) Napsirkeun jeung nyindekkeun perkara adegan kalimah kedaling ambek

tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog pikeun bahan pangajaran

(17)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh mangrupa gambaran ngeunaan kalimah

kedaling ambek tina kumpulan naskah drama Sunda Jeblog. Hususna

ngeunaan pilihan kecap, wujudiah, papasingan, jeung adegan kalimah

kedaling ambek ditilik tina lengkep-henteuna klausa pangwangunna.

Kalimah kedaling ambek anu kapanggih tina analisis data jumlahna

aya 365 kalimah kedaling ambek. Ditilik tina pilihan kecapna kedaling ambek

aya tilu rupa, tapi anu kapanggih tina analisis data ngan aya dua pilihan kecap,

nyaéta (1) kalimah kedaling ambek basa kasar, jeung (2) kalimah kedaling

ambek basa lemes. Data kedaling ambek basa kasar anu kapanggih tina

analisis data jumlahna aya 361 kalimah (98,90%). Kalimah kedaling ambek

basa lemes, anu kapanggih tina analisis jumlahna ngan ukur 4 kalimah

(1,10%).

Ditilik tina wujudiah kalimahna, kedaling ambek dibagi jadi tilu

nyaéta (1) kedaling ambek wangun kecap, (2) kedaling ambek wangun frasa,

jeung (3) kedaling ambek wangun kalimah. Kedaling ambek wangun kecap

anu kapanggih tina analisis data, jumlahna aya 34 kalimah (9,32%). Kedaling

ambek wangun frasa anu kapanggih tina analisis jumlahna aya 30 kalimah

(8,22%). Kedaling ambek wangun kalimah anu kapanggih jumlahna aya 301

(18)

Ditilik tina lengkep henteuna klausa pangwangunna, kalimah kedaling

ambek dibagi jadi dua bagian, nyaéta (1) kalimah sampurna jeung (2) kalimah

teu sampurna. Kalimah sampurna anu kapanggih tina analisis data, aya kana

127 kalimah (34,79%). Kalimah sampurna dibagi deui jadi dua nyaéta kalimah

sampurna susunan baku jeung susunan balik. Kalimah sampurna susunan baku

jumlahna aya 114 kalimah (31,22%). Kalimah susunan balik, anu kapanggih

tina analisis data jumlahna aya 13 kalimah (3,56%). Sedengkeun kalimah teu

sampurna anu kapanggih tina analisis data aya 238 kalimah (65,21%).

Tina ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun yén kedaling ambek bisa

diulik sacara kabasaan, nyaéta bisa diulik tina pilihan kecap, wujudiahna,

papasingan jeung adegan kalimahna. Ku kituna, teu salah upama kedaling

ambek bisa dijadikeun bahan ajar guneman di SMA.

5.2 Saran

Ieu panalungtikan téh ngan medar ngeunaan pilihan kecap, wujudiah,

papasingan, jeung adegan kalimah kedaling ambek ditilik tina lengkep

henteuna klausa pangwangunna, nu dipatalikeun jeung bahan pangajaran. Ku

kituna, panalungtik miharep:

1) aya panalungtik séjén anu bisa nambahan bahan garapan kana ieu

panalungtikan, sangkan aya karageman atawa aya hal nu anyar dina

(19)

2) pikeun guru, ieu bahan pangajaran bisa diujikeun ka siswa, nyaéta pikeun

mikanyaho éféktif henteuna ieu bahan pangajaran dina ngaronjatkeun

(20)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Chaér, Abdul. 1994. Linguistik Umum. Jakarta: Rineka cipta

Dinas Pendidikan. 2007. Standar Kompetensi Kompetensi Dasar Mata Pelajaran

Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Pemerintah Provinsi Jawa Barat.

Ékman, Paul. 2007. Membaca Émosi Orang. Yogyakarta: Think.

Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda FPBS UPI. 2008. Palengeran

Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Taraté.

Prawirasumantri, Abud. 2000. Sintaksis Basa Sunda(Analisis Tagmemik Tingkat

Kalimah, Klausa, Frasa). Bandung: FPBS UPI.

Ramlan. 1982. Sintaksis. Yogyakarta: CV Karyono.

Sudaryat, Yayat. 1987. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

---. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

---.2004. Modél Pangajaran Kompetensi Basa Sunda. Bandung:

Pamulang.

---.2001. Élmuning Basa. Bandung: Wilatra.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1993. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Geger

Sunten.

Gambar

Tabel 2.1 Kartu Data

Referensi

Dokumen terkait

dasar yang pernah belajar tentang konsep pecahan. 2) Menjelaskan desain didaktis yang dapat dikembangkan pada pembelajaran. konsep pecahan berdasarkan learning obstacle

PENERAPAN METODE INKUIRI UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN ANALISIS SISWA PADA MATA PELAJARAN BASIC. AIRCRAFT

Lalu kasus terbanyak yang menyebabkan perdarahan saluran cerna bahagian atas adalah varices esofagus sebanyak 104 kasus (31%), disusul oleh ulkus gaster sebanyak 52

Diajukan untuk memenuhi sebagian syarat untuk memperoleh gelar Sarjana Pendidikan Luar Sekolah Konsentrasi

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

konsumen dapat memilih dengan baik barang dan/atau jasa yang cocok

seminar Nasional dalam Rangka Harl sumprh P€muda ke.80 dan Purnatugas